28 November 2009

Cai Buruk Milu Mijah

SASARINA mah ngojay téh tara ngajak motor. Ari dina peuting harita mah (23/04/06), kapaksa kudu ngojay bari nungtun motor. Kétang, da teu aya niat rék ngojay tadina mah. Biasa baé, rék nepungan si manéhna di wewengkon Dayeuhkolot. Najan hujan ngagebrét dibarung kilat patingburinyay tur dor-dar gelap matak kapiuhan jalma sawan, tapi pikeun kuring henteu jadi halangan. Geus kadung jangji, najan kudu ngayonan galura motah atawa unggah gunung, moal rék pugag léngkah pikeun nepungan si manéhna.
Bada Magrib, ngabiur ti Cibiru, nyorang Jalan Bypass nepi ka Cigéréléng. Tuluy méngkol ka kénca, Jln. Moch. Toha, bras ka wewengkon Palasari—anu ngahubungkeun Jl Moch Toha jeung Dayeuhkolot. Teu wudu rada hookeun ningali jalan anu ngadadak robah jadi balong.
“A, mending uih deui! Jero pisan…!” aya hiji lalaki mépélingan, basa nyaksian kuring anu tuluy nyebrut, meulah cai nu nguyumbang saparat jalan. Teu didéngé, angkanan téh geus pangalaman ieuh motor kuring mah, da ampir saban hujan, pasti ngaliwatan banjir cileuncang di Gedebagé. Palakiah mawa motor dina banjir mah gampil, kari panteng wé gasna. Sabab, manteng gas, hartina kenalpot ngaluarkeun angin. Sabalikna, lamun gas dikendoran, kenalpot nyedot angin. Puguh baé ana kaayanana banjir mah, anu kasedot téh lain angin, tapi cai. Ari motor kaasupan cai, nya tangtu bakal paéh.
Hanjakal pisan palakiah éta téh, henteu metu ngayonan banjir di wewengkon Palasari mah. Teu mangga pulia deui, motor téh paéh. Kilang kitu urang teu kudu hariwang, da motor mah najan paéh ogé, sok bisa hirup deui (conto séjén nu paéh bisa hirup deui). Taya deui jalan, iwal ti didorong, da piraku ari nu nyupiranna kudu milu paéh mah tangtu moal bisa hirup deui.
Jok motor ampir kakeueum. Kuring asa keur ngojay wé, ngan bédana harita mah bari nungtun motor téa. Sangkan henteu pati karasa capé, kuring ngabayangkeun anu keur dituungtun téh si manéhna anu keur diajar kokojayan bari maké baju ngojay. Tapi bangga diajak badamina imajinasi téh. Nu puguh mah haté ngocoblak, nyarékan laklak dasar ka manusa tukang ngaruksak alam, anu temahna matak balangsak masarakat. Sabab, kajadian banjir téh tangtu aya sabab-musababna. Buktina, di lembur kuring mah tara aya banjir, da kalumangsungan alam téh masih kapiara.


Lamun kaayaanana wanci beurang, kawasna bakal kaciri, yén cai anu ngeueum Palasari mah béda warnana, henteu sakadar coklat. Sabab, lain sakali-dua kali nyorang banjir cileuncang di wewengkon Palasari. Tong boro hujan ngagebrét, dalah hujan leutik ngaririncik ogé di wewengkon éta mah sok banjir cileuncang samet mumuncangan baé mah. Warna caina rupa-rupa, aya beureum, héjo, abu-abu, jsb. Boa-boa éta mah lain sabanjir-banjirna, siga limbah industri anu ngahaja dipiceun kalayan ngagunakeun kasempetan dina mangsana hujan.
Puguh deui ari walungan mah, saperti Citarum anu geus jadi pamiceunan limbah industri tina rébuan pabrik anu ngajajar sapanjang sisi walungan. Kangaranan cairan anu dipiceun ku pabrik, sajabana ti bau téh katambah ngandung zat racun anu ngabahayakeun (B3). Sanajan méméh dipiceun diolah heula ku IPAL (Instalasi Pengolahan Air Limbah) atawa water threathmen, tetep baé lain hiji jaminan cairan ti pabrik aman (komo anu henteu diolah heula). Tong boro bisa diinum, dipaké masak, atawa dipaké mandi, dalah dipaké kaperluan tatanén ogé moal bisa. Kilang kitu, ulah aya nu kumawani nyarék pabrik, da maranéhna mah apan geus nyepeng Surat Izin Pembuangan Limbah Cair (SIPLC). Ka hareupna, SIPLC téh alusna mah kudu meunang idin heula ti masarakat. Sabab, lamun Citarum henteu diurus baé, 76 héktar kacamatan Dayeuhkolot bakal salawasna jadi langganan banjir.
Ayeuna, sabada geus taya lolongkrang pikeun miceun limbah ka walungan, naha jalan raya ogé rék ‘dirékrut’ jadi pamiceunan? Deudeuh teuing urang Bandung, mani bangga rék leumpang-leumpang ogé. Lemah cai nu subur ma’mur téh kiwari mah tinggal susuluk. Solokan, walungan, tug nepi ka jalan raya, geus pinuh ku limbah industri. Pamaréntah ogé kawasna geus ngarasa weudeu ngaspal jalan di wewengkon Palasari, sabab tara kungsi awét. Rék awét kumaha, da ampir saban mangsa kakeueum cai buruk nu milu mijah (wewengkon éta, lain hiji-hijina tempat anu mindeng kakeueum ku cai buruk dina mangsana hujan). Ceuk sawangan, cai warna-warni anu mindeng mijah di jalan raya téh, asa piraku ari jolna ti sabangsaning limbah loték atawa bajigur mah, pamohalan kabina-bina.
“A, badé didorong?” aya budak leutik nyampeurkeun, kukucuprakan dina cai.
“Sok, dorong lah!” témbal téh. Budak leutik semu atoheun.
“Wios ku duaan, A?”
“Pék baé tiluan ogé…”
Tilu urang budak leutik katingali mani ocrak. Motor hiji didorong ku opatan, dibarung ku tingcikikik.
Aya kénéh seuri dina mangsa katarajang musibah alam. Sanajan rada bangga ngabédakeunana, naha éta seuri téh kaasup kana seuri maur, seuri konéng, atawa seuri nanahaon.
*
“Geus nyata karuksakan di darat jeung di laut dilantarankeun ku pagawéan leungeun-leungeun manusa, supaya Alloh ngarasakeun ka maranéhna sabagéan tina akibat pagawéanana, sangkan maranéhna mulang ka jalan anu bener.” (Q.S. Ar Rum: 41)***

Tidak ada komentar: