- Hubungan Dengan Sesama Mahluk
- Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek (Trust - ngak boleh korupsi, maling, nilep, dlsb... kalo mo ngambil sesuatu harus seijin yg punya).
- Sacangreud pageuh sagolek pangkek (Commitment, menepati janji & consitent).
- Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina (integrity harus mengikuti etika yang ada)
- Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang (communication skill, berbicara harus tepat, jelas, bermakna.. tidak asbun).
- Kudu hade gogod hade tagog (Appearance harus dijaga agar punya performance yg okeh dan harus consitent dengan perilakunya --> John Robert Power melakukan training ini mereka punya Personality Training, dlsb).
- Kudu silih asih, silih asah jeung silih asuh (harus saling mencintai, memberi nasihat dan mengayomi).
- Pondok jodo panjang baraya (siapapun walopun jodo kita tetap persaudaraan harus tetap dijaga)
- Ulah ngaliarkeun taleus ateul (jangan menyebarkan isu hoax, memfitnah, dlsb).
- Bengkung ngariung bongok ngaronyok (team works & solidarity dalam hal menghadapi kesulitan/ problems/ masalah harus di solve bersama).
- Bobot pangayun timbang taraju (Logic, semua yang dilakukan harus penuh pertimbangan fairness, logic, common sense, dlsb)
- Lain palid ku cikiih lain datang ku cileuncang (Vision, Mission, Goal, Directions, dlsb... kudu ada tujuan yg jelas sebelum melangkah).
- Kudu nepi memeh indit (Planning & Simulation... harus tiba sebelum berangkat, make sure semuanya di prepare dulu).
- Taraje nangeuh dulang pinande (setiap tugas harus dilaksanakan dengan baik dan benar).
- Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian (jangan berebut kekuasaan).
- Ulah ngukur baju sasereg awak (Objektivitas, jangan melihat dari hanya kaca mata sendiri).
- Ulah nyaliksik ku buuk leutik (jangan memperalat yang lemah/ rakyat jelata)
- Ulah keok memeh dipacok (Ksatria, jangan mundur sebelum berupaya keras).
- Kudu bisa kabulu kabale (Gawul, kemana aja bisa menyesuaikan diri).
- Mun teu ngopek moal nyapek, mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih (Research & Development, Ngulik, Ngoprek, segalanya harus pakai akal dan harus terus di ulik, di teliti, kalo sudah diteliti dan dijadikan sesuatu yang bermanfaat untuk kehidupan).
- Cai karacak ninggang batu laun laun jadi dekok (Persistent, keukeuh, semangat pantang mundur).
- Neangan luang tipapada urang (Belajar mencari pengetahuan dari pengalaman orang lain).
- Nu lain kudu dilainkeun nu enya kudu dienyakeun (speak the truth nothing but the truth).
- Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan (saling bekerjasama membangun kemitraan yang kuat).
- Ulah taluk pedah jauh tong hoream pedah anggang jauh kudu dijugjug anggang kudu diteang (maju terus pantang mundur).
- Ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salogak (Kompak/ team work).
- dlsb.
- Hubungan Dengan Tuhan (Yang Maha Kuasa)
- Mulih kajati mulang kaasal (semuanya berasal dari Yang Maha Kuasa yang maha murbeng alam, semua orang akan kembali keasalnya).
- Dihin pinasti anyar pinanggih (semua kejadian telah ditentukan oleh Yang Maha Kuasa yang selalu menjaga hukum-hukumnya).
- Melak cabe jadi cabe melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade melak goreng jadi goreng (Hukum Yang Maha Kuasa adalah selalu menjaga hukum-2nya, apa yang ditanam itulah yang dituai, kalau kita menanam kebaikan walaupun sekecil elektron tetep akan dibalas kebaikan pula, kalau kita menanam keburukan maka keburukan pula yg didapat.... kira-2 apa yang sudah kita tanam selama ini sampai-2 Indonesia nyungseb seeeeeb ;))? )
- Manuk hiber ku jangjangna jalma hirup ku akalna (Gunakan akal dalam melangkah, buat apa Yang Maha Kuasa menciptakan akal kalau tidak digunakan sebagai mestinya).
- Nimu luang tina burang (semua kejadian pasti ada hikmah/ manfaatnya apabila kita bisa menyikapinya dengan cara yang positive).
- Omat urang kudu bisa ngaji diri (kita harus bisa mengkaji diri sendiri jangan suka menyalahkan orang lain)
- Urang kudu jadi ajug ulah jadi lilin (Jangan sampai kita terbakar oleh ucapan kita, misalnya kita memberikan nasihat yagn baik kepada orang lain tapi dalam kenyataan sehari- hari kita terbakar oleh nasihat-2 yang kita berikan kepada yang lain tsb, seperti layaknya lilin yang memberikan penerangan tapi ikut terbakar abis bersama api yang dihasilkan).
- dlsb.
- Hubungan Dengan Alam
- Gunung teu meunang di lebur, sagara teu meunang di ruksak, buyut teu meunang di rempak (Sustainable Development ~ Gunung tidak boleh dihancurkan, laut tidak boleh dirusak dan sejarah tidak boleh dilupakan... harus serasi dengan alam.).
- Tatangkalan dileuweung teh kudu di pupusti (Pepohonan di hutan ituh harus di hormati, harus dibedakan istilah dipupusti (dihormati) dengan dipigusti (di Tuhankan) banyak yang salah arti disini).
- Leuweung ruksak, cai beak, manusa balangsak (hutan harus dijaga, sumber air harus dimaintain kalo tidak maka manusia akan sengsara).
- dlsb.
Bilih kuring mipit teu amit ngala teu bebeja, kalih bilih aya seratan nu teu kawidian pamugi neda widina. Hatur Nuhun
31 Maret 2011
Paribasa
Paribasa
atau pepatah yang sudah diinformasikan secara lisan turun temurun dari
para leluhur (karuhun) untuk bekal menjalani kehidupan.
Jungjunan
Bongan urang tepung, Jungjunan
najan saliwat mung tibelat nyegat
renung gumulung ngejat
tingkalacat cilingcingcat
ngagurat bengbat
Cuang-cieung neang katineung
Luak-lieuk meungkeut heuleut kageugeut
pupuntang dina regang kamelang
Ringkang nyorang lolongkrang kahayang
sakapeung keueung, Panutan,
sakapeung ludeung…
Bongan anjeun imut, Jungjunan
salawasna nyangreud haleuang implengan
nyangkaruk dina kongkolak panineungan
mung gudawang rasa hariwang
tur tagiwur ku kapaur
inggis imut anjeun lantis ku girimis
Guligah jeung lampah
piligenti niti wanci
Ririh ati neuteuli nganti asih
geumpeur wakca, Panutan,
geumpeur balaka…
Bongan anjeun neuteup, Jungjunan
kasawang bentang tingkariceup
kacipta paheut duaan eunteup
Duh sagara Cinta, galura rasa
wening hariringna ngalempengkeun
lungkawing cimata
Niat ngumbara ngumbah jomantara tunggara
najan wirahma kalangkang anjeun
celak laklak ngajauhan
mung tetep karasa deukeut, Panutan,
karasa haneut…
Jungjunan…
Sok hoyong terang sareng kalangkang saha
anjeun ayeuna anteng neuteup girimis
Mungguhing wirahma rasa wanoja
lir haleuang nu disidem
Ukur wasa naratas implengan
Ngawawaas kumelip langit-langit ati
nu pinuh rusiah…
Jungjunan…
Sok hoyong terang sareng kalangkang saha
anjeun ayeuna meungkeut geugeut nu manis
Tingkaretip ungkara bagja kasawang
dina kembang-kembang lamunan
Gumalindeng jadi purnama katineung
mun laksana dina keukeup kaheman
nu munggaran…
Jungjunan…
Sok hoyong terang ku kalangkang saha
anjeun ayeuna kapidangdung
Kumalayang melang dina katresna panutan
Geuning cinta teh lir kiceup wanci
nu simpe niti ati
Sakapeung inggis diturih cimata tunggara
Sakapeung geulis dina langitna nu cangra
Estuning endah mun asihna satia…
Jungjunan…
Sok hoyong terang sareng saha
anjeun jaga rumingkang ka tuntung layung
Kacipta bagja, Panutan, kacipta bagja…
najan saliwat mung tibelat nyegat
renung gumulung ngejat
tingkalacat cilingcingcat
ngagurat bengbat
Cuang-cieung neang katineung
Luak-lieuk meungkeut heuleut kageugeut
pupuntang dina regang kamelang
Ringkang nyorang lolongkrang kahayang
sakapeung keueung, Panutan,
sakapeung ludeung…
Bongan anjeun imut, Jungjunan
salawasna nyangreud haleuang implengan
nyangkaruk dina kongkolak panineungan
mung gudawang rasa hariwang
tur tagiwur ku kapaur
inggis imut anjeun lantis ku girimis
Guligah jeung lampah
piligenti niti wanci
Ririh ati neuteuli nganti asih
geumpeur wakca, Panutan,
geumpeur balaka…
Bongan anjeun neuteup, Jungjunan
kasawang bentang tingkariceup
kacipta paheut duaan eunteup
Duh sagara Cinta, galura rasa
wening hariringna ngalempengkeun
lungkawing cimata
Niat ngumbara ngumbah jomantara tunggara
najan wirahma kalangkang anjeun
celak laklak ngajauhan
mung tetep karasa deukeut, Panutan,
karasa haneut…
Jungjunan…
Sok hoyong terang sareng kalangkang saha
anjeun ayeuna anteng neuteup girimis
Mungguhing wirahma rasa wanoja
lir haleuang nu disidem
Ukur wasa naratas implengan
Ngawawaas kumelip langit-langit ati
nu pinuh rusiah…
Jungjunan…
Sok hoyong terang sareng kalangkang saha
anjeun ayeuna meungkeut geugeut nu manis
Tingkaretip ungkara bagja kasawang
dina kembang-kembang lamunan
Gumalindeng jadi purnama katineung
mun laksana dina keukeup kaheman
nu munggaran…
Jungjunan…
Sok hoyong terang ku kalangkang saha
anjeun ayeuna kapidangdung
Kumalayang melang dina katresna panutan
Geuning cinta teh lir kiceup wanci
nu simpe niti ati
Sakapeung inggis diturih cimata tunggara
Sakapeung geulis dina langitna nu cangra
Estuning endah mun asihna satia…
Jungjunan…
Sok hoyong terang sareng saha
anjeun jaga rumingkang ka tuntung layung
Kacipta bagja, Panutan, kacipta bagja…
Nyiar Duit
Zaman kiwari mah
neangan duit teh hese kacida. Komo deui ayeuna mah harga-harga kabutuhan
sapopoe ge geus mahal tur mahiwal. Putat-petot aprak-aprakan sapoe
jeput nyiar napkah, hasilna mah sakali beak sapoe ge. Kabeh jalma geus
lieur ku duit. Lieur ngalana, bingung pareng rek dibalanjakeunna, basa
kerenna mah dilema. Kateuing ari jalma beunghar jiga artis atawa pajabat
nu loba duit mah, meureun ngaluarkeun duit teh asa ngaluarkeun hitut.
Isuk-isuk
keneh kuring rek mangkat ka Cileunyi, dititah ku babaturan kuli
ngarombak imah Haji Junedi. Karasa hoream uncag-incig teh dalah ongkos
angkot ge ayeuna mah pikasieuneun. Tisaprak harga BBM naek, ongkos
angkot milu naek. Kahayang mah leumpang, tapi era ku tukang batagor.
Kapaksa we nyokel celengan si Teteh. Mun pareng nempo kuring nyokelan
celengan teh, pamajikan mah sok gogodeg bari nyeungseurikeun.
Geus jarang ayeuna mah nu numpak angkot
teh. Lolobanamah ngabelaan pasedek-sedek naek beus DAMRI, cenah ongkosna
kaitung murah. Nyaan pisan ongkos DAMRI leuwih murah pisan batan
angkot. Ti Tanjungsari ka Kebon Kalapa ge ukur mayar 4000. Mun angkot
mah 4000 teh ukur nepi ka Cileunyi. Loba jalma nu rek ka Jatinangor
atawa ka Cileunyi, malahan milih naek DAMRI, mayar sarebu ge ditarima
cenah.
Tapi poe ieu kuring milih naek angkot.
Sirah keur jangar kieu mah teu sudi teuing pasedek-sedek nangtung dina
DAMRI, kuring mah sok kapiuhan.
“Tiiseun kieu Kang, angkot teh?” cekeng teh ka supir
“Ah, kieu we upami enjing-enjing dugi ka
siang mah, Kang, tiiseun. Leuheung siang mah aya bubaran barudak
sakola, janten teu ngahelas teuing.”
“Tuh, tingali Kang, DAMRI mah marema nya.”
“Muhun, beus badag nurustunjung,
ngarebut panumpang. Rek ka Cileunyi nu deukeut ge diangkut si
bangkawarah teh.” Ceuk supir bari nyiduh kaluar. Kuring ukur seuri
ngadanguna. Singhoreng ayeuna mah DAMRI jeung angkot teh keur mumusuhan.
Jalma pantaran kuring mah nyiar duit teh
kudu bolokot heula jeung kesang, malahan geutih. Sirah jadi hulu, hulu
jadi sirah. Najan hasil nu katarima teu sapira, tapi hatur lumayan keur
kabutuhan sapopoe mah. Kitu we, basana mah gali lobang tutup lobang.
Tapi kuring mah bagja boga pamajikan daek sabar diajak sangsara ge. Atuh
nahas mun urang boga pamajikan teu sabaran, sing pareng dibere beunghar
ge, bakal riweuh jauh ti kabagjaan. Jalma pantaran kuring mah nyiar
duit teh kudu daek papanasan kawas kieu. Tapi teu karasa gawe di imah
Haji Junedi teh geus tereh beres deui. Atuh da digeder ti isuk, komo
dibantuan ku nu lian mah, pagawean teh gancang beres. Haji Junedi atoh
nempo hasil gawe kuring jeung nu sejenna. Karasa, jalma beunghar kawas
Haji Junedi mah teu koret ka jalma kuli jiga kuring teh. Manehna
nyuguhan, ngajak dahar bareng, tuluy teu asa-asa mere buruh. Kuring moal
cangcaya, manehna pasti abus surga. Ti kajauhan kadangu sora adan asar.
Kuring geuwat milu mandi di imah Haji Junedi. Awak karasa genah dipake
solat ge. Nuhun, Gusti…
—oOo—
Najan geus asup sore, tapi hawa masih
keneh karasa bayeungyang. Angkot ka sorenakeun mah katempo marema, komo
deui beus DAMRI nepika dengdek-dengdek wae bakating ku pinuh. Sore mah
geus loba nu mulang gawe.
Di jero angkot, awak karasa mingkin
hareudang, lantaran panumpang ngabelaan nangkel di lawang panto
ngahalangan angin. Di jero bujur geus silih geol, karasa panas. Najan
kasiksa ku hareudang, tapi teu ambek da kuring di jero ngabaur jeung
panumpang awewe, teu jangar teuing. Sok atoh mun aya nu turun, bujur
bisa usik lega. Komo ayeuna mah nu narangkel teh geus tarurun palebah
Cikuda ge. Hiji dua panumpang mulai turun. Di pengkolan Ciromed, turun
pamuda jabrig. Sor ngasongkeun duit, teuing sabaraha.
“Timana, Jang?”
“Ti Jatinangor.”
“Kurang lima ratus.”
“Ah, biasana ge mayar sakitu.”
“Beda ayeuna mah, bengsinna ge geus mahal.”
“Sayah mah mahasiswa, mayarna murah!”
“Rek mahasiswa, rek presiden ge mayar mah sarua!”
“Na ari maneh sok maksa!” ceuk si pamuda bari nakol kaca spion mobil.
“Gelo siah, mahasiwa sangsara! Kalahka rek ngarusak mobil. Gelut siah jeung aing!”
“Sok kadieu turun wani mah, pehul!”
Supir turun, si mahasiswa kekerot. Silih
haok, silih suntrung. Antukna mah silih cabok, buk-bek silih teunggeul
di sisi jalan. Kabeh panumpang awewe di jero angkot jejeritan. Awewe mah
sok riweuh, nonton gelut jeung nonton mengbal teh sarua wae, jejeritan
teu puguh. Nyaan awewe mah, jiga nu gelut teh kabogohna wae.
Nempo dua jalma masih buk-bek gelut teh,
kuring geuwat turun, niat rek misah. Orokaya nu gelut geus teu bisa
dipisah. Crot geutih kaluar tina irung supir. Cer irung si mahasiwa ge
sarua ngucur geutih. Pokona mah cur-cor pikasieuneun. Untung pisan ti
kajauhan katempo loba jalma lalumpatan milu rek misah. Nu duaan teh pada
nyarekelan, pada misah.
“Sok wani mah siah tuluykeun, sirah bihun!”
“Sok siah gelo, haramjadol Beuteung kardus!”
Duh, Gusti, pira oge duit lima ratus, nepika pasea kitu…
—oOo—
Imah kontrakkan kuring karasa tiiseun.
Kuring keketeyepan abus ka jero. Lalaunan kuring ngelol ka kamar
pamajikan. Katempo manehna keur anteng maca majalah. Kuring ngadehem,
tuluy nanya.
“Nuju naon, Teh?” nu ditanya teu
ngalieuk. Kuring ngadehem deui, tapi pamajikan jiga nu embung ngalieuk.
Teu sasarina kitu. Lalaunan kuring nyampeurkeun manehna. Katempo manehna
baeud. Kuring hemeng nempona.
“Teteh kunaon baeud?” cekeng teh semu ngaheureuyan. Nu ditanya kalahka malik nonggongan.
“Raray Teteh janten awon pami nuju baeud
mah nya…” kuring ngaheureuyan deui. Nu diheureuyan kalahka malik
molotot. Duh, Gusti, panonna meni endah.
“Aa tadi nyandak artos sabaraha tina cengclengan?” pamajikan nanya semu ambek.
“Salapan rebu, naon kitu?”
“Tadi Teteh uih ti bumi Bi Nuni, naek
ojeg kirang artosna, kirang sarebu, jadi isin. Sugan teh ongkos teu acan
naek. Bade nyokel cengclengan artosna tos ku Aa seep.” Ceuk pamajikan
bari baeud. Kuring teu kuat nahan seuri ngadanguna.
“Ih, Teteh, da artos mah teu dicandak sadayana. Aya disesakeun.”
“Disesakeun naon, dina cengclengan mung aya 200 perak.” Tembal pamajikan bari malik nonggongan. Kuring seuri ngabarakatak.
“Oh, saminggu nyengclengan geuning ngan
aya salapan rebu dua ratus! Sugan teh sajuta nya, Teh.” Ceuk kuring bari
seuri akey-akeyan. Pamajikan katempona baeud keneh, bari ngegelan
biwirna nu semu beureum.
“Nya atos atuh, iraha-iraha dilebetan deui ku Aa…” cekeng teh. Kuring ngahaja heheotan, pamajikan beuki kesel ka kuring.
“Duh, hanjakal Teteh nuju baeud, nuju
bendu, tadina mah bade diajak ngabaso di Mang Endun.” Ceuk kuring bari
api-api rek ngaleos. Kareret pamajikan malik curinghak, tuluy
nyampeurkeun kuring.
“Aa tadi janten damel di bumi Pa Haji?
Langsung dipasihan artos? Sabaraha?” pamajikan merekpek nanya. Kuring
teu ngajawab, kalahka ngahaja heheotan.
“Aa bade langsung ka Mang Endun, atanapi bade bobo heula?” pamajikan nanya bari semu ngagoda. Leungeunna nangkeup cangkeng.
“Bade bobo heula ah…” cekeng teh.
“Hayu atuh!”
Kuring jeung pamajikan muru kasur, goledag bareng gogoleran. Tuluy kuring sare nonggongan pamajikan, api-api kerek.
“Geuning Aa mah kalahka bade bobo kitu.”
“Ih, tadi kan Teteh ngajak bobo heula…”
“Sanes bobo kitu atuh…”
“Har, bobo kumaha deui atuh?”
Nu ditanya kalahka imut eraeun. Tuluy pamajikan nangkeup bari ngome kancing baju kuring, semu nu ogo.
“Tapi artosna mung saalit, Teh…”
“Wios…” tembal pamajikan ogo bari imut ngagelenyu.
Ah, najan ukur hasil duit saeutik, tapi karasa bagja mun pamajikan beunghar ku imut, bageur, sabar, ogo… Karasa bagja, Gusti…
Parebut Tuti
Dano jeung Dacep rèk
galungan, teu sirikna jiga nu rèk silih rebut pati. Elit politik mah di
luhur silih dudut parebut korsi, oalah nu duaan malah rèk slih jenggut
parebut Tuti. Enya Tuti pisan, Tuti Suryanti binti Ahmad Arjaki,
èstuning wanoja geulis ting-ting nu jadi inceran ampir kabèh lalaki di
lembur Cipati. Teu ukur barudak pamuda kamari, dalah aki-aki tujuh mulud
gè najan teu nyirikeun teu welèh wè ulubiung milu kompetisi miharep ati
Tuti.
Najan loba nu mikahayang ka Tuti, tapi nu meusmeus ranteng urat beuheung teu sirikna unggal poè agul diri kabungbulengan ku Tuti mah nu kadèngè téh ukur Dano jeung Dacep, dua pamuda lembur nu silih sigeung pada hayang meunangkeun cinta Tuti. Kapengpeongan. Kompetisi dimimitian ku paginding-ginding hareupeun Tuti. Dano ngabèlaan nginjeum duit meuli baju alus najan hasilna teu pisan-pisan ukur ginding kakampis. Pon kitu deui Dacep nu embung èlèh ginding najan adèan ku kuda beureum. Tahap kadua kompetisi jadi èkstrim: Gelut! Dano nangtang. Dacep embung disebut leutik burih.
Najan loba nu mikahayang ka Tuti, tapi nu meusmeus ranteng urat beuheung teu sirikna unggal poè agul diri kabungbulengan ku Tuti mah nu kadèngè téh ukur Dano jeung Dacep, dua pamuda lembur nu silih sigeung pada hayang meunangkeun cinta Tuti. Kapengpeongan. Kompetisi dimimitian ku paginding-ginding hareupeun Tuti. Dano ngabèlaan nginjeum duit meuli baju alus najan hasilna teu pisan-pisan ukur ginding kakampis. Pon kitu deui Dacep nu embung èlèh ginding najan adèan ku kuda beureum. Tahap kadua kompetisi jadi èkstrim: Gelut! Dano nangtang. Dacep embung disebut leutik burih.
Peuting ayeuna pisan, di kebon awi, dua
pamuda tèh geus panas hatè. Salah sahiji kudu meunang tarung. Nu èlèh
kudu ngajauhan Tuti. Pikeun Dano jeung Dacep, teu paduli teuing lalaki
lian mah, da puguh teu ngagokan iwal jelema nu ngajanteng hareupeunnana.
Dua pamuda tèh geus titatadi silih haok, ngawakwak tipopolotot, bet
ngahaja silih bales pantun heula. Dano geus nembongkeun sihung. Dacep
geus buringas. Dano nembongkeun potrèt Tuti ukuran poskar. Dacep gè
embung eleh, manehna nembongkeun potrèt Tuti ukuran 10 R. Hate Dano
ngagedur ngabebela kapanasan. Duanana ngahaja can darahar ti imah mula,
puguhing kolot can nyangu. Duanana gè geus taki-taki, geus siap nadah
serangan nu jadi musuh.
Serenteng dua pamuda téh buk-bek silih
dudut bulu suku heula. Beletak Dano miheulaan neunggeulkeun peureup kana
sirah Dacep. Solontod Dacep mundur gubay-gèboy, gedebut nambru luhureun
ti munding. Tapi manèhna rikat nangtung deui. Serenteng narajang Dano.
Buk sukuna nojos angen Dano. Goak Dano ngagoak, ngacleng nangkuban.
Amarahna mingkin ngagugudag. Dano nyambat ngaran Tuti. Dano takbir.
Gajleng muru Dacep, peletak ngèprèt ceuli katuhuna. Ngung karasa panas.
Dacep ngocèak nyambat nini na.
Teu kungsi lila Dano ngajenggut. Dacep
pungak-pingek puguh Dano sirahna botak. Antukna ngoèt. Teu poho nojos
liang irung Dano ku cingir; haneut. Ahirna silih suntrungkeun. Gubrag
dua pamuda tèh nangkarak. Dano rikat nangtung, pon kitu deui Dacep
nangtung ku dua leungeunna. Dano taki-taki. Dacep masang kuda-kuda.
Ngahègak.
Set Dano nyokot pèso tina sakuna. Pèso
kater. Dacep teu riuk-riuk gimir diasongan peso tèh. Set manehna ge
nyokot panakol bedug. Gajleng Dano ngasongkeun pèso, buk leungeunna di
takol ku Dacep. Dano kèkèrèpèngan nyambat ucingna. Sabot kitu Dacep
nèngkas suku lawanna. Duk! Dano jungkir balik, labuh bujur tiheula
nenggar akar. Goak bisul Dano bucat. Gap Dacep nyekel leungeun Dano.
Dacep marieuskeun leungenna. Puguh wè atuh leungeun Dano asa rengat.
Pupuringisan. Embung èlèh, leungeun kèncana nyokot kai sapotong deukeut
sukuna. Peletak Dacep ditakol. Leng dunya asa muter. Serenteng deui
duaan silih tarajang. Buk peureup Dano meupeuh beungeut Dacep. Beletak
siku Dacep nyiku tarang Dano. Bruk duaannana kapiuhan silih tangkeup.
Euweuh nu èlèh. Euweuh nu meunang…
Saminggu tiharita, kompetisi pindah kana
mistik. Ber Dacep neang pèlèt ka kulon. Pon kitu deui Dano nyiar pèlèt
ka wètan. Lain pèlèt keur lauk. Tapi keur mèlèt Tuti. Dano guguru ka
Abah Ebah. Dacep hiber ka Abah Omon. Dua bulan guguru asihan. Dano yakin
pèlètna matih. Dacep ogè optimis. Dano makè jurus kiceup sakti. Dacep
makè rumus seuri sakti. Duanana kudu makè jurus jeung rumus èta maksimal
dua lengkah ti beungeut Tuti. Geus rèngsè guguru, duanana panggih deui.
Silih agul pèlèt. Hayu wang buktikeun ka jinisna! Pakuat-kuat ajian.
Saha nu matih bakal meunang asih Tuti.
Poè minggu jam salapan kompetisi
dilaksanakeun. Dua pamuda tèh geus ti isuk-isuk naragog hareupeun imah
Tuti. Jam satengah sapuluh targèt kaluar ti imahna. Ngajanteng sisi
jalan jiga nu rèk megat mobil. Dano nyampeurkeun ti belah kulon. Dacep
ti belah wètan. Dua lèngkah ti Tuti, dua pamuda tèh ngaluarkeun jurus.
Biwir Dano katangen kunyam-kunyem:
nelengnengkung-nelengnengkung
sima mamah sima papah
kiceup aing kiceup giring
seblok seblak seblok seblak
pot nyepot pot nyepot
wawawaw wawawaw
ajrih asih hyap ampih
sima mamah sima papah
kiceup aing kiceup giring
seblok seblak seblok seblak
pot nyepot pot nyepot
wawawaw wawawaw
ajrih asih hyap ampih
Puuh! Dano niup leungeunna, tuluy
diusapkeun kana panonna. “Hyap, kadieu Tuti…” Dano ngagupayan bari
keukeureuceuman. Dacep embung èlèh ajian. Biwirna katèmbong
runyah-renyoh:
balatuktak balatungteng
godeg oma turalean
seuri nyari imut nurut
gurilap-gurilap mantap
tah sima jimat tumarima
tah tuma jimat nu marema
wak wek wok wak wek wok
godeg oma turalean
seuri nyari imut nurut
gurilap-gurilap mantap
tah sima jimat tumarima
tah tuma jimat nu marema
wak wek wok wak wek wok
Puah! Dacep miceun ciduh kana
leungeunna. Lèdot diusapkeun kana biwirna. “Hyap kadieu Tuti…” Dacep
ngagupayan bari sura-seuri. Kaciri aya rèmèh nyelap dina huntuna. Angin
mingkin ngagelebug. Lieuk Tuti melong Dano. Lieuk Tuti melong Dacep.
Lila teu ngomong. Sabot kitu. Tid! Tid! Tidid! Aya motor gede tur alus
eureun hareupeun Tuti .
“Tuti nya?” pamuda nu luhureun motor nanya.
“Muhun.”
“Ameng Yu!”
“Muhun.”
“Ameng Yu!”
Tuti unggeuk, tuluy nyampeurkeun. Gèk
diuk luhureun motor. Geuleuyeung motor ngabiur ninggalkeun Dano jeung
Dacep. Langit ceudeum. Dano jeung Dacep kapiuhan. Pingsan. Pèlèt Abah
Ebah jeung Abah Omon èlèh ku pèlèt Jepang…
Saung Katineung
Saban poé minggu mah,
réngsé solat subuh téh sok langsung morongkol deui. Béda minggu ayeuna
mah, isuk-isuk gé geus leuleumpangan. Méméh balik ka imah, ngahaja
nyimpang heula di kebon jagong ki Oleh. Geuning geus leubeut. Geus pada
apal kabéh urang dieu mah, mun hayang jagong di kebon ieu kudu daék
heula tarung panco jeung Ki Oleh, nu bogana. Teu jauh tidinya, maplak
tatangkalan endah diharudum ibun.
Ka belah kulon, teuteup eunteup di saung laeutik sisi sawah Haji Nono. Matak nineung matak waas. Kleung angkleung ingetan ngahaleuang ka mangsa keur leutik sok ulin bareng Dedi, Kokom jeung Lilis di saung éta. Gogonjakan, ngoyag-ngoyag tali bebegig. Manuk hariber. Jiga ayeuna, manuk silih udag. Panon poé geus ngeteyep rék nembongan. Kuring ngarénghap panjang. Teu karasa, Gusti, geus jauh ngulur umur, geus moal bisa dieureun-eureun atawa mulut nu geus liwat.
Ka belah kulon, teuteup eunteup di saung laeutik sisi sawah Haji Nono. Matak nineung matak waas. Kleung angkleung ingetan ngahaleuang ka mangsa keur leutik sok ulin bareng Dedi, Kokom jeung Lilis di saung éta. Gogonjakan, ngoyag-ngoyag tali bebegig. Manuk hariber. Jiga ayeuna, manuk silih udag. Panon poé geus ngeteyep rék nembongan. Kuring ngarénghap panjang. Teu karasa, Gusti, geus jauh ngulur umur, geus moal bisa dieureun-eureun atawa mulut nu geus liwat.
Balik ka imah, brus kuring mandi di
sumur tukangeun imah. Mun pareng genah gegejeburan, sok poho batur nu
ngantay rék milu ka cai. Geus rényom kadéngéna. Si bibi rék nyeuseuh
mah, ki Momo rék miceun mah, Nyi Mimin rék ngisikan mah, jeung nu
séjénna. Atuh réngsé mandi téh kabéh pada ngékéak. Puguhing ki Momo mah,
teu weléh bari nyindir.
“Abong lila bubujangan, mandi gé lila.
Iraha kawin, Jang?” pokna bari seuri ngahahah. Geus remen nu nanya kitu
téh, tapi sok tara dilayanan. Bubuhan kakeuheul geus manteng. Mun seug
ki Momo lain kolot, geus titatadi ditalian di tangakal balingbing pipir
imah. Katempo manéhna ngaleos, sengit haseup bakona néjéh liang irung.
Dijero kamar kuring ngarahuh. Panon
anteng melong eunteung. Geuning nyaan katempo pisan geus kuduna mungkas
lalagasan. Umur sakieu di lembur mah moal teu pada nganaha-naha can boga
pamajikan téh. Tapi da nepika ayeuna, mumul kawin téh. Lain teu payu,
geus aya nu harayangeun mah. Mumun mah, randa Isah mah, Téh Ninih mah,
Kokom mah, Lilis mah, Dedeh mah. Kabéh gé saropan tur gareulis manis.
Nya kitu téa, kuring resep kénéh léléngohan. Lain sieun, lain teu boga
biaya. Puguh wé gawé mah geus kawilang lumayan. Tabungan di bank geus
meujeuhna keur rumah tangga mah. Kumaha deui, haté embung baé méréan.
Teu bisa dipaksa-paksa.
Kadieunakeun, geus tara aya deui nu
nganaha-naha, iwal ki Momo wé nu bangor kénéh ngaheureuyan kuring sual
kawin mah. Kitu deui nu di imah, geus sieun mun nanyakeun sual kawin
téh. Éta gé tisaprak kuring mudalkeun kaambek kanu di imah lantaran
hayoh ditanya iraha kawin. Murang-maring sagala disépak. Adat kuring
gedé ambek. Tisaprak kajadian éta, urang imah teu wani-wani deui
nyeungeut amarah kuring. Sensitip ngomong sual kawin mah.
Awéwé-awéwé nu mimitina ngadeukeutan
kuring ge ayeuna mah geus tara datang ka imah deui. Kabéh geus ngarasa
bosen nungguan kuring. Béja mah Mumun can lila kawin jeung Kang Dadang,
urang Majaléngka. Randa Isah teu kuat hayang rumah tangga, antukna kawin
jeung mandor pabrik. Téh Ninih béjana keur deukeut jeung urang Padang.
Lilis geus tara deui ulin ka imah, bejana Dedi mikahayang. Kokom geus
pindah ka Palémbang. Dedeh béjana kapincut deui ku lalaki séjén. Kabéh
gé lus-les pada néang jalan séwang-séwang, bakating ku cangkeul nungguan
jeung miharep kuring meureun. Ki Dudus mah ngahanjakalkeun kana
lalampahan kuring. Cenah mah awéwé geus dina lawang panto, kari unggeuk.
Nya ayeuna mah kabéh pada bedo kudu lila nungguan kuring unggeuk daék
tumarima rumah tangga. Jadi iraha rék kawin? Teuing atuh!
“Man! Geus siap, Man?!” kadéngé aya nu
ngageroan di luar imah, meupeus lamunan kuring. Rikat kuring maké baju.
Inget poé ayeuna Ki Dudus hayang dianteur ka Jatinangor, ngadon rék
neangan cokelat di Jatos. Kateuing keur naon! Keur nini Mimih meureun.
***
Dina angkot kuring amprok jeung Darmaji,
babaturan és ém pé. Atuh sono geus lila teu tepung. Nya sajajalan téh
ngawangkong. Manéhna geus boga budak hiji. Cenah kawin jeun urang
Rancakalong, urut babaturan sakelas pisan. Enya, jeung Ida. Kuring inget
kénéh ka manéhna.
“Man, kamari pisan panggih jeung Dedi. Jadi ogé nya rék kawin. Jodona mah geuning jeung Kokom nya…” Ceuk Darmaji. Kuring ngaranjug. Jeung Kokom?
“Man, kamari pisan panggih jeung Dedi. Jadi ogé nya rék kawin. Jodona mah geuning jeung Kokom nya…” Ceuk Darmaji. Kuring ngaranjug. Jeung Kokom?
“Béja mah rék ka Lilis?” kuring kerung. Darmaji malik kerung.
“Har, karék apal ilaing? Atawa api-api teu apal?” Darmaji mingkin heran
“Keur naon kuring api-api teu apal. Apanan Dedi gé geus lila tara ulin deui ka imah.” Témbal kuring. Darmaji katangen gogodeg. Manéhna lila neuteup kuring.
“Lilis teu nyarita?”
“Har, karék apal ilaing? Atawa api-api teu apal?” Darmaji mingkin heran
“Keur naon kuring api-api teu apal. Apanan Dedi gé geus lila tara ulin deui ka imah.” Témbal kuring. Darmaji katangen gogodeg. Manéhna lila neuteup kuring.
“Lilis teu nyarita?”
“Nyarita nanahaon, Lilis gé ayeuna mah
tara ulin deui ka imah. Sugan téh geus kawin jeung Dedi di Bandung.”
Tembal kuring. Jempé sakeudeung.
“Man, Ceuk Dedi mah manéhna téh mikahayang Lilis, tapi Lilis nampik. Nya ayeuna jadina mah jeung Kokom. Milu hiber rumah tangga di Palembang. Beu, ilaing babaturan ulin keur leutik Dedi malah teu apal..” Darmaji ngajéntrékeun. Kuring ngahuleng.
“Man, Ceuk Dedi mah manéhna téh mikahayang Lilis, tapi Lilis nampik. Nya ayeuna jadina mah jeung Kokom. Milu hiber rumah tangga di Palembang. Beu, ilaing babaturan ulin keur leutik Dedi malah teu apal..” Darmaji ngajéntrékeun. Kuring ngahuleng.
“Ilaing nyaho kunanon Lilis nampik Dedi?” Darmaji nanya.
“Naon?”
“Naon?”
“Ceuk Dedi mah Lilis miharep rumah
tangga jeung ilaing. Lilis sorangan nu balaka ka Dedi, yén manéhna rék
satia nungguan ilaing. Beu ilaing bet téga mihukum Lilis. Malahan ceuk
beja kamari-kamari indungna geuring parna, mikiran budakna can
kawin-kawin…”
Leng pikiran asa rinyay ngadéngéna,
nyéah kana jero dada. Di Cikuda Dedi turun. Baku poé minggu mah di jalan
téh sok macét. Pangpangna mah di Jatinangor, paciweuh ku nu lalar liwat
rék ulin ka pasar mingguan di Unpad. Panon poé geus karasa panas. Hawa
beuki bayeungyang. Pikiran jeung haté noroweco teu pupuguh. Baruk Lilis
nungguan kuring?
Sajeroning macét, supir ngarti. Manéhna
nyetel kasét dina tip mobil. Kadéngé haleuang tembang sunda. Ari ti
mimiti naék ki Dudus mah teu ngawangkong saeutik-eutik acan, jiga nu
nyeri huntu. Nya ngadéngé tembang téh jadi aya dédéngéeun dina kaayaan
macét mah. Rey karasa aya nu ngeleketey dina lelembutan. Deng tembang
marengan panineungan nu teu karasa kumalayang. Haleuang tembang karasa
kana puhu kalbu…
asih urang…
diapungkeun ka langit
muntang kana mega
ucang-angge duaan…
diapungkeun ka langit
muntang kana mega
ucang-angge duaan…
asih hurang…
dipentangkeun ka langit
manteng dina bulan
ayang-ayangan duaan…
dipentangkeun ka langit
manteng dina bulan
ayang-ayangan duaan…
asih urang…
tingkaretip jiga bentang1
…..
tingkaretip jiga bentang1
…..
Ser haté nu simpé dumadak haneut
ngadéngéna. Tembang bieu lir ungkara basa nu ngusapan mapay-mapay
garingna rasa. Tembangna nyaritakeun wanoja nu keur geugeut panineungan
ku rasa cinta. Kumalayang haté sajongjonan. Ngarasa bagja teu pupuguh,
ngarasa ngemplong pikir, tapi sakapeung hariwang teu puguh. Kuring
ngarérét ka ki Dudus nu titatadi teu usik-usik. Bet haté sakapeung
ngarasa keueung. Enya, Dedi gé ditampik bubuhan Lilis hayang satia
nungguan kuring. Teuing geus sabaraha taun. Tapi naha Lilis tara ulin ka
imah deui? Teu kungsi lila, kadéngé deui tembang anyar tina tip…
…..
hate ngarasa geugeut
hayang geura geura deukeut
rasa liwung gandrung
diri kapidangdung
semu ngalanglayung
hayang geura geura tepung
hate ngarasa geugeut
hayang geura geura deukeut
rasa liwung gandrung
diri kapidangdung
semu ngalanglayung
hayang geura geura tepung
sawangan kumalayang ngawang-ngawang
nyipta rasa tinu anggang jeung manehna
implengan gumalindeng anteng mayeng
namperkeun rasa katineung kadirina
nyipta rasa tinu anggang jeung manehna
implengan gumalindeng anteng mayeng
namperkeun rasa katineung kadirina
harepan geus jadi ampihan rasa
moal laas najan anggang jeung manehna2
…..
moal laas najan anggang jeung manehna2
…..
Bener kitu Lilis masih kénéh kangen ka
kuring? Bener kitu manéhna teu pundung kawas nu lian? Bener ceuk
Darmaji, kuring téga nganyeunyeuri manéhna. Sok jadi hanjakal geus kasar
ka Lilis. Kuring nu kungsi kasar ka manéhna. Kuring nu kungsi nyentak
manéhna. Babakuna teu ditari teu ditakon unggal manéhna nganjang ka
imah. Geuning Lilis mah tetep satia, tetep miharep. Teu karasa tembang
dina kasét ganti deui…
…..
dina lambaran katrésna
aya ringkang can kasorang
diri kapidangdung
dipapareng kuciptaan
liuh gumulung kahéman
mugia nyorang kabancang
…..
dina lambaran katrésna
aya ringkang can kasorang
diri kapidangdung
dipapareng kuciptaan
liuh gumulung kahéman
mugia nyorang kabancang
sumerahna ieu diri
tumarima demi cinta
najan diri kudu nandangan tunggara
najan ukur saliwatan
najan ukur sakedapan
abdi pasrah moal robah pamadegan…3
…..
Duh ibarat kitu Lilis nungguan kuring téh. Palangsiang, boa manéhna tara ka imah deui téh sieun ku kuring, tisaprak kuring ngamuk sual kawin, kabeneran manéhna harita keur aya di imah kuring. Jigana Lilis nyeri haté. Jigana Lilis éra. Jigana ayeuna gé Lilis tara manggihan indung kuring ka imah téh lantaran sieun kuring nyangka nu lian-lian. Padahal Lilis mah tibaheula gé baku sok ngadon nganteuran ka indung kuring mawa sarupaning buah-buahan. Lilis nu éstuning nyaah ka indung kuring nu geus kolot…
tumarima demi cinta
najan diri kudu nandangan tunggara
najan ukur saliwatan
najan ukur sakedapan
abdi pasrah moal robah pamadegan…3
…..
Duh ibarat kitu Lilis nungguan kuring téh. Palangsiang, boa manéhna tara ka imah deui téh sieun ku kuring, tisaprak kuring ngamuk sual kawin, kabeneran manéhna harita keur aya di imah kuring. Jigana Lilis nyeri haté. Jigana Lilis éra. Jigana ayeuna gé Lilis tara manggihan indung kuring ka imah téh lantaran sieun kuring nyangka nu lian-lian. Padahal Lilis mah tibaheula gé baku sok ngadon nganteuran ka indung kuring mawa sarupaning buah-buahan. Lilis nu éstuning nyaah ka indung kuring nu geus kolot…
Tapi ayeuna mah Lilis geus jiga nu sieun
datang ka imah gé. Nu di imah gé geus tara ngomong-ngomong sual Lilis.
Kabéh sieun ku ambek kuring. Indung sorangan gé geus tara nyabit-nyabit
sual kawin, sual Lilis. Haleuang tembang teu eureun-eureun minuhan pikir
kuring, ngusapan haté kuring.
“Kang, tos dugi Cileunyi. Aéh kalahka
ngaharuleng” supir nakol kaca panto meupeus lamunan. Kuring jeung ki
Dudus ngarénjag reuwas. Tuluy silih pelong. Geuning sarua jeung kuring,
sihoréng simanahoreng ki Dudus gé titatadi anteng ngalamun, poho rék
eureun di Jatinangor mah.
“Eta geura genah ngarasa dipépéndé kawih sunda sajajalan. Sedih jeung bungah karasana panineungan…” ki Dudus gagaro sirah nu teu ateul.
“Eta geura genah ngarasa dipépéndé kawih sunda sajajalan. Sedih jeung bungah karasana panineungan…” ki Dudus gagaro sirah nu teu ateul.
“Sarua, Ki…”
“Pir! Milu deui muter ka Tanjungsari. Tapi tong dipareman tipna!” ki Dudus ngacung.
“Pir! Milu deui muter ka Tanjungsari. Tapi tong dipareman tipna!” ki Dudus ngacung.
***
Sajajalan kasét digeder, béak diputer
deui, béak diputer deui. Teu eureun-eureun. Atuh kuring gé nepika apal.
Kuring jeung ki Dudus mupakat balik deui ka Tanjungsari ngabélaan hayang
tuluy ngadangukeun tembang. Meuli cokelat ka Jatos mah teu jadi.
Sapanjang balik mah euweuh nu cacarita. Simpé. Ukur sora mesin mobil.
Ukur haleuang tembang. Duh, sajeroning dipépénde tembang, ingetan
manteng ka Lilis. Tibaheula manéhna nungguan kuring.
Teu karasa balikeunna mah gancang, geus
tepi deui ka Tanjungsari. Can ge lila turun tina mobil, supir
ngagorowok, “Kang, kaset pajeujeut!”
Ki Dudus ngadadak hayang buru-buru
balik. Inget ka si Nini cenah. Antukna kuring leumpang sorangan.
Sajajalan pikiran ngarasa sasab ka awang-awang, asa teu manggih arah.
Haté norowéco ngarasa diturih wanci nu can pasti. Di tengah sawah manuk
silih udag. Kuring leumpang luhur galengan, dumadak ngarasa hariwang ku
hirup…
Di imah, kabéh keur kumpul. Kaayaan tengah imah jiga nu geus kaanjogan sémah. Aya bubuahan dipiringan deukeut panto.
“Aya sémah, Mah?” kuring nanya bari muka jaket. Jempé sakeudeung.
“Enya, aya Lilis. Bieu pisan mulang.” Tembal indung. Kuring neuteup ki Momo, ret ka adi. Si bibi ngaléos ka dapur. Aéh aya naon asa beda ti sasari. Kuring diuk ngahuleng sajongjonan deukeut jandéla kamar. Duh, Lilis nganjang deui…Karasa haté nitah cengkat ngudag Lilis nu jigana can mulang jauh. Kuring ngarawél jakét rék kaluar.
“Enya, aya Lilis. Bieu pisan mulang.” Tembal indung. Kuring neuteup ki Momo, ret ka adi. Si bibi ngaléos ka dapur. Aéh aya naon asa beda ti sasari. Kuring diuk ngahuleng sajongjonan deukeut jandéla kamar. Duh, Lilis nganjang deui…Karasa haté nitah cengkat ngudag Lilis nu jigana can mulang jauh. Kuring ngarawél jakét rék kaluar.
“Rék kamana deui, A?” indung nanya. Kuring neuteup panon indung.
“Rék manggihan Lilis…” Pok téh halon.
“Rék manggihan Lilis…” Pok téh halon.
“Mun sakirana rék nganyeunyeuri manéhna
jiga baheula, leuwih alus tong manggihan.” Ceuk indung kuring semu
beurat. Katémbong panon indung ngembeng ku cipanon. Haté kuring ngdadak
héab. Simpé sajongjonan. Sakur jelema nu aya didinya neuteup seukeut ka
kuring. Rénghap kuring karasa heureut. Gancang kuring kaluar, gidig
leumpang gagancangan…
Sajajalan dada karasa beurat. Hawar kadéngé deui tembang nu tadi dina mobil, piligenti nyiwitan ati…
lamun enya jodona
lamun enya kuduna
moal rék aya nu bisa misahkeunnana…
lamun enya jodona
lamun enya kuduna
moal rék aya nu bisa misahkeunnana…
lamun enya cintana
lamun enya hayangna
ulah rek aya nu nyoba misahkeunnana…4
lamun enya hayangna
ulah rek aya nu nyoba misahkeunnana…4
Katémbong tikajauhan Lilis rék balik
meuntas sasak. Leumpang kuring digancangan. Mingkin deukuet, dada karasa
mingkin heureut. Tilu lengkah ka Lilis kuring ngarandeg.
“Lilis…”
“Lilis…”
Lilis ngalieuk, semu reuwas amprok jeung
kuring. Sakeudeung silih teuteup anteub. Lilis ngeluk tungkul, jiga nu
teu wasa paadu teuteup jeung kuring. Kuring ngadeukeutan manéhna. Gap
teu asa-asa nyekel leungeun Lilis. Kuring teu nyaho naon nu ngalamuk
dina haté Lilis ayeuna. Kuring nungtun manéhna mapay galengan muru
saung. Sajajalan nu kadangu ukur sora manuk. Gék kuring duaan dariuk di
saung jiga baheula keur leutik. Nya di saung eta pisan, Lilis babarengan
deui jeung kuring. Lila paheneng-heneng. Duaan pabetem-betem. Kuring
ujug-ujug bingung rék ngomong naon. Lilis tanggah lalaunan, neuteup ka
kuring sakedapan. Duh, Lis, geus lila teu tepung. Angin karasa
humaliwir. Kuring jeung Lilis silih teuteup. Teu karasa haté ngangkat
leungeun sorangan ngaranggeum leungeun Lilis.
“Lis, hapunten Akang, “ pok téh,” Tong
jadi pundung. Haté mah teu bisa dibobodo gening. Kuring teh gening teu
bisa hirup sorangan…” ceuk kuring halon. Lilis neuteup panon kuring.
Duh, bulu panonna mingkin carentik baé. Lilis nu manis, kuat nandangan
tunggara satia nungguan haté kuring léah tumarima. Kuring ujug-ujug
ngarasa deudeuh jeung geugeut ka Lilis. Katémbong aya nu ngeyembeng
lebah kongkolak panonna.
“Lilis bakal satia salawasna…” pokna.
Teu kungsi lila manéhna ceurik. Cipanonna nyakclak kana leungeun kuring.
Haneut. Teu karasa Lilis nyangsaya kana dada. Cipanonna beueus karasa
dina dada kuring.
“Horeeee!!!” kadéngé aya sora nu
kareprok tukangeun saung. Kuring jeung Lilis ngarénjag bareng. Reuwas
naker. Katémbong ki Momo jeung ki Dudus saparakanca tingtorojol muru
saung. Nyi Mimin, adi, si bibi jeung indung kuring nuturkeun ti tukang,
sareuri jiga nu bungah. Ki Oleh ajarg-ajragan atoh. Kuring jeung Lilis
silih pelong, tuluy Lilis imut ngagelenyu.
“Man, ilaing jadi rék kawin jeung Lilis
téh?” ki Momo nanya saklek jiga nanya ka maling. Kuring neuteup Lilis
sakeudeung. Lilis imut surti. Kuring unggeuk. Sakur nu aya didinya kabéh
keprok deui. Ki Oleh ajrag-ajragan. Indung kuring ngagabruk Lilis jeung
kuring bari ngagukguk ceurik, bakating ku bungah. Indung kuring
nangtung bari nyusutan cipanon. Teu eureun-eureun syukur ka Gusti. Duh,
gening salila ieu téh kuring lain nganyeuneyuri Lilis hungkul, tapi
nganyeunyeuri indung, ngariripuh diri sorangan…
Kuring jeung Lilis silih teuteup geugeut. Barang rék nangkeup pisan Lilis, ki Oleh nyekelan taktak kuring.
“Eit, ke heula! Méméh nangkeup Lilis, ilaing kudu panco heula jeung kuring!” ceuk ki Oleh.
“Emang Lilis jagong!” ceuk ki Momo némpas.
“Eit, ke heula! Méméh nangkeup Lilis, ilaing kudu panco heula jeung kuring!” ceuk ki Oleh.
“Emang Lilis jagong!” ceuk ki Momo némpas.
“Ilaing mah Oleh baku sok maén sengsor
waé!” ceuk ki Dudus nyereng. Kabéh nu aya didinya seuri akey-akeyan
ngadéngé aki-aki silih haok. Lilis tungkul bari imut manis. Saung jadi
saksina. Duh, Lis, kakara nyadar Akang mah, raray anjeun mun pareng
kaisinan estuning katingalna mani geulis…
Bule Sasab
Kuring jeung Ki Memed
mapay-mapay walungan ka kebon Haji Dayat, ngadon rék ménta daun sampeu
keur lalab sambel. Ilaharna poé minggu, barudak sok ngajak liliwetan.
Malem mingguna sok ngariung di pos ronda, maén kartu, ngabako, teu
kaliwat kopi hideung jeung wayang golék dina radio. Teu robah barudak nu
ngumpul téh ukur Jajang, Ocid, Asep jeung kuring. Ti kubu aki-akina mah
ukur ki Astahim, Ki Memed jeung Ki Amin. Nya kitu isukna ngumpul téh
dipungkas ku liliwetan di saungna sawah Mang Duyeh, bari diayun ambing
ku haleuang kawih jeung suling ki Amin.
Puguh ari liwet mah ti tatadi gé geus
asak. Sok hédéd luhurna ditumpangan asin paméré ti warung indung Ocid.
Aya peuteuy jeung jengkol ti Jajang. Tapi sambelna mah euweuh nu
barisaeun nyieun. Wayahna wé metot heula Nyi Nunung nu keur nyeuseuh di
imahna. Kabéh mupakat lalabna hayang dun sampeu. Teu talangké deui,
kuring jeung Ki Memed tuturubun muru kebon Haji Dayat, sakalian rék
ngala daun cau.
Barang rék meuntas walungan, gebeg téh
kuring duaan ngarandeg nempo aya jelema morongkol teu usik-usik
handapeun tangkal kérsen. Diilikan geuning bulé. Tarangna bancunur gedé
jiga nu tidagor. Sukuna diiket tali rapia alah batan geus dirogahala.
Kuring duaan rikat mariksa éta sakadang bulé. Dedegan awakna jangkung
gedé. Buukna semu konéng, dibaju kameja pondok warna koneng. Kahandapna
maké sontog bodas, disapatu jangkung. Hirup kénéh…
“Ti planét mana ieu mahluk?” Ki Memed
semu ngagerendeng bari tanggah ka langit. Gék manéhna cingogo. “Beu, ieu
panu mani saawak-awak…”pokna deui pirajeunan nyingkab-nyingkab baju si
bulé.
“Lain panu, Ki, kulit bulé mah émang kitu.” Ceuk kuring bari tuluy leungeun ngopépang muka tali tina suku si bulé. Ki Memed unggut-unggutan.
“Jigana aya nu ngahaja miceun, dirogahala heula, Lo.” Ki Memed terus masang tarang kerung.
“Teu salah deui, Ki!” Pok téh, “ayeuna mah bawa wé ka balé désa, atawa ka imah Haji Dayat heula nu deukeut.”
“Lain panu, Ki, kulit bulé mah émang kitu.” Ceuk kuring bari tuluy leungeun ngopépang muka tali tina suku si bulé. Ki Memed unggut-unggutan.
“Jigana aya nu ngahaja miceun, dirogahala heula, Lo.” Ki Memed terus masang tarang kerung.
“Teu salah deui, Ki!” Pok téh, “ayeuna mah bawa wé ka balé désa, atawa ka imah Haji Dayat heula nu deukeut.”
“Satuju, Lo!” ceuk Ki Memed bari
ngangkat palebah sirah si bulé. “Heueuh, Lo, kasiksa mun seug urang
duaan mawa ieu bule ka balé desa.” Ki Memed ngangkat awak si bulé bari
semu ngaheujeun beurateun. Prut manehna hitut. Dina haté kuring kutuk
gendeng.
Reugeuyeung kuring duaan ngagotong si
bulé, meuntas walungan muru imah Haji Dayat. Kawénéhan Haji Dayat sakur
kulawargana araya di imahna, teu wudu atuh pada mantuan. Sanggeus
nyarita kumaha mimitina manggih bulé, kuring jeung Ki Memed muru imah Pa
Lurah, rék bébéja. Sok inget yén 1 x 24 Jam Tamu Wajib Lapor, nya kitu
deui si bulé teh sémah can puguh.
Teu kungsi lila kuring, Ki Memed, Pa
Lurah jeung Cecep anak lalaki panggedéna muru imah Haji Dayat naék mobil
Pa Lurah. Di imah Haji Dayat, si bulé masih ngajoprak pingsan kénéh.
Atuh geuleuyeung wé si bulé téh dibawa ka puskésmas. Nya tidinya jadi
nyaho ngaranna téh Harry Thomas. Kapanggih biodatana tina surat
katerangan dina rangselna. Sajeroning dipariksa, si Harry Thomas
ngulisik satengah sadar.
Teu kungsi lila tidinya, si Harry Thomas
nu satengah sadar téh antukna mah dibawa ka imah Pa Lurah. Sanggeus
tepi deui ka lembur, kuring jeung ki Memed mah geuwat muru barudak di
saung. Geus teu kuat lapar. Jalanna liwat imah Haji Dayat. Teu poho Ki
Memed ménta dun sampeu jeung dun cau.
Nepi ka saung, barudak geus areuweuh. Seuneu ukur ruhak. Asin ukur cucuk. Peuteuy jeung jengkol ukur cangkang. Sambel ukur sengitna. Duh, jigana barudak dahar dina kastrol. Katempo aya tulisan dina triplék saung maké areng hideung:
Nepi ka saung, barudak geus areuweuh. Seuneu ukur ruhak. Asin ukur cucuk. Peuteuy jeung jengkol ukur cangkang. Sambel ukur sengitna. Duh, jigana barudak dahar dina kastrol. Katempo aya tulisan dina triplék saung maké areng hideung:
Bwt Cep Alo Sareng Ki Memed
Nurustunjung Siah Duaan, Nyiksa Batur.
Urang Mah Inget Kénéh Ka Maranéh.
Tah Di Agéhan Liwet, Di Juru Luhur Saung!
WasSalam…
Tim Gegana
Nurustunjung Siah Duaan, Nyiksa Batur.
Urang Mah Inget Kénéh Ka Maranéh.
Tah Di Agéhan Liwet, Di Juru Luhur Saung!
WasSalam…
Tim Gegana
Lieuk kuring duaan ka luhur saung.
Bedus, sésa liwet keur di riung kulawarga hayam, pada macokan. Gajleng
téh ki Memed ka luhur saung, teu asa-asa nalapung hayam jaluna. Hayam
kabéh barirat. Gék Ki Memed sila, kokoréh sésa liwet jiga nu rék ceurik.
Balik ti saung, di tengah jalan ki Memed dibintih hayam bikang…
Sabada magrib, imah Pa Lurah riab ku
jelema. Luha-loho di jandéla jeung di panto hareup, pada hayang nempo
bulé. Kuring jeung Ki Memed ge milu élékésékéng ka jero imah. Nya
sakeudeung mah silih degungkeun sirah jeung balad ngaliwet soal kajadian
tadi beurang. Si Harry Thomas cenah geus nguniang hudang. Tapi Pa Lurah
jeung kulawargana teu bisa ngawangkong jeung manéhna bubuhan teu ngarti
basa batur. Ditawaran dahar gé kalahka ngajawab nat-nit-not. Katempo
Neng Yuyun, anak Pa Lurah, keur jongjon ngubaran bohak tarang Cep Harry
Thomas. Leng.
Lantaran can bisa kénéh ngawangkong
nyambung, Pa Lurah nitah Cecep néang Kang Rahmat, guru bahasa Inggris di
SMA, nu imahna gigir masjid Ar-Rohman. Béjana mah manéhna bisaeun
ngomong bahasa inggris da kungsi kursus cenah sataun di Paré. Alah bener
ning geus nyang-nying-nyong jeung Kang Rahmat mah kakara bacéprot
nyambung. Kuring jeung ki Memed mah beuki teu kuat hayang ceurik,
bakating ku teu ngarti.
Kang Rahmat ngadéhém, tuluy nyarita.
“Janten kieu, Pa Lurah. Kang Harry Thomas téh urang Amrik. Saurna mah
badé ka Pangandaran, namung sasab di tengah jalan. Manahoréng sasab dugi
ka lembur urang. Saurna mah basa anjeunna meuntas ka ieu lembur badé ka
walungan, ujug-ujug aya nu megat. Kang Harry téh saurna mah ditakol ku
kai. Tidinya anjeunna teu emut deui…”
Pa lurah unggut-unggutan, tuluy nanya. “Barang-barangna aya nu leungit teu? Bisi harita téh dirampog.”
Pa lurah unggut-unggutan, tuluy nanya. “Barang-barangna aya nu leungit teu? Bisi harita téh dirampog.”
“Saurna mah teu aya nu kaleungitan.”
témbal Kang Rahmat. Urang lembur nu ti tatadi ngabandungan tingkecewis.
Simpé sakeudeung. Sanggeus Kang Harry diistirahatkeun ka jero kamar,
urang lembur kabéh bubar. Baju Ki Memed katémbong ngagayot ku sarupaning
kué. Singhoreng ti tatadi téh susulumputan ngodokan kéler.
Saminggu ti harita, Kang Harry Thomas
katempo dunga-dengo hareupeun imah Pa Lurah. Jiga nu hayang ulin. Atuh
ti harita manéhna jadi deukuet ka kuring jeung Ki Memed najan can ngarti
kudu ngawangkong naon. Ki Memed onaman asa guminter najan ngan bisa
ngomong “yes” jeung “no” bari teu puguh jurus. Tapi Kang Harry katempona
geus apét tur lindeuk ka kuring duaan. Diajak ulin kamana-mana gé
nunutur bujur waé. Diajak ngurek jeung nguseup mah milu waé. Baku
setélanna téh maké kaos jeung calana buntung. Tapi tisaprak baréntol
jeung kaligata lantaran diajak asruk-asrukkan ka kebon jagong, Kang
Harry jadi tara maké calana buntung deui.
Sakecap dua kecap mah ngomong Sunda geus
bisaeun bubuhan sapopoé ulin jeung barudak pamuda. Kamari mah bisaeun
ngomong “dahar”, “kulub tutut”, “hayu” jeung “nurustunjung.” Tidinya
naék jadi bisa “embung”, “naon ieu”, “udud”, “belut”, “lauk” jeung
“bahénol”. Nu séjénna mah saeutik-saeutik ngarti mun pareng batur
ngomong, tapi teu bisaeun némbal. Kadieu beuki kadieu geus jiga ka
dulur, silih béré. Nya kitu téa Kang Harry mindeng méré, ari kuring mah
ukur sakali. Ayeuna mah lembur gé geus kaubek ku Kang Harry. Silih
suntrungkeun di sawah Mang Duyeh, silih téngkas, silih porosotkeun
sarung mun pareng diajak solat ka tajug.
Sabulan ti harita, Kang Harry amitan rék
mulang ka nagarana. Kuring jeung Ki Memed ngarasa kaleungitan batur
ulin. Duh, Kang Harry téh jajaka soméah. Béja ti Kang Rahmat mah manéhna
aya haté kadua leutik ka Neng Yuyun anak Pa Lurah. Leng. Bener tiiseun
euweuh Kang Harry mah. Di pos ronda téh peuting ayeuna mah ukur aya
kuring jeung Ki Memed. Karasa kénéh kamari mah dariuk tiluan, ngalinting
bako molé. Sok jadi inget Kang Rahmat nyarékan kuring jeung Ki Memed,
pajar téh Kang Harry bébéja dibéré ganja Indonesia. Duh, abong bulé teu
gaul.
Angin peuting tiis karasana. Kuring duaan gogoléran di pos ronda gumulung panineungan.
“Ayeuna mah gening tiiseun euweuh Kang Harry mah, Ki…”
“Yes…”
“Ayeuna mah gening tiiseun euweuh Kang Harry mah, Ki…”
“Yes…”
***
Heuleut watara bulan, Kang Harry Thomas ujug-ujug ngurunyung deui ka lembur. Ayeuna mah ginding; maké kaca mata, kaméja, lepis, jeung rangsel gedé. Kuring jeung Ki Memed datang ngabageakeun. Ngarasa pangling. Gagah gening si bulé téh.
Heuleut watara bulan, Kang Harry Thomas ujug-ujug ngurunyung deui ka lembur. Ayeuna mah ginding; maké kaca mata, kaméja, lepis, jeung rangsel gedé. Kuring jeung Ki Memed datang ngabageakeun. Ngarasa pangling. Gagah gening si bulé téh.
“Nurustunjung si Harry, Lo, nyaho rék
kadieu deui mah baheula téh moal ceurik.” Ceuk Ki Memed semu keuheul.
Kuring mah ukur seuseurian.
Kang Harry Thomas ayeuna mah ngontrak
gigireun imah Kang Rahmat. Ari diaku deui titah cicing di imah Pa Lurah
mah, Kang Harry ayeuna mah mumul, éraeun. Ceuk Kang Rahmat mah, Kang
Harry téh boga rencana rék netep di Indonesia. Béjana rék nyieun imah di
lembur ieu. Kuring jeung Ki Memed atoh ngadéngéna.
“Horray, Lo, Kang Harry mawa duit loba
ti imahna!!” Ki Memed ajrag-ajragan sapanjang galengan. Atuh belut téh
nyempod deui ka jero liang.
Piimaheun Kang Harry Thomas geus
ngeureuyeuh di wangun. Béjana ti Kang Rahmat mah, Kang Thomas gé keur
getol-getolna kursus basa Sunda di Bandung. Pantes jarang daék diajak
ulin deui. Atuh dua minggu kursus gé geus lumayan karasa. Kang Harry
geus loba ngarti mun batur ngomong, tapi ari némbal mah masih balélol.
Minggu ganti minggu, bulan ganti bulan, imah Kang Rahmat geus ngadeg.
Imahna teu gedé. Leutik tapi kaciri lucu. Kitu deui basa sunda na geus
kadéngé lancar. Éta wé pas hiji poé keur leumpang jeung Kang Rahmat
balik ti Bandung, ku Ki Memed digeroan diajak ngopi heula di warung Nyi
Odah, témbalna mani alus.
“Hatur nuhun. Nanging abdi nyuhunkeun widi badé mios…” pokna. Kuring jeung Ki Memed silih pelong bakating ku reuwas.
“Lo, Kang Harry beuki nyunda.”
“Heueuh, Ki, ku daék diajar mah kabéh gé bisa. Ku daék diajar nyunda bener-bener mah, bulé gé bisa.
Kacida mun urang lembur éléh nyundana. Atuh kiwari mah budak Sunda gé geus pada ninggalkeun basa sorangan…”
“Yés…”
“Lo, Kang Harry beuki nyunda.”
“Heueuh, Ki, ku daék diajar mah kabéh gé bisa. Ku daék diajar nyunda bener-bener mah, bulé gé bisa.
Kacida mun urang lembur éléh nyundana. Atuh kiwari mah budak Sunda gé geus pada ninggalkeun basa sorangan…”
“Yés…”
Jejeg sataun, Kang Harry geus teu kagok
jadi urang Sunda. Saeutikna geus lancar ngomong Sunda, pakéan nyunda
basajan, ngan buuk mah angger koneng. Datang ka kacamatan gé geus teu
dianteur deui ku Kang Rahmat. Béja mah dahar ge geus sagala asup. Mun
dahar téh sambel jeung lalab mah kudu wé sayagi. Karesepna daun gedang
jeung peuteuy.
Komo geus cicing di imahna sorangan mah,
geus jiga wé urang lemburna téh. Isuk-isuk diharudum sarung. Peutingna
ngilu ngaronda. Nu reuwas mah, Kang Harry geus muslim. Unggal adan sok
ngilu solat. Ceuk Kang Rahmat mah, sabulan katukang Kang Harry hayang
diajar agama Islam.
Nu mingkin kuring reuwas mah, Kang Harry ngalamar Neng Yuyun. Leng. Atuh urang lembur gé kabéh gujrud. Nya kitu deui Pa Lurah mah teu bisa nanaon, da sual jodo keur Neng Yuyun mah nu kudu nyieun kaputusanna gé Neng Yuyun sorangan. Teu kungsi lila, kurunyung kulawarga Kang Harry ti Amrik pada daratang. Poé minggu ngarumpul di imah Pa Lurah. Ku alus ayeuna mah nu narjemahkeun basa téh Kang Harry sorangan, bubuhan geus lancar ngomong Sunda. Teu nyangka saminggu ti harita Neng Yuyun narima lamaran Kang Harry. Saumur-umur kakara aya urang lembur kawin jeung bulé.
Nu mingkin kuring reuwas mah, Kang Harry ngalamar Neng Yuyun. Leng. Atuh urang lembur gé kabéh gujrud. Nya kitu deui Pa Lurah mah teu bisa nanaon, da sual jodo keur Neng Yuyun mah nu kudu nyieun kaputusanna gé Neng Yuyun sorangan. Teu kungsi lila, kurunyung kulawarga Kang Harry ti Amrik pada daratang. Poé minggu ngarumpul di imah Pa Lurah. Ku alus ayeuna mah nu narjemahkeun basa téh Kang Harry sorangan, bubuhan geus lancar ngomong Sunda. Teu nyangka saminggu ti harita Neng Yuyun narima lamaran Kang Harry. Saumur-umur kakara aya urang lembur kawin jeung bulé.
Saptu hareupna, acara kawin Neng Yuyun
Sumiati jeung Kang Harry Thomas dilaksanakeun. Rob jelema pada nyaksian.
Rencanana pangantén téh peutingna rék nanggap wayang golék. Atuh urang
lembur bungah ngadéngéna. Dina acara kawinan, teu nyangka bakal loba
bulé nu daratang manggihan pangantén. Kuring jeung Ki Memed pangheulana
ngawilujengkeun ka pangantén. Sakapeung mah kuring sok ngahuleng nempo
Neng Yuyun nu beuki méncrang mun pareng didangdanan.
Sémah beuki merul. Jigana salembur
tamplok kadinya. Jelema ngantay sasalaman jeng pangantén. Ki memed
katempona geus ngopépang gigireun méja parasmanan. Patingburinyay cahya
kaméra nu motrét panganten. Kabeurangnakeun jelema nu ngantay sasalaman
téh geus teu pati pagelek-gelek. Semu corengcang. Sabot semah keur
dihibur ku nu nyanyi dangdut jeung nu anteng joged dina panggung,
torojol téh Kang Harry kaluar bari gigisik panon.
“Aya naon, Kang?” kuring nanya semu reuwas.
“Tuh itu mangkelukna. Itu pisan mangkelukna!” Kang Harry nunjuk Ki Darman nu keur uyek joged. Kabéh sémah ngalieuk ka panggung. Nu nyanyi eureun. Pon kitu deui musikna. Ki Darman luak-lieuk jiga nu bingung.
“Naon kitu?!” kuring nanya deui.
“Nu nakol sim kuring baheula!” ceuk Kang Harry. Atuh gajleng Ki Memed jeung Ki Astahim néwak Ki Darman nu ngajanteng kénéh luhur panggung. Ki Memed rikat nyokot mikropon. Sugan téh rék ditakolkeun. Aéh kalahka dipaké ngomong jiga emsi.
“Tuh itu mangkelukna. Itu pisan mangkelukna!” Kang Harry nunjuk Ki Darman nu keur uyek joged. Kabéh sémah ngalieuk ka panggung. Nu nyanyi eureun. Pon kitu deui musikna. Ki Darman luak-lieuk jiga nu bingung.
“Naon kitu?!” kuring nanya deui.
“Nu nakol sim kuring baheula!” ceuk Kang Harry. Atuh gajleng Ki Memed jeung Ki Astahim néwak Ki Darman nu ngajanteng kénéh luhur panggung. Ki Memed rikat nyokot mikropon. Sugan téh rék ditakolkeun. Aéh kalahka dipaké ngomong jiga emsi.
“Bener ilaing nu baheula ngarogahala
Kang Harry?!” Ki Memed nyereng ka Ki Darman. Nu ditanya pungak-pingeuk
bangun nu sieun. Song mikropon disongokeun kana baham Ki Darman sina
ngomong. Sakur jelema nu aya didinya jempé. Alam simpé. Sémah nu geus
baralik gé daratang deui, puguh wé da nu hahaok téh kadéngé ka jalan gé.
“Hayoh ngomong aki-aki nuruspedut! Pilih
ngaku atawa didagor?!” Ki Memed terus ngaguliksek semu ngancam. Song
deui mikropon ka Ki Darman.
“Muhun, muhun. Kuring nu baheula nakol Kang Harry…” témbal Ki Darman arapap-eureupeup awahing ku sieun kacida.
“Naha?!” Song deui mikropon ka Ki Darman.
“Eu..baheula téh, sugan téh, sugan téh Kang Harry téh walanda nu badé ngajajah…” Ki Darman némbal pupurungkutan. Atuh ger wé sakur nu aya didinya seuri akey-akeyan. Musik sada deui, haleuang dangdut kadéngé deui. Nu jogéd ngagaritek deui. Ki Darman mah turun, solongkrong ngajak sasalaman ka Kang Harry ménta hampura sual kajadian nu geus liwat. Teu kungsi lila manéhna nyiuk sangu di méja parasmanan. Belewek-belewek rewogna kacida, ngubaran kareuwas meureun.
“Muhun, muhun. Kuring nu baheula nakol Kang Harry…” témbal Ki Darman arapap-eureupeup awahing ku sieun kacida.
“Naha?!” Song deui mikropon ka Ki Darman.
“Eu..baheula téh, sugan téh, sugan téh Kang Harry téh walanda nu badé ngajajah…” Ki Darman némbal pupurungkutan. Atuh ger wé sakur nu aya didinya seuri akey-akeyan. Musik sada deui, haleuang dangdut kadéngé deui. Nu jogéd ngagaritek deui. Ki Darman mah turun, solongkrong ngajak sasalaman ka Kang Harry ménta hampura sual kajadian nu geus liwat. Teu kungsi lila manéhna nyiuk sangu di méja parasmanan. Belewek-belewek rewogna kacida, ngubaran kareuwas meureun.
Sataun tiharita, Kang Harry Thomas jeung
Neng Yuyun Sumiati boga budak. Abong ngalah ka bapana, orok téh buukna
semu konéng. Béja ti Cecep mah budak téh dingaranan Haryanto Harianeun.
Tapi sabulan tiharita ngaran budak diganti jadi Muhammad Heri Thom-bo
Ati. Duh, mani bagja nu rumah tangga. Mugia rumah tanggana tetep bagja,
Neng. Kuring ikhlas. Muhun, najan dogong-dogong tulak cau mangtaun-taun
kuring miharep waktu nu alus rék wakca. Duh geuning kapiheulaan ku bulé
sasab…
Mangkat Nyaba
Kang Jaja rèk mangkat
nyaba ka Jakarta. Mèmèh mangkat, isuk-isuk kènèh manèhna mumuluk bubur
ayam. Teu poho pus-ap lima kali, sit-ap lima kali, pul-ap opat kali
karasa geuning manèhna hahèhoh jeung lapareun deui. Belewek jajan buras.
Ku keyeng kahayang muru dulur rèk milu dagang di kota, bèla meupeus
cèlèngan bangkong nu mangbulan-bulan can di buka. Barang prèk peupeus,
katèmbong sapuluh rèbu aya genep, dua puluh rèbu aya dua, lima rèbu aya
tujuh, rèbuan aya tilu puluh, cucunguk paèh aya tilu, rècèh saratus
logam mah horèam ngitung. Sawarèh rumasa kudu dibikeun ka indungna
pikeun balanja sapopoè. Sèsana di pakè ongkos nyaba. Enya, saongkoseun
gè baè cenah, da geus tepung mah jeung Mang Teten di Jakarta moal kudu
hariwang.
Dua taun
katukang Mang Teten geus tiheula ngalalana di Jakarta. Kamari pisan
manèhna ngirim surat ka Kang Jaja sangkan nuturkeun ka Jakarta, mantuan
ngepak bubuahan di ruko. Lumayan cenah, batan huleng jentul cicing di
lembur taya pagawèan nu alus. Nya kitu keur mangsa luntang-lantung jeung
Mang Teten di lembur gè, Kang Jaja jeung Mang Teten teu welèh
paheuyeuk-heuyeuk leungeun sapapait samamanis. Kitu tea Mang Teten mah
resep ngalalana abong urang Tasik, dalah Kang Jaja mah kacida kurung
batok teu wani-wani ingkah ti lembur acan. Lumrah mun Mang Teten masih
inget kènèh ka Kang Jaja bubuhan babarengan geus lila, meureun mah pait
kalakonan duaan, bagja gè kudu.
Kang Jaja amitan kanu jadi kolot.
Kasawang rèk pipisahan jauh. Mèmèh mangkat tunya-tanya heula sual
Jakarta ka Pa Lurah nu kungsi ulin ka Jakarta. Ti mimiti beus nepika
angkot mèh dibejaan Tuluy ngaran jalan, tempat, pasar. Pa Lurah ngadadak
nyieun peta sangkan engkè Kang Jaja teu barieukeun sasab di jalan. Kang
Jaja unggut-unggutan. Nganuhun-nuhun. Enya, Mang Teten tèh nitah Kang
Jaja datang wè ka alamat nu kungsi ditulis dina surat. Tèangan di pasar
jeung di ruko nu ngaranna geus puguh jentrè dina eusi surat. Datang wè
baè saongkoseun gè, basana.
Beuleunyeung Kang Jaja numpak beus.
Sajajalan manèhna nyawang pikahareupeun. Nya sugan wè aya milik nu gedè.
Rèk milu mantuan Mang Teten di Jakarta, puguh cenah dunungan Mang Teten
butuh pagawè deuih. Nya èta tèa nu diarep-arep ku Kang Jaja, pagawèan
nu nyampeurkeun sorangan. Najan dititah naon gè daèk waè asal tong
dititah ngitung angka-angka. Butek, basana. Ngitung duit mah bae. Kang
Jaja sura-seuri sorangan.
Saumur-umur nyunyuhun hulu, kakara Kang
Jaja nyaba jauh kieu. Ah itung-itung pangalaman cenah. Hatè Kang Jaja
sajajalan norowèco. Teuteup Kang Jaja ngintip tina jandèla nempo kaluar.
Asa waas keur Kang Jaja mah nu tileuleutik gumulung ukur di lembur.
Nempo tempat anyar tèh asa ngarasa hèlok. Nyaan dunya tèh lega kènèh.
Kang Jaja ngarasa sebel. Beuteung asa murel hayang utah. Kusiwel mawa
kèrèsèk tina kantong. Ditahan-tahan ogè. Reup dipeureum-peureumkeun
panonna hayang disarèkeun, mèh teu karasa di jalanna. Panon poè ngarayap
nyorotkeun panasna. Hawa jero beus ngadadak bayeungyang.
Dipeureum-peureumkeun gè angger Kang
Jaja tèh teu bisa sarè. Nu gigireun mah budak pamuda ngagerenyem wè
dahar kacang teu eureun-eureun. Sakapeung mah nawaran Kang Jaja. Kang
Jaja ngahanjakalkeun teu mekel dahareun ti imah. Cai nginum gè hanteu.
Kadèngè ukur sora mesin ngagerung luhureun aspal, puguh panumpang mah
jempè jiga nu taribra kabèh.
“Hareudang nya, Pa.” ceuk nu gigireun semu nyengir ngipas-ngipas awak ku sapu tangan.
“Enya pisan, Cèp. Keur kaayaan kieu mah hayangna teh gebrus mandi.” Ceuk Kang Jaja. Budak pamuda seuri ngahahah. Atoh pisan Kang Jaja aya nu maturan ngobrol, make basa Sunda deuih, jadi asa teu kararagok ngawangkong gè.
“Enya pisan, Cèp. Keur kaayaan kieu mah hayangna teh gebrus mandi.” Ceuk Kang Jaja. Budak pamuda seuri ngahahah. Atoh pisan Kang Jaja aya nu maturan ngobrol, make basa Sunda deuih, jadi asa teu kararagok ngawangkong gè.
Nyaan ku ngawangkong mah Kang Jaja gè
teu karasa kesel jero mobil tèh. Eta budak pamuda tèh budak mahasiswa.
Cenah rèk ka lanceukna di Jakarta. Keur mangsa liburan kuliahna jadi
nyelang ulin ka Jakarta, sarua jeung Kang Jaja rèk ngadon gawè. Tah
geuning, kabèh jelema geus lieur ku duit mah. Mahasiwa gè nu kawajibanna
diajar teu welèh nyelang nyiar duit. Kang Jaja unggut-unggutan seuri
jero hatè.
Nya tidinya Kang Jaja bacèprot
ngawangkong ngalèr-ngidul jeung manèhna. Geuning karasa beuteung Kang
Jaja lapar kacida. Kang Jaja ngarumas. Untung wè ari nginum hungkul mah
budak pamuda tèh nawaran. Leguk wè Kang Jaja teu èra nginum bangun nu
hanaang kacida. Beurang panasna turun. Panon poè nyumput tukangeun mèga.
Hawa teu bayeungyang teuing. Genah karasana kana awak Kang Jaja na gè.
Mingkin lila, Leng. Reup Kang Jaja peureum…
Mingkin lila, Leng. Reup Kang Jaja peureum…
***
Geuning lain reup kawas ilaharna sarè.
Kang Jaja kapiuhan lila pisan. Barang lilir manèhna keur di
geuing-geuing ku supir jeung kondèktur. Kang Jaja nguniang hudang. Sirah
semu lieur, awak nyeri, beuteung nyeri. Kang Jaja istighfar. Panonna
rinyay. Tikoro asa pahang. Awakna panas nyebrèt. Teuing geus sabaraha
jam teu sadar. Kang Jaja luak-lieuk. Geuning beus mah geus towong.
Leungeunna ngagarayam neang kantong. Ataghfirullah! Kamana kantong? Kang
Jaja reuwaseun.
“Kamana kantong, Kang? Kamana kantong
kuring?” Kang Jaja tatanya ka kondektur jeung supir. Nu ditanya kalahkan
silih pelong. Gebeg deui Kang Jaja reuwas basa nempo arloji dina
leungeunna leungit. Kusuwal-kusiwel kana sakuna. Gebeg deui. Duitna gè
euweuh. Ukur nyèsa dua rebu. Goak Kang Jaja ngagoak. Kokotètèngan bangun
ku bingung. Biwirna ngageter. Panonna carinakdak. “Mana duit kuring!
Mana arloji kuring! Mana kantong kuring!” kang Jaja cocorowokan. Supir
gogodeg. Kondèktur ngarènghap panjang.
“Kamu dicopet, Mas.” Ceuk kondektur ka Kang Jaja. Nu diajak ngomong olohok.
“Kejadian lagi, Bang…” kondektur ngarahuh. Pon kitu deui supir.
“Gak salah, Don, kena tipu ni orang…”
Kang Jaja kaluar tina beus bangun nu linglung naker.
“Kejadian lagi, Bang…” kondektur ngarahuh. Pon kitu deui supir.
“Gak salah, Don, kena tipu ni orang…”
Kang Jaja kaluar tina beus bangun nu linglung naker.
Langit katèmbong ceudeum. Jelema lalar
liwat di sisi jalan. Sora mobil silih tèmbal. Di terminal Kang Jaja
luak-lieuk bingungeun. Kang Jaja ceurik. Kudu kamana lalampahan. Apan
alamat aya dina surat. Suratna dina kantong. Leungeunna ngadègdèg ngodok
saku baju. Aya kertas sacewir. peta ti Pa lurah tèa. Untung peta mah
aya. Di terminal Kang Jaja tunya-tanya ngeunaan peta dina kertas. Inget
kènèh Pa Lurah mèrè pijalaneun.
“Wah, masih jauh, Mas. Naik mobil angkot lagi dua kali kalo mau sampai..”
Butuh tujuh rèbu cenah mun hayang tepi naik angkot. Leng Kang Jaja ngahuleng. Naik mobil duit timana. Apan dua rèbu deui. Kang Jaja kokotètèngan di terminal. sakapeung ngawani-wani miceun kaèra mènta duit. Tapi euweuh nu daèk mèrè. Teungteuingeun. Hareupeun èmpèr toko Kang Jaja ceurik deui. Gusti, kudu kumaha ayeuna pilampaheun? Kang Jaja ngajerit jero hatèna.
Butuh tujuh rèbu cenah mun hayang tepi naik angkot. Leng Kang Jaja ngahuleng. Naik mobil duit timana. Apan dua rèbu deui. Kang Jaja kokotètèngan di terminal. sakapeung ngawani-wani miceun kaèra mènta duit. Tapi euweuh nu daèk mèrè. Teungteuingeun. Hareupeun èmpèr toko Kang Jaja ceurik deui. Gusti, kudu kumaha ayeuna pilampaheun? Kang Jaja ngajerit jero hatèna.
Ngarasa geus nyaho jalan mah Kang Jaja
rèk nekad leumpang. Tapi awakna asa leuleus. Beuteung Kang Jaja kokoèt
lapar kacida. Hareupeunna aya tukang kupat tahu. Kang Jaja kumètap.
Kupat Tahu: Rp. 3000. Deuh, kurang sarèbu dina meulina gè. Kang Jaja
ngarènghap panjang. Rènghapna seuseut. Rèt ka toko, nempo jam dinding.
Geus asub satengah lima. Nyur hayang kiih deuih.
Teu kungsi lila, Kang Jaja nèangan WC.
Di belah kulon manggih WC. Bus manèhna abus. Pikiran mah kumalayang
kamana mendi. Hatè nyeri. Inget kudu solat mah. Kabeneran aya mushola
ngahiji jeung WC umum. Geuwat manèhna wudu. Sajeroning solat, hatè mah
ngacaprak teu puguh jurus. Teu welèh jerit mènta tulung ka Pangèran.
Sabada rèngsè solat, Kang Jaja lila ngadu’a. Teu poho mungkas sasadu
saklek ka Gusti bakating ku bingung. Bakating ku jangar…
Gusti, naha bet meunang musibah kawas
kieu? Atuh tulungan sim kuring. Enya, kuring mampuh leumpang nyorang
alamat. Daèk. Tapi awak leuleus inggis teu kuat lalampahan. Tulungan
Gusti. Ayeuna pisan kuring mènta tulung butuh duit sarèbu wè keur meuli
kupat tahu. Lapar kacida Gusti. Pitulung Anjeun mah sok datang timana
wae…
Kang Jaja teu nyaho deui kudu ngadu’a
naon. Nu aya amah pikiran nu sarwa bingung. Pajeujeut. Kang Jaja
cengkat. Manèhna kaluar ti mushola. Teu poho ka kamar WC heula. Leguk
nginum ciatah. Sabot rèk kaluar ti WC, manèhna ngadèngè aya nu
ngageroan…
“Mas, Mas…” aya pamuda nepak taktak.
Awakna jangkung gedè. Lungeun si manèhna nunjuk kotak gigireun panto.
Mandi, Kencing, Berak Rp. 1000. Leng sirah Kang Jaja muter. Gusti… karèk
bieu pisan kuring mènta tulung hayang duit sarèbu, na atuh kalahka
dipènta sarèbu. Kang Jaja ngagoak dina hatèna…
Langganan:
Postingan (Atom)
Pangeran Jamban
Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...
-
Bagian Kadua Di Karaton Alengka, Rahwana ngeluk ngungun, nandang brangta. Sanajan sohor jelema jahat, bengis, jeung sarakah, ngadenge an...
-
Dalam buku sejarah atau cerita rakyat tidak banyak yang mengisahkan secara detail tentang saat-saat terakhir kerajaan Pajajaran ketika dig...
-
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina s...