30 Desember 2009

Facebook Jieunan Anak Negeri

Aya situs sosial networking kengeng ngadamel barudak urang, namina indoface ! Tadina mah sim kuring kataji ku margi eta situs nawiskeun hadiah kanggo memberna. Setiap aktipitas nu dilakonan di eta situs, akun urang kenging poin. Posting, uplod poto, apdet status, komen, inpet pren jeung nu lianna pami ku urang dilakonan bakal nambahan poin. Tah eta poin anu saurna mah tiasa ditukeurkeun kana hadiah sesuai pilihan sareng seueurna poin.
Kuriak weh kuring daptar, tuluy ngalakukeun aktipitas sesuai anjuran sang webset!

Tah bilih bade ngiringan, mangga didieu !
Aya hadiah utama nyaeta elsidi tipi 32 inci, ngan kanggo ngengingkeunnana kedah gaduh poin nu seueur. Sok we bilih panasaran carobian siga sim kuring !
Kela ieu teh asa nuju rada males kutak-ketik, maklum masih dalam suasana haneuteun !

PLTU jeung PLTA

KRISIS listrik, nepi ka di Jakarta waé kapaksa kudu giliran dipareuman. Kumaha ari di Cigorowék? Geus aya kana samingguna di Cigorowék mah harénghéng. Peuting mangkukna, basa Aki Juhron datang ka imahna, bet tuluy ngelepek kapiuhan. Tapi kadé, ieu mah lain pédah Si Buruy anu nyeungeut pepetasan di kolong imah Aki Juhron, atawa Si Mélon anu sok pangangguran meuleum céngék dina tapas. Éstuning taya anu apaleun pisan. Malah Nini Uhém ogé, pamajikanana, mani langsung nyusulan Bah Dinta, dukun lepus anu kakoncara téa. Demi ngabéla salaki, Nini Uhém teu maliré kana poékna peuting. Ngingkig baé bari mamawa oncor, bubuhan harita di Cigorowék keur kabagéan pareum listrik. Aki Juhron kakara éling wanci subuh. Éta ogé lain pédah jangjawokan Bah Dinta anu matih, sabab Aki Juhron mah élingna ogé ukur nyelang ngalaksanakeun solat Subuh. Geus bérés solat mah kapiuhanna dituluykeun deui. Éling-élingna téh basa waktu adan lohor kari lima menit deui. Atuh harita mah langsung baé ditalék ku Nini Uhém. Aki Juhron ogé teu hésé, tuluy nyaritakeun anu jadi cukang lantaran manéhna kapiuhan. Ari masalahna téh nyaéta: Aki Juhron ngarasa reuwas tur antukna prustasi, ku lantaran ucing kadeudeuhna leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. “Ucing-ucing baé dipikiran Si Aki mah! Kajeun teuing sing modar ogé atuh, ngarah rada aman lamun nyimpen lauk dina méja,” Nini Uhém jejebris. “Na iraha Si Méla maling asin, ninina? Sangkilang bageur pisan Si Méla mah, béda pisan jeung ucing-ucing séjén. Komo jeung ucing garong anu Si Kowi mah,” “Enyaaa, ari geus leungit rék kumaha? Rék laporan ka pulisi? Atawa rék tahlil?” “Tuh, da didinya mah teu ngarasakeun pisan kana haté didieu téh. Puguh didieu mah nineung pisan ka Si Méla téh. Unggal peuting ogé apan sok dikeukeupan lamun sare téh. Nikmaaat pisan saré jeung Si Méla mah, teu cara jeung…” “Teu cara jeung saha siah? Hayoh jawab? Didieu dibandingkeun jeung ucing? Teu sopan pisan siah! Punten, lain lépel!” Nini Uhém rada nyentak. “Geus atuh ninina, ulah ngajak paséa baé. Moal enya timburuan ka ucing atuh. Mun ka ucing gering mah pararuguh…” Keur hog-hag kitu, hawar-hawar aya sora tina spéker masigit. Jep, duanana jarempling bari ceulina mani rancung-rancung baé ngadédéngékeun spéker. “Sodarah-sodarah warga Cigorowék dan sekitarnya… Dina waktos ayeuna, Néng Arin nuju sedih kingkin prihatin, kumargi…” “Buru atuh umumkeun! Sacara umum atuh, ulah subyéktif!” kadéngé aya anu nyarita rada tarik. Kawasna mah teu pati anggang ti nu keur nyarita kana mik. “Aéh enya. Ampir baé poho, euy. Para wargi, warga Cigorowék dan sekitarnyah, aya sekilas impo dan kabar terkini anu kacida pentingna. Telah hilang seékor kucing milik Pa Kadus Ukar yang bernama Joni, dan kucing milik Néng Arin yang bernama Isud. Ciri-cirina, rupa hideung pulas bodas totol-totol. Disadana ngéooong. Karesepna ngahakan lauk jeung guramé. Tara ngégél ka jalmi, kajaba ka nu geulis…” “Geus gandéng, ulah diémbohan ku heureuy sagala rupa. Apan ieu téh masigit, nyaho!” Kitu anu kadéngé tina spéker téh. Aki Juhron ngahuleng. Kawasna mah ngarasa hémeng alatan Kadus Ukar jeung Néng Arin ogé saruana kaleungitan ucing. Mangkaning ucing manéhna téh dalit pisan jeung ucingna Néng Arin. Kabogohna cenah mah. Nepi ka unggal malem minggu ogé, Aki Juhron mah sok nganteur ulin ucingna ka imah Néng Arin. “Moal kitu kawin lari mah? Aéh, na kawas jalma baé atuh.” Aki Juhron norowéco sorangan. Tarangna mani kerung-kerung baé mikiran ucingna anu leungit. Perkara leungit ucing téh horeng matak ngageunjleungkeun lembur. Sabab anu kaleungitanana lain Aki Juhron, Kadus Ukar, atawa Néng Arin wungkul. Kaasup ucingna Béh Sarmud, Nini Uti, Juragan Jékong, Mang Éon nepi ka ucingna Bah Dinta anu kakara lahir ogé, sarua leungit tanpa laratan. Geus puguh deui ari sabangsaning ucing anu sok liliaran di luareun imah mah, geus teu katingali ringkang-ringkangna acan. Sasarina mah ucing garong anu buluna hideung meles, sok nangkring di hareupeun imah Néng Arin, siga-siga bogoheun ka Néng Arin tah ucing éta mah. Tapi ayeuna ucing-ucing ngadadak ngariles, teuing kamana. Budal solat Isya di Masjid Al-Mukhtar, mani langsung réang nyaritakeun perkara ucing anu laleungit. Malah RT Tohél jeung Hansip Baron mah geus bur-ber kaditu-kadieu. Hanjakal pisan Bah Dinta teu walakaya, sabab ucingna ogé sarua leungit. “Ieu téh raja ucing di Cisaat keur ngarayakeun ulang taun. Numatak ucing-ucing milu ngaramékeun ulang taun raja ucing…” Kitu ceuk Bah Dinta, dukun légéndaris, basa ditanya ku Kadus Ukar. Tapi teu pati didéngé, sabab omonganana teu asup akal. “Moal kitu aya réinkarnasi…” Aki Juhron rék nyarita, tapi teu kebat, kaburu ditémpas ku Aki Amanta. “Meunggeus gandéng, reinkarnasi nanahaon. Sidik aya anu maling!” kitu pokna Ki Amanta. Sabot kabéhanana keur tagiwur kitu, Mang Suéb lulumpatan ka imah Kadus Ukar semu anu rarusuh naker. Mani titarajong sagala rupa, bubuhan sénterna ogé geus méh béak batré. Gok, paamprok di buruan imah Pa Kadus Ukar. Bareng pisan jeung batu batréna anu béak. Atuh sénterna ogé pareum. “Saha éta?” tanya Mang Suéb. “Éta saha?” Kadus Ukar malik nanya. “Aéh, Pa Kadus geuningan. Kabeneran pisan atuh. Kuring téh rék ngabéjakeun perkara ucing,” “Enya, kumaha, kumaha?” Kadus Ukar mani tibuburanjat. “Rék percaya, rék henteu, Pa Kadus. Ucing téh ngagunduk di imahna Si Étom anu ngaku-ngaku profésor téa. Kabeneran baé kuring ngaliwat ka imahna. Da éta mah sora ucing mani sahéng. Teuing rék dikumahakeun éta téh,” “Hayu atuh urang jorag ayeuna kénéh!” Kadus Ukar nyarita bari tuluy ngingkig. Saméméhna nyimpang heula ka pos ronda, rék ngajakan Hansip Baron. Kabeneran pisan di pos ronda téh jalma keur ngagimbung. Bring baé atuh kabéhanana marilu. Leungeunna nyarekel obor jeung rupaning pakarang. Komo Aki Juhron mah mani panghareupna bari jeung ngabar-ngabar pedang pusaka titinggal karuhun. Hanjakal pisan Aki Juhron, kakara nepi ka lebah tanjakan ogé geus kudu dipayang. Teu kuat ku eungap sigana mah, da geus aya kana opat taun katarajang bengék. Kawantu imahna Mang Étom mah rada nenggang ti lembur. Katambah jalanna nanjak deuih. Anjog ka buruan imah Mang Étom, kabehanana mani ngahégak carapéeun. Bray, panto imahna disorot ku sénter Kadus Ukar. Breh, aya tulisan ngajeblag kalayan atra tur bisa dibaca ku saréréa. ‘ JANGAN DIGANGGU, SEDANG ADA PROYÉK PLTU!’ kitu unina éta tulisan téh. Saréréa ogé tacan aya anu ngartieun. “Étom, ka luar siah!” Aki Juhron nyorowok bari rénghap ranjug. Ditéma ku nu séjénna mani paheuras-heuras genggerong. Atuh puguh Mang Étom mani tibuburanjat mukakeun panto. Blak, panto dibuka. Gebeg, Mang Étom semu anu reuwas naker. “Aya naon ieu téh?” Mang Étom ngajanteng dina lawang panto. Panonna ngulincer ka sakur anu keur ngagimbung di buruan imahna. “Leupaskeun ucing aing! Lamun henteu, dijieun beurit manéh téh siah, Étom!” témbal Mang Suéb. Jadi pangwanianna ari loba batur mah. “Sabar kélanan…” teu wudu, Mang Étom ogé beuki soak dina kaayaan kitu mah. “Étom, ari manéh enyaan maling ucing?” Kadus Ukar tumanya rada leuleuy. “Sanés maling, Pa Kadus. Abdi mah nambut heula sakedap,” témbalna bari neger-neger manéh. “Ari nginjeum teu bebéja téh, sarua jeung maling, Étom. Heug barina ogé, na keur nanahaon maké jeung ngumpulkeun ucing sagala rupa? Rék dijul atawa rék dikawin?” “His, sanés pisan, Pa Kadus. Abdi mah teu pati bogoh ka ucing. Apan abdi mah bogohna ogé ka Néng Arin,” “Ari enggeus, jang naon atuh?” “Kieu Pa Kadus. Apan di nagara urang téh kakurangan énérgi listrik. Unggal poé kagiliran pareum sapoé jeput, malah aya kalana kabagéan pareum téh sapoé-sapeuting…” “Tuluy?” Pa Kadus panasaran. “Muhun, ari ras kana caritaan pajabat PLN, ukur ngawaradul Ongkoh nyebutkeun tanaga listrik nepi ka 2010 aman. Ari kabuktianana? Lembur urang anu pangmindengna kabagéan pareum listrik téh. Ari mangsana urang telat mayar listrik, mani taya ampun pisan, langsung didudut kabelna…” “Ari hubunganana jeung ucing, naon éta téh?” “Pa Kadus, ogé ka sakabéh warga Cigorowék. Sakalian baé ku kuring baris dijéntrékeun sajalantrahna. Kuring ngalakukeun ieu téh sabenerna mah pikeun kapentingan saréréa…” Mang Étom nyelang heula ngaluarkeun roko tina tina jero pésakna. Cekrés, diseungeut. Serebung, serebung… haseupna kaluar tina biwir jeung liang irungna, teu kaliwat diselangan ku batuk rada ngéhkéh. “Nurutkeun para sarjana fisika, ucing téh mengandung aliran listrik anu kacida rongkahna. Lamun buluna digosok ku beusi sapuluh juta kali, pinasti éta beusi téh bakal ngandung daya listrik anu rongkah. Lamun 10 juta kali ngagésék bulu ucing, éta téh bisa nyaangkeun bohlam 75 watt. Matak, kuring téh ngumpulkeun ucing saloba-lobana, ngarah saréréa bisa kabagian listrik. Minimalna saimah bisa meunang 100 watt,” Mang Étom ngarénghap heula rada panjang. Atuh anu ngabandungan ogé jadi panasaran, hayang leuwih écés kana maksud pagawéan Mang Étom. “Étom, ari singketan PLTU téh naon?” Si Among nyelengkeung. “Silaing mah, ongkoh sakola, tapi teu nyaho anu kitu-kitu acan. PLTU téh singketan tina ‘Pembangkit Listrik Tenaga Ucing’,” témbalna kalem pisan. Ditéma ku sora ucing ti jero imahna. Ngadéngé caritaan Mang Étom, saréréa ogé jadi léah. Anu tadina napsu ngagugudug ogé jadi malik muji kana paniatan Mang Étom. Malah Kadus Ukar ogé langsung imut ngagelenyu, némbongkeun paroman anu hégar marahmay. Kaasup, Aki Juhron anu langsung ngasupkeun deui pedang kana jero sarangkana. “Lamun enya kitu, paniatan Mang Étom kacida mulyana. Kuring, salaku Kadus di ieu lembur, ngarojong pisan kana kagiatan Mang Étom. Malah lamun perelu bantuan tanaga mah, sigana barudak ogé bisa ngabantuan ngagosokan bulu ucing.” Kitu ceuk Pa Kadus, ditéma ku surak, méh sakur anu keur ngagimbung. Mang Dasim nepi ka susuitan sagala rupa. “Heug atuh, paké baé heula ucing anu kuring. Tapi omat, kudu dianteurkeun deui urutna.” Aki Juhron mairan. “Tenang, Ki,” “Emang ogé rido, ucing emang dipaké proyek PLTU. Malah isukan rék manginjeumkeun deui ucing anu minantu. Tapi Emang mah hayang kabagéan opat ratus watt, ngarah bisa nyetél tivi jeung maén PS.” Béh Sarmud embung tinggaleun. “Enya atuh, sok baé sing jongjon digawé. Keun, keur sarapan mah engké dianteuran ku Néng Arin. Bari…iraha atuh Mang Étom rék ngalamar budak kuring téh?” ceuk bapana Néng Arin. “Engké baé panginten, saatosna réngsé proyek PLTU.” Témbal Mang Étom semu anu bungaheun. Biwirna mani runya-renyu. Malah mun euweuh sasaha mah kawasna geus ajrag-ajragan. Padahal saméméhna mah, bapana Néng Arin téh sok ngusir manéhna lamun pareng apél ka Néng Arin. Si Among ngabalieur bari tuluy ngaléos rada rurusuhan. Lamun caang mah, beungeutna bakal katingali mani nyéak beureum lir beusi atah beuleum. Puguh baé, sabab Néng Arin téh sasatna jadi kembang panyileukanna beurang jeung peuting. Kari-kari ayeuna, bapana mani togmol nitah ngalamar ka Mang Étom. Timburuan pisan Si Among téh. Peuting isukna, kakara ogé rerep perkara Ucing. Lembur Cigorowék geus kariweuhan deui alatan loba anu kaleungitan hayam. Anu matak ngenes mah nasib Mang Bahro, hayam téh mani diangkut jeung kandang-kandangna. Teuing saha jeung teuing naon maksud anu maling hayam téh. Nu eces mah dina poé ahad ogé, di Cigorowék geus euweuh hayam anu ngulampreng hiji-hiji acan. Leungitna sakabéh hayam di Cigorowék téh mareng pisan jeung ngilesna Si Among. Opat poé ti harita, Néng Arin nampa surat ti Si Among. Ari eusina suratna: “Néng Arin anu dipicinta kalayan nyata… hapunten akang tos ngageunjleungkeun lembur. Saleresna, akang pisan anu nambut hayam ti urang Cigorowék. Sumpah, teu gaduh niat maling. Ari tujuanna, akang téh hoyong nyobian ngayakeun percobaan PLTA (Pembangkit Listrik Tenaga Ayam). Hanjakalna ékspérimén akang téh gagal total. Basa bulu hayam digosok ku jidar, tétéla henteu ngadatangkeun daya listrik. Akang bingung. Mangkaning hayam teu kaparaban, seueur diantarana anu teu raraoseun. Ahirna, hayam téh ditungtutan wé dipeuncit hiji-hiji tug dugi ka séépna. Ayeuna jadi seueur daging hayam. Akang bingung, ieu daging hayam téh kedah disaté atanapi didamel opor? Upami teu kaabotan mah, bada magrib diantos di caket sasak Ciméndong. Wayahna bantuan akang mangmasakeun ieu daging hayam. Keun engké akang nu ngicalanna mah. Urang nabung kanggo engké nyorang hirup rumah tangga…” Kitu cenah eusi surat téh. Teu diréngsékeun macana. Néng Arin unggut-unggutan bari ngagegerentes… “Mangga… Kang Among…” Bada Magrib, Néng Arin rerencepan muru ka sasak Ciméndong. Tapi henteu sorangan, da dianteur ku Hansip Baron anu ngajingjing borgol.***

MASARAKAT ADAT ( Éséy RAMELI AGAM )

PAPAGON dina masarakat adat mah alam baris méré kahadéan lamun maranéhanana gé ngajaga tur ngamumulé alam sabudeureunana. Kaarian terus mekar. Sikep mikahor­mat alam minangka cecekelan hirup nu diwariskeun di komunitas masfan lokal tetep dipiara najan jaman terus mekar. Sikep mikahormat alam minangka cecekelan hirup nu diwariskeun di komunitas masarakat adat. Mun alam geus ruksak, mangka katingtriman hirup gé bakal kaganggu. Tapi, ka béhdieunakeun, dina kamekaran jaman nu teu nolih kana kaarifan, loba lahan adat nu kedéséh. Kadéséh ku pihak-pihak nu hayang ngamang­paatkeun lahan adat, saperti pikeun villa, pabrik, pakebon­an, atawa wangunan séjénna. Alam masarakat adat nu ngawengku lahan, leuweung, gunung, katut walungan, nu salila ieu jadi sumber kahirupan maranéhanana, bet jadi saperti nu leungit. Masarakat adat leungiteun sumber kahirupanana, alatan lahanna geus dipimilik ku batur. Komunitas masarakat adat di nagara urang teu weléh aya dina nasib katalangsara. Padahal, masarakat adat sarta nu jadi hak-hakna téh sakuduna mah bisa hirup kumbuh kalawan tingtrim. Meureun wajar dina mangsa penjajahan mah mun maranéhanana téh katalangsara. Sabab, sakur jiwa gé ngalaman katalangsara. Tapi, kacida tragis mun nasib masarakat adat teu robah, tetep katalangsara, dina jaman urang geus merdéka. Kiwari, teu saeutik aya kajadian konflik antara masarakat adat jeung pihak-pihak nu ngaku geus miboga lahan masarakat adat. Nu ngaku miboga, ngarasa boga hak alatan dibekelan hak guna usaha (HGU). Sedengkeun masarakat adat satekah polah mertahankeun lahanna, nu dipercaya minangka warisan ti karuhunna. Antukna, prinsip masarakat adat nu basajan téh kaancam leungit nyanghareupan pihak-pihak nu hawek, nu ukur néang kauntungan wungkul. Kasarakahan maranéhanana nu teu tanggungjawab téa, ngabalukarkeun katingtriman masarakat adat kaganggu jeung lingkungan jadi ruksak. Ku mindengna kajadian samodel kitu, ngabalukarkeun masarakat adat mingkin kadéséh. Kitu deui mun pamarén­tah netepkeun kawijakan patali jeung wilayah adat bari teu ngabaud masarakat adat nu geus dumuk ti béh ditu mula di éta wilayah, tangtu masarakat adat gé baris kadéséh. Padahal, musawarah téh minangka wujud mihor­mat ka masarakat adat jeung hak-hakna nu ditangtayung­an ku undang-undang. Sakuduna, tong aya deui kajadian kadéséhna komunitas masarakat adat téh, boh dina sual lahan boh dina sual kabebasan ngalaksanakeun adat maranéhanana. Ku sabab nagara urang geus netepkeun undang-undang pikeun nangtayungan masarakat adat. Éta hal luyu jeung katangtuan internasional, nu ogé geus diaku ku nagara urang. Dina pasal 6 ayat 1 Undang Undang (UU) Nomor 39 Taun 1999 ngeunaan Hak Asasi Manusia (HAM), kalawan teges nagara nangtayungan komunitas masarakat adat. Kieu unina téh, “Pikeun nanjeurkeun hak asasi manu­sa, perbédaan jeung pangabutuh masarakat hukum adat kudu diperhatikeun tur ditangtayungan ku hukum masarakat katut pamaréntah”. Sedengkeun dina ayat 2, unina téh, “Jatidiri budaya masarakat hukum adat, kaasup hak lahan ulayat, ditang­tayung­an luyu jeung kamekaran jaman”. Pon kitu deui, masarakat adat nu kaasup kana kelompok minoritas gé kudu ditangtayungan ku nagara. Dina pasal 27 Kovenan Internasional ngeunaan Hak Sipil jeung Pulitik, nyebut­keun, “Di nagara-nagara nu aya kelompok minoritas dumasar kana étnis, agama, atawa basa, hak-hak éta kelompok minoritas téh tong diganggu, dina komunitas papada anggota séjén ti kelompok maranéhanana, enggoning ngararasakeun budaya maranéhanana so­rangan, pikeun ngalaksanakeun jeung ngamalkeun ageman maranéhanana, atawa pikeun ngagunakeun basa maranéhanana”. Ku kituna, tong aya deui ijin muka pake­bonan, pangusahaan leuweung, atawa kagiatan pertam­bang­an, nu enya-enya ngarempak wates-wates wilayah lahan adat, nu saenyana mah geus dipimilik ku masarakat adat ti béh ditu mula. Ogé, ka masarakat adat kudu dibéré kabébasan pikeun ngalaksanakeun tradisi adatna, kaasup dina ngalaksanakeun nu jadi agemanana. Hak masarakat adat pikeun ngagem ageman katut kapercayaan luyu jeung pilihanana téh aya dina pasal 22 UU No. 39/1999 ngeunaan HAM, unina, “Sakur jalma bebas ngagem agemanana séwang-séwangan tur pikeun ngalaksanakeun ibadahna luyu jeung ageman katut kapercayaanana”. Dina ayat séjénna ditegeskeun, “Nagara ngajamin kamerdekaan sakur jalma pikeun ngagem agemanana séwang-séwangan katut ngalaksanakeun ibadahna luyu jeung ageman tur kapercayaanana”. Kalawan teges konstitusi geus ngajamin jeung nangtayung­an hak-hak masarakat adat. Ku kituna, nagara wajib nga­wu­jud­keunana. Ulah ieuh aya alesan nagara teu mampuh ngawujudkeunana. Da saenyana mah pikeun ngawujud­keun kamampuh téh kacida gampilna, nyaéta ku cara ném­bongkeun kalawan enya-enya dina kawijakanana sangkan teu weléh mihak kana kapentingan masarakat adat. Lain mihak kana kapentingan pihak-pihak nu ngan ukur néang kauntungan wungkul. Lamun téa mah hak masarakat adat téh dibaékeun, éta hartina nagara geus ngalakukeun pelanggaran HAM

29 Desember 2009

Legenda Lauk Kancra di Kaki Gunung Ciremai

Balong Karamat Cigugur pernahna sekitar tilu kilometer ti ibukota Kabupaten Kuningan. Secara geografis, ''balong'' asup ka wilayah Kelurahan Cigugur. Ceuk beja nu nyambuang jeung dipercaya ku masyarakat setempat, samemeh lahir ngaran Cigugur, tempat eta sok disebut Padara. Ngaranna dicokot tina ngaran hiji tokoh masyarakat, nyaeta Ki Gede Padara, nu boga pangaruh kalintang gede di daerah eta. Ceuk beja Ki Gede Padara lahir samemeh Karajaan Cirebon ngadeg. Ceuk ijiran, tokoh nu jadi cikal bakal masyarakat Cigugur ini lahir dina abad ka-12 atawa ka-13. Dina waktu eta, sababaraha tokoh nu sajaman jeung manehna geus mimiti bermunculan, di antarana Pangeran Pucuk Umun ti Karajaan Talaga, Pangeran Galuh Cakraningrat ti Karajaan Galuh, jeung Aria Kamuning nu mingpin Karajaan Kuningan. Numutkeun garis keturunan, kaopat tokoh eta masih keneh katalian hubungan babarayaan. Ngan dina hal pamerentahan, kapercayaan, jeung ajaran au diagemna, maranehna teu sarua. Pangeran Pucuk Umun, Pangeran Galuh Cakraningrat, dan Aria Kamuning ngagem paham aliran ajaran agama Hindu. Sedengkeun Ki Gede Padara henteu ngagem salah sahiji ajaran agama. Dina abad ka-14 di Cirebon lahir hiji paguron anu alirannana jeung nyiarkeun ajaran agama Islam. Tokoh anu ngadegkeunnana nyaeta Syech Nurdjati. Selain Syech Nurdjati, Sunan Gunungjati oge miboga peran anu gede dina enggoning ngembangkeun perguruan Islam di tanah Caruban . minangka kuwu mimiti di Dusun Cigugur nu dijenengkeunnana nyaeta Ki Gede Alang-Alang. Dugi ka pupusna, anjeunna dikurebkeun di Kompleks Masjid Agung. Dina waktu kolotna, Ki Gede Padara hayang geura ninggalkeun kahirupan fana. anjeunna hayang teuing dina waktuna tilar dunya sawajarna siga manusa umumna. beritana kadangueun ku Aria Kamuning, tuluy anjeunna madep ka Syech Syarif Hidayatullah. Ngadangu laporan siga kitu, Syech Syarif Hidayatullah lajeng lnepangan Ki Gede Padara. Syech Syarif Hidayatullah ngaraos helok ku elmu pangaweruh nu dipigaduh ku Ki Gede Padara. Dina danget eta Padara ngadugikeun deui nu jadi kahoyongna nyaeta supados dina nalika maotna hoyong nu sawajarna siga batur. Syech Syarif Hidayatullah lajeng mundut Ki Gede Padara supados ngucapkeun dua kalimah syahadat, keur saratna. Teu talangke deui Ki Gede Padara tuluy ngucapkeun syahadat.Kakara oge sakalimat, teu sakara-kara Ki Gede Padara ilang taya dikieuna. Satutasna Ki Gede Padara ngaleungit, Syech Sarif Hidayatullah tuluy rek abdas. Hanjakal, di daerah dina hese pisan neangan cai. Ku kalayan idin Allah SWT, anjeunna ngahadirkan bentar gelap nu dituturkeun ku hujan disertai hujan nu langsung ngabaseuhan bumi. Tina kajadian eta, cai hujan nu ngumpul bleg weh jadi hiji balong. Nya eta balong pisan nu nepi ka ayeuna dianggap karamat ku masarakat dinya, komo saeunggeusna dipelakkan lauk kancra bodas. Oge ka lauk-lauk nu sejen nu aya di kolam Darmaloka, Cibulan, Linggarjati, jeung Pasawahan. Maksudna dikaramatkeun taya lian keur ngalestarikeun tur ngajaga supaya lauk-lauk langka eta henteu punah akibat polah manusa. Aya sawatara hal nu kawilang aheng ngeunaan lauk-lauk nu aya di balong: Jumlahna teu ngurangan atawa nambahan, nandakeun yen lauk-lauk eta tara paraeh atawa aranakan. Komunitas lauk kancra bodas moal manggihan lianti di balong-balong karamat nu aya di Kabupaten Kuningan. Kaanehan lianna, laukna siga nu akrab jeung jelema. Lamun keur dibedahkeun, laukna ngadak-ngadak laleungitan. Ceuk beja mah laukna parindah ka balong sejen di Kuningan. Wallahhualam.

BORJU ( Éséy Asép Budi Setiawan )

MUN pirajeunan mikiran pasualan ékonomi kiwari, baris kagambar potrét pajurawet. Boro-boro mikiran ékonomi bangsa atawa dunya kétang, noong ékonomi kulawarga atawa sadirieun ogé ayaka­lana poékeun. Ku kituna urang nyieun rupa-rupa tarékah pikeun néangan solusi.
Ngan masalah perekonomian sék­tor formal mah angger baé ngagejrét. Balukarna, loba warga nu boga inisia­tif mekarkeun séktor informal. Réréa­na tukang dagang dadakan (komo mun rék Agustusan, miéling milang­kalana kabupatén/kota, atawa mun nyanghareupan Lebaran), mahabuna kaki lima, atawa dongdangan asup ka pilemburan.
Éta téh, cenah, balukar tina krisis ékonomi di séktor formal. Nurutkeun sosiolog Dr. Tadjudin Noor Effendi, tumuwuhna séktor informal téh lantaran loba karyawan di séktor formal nu di-PHK. Ku kituna, pasar tanaga kerja di Indonésia jadi keuna panyakit “informalisasi”. Ku kituna séktor informal, nu dijadikeun sélér pangupa jiwa, geus boga brand husus.
Apan urang kacida wanohna kana saté Madura, pecel lélé ti Lamongan, roti bakar Bandung (karesep barudak nu mangkal hareupeun rumah sakit), séga/sangu jamblang (murah maréh), warung angkringan ti Klaten.
“Muncunghulna sektor informal,” ceuk Dr. Irwan Abdullah, staf peneliti Pusat Studi Kependudukan UGM, “ngait pisan jeung lunturna kakawasaan agraris nu aya di padésaan.” Nu disebut kakawasaan agraris mangrupa hiji wangun tata-aturan nu kudu “diagem” ku sakumna warga masarakat, saupama manéhna merenahkeun séktor pertanian jadi sumber pangupa jiwa nu utama. Masih inget waktu taun 2004, kuring kungsi kadatangan lima maha­siswa Universitas Gajah Mada (UGM), Yogyakarta. Maksud­na, maranéhna rék maluruh béja ka Kuningan, sabab di Kota Gudeg euyeub pisan ku tukang bubur kacang héjo (burjo). Maranéhna rék ngayakeun panalungtikan ngeu­naan séktor informal, sabab dumasar kana hasil survéy, ieu widang garapan téh mangrupa séktor alternatif pikeun pangupa jiwa.
Nurutkeun data awal, di Kuningan aya sababaraha désa di Kacamatan Garawangi (ayeuna geus dimekarkeun jadi Kacamatan Sindangagung), loba warga nu usaha kana bubur kacang. Sanajan, dina emprona mah, dipasieup ogé ku rupa-rupa kadaharan jeung inuman sejen kayaning mie instan, kopi sachét, susu sachét, inuman berkarbonasi, inuman berserat, sari buah, inuman suplemén, inuman penyegar, susu, jeung roko. Néng Anna Mariana, minangka pupuhu tim investigasi, nétélakeun yén ampir di unggal jurukota, jlugjleg—najan henteu permanén ogé—ku warung burjo.
Barang ditalék, kabéh ogé nyebutkeun yén maranéhna téh pituin ti Kuningan. Mémang bener, dina hiji lomba désa—kuring kaasup anggota tim panitén—kungsi nyodorkeun patanyaan ka Mang Éro, “Naon wangun usaha nu jadi andelan warga?” Jawabna téh, simpel pisan, “Seuseurna didamel di BRI”.
Wah, wah, hébat pisan, pikir téh. Sanajan urang désa, geuning, loba nu digawé di bank nu geus teu diragukeun deui krédibilitasna. Hartina, kualitas SDM warga desa
téh geus mapakan. Haté rada ciut, sabab urang kota ogé henteu kitu. Komo deui kiwari, rek gawé téh hésé kacida. Nya ari sakadar gawé mah, loba, di rorompok ogé masih numpuk nu kudu dibebenah, tapi sual upah, jadi sual séjén.
“Teu kedah bingung, Pa,” témbalna deui, surti. “Abdi sakaluwarga ogé, pédah badé lomba, wangsul heula. Seuseueurna mah ngumbara. Arusaha, aya nu di Jakarta, Bandung, atanapi Yogya, nya, di BRI téa alias icalan Bubur (lacang héjo), Roko, jeung Indomie, héhéhé.”
Di Kuningan, aya hiji désa, ngaranna Désa Kertayasa, Kacamatan Sindangagung. Lambang désana, mun teu salah, mangkok bubur. Éta mangrupa ciri, yén usaha warga, lolobana tina bubur. Sanajan mangrupa séktor informal, mirip tukang jamu ti Wonogiri, tapi geus jadi séktor andelan. Nurutkeun data, di Yogya upamana, aya 400-an pangkalan burjo kalayan miboga pagawé antara 1500 tepi ka 2000. Tim survéy ti UGM kungsi nyodorkeun conto—méméh kajadian lini di Kacamatan Dépok,
Sleman, aya kurang-leuwih 75 warung. Nu bogana 134 urang, sedengkeun nu milu gawé aya 160 urangna. Ti 134 pemilik pangkalan, maranéhna boga 111 rubiah (pama­jikan), 162 anak. Sedengkeun ti 160 pagawé, bisa nanggung 39 jiwa. Jadi mun dijumlah-jamléh mah, lumayan, tina éta 75 warung téh bisa “ngahirupan” 700-an jiwa.
Ditilik tina élmu ékonomi, pola bisnis burjo condong nepotisme. Networking-na kuat. Aki, bapa, atawa paman. Dipimilik jeung dikokolakeun, nya, ku kulawarga. Mun teu kitu, rekruitmen pagawé masih deukeut-deukeut kana baraya atawa tatangga. Rundayanna jelas. Sabab, pagawé nyekel kadali. Meuli bahan olahan, mayar rétribusi, terus alokasi pengeluaran ogé dicekel ku inyana. Nu boga modal atawa nu boga warung henteu salilana nungkulan. Apan pangkalanana gé lain ukur hiji. Pagawé boga hak prérogatif pikeun ngokolakeun usaha tur anggaran. Malah, sistem bagi hasil ogé apan lolobana dumasar kana jumlahna jaga. Arus muterna duit lain saeutik.
Mun tempatna strategis, unggal poé bisa ngahasilkeun leuwih ti satengah juta. Malah, paling saeutik, rata-rata 200 tepi ka 300 rébuan. Bisa disawang, pihak pemodal, mun boga warung misalna sapuluh, sabulanna bisa meunang “gaji” sabaraha? Mun geus kapanggih koncina, naon baé ogé matak pikabitaeun.
Tinimbang mikir nu teu puguh, atawa ngumbar lamunan ka alakpaul, komo dina sinétron loba nu hayang beunghar kalawan instan, nya mending usaha di sektor informal pan? Mun rék balaka, dunya “burjo” téh prospéktif, Coy

Masagi ( essay Mang Jamal )

Alam dunya nu éndah téh ciptaan Pangéran. Ku sabab nu nyiptakeunana Pangéran, tangtu rupa atawa wangunna hadé jeung sampur­na. Ari kasampurnaan alam sok di­jieun siloka, kaasup dina babasan jeung paribasa.
Karancagé kolot baheula, enggo­ning ngarumuskeun jurus pikeun nyanghareupan kahirupan, salah sahi­jina winangun babasan jeung paribasa, sawaréh dijieun ku cara siloka nu ngin­jeum ti kaayaan alam téa.
Modél atawa rupa suhunan imah vernakular di Tatar Sunda gé nyonto ka alam. Upamana, aya nu nyonto ka manuk, aya deuih nu nyonto ka sasatoan lianna. Antarana baé, aya nu disebut “ranggon” (tina manuk ranggon), “julang ngapak”, “badak heuay”, “tagog” atawa “jogo anjing”, jeung “galudra ngupuk”.
Pon kitu deui dina ngagambarkeun kageulisan: ngindung ka rupa nu aya di alam bari ditambahan sangkan jéntré: “angkeut endog sapotong”, “ramo pucuk eurihan”, “lambey jeruk sapasi”, “halis ngejelér paéh”, “cangkéng lenggik nanding papanting”, “taar téja mentrangan”, “damis kuwung-kuwungan”, “bitis héjo carulang”, jsté. Jadi, kageulisan atawa kaéndahan dirupakeun tina kombinasi rupa nu aya di alam.
Malah, simbol tina rupa alam téh dijéntrékeun jeung kaayaanana pikeun mastikeun nu dimaksud kalayan gembleng. Dina ngagambarkeun gado, upamana, nu geulis mah disebutna gé “angkeut”, nu hadé tur diibaratkeun kana rupa endog tapi kudu sapotong. Halis istri nu geulis kudu siga jelér paéh, da mun jelérna hirup mah duka kumaha rupa halis téh. Jadi, sangkan ngajepatna hadé, teu usik teu malik luhureun panon, nya dipaéhan heula tah si jelér teh!
Eusi babasan jeung paribasa di antarana mangrupa ajaran moral atawa étika nu bisa deuih disebut falsafah pikeun ngalakonan hirup. Ilaharna, mangrupa siloka atawa perlambang nu ngandung harti jero bari diungkarakeun ku basa nu ringkes, tepi ka gampang nginget-ngingetna. Karasana pantes kénéh dipaké ayeuna jeung jaga, teu kalis ku waktu atau kadaluwarsa, ongkoh da teu maké bahan tambahan siga formalin.
Mun urang bingung kudu kumaha gaul, boh jeung papada manusa boh jeung mahluk lianna, aya jurusna: di antarana kudu “hadé gogog hadé tagog”–siloka deui baé, nu maké sipat kaayaan sato nu aya di alam. Pihartieunana, hirup kudu hadé dina nyarita tur dina paripolah, omongan jeung kalakuan kudu sarua alusna.
Sababaraha babasan atawa paribasa maké kecap injeuman tina rupa atawa wangun, nyaéta pasagi, buleud jeung segitilu. Kecap pasagi aya dina babasan “hirup mah kudu masagi”. Naon sababna prak-prakan hirup nu hadé diibaratkeun kana rupa pasagi?
Masagi téh kecap pagawéan nu asalna tina kecap kaayaan atawa sipat pasagi. Nu disebut pasagi nyaéta rupa kotak–rupa nu dijieun ku opat sisi nu sarua ratana atawa lempengna, tur ukuranana sarua. Pasagi nunjuk ka rupa nu sampurna. Biasana, ieu babasan dilarapkeun kana perkara ngalakonan urusan dunya jeung ahérat atawa agama jeung darigama téa.
Sipat pasagi ngandung harti yén hirup téh boga sisi atawa widang nu teu ngan hiji atawa sarupa. Sagala widang kahirupan kudu dilakonan kalayan saimbang. Cara urang hirup ayeuna di dunya, lian ti kudu mikiran kaperluan hirup di dunya téh kudu kukumpul amal-ibadah pikeun bekel jaga di ahérat deuih. Urang gé kudu sagala bisa atawa mahér dina rupaning widang, sabab hirup téh teu gampang jeung loba pisan unak-anikna nu kudu kacekel sangkan urang hirup teu kadungsang-dungsang sangsara alatan euweuh kabisa. Ringkesna, pasagi dijieun conto hirup kawas kumaha nu kudu dilakonan téh. Sipatna tindakan atawa kalakuan.
Duka kumaha sasakalana, pasagi téh dina basa Indonésia mah maké mamawa bujur sagala, enya, bujur sangkar téa. Sigana, sangkar téh asalna tina basa Minang nu saharti jeung pasagi, da di Sumatera Kulon mah aya lembur ngarana Batusangkar. Pangna kitu gé, di dinya aya batu nu rupana ngaharib-harib ka rupa pasagi. Kecap sangkar tuluy dipaké deuih pikeun rorompok manuk dina basa nasional, najan rupana geus teu pasagi deui.
Rupa pasagi teu pati jéntré ayana di alam. Dina ayana gé sigana ukur ngaharib-harib, teu saklek pasagi. Ongkoh rupa pasagi mah dijieun tina opat sisi nu tiap juruna kudu masékon (tina parabot tukang bas, pasékon) nu hartina opat juruna mun diukur persis 90 darajat téa.
Rupa pasagi loba dipaké pikeun wangun parabot sapopoé nu dijieun tina awi, di antarana bésék, pipiti, suku boboko, hihid jsté.  Rupa pasagi kawentar ka mana mendi, utamana pikeun muslim. Nu dijarugjug ku nu marunggah haji téh apan Ka’bah di Mekah. Ceuk si cenah, harti ka’bah atawa kufah téh pasagi. Kaligrafi nu tulisanana ngaharib-harib kana rupa kotak disebut kufah atawa kufik.
Lian ti rupa pasagi, rupa atawa wangun nu dipaké dina babasan téh buleud. Kapan aya kalimah, “Niat téh kudu buleud”. Rupa buleud téh dijieun tina garis nu patepung tungtung, bari jarak ti tengah ka unggal sisina sarua. Dina Matématika mah istilahna jari-jari atawa “r” (tina radian atawa radius téa). Niat urusanana jeung sikep nu yakin, tur patali deuih jeung sikep méntal. Pikiran jeung tindakan ngahiji, siga garis nu buleud.
Rupa atawa wangun buleud aya jeung loba di alam. An­tara­na baé aya panonpoé, bulan, katumbiri, ombak leutik di­na balong mun urang nyemplungkeun batu, daun taraté, jsté. Dina parabot vernakular nu tina awi, rupa buleud dipaké pikeun tampir, nyiru, telebug, téténong, ayakan, jsté.
Rupa buleud sok dipaké perlambang kasampurnaan nu sipatna idéologis, kaasup tauhid atawa kaimanan. Bulan atawa panonpoé nu rupa dasarna buleud dipaké pikeun lambang nu islami. Ngan sangkan teu pahili jeung surabi, bulan digambarna sapasi, ongkoh sangkan masih aya tempat pikeun béntang. Panonpoé dijadikan lambang salah sahiji ormas Islam (sangkan teu pahili jeung rupa buleud séjénna, ditambahan ku garis nu nyebar ti sisi buleudan nu hartina cahaya).
Lambang bandéra Jepang buleud beureum, nyimbol­keun panonpoé isuk-isuk. Pikeun ngagambarkeun manusa suci, dina seni lukis Nasrani, sirah manusa sok dibéré buleudan bodas nu disebut halo. Dina pulitik (nipu rahayat leutik?) sok kadéngé istilah kebulatan tekad hiji partéy atawa rombongan manusa dina raraga ngadukung hiji calon (calon naon wé).
Rupa séjénna nyaéta nyungcung. Aya kecap “ka balé nyungcung”, siloka pikeun dirapalan atawa akad nikah. Balé nyungcung téh babasan pikeun tempat suci atawa sakral, utamana masigit. Sigana, baheula mah akad nikah téh umumna dilakukeun di masjid supaya leuwih afdol sabab tempat suci, jeung ari nikah téh apan upacara suci deuih. Suhunan masigit baheula umumna maké suhunan modél tropis nu numpuk siga gunung. Pangluhurna biasa­na segitilu, lobana opat tur dipasangkeunana condong paha­reup-hareup, ngawangun rupa limas.
Suhunan modél kitu biasana disebut limasan, tapi ditilik ti hiji sisi mah segitilu. Jadi, istilah nyungcung téh pikeun rupa limas nu dijieun tina opat segitilu. Dina suhunan, ieu segitilu téh dua sisina nu nangtung sarua panjangna jeung sarua darajat condong atawa miringna.  Béh dieu, suhunan masjid téh aya nu meunang impor ti tanah Arab, nya kubah téa nu rupana belenong–najan sabenerna mah rupa kubah gé dijieun suhunan katédral cara di Italia atawa Rusia .
Rupa nu ngaharib-harib ka segitilu aya di alam, contona Gunung Guntur di Garut, nyeplés segitilu: dua sisi condong, patepung di puncak, ari nu hiji mah ngadapang dina taneuh. Éta dua sisi nu condong téh nyiptakeun rupa nyung­cung nu nunjuk ka langit–dihartikeun nuju ka Pangéran.
Jadi, kaharti mun ku karuhun gunung téh sok dianggap suci atawa sakral, lian ti jadi tempat bijilna cai pikeun ka­hirup­an, tur dipaké tempat muja, tempat atawa makam ka­ra­mat atawa astana, nu ayeuna sok disebut situs purbakala atawa sajarah téa. Ku sabab di Mesir mah euweuh gunung cara di urang, nya Fir’aun nyieun gugunungan ba­dag nu disebut piramid téa nu umumna dipaké nyimpen jasadna.
Rupa atawa wangun nu aya di alam dunya loba pisan jeung moal kaitung. Ku manusa modéren, kaayaan kitu disederhanakeun atawa diringkes kana tilu rupa dasar, nyaéta pasagi, segitilu jeung buleud. Éta tilu rupa dasar téh dipaké dina élmu Matématika utamana Géometri jeung dina éstetika Seni Rupa.
Duka kumaha sasakalana, éta rupa dasar téh aya dina babasan atawa paribasa di urang cara nu ditataan di luhur. Bisa jadi aya pancakakina. Paling copélna, bisa jadi sarua panginditanana: nyokot conto rupa dasar nu aya di alam, dumasar kana kasampurnaan alam ciptaan Pangéran.
Nu sidik, masing-masing rupa téh, najan wandana béda-béda, sarua ngandung harti kaayaan nu sampurna atawa suci. Pasagi dipaké ngagambarkeun kalakuan nu sam­purna, buleud pikeun tékad atawa kayakinan nu sampurna, segitilu pikeun tempat nu sampurna –dina harti suci atawa sakral.

Cerita Kancra dan Ciwulan

Bagi sebagian masyarakat Kuningan dan Sumedang, nama kancra sudah tidak asing. Kancra adalah sebutan bagi salah satu ikan air tawar yang banyak dijumpai di sekitar Cigugur dan Cibulan, Kuningan, terutama di kolam-kolam tua. Julukan lengkapnya adalah kancra bodas atau lauk karamat.
Karena adat, tidak seorang pun diperkenankan menangkapnya. Adapun di kolam-kolam seputar Cibeureum dan Cimalaka, Sumedang, termasuk Sungai Cimanuk, ikan tersebut masih sering dijumpai serta biasa diperjualbelikan.
Di Sumatera Utara, ikan itu dikenal sebagai ikan batak. Seperti halnya di Kuningan, keberadaannya sering dikaitkan dengan adat dan budaya setempat. Di Sumatera bagian selatan, namanya ikan semah, di Kalimantan disebut ikan sapan, sedangkan di Malaysia disebut ikan kelah atau ikan mahseer.
Lain lagi di Ciamis. Sebutan kancra ditujukan pada ikan mas. Karena itu, bila kita berencana mendapatkannya di Ciamis, diperlukan kehati-hatian karena sebagian warga Ciamis masih menyebut kancra untuk ikan mas.
Memiliki tekstur daging yang pejal dan rasa gurih, kancra disukai berbagai kalangan sehingga berprospek ekonomi tinggi. Namun, disayangkan, kini di beberapa daerah jenis ikan ini sulit diperoleh dan diperkirakan terancam punah. Tak mengherankan, harga jualnya pun cukup aduhai. Harga jual di Sumedang Rp 100.000-Rp 150.000 per kilogram, di Sumatera Rp 200.000 per kg, sedangkan di Malaysia Rp 400.000 per kg.
Di Tasikmalaya, kancra tinggal cerita. Keberadaannya sudah sangat jarang ditemukan. Padahal, tidak sedikit orang menyukainya walaupun jenis ikan ini bukan hasil budidaya karena diperoleh dari tangkapan di sungai. Salah satu sungai yang berjasa menyediakan kancra adalah Ciwulan, sungai yang membelah Mangunreja dan Singaparna, ibu kota Kabupaten Tasikmalaya. Habitatnya memungkinkan
Ikan kancra (Tor soro) adalah sinonim dari Labeobarbus, salah satu jenis ikan air tawar yang mempunyai nilai budaya dan ekonomi penting. Bentuk tubuhnya memanjang mirip torpedo (stream line). Hal itu bisa dimaklumi karena habitatnya khas, yaitu perairan sungai beraliran deras, jernih, dan berbatu.
Ikan kancra tergolong ikan endemik berukuran relatif besar dan masih berkerabat dekat dengan ikan mas. Panjang tubuhnya bisa mencapai 1 meter. Sifat hidupnya omnivora atau pemakan segala dengan makanan utama berupa buah-buahan, kerang-kerangan kecil (moluska), dan serangga.
Sekitar 50 tahun lalu Sungai Ciwulan dikenal sebagai sumber kancra di Tasikmalaya dan diperkirakan menjadi habitat serta tempat pemijahan yang memadai. Hal itu bisa dimengerti karena kondisi Ciwulan saat itu termasuk memenuhi persyaratan bagi kelangsungan hidup kancra.
Cerita yang berkembang di masyarakat, berpuluh-puluh ekor ikan kancra setiap minggu dengan variasi ukuran 3-10 kg per ekor tertangkap warga dengan alat tradisional berupa heurap (jala), cabol (semacam jaring insang), dan gawul ataupun badodon (alat perangkap).
Para penangkap kancra umumnya adalah warga yang berada di seputar aliran Ciwulan, termasuk anak sungainya, Ciramajaya. Sebagian warga memanfaatkan keahlian "berburu" ikan sambil rekreasi. Namun, ada pula yang menjual hasilnya. Perburuan biasa dilakukan berkelompok pada suatu tempat atau kawasan sungai yang airnya relatif tenang (ngeuyeumbeu), daerahnya agak terlindung, bertebing, dan sekitarnya bervegetasi agak lebat.
Kawasan semacam itu mereka namakan leuwi. Ada sejumlah leuwi yang konon dianggap paling disukai kancra "berruaya", semacam area pemancingan, di antaranya Leuwi Banen, Dawagung, Batalengsar, dan Beleketek.
Ketika "komandan" kelompok, layaknya fishing master, memberikan aba-aba, sebagian anggota beralatkan heurap langsung mengepung area sasaran dan sebagian lagi membawa cabol untuk mempersempit lokasi di mana kancra berada. Pada bagian hilir, kelompok lain sengaja memasang gawul dan badodon.
Gawul ditempatkan di antara deretan batu. Adapun badodon berukuran jauh lebih besar, bagian "mulutnya" menganga hampir menutupi lebar sungai. Alat ini bersifat menadah ikan yang lolos dari kepungan. Baik gawul maupun badodon terbuat dari batangan dan pilahan bambu. Kadang-kadang kedua alat tersebut ditempatkan permanen dengan rapi pada alur sungai.
Saat pengepungan tidak sedikit kancra yang lolos malah "melompat" ke permukaan air, selanjutnya memasuki habitat baru Sungai Ciramajaya, menjadikan daerah perburuan semakin meluas.
Di Kampung Warung Legok-Mangunreja pernah terbentuk kelompok Warlok (akronim dari Warung Legok) beranggotakan belasan orang yang berprofesi khusus menangkap ikan menggunakan heurap. Kancra menjadi salah satu target buruannya. Ketika masih hidup, nama Aki Kahdi, Abah Koyon, dan Abah Rusidi dikenal sebagai jawara menangkap kancra dan selalu berperan sebagai fishing master.
Dalam kegiatan berburu seperti itu ternyata kerap diperoleh juga jenis ikan lain, seperti beureum panon (Puntius sp), caung (Mystis sp), nilem (Osteochilus sp), kekel (Glyptothorax sp), lalawak/balar (Barbodes sp), dan genggehek (Mystacoleuces sp).
Adapun menangkap kancra dengan pancing dilakukan orang tertentu pada waktu dan tempat tertentu pula. Tidak setiap orang mampu dan tidak semua tempat memenuhi syarat memancing. Untuk menetapkan lokasi memancing, mesti diketahui tanda-tanda alam terlebih dahulu, seperti munculnya riak air dan semilir angin.
Dibutuhkan waktu tidak kurang dari lima jam sejak nataran, saat ikan terkena mata pancing, hingga tertangkap. Sebelum kancra menyerah biasanya tukang pancing bergerak sampai ratusan meter mengikuti ke mana arah ikan menarik pancing. Aki Iing juga berasal dari kampung yang sama. Semasa hidupnya ia dianggap kampiun memancing kancra. Setiap minggu minimal dua ekor ikan tertangkap dengan ukuran di atas 3 kg per ekor. Lakukan penebaran
Keberadaan ikan kancra di Ciwulan telah memberikan bukti tambahan bahwa selain masyarakatnya piawai menekuni budidaya ikan, Tasikmalaya di sisi lain juga memiliki "kreasi" perikanan berikut jenis ikan yang cukup lengkap. Namun, sejak Gunung Galunggung meletus pada 1982, mulai terungkap bahwa hewan air ini seakan lenyap dari bumi Tasikmalaya. Akhirnya, sosok kancra kini tinggal cerita indah yang diestafetkan ke setiap generasi.
Kelangkaan kancra telah terjadi di mana-mana. Akan tetapi, keberhasilan teknologi pembuahan buatan di beberapa daerah seakan membuka jalan bagi reinkarnasi ikan yang terancam punah. Walau kondisi Ciwulan tidak seutuh tempo dulu, tampaknya upaya mengembalikan pamor Ciwulan sebagai basis kancra perlu dibangkitkan. Salah satu solusinya, pemerintah segera melakukan penebaran dengan ikan sejenis berikut pemberlakuan berbagai ketentuan pengelolaan perairan umum. MUHAMAD HUSEN Ketua Biro Perikanan Budidaya DPD HNSI Jawa Barat; Pengurus Masyarakat Perikanan Nusantara

S A L A M

PERKARA salam nu beurat téh. Duka pédah ku teu biasa meu­reun. Komo sasalaman jeung nu sahandapeun mah. Ari di pagawéan, sasalaman téh bangun geus jadi kabiasaan. Boh ka sasama pagawé, boh ka dunungan. Euweuh na aturan­ana mah. Tapi asa teu genah cacarita mun teu sasalaman heula téh.
Ari nu sok pangheulana sosolong­krong, ilaharna mah nu sahan­dap­eun. Asa jarang atasan nyolongkrong ti heula. Kapiheulaan atawa dipiheu­laan tayohna mah. Éta gé taya na aturanana deuih.
Nya kitu kabiasaan gé. Najan keur aya kakagok dina pagawéan, ari kurunyung dunungan mah sabisa-bisa sok mentingkeun heula sasalaman. “Damang?” cekéng téh. Malah rengkuh leuwih ti rengkuh, malar dunungan bungaheun, kabeuli haténa.
Tapi duka kumaha, ari ka anak buah mah atawa ka nu pangkatna sahandapeun, beurat rék miheulaan sasalaman téh. Asa turun harkat tuda. Antukna ari anak buah teu sosolongkrong ti heula mah, tara sasalaman téh. Kajeun disebut degig gé.
Asa tumarumpang tuda, atasan nyalaman ka bawahan. Tapi sok rajeun bungah mun aya anak buah nu sosolong­krong. Komo mun bari leungeunna téh diantelkeun kana irung atawa tarangna. Asa jadi atasan téh. Sok rajeun ngarep-ngarep nu sosolongkrong. Kabeuli tah haté téh ku bawahan nu kitu mah.
Pareng jumaahan di pagawéan. Di masjid, hég diuk padeukeut jeung anak buah. Mun tas salat sunat, beurat rék sasalaman téh. kajeun teu sasalaman mun euweuh nu nyalaman ti heula mah. Atawa nunggu maranéhna ngasongkeun leungeun tiheula. Kakara pataréma leu­ngeun.
Kungsi ngobrol jeung Ki Sobat perkara sasalaman. Teu nyangka, cék manéhna mah horéng aya dina katerangan­ana, aya cék dina hadisna. Sasalaman téh lampah kacida hadéna, matak ngalubarkeun dosa. Komo keur nu pangheulana nyolongkrong mah.
Dipikir-pikir, enya mana kitu gé, sasalaman téh matak ngalubarkeun dosa. Buktina cara keur lebaran. Apan mun geus sasalaman ka itu ka ieu, asa lubar dosa téh. Najan cék rarasaan, asa teu sakabéhna boga dosa jeung nu disalaman téh.
Sok ras jaman keur leutik, di lembur. Inget ka Mang Iyo mun keur jumaahan. Tas salat sunat téh sok terus sasalaman, kabéh dipapay. Teu ukur ka nu gigireun, atawa hareupeun. Ti mimiti jajaran tukang parat nepi ka hareup, kolot budak taya nu kaliwat. Geus kitu, cong salat deui.
Sanggeus meunang katerangan ti Ki Sobat kitu, rada dipikiran perkara ngaheulakeun sasalaman téh. Mimitina mah sok ngabiasakeun manéh di masjid mun jumaahan. Hayangna mah cara Mang Iyo baheula di lembur. Tapi geuning hésé, ukur nepi ka nu gigireun wé, kénca katuhu. Éta gé asa tumarumpang baé rarasaan téh. Sakapeung sok balik deui kana kabiasaan sasari. Sasalaman sok nungguan nu miheulaan baé.
Komo mun geus aya di kantor deui mah. Hésé hayang miheulaan sasalaman ka anak buah téh. Duka pédah béda suasana, di masjid mah jelema téh satata. Ari di kator, dibéda-béda ku pangkat jeung jabatan. Tungtungna mah cara sasari deui baé, sasalaman ukur ka nu dianggap pen­ting, pangpangna ka dunungan.
Lain teu hayang ngaheulakeun sasalaman Ka sahanda­peun téh. Hayangna mah nataku. Mun nempo anak buah sasalaman jeung baturna, kumejot haté téh. Hayang siga maranéhna nu pangheulana ngasongkeun leungeun, bari dibarung ku imut jeung seuri tanda sono. Tapi weléh, hésé. Antukna leungeun téh sok asa gararéték, tampolana sok datang aral. Bari tipepereket, sok neunggeul-neunggeul­keun leungeun kana méja. Beuki lila haté asa beuki kasiksa.
Nepi ka hiji mangsa mah teu sadar. Bakat ku aral hayang bisa ti heula sasalaman jeung anak buah, teu karasa leungeun katuhu ngaheumbat, jedak, kana sisi méja tarik naker. Karasa leungeun téh nyanyautan. Lila nyerina téh, teu kalis ku diurutan. Nepi ka balik ngantor karasa kénéh. Dipaké nyetiran, tambah nyanyautan.
Isukna kalah tambah nyeri. Malah katempo bangun ngabareuhan. Ray poé-ray poé téh kalah tambah bukekeng. Geus diparam kocok mah, dibalseman mah, nepi ka beras kencur sagala. Keukeuh teu daék cageur. Pamajikan nyarankeun sangkan dipariksa ka dokter.  
“Kabentur urat. Moal nanaon, engké gé bakal kempés deui.” Cék dokter bari nyodorkeun resep.
Reugreug geus kitu mah. Sanggeus meuli ubar ka apoték, tuluy balik. Teu diengkékeun deui, am, ubar téh didahar, aya kana opat rupana. Aya pél nu kudu didahar sapoé tilu kali. Aya ogé nu kudu didahar sapoé dua kali.
Rada mending meueusan geus dahar ubar mah. Tapi teu ujug-ujug cageur. Meunang tilu poé mah teu bisa digawé. Kapaksa ijin maké surat katerangan ti dokter. Tuda tong boro nyepeng setir, teu bisa nyepeng séndok-séndok acan.
Tilu poé ti tas dipariksa, angkanan téh bakal cageur sakumaha cék dokter. Nyerina karasa deui, malah asa nambahan. Kitu ogé bareuhna, asa beuki ngagedéan.
“Naha Pa, apan ukur tijedak kana méja, tapi mani nepi ka parna kitu?” cék pamajikan bari ngompréskeun cai haneut kana tonggong leungeun nu bareuh.
“Duka, Bapa gé teu ngarti,” cekéng téh. Teu dibéjakeun sabab musababna nepi ka tijedak mah. Teu wasa, éra.
“Énjing mah urang ka rumah sakit wé atuh, ngarah sakalian?” pamajikan méré saran. 
“Ah, kieu-kieu waé maké kudu ka rumah sakit.” Témbal téh.
“Geuning éta ku dokter biasa mah teu cageur?” cék pamajikan deui.
Dipikir-pikir, aya benerna omongan pamajikan téh. Antukna kuring satuju. Manéhna tuluy nélépon ka kantor bébéja yén kuring can waka bisa digawé, rék uubar ka rumah sakit.
Teuing naon ari panyakitna mah. Sababaraha kali ditanyakeun, boh dokter boh pamajikan teu kungsi ngabé­jaan. Ngan nu puguh, kasakit beuki parna baé, bareuhna tambah ngagedéan, nyerina teu katulungan.
Sajeroning di rumah sakit, nu kapikir téh perkara sasalaman. Sok nyipta-nyipta sasalaman jeung anak buah di kantor. Sasalaman nu lain dapon paantel. Tapi nu lahir tina rasa kasono bari ihlas ngahargaan ka papada jalma.
Ras inget basa ditugaskeun ngilu diklat ku pausahaan. Diklat urusan bisnis. Lebah bahasan nu patali jeung bagbagan pemasaran, nyabit-nyabit perkara sasalaman. Réa rupana geuning sasalaman téh. Tapi nu harita dipedar mah sasalaman keur kapentingan usaha. Contona baé, tina sasalaman, bakal kapanggih karakter hiji-hijina jalma. Nu jujur, nu boga maksud goréng,  nu bisa diperuhkeun, nu gurat batu, jrrd.
Tokcér tah élmu téh, gedé pisan mangpaatna sajeroning ngalaksanankeun pancén pausahaan. Nu hatam diajarna mah moal tepi ka katipu ku omongan atawa paripolah jalma. Nya kusabab apal rupa-rupa sasalaman, éta élmu téh sok dipaké cara keur nutupan kagoréngan pribadi, atawa dipaké keur ngahontal tujuan. Antukna, sok pipilih ari sasalaman téh. Cék pikir, teu kabéh jalma kudu disalam­an, komo nu moal ngahasilkeun mah.
Tapi teu burung wé jadi bangbaluh. Komo sanggeus apal yén sasalaman téh lampah hadé, nu matak ngalubarkeun dosa. Nu kapikir téh taya deui, hayang geura cageur, mun geus cageur rek sasalaman,  pangpangna ka nu geus kadegigan. Hayang lubar dosa. Tapi duh, tong boro sasalaman, ngangkatkeun leungeun gé hésé.
Ti kantor rabul nu ngalayad. Rupa-rupa kadaharan ngajajar dina méja. Tapi teu bisa jadi ubar. Nu kacipta téh euweuh deui, hayang bisa sasalaman.
Kitu deui maranéhna, barang gok, saurang gé taya nu wani nyolongkrong ngajak sasalaman. Tuda rék wasa kumaha, nempo kaayaan leungeun sakieu bareuhna. Ukur ti kajauhan, bari nanyakeun kumaha-kumahana.
Batin beuki nalangsa. Cék rarasaan, meureun ieu téh alatan degig ka bawahan, embung tiheula sasalaman. Rumasa lebah dinyana mah. Lingsem ku pangkat jeung jabatan. Tapi ah, enya kitu alatan éta?
Teu karasa, geus saminggu di rumah sakit téh. Can aya kamajuan. Perkara kasakit naon-naonna gé teu jelas. Tapi merhatikeun pamajikan jeung nu ngalayad, katempo paromanna bangun sedih leuwih ti misti. Pamuluna baringung béda ti sasari. Mun nanyakeun ngeunaan kasakit ka pamajikan, ukur dijawab ku ceurik, bari teu bosen nyarita, sing sabar, Bapana. Cing seueur istigfar.
Jol, lanceuk ti lembur, mawa cai kana botol. Cenah ubar ti nu bisa. Cai nu meunang ngajampéan téh, sawaréh kudu diinum, sawaréh deui dibalurkeun.
“Mudah-mudahan aya pitulung Gusti. Sing loba istigfar,” cenah ngalelemu.
Kurunyung deui nu mawa cai. Ieu mah cai dua ti nu jarumaahan di kantor. Beg, haté téh, inget kana lalam­pahan, nu tara daék ngaheulakeun sasalaman.
“Mugi sing didamangkeun deui sabihara-sabihari. Sing tawekal, naon rupi panyakit tangtos aya landongna.” Cék nu mawa cai.
Beuki ngahelas waé haté téh. Geuning sakitu merha­tikeun­ana maranéhna téh. Hayang geura cageur ieu leugeun. Hayang geura sasalaman jeung maranéhna. Hayang geura lubar dosa.
Enya, cai du’a téh aya karasana. Haté nu teuas jadi leuleus, pikir tiis, awak hampang, diri sadrah, tumamprak kana kadar ti Pangéran. Mugia gering téh jadi panglubar dosa nu beuki dieu asa beuki narémbongan baé. Komo mun inget kana lalampahan nu  teu daék sasalaman.
Basa keur ngararaskeun kasakit nu karasana bangun aya kamajuan, torojol dokter diiring ku juru rawat. Mimitina mah biasa baé cacarita sakumaha biasana, caritaan nu matak ngahudang sumanget keur nu gering. Tapi teu lila manéhna nyarita, bangun ati-ati bari dibarung ku ngalelemu.
Asa kabéntar gelap tengah poé éréng-éréngan. Cék dokter, leungeun téh moal bisa dicageurkeun deui. Iwal ti kudu di… amputasi. Tobat! Sakedapan dunya asa poék, asa percaya asa henteu. Gusti, meureun moal kaalaman deui sasalaman téh

Indung

balik tandur téh mawa belut opat siki, paméré adi beuteung. Ditalian ku jukut, keur si Nyai. Heug kabeukina téh beuleum belut diawur­an uyah. Puguh geus sababaraha poé mondok di imah, datangna gé  so­rangan bari panon carindul. Kuring surti. Meureun paséa jeung salakina. Tapi teu ieuh tunyu-tanya. Nepi ka kiwari gé  teu ditanya. Baé! Engké gé  geus leler mah tangtu nyarita so­rangan.
Ngan salaki nu gereget téh.
“Geura talék si Nyai téh, Iyeung!” omongna basa si Nyai keur meuli sambeleun ka warung.
“Teu kudu ditalék, engké gé ngomong sorangan!” témbal téh.
“Hih, ari nyanéh sok didadago nepi ka nyaritana! Anggursi tanya méh pararuguh. Jeung teu hadé wé awéwé ngejat ti imah, pajar ku urang teu diwarah!” ceuk salaki daria.
“Ké meureun da salakina gé  nyusul ka dieu!” tempas téh.
“Iraha? Ning geus aya opat poéna taya nyusul!” nyureng salaki téh ngomongna. Jep wé teu nembalan. Sangheuk paréréa omong. Da nu leuwih ngageremet na haté mah kuring nu jadi indungna. Ngan nyabar-nyabar manéh.
“Dana! Dana!” kadéngé sora Kang Muhtar di tepas.
“Buka wéh, Akang! Da tara disosi,” kuring némbalan, bari ngisedkeun bujur, ngajauhan salaki.
Reket… panto tepas dibuka. Sup Kang Muhtar ngajing­jing kérésék leutik.
“Ngirim naon, Kang?” ceuk salaki bari nyéréngéh seuri.
“Bako… paméré si Adun,” témbalna bari gék diuk sila tutug gigireun salaki kuring.
 “Sok ngeunah meunang ngabungbuan si Adun mah,” ceuk salaki kuring bari muka kérésék. Ngajewol saeutik, pek diambeuan.
“Bener, mani seungit kieu,” omongna deui. Panasaran, kuring pipilueun ngajewol sagedé sisig. Terus diambeuan. Enya wé mani seungit panéli. Mun kongang mah hayang ngahuapkeun.
“Boga daun kawungna?” Kang Muhtar nanya bari ngarérét ka salaki.
“Aya. Cokot geura Iyeung dina palang dada!” ceuk salaki bari ngarérét. Kuring cengkat. Koloyong ka enggon, nyokot daun kawung meunang neukteukan, terus dibeungkeutan. Celenun dicokot dua beungkeut.
Léos ka tepas deui. Sok daun kawung digolérkeun hareupeunana.
“Dibawa sabeungkeut nya ku uing! Puguh teu boga daun kawung-daun kawung acan di imah téh. Meulian pahpir, ngadat nu di imah,” omongna bari ngalinting bako.
“Sarua awéwé mah di mana-mana gé kitu! Teu kaop kacocéng duit balanja!” ceuk salaki bari ngarérét ka kuring. Kuring jamedud.
“Heueuh. Padahal kudu ngarti, usum ngijih kieu mah hésé ngala daun kawung téh. Nya hese ngalana, nya hésé ngarautanana.” témbal Kang Muhtar daria.
Kuring ngaléos ka dapur nyokot téko jeung kurud gula kawung sésa tadi isuk. Sok disodorkeun.
“Si Nyai di dieu kénéh?” tanya Kang Muhtar rada ngaharéwos.
“Di dieu!” témbal téh heureut.
“Kamari tepung jeung salakina deuk menerkeun cai, nanyakeun si Nyai. Sok tepung jeung si Nyai?”
“Dibéjakeun sok tepung?” tanya kuring panasaran.
“Nya dibéjakeun atuh. Malah tunda talatah, iraha hayang dipapagkeun cenah!” omong Kang Muhtar daria. Kuring ngahuleng. Sarua salaki gé ngahuleng. Na bet nanya iraha hayang dipapagkeun? Belegug béak karep boga minantu téh.
“Nurustunjung nya kalah nyarita kitu. Téang kuduna mah ka dieu!” ceuk kuring kuraweud.
“Heueuh da si Nyai téh puguh indung-bapana. Puguh padumukanana. Lamun geus teu suka sok nyarita. Meungpeung tacan boga anak.” sora salaki ngageter bangun nahan kakeuheul.
“Geus ditanya anak urang aya naon masalahna?” ceuk Kang Muhtar kalem.
“Acan!” témbal téh heureut.
“Kuduna mah tanya heula anak urangna, bisi sual leutik digegedékeun. Malum barudak, tara asak pikir!” ceuk Kang Muhtar bari kop kana gula meunang ngurud, nyomot saeutik terus dibaheum.
“Nya éta acan!” témbal salaki daria.
“Salah kitu téh! Mana kudu diajar ka nu geus boga minantu. Sagala gé  aya téhnikna,” ceuk Kang Muhtar bari seuri. Kuring jeung salaki seuri konéng. Karék nyaho, nyanghareupan minantu gé aya téhnikna. Boa nyaah ka incu gé  aya téhnik, méh teu nyaah dulang.
Haté beuki marojéngja. Hayang nalék si Nyai, tapi ti mana mimitina muka obrolan. Moal mungkin lamun ujug-ujug nanyakeun, ku naon maké pundung. Bisa-bisa si Nyai ngadon ceurik aleuk-aleukan, ngagareuwahkeun tatangga.
Na da reup peuting téh taya kangeunahan. Hésé saré. Padahal biasana gé tibra-tibra waé ti entas solat isa téh. Capé apan beurangna. Ari ieu mah capé ogé henteu tunduh. Panon teu bisa saré, haté ngabacéo. Boa si Nyai téh dipangnyaléwéngkeun! Boa si Nyai téh unggal poé dipaséaan! Boa si Nyai téh dikaniaya awakna!
Mun geus boga pikiran kitu, isukna beungeut si Nyai ditelek-telek, bisi aya geuneuk tapak neunggeul. Leungeunna, sukuna, kabéh ditelek-telek nu sakirana teu ka tutupan ku baju mah.
Rebun kénéh si Nyai geus saged. Bangun deuk ngilu ka kebon. Puguh deuk ngaseukan palawija, beak disurungkuy anak bagong.
“Amah, Nyai deuk milu ka kebon!” omongna bari gék diuk dina jojodog hareupeun hawu.
“Hayu wé,” témbal téh bari jongjon nimbel sangu. Deuk mumuluk di kebon, méh ngeunah. Jaba keur loba téspong keur coél sambel. Lakar daék metik.
“Atuh timbelna émbohan deui, da Nyai gé deuk mumuluk di ditu,” omongna bari ngarérét. Sieun ukur mawa satimbel meureun.
“Puguh atuh, da si Apa gé deuk milu ka kebon. Pan comrang, mani mayakpak, sina dialaan keur juaIeun ka pasar,” témbal téh.
“Ngeunah nya Amah angeun lodéh maké comrang,” omongna bari ngoérkeun ruhak. Combrang, kembang honjé téa.
 “Tangtu wé ngeunah mah! Nyai osok kitu ngangeun lodéh maké comrang?” Kuring malik nanya.
“Osok. Pan si Aa mah kabeukina,” omongna daria. Asa mobok manggih gorowong nyebut-nyebut si Aa téh. Geuning manéhna nu muka obrolan téh. Teu kudu lieur-lieur kuring néangan piomongeun.
“Karunya atuh Nyai, si Aa taya anu mangngangeunkeun lodéh dicomrangan!” ceuk kuring bari ngarérét.
“Baé, aya si Lilis sok ka imah!” témbalna bari bangkenu. Meg kana haté téh. Ieu inti pasualan téh. Si Nyai teu sadar mukakeun eusi haténa.
“Teu kudu ambek, da ari jeung tatangga mah biasa sili-anjangan,” ceuk kuring datar.
“Aya leuwihna ieu mah! Kahiji randa gélényé! Kaduana, mun geus ngobrol jeung si Aa téh mani sok poho waktu, uplek naker. Si Aa-na gé mani sok pogot-pogot ngobrolna téh. Jaba tepak-toél, ih sebel Nyai mah!” omongna jejebris.
Kuring ngarénghap. Haté kuring bisa ngarasakeun héabna haté anak. Panas kahuru. Tapi kuring teu meunang némbongkeun katungenah haté ka si Nyai.
“Na Nyai tara milu ngariung?” tanya téh.
“Osok, tapi ukur sakeudeung-sakeudeung, da loba pagawéan. Nyangu téa, kukumbah téa, jajait popoéan. Remenna mah diculkeun wé duaan. Ijid!” omongna teugeug.
“Sok di mana ngobrolna?”
“Di balé, osok ogé ngobrolna di dapur mun pareng si Aa keur di dapur mah. Teu ngarti sakitu Nyai sok buad-baeud téh, haré-haré wé,” omongna bangun gemes.
“Si Aa geus ditanya, aya hubungan naon remen ngobrol jeung si Lilis téh?”
“Remen. Tapi da jawabanana téh, mun urang aya hubungan jeung Lilis moal teuing ngobrol dibawa ka imah, enggeus wé di saung atawa di imah kolot si Lilis. Da taya nanaon cenah gé, ukur curhat si Lilis téh, pédah popotong­anana téh babaturan si Aa keur di ésdé. Sobatna.” témbal si Nyai daria.
Kuring répéh. Leungeun jongjon mungkusan lauk asin jeung sambel oncom.
Haté bisa ngararasakeun panas peurihna, mun kalakuan salaki kawas kitu. Kuring gé kungsi nyorang kapeurih ti salaki, basa si Nyai karék kelas dua ésdé. Salaki katohyan bobogohan jeung si Érma ungkluk kahot pindahan ti kota. Nyingkah sotéh meureun ka lembur pédah di kotana geus teu payu, da geus umuran. Ngan salaki kuring wé lolong mata, ngora-ngora daék ka ungkluk nini-nini. Ari cenah mah kabéh lalaki di lembur téh kaparélét, da puguh beungeutna pinuh ku susuk. Malum awak dagangan, kumaha carana méh payu.
Kuring gé harita asa rék édan dipangnyéléwéngkeun téh. Nyeriii… moal aya tandingna. Meureun si Nyai gé, moal jauh ti kitu haténa. Asa rék gélo, asa rék édan, dunya asa heureut, langit gé asa dina tuur.
Na atuh lalakon kuring bet kaalaman ku anak?
“Tong waka goréng sangka, bisi enya saukur curhat,” ceuk kuring neger-neger manéh. Tapi da haté teu beunang dibohongan, kuring yakin minantu jeung si Lilis téh aya pakuat-pakait ati.
“Haté pamajikan teu bisa dibohongan Amah. Teu bisa dipaling!” témbal si Nyai daria. Jep wé kuring teu nyarita deui. Timbel jeung bungkusan asin diasup-asupkeun kana boboko. Méh engké datang salaki ti pancuran kari jung indit.
Karék gé  deuk mangku boboko deuk dipindahkeun kana bangku, kadéngé panto tepas aya nu muka. Saha? Da salaki mah sok jalan ka dapur balik ti pancuran téh.
Kuniang kuring nangtung. Karék gé  deuk ngaléngkah, geus rerekétan palupuh di tengah imah. Panon neges-neges nu keur leumpang muru dapur. Ning Jang Sobur, minantu kuring, salaki si Nyai. Na ngadak-ngadak nyel téh ambek. leu Ialaki anu ngaraheutan haté si Nyai téh! leu mangkelukna. Mun teu boga wiwaha mah hayang nampilingan. Hayang nyabok. Hayang ngarangsadan, méh raca beungeutna ku kuku. Tapi minantu ngarawu leungeun kuring bari nyuuh.
“Hampura abdi Amah! Niat mapagkeun si Nyai!” omongna daria.
Biwir cakep teu némbalan. Jung si Nyai nangtung. Katémbong ngahégak nahan kaambek.
“Na maké los-los ka dieu? Sing jongjon wé di imah ngawadul jeung si Lilis!” Omong si Nyai teugeug.
“Heueuh hampura Aa, Nyai!” sora Jang Sobur laun.
“Hampura, hampura, geus seubeuh?” sora si Nyai ayeuna mah dareuda semu rék ceurik.
“Demi Alloh, Nyai! Seubeuh naon? Da Aa mah teu ngalakukeun nanaon. Teu mapagkeun sotéh, éra ku Amah jeung Apa, Nyai balik teu dianteurkeun. Bongan Nyai hayang ka dieu, teu bébéja ka Aa kalah ngabongohan,” omong minantu daria. Sirah asa ngadak-ngadak pinuh ku getih.  Lieur.
Kuring ngaléos, api-api ka luar. Padahal ngajengjen nangtung di pipir bari ngadéngékeun nu hog-hag.
*
Si Nyai teu daék dibawa balik. Jang Sobur ngéléhan, mondok di imah kuring. Saréna teu dibawa di enggon ku si Nyai, tapi ngaringkuk di tengah imah.
Salaki sok ninitah sangkan Jang Sobur saréna di enggon. Tapi si Nyai kalah jejebris, teu daékeun. Kuring mah teu pipilueun, da karasa ku sorangan, mun haté geus raheut ku salaki, dideukeutan gé embung. Mun hayang jejem deui haté téh butuh waktu taun-taun.
Mun isuk-isuk minantu mulang ka lemburna da puguh boga uruseun, ngebon tomat jeung cabé. Seug kudu dipiara diapik-apik tangkal tomat jeung cabé mah. Nyemprot teu meunang sagawayah. Karasa, kuring gé kungsi ngebon tomat jeung cabé, taun tukang mah kalah buntung hayang untung téh, kaburu ngijih mantén.
Bari jeung haté bayeungyang gé ku minantu, teu weléh wé ari deuk indit mah disadiaan sangu haneut anu pulen meunang ngakeul jeung beuleum asin. Da si Nyai mah tara daék pisan mairan. Kalah ngaringkuk wé, dikarimbun samping di enggonna.
Ku kituna mah pantes da asa diteungteuinganan. Nyolok mata buncelik. Moal ngabibisani.
Mun Jang Sobur geus indit, karék si Nyai ka luar ti enggonna.
“Tuluy, Amah?” pokna, nu dimaksud téh salakina.
“Tuluy!” témbal téh bari pépérén piring kalotor. Sup-sup diwadahan kana boboko parantina, boboko buntung taya sokoan.
“Nyeri haté Nyai mah enya gé ari di imah téh saukur ngobrol. Da sok aya béja, aya nu manggihan di émpang Mang Udi keur ngalobrol handapeun tangkal kalapa. Nu kitu taya hubungan nanaon? Sok wé pikiran ku Amah!” omong si Nyai bari ngoér-ngoér ruhak nu beureum burahay.
“Amah teu nanaon, kumaha Nyai. Hayang pegat, hempék! Deuk manjang, éta nu diteda, da nu ngarasakeun mah Nyai sorangan,” ceuk kuring bari regeyéng mindah­keun boboko nu dieusi piring kotor ka deukeut lawang panto dapur. Si Nyai ayeuna mah nu sok gégéroh ka pan­curan téh. Nya engké mah si Nyai mulang deui ka salakina, kapaksa wé ku sorangan deui.Si Nyai kalah ngahuleng. Sirahna ngeluk tungkul neuteup lebu tiis hareupeun sungut hawu, dikoér-koér ku régang awi.
Beurat meureun pipisahan jeung salaki nu geus ngahiji aya tilu taunna. Acan sotéh boga anak, bané wé turunan carang. Kuring gé  boga si Nyai téh geus kawin tujuh taun, bari ukur saésé-éséna, geus boga si Nyai téh teu kungsi kakandungan deui. Mana kacida beuratna ku anak téh. Ceuk nu bohong mah kawas nanggeuy endog beubeureum­na, dienod naker. Disusuan gé  nepi ka umur tilu taun satengah. Nepi ka saat cisusu téh lin bobohongan.
Tapi ning ari geus sawawa mah ku batur ngadon dinyényeri. Deuk teu hanjelu kumaha? Enya ari ningali sareat mah ngeunah. Karék kawin dalapan bulan gé  geus dipangnyieunkeun imah ku mitohana téh. Lega, ukuran salapan ka dualas méter imahna gé. Atuh keur dahar sapopoé apan salakina dititah ngagarap sawah jeung kebon ku kolotna. Lakar daék ngaluarkeun tanaga téh lin bobohongan. Tapi nya kitu ari haté rungsing teu ngeunah mah, balik wé ka kolot.
“Amah!” sora si Nyai laun. Kuring ngarérét.
“Naon, Nyai?” pok téh.
“Amah, Nyai téh teu héd bulan ieu. Jaba ngaruy waé sararebel,” omongna bari angger tungkul.
Kakeuheul ka minantu leungit. Haté surak. Biasana mun telat héd bari dibarengan sararebel téh cirining nyiram. Baréto gé  kuring kitu. Tapi biwir teu daék engab, da haté ngaguruh ku kabungah. Boga incu! Alhamdulillah. Tapi ras deuih, kana kaayaan rumah tangga si Nyai, na Gusti mani saimbang méré kasusah jeung kabungah téh.
“Nyiram kitu Nyai téh, Amah?” sora si Nyai tatag naker.
“Enya. Enya nyiram mun kitu téh!” témpas kuring daria.
“Atuh Amah téh bakal boga incu nya!” Omong si Nyai bari seuri konéng. Manéhna gé  sarua meureun haténa jeung kuring, marojéngja.
Incu! Kuring bakal boga incu! Bakal ngangais incu. Deuk dibawa balanja sambeleun ka warung si Ipah. Deuk dibawa ulin ka tatangga, diaais. Deuk dibawa ka kebon, digolér­keun dina saung. Ih, ih naba bet dibawa ka kebon? Atuh dicoco reungit digolérkeun di jero saung mah. Seug di kebon mah reungitna gé sagedé-gedé anak bedul. Moal ah, moal dibawa ka kebon. Moal dibawa ka sawah.
Hayang lalaki hayang awéwé incu téh? Baé lah sajolna waé, deuk lalaki deuk awéwé gé  sarua. Nya lamun meunang nawar mah mending awéwé waé. Téréh hideng, téréh aya nu nalang-nalang gawé dapur. Ngan meureun Iamun hayang hajat téh tangtu lila ari anak awéwé mah, ngadagoan welas-welas taun. Lalaki baé kitu? Heueuh méh téréh hajat. Umur opat taun disunatan. Sina naék kuda rénggong, nanggap golék sapoé sapeuting. Kacipta, nyieun balandongan hareupeun imah, maké rarangkén keretas warna-warni. Kaupahan meureun capé jeung tunduh téh. Nya kudu ti ayeuna meureun ngeureut neundeun téh keur nyunatan incu. Ulah gampil ngaluarkeur segon ti leuit. Seug lin waragad saeutik hayang hajat rongkah téh. Domba gé  moal cukup dua.
Pikiran ngalayang, nepi ka rencana dék nyunatan. Nepi ka domba nu aya di kandang gé  geus kabayang téh keur disisit di pipir imah ku si Momod, jago meuncit domba di lembur kuring. Tara kaambeu bau dagingna.
“Amah, ku naon sura-seuri sorangan?” jéntré sora si Nyai. Gebeg, haté ngaranjug. Reuwas asa katohyan.
“Astagfirulloh.” ukur sakitu nu kedal tina biwir kuring.
“Ngalamun naon, Amah? Ngalamun Nyai boga anak taya bapaan? Na da bapana mah sidik aya si Aa.” omongna bari seuri konéng. Ah, tojaiah pisan jeung pamikir anak. Puguh kuring mah keur mikiran nyunatan incu.
“Lin mikiran nu kitu Amah mah Nyai!”  témpas téh bari jung nangtung. Boboko nu dieusi wadah kumbaheun dikélék, deuk ka pancuran.
“Biasana gé  ku Nyai kukumbah mah Amah!” ceuk si Nyai daria.
“Ku Amah wé! Nyai mah teu meunang loba nanjak-mudun, bisi udulan,” témbal téh bari ngingkig ka lebakeun.
Leumpang rurusuhan naker. Hayang geura-geura tepi ka pancuran. Hayang geura gok jeung nu keur galégéroh di cai. Deuk dicaritakeun yén si Nyai keur nyiram. Deuk dibéjakeun yén kuring sakeudeung deui boga incu. Deuk ngabuis wé nyarita. Moal éléh ku si Kokoy. Ning manéhna gé basa anakna nu cikal ngajuru, mani nepi ka ngacay nyaritakeun incu téh. Teu di mana-teu di mana. Ngan incu jeung incu wé nu dicaturkeun téh. Tangka dijarebéngan ku kuring jeung si Una mah. Bakat ku bosen caritana. Ih, ari pék ning karasa ku sorangan, karek nyiram gé  geus édan sungut. Komo mun geus ngajuru, tangtu bakal leuwih édan batan si Kokoy.
Biwir nyéréngéh sorangan.
Datang ka pancuran téh kosong taya sasaha. Na da mani hanjelu béak tikarep. Diwalah-walah aya si Empat, aya si Jéjén, kalah lowong. Bé lah, engké di warung si Ipah bari balanja. Sugan wé loba kénéh jelema nu baralanja.
Gura-giru naker kukumbah piring téh. Hayang geura ka warung si Ipah. Hayang geura ngumumkeun ka urang lembur, yén kuring deuk boga incu.
Kapopohokeun pasualan si Nyai mah. Kapopohokeun katugenah ku minantu mah. Nu aya na pikiran kuring iwal ti orok lalaki nu bonyo roroésan bari ngéar ceurik hayang nyusu.
Wadah nu geus beresih diasup-asupkeun kana boboko. Sok ditunda na batu lémpar paranti ngagiles seuseuhan. Kalacat naék ka luhur, metik daun sélong keur ngasay. Teu jauh da mun jangkung mah kadongkang da dahanna téh ngaroyom ka pancuran.
Mandi gé  gancang naker. Asal suku jeung beungeut dikasay, méh rada lemes.
“Hih, geuning manéh Inah! Sugan téh kunti kabeurang­an keur mandi,” ceuk si Dédah bari iirihilan. Dasar si Goté. Si Centil. Batur sabangku keur di ésdé manéhna téh.
“Goblog siah Dedah, ngareureuwas batur!!” ceuk kuring, bari ngéprétkeun cai tina dampal leungeun kana sukuna.
“Mani anteng mandi téh. Kawas parawan jekékan,” omong Dédah bari nambrukeun baju kalotor na batu lémpar.
“Parawan jekékan tiono, sakieu susu geus rayud téh,” témbal téh.
“Heueuh, da kabéh gé nu geus boga anak mah sok rarayud!” omongna bari nandékeun émbér karét kana pancuran. Geus pinuh diangkat, dipaké maseuhan seuseuhan.
“Komo uing deuk incuan, Dédah!”
“Hah, deuk incuan? Téréh jadi nini atuh? Sukur wé lah. Batur mah ning sapantar si Nyai téh geus aranakan aya nu dua. Si Nyai mah elat. Sabaraha taun nya kosongna?” tanya si Dédah daria.
“Tilu taun.”
“Jaman kiwari mah kosong tilu taun téh rékor, Inah! Pan kaloloba-anana mah, kawin opat bulan geus brul-brol ngajuru,” ceuk si Dédah bari nyeuleukeuteuk seuri.
“Éta mah nu maké persekot meureun,” témpas téh.
“Heueuh dipersekotan. Da éta ning ayeuna mah di lembur urang téh sok aya nu usaha kana pilem cabul tina pisidi,” ceuk si Dédah daria.
Kuring curinghak. Karék ngadéngé, di lembur aya nu usaha kitu.
“Nu balég nyarita téh Dédah?”
“Daék medu! Aing gé  karék nyaho ti si Érté. Geus kaambeu ayeuna téh ku aparat. Aya bahan digerebeg. Boa dilaporkeun ka pulisi,” omongna daria.
“Urang mana Dédah?” tanya téh panasaran.
“Urang Lembur Cikadu. Inget baréto salaki manéh kagémbang ku ungkluk nini-nini urang Cikadu? Tah, anakna si ungkluk éta nu di imah muter pilem cabul, bari dipéntaan bayaran téh. Mahal mayar na gé  mun hayang lalajo pilem cabul téh, dua létereun béas!” ceuk si Dedah bangun nyaho pisan.
“Manéh sok milu lalajo boa?” tanya téh bari seuri.
“Na ari sia nuduh téh sangeunahna. Aing mah Inah teu kudu lalajo, da sorangan gé  sok maén pilem cabul jeung bapana si Ujang!” omongna bari seuri. Kuring gé  seuri, kacipta.
“Ari dina pilem kumaha, nya? Ditémbongkeun beu­ngeut­na? Iy, rujit aing mah!” ceuk kuring bari kecrot nyiduh.
“Nanyakeun ka aing manéh mah, Inah! Teu sudi teuing kudu lalajo nu kitu. Ti jaman baheula gé, lembur urang mah beresih. Ayeuna wé dikotoran ku nu anyar daratang. Pan maru manéh gé  aslina mah ti dayeuh lin?” ceuk si Dédah bari seuri. Kuring baeud.
“Ungkluk nini-nini goblog nya si Érma mah. Amit-amit. Kalakuanana gé  nurun ning ka anakna. Abong uyah mah tara téés ka luhur,” ceuk kuring bari ngajéwang daun sélong tina luhureun bak, sok dipiceun di jalan, da bisi murag kana cai.
“Nya heueuh, da ceuk béja gé  anakna nu awéwé nu geus rumaja, nuluykeun pagawéan indungna, jadi palacur di tempat.”
“Nu mana Dédah?”
“Nu buukna sok dibeureuman. Ah, moal nyaho manéh mah. Da mantogna ka lembur gé  ukur sabulan sakali, setor ka indungna.” pokna, daria naker sora si Dédah téh. Deuk teu percaya kumaha. Jeung pantes si Dédah mah sagala nyaho kalakuan urang lembur Cikadu, apan remen bulak-balik ka Cikadu dagang kutang jeung calana budak. Baréto gé  kuring, nyahona salaki kaédanan ku si Erma téh ti manéhna. Da geunjleung atuh. Budak ngora kaédanan ka ungkluk nini-nini. Mani sok ijid mun ngadéngé ngaran Érma téh. Ijid, cua. Komo mun nempo beungeutna. Iy, jiga kumaha nya ayeuna, geus welasna taun teu nempo? Ruksak meureun beungeutna. Da loba diropéa. Loba diomé. Kacipta harita basa keur ngontrog, nempo beungeutna kawas barongsay. Luhureun panon téh hejo, sakuriling sisi-sisi matana hideung kawas bueuk. Ari wedak aya opat dimna, da mani nepi ka maplak bodas. Padahal aslina mah ceuk si Dédah gé  hideung bari loba kokoloteun. Komo ayeuna. Awakna gé geus eunyeuh meureun, urut dipaké lalaki batur.
Nepi ka balikna ti pancuran, obrolan jeung si Dédah ma­sih dédéngétun. Gusti mah bisa nyurupkeunana, indung ungkluk kahot, anakna nu awéwé dibentuk sina jadi ungkluk generasi penerus. Nu lalaki jadi tukang ngaruksak jiwa barudak, muka pilem cabul. Pararantes.
Di tepas, si Nyai keur uplek ngobrol jeung salakina. Angger wé si Nyai mah bubudénna kuraweud hangseur. Tapi aya mendingna kétang, sabada ku kuring di ubar-abér ka nu bisa, jadi robah saeutik. Da puguh duanana diubaran téh. Anak jeung minantu. Anak sina cageur haténa, minantu sina soléh sina tamplok kanyaahna ka si Nyai. Ulah beunang kagoda ku awéwé séjén.
Satadina mah teu hayang uubar ka nu bisa téh. Tapi si Dédah keukeuh ngajak. Da cenah minantu manéhna gé  kungsi kabéngbat ku awewé bangor, tapi ukur bubulanan, kaburu diubaran ka Cigadog, dukun wacis nu geus sohor ka mana-mana.
Mémang teu bohong, da basa kuring uubar gé  semah téh geus loba, ngantri. Malah aya urang kota sagala.
“Na teu ka sawah, Ujang?” tanya téh.
“Geus bérés, Amah. Kari ngadagoan rambéteun. Jeung ongkoh rada muriang ieu téh!” témbal minantu daria.
“Pangmeulikeun ubar atuh, Nyai!” ceuk kuring bari ngarérét ka si Nyai. Tapi nu dirérét angger wé manyun, bangkenu.
“Sina meuli wé sorangan! Boga cokor!” omong si Nyai heuras. Salakina ukur nyéngir.
“Ulah kitu eum, pamali!”
“Wah, pamali téh ka salaki nu kumaha atuh Amah!” ceuk si Nyai bari ngarérét ka salakina. Kuring geuwat ngaléos ka jero. Sangheuk papanjangan. Apan kudu dipahing papaséaan keur kakandungan mah, bisi matak goréng ka nu watek orok.
Léos baé ka dapur. Tacan ngahaneutkeun sangu ongkoh. Lebar sangu kamari soré loba kénéh.
Karek gé  gap kana korék api, deuk ngahurungkeun seuneu, kadéngé panto tepas ngageblug, dibantingkeun.
Astaghfirulloh, tangtu tatéh kalakuan si Nyai! Goréng adat pisan. Kuring lumpat ka hareup. Enya wé si Nyai lumpat ka enggonna bari ceurik. Geuwat disusul, bisi kuma onam.
Si Nyai nginghak dina kasur lépét nu ngagelar na palupuh, nangkuban. Katémbong tonggongna eundeur.
“Ku naon deui, Nyai? Lin bieu téh keur ngalobrol di balé?” tanya téh leuleuy.
“Angger kalakuan si Aa téh, Amah! Aya nu bébéja digawé di kebon téh dibaturan ku si Lilis!” omong si Nyai bari nginghak.
“Mana gé  balik atuh, ari deuk manjang mah,” témpas téh.
“Nyai téh geuleuh nempo beungeut si Aa téh. Amah!” omongna semu nyéntak. Biwir nyéréngéh.
“Biasa anu keur kakandungan mah sok kitu. Ké gé  mun kakandungan geus opat-lima bulan mah, leungit rasa ceuceub téh. Eta mah gogoda, Nyai!”  ceuk kuring bari mencétan sukuna.
“Jeung lamun rumah tangga ulah sok sadéngé-déngéna, Nyai. Boa tatéh nu hayang ngaruntagkeun rumah tangga Nyai. Nu sirik nempo Nyai rumah tangga anyar geus boga imah, boga pacabakan. Saha nu nyaho eusi haté jelema.”
“Da Nyai mah ceuk sobat,” témbalna heureut.
“Eta sobat Nyai téh nu sok ka dieu? Kutan boga kurir Nyai téh? Tong percaya teuing, saha nu nyaho éta sobat téh boga haté béngkok. Urang teu bisa ngabadé,” ceuk kuring daria. Ah, na bet mangmeunangkeun minantu? Lin keuheul ka minantu téh? Atawa pédah si Nyai reuneuh, rék boga anak kudu aya bapana?
Mémang sakumaha ambekna gé  ka minantu, moal bisa ambek pisan, sabab tacan yakin enya henteuna minantu téh nyéléwéng.
Kuring ka luar ti enggon si Nyai, nyampeurkeun Jang Sobur nu keur ngahuleng di balé sorangan.
Gék diuk gigireunana.
“Apa ka mana, Amah?” tanyana bari ngarérét. Mani ngadak-ngadak ratug haté téh, inggis nyérénkeun si Nyai ka bapana. Seug si Nyai téh keur kakandungan. Kumaha lamun diserahkeun?
“Ka kebon deuk ngagemuk céngék. Melak céngék lima puluh tangkal, sugan wé kajadian. Seug ayeuna gé  keur ngaraja regana!” témbal téh.
“Sukur wé Amah melak céngék mah, da di ditu mah teu ngebon céngék, keur usum cacar daun.”
“Heueuh barina gé  tong sarua ngebon téh, méh bisa silikirim.” ceuk kuring bari nyéréngéh, manéhna seuri.
“Enya, ngan moal bisa silipentaan obat-obatan.” témpasna.
“Na teu maké gemuk kandang?” tanya téh daria.
“Ari gemuk mah dicampur, nya ti toko nya gemuk kandang. Ngan obat nu disemprotkeun mah pasti ti toko.”
“Heueuh da urang mah tacan bisa nyieun sorangan! Lain, Ujang. Amah mah teu daék pipilueun kana urusan rumah tangga Ujang, ngan dék nanya ka Ujang!” ceuk kuring daria. Ayeuna giliran minantu nu reuwaseun ku omongan kuring.
“Aya naon, Amah?”
“Ari Ujang atoh si Nyai keur nyiram? Deuk boga anak?” tanya téh bari mencrong beungeutna.
“Puguh wé atoh mah, Amah! Lalaki gélo deuk boga anak teu atoh mah. Komo ieu ngadagoan tilu taun,” omongna teu éléh daria. Plong haté rada ngemplong.
“Sukur we, ngan meureun Ujang kudu nyaho. Nu keur nyiram mah sok unggah adat, sok teu pikahartieun adatna. Amah gé baréto kitu, keur nyiram ku si Nyai. Mun saré téh embung dideukeutan. Hayang papisah paparahna mah. Da ngambeu késang salakina asa cua, asa geuleuh. Komo nempo beungeut salaki mah embung pisan. Ah, teuing kumaha bet sok kitu. Ké eureun-eureun panyakit cua téh geus beuteung opat atawa lima bulan,” ceuk kuring bari ngarénghap heula. Nempo minantu cicing waé, kuring neruskeun deui nyarita.
“Komo mun salaki aya kasalahan, dalah taya kasalahan gé  sok ceuceub jeung rujit wé.”
“Kutan kitu, Amah?” tanyana bangun panasaran.
“Enya.”
“Paingan si Nyai embung waé dibawa balik.” omongna lalaunan.
“Wayahna. Komo, lin boga pasualan jeung si Nyai téh?’’ tanya kuring. Minantu tungkul.
“Rumaos abdi salah, Amah. Bébas teuing jeung babaturan. Satadina da pira ngobrol, ngadédéngékeun nu keur ngumbar kasedih. Sugan téh moal jadi mamala. Tapi da abdi téh geus sundak-sanduk ménta dihampura, najan abdi teu ngalakukeun nanaon gé. Ngan si Nyai teuas pisan haténa.” omong minantu bangun nu sedih. Rét ditempo beungeutna, enya wé ning nguyung. Panonna carelong, kurang saré. Saha nu ngeunah atuh saré saukur ngaringkel di juru imah, bari dikarimbung sarung. Da kuring mah yakin, lin saré tapi nyileuk bari ngaringkuk.
Aya rasa karunya. Tapi nu kuat lain rasa karunya ka minantu, da bongan geus cohék kalakuanana ngaraheutan haté si Nyai. Éta rasa nu kuat téh, karunya ka incu bisi gubrag ka dunya taya bapana, da geus papisah! Tah rasa éta nu nyababkeun kuring ayeuna daék diuk ngaréndéng bari ngobrol pipilueun kana urusan rumah tanggana. Sakumaha geus kuciwana gé  ka minantu, ditahan wé.
“Geus aya sawelas poé si Nyai di dieuna téh, nya?” ceuk kuring datar.
“Tos badé dua minggu, Amah!” témpasna.
“Hih, asa cikénéh rarasaan téh.”
“Abdi mah puguh asa tos mulan-malén ditinggalkeun ku si Nyai téh. Imah tiiseun. Hawu tiis, da tara aya nu niup seuneu. Asa kiamat sugro!” omongna semu nalangsa.
“Tah kitu awéwé mah, Ujang. Lamun meunang kateungeunah téh sok poho kana nanaon. Dalah imah ublug-ablag gé  tangtu bakal ditinggalkeun! Da kabéh awéwé gé  bakal kitu, ari rumah tangga téh néangan kasukaan, kabagjaan haté, katengtreman batin. Mana Amah peupeujeuh ka Ujang, ulah sok ngamomorékeun haté awéwé. Lin mangmeunangkeun si Nyai pédah sarua awewé atawa pédah anak Amah, lain! Ngan diajar tina pangalaman hirup mah kitu! Tapi hampura, nya. Lin maksud Amah deuk pipilueun kana urusan rumah tangga Ujang jeung si Nyai! Da teu bisa didikté ku batur kangeunahan rumah tangga mah. Teu karasa ku batur deuih. Ari kolot mah sakadar ngélingan bisi kadalon-dalon!” ceuk kuring bari ngaréng­hap panjang. Da mani asa plong haté téh longsong, sagala anu diheungheum welas-welas poé téh, kaluar kabéh, budal.
Katémbong panon minantu carinakdak.
“Nyai! Nyai! Ka dieu?” rada tarik ngageroan si Nyai téh bisi teu kadéngéeun.
Lila naker, karék nyampeurkeun. Gek diuk, ngaréndéng jeung kuring. Si Nyai diteuteup salila-lila. Kahayang mah si Nyai téh cicing di dieu. Saimah jeung kuring nu kungsi ngakandung, nu kungsi tihothat ngurus sagalana. Tengtrem aya anak téh. Tapi teu meunang égois! Teu meunang hawek! Si Nyai geus boga salaki, geus boga rumah tangga sorangan. Malah sakeudeung deui si Nyai téh bakal jadi indung. Kuring teu meunang ngeukeuweuk waé si Nyai. Entong jadi jelema katilu anu ngaruksak rumah tangga. Kadar minantu aya kasalahan, nya hampura wé, asal ulah deui-deui. Piraku si Nyai teu bisa ngahampura, ning kuring gé baréto bisa ngahampura ka salaki. Éta nu kudu dipelakkeun kana haté anak téh. Lain amarah jeung dengdam.
“Nyai, geus lila teuing ninggalkeun lembur téh, pamali! Lin Amah ngajujurung. Ngan teu pantes awéwé ninggal­keun salaki, ninggalkeun imah tanpa sabab. Sok wé urusan Nyai jeung salaki béréskeun di imah. Sing karoloteun, pan urang téh deuk boga turunan. Sing nyaah kana turunan. Éta téh titipan ti Gusti nu kudu dimumulé ku duaan. Jung geura marulang. Silihampura, da urang mah umat muslim,” ceuk kuring daria. Si Nyai nyegruk ceurik. Salakina gé bedah cimatana. Sarua kuring gé hayang ceurik, tapi ditahan. Maenya indung kudu épés méér nyanghareupan pasualan anak. Indung kudu jadi conto anak dina nyanghareupan ombak kahirupan rumah tangga, anu sakumaha gedéna gé. Sabab rumah tangga anak karék sirungna, saha nu nyaho ka hareupna bakal manggih ombak nu leuwih gangas.
Bari masih ngaringhak si Nyai ngaléos ka enggonna, nyokot kantong wadah pakéan.
Basa duanana paramitan, katémbong si Nyai juuh deui cimatana.
“Ka Apa wartoskeun, Amah. Si Nyai dicandak ku abdi!” Ceuk minantu daria.
“Heug da ku nu hakna. Ngan mihape, pangjagakeun haténa. Pangjagakeun awakna. Seug keur kakandungan.” ceuk kuring daria. Minantu ukur unggeuk. Leos duanana arindit.
Cimata juuh teu kabendung. Cimata kabungah. Kuring geus salamet bisa jadi indung anu bijaksana. Bisa jadi indung anu teu égois. Bisa jadi indung anu adil, teu biluk ka anak sorangan.
Haté surak ayeuh-ayeuhan balap jeung cimata anu beuki juuh