Jaman baheula aya nini-nini malarat teu kinten-kinten.
Papakéanana geus butut sarta laip, disampingna ogé ngan ukur bisa
nutupan orat. Kitu deui dahar leueutna salawasna ngan sapoé sakali baé,
malah-malah sakapeung mah datang ka pot pisan sapoé dua poé henteu
manggih-manggih sangu, ngan ukur nginum cai wungkul. Ari buburuh
dederep henteu kaduga jeung geus henteu laku, wantu-wantu enggeus kolot
kurang tanagana. Jadi kahirupanana taya deui ngan tina ngaroroték baé
dina tegal-tegal atawa kebon awi, ari beubeunanganana dipaké nukeuran
béas atawa cangkaruk ka tatanggana.
Pandéning imahna ngan sempil baé, ditangkodkeun kana pongpok imah
baturna, kitu ogé hateupna bilikna geus balocor, wantu-wantu henteu aya
pisan anu daék nulung mangngoméankeun, ku tina henteu boga sanak baraya,
sumawona anak incu, éstuning nunggul pinang.
Ari éta nini-nini téh sakitu nya kokolotanana henteu pisan nyaho ka
Gusti Allah, ulah bon ngalampahkeun téa kana paréntahna, jenenganana ogé
henteu apal, pangrasana ieu bumi jeung langit téh jadi sorangan baé,
euweuh anu midamel.
Dina hiji mangsa éta nini-nini geus dua poé henteu manggih-manggih
dadaharan, sosoroh nukeuran sangu ka tatanggana taya nu méré. Ti dinya
manéhna tuluy ngajentul di imahna bari humandeuar pokna, “Aduh, cilaka
teuing diri aing ieu, nya ayeuna paéh langlayeuseun téh”.
Sanggeus ngomong kitu téh, tulcel, boga niat rék ngaroroték deui ka
tegal, bari sugan manggih dangdaunan atawa bongborosan nu ngeunah
dihakan, keur tamba ulah langlayeuseun teuing. Geus kitu bral leumpang
ngajugjug ka tegal kaso urut nyundutan, anu deukeut kana talaga, sarta
di sabeulahna deui nyandingkeun walungan gedé.
Barang datang ka dinya, éta nini-nini téh manggih lauk deleg
pirang-pirang, rék pindah ti walungan ka talaga. Sanggeus nepi kana
tengah-tengah éta tegal deleg teh kabeurangan, panon poé geus kacida
teuing panasna, jadi deleg kabéh awakna taluhur kukumurna, ku tina
seuseut datang ka henteu bisa maju leumpangna. Kusabab kitu éta deleg
kabéh pada nyandang susah tanwandé manggih bilahi paéh kasaatan.
Di dinya éta nini-nini téh bungah kacida, pikirna geus tangtu manggih
untung meunang lauk pirang-pirang boga keur nukeuran sangu. Tapi
manéhna héran neuleu aya hiji deleg, anu panggedéna ti sakabéh baturna,
jeung deui leumpangna ogé pangheulana, kawas-kawas nu jadi ratuna sarta
bisaeun ngomong, pokna, “Samiun Allah kuring neda hujan! Samiun Allah
kuring neda hujan!” Kitu baé omongna bari tatanggahan ka luhur.
Ari ku nini-nini saomong-omongna éta deleg téh didengekweun wae,
hayang nyaho kumaha kajadianana. Barang geus kira-kira satengah jam
lilana, datang hujan gedé naker mani cileungcangan. Ti dinya éta deleg
barisaeun deui leumpang, tuluy kebat lumakuna. Ari nini-nini téh datang
ka ngadégdég awakna tina bawaning tiris kahujanan sarta léngoh balikna
teu barang bawa.
Kacaritakeun éta nini-nini téh sanggeus datang ka imahna tuluy mikir
bari ngomong di jero haténa, “Ih boa lamun aing ogé neda widi ka nu
ngaran Allah téh, meureun dipaparin, ari piomongeunana mah nya cara
deleg téa baé, ngan bédana aing mah rék neda uwang.
Ti dinya éta nini-nini ség baé tapakur di imahna, bari ngomong
tatanggahan ka luhur nurutan sakumaha kalakuan deleg téa. “Samiun Allah
kuring neda uwang! Samiun Allah kuring neda uwang!” Kitu baé omongna teu
eureun jeung pikirna anték kacida panedana ka gusti Allah, datang ka
geus teu aya pikiran deui ka nu séjén.
Ari jalma anu imahna di tangkodan ku imah nininini téh, banget
ngéwaeunana, ku sabab gandéng jeung bosen, unggal poé unggal peuting
ngadéngékeun omongna éta nini-nini, ngan kitu baé, taya pisan répéhna.
Tuluy baé nyentak ka nininini téh pokna, “Nini! Répéh aing gandéng, ngan
kitu baé euweuh deui kasab, moal enya Allah téh sumping ka dieu, seba
duit ka manéh. Jeung kitu baé mah anggur ngala suluh, ngala daun ka
leuweung, meureun aya hasilna. Jeung deui, lamun manéh henteu beunang
dicarék, geura undur baé imah manéh ulah ditangkodkeun ka imah aing.”
Panyentakna éta nu boga imah ku nininini henteu digugu, tonggoy baé
ngomong nyuhunkeun duit ka Allah anggur beuki tambah maksudna.
Barang geus nepi ka lima poéna, anu boga imah téh beuki kacida
garétékeunana, henteu beunang dicarék, sarta dititah undur henteu los.
Ti dinya éta jalma tuluy nyokot karung goni beunang ngeusian ku beling
datang ka pinuh sarta dipékprékan, supaya jejel ambeh beurat. Niatna rék
dipaké ngabobodo ka nini-nini téa, sina dinyanaan duit paparin Allah
ragrag ti luhur, jeung sugan nyeurieun ditinggang tonggongna ku éta
karung ambeh kapok moal ngomong kitu-kitu deui.
Kira-kira geus wanci sareupna ku éta jalma karung téh dibawa naék ka
para, tuluy diponcorkeun tina sipandak ditindihkeun ka handap mener kana
tonggongna. Nini-nini téh kalenger tina bawaning nyeri. Ana geus inget,
nénjo aya karung ngadungkuk teh kacida atoheunnana, panyanana nya éta
karung duit, paparin ti Allah.
Anu boga imah téh suka seuri nénjo kalakuan nini dug-dug deg-deg,
semu banget atohna. Geus kataksir piengkéeunana bakal meunang éra
kabobodo, karana nu dikarungan téh tétéla pisan yén beling.
Geus kitu karung téh disembah ku nini-nini téh bari ngomong kieu,
“Nuhun Allah! Nuhun! Naha loba-loba teuing maparin duit téh, mana ari
keur Ajengan, aya kénéh nun?” Ti dinya tuluy geuwat dibuka. Geus kitu
kersana Nu Agung, dumadakan éta beling kabéh jadi duit, aya uwang emas,
aya uwang pérak, jeung deui kumaha gedéna baé, aya nu jadi ringgit, aya
nu jadi ukon.
Ari isukna tatangga kabéh daratang ngadeugdeug, yén éta nini-nini
meunang bagja boga duit pirang-pirang. Malah Kapala Distrik ge sumping
ka dinya ngalayad, sarta tuluy dilaporkeun ka nagara, jeung ditétélakeun
asal purwana. Ari timbalan ti nagara, éta nini-nini henteu kaidinan
cicing di kampung, bisi aya nu nganiaya dipaling duitna, jeung diurus
dipangmeulikeun imah, katut eusina.
Ti wates harita éta nini-nini téh jadi sugih teu kinten-kinten. Kitu
deui dipikanyaah ku menak-menak tina saregep kumawulana jeung tambah
alus budina, kalulutan ku jalma réa jeung loba sobatna, tina suka
tutulung ka jalma-jalma nu miskin, sumawonna ka nu keur kasusahan, margi
ngaraskeun ka dirina basa keur malarat kénéh.
Kacaritakeun éta jalma anu méré karung beling téa, kabitaeun naker
neuleu éta nini-nini téa jadi beunghar lantaran dibobodo karung beling
ku manéhna. Geus kitu boga niat hayang nurutan.
Ti dinya tuluy nganjang, sejana rék badami, supaya dibales ku éta
nini-nini téa sina nindih ku karung beling ka manéhna, pokna, “Nini
saterangna éta duit téh asalna beling beunang kula ngarungan, dipaké
ngabobodo ka sampéan, kusabab satadina kaula giruk ngadéngékeun anjeun
ngomong baé nyuhunkeun duit ka Allah, tatapi ahir-ahir éta beling
dumadakan wet jadi duit kabéh. Ku prakara éta ayeuna kaula rék neda
dibales ku sampéan, hayang ditinggang ku karung beling, karana tanwandé
jadi duit ogé cara nu geus kalampahan, tatapi kaula mah hayang
ditinggang ku dua karung, nu galedé, ambeh kaula leuwih beunghar manan
nini.”
Wangsul nini téh, “Hadé, heug baé geura tapakur, cara kaula baréto”.
Ti dinya éta jalma téh tuluy balik. Sadatang ka imahna heug baé
tapakur nurutan sakumaha polahna nini-nini téa, sarta ngomong, pokna,
“Samiun Allah kuring neda uwang! Samiun Allah kuring neda uwang!” Kitu
baé omongna, jeung pikirna ujub kacida nangtukeun yén bakal meunang duit
ti Allah dua karung goni parinuh.
Barang blug ninggang, sek baé kapaéhan, malah-malah tulang tonggongna
datang kapotong. Arina inget geuwat ménta parukuyan ka pamajikanana,
heug karung téh dikukusan, ari mentas dikukusan tuluy disembah, bari
ngomong nurutan cara omong nini-nini téa, pokna, “Nuhun Allah! Nuhun!
Naha maparin duit réa-réa teuing, mana ari keur Ajengan? Aya deui?”
Barang geus tamat ngomong karungna dibuka, béh beling kénéh baé
henteu daékeun jadi duit. Ti dinya kacida hanjakaleunana datang ka
ngalembah rék ceurik tina bawaning aral, ség baé bijil omongna suaban
ngahina ka Gusti Allah, pokna, “Ih naha Allah téh wét pilih kasih,
dipangnyieunkeun duit sawaréh! Ari kaula henteu! Jeung deui kumaha naha
atawa Allah téh geus diganti deui tayohna, da nu baréto mah bisa nyieun
duit ku beling, ari Allah nu jeneng ayeuna tayoh-tayoh henteu bisaeun?
Ti wates harita éta jalma gering heubeul pisan nyeri cangkéng,
tatamba kapirang-pirang dukun. Tina aya kénéh berkah Allah bisa cageur
ogé, tatapi tanpadaksa, jadi bongkok tonggongna, datang ka henteu kuat
nyiar kahirupan rosa-rosa. Lawas-lawas manéhna jadi malarat cara
nininini téa, kawas-kawas jadi tépa malaratna éta nini ka éta jalma téa.
***
Nyutat ti Majalah Walanda, TIJDSCHRIFT voor INDISCHE TAAL, LAND
EN VOLKENKUNDE, wedalan taun 1872. Dongeng Sunda Buhun ieu dikukumpul
ku J.A. UILKENS, mangrupa carita ra’yat urang Ciamis. [Dicutat tina
blog ”Kumpulan Carita jeung Dongeng”]
Bilih kuring mipit teu amit ngala teu bebeja, kalih bilih aya seratan nu teu kawidian pamugi neda widina. Hatur Nuhun
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Pangeran Jamban
Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...
-
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina s...
-
MOHON tidak berburuk sangka dulu, saya tidak berniat menulis seputar pornografi. Sengaja saya tulis dalam bahasa Indonésia, karena kata “mom...
-
Sikep idealis andika menyebabkan dia kesusahan menghindari hal yang bertolak belakang dengan prinsip hidupnya. Sumirah (umi) istrinya menj...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar