KEUR anteng nyabutan bulu irung, torojol Si Masri bari nyarita
hariweusweus.
“Gancangan, poé dolar, euy!”
Kuring neuteup Si Masri, beungeutna katara caharaan.
“Tah, ténjo beubeungangan déwék!” Si Masri ngodok sakuna nu metet,
eusina kabéh dikaluarkeun. Lain waé duit kencring, rébuan ogé loba.
Kuring cengkat. “Bener éta téh, euy?”
“Na ilaing teu percaya ka déwék, sakitu beubeunangan geus
ditémbongkeun téh!”
“Anéh nya euy, pan ayeuna téh Kemis?” cék kuring.
“Enya, pan beureum.”
“Oh, heueuh!”
Kuring sarangah-séréngéh. Dunya asa caang deui, rénghap gé asa logor
deui. Mun enya kitu tada teuing bagjana. Geus saminggu ieu usaha téh
tiis jeung tiis wé. Malahan dua poé katukang mah sajaba ti teu
beubeunangan téh, pareng di sué deuih, kasérémpét angkot. Awak
ngajongkéng tuluy nambru dina got. Suku tepi ka baréd, puguh deui awak
mah karasa remuk. Jajauheun ka méré duit keur uubar, supir téh kalah ka
nyarékan laklak-dasar. Atuh minggu ieu mah jajahuheun ka bisa setor ka
pamajikan, dalah keur dahar sorangan gé ampir-ampiran. Dahar nu biasana
sapoé dua kali téh ayeuna kudu dikurangan deui, jadi sakali. Jatah udud
gé kapaksa kudu dikurud, kadang-kadang kudu ngoloan ka Mang Kodir,
tukang béca.
Kari-kari ayeuna meunang béja ti Si Masri yén poé ieu poé dolar. Poé
dolar téh istilah tukang jajaluk nu tempat operasina di parapatan kana
poé nu ramé. Di parapatan téh aya poé ramé jeung poé tiiseun. Poé ramé
biasana mah poé Juma’ah, meureun loba jalma nu inget yén Juma’ah téh poé
nu panghadéna. Saptu gé rada leuheung, meureun jalma keur rada
barungaheun pédah gawé ngan satengah poé, bari isukna peré. Atawa bisa
jadi Saptu mah jalma téh palalesir ka luar kota, di jalan kudu sodakoh
heula ambéh salamet tepi ka tujuan. Poé Minggu jalan simpé, beubeunangan
gé tara bisa diandelkeun. Ngan sakapeung mah sok aya sénggolan.
Sénggolan téh pangasih ti darmawan nu kawilang gedé, biasana ti sapuluh
rébu ka luhur, disebutna duit galabag.. Nu rajeun méré duit galabag téh
urang pasisian nu keur pelesir ka kota.
Reup Bray, Koneng deui Koneng deui
Ari ti poé Senén tepi ka Kemis mah tong diakukeun wé. Beuteung gé
kapaksa kudu ngilu nyenén-Kemis. Saban nu jajaluk geus pada nyaho kana
éta jadwal. Tukang jajaluk nu geus profésional mah geus bisa ngimpleng
naha poé ieu bakal beubeunangan atawa moal. Di parapatan aya hiji
kabiasaan nu sok dipaké patokan, lamun tepi ka tabuh 09.00 can meunang
duit, tong miharep poé éta bakal beubeunangan gedé. Tapi mun tepi ka jam
09.00, na pésak geus leuwih ti sabungkuseun nasi rames, alamat poé
hadé. Cenah éta unggal poé di parapatan tara suwung ku nu jajaluk, nya
ku sabab taya deui cabak, sepi-sepi gé dikeureuyeuh.
“Kumpulkeun nu séjén, euy!” kuring maréntah Si Masri.
“Aya naon kitu, Him?” walon Si Masri bari semu nu héran.
“Meugeus tong tatanya, sok kumpulkeun heula, ké dibéjaan!”
Jung Si Masri nangtung, kituna téh bari ngarérét ka kuring, léos muru
parapatan. Ti kajauhan katénjo Si Masri maréntahkeun wadia balad muru base
camp.
“Aya naon ieu, téh? Keur ramé yeuh, lebar ditinggalkeun mah,” Si Oon
pangheulana nyarita. Sakuna témbong metet. Teu lila jol opatan deui, nu
duaan mah awéwé.
“Kieu euy, meungpeung keur poé dolar, kumaha mun urang ngatur
stratégi…”
“Stratégi kumaha ari ilaing, Him?” Si Masri motong caritaan kuring.
“Heueuh, silaing mah aya-aya waé, Him. Burukeun euy lebar keur
hadé!” Si Bana mairan.
“Nu matak déngékeun heula, montong waka motong caritaan déwék! Keun
eureun sakeudeung mah da moal matak sangsara.”
Nu ngariung saregep ngadéngékeun kuring.
“Ngarah kabéh kabagéan gedé, kumaha mun babagi waktu. Saurang sajam
séwang, tong abring-abringan bisi nu ngaliwat geuleuheun. Ku cara kitu
kabéh kabagéan jatah waktu nu adil. Sual beubeunangan mah urang kumaha
milik wé, nu penting saurang sajam. Kumaha ceuk ilaing?”
Nu ngariung tingrarérét.
“Kumaha ceuk ilaing, On?” Si Masri kalah nanya ka Si Oon.
“Alus lah, ngarah teu capé teuing. Ku cara kitu kuring loba waktu
jang héés.”
“Nu séjén, panuju teu kana pamanggih déwék?”
“Enya, atuh hadé mending kitu wé,” ceuk nu ngariung.
“Tapi kumaha ngatur saha nu ti heula jeung saha nu pandeuri?”
“Dikocok wé.”
“Enya, panuju. Ilaing lain boga pulpén On,” cék Si Masri. “Keretasna
mah tah ku urut bungkus rokok.”
Teu lila, gutrut-gutrut Si Masri nulis genep ngaran dina keretas
sagaledé kartu gapléh, tuluy digulung-gulung. “Asa keur arisan nya,
euy?” ceuk Si Masri.
“Cing haling ku déwék ngocokna mah, pan déwék nu boga idéna gé!”
ceuk kuring.
“Kop tah, tapi montong licik!”
“Na ilaing téh mani cangcaya ka déwék?”
Genep lintingan keretas téh diasupkeun kana dudukuy, tuluy
dikocok-kocok.
“Tandéan euy, saha tah nu kahiji?”
Si Oon nandéan gulungan keretas kahiji, tuluy dibuka semu dipirit.
“Déwék pisan,” pokna bari teu nolih deui ka nu lian, jung wé nangtung.
Satuluyna nu kaluar téh ngaran Bi Amih, Jarot, Bana, Néndah, jeung
kuring.
“Bedul téh, pangpandeurina, euy! Goréng milik aing mah,” ceuk kuring
bari kukulutus. Nu séjén tingcalakatak. Tapi teu bisa majar kumaha, da
éta nu geus jadi kasapukan. Jadi mun kitu kuring kudu ngadagoan lima jam
pikeun bisa meunang duit téh. Mangkaning beuteung geus kudu dieusian
deui. Alah cilaka!
Sajam ti harita Si Oon ngurumuy, diganti ku Bi Amih. Paroman Si Oon
katara béar marahmay, cicirén beubeunangana mucekil. Enya wé sugih,
malah aya duit galabag sagala rupa. Kuring bungangang, enya gé can
kabagéan jadwal. Ceuk kuring gé, mun tepi ka jam 9.00 beubeunangan
leuwih ti sabungkuseun nasi rame, tepi ka soré tara misleuk.
Sajam ti harita giliran Bi Omih diganti ku Si Masri. Bi Omih gé
témbong marahmay. Gék diuk, duit beubeunganana diawurkeun kana
lahunanana, tuluy diitung. Bi Omih témbong sura-seuri.
Jam hiji, manjing giliran kuring, sip kagenep. “Dienyakeun siah,”
ceuk gerentes haté. “Mayor aing poé ieu mah. Geus saminggu beuteung ukur
dieusian sangu jeung bala-bala, paling untung jeung angeun lodéh atawa
kurupuk. Laksana sigana perbaikan gizi téh. Mayor aing mah, pingping
hayam tah. Irung gé kudu dipuput ku roko ménak.”
Jung nangtung, calana jeung baju dibebener, kop kana baju rangkep.
Beuteung geus karasa lapar. “Tenang da moal lila deui ge dieusian
dahareun nu raos.”
Gura-giru muru parapatan, léngkah mani asa hampang, panas poé gé teu
karasa. Mun nu séjén meunang duit galabag, lain aku-aku angga, kuring gé
bakal meunang. Nyi Néndah mah tepi ka meunang tilu lambar, can nu
rébuan, geus teu kaitung duit kencring mah. Leungeun katuhu ieu mani
geus kekedutan.
Reup Bray, Koneng deui Koneng deui
Mobil tingsarebrut sieun kapegat ku lampu beureum. Kuring ngabedega
gigireun tihang lampu setopan. Mangpirang-pirang lila ngajanteng, anéh,
mobil téh bet taya nu eureun. Tuluy kuring tanggah nénjo lampu, haté asa
ngaleketey, awak asa ngoléang. Lampu beureum nu diarep-arep teu jol
baé. Reup bray. Konéng deui, konéng deui.***
Bilih kuring mipit teu amit ngala teu bebeja, kalih bilih aya seratan nu teu kawidian pamugi neda widina. Hatur Nuhun
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Pangeran Jamban
Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...
-
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina s...
-
MOHON tidak berburuk sangka dulu, saya tidak berniat menulis seputar pornografi. Sengaja saya tulis dalam bahasa Indonésia, karena kata “mom...
-
Sikep idealis andika menyebabkan dia kesusahan menghindari hal yang bertolak belakang dengan prinsip hidupnya. Sumirah (umi) istrinya menj...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar