28 November 2009

Ngawur Kasintu

JUDUL di luhur mangarupa hiji babasan. Ari lengkepna mah kieu; “Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam”.
Ngawur nyaéta malédog ku barang anu loba tapi wandana laleutik. Saperti keusik, tipung atawa taneuh ngebul. Ngawur didieu mah, lain harti nu sabenerna, tapi kecap injeuman, tina harti méré parab. Maraban hayam ku jagong atawa ku bangsal, biasana diawurkeun, kawas nyawér pangantén ku ngawur-ngawur béas pacampur konéng jeung duit récéh. Sawéran pangantén téh jero-jerona mah siloka, nyaéta papatah ti kolot ka pangantén anyar, sangkan dimana boga rizki kudu bisa ngawur nu séjén. Utamana mah fakir miskin. Tapi ieu papatah téh saukur dijarieun kabiasaan atawa budaya wungkul. Budaya karuhun nu kudu dimumulé, cenah. Digugulungna saukur samet cangkangna. Ari kana eusina mah nyaéta kudu jadi jalma béréhan téa, teu ieuh diperhatikeun. Éstu haré-haré baé.
Kasintu, osok disebut oge cangéhgar, nyaéta hayam leuweung. Wandana rada leutik. Babandingan jeung hayam katé. Awakna gépéng, buntutna lempay. Warna buluna konéng gading, saperti bulu meri. Kasintu, kacida linghas atawa girasna. Ma’lum teu kacoo ku manusa. Ari lain dibedil atawa dijaring mah moal ieuh bisa ditéwak, lumpatna tarik, tur bisa hiber. Geus puguh ari nu geus gedé mah hésé ditéwakna, tapi nu keur kumupu ogé sarua linghasna. Lumpatna nereleng kawas puyuh. Sulumpat-salimpet, jeung sulaman-sulumun kana rungkun, mani rikat pisan.
Lain kawas deui, kiwari mah geus pasti wawuhna kana kasintu téh saukur tina gambar atawa ngaranana wungkul. Lantaran tempat panonobanana di leuweung. Ari kiwari mah teu aya pitempateun anu bisa disebut leuweung. Sabab ari kangaranan leuweung mah kacida pisan remetna. Aareuyanana pajurawet, kitu deui tatangkalanana rékép, hésé pikeun ditorobosna. Istilah al-Quranna mah disebut Khorojan téa panginten. Kiwari mah teu aya anu kitu. Leuweung téh cararaang, tatangkalanana paaranggang balas digalaksak ku manusa. Nya cangéhgar ogé moal betaheun di tempat nu lénglang kitu mah.
Ari kana hayam mah moal aya nu bireuk. Tapi sanggeus nerekabna panyakit flu burung, cenah loba hayam anu katarajang salésma. Nasibna, kacida pinalangsaeunana. Hayam dibasmi, dipareuncitan, terus dihuru, kawas ngaduruk runtah. Bet asa humayua, teungteuingeun ari manusa. Bari tacan karuhan éta hayam téh nu népakeunana panyakit, saperti nu salila ieu dituduhkeun.
Cenah mah éta panyakit téh asalna ti luar nagri. Boa-boa ieu téh hiji taktik licik urang deungeun, utamana mah urang Amérika, sangkan dagangan hayam maranéhna bisa lancar, teu boga musuh. Kawasna upama henteu buru-buru distop mah, hayam asli di urang bakal tumpur. Jeung deui, dina cara ngabasmina bet jauh tina bagbagan agama. Sabab dina agama Islam mah teu meunang ngamubadirkeun rezeki. Apan hayam anu dipeuncit téh lain didahar. Demi anu resep ngamubadirkeun kana rezeki mah apan sobatna sétan, lin?
Tah pihartieun babasan di luhur ogé teu jauh ti kitu. Urang ngabasmi hayam milik urang, miara hayam milik deungeun. Hayam urang dijieun korban, hayam batur diparaban. Leuwih jauhna, ari urang asing diugung-ugung, dipupujuhkeun. Sabalikna ari rayat sorangan sina sangsara barongkéakan. Pék wé titénan, loba lahan garapan patani leutik jeung padumukan warga cacah kuricakan nu ragrag ka pangusaha jegud urang deungeun. Lahanna dijarieun tempat kaulinan manusa-manusa anu keur nyangking kakawasaan. Saperti lapang golf, sirkuit balap motor jeung mobil, vila jeung réa-réa deui.
Tempat panganjrekan rayat robah, jadi wangunan pabrik, kantor, gedong sigrong milik asing patingjalegir. Nu nganjrek di dinya sina nyingkir ka tepis wiring. Pasar rayat nu geus mangtaun-taun diparaké néangan rezeki pangupa jiwa kulawargana, disorobot ku pasar swalayan. Cenah mah diayakeun pasar swalayan, mal-malan, super market  pikeun mantuan padagang leutik. Tapi ari kabuktianana mah padagang anu teu boga modal mah wayahna wé kudu jicir, keun wangunan anu agréng mah kanggo jungjunan anu baroga duit. Entong nyalahkeun pamaréntah ari teu kabagéan téh, cenah. Naha maké jadi jalma miskin atuh! Antukna padagang émprakan atawa anu katelah padagang kaki lima (PKL) téa, lain ngurangan anggur kalah nambahan. Ci nyusu sisi gunung, anu biasa dipaké nyaian pasawahan jeung balong, ogé inumeun jeung ngaberesihan pakéan, kiwari geus dikawasa ku si toké. Dikocorkeun ka pabrik, diolah tur dijarieun cai mineral. Urang mah saukur lalajo, bari ngégél curuk. Upama hayang nginum mah meuli wé ka maranéhna.
Anyar-anyar ieu, pamaréntah geus ngaluarkeun Undang-Undang Penanaman Modal Asing. Di dinya aya aturan yén urang asing dibéré kasempatan pikeun ngawasa lahan garapan, boh pikeun tatanén atawa nyokot barang tambangna salila 65 taun. Sarta dibéré ombér deui salila 30 (tilu puluh) taun. Jumblah-jambléh maranéhna bisa kumawasa kana éta lahan salila 100 taun, kurang lima taun. Asa teu kuhanteu. Sarua wé jeung dijajah atuh. Iraha anak incu urang bisa ngagarapna éta lahan? Deudeuh teuing anaking, hidep saukur kabagéan cucuk jeung rorongkongna wungkul. Da dagingna mah ku bapa geus ledis, dipaké ngabayuan deungeun. ***

Nasib Roman Sunda Ngepop

URANG Sunda resep dongéng. Bukti nu tembresna mah dongéng via radio. Antara taun 1970-an nepi ka 1990-an dunya dongéng dina radio ngabetot perhatian nu ngabarandunganana. Harita mah réa pisan radio nu nyiarkeun acara dongéng. Di Bandung, upamana, Radio Sangkuriang, Radio Garuda, jeung Radio Shinta nu sok nyiarkeunana. Atawa di wewengkon Sumedang, aya Radio Jussan jeung Radio Duta.
Wa Kepoh jeung Rachmat Dipraja mangrupa ikon-na. Duanana kakolomkeun juru dongéng radio nu pangkawentarna. Sorana teu weléh dianti-anti. Nu matak hélok mah éstu teu kawatesanan ku umur deuih pikeun ngabandungan hébatna gaya ngadongéngna téh; kolot, budak, lalaki, awéwé. Karéréanana resep ngadaréngékeun dongéng radio, siga jaman kiwari lalajo sinétron. Tapi ari nu nulis caritana mah tara pati dipaliré, malah ampir kapopohokeun. Saperti Yat R, pangarang dongéng Si Rawing, anu kungsi ngageunjleungkeun tatar Sunda.
Carita-caritana mémang mataktak tibelat. Aya dongéng silat nu ngalalakonkeun para jawara reujeung élmu kadugalanana, saperti Si Buntung Jago Tutugan. Tokoh utamana, Andi, ngabogaan pakarang mangrupa haur konéng. Sedengkeun musuh kabuyutanana, Karna, boga ajian batu karang. Tangtu réa keneh carita-carita sejenna gé. Boh génre carita silat, mistéri, boh nu mangrupa romantika kahirupan. Modél Gumilar, Jaka Santang, Nurélah, Néng Élah, Ir. Mardi, jsté.
Tapi anu jarang kasungsi atawa kasebut-sebut téh nyaéta sumber-sumber lalakonna. Sihoréng dongéng-dongéng Sunda via radio téh aya gantar kakaitanana jeung pamedalan buku-buku roman pop Sunda dina mangsa 1960-1970-an. Harita mah buku-buku modél kitu loba nu pada mikaresep. Jumlahna nepi ka mangratus judul. Ditambah téh deuih tiap judulna gé ngurung hiji nepi ka sawatara puluh seri. Contona Waliwis Bodas (Tjaringin, 1969) karya S. Sukandar nu jumlahna 45 jilid. Atawa Si Buraong (Wargina, 1971) karya K. Soekarna nu jumlahna nepi ka 43 jilid. Buktina, tina situs-situs di internet kacatet, upamana pabukon Universitas Kebangsaan Malaysia (UKM) ngoleksi roman Sunda saeutikna 270-an judul. Ditambah deui, model, pabukon KITLV nu ngumpulkeun ratusan judul.
Nu narulisna gé réa deuih. Cara A. Roestandi nu nulis seri Andjar (Pusaka Sunda, 1967). Atawa A. Tolib nu ngarang Pusaka nu Ménta Wadal (Romanato, 1970). Atawa Juda Djaja jeung Djaka Tarum-na (Laksana, 1970). Ogé Tatang KS nu ngarang Rusiah Euis Marlinah (Wargina, 1969). Ngan tangtu wé nu fenomenal mah K. Soekarna jeung S. Sukandar. Duanana geus ngahasilkeun roman Sunda nu nepi ka kiwari masih dipikawanoh publik Sunda. K. Soekarna, upamana, kakoncara ku bukuna Sirod Djelema Gaib (Saputra, 1969). Ari S. Sukandar kawentar ku carita silatna Si Buntung Djago Tutugan (Tjaringin, 1969), nu remen jadi babon dongéng radio tur dijudulan sarua.
Di antara sakitu réana ngaran pangarang roman Sunda, aya sawatara pangarang nu sok maké sandiasma (ngaran samaran). Cara Koko, Juda Djaja, atawa Supermen. Ngaran asli Koko jeung Juda Djaja nyaéta M. O. Suratman, hiji kapten manten nu dumuk di Jalan Babakan Tarogong, Bandung.
Sedengkeun ngaran Supermén sihoréng sandiasmana S. Sukandar. Pang inyana maké éta ngaran sabab hiji mangsa basa inyana rék masrahkeun naskah ka pamedal, inyana poho neundeun naskahna nu digantelkeun dina Véspa. Tapi naskah horéng geus hiber aya nu ngarampidan, ti dinya pisan inyana mimiti maké ngaran Supermén.
Cek koropak pembaca (nu dimuat dina Sulit Ati Belang Bayah karya Wahyu Adam, 1972: 35-36) nepi ka taun 1972 aya sawatara pangarang nu masih aktif ngarang roman pop Sunda. Nyaéta Wahyu Adam, Ki Masram, Supermén, Juda Djaja, jeung Entang S. Maranéhna sok ngarumpul di Perpustakaan Anéka nu aya di Jalan Pagarsih No. 179A Bandung sarta diluluguan ku M. O. Suratman.
Tapi nepi ka kiwari, ceuk rasa mah tacan aya juru titén atawa kritikus nu nalungtik ngeunaan buku-buku modél kitu. Boh ngeunaan génre-na, kandungan sastra-na, boh pangaruhna ka masarakat Sunda. Pangaruhna perelu disebut sabab bisa jadi masarakat Sunda mah mikawanoh sastra Sunda téh asalna tina buku-buku roman pop téa. Walhasil, lain tina karya-karya nu jadi kanon sastra Sunda, saperti Baruang ka nu Ngarora (D.K. Ardiwinata), Mantri Jero (R. Memed Sastrahadiprawira), atawa Diarah Pati roman misteri karya Margasulaksana.
Nu jadi pasualan, kunaon pang nepi ka kajadian boom dina éra harita? Bisa jadi aya sawatara sabab. Di antarana, pungsi agén jeung taman bacaan nu jadi rawayan sumebarna roman pop Sunda, gedé pisan kontribusina. Buktina, mun seug pirajeunan niténan buku-buku roman pop téa, di jerona pasti sok aya gambaran ngeunaan agén nu ngadistribusikeun buku-bukuna. Salian ti éta, di jerona téh biasana sok aya ngaran-ngaran taman bacaan nu nyadiakeun buku-buku roman pop Sunda. Cara, keur pamedal Romanato jeung Sinar Wulan agénna téh Toko Buku Nasional Suka Asih nu aya di Jalan Rd. Dewi Sartika 1.H, Bandung. Jeung remen sok dibarengan ku ngaran jeung alamat taman bacaanna.
Bisa ogé tina jihat nu maracana. Nu maraca roman pop Sunda, bawirasa, lain jalma-jalma anu resep hal-ihwal ngeunaan kasusastraan. Atawa teu miduli: naha roman pop Sunda téh karya sastra atawa lain. Nu penting mah sigana asal ramé tur ngondang nguniangna rasa panasaran. Cindekna nu maraca roman pop Sunda mah jalma-jalma anu awam kana hal-ihwal kasusastraan.
Mungkin waé éta téh jadi sabab para kritikus sastra Sunda henteu nembongkeun katitén ku ayana éta roman-roman téa. Malah béh dituna nganggap yén taya mangpaat anu dipetik tina jalan macaan buku-buku samodél kitu. Sabab ceuk arinyana mah buku-buku nu pandena kitu téh ngan ngajarkeun kajumudan mikir jeung hal-hal anu cawokah. Padahal ceuk rasa mah, gagasan kritikus sastra Sunda nu milah-milah antara nu daria jeung pop nu jadi salah sahiji nu ngancurkeun tradisi roman pop Sunda.
Salian ti éta, bawirasa bédana antara sastra anu daria jeung sastra anu ngepop dina sastra Sunda mah ipis kacida. Malah rada hésé ngabédakeunana. Ogé sabenerna mah roman pop Sunda téh bisa dimangpaatkeun minangka média nu ngamumulé basa Sunda. Sabab justru ku roman pop, sastra Sunda ngaronjat popularitasna nepi ka masarakat réa nu pada mikaresep.
Ku kituna, kiwari sigana waktu nu mustari pikeun ngumpulkeun (sok sanajan leuir) sarta ngayakeun panalungtikan kana roman pop Sunda. Ku jalan kitu, éta téh sarua hartina jeung ngahargaan sumanget jeung kréatifitas para pangarang roman pop Sunda. Sabab kumaha baé ogé, roman-roman pop Sunda (sanajan salila ieu mah luput tina panitén para kritikus) geus ngilu ngeuyeuban sastra Sunda.***

Cai Buruk Milu Mijah

SASARINA mah ngojay téh tara ngajak motor. Ari dina peuting harita mah (23/04/06), kapaksa kudu ngojay bari nungtun motor. Kétang, da teu aya niat rék ngojay tadina mah. Biasa baé, rék nepungan si manéhna di wewengkon Dayeuhkolot. Najan hujan ngagebrét dibarung kilat patingburinyay tur dor-dar gelap matak kapiuhan jalma sawan, tapi pikeun kuring henteu jadi halangan. Geus kadung jangji, najan kudu ngayonan galura motah atawa unggah gunung, moal rék pugag léngkah pikeun nepungan si manéhna.
Bada Magrib, ngabiur ti Cibiru, nyorang Jalan Bypass nepi ka Cigéréléng. Tuluy méngkol ka kénca, Jln. Moch. Toha, bras ka wewengkon Palasari—anu ngahubungkeun Jl Moch Toha jeung Dayeuhkolot. Teu wudu rada hookeun ningali jalan anu ngadadak robah jadi balong.
“A, mending uih deui! Jero pisan…!” aya hiji lalaki mépélingan, basa nyaksian kuring anu tuluy nyebrut, meulah cai nu nguyumbang saparat jalan. Teu didéngé, angkanan téh geus pangalaman ieuh motor kuring mah, da ampir saban hujan, pasti ngaliwatan banjir cileuncang di Gedebagé. Palakiah mawa motor dina banjir mah gampil, kari panteng wé gasna. Sabab, manteng gas, hartina kenalpot ngaluarkeun angin. Sabalikna, lamun gas dikendoran, kenalpot nyedot angin. Puguh baé ana kaayanana banjir mah, anu kasedot téh lain angin, tapi cai. Ari motor kaasupan cai, nya tangtu bakal paéh.
Hanjakal pisan palakiah éta téh, henteu metu ngayonan banjir di wewengkon Palasari mah. Teu mangga pulia deui, motor téh paéh. Kilang kitu urang teu kudu hariwang, da motor mah najan paéh ogé, sok bisa hirup deui (conto séjén nu paéh bisa hirup deui). Taya deui jalan, iwal ti didorong, da piraku ari nu nyupiranna kudu milu paéh mah tangtu moal bisa hirup deui.
Jok motor ampir kakeueum. Kuring asa keur ngojay wé, ngan bédana harita mah bari nungtun motor téa. Sangkan henteu pati karasa capé, kuring ngabayangkeun anu keur dituungtun téh si manéhna anu keur diajar kokojayan bari maké baju ngojay. Tapi bangga diajak badamina imajinasi téh. Nu puguh mah haté ngocoblak, nyarékan laklak dasar ka manusa tukang ngaruksak alam, anu temahna matak balangsak masarakat. Sabab, kajadian banjir téh tangtu aya sabab-musababna. Buktina, di lembur kuring mah tara aya banjir, da kalumangsungan alam téh masih kapiara.


Lamun kaayaanana wanci beurang, kawasna bakal kaciri, yén cai anu ngeueum Palasari mah béda warnana, henteu sakadar coklat. Sabab, lain sakali-dua kali nyorang banjir cileuncang di wewengkon Palasari. Tong boro hujan ngagebrét, dalah hujan leutik ngaririncik ogé di wewengkon éta mah sok banjir cileuncang samet mumuncangan baé mah. Warna caina rupa-rupa, aya beureum, héjo, abu-abu, jsb. Boa-boa éta mah lain sabanjir-banjirna, siga limbah industri anu ngahaja dipiceun kalayan ngagunakeun kasempetan dina mangsana hujan.
Puguh deui ari walungan mah, saperti Citarum anu geus jadi pamiceunan limbah industri tina rébuan pabrik anu ngajajar sapanjang sisi walungan. Kangaranan cairan anu dipiceun ku pabrik, sajabana ti bau téh katambah ngandung zat racun anu ngabahayakeun (B3). Sanajan méméh dipiceun diolah heula ku IPAL (Instalasi Pengolahan Air Limbah) atawa water threathmen, tetep baé lain hiji jaminan cairan ti pabrik aman (komo anu henteu diolah heula). Tong boro bisa diinum, dipaké masak, atawa dipaké mandi, dalah dipaké kaperluan tatanén ogé moal bisa. Kilang kitu, ulah aya nu kumawani nyarék pabrik, da maranéhna mah apan geus nyepeng Surat Izin Pembuangan Limbah Cair (SIPLC). Ka hareupna, SIPLC téh alusna mah kudu meunang idin heula ti masarakat. Sabab, lamun Citarum henteu diurus baé, 76 héktar kacamatan Dayeuhkolot bakal salawasna jadi langganan banjir.
Ayeuna, sabada geus taya lolongkrang pikeun miceun limbah ka walungan, naha jalan raya ogé rék ‘dirékrut’ jadi pamiceunan? Deudeuh teuing urang Bandung, mani bangga rék leumpang-leumpang ogé. Lemah cai nu subur ma’mur téh kiwari mah tinggal susuluk. Solokan, walungan, tug nepi ka jalan raya, geus pinuh ku limbah industri. Pamaréntah ogé kawasna geus ngarasa weudeu ngaspal jalan di wewengkon Palasari, sabab tara kungsi awét. Rék awét kumaha, da ampir saban mangsa kakeueum cai buruk nu milu mijah (wewengkon éta, lain hiji-hijina tempat anu mindeng kakeueum ku cai buruk dina mangsana hujan). Ceuk sawangan, cai warna-warni anu mindeng mijah di jalan raya téh, asa piraku ari jolna ti sabangsaning limbah loték atawa bajigur mah, pamohalan kabina-bina.
“A, badé didorong?” aya budak leutik nyampeurkeun, kukucuprakan dina cai.
“Sok, dorong lah!” témbal téh. Budak leutik semu atoheun.
“Wios ku duaan, A?”
“Pék baé tiluan ogé…”
Tilu urang budak leutik katingali mani ocrak. Motor hiji didorong ku opatan, dibarung ku tingcikikik.
Aya kénéh seuri dina mangsa katarajang musibah alam. Sanajan rada bangga ngabédakeunana, naha éta seuri téh kaasup kana seuri maur, seuri konéng, atawa seuri nanahaon.
*
“Geus nyata karuksakan di darat jeung di laut dilantarankeun ku pagawéan leungeun-leungeun manusa, supaya Alloh ngarasakeun ka maranéhna sabagéan tina akibat pagawéanana, sangkan maranéhna mulang ka jalan anu bener.” (Q.S. Ar Rum: 41)***

Garut Baheula: Objek Wisata Jaman Baheula

Bung Karno kantos ngelingan supados urang teu hilap atanapi ngahilapkeun kana sajarah bangsana. Pangharepan ieu seringna mah kaluli-luli. Kaseuseueurannana, utamina nu aranom, kirang uninga kana sajarah budaya karuhunna. Hal kitu teh jalaran bewara ngeunaan sajarah nu ngungkabkeun budaya, sosial, politik sareng sajabina kirang pisan didugikeun ka maranehna para nonoman. Atanapi tiasa janten wae kaula muda jaman kiwari kirang malire kana sajarah karuhunna.
Diantawisna, ngeunaan sajarah sinareng kahirupan jaman baheula, kalebet kasuksesan atanapi kamajengannana dina rupi-rupi widang. Kalebet hal-hal nu aya patalina sareng kapariwisataan.  Sapertosna wae, kabupaten Garut, geuningan kantos di jaman baheula mah ngagaduhan pamor sinareng posisi nu kalintang moyanna ka mancanagara di Eropah.
Pribados kantos mukaan sababaraha bacaan ngeunaan kabupaten Garut. Aya sababaraha hal penting nu ngahaja ku pribados dikutip anu sakintenna cocok sareng ieu judul artikel. Hasil kokoreh pribados tadi, nya kapidangkeun ringkesanana dina ieu artikel, utamina ngeunaan objek sareng kagiatan wisata jaman baheula atanapi dina pajamanan Garut Tempo Dulu.
Jaman walanda kapungkur, aya hiji ungkapan kakaguman utamina ti para turist jaman baheula dina awal abad ka 20, nyeta mooi Garut. Ieu ungkapan kakaguman teh sami sareng ungkapan mooi Indie. Mooi Garut hartosna Garut nu elok. Ieu pujian di jaman kolonial Walanda teh taya sanes ekspressi kakaguman marantenna urang asing utamina para turis Eropah, rehna Garut teh geuning pinuh ku pamandangan alam nu kalintang arendahna.
Sohorna Garut waktos harita, sanes bae jalaran ku kasuburan taneuhna wungkul, nanging oge ku kaendahan panorama alamna, matak pikabetaheun. Seueur urang Eropah nu kumecrek kapincut sareng kataji, maruji kana kaendahan kota Garut sareng sabudereunnana. Dugi ka Garut kenging julukan Swiss van Yava. Satingkat sareng julukan kanggo kota Bandung kapungkur nu kasebat Parijs van Java.
Seueurna wisatawan nu pelesiran ka daerah Garut, ngawitan katingal dina awal abad ka 20. Seueur pisan urang Eropah utamina urang Walanda nu waktos harita nuju ngajajah Indonesia, ngahajakeun ngadongdon ka daerah Garut, saatosna pelesiran ka kota Bandung alias Parijs va Java. Seueurna para wisatawan teh sakawitna mah diluluguan ku ayana paguyuban di kota Bandung nu disebat Bandung Vooruit, hiji paguyuban nu kalintang gandrung sinareng kasengsremna ku kagiatan pariwisata di kota Bandung.  
Seueur jargon-jargon nu diciptakeun sareng sumebar kamana mendi mancanagara ku alpukahna ieu paguyuban. Sapertosna bae Bandung disebat salaku Parijs van Java nu hartosna Parisna Jawa. Alatan eta, seueur wisatawan asing nu katarik nyumpingan Bandung, hoyong nyakseni kana sagala kamonesan sinareng kaendahan alam kota Bandung. Pating hingar-bingarna bewara kapariwisataan ieu, nya sumebar ka daerah Garut. Sanes bae alatan teu patos jauh jarakna ti kota Bandung, nanging oge tos pada aruninga rehna Garut teh ngagaduhan daya tarik kaendahan panorama nu langkung pinunjul batan kota Bandung.
Sanaos waktos harita mah ngarupikeun kota alit, nanging Garut kagungan daya tarik sanesna sababaraha objek wisata sapertos: Situ Bagendit, Cipanas, Ngamplang, sareng kawah Papandayan. Oge kaayaan kota Garut kalintang raresikna. Di unggal simpangan jalan teu weleh aya patamanan endah pikeun pangistirahatan para wisatawan. Jalan-jalan di kota kalintang bersihna tandaning aya upaya piaraan nu saestu. Waktos harita nu jumeneng bupatina teh  nyaeta Adipati Soeria Karta Legawa nu nyepeng kalungguhan ti tahun 1915 dugi ka 1929. Mantenna teh taya sanes putuna Panghulu Garut, R.H. Moehammad Moesa.
Ti waktos harita pisan kota Garut kasohorna ka mancanagara ampir ka sabeulaheun dunya. Dugi ka kenging julukan Swiss van Java, atanapi Swisna Jawa. Malihan aya pamadegan, tacan sampurna pelesirannana saupami turis nu sumping ka kota Bandung henteu dilajengkeun ka kota Garut. Ku alpukahna paguyuban Bandung Vooruit, Garut dijantenkeun daerah kunjungan nu ngarupikeun paket wisata kanu bade arangkat ka kota Bandung, otomatis kedah teras dilajengkeun ka kota Garut.
Ku alatan eta, dina waktos harita di kota Garut oge disaluareun kota, lajeng diadegkeun sababaraha hotel wisata mewah kelas hiji nu baris nampi para wisatawan. Diantawisna nu kasohor waktos harita nyaeta Hotel Papandayan, Villa Dolce, Belvedere, sareng Hotel Van Hengel. Disaluareun kota Garut aya Hotel Sanatorium Ngamplang, Hotel Bagendit, sareng Hotel Villa Pauline di Cisurupan.
Sajabina pelesiran di tempat-tempat wisata, para turis tiasa oge mendakan hiburan nu rada nangtang sapertos moro sasatoan di leuweung nu hara-haraeun katarajang manusa alias masih leuweung geledegan. Sasatoan nu tiasa di buru diantawisna bae aya bagong, banteng, uncal, oge maung sareng buaya. Hal-hal eta pisan nu ngajantenkeun Garut langkung sohor sinareng tiasa ngirut para wisatawan. Nu mawi ti ngawitan harita pisan kota Garut katelah Garut Pangirutan.
Babasan eta teh sanes wungkul basa basi namung leres-leres kota Garut ngagaduhan pamikat atanapi daya tarik pikeun para inohong ti Eropah. Sapertos Charlie Chaplin artis film nu sohor ti Hollywood nu waktos harita kamashur pisan, mantenna ngahaja sumping ka Garut dina tahun 1928.
Waktos harita, kota Garut tos nincak dina masa kaemasan, jalaran seueur pisan didarongkapan ku para turis luar nagri. Garut dijantenkeun hiji tempat pikeun gempungan para inohong dunya. Suasana kitu kantos diabadikeun ku S. Ahmad Abdullah Assegaf dina buku novelna nu kasohor Fatat Garut (Mojang Garut) nu kantos terbit dina tahun 1929 diserat dina basa Arab.
Kiwari, sesebatan Mooi Garut mung kantun waasna. Di jaman revolusi, Garut kantos ngalaman kahancuran, kalebet objek-obek wisatana. Tos seueur pisan upaya reka perdaya nu kantos diusahakeun kanggo mulangkeun deui pamor kota Garut salaku kota Wisata nu kungsi sohor di saantero dunya. Nanging bawiraos kitu, kajayaan Garut salaku pangirutan para wisatawan, dugi ka kiwari tacan ngawujud. Garut Tempo Dulu masih tebih tina harepan, malahan mung saukur panineungan.

Lagu Ceurik Dina Tembang

Ari kabisa ngan ceurik
Deukeut deuleu pondok lengkah
Da puguh abdi awewe
Seueur karisi karempan
Kana sagala halangan
Mungguhing pangjak napsu
Tara reujeung kira kira
( Pupuh Asmarandana dina lagu Ceurik Oma/Jemplang Serang )

            AYA sabaraha judul lagu,anu make kecap ceurik, dina lalaguan tembang Sunda.Diantarana lagu Budak Ceurik, Ceurik Rahwana,jeung Ceurik Oma.Tangtu meureun aya keneh lagu ceurik ceurik nu sejenna,tapi beunang disebutkeun teu pati popiler saperti anu disebutkeun di luhur.Saprak nyaho kana eta lagu,mimitina mah biasa biasa  bae. Kana lagu Budak Ceurik, kabawa resep, pedah harita bebene sok  ngagalindengkeun lagu eta. Kana lagu Ceurik Oma, pedah karasa adu manisna rumpaka jeung lagu teh, karasa aworna.Sedeng kana lagu Ceurik Rahwana,nenggang sok ditembangkeunana leuwih anteb ku lalaki.Tapi sabada dititenan,eta lalaguan teh karasa aya sabaraha hal anu narik,pangpangna dina komposisi lagu,judul,rumpakajeung kasang tukang panginditanana.

Budak Ceurik.
            Lagu Budak Ceurik, biasa dipake dina lagu panambih.Larasna pelog,patokan tabeuh keur mirig eta lagu lamun ceuk tiori karawitan mah,kulu kulu patet loloran.Iramana sawilet kendor,atawa dua wilet gancang.Kenonganana ragrag kana sora 3(na),jeung goonganana ragrag kana sora 5(la). Aya oge patokan saperti kieu teh nu nyebut lalayaran. Eta patokan tabeuh teh beunang disebutkeun rada langka dipake, boh dina lagu kawih gamelan boh dina panambih tembang.Lamun nitenan kenongan laguna, sarua jeung pirigan lagu sekar manis. (waktu mimiti diajar eta lagu di Kokar di awal taun genep puluhan,lagu sekar manis teh dina laras pelog/degung,ayeuna mah dina laras madenda/sorog.) Sanajan kitu patokan laguna mah angger sarua,kana sora 3(na) jeung kana sora 5 (la).)
            Sabagian rumpaka Budak Ceurik teh diantarana :/Hiji wengi keur sumedeng sepi jempling/ kantos abdi balilihan sasambat ka nu Kagungan.jst. Sigana, di lingkungan para panembang, teu ngamasalahkeun hubungan antara rumpaka jeung judul eta lagu,da meureun ti beh dituna ge geus kitu.Tapi keur kuring sorangan,tetep we asa ngahudang pananya,sabab antara judul jeung rumpakana,karasa aya nu teu nyambung. Mana komo waktu eta lagu make dialokan ku sisindiran kuma suling, suling teh ngan silung bae mah, asa beuki jauh pisan.Ku sabab panasaran tea, ngahaja   kuring tatanya ka tokoh tembang, diantarana Mang Endang Suryana,jeung Kang Ace Hasan Sueb. Ku katerangan dua tokoh ieu, intina mah ampir sarua, yen nu disebut lagu Budak Ceurik (ayeuna ) teh mangrupa lagu olahan anyar, tina lagu nu geus aya (sampakan). Ceuk Mang Endang Suryana, lagu Budak Ceurik teh baheula mah iramana teh gancang, dina alokna sok make rumpaka:/Ema,ema  kuring lapar, ema,ema hayang dahar. Asa pas,ceuk hate.
            Ceuk Kang Ace,eta lagu nyokot tina lagu degung Langensari.Malah cenah Ma Ito di Garut dina taun 1938,sok biasa nembangkeun eta lagu,anu boh judul, boh eusi rumpakana aya kasinambungan.Sedengkeun rumpaka nu ayeuna,eta teh kenging Kang RAF, (Rahmatulah Ading Afandi), sakira taun genep puluhan.Lamun ngahubungkeun katerangan Mang Endang,yen lagu Budak Ceurik teh sok dipake alok ku para pamirig tembang (minangka lagu ektrana) dina awal taun tilu puluhan, terus upaya Mang Parmis (juru kacapi) anu ti taun 1937 ngolah lagu ektra (panambih) nu asalna make irama gancang jadi kendor (dua wilet gancang), jadi kaharti kasang tukangna robahna lagu Budak Ceurik, saperti nu ayeuna. Nu jadi masalah teh, naha saba da robah wiletan, robah rumpaka, judulna angger bae. Da beda atuh kasusna, upama dibandingkeun jeung patokan tabeuh/lagu saperti Kulu-Kulu, atawa senggot,anu oge sok dipake dina panambih tembang ayeuna.

Ceurik Oma

            Nilik kana komposisina,genah lagu ceurik Oma teh.Barang ditanyakeun ka Kang Ace, cenah eta lagu teh olahan Mang Uce,salah saurang juru pantun ti Cianjur.Nu jadi masalah dina lagu Ceurik Oma,lain komposisi laguna jeung rumpakana,tapi justru Mang Uce na salaku juru pantun. Di mana mana nu kasebut tukang pantun, rata-rata datang ti lingkungan rayat biasa. Sikepna ka para menak, geus bisa kabaca, pasti hormat tilawat. Mana komo di lingkungan tembang Sunda mah,anu dina pagelaranana sering dipayunan ku para menak nu sarwa lemes budi sareng basana. Naha judulna bet Ceurik Oma? Naha  henteu tangis Juag Oma,upamana.Karasana asa  rada kasar,ku kecap dina judul eta teh. Atawa memang Mang Uce mah bisa diiwalkeun ku sabab teu ningali,jadi teu kudu aya sikep hormat tilawat ka menak.Mun tea mah analisa eta ge salah,meureun kuring bisa mere gambaran yen pribadi Mang Uce geus moderat.Dina seni mah taya cacah taya menak. Soal judul,rek lemes rek kasar,eta mah kumaha kuring bae.Mun tea mah deuih enya kitu, naha atuh nu sejenna mah henteu kitu? Tapi barang eta lagu teh dirobah judulna jadi jemplang Serang,kuring jadi boga panyangka,moal kitu dirobahna teh ku sabab karasa kasar kanggo menak.Ujaring carita,Oma teh rakyat biasa,anu dijantenkeun istri  ku Aom Ogoh.Oma dinyenyeri ku Aom, ti samemeh carogena dijenengkeun janten bupati Serang.
            Bet kabeneran dina buku Seni Swara Sunda yasana Mang Koko sareng P.Nata Prawira anu dikaluarkeun taun 1961, bet aya serat kanayagan lagu Jemplang Serang. Hanjakal waktu Mang Koko jumeneng keneh, kuring teu sempet naroskeun ka anjeunna, padahal ceuk pikiran (ayeuna) hal ieu teh rada narik. Maksud teh, upami Mang Koko ngawasa lagu pupuh atawa lagu tembang Ciawian,eta mah kuring apal pisan, da anjeunna ge sok ngobrol.Moal kitu ti ramana, da cenah ramana ge kapungkur kantos resep mamaos tur kenging kongkurs dina acara  tembang Sunda (Cianjuran)?

Ceurik Rahwana.
            Patanyaan mimiti,ti iraha jeung saha nu ngasupkeun ceurik Rahwana kana tembang? Ceuk Kang Ace mah, cenah tuan Abdulah urang Arab, ti Cicendo Bandung. Sedeng Pa Apung S Wiratmaja, gaduh panyangka nu  mimiti make (ngasupkeun) lagu eta kana tembang, mimitina ti Menir Muda (Holil). Sigana perlu dipaluruh deui leuwih gemet, naha muda urang Arab resep kana wayang jeung kana tembang? Atawa naha enya bener Menir nu mimitina ngasupkeun kana tembang? Nu dimaksud tembang teh tangtu we lain tembang Cianjuran saperti ayeuna.Beh ditu lingkungan rakyat ge ngagarap lagu lagu tembang, ngan beda dina mirigna, luhurna surupan,jeung gaya/wanda mamanisna. Diantara lalaguan tembang anu harita sok dibawakeun, saperti lagu Sinom Satria, Setra, Eros, Udan Mas, Pamuradan, jrrd.
Keun ku kitu. Nu jadi masalah teh, rek diasupkeun kana naon lagu Ceurik Rahwana dina tembang Sunda ayeuna? Naon sababna. Sabab   lagu Ceurik  Rahwana, biasa digelarna teh dina wanda tembangna, lain dina bagian lagu panambihna.
Geus pada terang, pangaruh kakawen wayang kana tembang napak dina lagu lagu sebrakan, anu nyoko tina bagian kakawenna. (malah saterusna aya nu ngasupkeun kana wanda kakawen,misah ti wanda nu sejenna)
            Lamun ditengetan, jelas jelas beda, yen Ceurik Rahwana mah  lain tina lagu kakawen. Struktur lagu Ceurik Rahwana, loba metik tina lagam nyarita Rahwana anu dipirig ku gamelan. Sebut we ngalagu biantara. Tokoh tokoh wayang nu   nyaritana biasa sok dicampur ku cara dilagukeun, diantarana Semar, Dursasana, Narada, Sangkuni. Bedana ari tokoh Rahwana, Semar, jeung Dursasana mah dina patet barang laras madenda/sorog,sedengkeun tokoh Narada jeung Sangkuni,biasana dina patet manyuro,dina laras salendro.
            Kabeh dieunakeun lagu Ceurik Rahwana dina kliningan,sok disebut oge Banondari.Malah Nyi Mas Saodah mah ku ngaganti rumpakana wungkul, jadi weh lagu Ceurik Anjani.
            Ceuk kuring mah,wanda lagu ceurik Rahwana atawa Banondari,atawa Ceurik Anjani,dina tembang, karasana nenggang pisan tina wanda wanda nu geus aya.(Rarancagan, papantunan, jejemplangan jeung dedegungan )
            Nu matak ahengna, lagu anu leuwih popiler disebut Banondari dina kliningan (pangpangna jaipongan/bajidoran), kakara ayeuna ayeuna bae popiler jeung dipikaresepna ku lingkungan masarakatna teh.Jadi cindekna, narekabna teh malah saenggeus diangkat dina tembang Sunda.
            Lagu-lagu dina gamelan, nu sok biasa dipake dina tembang,pangpangna  tina lagu lagu  rerenggongan (renggong gede,atawa renggong alit), geus teu jadi masalah, sabab ditempatkeunana dina bagian lagu panambih. Karasana jadi tambah anteb, jeung leuwih muni ku raehan, sabab tembang mah leubeut ku mamanis.(dongkari)
Ieu tulisan bisa jadi teu pati ilahar diguar di lingkungan tembang,da nu sok  dibahas teh rereana nyindekel kana masalah sajarah, filosofi, atawa rumpaka/guguritanana bae. Harepan teh, sugan bae ka hareup mah ku para ahli tembang, diguar oge masalah karawitanana, atawa komposisi laguna. Sigana geus waktuna di lingkungan tembang sunda, mimiti loba ngaguar komposisi laguna. Mana komo kapan geus loba para sarjana karawitan anu nyokot tema ulikanana dina widang Tembang Sunda.
Mugia.

Pasir Hariring, awal juni 2005

Momok Ngeunah

MOHON tidak berburuk sangka dulu, saya tidak berniat menulis seputar pornografi. Sengaja saya tulis dalam bahasa Indonésia, karena kata “momok” dalam bahasa Indonésia tidak porno, berbéda dengan “momok” dalam bahasa Sunda, terlebih ditambah kata “ngeunah”.

Ini adalah sekelumit pengalaman seorang sahabat,  Julian Milie, seorang dosen di Monash University, Australia. Pada tahun 2007,  ia datang ke Indonésia untuk menulis atau mentranskrip ceramah-ceramah da’i kondang , KH. A.F. Ghazali (alm). Dan kita tahu bahwa ceramah KH. A.F. Ghazali menggunakan bahasa Sunda. Jadi, Julian tidak cukup hanya belajar bahasa Indonésia, melainkan wajib mempelajari bahasa Sunda. Untuk itu, ia bekerja keras belajar bahasa Sunda kepada orang-orang yang ia kenal, seperti Kang Hawe Setiawan, Pak Dédé Kosasih, Dadan Sutisna, Atép Kurnia, dsb. Ia sangat gigih mempelajari bahasa Sunda, sehingga sering berkunjung ke Jurusan Pensatrada UPI, redaksi Majalah Cupumanik, dsb.

Yang saya ingat, Julian itu sangat merakyat. Ia mau bergaul dengan siapa saja yang mau diajak bersahabat. Selain itu, ia cukup humoris dan yang tidak saya lupakan adalah keteguhannya dalam memegang prinsip. Sebagai contoh yang merupakan catatan penting, Julian sangat setia kepada istrinya. Ia tidak pernah tertarik kepada wanita secantik apapun meski sekedar untuk iseng-iseng. Ya, Julian tidak cunihin seperti Miftahul Malik atau Agus Bebeng misalnya.

Pada suatu hari, Julian mampir ke sebuah warung. Ia memperhatikan semua makanan yang ada di warung tersebut sambil terkadang melihat catatan yang selalu dibawanya. Ada satu makanan yang ia tidak tahu namanya. Kemudian, Julian bertanya, “Pa, punten upami éta naon namina? (Pak, maaf kalau itu apa namanya?)” begitu tanya Julian seraya mengeluarkan pulpen, seperti biasa mencatat kata-kata baru dalam bahasa Sunda.

“Oh… éta mah momok ngeunah…” jawab tukang warung dengan serius, tanpa tertawa sedikit pun.

“Momok ngeunah…” gumam Julian sambil mencatatnya.

Setiba di rumah, Julian langsung membuka kamus, mencari-cari kata “Momok Ngeunah”. Berulang kali kamus dibaca dengan teliti, tetapi tidak ia temukan kata “momok”. Kemudian ia mencari kata “ngeunah”. Dan  kata “ngeunah” dengan mudah dapat ditemukan di dalam kamus. (Ngeunah= énak, nikmat). Jadi, pikirnya, memang nyambung karena yang ditanyakannya sejenis makanan. Kalau makanan dinamakan “énak” ya tentu sangat pantas. Tapi… kata “momok” itu yang sulit dicari, sehingga menjadi beban pikiran Julian saat itu.


Terdorong oleh rasa penasaran, Julian langsung menuju kampus UPI Bandung, dan menuju ruangan Jurusan Pensatrada. Di sana ada Pak Dédé Kosasih, beberapa orang dosen, dan kabarnya ada juga profésor. Para dosén menyambut Julian dengan ramah dan bersahabat, karena hampir semuanya sudah menganali Julian.

“Tos dugi kamana diajar basa Sunda téh? Tos aya kamajengan? (Sudah sampai mana belajar bahasa Sundanya? Sudah ada kemajuan?)” demikian kata seorang dosen.

“Atos sakedik-sakedik, nanging aya nu teu acan ngartos… (sudah sedikit-sedikit, tapi ada yang belum mengerti)” jawab Julian.

“Naon anu teu ngartosna? (apa yang tidak mengerti?)”

“Dupi momok ngeunah naon nya? (kalau momok ngeunah itu apa ya?)?” tanya Julian dengan polosnya. Hening sesaat, tak ada yang menjawab. Julian mengerutkan kening, tetapi untungnya  Pak Dédé Kosasih langsung mengajak Julian ke ruangan lain, tentu sambil menahan tawa.

“Saya kan sudah bilang, hati-hati kalau menanyakan bahasa Sunda ke sembarang orang. Karena orang Sunda itu terkadang ada yang suka bercanda…” demikian kata Pak Dédé. Mémang sebelumnya Pak Dédé telah memperingatkan Julian agar berhati-hati. Dan kini, kekhawatiran Pak Dédé menjadi kenyataan.

“Mémang artinya apa?” tanya Julian.

Pak Dédé mendekat, dan membisikan arti kata “momok ngeunah” kepada Julian. Seketika wajah Julian memérah, kesal kepada tukang warung, malu, pingin tertawa, berkecamuk dalam dada. Apalagi teringat bahwa di ruangan dosén Pensatrada, ada beberapa orang dosén wanita.

**

Dakpapo… Cuma sekelumit romantika prosés belajar bahasa Sunda. Kini, Julian sudah pasih berbahasa Sunda, disaat orang Sunda sendiri banyak yang merasa tidak penting mempelajari bahasa Sunda. Nanti kalau bahasa Sunda dicaplok Malaysia, baru semuanya bakal ribut.

Julian telah berhasil membuat sebuah buku kumpulan ceramah KH. A.F. Ghazali, yang ia transkrip dari kasét-kasét KH. A.F Ghazali, kemudian diterjemahkan ke dalam bahasa Inggris. Buku tersebut diberi judul The People’s Religion The Sermons of A.F. Ghazali, diterbitkan oleh CUPUMANIK. Buku tersebut ditulis dalam dua bahasa, yaitu Sunda dan Inggris.

Ketika saya menuliskan pengalaman mengunjungi Ibu A.F Ghazali bersama Julian (17 Désémber 2007) di http://galuh-purba.com, banyak koméntar di situs tersebut dan juga SMS ke nomor HP saya, yang isinya menanyakan bagaimana mencari kasét-kasét KH. AF. Ghazali, karena berniat mau mentranskrip cerama-ceramahnya. Saya hanya tersenyum membaca kalimat “berniat akan mentranskrip”. Baru berniat. Sementara Julian yang jauh-jauh dari Australia sudah melakukannya, dan bahkan sudah dibukukan. Kalau tidak percaya, silahkan beli bukunya di Warung Buku Cupumanik, Jl. Taman Kliningan II No. 5, Bandung, Tlp: (022) 7310625. Bagi yang di luar Bandung, bisa juga pesan melalui situs http://galuh-purba.com.***

13 November 2009

Ngaduruk Duit


Pasualan ngaroko teh sabenerna geus mindeng dibahas ti baheula keneh. Geus loba nu negeskeun mudaratna udud. Aya nu nitenan tina sisi kasehatan. Aya oge nu masualkeun tina segi ekonomi.
Meh sataun ka tukang, DKI Jakarta boga aturan nu ngalarang wargana ngaroko di tempat umum. Nu ngalanggar baris didengda 50 juta. Tapi geuning kitu we, haneut mimitina wungkul. Ka dituna mah teu ieuh dipirosea aturan teh. Tingkelepus we di mana-mana, bari jeung teu ieuh dikukumaha ku petugas ge.
Prof. Quraish Shihab kungsi netelakeun pamadeganana yen ngaroko teh geus deukeut-deukeut kana haram. Malah di sababaraha hiji nagara mah, roko teh geus difatwakeun haram. Tapi masing kitu, MUI tacan sapuk kana pamadegan eta. Aranjeuna masih keneh nalungtik mudarat sejen lamun aya fatwa haram di Indonesia.
Di milis tasik, minggu ka tukang, Kang Ahmad Yasa ngintun sababaraha hijisurelek ngeunaan ngaroko, bahayana ngaroko, oge obat atawa jurus naon nu bisa dipake supaya bisa eureun ngaroko. Saperti biasa, dina surelek nu eusina bahaya ngaroko, Kang Geni mairan:
Matakna sebel urang mah ku ayana pabrik roko teh, da mun seug teu ditewak ku pulisi mah diduruk tah pabrikna. Tah kusabab rek ngaduruk pabrik roko mah ngalanggar hukum pamarentah, keun we dicicil ngaduruk pabrik rokona, sabatang-sabatang :)
Kuring ngahahah. Tapi jadi ras inget kana dongeng ti pun bapa. Kajadian baheula keur usum gorombolan. Dongeng ieu ge ku kuring dialungkeun ka milis.
Pun bapa kagungan emang, Mang Wirya. Nya meureun kuring mah nyebutna teh Aki Wirya, almarhum. Anjeuna teh resep pisan kana nyesep. Nya kitu we kawas Kang Geni, hehe. Mung ari rakana mah, Aki Adi almarhum, henteu. Teu weleh Ki Adi teh sok mapatahan ka Ki Wirya kana bahayana ngaroko. “Sajaba ngaruksak kasehatan, ngaroko teh matak meakeun pakaya!” kitu biasana pok-pokanana teh. Atawa, “Wirya, mun eta
duit jang meuli roko teh dikumpulkeun, bisa leuwih gede manpaatna!”
Tapi Ki Wirya teu gedag kaanginan, teu unggut kalinduan, maju terus pantang mundur. Angger we ngelepus.
Keur ngabuktikeun ucapanana, Ki Adi ngahalkeun ngempelkeun artos unggal dinten saageung artos nu dikaluarkeun ku Ki Wirya jang meser roko
unggal dintenna.
Sabada sababaraha taun, artos kenging kekempel teh tos lumayan. ku Ki Adi dijeujeuhkeun kana bumi. “Tuh, Wirya, duit nu ku maneh didurukan
unggal poe teh, ku Akang mah bisa dipake jang meuli imah!”
Ki Wirya ukur nyengir, “Enya nya, Kang.”
Sababaraha poe ti harita, datang gorombolan. Desa diubrak-abrik. Imah didaruruk, kaasup bumi Ki Adi. Ludes teu aya sesana.
Komentar Ki Wirya, “Matak ge Kang, ulah disakalikeun atuh ngadurukna, sok kalah handeueul. Siga abdi geura, ngadurukna hiji-hiji, ditungtut, moal handeueul teuing.”
Antara sedih jeung hayang seuri nguping dongeng eta teh. Pikasebeleun nya, boga adi teh.

Dongeng Tulang Maung


poé ieu, aing, sakadang kuya keur rungsing. imah sacangkéwok di salah sahiji juru leuwi goong ngadadak bayeungyang. séjén ti biasana, teuing kunaon. biasana sanajan poé mentrang mentring, panonpoé keur meumeujeuhna morérét, cai di lingkungan leuwi goong tetep nyecep. teuing pedah tangkal caringin, tangkal badag terakhir nu ajeg sisi wahangan kamari dituar ku anak buah gan juha. jalema nu pernah kadéngé boga hph di ieu leuweung. jadi panon poe geus teu kahalangan ngabanjurkeun panas kana cai leuwi. media nu pangbisana nyimpen panas.
ngeunaan ngaran gan juha. baheula waktu keur moyan luhureun batu tengah leuwi, pernah ngadéngé dua paninggaran ngawangkong sanggeus balik moro, peuting saméméhna. obrolan luh lah. cenah ayeuna beuki hésé moro téh, sasatoan teuing jig kamana. maranéhna téh los wé ka nyalahkeun juragan juha nu boga hph téa.
geus ah urang balik deui ka jejer dongéng ieu. ngawadul waé mah bisi kasebut ghibah.
beuki beurang beuki rungsing. ras inget ka kisobat. sasarina rebun-rebun geus nyampeur. poé ieu mah teu embol-embol, teuing kamana. euweuh rigig taya ringkang. biasana teu lila sanggeus aing nguniang ti enggon, geus gogorowokan ti sisi leuwi.
"sakadang kuya!? silaing aya euy?" kitu biasana salam si éta mah.
paling ukur dijawab, "kuk!, aya!"
bari haroréam, keteyep nyampeurkeun. maklum masih lulungu. sobat uing nu ieu mémang sok tara nyaho dimangsa.
ah meureun pundung, sanggeus kamari kajadian cau-gaté, cék pikir. geus biasa si éta mah. lamun keur paséa sok pundung. keun anteupkeun, biasana geu tara lila. kalakuan kituna mémang geus remen kajadian. saacan cau-gaté ieu. pernah pundung gara-gara goong kabuyutan. gara-gara melak céngék. jeung gara-gara lianna. asa rada poho mun kudu disebutkeun hiji-hiji mah.
geus ah aing gé males kudu mikiran manéhna waé mah. tibatan rungsing mending jalan-jalan ka urut leuweung nya. disebut urut leuweung téh pédah wé geus teu canéom deui ayeuna mah, tangkal geus coréngcang. sugan panggih jeung manéhna. mun henteu gé jeung sobat nu lianna, sakadang peucang. geus lila teu ngobrol. loba pulunganeun biasana mah. sanggeus ngobrol jeung manéhna sok ngadadak trik-trik anyar mucunghul.
***
euh lain nu diharepkeun, lain nu katémbong. dihareup, ditengah jajalaneun geus ngajogo si raja leuweung atah adol, maung! lamun ningali rérétna mah kadatangan aing geus kanyahoan. jadi geus élat lamun hayang ngejat. males sabenerna mah papanggih jeung manéhna. lain ku nanaon sok asa aing pisan, raja leuweung. padahal mah sebutan kitu cék bangsana gan juha wungkul. terus di klaim ku manéhna. enya ukur klaim, da sapanjang sajarah ieu leuweung can pernah diayakeun pemilihan umum pikeun milih raja. éh naha enya raja dipilih dina pemilu kitu? hi hi hi teuing ah. nu penting mah aing tetep teu ngaku manéhna raja.
kapaksa, horéam-horéam gé terus ngeteyep. ngaléngkah antaré. laun pisan. hi hi hi enya da aing mah teu bisa gancang. jadi lain ku ati-atina ieu mah. ku bakat. bari lempang bari mikiran naon pilakueun lamun si éta macem-macem.
geus deukeut, geleger manéhna nanya, "lakadalah, rék kamana kuy? kabeneran silaing datang, déwék keur lapar yeuh. ti isuk can manggih sasarap".
yéy si kéhéd, cékna haté. asal engab pisan. abong huntu rangéténg, ménta dahar sangeunahna. ah urang gawéan siah.
"ah biasa wé ung, jalan-jalan ngaleupaskeun karungsing. miceun pipikiran pakusut. sugan meunang ilham nu lempeng", cekéng sangeunahna.
"tah pan kabeneran cék déwék gé tadi. kabeneran silaing rungsing. kabeneran déwék boga ubarna. rungsing silaing leungit. déwék meunang ganjel beuteung. adil pan?"
adil-adil tai ucing siah.
"nya seug wé atuh ari matak ngeunah ka didinya mah. kuring ridho. ngan cék guru, awak kuring mah teu kuat di duruk", kabeneran di leuweung ieu mah satona tara dahar daging atah, kabudayaan geus maju jiga manusa.
"beu, teu percaya déwék mah. can manggih ajian nu bisa nahan panasna seuneu. pernah ngadéngé gé mukjijat bogana nabi Alloh, ibrohim nu teu teurak waktu diduruk ku raja namrudz. sedeng mahluk biasa mah asa can aya. cangcaya déwék mah."
"hih, éta kumaha didinya wé. rék percaya rék henteu".
"geus lah ayeuna mah yu urang néangan lemah nu rada lega sangkan seuneuna teu ngaléntab kamamana. urang buktikeun naha silaing bisa didahar ku déwék atawa henteu."
"nya seug atuh."
bring duaan, aing digiring ku manéhna néangan lemah nu rada lega. pura-pura pasrah, pura-pura sadrah. enya da lamun kudu ngalawan ku kakuatan fisik mah asa pamohalan. éléh gedé éléh tanaga. rék lumpat, karuh éta mah pang teu bisana. ayeuna mah kari pakuat-kuat otak wé.
teu lila néangan lapang. da puguh leuweung kari tegalan. kai gedéna ukur ngari. tinggal rungkun kiara, palingan.
ditengah tegalan maung nyieun lombang. geus réngsé. aing dititah cicing ditengahna. manéhna ngabugbrugan ku kai. nu kabeneran pasoléngkrah loba, sésa dahan tangkal panuaran. kacida garingna. usum kapat keur meumeujeuhna panas. abong lamun teu lila sanggeus sut di sundut, langsung ngagedur jadi seuneu nguntab-nguntab. rada gimir ogé mun mikir kabeulah dinya mah. reugreug sotéh pedah boga trik nu cék rarasaan mah, sampurna.
suluh beuki numpuk. ngagunung jigana mah, da karasa beuki beurat nindihan awak. nya ayeuna yeuh trik kudu dilaksanakeun. bisi leuir teuing.
***
seuneu ngagulidag (hihihi jiga banjir nya?) silalatu rabeng nambahan panas panonpoé. langit teu riuk-riuk, ningalikeun kalakuan sakadang maung nandasa sakadang kuya. rada lila seuneu ngagayeum suluh, najan enya gé garing kacida, sanget pisan malah, tapi ari ku loba mah keukeuh wé kudu lila. komo ieu najan maung cangcaya kana élmu kuya, tetep jaga-jaga bisi enya. kuya dibeuleum nepi ka ruhak panungtungan jadi lebu. keun wé cénah rada génghék gé tinimbang kuya hirup kénéh.
seuneu geus pareum pisan. tinggal angin nu rabul, milu cucurak. ngadahar lebu nu numpuk. biur arindit deui. ningalkeun maung nu olohok ningali aya nu kukurumuyan kaluar tina jero lombang. kagét ningali awak kuya masih beleger. teu cécél teu bocél teu lécét-lécét acan.
***
"hébat kuy, bener geuningan silaing boga élmu rohaka. élmu meruhkeun panasna seuneu", cék maung. ayeuna dangongna teu songong. semu-semu ajrih ka sakadang kuya. cék pamikirna kuya ieu sakti yeuh. jigana teu seuneu waé jagona téh. sihung gé moal metu kana awak kuya.
"ah biasa wé éta mah. diajarna gé gampang kacida", cekéng mimiti ngirabkeun kecrik keur ditebar.
"ah maenya, jigana lila nu kitu mah, perlu tirakat nu lila, matigenina gé meureun leuwih ti opat puluh poé opat puluh peuting", maung mimiti asup kana bubu.
"teu, teu hese teusing, tinggal apalkeun jangjawokan wungkul".
"maenya? cing atuh kuy, béjaan déwék bag-baganna?", panon maung katingali meredih. kecrik geus ngarungkup.
"ah embung, maenya kudu méré jangjawokan sakti ka mahluk nu tadi rék ngahakan", api-api. supaya kecrik leuwih ngajiret. lauk geus moal bisa hojah deui.
"plis kuy, hampura wé kalakuan déwék nu tadi. éta mah bawaning ku lapar pisan. teu nempo nu dihareupan mahluk manggulang mangguling sakti euweuh tanding", heu heu heu ngolo siah. bisaan.
"hmmmmm…", leungeun sidakep. jiga nu mikir. padahal haté mah geus surak titatadi. lakadalah jadi yeuh males dendam.
"plis….", maung beuki meredih.
"heug atuh ari kitu mah, apalkeun yeuh jangjawokanna:
trang-trang koléntrang,
si londok paéh nundutan,
tikusruk kana durukan,
mesat gobang kabuyutan
", (lagu sakainget wé nya).
"ukur sakitu kuy?".
"enya sakitu gampang pan?".
"his ieu mah lain gampang deui, gampil pisan. tapi bener sakitu? jadi cangcaya".
"ih ari didinya! pan geus neuleu buktina tadi! kudu dibuktikeun kumaha deui atuh!", cekéng pura-pura kasigeung.
"tong ngambek atuh kuy. déwék percaya ayeuna mah. mun jangjawokan ukur sakitu, ayeuna déwék geus apal. ngan asa hayang ngabuktikeun sorangan euy. kumaha?"
"nya sok atuh ari geus wani mah"
***
awak maung geus nyangkorah, ngaringkuk jero lombang. lombang meunang nyieun manéhna sorangan. da aing embung kudu mangnyieunkeun mah. alesanna téh cekéng maenya awak sagedé kieu kudu nyieun lombang keur awak manéhna nu sakitu halughugna.
teu poho awakna dibebed ditalian. hasil ogé, ngolo manéhna sangkan daék. dibohongan. sangkan mun karasa panas saeutik teu kabur. cekéng téh lamun nu mimiti sok rada ngahéab kénéh.
suluhna ge geus numpuk di sisi lombang. mun dibandingkeun jeung tumpukan runtah di bandung jigana mah sababad. géséh gedé saeutik. ogé meunang ngumpulkeun manéhna.
saeutik-saetik suluh diasupkeun ka jero lombang. geus bérés. gur dihurungkeun.
"ung, geura baca jangjangwokanna", cekéng.
"siap kuy", cénah. kadenge manehna norolang maca jangjawokan ti aing tadi. enya apal. seuneu beuki ngabebela. gedé jauh leuwih ti nu tadi jigana mah.
"sakadang maung kumaha?".
"enya euy kuy rada panas geuning".
"biasa éta mah", hate ngagakgak. katipu siah ontohod.
unggal sapaparapat jam ditanya. ngan jawabanna beuki lila beuki laun. nu ahirna jep teu nyoara deui. lila-lila seuneu pareum. tinggal ruhak nu burahay. ditungguan nepi ka kari lebu. geus kitu mah dikoréhan ku rokrak. goréhél sakadang maung tinggal tulang.
teu riuk riuk sedih ningali batur saleuweung kari bugang. kari tangkorék bodas. teu, teu pisan pisan ngarasa dosa. nu aya gumbira bisa males hutang!
ningali tulang suku maung jorojoy meunang ideu. ujug-ujug gelik sora saksoponna keni g dina tembang forever in love, ditéma gelikna suling dipirig jentréng kacapi dina mamaos kembang tanjung. hih da atuh enya paporit aing mah sagala nu ditiup. lagu paporit gé pan balonku ada lima.
cék pikir alus jigana mah. antik. boga suling tina tulang maung. ngan barang dicoba ngaliangan teuas kacida.
abong poé ieu keur kaurugan untung. geleber aya bangbara hideung. lakadalah, bisa yeuh jigana mah dipéntaan tulung. nya terus dicalukan.
"sakadang bangbara, kuring bisa ménta tulung teu? kitu gé mun didinya salsé".
geleber bangbara ngadeukeutan. teup eunteup dina tangkal jukut deukeuteun.
"kabeneran kuy, kuring keur salsé. aya naon kitu, sok atuh omongkeun aya kasusah mah. sugan bisa nulung", cénah soméah. sorana ngahiung.
"ieu ra, kuring boga tulang maung. hayang nyieun suling. bisa teu pangliangankeun. hiji liang di dieu. lima deui deui beulah dieu, dieu, dieu, dieu jeung dieu".
bener keur untung jigana mah. teu kudu hésé ménta. nya ngunggg diliangan bangbara, sapaménta. teu lila da geus biasa. keudeung gé réngsé. liang geus jadi sagenep-genep. aing ngan bisa males ku kecap nuhun. bangbara narima. ber deui manéhna hiber.
ngan basa hiberna geus jauh. asa kaingetan tungtung tulang pan pongpet duanana. rek ngagorowok asa moal kadéngéeun. barina ge asana mah liangna nu hiji deui mah teu buleud. dasar keur untung. kadéngé sora toroktok manuk caladi. nya dijugjug. katempo manéhna keur ngaliangan tangkal ki hujan pikeun sayang.
"sakadang caladi meunang ngaganggu sakeudeung?", cekéng ngawanikeun manéh.
caladi reg eureun heula. pokna nanya, "aya naon sakadang kuya?"
"kuring boga tulang maung, hayang nyieun suling. liangna mah geus dijieunkeun ku bangbara, ngan liang paranti niup can dijieun, tungtung tulang nu hiji deui masih pongpét. meunang pangnoktrokeun sangkan liangan?"
sakali deui, dasar keur untung! cék caladi, "hih ari ukur sakitu mah asa moal kaganggu pagawéan kuring, cing kadieukeun tulangna".
teu kungsi lila. suling tulang maung geus jadi. aing nganuhunkeun ka sakadang caladi. gandeuang lempang deui. senang ayeuna mah suling geus jadi. kari nyieun suliwer. gampang tinggal nyiar awi. tuh geunig belah ditu aya awi tali. awi alus keur nyieun suliwer.
geus jadi nyoba dipecakan. pel liang tungtung suling ditapelkeun. puhhh ditiup. gelik soraan, nga didéngé-déngé geuning can ngawirahma. jigana mah kudu disetém heula yeuh. masih sumbang. saha deui nya nu bisa dipenta tulung.
(kusabab kuring-dh- teu nyaho dirupa sireupeun jeung teu apal cangkem naon ari dipasieup, urang kira-kira wé kieu.)
deui-deui sakali deui, dasar keur untung. panggih jeung sakadang sireupeun. nu jago nyetém sarupaning waditra musik. manéhna ogé jiga nu séjén teu hésé nedunan paménta. suling geus dipasieup (disetém). dicobaan. suling geus teu silung deui. sajajalan hahariringan nyiptakeun lagu. sok, diasupkeun kana sora suling kieu laguna téh:
trét trot trét trot
suling aing tulang maung
diliangan ku bangbara
ditoktrokan ku caladi
dipasieup ku sireupeun
torotot torotot héooongggggggg…

sajajalan mawakeun lagu éta terus. euweuh kabosen. jiga budak nu karék dibéré momobilan ku bapana. can rusak mah moal waka eureun. keur anteng. ari gurayang, ari kadéngé cekrah cekroh. euh ki sobat yeuh….. batur gelut. (dh)

Calon Minantu

Dasar si Euis mah rayungan, aya Jumad kulap kelep dilayanan, aya Badrun kucap kiceup langsung nempel, aya Kohir kalalar kililir kapipir langsung naksir, atuh puguh we pas malem minggu tilu tiluna datang. Kituna mah pantes saha lalakina, mun dibere hate ku awewe teu langsung disusul tepus, teu dibere ge kadang sok keukeureuweut.

Ningali nu datang aya tiluna, bah Jelug bapana si Euis haripeut cakah cikih pacampur jeung reuwas, sabalikna Euis mah kalem we siga nu euweuh karingrang.
" Teu salah eta teh kabogoh hidep aya tiluna ?" ceuk bah Jelug ngaharewos ka Euis.
" Muhun bah, puguh abdi ge bingung margi tilu tiluna loloselectrocal treshold, tilu tiluna langkung ti 3% tos mahugi ka abdi !" jawab Euis ngajelaskeun.
" Jadi kudu kumaha atuh, da pamohalan dipilih tilu tiluna ?"
" Mangga ku abah talek heula, visi sareng misina !"
" Mun geus ditanya visi jeung misina, terus nanya naon deui ?"
" Upami tos terang visi sareng misina, karek taros program 100 harina !"
" Heug atuh ari kitu mah !" ceuk bah Jelug bari terus muru ruang tamu.
" Eheeemmmmmmm !" bah Jelug dedehem. Kontan tilu tiluna ngarenjag, padahal harita keur anteng silih pelong,silih polototan,silih herengan, ngan henteu ari keur silih cakar mah.

Sabada ngenalkeun jeung ngobrol ngaler ngidul, kakara bah Jelug ngomong anu ngajurus ka masalah anakna.
" Kieu nya abah mah, salaku sepuhna Euis wajib naros ka sadayana, ngan abah ge sakedikna tos surti maksud sarumping kadieu teh panginten sanes jabung tambuh laku, sanes lunta tanpa seja, sanes kitu ?" ceuk bah Jelug ancad pisan.
" Leres pisan bah !" tilu tiluna ngajawab ampir bareng.
" Kukituna abah mah bade langsung we naros kasadyana, naha bade leres leres miharep ka Euis teh ? Upami bade leres leres, naon visi sareng misina? Cobi jang Jumad heula !" ceuk bah jelug bari ngareret ka Jumad anu diukna paling pojok.
" Sumangga Bah...singketna kieu Bah, dumasar kana saling cinta, atuh platform katresna anu sami, sareundeug saigelan, silih asah silih asuh, nya abdi teh gaduh tekad hoyong mileuleuheungkeun anak abah, tah kitu Bah !"
" Oh sae...sae..ari ujang kumaha ?" bah Jelug neuteup seukeut ka kandidat kadua nyaeta Badrun.
" Sami sareng nu ti payun !" jawab Badrun pondok.
" Ari ujang ? cik cik cik..abah hoyong terang naon visi sareng misina ?" tanya bah Jelug ka Kohir.
" Saleresna abdi ge sami sareng kandidat sanesna Bah !"
" Oh kitu..ayeuna patarosan abah nu kadua. Naon anu nek dijalankeun 100 poe kahareup, upami haridep diparengkeun ngajodo ka anak abah..sok saha heula ?"
" Abdi Bah !" Badrun sumanget.
" Moal kantos 100 dinten, abdi bade ngadamel gedong sigrong, meser mobil mewah, jalan anu kalembur abah bakal leucir diaspal, tah kitu Bah !"
" Abdi ge sami sareng Badrun..Bah !" Kohir langsung nyamber. "Ngan aya langkungna...salami 100 dinten dijamin neng Euis bakal lalieur sarebel, pondokna namah teu kantos sataun satengah ti nikah insyallah bakal masihan incu, nya etang etang hadiah kanggo abah !"
" Oh..sae..sae..sae pisan ! Tah ari jang Jumad ?" bah Jelug ngareret ka Jumad.
" Ari abdi mah teu kedah ngantosan 100 dinten bah, dalah ayeuna ge neng Euis tos lalieur sarebel, upami teu percanten mah taroskeun wae ka jinisna !" ceuk jumad anteb
" Bener eta teh Euis.... ?" bah Jelug kekerot.
" Leres bah...abis kang Jumad lebih kul sih !" jawab Euis bari ngeluk tungkul.
" Behna mah pangacakan batur...dewek Bedoooo !" Badrun ngabengbeos.
" Sarua dewek ge teu sudi abrig-abrigan ari seken mah, kajeun bedo.... bedoooooo !" Kohir ngabecirr.

Tamu Atah Adol

Bada isya kurutak Juhe datang ti panyabaan bari jeung rarebo kukasono, rangkibung ku rasa rindu lantaran meh tilu bulan teu balik kalembur. Ti terminal keneh beungeut pamajikanana geus ngongkolak wae dina panon, kumejot hayang geura numplekeun rasa kasono. Kituna mah pantes, da waktu ditinggalkeun nyaba, sasatna keur anyar papangantenan keneh. Ningali salakina datang, Sari anu keur anteng nonton sinetron dina tivi, langsung ngabageakeun ku paroman anu marahmay tanda gumbira.

" Damang kang ?!" pokna bari solongkrong ngajak sasalaman. Dua dampal leungeunna patarema. Seeer jeduuud ! Jeleguuur.....!! Dua rasa diadu ngajadi hiji, lir ombak laut kidul anu keur meujeuhna motah.
" Alhamdulillah, kumaha sawalerna ?" ngajawab semu haroshos.
" Pangesto kang !" dijawab ku Sari anu teu weleh dipasieup ku imut anu ngagelenyu.

Wanci geus nunjukeun jam dalapan peuting, hawa geus mimiti nyilingit tiris, Juhe siga nu geus teu sabar, panonna meus meus ngareretan lawang panto kamar, ari Sari jongjon nyolokan chanel tivi ku gagang sapu minangka remotna.

" Kang bilih bade leleson, mangga tipayun abdi bade ngoncian panto heula !" ceuk pamajikanana surti. Karek oge nek cengkat ngajungjung, tiluar aya nu uluk salam.
" Assalamu alaikum !" sora semah meuni nyelengkeung.
" Waailakum salam !" Dua duana meh bareng nembalan,hatena sarua pada pada mentegeg.
" Sikasebelan aya aya wae !" kitu meureun nu ngarakacak dijero hatena.
" Geuning silaing, Bro aya naon euy peuting peuting !"
" Puguh ngahaja euy, da ngadenge aya beja yen ente datang, nek menta ududeun !"
" Kaparengan can meuli euy poho !" Juhe alesan, padahal dina kantongna aya kana dua selopna.
" Keun wae atuh ari kituh mah, nek ngadon lalajo siaran mengbal we dina ditivi, kaparengan aya siaran langsung liga inggris, tas acara mengbal bejana aya acara siaran langsung wayang golek sapeuting jeput !" ceuk Ibro teu euleum euleum. Ngadenge kitu angeun Juhe ngadadak seueul, maenya nek ngadeluk maturan semah,ngan dipikir deui maenya aya semah dibuburak titah kaluar.

" Nyi suguhan atuh, maenya semah dianggurkeun wae, pan cikopi pait mah aya lin ?"
" Mangga kang !" satengah kapaksa, Sari ngojengkang kadapur nek nyieun cikopi jang tamuna.
Keur guntreng ngobrol,pes listrik teh ngadadak pareum, Ibro anu kadedemes nongton mengbal handeueuleun, manehna gura giru balik lantaran inget kapamajikanana lamun pareum listrik teh sok kuwawang keweweng neangan cempor.
" He...lain teu sono dewek nek balik euy !" ceuk Ibro bari ngajaweng lampu senter anu tadi dibawa.
" Heueuh jig...kahade dijalan poek, mangkaning imah dewek mah pan mencal jauh tibatur !" Hate Juhe asa bungangang.

Heuleut sababaraha waktu, bray listrik teh caang deui, Sari nyerengeh seuri bari nyampeurkeun ka Juhe pok ngomong.
" Aman ayeuna kang teu kudu diusir geuning semah teh !"
" Naha dikumahakeun kitu listrik teh bet kawas nu ngarti ?"
" Ku abdi meteran listrikna diturunkeun kang, keuheul atuh da !"
" Hebat lah !" Juhe ngacungkeun jempol.
" Ayeuna bade neraskeun nongton mengbal atawa bade leleson kang ?"
" Raosan mengbal dikamar yu...urang ngadu pinalti jeung akang !"

Kakara ge nek singgolehe, diluar kadenge aya nu gura gero.
" He...geus teu aliran deui euy...nek nuluykeun lalajo tea !" Horeng nu gura gero teh Ibro.
Nu dikamar simpe euweuh nu nembalan,nu kadenge sora si Ibro gura gero deui.
" Adeuw suku aing..suku aing kagencet !" bari terus lumpat balik deui kaimahna.
" Nya kunaon ari si Ibro make ceuceuleuweungan kitu ?" ceuk Juhe ngaharewos.
" Puguh ku abdi dilawang panto di pasangan senteg beurit kang !"
" Heuheuy hebat euy....eh tuh nya jadi poho...ari tadi geus sabaraha tendangan pinalti teh ?"
" Pami teu lepat....nembe tilu kang !"
" Har lain karek dua ?!"
" Huz sok korupsi...sok atuh uihan deui tihiji!"
" He..he...kau tau yang ku mau...kemon beiy beuh !" ceuk Juhe bari singkil deui

WAYANG

Wayang téh kasenian anu sumebar di sakuliah Nusantara. Di Siam, Malaysia, geus puguh di Indonésia mah méh di saban daérah aya kasenian wayang sanajan béda-béda wangunna.

Di Jawa Barat aya wayang golék aya wayang kulit. Wayang golék jiga bonéka, dijieunna tina kai, tilu diménsi. Ari wayang kulit, dijieunna tina kulit munding, dua diménsi, nu dilalajoanana kalangkangna dina layar. Cenah nya éta pisan sababna anu matak disebut wayang téh, nyaéta bayang-bayang atawa kalangkang. Wayang golék mah lain kalangkangna anu dilalajoan téh, tapi bungkeuleukanana. Wayang golék aya dua rupa, wayang golék Purwa jeung wayang golék Cepak atawa wayang golék Ménak. Wayang golék Purwa ngalalakonkeun carita nu dumasar kana Ramayana jeung Mahabharata nu asalna ti India. Wayang golék Cepak (disebut kitu sabab sirahna cepak atawa papak) ngalalakonkeun carita legénda jeung mitologi nu aya di urang atawa carita da’wah Islam anu asalna ti Persi nyaéta carita Ménak Amir Hamzah – nu matak sok disebut wayang golék Ménak. Amir Hamzah téh ménak kaom Kurésy, pamanna Rasulullah anu dina éta carita teu eureun-eureun naluk-nalukkeun bangsa kapir Majusi anu dipinangsaraya ku mitohana sangkan merangan ménak Amir, tapi kabéh gé kasoran sarta arasup Islam da Ménak Amir salian ti sakti mandraguna dibantuan ku emangna nu digjaya nyaéta Umar Maya.

Wayang kulit sumebarna di daerah Cirebon jeung Jakarta. Nu di daérah Cirebon (kaasup Indramayu, Kuningan jeung Majalengka), ngagunakeun basa Jawa Cirebon. Gamelanana Pélog, lalaguanana khas Cirebon atawa Kaléran. Ari nu di Jakarta ngagunakeun basa Batawi, tapi gamelanana Saléndro, lalaguanana Sunda, kawihna ogé basa Sunda. Ari wayang golék Purwa sumebarna pangpangna di Priangan tapi tuluy sumebar di sakuliah Jawa Barat, kaasup Jakarta. Gamelanana Saléndro, lagu jeung kawihna Sunda. Dina taun 1950-an mah aya dalang wayang golék anu kakoncara di Jakarta, jenenganana Dalang Entah. Ari wayang golék Cepak sumebarna di daérah Indramayu jeung Cirebon. Gamelanana jiga gamelan wayang kulit Cirebon, laras Pélog jeung lagu-lagu Kaléran.

Boh wayang golék boh wayang kulit, baheula mah dipintonkeunana téh di nu hajat. Barudak dialajar lalajo wayang jeung karawitanana téh ari diajak kondangan ku kolotna, atawa ari di lemburna aya nu nanggap wayang. Tina lalajo, barudak terang malah apal kana tokoh-tokohna jeung kana lalakon galurna, kitu deui kana lagu-lagu anu mirigna. Terang jeung apal kana pancakaki antar tokoh wayang. Kana jimat-jimatna, kana kalemahan-kalemahanana para tokohna. Jalma resep lalajo wayang ku sabab pedaran dalang nu dianggap “ngudal piwulang” nu bisa dijadikeun cecekelan dina jeroning hirup kumbuh. Aya mangsana pamor dalang nyirorot ku sabab piwulangna henteu bisa méré cecekelan pikeun nyanghareupan jaman anu barobah. Dalang ngan ukur jadi propagandis program pamaréntah anu henteu dibayar. Nepi ka aya mangsana dalang kaéléhkeun ku sindén, da jalma lalajo wayang lain ku lantaran rék ngabandungan lalakon anu dipedar ku dalang, tapi rék ngabandungan kawih nyi sindén. Dina mangsa harita sindén téh calikna ogé dina méja saluhureun dalang. Mun rék lalajo wayang anu ditanyakeun téh lain saha dalangna, tapi saha sindénna. Atuh da harita mah honor sindén cara Upit Sarimanah jeung Titim Patimah jauh mela-melu saluhureun biduan nasional cara Titiek Puspa. Titim jeung Upit geus milang juta, Titiek Puspa mah masih kénéh puluh réwu.

Tapi jaman emas dalang jeung sindén téh geus liwat. Ayeuna nu harajat tara nanggap wayang. Aya kénéh kétang sakapeung, tapi langka pisan. Di Cirebon jeung Indramayu, ari aya nu nanggap wayang kulit diserbu ku barudak ngora anu ménta sangkan jadi dangdutan. Dalang anu ngawula kana kahayang anu lalajo, kapaksa nyumponan éta paménta. Nu keukeuh hayang neruskeun kasenian warisan karuhunna, henteu aya nu nanggap.

Kaayaan wayang golék henteu (acan?) parna kitu. Munculna dalang Asép Sunarya dianggap bisa ngahudangkeun minat anu ngarora kana wayang golék. Asép némbongkeun diri yén bisa ngigelan kahayang jaman. Rupa-rupa tarékah (trik) dijalankeun antarana ku ngagunakeun hasil téknologi cara listrik jeung batré. Tapi tarékah kitu téh henteu bisa lana, sabab nu lalajo kaburu boseneun, padahal dalang tacan manggihan trik anu anyar. Sanajan kitu Asép masih matak resep ku sabab kritik-kritikna anu seukeut tapi humoristis. Tapi éta ogé moal bisa tuluy-tuluyan dipikaresep lamun dalang henteu imeut nuturkeun kahirupan masyarakat.

Lamun henteu, baris kabawa palid ku rupa-rupa tarékah anu beuki ngajauhkeun pintonanana tina wayang, da sakapeung mah geus lain golék deui anu maraénna téh tapi dalangna ku anjeun jeung bodor lianna cara anu sering kabandungan dina siaran telévisi.

Tangtu tarékah kitu téh dina raraga ngudag sangkan pintonan (télévisi) téa rating-na angger luhur, hartina aya nu ngalalajoan. Tapi terus-terusan ngigelan kahayang anu lalajo moal aya tungtungna, dina harti pintonanana baris beuki jauh baé tina tradisi wayang.

Nu matak karasana ironis, dina waktu kaayaan wayang di urang nyanghareupan krisis nu pohara sabab nu lalajona geus arembungeun lalajo wayang tradisional tur dalangna ogé henteu pageuh nyekel kana tradisi da hayang ngaladénan kahayang anu lalajo, UNESCO ngumumkeun pangakuanana yén wayang téh salah sahiji kasenian linuhung dunya anu kudu dijaga jeung dipusti-pusti. Dijaga jeung dipusti-pusti ku saha? Nu bogana (masyarakat nu boga tradisi wayang) geus henteu maliré, da nu dituturkeunana paneka jaman anu mawa imbas globalisasi. Dangdut anu ayeuna popularitasna ngéléhkeun kasenian-kasenian rahayat di sakuliah Indonesia, apan saenyana mah salah sahiji wujud globalisasi, da dangdut mah datangna ka urang ti India via kasenian orkés Malayu anu disokong ku modal kuat, nyaremkeun kasenian tradisi anu teu disokong ku sasaha, kaasup ku nu mibogana (da henteu bogaeun modal kuat atawa nu bogaeun modalna henteu bogaeun visi anu jembar tur séhat, henteu paduli kana kahirupan budaya karuhunna) jeung ku pamaréntah anu ti barang gubrag henteu nganggap penting kana kabudayaan jeung kasenian salian jualeun ka wisatawan asing.***(Ajip Rosidi)

LAIN RASIS

Sim kuring boga pamikiran, jalma anu mikaresep - komo nepika mika deudeuh- kana budayana sorangan - teu aya hubungannana jeung rasisme. Malah, Kuring bakal ngacungkeun jempol , ka jalma model kitu. Jelas, aya beda antara rasis, chauvisis jeung wajar! Rasisme nyaeta paham nu boga anggapan yen ras dirina nu paling luhur.

Lamun aya jalma anu masih keneh mikaresep kana budayana sorangan masih bisa disebut wajar. Lamun aya jalma anu agul ku budayana sorangan, terus boga anggapan budaya sorangan di luhur sakabeh budaya nu aya di dunia, eta bisa di sebut jalma nurustunjung.

Ngan, aya nu leuwih owah atawa gelo, nyaeta jalma anu teu mikaresep kana budayana sorangan. Jalma anu ngajebian kana kasundaannana. Eta mah geus kaasupkeun jalma kurang -ajar, malah " manusa" model kitu kudu diasupkeun ka " Lembaga Pemasyarakatan Khusus!"

Tah, baraya... Ari baraya asup kana golongan mana, rasis, wajar, atawa kurang -ajar?

Standar evaluasina mah gampang pisan, coba..apal keneh meureun baraya kana katimus, bakecrot, jeung sibanyo???

Atawa baraya leuwih apal kana hamburger, pizza, jeung just kidding???

TYPICAL OF SUNDA


1. Hydrocotyle is creeping plant and usually likes applied for fresh vegetable ( food penyerta sambal), this plant usually grows in rice field area and grows by itself without having to is planted beforehand, form of its(the leaf is little almost looks like kangkung.
2. Asem is plant that is likely as according to its(the name is asem, this plant has two types, that is acid with a real big tree and height of can be reach flogging meter, and acid which its(the tree only was maximum stick and height only reaches one meter. Fruit of asem (acid) this many applied as kitchen flavor, cosmetic and deodorize body.
3. Amaryllis is plant which its form like onion and likes made [by] ripe flavor, its form conspecific of corm, ahead sometimes likes applied to stick on at beat making, leaf looks like screw pine leaf and grows in damp area and grows by itself, but now amaryllis have been conducting.
4. Balakacida, this plant named balakacida because its form like coppice, this plant often applied to cure hurt for example cuted, with this plant , hurt would quickly drought, form of this plant looks like prosperity tree ( mount) at puppets with its(the leaf side is jagged, growth zone usually in brush wood, consists with bush.
5. Beluntas is liking plant applied for quickset, looks like bidara and has special quality to deodorize body by the way of soaking its(the leaf with temperature water, after cool then is drinked, and late drug of month.
6. Bengkuang is plant looking like corm with white its contents, grows in damp area by itself, now applied for face skin bleaching cosmetic, ahead applied for rujak.
7. Bencoy is conspecific fruit plant of ménténg with red its contents and likely asem, form of physical of like marble.
8. Bonteng is plant creeps with conspecific long fruit of watermelon, applied for fresh vegetable and vegetable as well as skin freshener cosmetic.
9. Chickpea is conspecific fruit plant of similar legume kapri with tree creeps usually applied for vegetable.
10. Calingcing is fruit plant which the taste is very acid, by bearing fruit like grape; wine which form of its(the tree is big, bears fruit starting from tree rootstock, applied for ripe flavor of substitution asem. Now have been produced to become candy.
11. Cangkudu ( mengkudu) be big its form plant equal to fist of hand with fruit which like having leaf bud scale and its(the mengkudu is delicious is eaten after steamed. Recently mengkudu hardly causes a commotion that is considered to be multipurpose fruit because can heal various diseases, and now have been produced by apotek in the form of capsule with expensive relative price.
12. Cariu is fruit plant looking like jengkol, with form of gepeng and usually eaten by new woman borne with bitter taste of vulgar, its form very small like peppermint.
13. Cécéndét is fruit plant which form of its (the fruit like small marble and beloved, and root of it’s (the tree is hardly good to back ache, by the way of braising root then is drinked it’s (the water.
14. Dadap is in the form of liking tree used to shelter tea tree.
15. É céng goitre is plant growing in water or pool which good for place of sheltering fish with puffy bar like balloon.
16. É més is plant creeping with form of like long pentagon liked applied for vegetable and hardly good to digestion because containing fibre. Grows in medium area.
17. Crank is leaf plant applied for vegetable, grows in cool area like Lembang.
18. Gadung is corms plant like talas but growing of creeping, its (the corm is poisonous if direct is eaten, can be eaten if it is soaked in river which it’s (the water flowing during 6 last month is made food like flaky.
19. Ganyong is plant which its form approximant looks like talas but its (the difference form of it’s (the corm present integer there are many made [by] food like flaky.
20. Golodog panto is plant fruit of mundu with elm and edible but likely fairly not delicious.
21. Gunda is plant growing in rice field area growing by itself with form of handle like papaw tree, its (the leaf is lamellar hiris with fruit of looking like mengkudu or cangkudu.
22. Hangasa is plant looking like honjé with fruit of is in the form of bydm soriyt below (under tree comes near soil; land; ground the taste is acid.
23. Hanjuang plant which it’s (the leaf looking like screw pine but rather big and wide with rather reddish color applied to wrap bean.
24. Divisible Haréndong two that is haréndong gedé and haréndong leutik, its form looking like terong which the taste is sweet usually many met in damp area.
25. Hiris is legume plant which it’s (the tree can exceed 2 meter to like used for karedok or called as also ketoprak.
26. Jaat creeping plant looks like string bean but its form like belimbing and usually at public applied for fresh vegetable that is the taste is delicious.
27. Jambe is plant of the same nation palm which it’s (the fruit used for melambar (nyeupah) and usually tree trunk jambe used for capture or climbs areca in event of toning up independence red-letter day.
28. Jamlang plant which its (the fruit integer that is the taste is abusive mix beloved and if (when matured of its (the color becomes squeezing is black usually applied for flavor sambal.
29. Distance is plant looking like kaliki its (the leaf is commonly use for maturation of usual fruit buried or in its (the Sudanese in empos.
30. Jawér kotok is plant which its (the clump and foliage color is ordinary wine-colored at Sunda public used as drug, form of leaf jawér kotok like jawér chicken.
31. Jéngkol is usual plant used as lauk to eat at Sunda public and in it poisonous which able to result pain to urinate (jéngkoleun ).
32. Jonghé be plant that is usually is found in rice field causeway and grows x’self usually is used fresh vegetable.
33. Kahitutan is plant which if (when its (the leaf in breaking can generate aroma like aroma kentut.
34. Kanyéré is plant which it’s (the fruit there are directed leaf hilt its form integer equal to fruit of centé usualy is used children as bullet.
35. Karuk is flower fruit of jambu stone.
36. Kaso is plant looking like grass but very height looks like trubus and it’s (the flower looking like sugar cane.
37. Kawung is sugar palm tree which a lot of its(the usefulness, its form is palm, result from tree kawung is sugar kawung, fibre of palm tree, leaf and fruit of kolang-kaling, puts ash bar kawung can be made for cosmetic, to whiten skin.
38. Cinnamon is plant containing sweet gist; sari like saga, its (the root is usually used for sprue drug.
39. Kelewek is seed picung which in the form of plant having seed to poisonous, but if have been processed can to be eaten, used as lauk.
40. Kelewih is tangkal having fruit like bread-fruit but kelewih has scale, kelewih which still be young usually is used fresh vegetable like young jackfruit, and old kelewih usually likes taken its(the scale for diolah.
41. Kérsen is plant which its (the fruit is little which the taste is beloved, usualy is found in area is being.
42. Kesemek is fruit plant, which it’s (the fruit is delicious to be eaten like before matured soaked in water apu, grows in cool place, example of in area Garut.
43. Kiara is sycamore tree wishes but its (the leaf more widely and its (the leaf is rather firm.
44. Famous is sycamore loa, its (the fruit is usually is used keen drug, its (the color is rather yellow its form like quill.
45. Koneng is root plant which likes laja, likes applied for ripe flavor or drug maag, and still many again.
46. Coffee likes fruit plant applied [by] beverage profit, coffee seed poisonous in the form of caffeine, and having special quality to eliminate sleepiness taste.
47. Kopo is conspecific tree of jambu water, it’s (the leaf which still be young liked used for friend sambal.
48. Yoke is plant creeps like waluh white color with interest and its (the fruit is in the form of like jar, and there is also is length, yoke which still be young can be made vegetable.
49. Moustache ucing is plant having interest looking like catkin, can be used for kidney drug.
50. Key is plant in the form of usual turmeric liked burnt, which also able to food flavor that is the taste is beloved.
51. Protactinium is fruit plant which form of its (the fruit is circular equal to marble, if (when matured of its (the color is rather to purples, the taste is acid beloved.
52. Laja is plant in the form of root like turmeric; likes used for food flavor, drug for skin disease for example mange.
53. Lampuyang is conspecific plant of jahé is liking used for child herb (brainwashed).
54. Limus is conspecific fruit plant of mango has many fibers.
55. Loa is plant which like beunying, its (the fruit is delicious is eaten.
56. Lobbys is plant which its (the fruit is domed like kereleng, red fruit color if (when matured the taste is acid, likes made [by] candy or cellé.
57. Papyrus is conspecific plant of palm, which at away back its (the leaf is often used to write.
58. Malaka is fruit plant which its (the fruit is globular looks like lobbys, its (the color young green, the taste is vulgar, but if (when always is munched to become beloved.
59. Manggu is fruit plant which its (the fruit is black, its (the seed is white and very beloved. It’s (the big tree.
60. Marasi is plant like marcot with a real fruit beloved.
61. Ménténg is white bencoy.
62. Muncang is seed plant looking like canary, likes used [by] cookery flavor and oleaginous.
63. Namnam is plant which its (the fruit grows in tree rootstock; the taste is sweet and now have been made candy.
64. Pariah is plant creeping like gourd, the taste is bitter but delicious is eaten, its (the skin like carved, grows in medium area.
65. Patrawalik is leaf plant that is the taste is bitter, usually is applied dissociates child so that milk didn’t again, by the way of rubber patrawalik is numbed with cream to nipple the mother.
66. Pedes is tumbuahan like seureuh, it’s (the fruit likes used for ripe flavor.
67. Peuteuy is fruit plant looking like jéngkol but long like string bean, its (the aroma not delicate but delicious eaten as fresh vegetable.
68. Pohpohan is plant in the form of fresh vegetable with open handle and has my buku-bu; delicious is eaten with pepes pie.
69. Putat is plant in the form of handle that is likely rather as of coquette, used for fresh vegetable.
70. Rendang is fruit plant which form of its (the handle like stick and form of it’s (the fruit equal to marble, if (when matured of its (the color is red and the taste is sour but can make fresh.
71. Roay is plant creeps in the form of bean and plenty (of).
72. Saga is plant which its (the fruit equal to it’s (the color quinine tablet is red, likes fried and likely as of bean taste.
73. Celery is leaf plant that is often applied for ripe flavor, height of at the most 30 cm and grows in cool area.
74. Saliara is leaf plant growing by it, forms clump.
75. Samanggén is surawung.
76. Seureuh is creeping leaf plant and often applied for nyisig, nyepah, ngalambar, also for eye pain drug with sediment of its(the leaf.
77. Sirsak is fruit plant which its (the fruit looking like jackfruit but its contents is having color delicious and is white is eaten, and which still be young delicious is eaten after steamed.
78. Bread-fruit is fruit plant looking like kelewih; its contents can be made flaky
79. Surawung liking leaf plant used [by] fresh vegetable also is used ripe flavor and contains warmness taste.
80. Suweng is fruit plant looking like talas and delicious is eaten.
81. Tagoni is leaf plant looking like cassava but rather wide and doesn’t have corm, its (the perahan water is hardly good to temperature disease.
82. Taleus is plant having its (the corm and top leaf water proof.
83. Tangkil is fruit plant which commonly uses to make vegetable asem, the taste is very fresh.
84. Terong is fruit plant which it’s (the fruit purple can be eaten with sambal as fresh vegetable.
85. Teureup is fruit plant which its (the fruit is alike kelewih its (the seed is delicious is eaten after braised, rubber from teureup ahead applied to catch sparrow in rice field.
86. Tiwu is bar plant looking like bamboo but containing, the taste is beloved, be making base goods of white sugar.
87. Turubus is conspecific bar plant of sugar cane but its form smaller and likes applied for soup vegetable.
88. Waluh siyem is fruit plant which we recognize as gourd syam and very super-duper for vegetable.

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...