13 November 2009

WAYANG

Wayang téh kasenian anu sumebar di sakuliah Nusantara. Di Siam, Malaysia, geus puguh di Indonésia mah méh di saban daérah aya kasenian wayang sanajan béda-béda wangunna.

Di Jawa Barat aya wayang golék aya wayang kulit. Wayang golék jiga bonéka, dijieunna tina kai, tilu diménsi. Ari wayang kulit, dijieunna tina kulit munding, dua diménsi, nu dilalajoanana kalangkangna dina layar. Cenah nya éta pisan sababna anu matak disebut wayang téh, nyaéta bayang-bayang atawa kalangkang. Wayang golék mah lain kalangkangna anu dilalajoan téh, tapi bungkeuleukanana. Wayang golék aya dua rupa, wayang golék Purwa jeung wayang golék Cepak atawa wayang golék Ménak. Wayang golék Purwa ngalalakonkeun carita nu dumasar kana Ramayana jeung Mahabharata nu asalna ti India. Wayang golék Cepak (disebut kitu sabab sirahna cepak atawa papak) ngalalakonkeun carita legénda jeung mitologi nu aya di urang atawa carita da’wah Islam anu asalna ti Persi nyaéta carita Ménak Amir Hamzah – nu matak sok disebut wayang golék Ménak. Amir Hamzah téh ménak kaom Kurésy, pamanna Rasulullah anu dina éta carita teu eureun-eureun naluk-nalukkeun bangsa kapir Majusi anu dipinangsaraya ku mitohana sangkan merangan ménak Amir, tapi kabéh gé kasoran sarta arasup Islam da Ménak Amir salian ti sakti mandraguna dibantuan ku emangna nu digjaya nyaéta Umar Maya.

Wayang kulit sumebarna di daerah Cirebon jeung Jakarta. Nu di daérah Cirebon (kaasup Indramayu, Kuningan jeung Majalengka), ngagunakeun basa Jawa Cirebon. Gamelanana Pélog, lalaguanana khas Cirebon atawa Kaléran. Ari nu di Jakarta ngagunakeun basa Batawi, tapi gamelanana Saléndro, lalaguanana Sunda, kawihna ogé basa Sunda. Ari wayang golék Purwa sumebarna pangpangna di Priangan tapi tuluy sumebar di sakuliah Jawa Barat, kaasup Jakarta. Gamelanana Saléndro, lagu jeung kawihna Sunda. Dina taun 1950-an mah aya dalang wayang golék anu kakoncara di Jakarta, jenenganana Dalang Entah. Ari wayang golék Cepak sumebarna di daérah Indramayu jeung Cirebon. Gamelanana jiga gamelan wayang kulit Cirebon, laras Pélog jeung lagu-lagu Kaléran.

Boh wayang golék boh wayang kulit, baheula mah dipintonkeunana téh di nu hajat. Barudak dialajar lalajo wayang jeung karawitanana téh ari diajak kondangan ku kolotna, atawa ari di lemburna aya nu nanggap wayang. Tina lalajo, barudak terang malah apal kana tokoh-tokohna jeung kana lalakon galurna, kitu deui kana lagu-lagu anu mirigna. Terang jeung apal kana pancakaki antar tokoh wayang. Kana jimat-jimatna, kana kalemahan-kalemahanana para tokohna. Jalma resep lalajo wayang ku sabab pedaran dalang nu dianggap “ngudal piwulang” nu bisa dijadikeun cecekelan dina jeroning hirup kumbuh. Aya mangsana pamor dalang nyirorot ku sabab piwulangna henteu bisa méré cecekelan pikeun nyanghareupan jaman anu barobah. Dalang ngan ukur jadi propagandis program pamaréntah anu henteu dibayar. Nepi ka aya mangsana dalang kaéléhkeun ku sindén, da jalma lalajo wayang lain ku lantaran rék ngabandungan lalakon anu dipedar ku dalang, tapi rék ngabandungan kawih nyi sindén. Dina mangsa harita sindén téh calikna ogé dina méja saluhureun dalang. Mun rék lalajo wayang anu ditanyakeun téh lain saha dalangna, tapi saha sindénna. Atuh da harita mah honor sindén cara Upit Sarimanah jeung Titim Patimah jauh mela-melu saluhureun biduan nasional cara Titiek Puspa. Titim jeung Upit geus milang juta, Titiek Puspa mah masih kénéh puluh réwu.

