24 Oktober 2011

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad lain letah, tapi akidah. Harita keur ngabahas bag-bagan Kapangeranan. Ajengan, "Iing, apal henteu Pangeran linggihna dimana?" Waler Iing, "Pangeran mah teu peryogi tempat, pon kitu henteu kawengku ku waktu!" Pertanyaan pindah ka Wildan, "Wildan, naon ari nu disebut Arasy?" "Arasy mah ciciren tina kakawasaan pangeran, sanes tempat andegleng-Na Mama," Jawab Aceng Wildan mantep malum manehna mah samemehna oge pernah ngastrol di Karasaksari. Keur ragot ngadiskusikeun dimananya Pangeran torojol Ade Sopwan Mulek datang kabeurangan, ngos-ngosan bari buukna rancucut. Manehna mah santri kalong. Mama Ajengan teu mere omber ka nu hahehoh, langsung ditanya, "De, di mana Pangeran?" Si Ade teu euleum-euleum langsung ngajawab, "Di jamban Mama!" Sararea alistigfar bari kerung, na hatena noroweco ti iraha si Ade pindah kana ajaran mikung? Ngan Mama Ajengan anu katingali kalem. Pokna naros deui, "Naha di WC, De?" Barabat Jang Ade nepikeun alesanna, "Mama tadi teh waktos abdi nuju ibak di jamban, puguh kasiangan. Ema sami deuih kasiangan katambih anjeuna mah kedah enggal-enggal ka sakola. Ningal abdi lami di jamban, Ema ngagugudrag panto jamban bari nyarios "Gustiiiii, di WC teh lila teuing. Burukeun, Ema rek mandi!" ( asep salahudin ) Etnografi Humor Pasantren II/Majalah Cakakak/No. 9/September 2010

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...