Cenah gawé ngantor mah kudu disiplin
waktu. Isuk-isuk gé kudu daék susuruduk. Lamun elat sapuluh menit gé
bakal disetrap ku dunungan, kawas elat abus kelas mangsa kuring ésdé.
Tapi ayeuna mah teu jauh béda kuring jeung Kang Dadang, isuk-isuk geus
bareng tuturubun. Bédana mah Kang Dadang sieun disetrap dunungan, kuring
sieun disetrap pamajikan. Rebun-rebun kénéh wayahna kudu geus mangkal.
Gening bener Nyai, najan tiris gé isuk-isuk mah loba urang lembur nu rék
ngadon ka pasar.
Tapi karasa capé mun kudu manteng
sapopoé di pangkalan. Sakapeung mah isuk-isuk téh sok tara langsung
mangkal. Sok ngahaja muru imah Dasép ngadon ngawangkong ngomongkeun
manuk jeung nguseup. Mun teu kitu, kuring sok ngahaja kukurilingan ka
pasar néang parab lauk. Eureun-eureun sotéh mun pareng papanggih jeung
pamajikan. Lamun teu paamprok jonghok jeung pamajikan mah biheung teuing
rék mangkat ngojég. Matuh, mun pareng kapanggih kedul mangkal, unggal
balik ka imah sok nyampak pamajikan murukusunu saré nonggongan. Dalah,
ieu nu dipikahariwang ku kuring mah.
Hayangna mah nyirekem sapopoé di enggon.
Ngamandian manuk atawa morongkol ngadéngékeun radio. Tapi da ayeuna mah
sok daék mikir, kabutuhan sapopoé teu ujug-ujug ragrag ti langit.
Ditambah renghik Si Dado budak kuring hayang jajan jiga nu teu nyaho
wayah. Mangkaning budak lalaki hiji-hijina téh geus gedé, kahayangna
beuki loba. Komo ayeuna mah geus nincak kelas tilu, biaya sakola jeung
kabutuhanna beuki merul unggal minggu. Leuwih beurat mun pamajikan
pipilueun ngarenghik. Hayang baju mah, hayang sapatu mah.
Leuheung pamajikan onaman, mun pareng
teu kacumponan paménta téh sok teu lila renghikna. Teu pira jadi baeud
jeung sare nonggongan dua peuting. Lah, itung-itung puasa senén-kemis
wé. Kadituna mah sok malik ogo deui. Tapi béda jeung budak. Abong leutik
kénéh, paméntana teu kacumponan téh sok ngarengik papanjangan,
kokoséhan papanjangan. Ari sual kahayang mah, teu nerap ka pamajikan
jeung budak waé, kuring gé sakapeung mah sok hareudang bayeungyang
karasana dipanggang kahayang. Boh nangkarak, boh nangkuban, boh
morongkol, teu weléh wé kahayang téh tingarajol narémbongan.
Tingabarasat récét ngagalaksak sakujur awak. Tapi kuring sok pangheulana
nyadar ku kaayaan.
Sakapeung budak téh kahayangna alah
batan budak pajabat. Unggal minggu paméntana sok gunta-ganti. Sok
keuheul mun pareng ngarenghik. Mun lain anak sorangan, tibaheula gé geus
dikarungan. Manasina kuring téh jalma beunghar nu teu hariwang ngadéngé
kahayang budak merul unggal minggu. Tapi kabéh kahayang budak nepi ka
ayeuna can aya nu kacumponan, iwal ti sapatu sakola. Répéh dua minggu
mah dipangmeulikeun sapatu téh. Tapi heuleut saminggu tidinya, budak
jeung pamajikan ujug-ujug ngarenghik hayang meuli tivi. Gusti,
ngadéngéna gé asa kabéntar gelap. Lain saminggu dua minggu, renghik
hayang tivi téh kadéngé tuluy mangbulan-bulan. Renghik nu laon, tapi
ngahaleuang panjang, matak hareudang.
“Nyai, keur urang mah tivi téh kaasup
barang mahal.” Ceuk kuring hiji poé. Pamajikan katempona haré-haré,
kalahka jongjon ngakeul. Kuring ngarénghap panjang. Teu kungsi lila
pamajikan cengkat, nyapukeun dapur. Kuring ukur bisa ngahuleung.
Tetempoan karasa rinyay. Eunteup pajeujeut jeung imah lancah. Haseup
rokok ngalangkang muru liang kenténg. Haseup kompor ngulibek teu
hurung-hurung.
“Kang, kompor garing…”
***
Sok melang nempo pamajikan mun pareng
baeud. Teuteupna teu haneut, tiis tur seukeut alah batan hinis. Sok asa
dosa ngajak manéhna hirup sangsara. Tapi mangtaun-taun rumah tangga,
kuring can manggihan pamajikan amuk-amukan. Manéhna mah sok milih
ngabetem mun aya kaambek téh. Tapi sual tivi mah manéhna gé nyadar.
Baeud sotéh cenah hariwang ku budak. Si Dado hayang tivi nepi ka embung
dahar. Ngadéngé kitu mah kuring gé ngilu hariwang. Atuh teu loba mikir
deui, isuk-isuk kénéh kuring ngawani-wani muru imah Pa Dadang, maksud
rék nginjeum duit. Pédah wé ayeuna tanggal ngora.
Gening nginjeum duit mah babari, teu
cara mayarna. Pa Dadang nginjeumkeun duit, tapi cenah elat mayarna kudu
bulan hareup. Lah, kuring nyanggupan. Sugan wé kabedag. Ayeuna mah teu
pira kurang lima puluh rebu deui. Mun seug ngojég jeung bisnis manuk
lancar, isuk gé tivi geus bisa kabeuli. Kuring jongjon ngahuleng di
pangkalan ojég. Pikiran karasa kakalayangan ka mana mendi. Isuk-isuk
kéneh geus nagog nungguan panumpang. Sugan wé leubeut jiga kamari.
Ngahaja nagogna sisi jalan gedé, sugan wé aya kardus murag tina mobil
élep.
Karék inget, gening ayeuna téh poé
minggu. Tangtuna jelema lolobana cicing di imah. Dina ayana gé barudak
ABG. Éta gening barudak tatangga hungkul nu rék ngadon alulin. Sakapeung
mah sok teu daraék marayar. Abong ka dulur, cukup ku cap nuhun. Sabot
keur ngeunah ngahuleng, torojol téh Kiyai Damsik, katempona jiga nu
rusuh.
“Badé kamana, Pa Kiyai?” pok téh kuring nanya.
“Cik lah anteurkeun ka imah Ki lurah.”
“Katingalna mani rusuh, Pak Kiyai?”
“Enya, tadi keur jongjon ngeunah nguseup, Ki Lurah nelpon. Cenah sadua-dua anakna kasurupan jurig, ditambah bibina.”
“Euleuh kasurupan jurig…”
Motor kuring parkir di garasi Pa Lurah.
Geus katempo urang lembur minuhan imah tengah Pa Lurah. Pamajikan jeung
budak kuring gé ngilu nongton. Katempo budak Pa Lurah nu duaan keur
dirarejeng. Kokojotan. Hahaok kasurupan. Panonna ngabuncelik. Teu jauh
di belah katuhu, bibina molotot jeung kekerot. Awakna gigibrig teu
eureun-eureun. Kiyai Damsik jajampéan. Niup cai dina rantang. Teu lila
cai téh diusapkeun ka budak duaan, tuluy ka bibina. Lain cageur, kalahka
beuki tarik kasurupanna. Gogorowokan. Ngacapruk teu puguh. Ceuk Jang
Maman mah, saméméh kasurupan budak duaan téh gegelutan di tengah imah.
Kadieunakeun jadi gelut nyaan. Bibina mah jongjon lalajo tivi. Apan Bu
Lurah jeung Pa Lurahna mah keur ngariung di Posyandu.
“Sugan tadi ulin kamana?” Pa Lurah nanya.
“Teu kamana-mana, Pa. Budak duaan teh ti
énjing-énjing gé pogot lalajo tivi sareng bibina.” Ceuk Jang Maman.
Kiyai nu ti tatadi ngabandungan héran naker. Teu kungsi lila Kiyai
nyampeurkeun tivi nu masih hurung. Sajongjonan mah manéhna melong. Atuh
warga gé milu melong éta tivi. Kabeneran keur merul iklan. Gék warga téh
naragog, ngadon lalajo. Poho kanu keur kasurupan mah. Cénel
dipindahkeun ku Pa Kiyai. Katempo keur konser musik rock. Cénel
dipindahkeun deui, film perang. Dipindahkeun deui, film gelut.
Dipindahkeun deui, film nu silih gabrug bobogohan, tuluy merul iklan ti
mulai dahareun nepi ka cocooan budak nu kawilang geus canggih.
Sabot anteng lalajo, nu kasurupan beuki
kokojotan. Kabéh istighfar. Ngomongna ngacapruk deui. Meusmeus budak nu
duaan mah hahaok ngajak gelut. Hahaok ka bapak jeung indungna. Sakapeung
mah nyambat ngaran Bétmén jeung Spidermén, tuluy hahaok ménta mobil
balap jeung hayang ulin ka Nuyok. Bibina sakapeung nyambat sélébritis,
tuluy ngajerit ménta dipangmeulikeun bonéka Sahrukkan. Nu kasurupan geus
teu jauh béda jeung nu gélo. Habek budak nu hiji neunggeul Ki Miun nu
titatadi ngoprot nyekelan leungeun budak. Beletak suku budak hiji deui
ngajejek sirah Mang Dadap nun titatadi nagog sisieunna.
“Geus ayeuna mah kapanggih. Alungkeun wé ka balong hareup.” Ceuk Kiyai.
“Saha?”
“Eta nu kasurupan! Maenya ngalungkeun
kuring!” Kiyai molotot. Nu titatadi nyarekelan budak tingparelong. Tuluy
lieuk ka Pa Lurah jeung ibuna. Pa Lurah unggeuk. Teu loba lila deui,
Mang Dadap jeung nu séjénna manggul budak duaan. Ki Japra ngahaja hayang
ngagotong si bibi. Geus tepi ka sisi balong hareupeun imah Pa Lurah, nu
tiluan teh dialungkeun. Teu pira balon déét, jerona sataktak budak Pa
Lurah. Gejebur nu kasurupan patingkocéak. Budak nyambat Supermén. Si
bibi nyambat pangéran berkuda putih. Kiyai nitah kabéh cicing. Nu
kasurupan luplep di tengah balong. Teu kungsi lila tuluy ménta tulung.
Kiyai nitah Mang Dadap jeung nu séjénna geuwat nulungan.
Geus hanjat di darat, nu kasurupan
arutah uger. Budak nu duaan ceurik. Bibina luak-lieuk jiga nu hudang
saré di luhur kenténg. “Aya naon ngarariung?” pokna bari gagaro sirah.
“Ilaing kasurupan!” Kiyai nyentak. Pa Lurah jeung ibuna katut warga ngabarakatak seuri. “Alhamdulillah…”
“Kausap jurig naon, Ki, barudak kasurupan?” Pa Lurah nanya atoh baur heran naker.
“Teu salah deui, jurigna tivi!”
“Hah, tivi!!!” kabéh warga reuwas. Kabéh olohok.
“Ayeuna mah jurig teh lain cicing di
kuburan atawa leuweung sanget. Tapi geus nyumput dina tivi. Nu kasurupan
parah mah, hésé neang ubarna.” ceuk Kiyai. Sakur kabéh urang lembur nu
ngadéngé omongan Kiyai ngadadak beungeutna sepa.
Isukna, loba urang lembur nu ngajarual
tivi. Kuring gé gura-giru malikeun deui duit ka Kang Dadang. Bedo meuli
tivi téh. Peutingna kuring ngahuleng jeung pamajikan, dariuk duaan
luhureun kasur.
“Nyi, kabayang nya mun jadi meuli tivi, tangtuna bakal cilaka.”
“Cilaka naon, Kang?”
“Kasurupan jurig, listrik nyedot, hutang
numpuk. Meureun wayah kieu téh moal silih réndéng luhur kasur jiga
ayeuna, tangtuna masih pogot lalajo tivi poho waktu. ”ceuk kuring.
Pamajikan seuri ogo.
“Muhun, Dado ogé ayeuna mah teu ngarengik hoyong tivi deui”
“Ari nyai ngarengik kénéh?”
“Muhun.” Témbalna alon
“Hoyong tivi, lin?”
“Sanés. Hoyong bobo.” Pokna ogoan. Rub kuring duaan disimbut. Silih keukeupan. Sora peuting ngarekét baur jeung sora jangkrik
Tidak ada komentar:
Posting Komentar