Tapi jaman emas dalang jeung sindén téh geus liwat. Ayeuna nu harajat tara nanggap wayang. Aya kénéh kétang sakapeung, tapi langka pisan. Di Cirebon jeung Indramayu, ari aya nu nanggap wayang kulit diserbu ku barudak ngora anu ménta sangkan jadi dangdutan. Dalang anu ngawula kana kahayang anu lalajo, kapaksa nyumponan éta paménta. Nu keukeuh hayang neruskeun kasenian warisan karuhunna, henteu aya nu nanggap.

Kaayaan wayang golék henteu (acan?) parna kitu. Munculna dalang Asép Sunarya dianggap bisa ngahudangkeun minat anu ngarora kana wayang golék. Asép némbongkeun diri yén bisa ngigelan kahayang jaman. Rupa-rupa tarékah (trik) dijalankeun antarana ku ngagunakeun hasil téknologi cara listrik jeung batré. Tapi tarékah kitu téh henteu bisa lana, sabab nu lalajo kaburu boseneun, padahal dalang tacan manggihan trik anu anyar. Sanajan kitu Asép masih matak resep ku sabab kritik-kritikna anu seukeut tapi humoristis. Tapi éta ogé moal bisa tuluy-tuluyan dipikaresep lamun dalang henteu imeut nuturkeun kahirupan masyarakat.

Lamun henteu, baris kabawa palid ku rupa-rupa tarékah anu beuki ngajauhkeun pintonanana tina wayang, da sakapeung mah geus lain golék deui anu maraénna téh tapi dalangna ku anjeun jeung bodor lianna cara anu sering kabandungan dina siaran telévisi.

Tangtu tarékah kitu téh dina raraga ngudag sangkan pintonan (télévisi) téa rating-na angger luhur, hartina aya nu ngalalajoan. Tapi terus-terusan ngigelan kahayang anu lalajo moal aya tungtungna, dina harti pintonanana baris beuki jauh baé tina tradisi wayang.

Nu matak karasana ironis, dina waktu kaayaan wayang di urang nyanghareupan krisis nu pohara sabab nu lalajona geus arembungeun lalajo wayang tradisional tur dalangna ogé henteu pageuh nyekel kana tradisi da hayang ngaladénan kahayang anu lalajo, UNESCO ngumumkeun pangakuanana yén wayang téh salah sahiji kasenian linuhung dunya anu kudu dijaga jeung dipusti-pusti. Dijaga jeung dipusti-pusti ku saha? Nu bogana (masyarakat nu boga tradisi wayang) geus henteu maliré, da nu dituturkeunana paneka jaman anu mawa imbas globalisasi. Dangdut anu ayeuna popularitasna ngéléhkeun kasenian-kasenian rahayat di sakuliah Indonesia, apan saenyana mah salah sahiji wujud globalisasi, da dangdut mah datangna ka urang ti India via kasenian orkés Malayu anu disokong ku modal kuat, nyaremkeun kasenian tradisi anu teu disokong ku sasaha, kaasup ku nu mibogana (da henteu bogaeun modal kuat atawa nu bogaeun modalna henteu bogaeun visi anu jembar tur séhat, henteu paduli kana kahirupan budaya karuhunna) jeung ku pamaréntah anu ti barang gubrag henteu nganggap penting kana kabudayaan jeung kasenian salian jualeun ka wisatawan asing.***(Ajip Rosidi)

Tidak ada komentar: