13 November 2009

Dongeng Tulang Maung


poé ieu, aing, sakadang kuya keur rungsing. imah sacangkéwok di salah sahiji juru leuwi goong ngadadak bayeungyang. séjén ti biasana, teuing kunaon. biasana sanajan poé mentrang mentring, panonpoé keur meumeujeuhna morérét, cai di lingkungan leuwi goong tetep nyecep. teuing pedah tangkal caringin, tangkal badag terakhir nu ajeg sisi wahangan kamari dituar ku anak buah gan juha. jalema nu pernah kadéngé boga hph di ieu leuweung. jadi panon poe geus teu kahalangan ngabanjurkeun panas kana cai leuwi. media nu pangbisana nyimpen panas.
ngeunaan ngaran gan juha. baheula waktu keur moyan luhureun batu tengah leuwi, pernah ngadéngé dua paninggaran ngawangkong sanggeus balik moro, peuting saméméhna. obrolan luh lah. cenah ayeuna beuki hésé moro téh, sasatoan teuing jig kamana. maranéhna téh los wé ka nyalahkeun juragan juha nu boga hph téa.
geus ah urang balik deui ka jejer dongéng ieu. ngawadul waé mah bisi kasebut ghibah.
beuki beurang beuki rungsing. ras inget ka kisobat. sasarina rebun-rebun geus nyampeur. poé ieu mah teu embol-embol, teuing kamana. euweuh rigig taya ringkang. biasana teu lila sanggeus aing nguniang ti enggon, geus gogorowokan ti sisi leuwi.
"sakadang kuya!? silaing aya euy?" kitu biasana salam si éta mah.
paling ukur dijawab, "kuk!, aya!"
bari haroréam, keteyep nyampeurkeun. maklum masih lulungu. sobat uing nu ieu mémang sok tara nyaho dimangsa.
ah meureun pundung, sanggeus kamari kajadian cau-gaté, cék pikir. geus biasa si éta mah. lamun keur paséa sok pundung. keun anteupkeun, biasana geu tara lila. kalakuan kituna mémang geus remen kajadian. saacan cau-gaté ieu. pernah pundung gara-gara goong kabuyutan. gara-gara melak céngék. jeung gara-gara lianna. asa rada poho mun kudu disebutkeun hiji-hiji mah.
geus ah aing gé males kudu mikiran manéhna waé mah. tibatan rungsing mending jalan-jalan ka urut leuweung nya. disebut urut leuweung téh pédah wé geus teu canéom deui ayeuna mah, tangkal geus coréngcang. sugan panggih jeung manéhna. mun henteu gé jeung sobat nu lianna, sakadang peucang. geus lila teu ngobrol. loba pulunganeun biasana mah. sanggeus ngobrol jeung manéhna sok ngadadak trik-trik anyar mucunghul.
***
euh lain nu diharepkeun, lain nu katémbong. dihareup, ditengah jajalaneun geus ngajogo si raja leuweung atah adol, maung! lamun ningali rérétna mah kadatangan aing geus kanyahoan. jadi geus élat lamun hayang ngejat. males sabenerna mah papanggih jeung manéhna. lain ku nanaon sok asa aing pisan, raja leuweung. padahal mah sebutan kitu cék bangsana gan juha wungkul. terus di klaim ku manéhna. enya ukur klaim, da sapanjang sajarah ieu leuweung can pernah diayakeun pemilihan umum pikeun milih raja. éh naha enya raja dipilih dina pemilu kitu? hi hi hi teuing ah. nu penting mah aing tetep teu ngaku manéhna raja.
kapaksa, horéam-horéam gé terus ngeteyep. ngaléngkah antaré. laun pisan. hi hi hi enya da aing mah teu bisa gancang. jadi lain ku ati-atina ieu mah. ku bakat. bari lempang bari mikiran naon pilakueun lamun si éta macem-macem.
geus deukeut, geleger manéhna nanya, "lakadalah, rék kamana kuy? kabeneran silaing datang, déwék keur lapar yeuh. ti isuk can manggih sasarap".
yéy si kéhéd, cékna haté. asal engab pisan. abong huntu rangéténg, ménta dahar sangeunahna. ah urang gawéan siah.
"ah biasa wé ung, jalan-jalan ngaleupaskeun karungsing. miceun pipikiran pakusut. sugan meunang ilham nu lempeng", cekéng sangeunahna.
"tah pan kabeneran cék déwék gé tadi. kabeneran silaing rungsing. kabeneran déwék boga ubarna. rungsing silaing leungit. déwék meunang ganjel beuteung. adil pan?"
adil-adil tai ucing siah.
"nya seug wé atuh ari matak ngeunah ka didinya mah. kuring ridho. ngan cék guru, awak kuring mah teu kuat di duruk", kabeneran di leuweung ieu mah satona tara dahar daging atah, kabudayaan geus maju jiga manusa.
"beu, teu percaya déwék mah. can manggih ajian nu bisa nahan panasna seuneu. pernah ngadéngé gé mukjijat bogana nabi Alloh, ibrohim nu teu teurak waktu diduruk ku raja namrudz. sedeng mahluk biasa mah asa can aya. cangcaya déwék mah."
"hih, éta kumaha didinya wé. rék percaya rék henteu".
"geus lah ayeuna mah yu urang néangan lemah nu rada lega sangkan seuneuna teu ngaléntab kamamana. urang buktikeun naha silaing bisa didahar ku déwék atawa henteu."
"nya seug atuh."
bring duaan, aing digiring ku manéhna néangan lemah nu rada lega. pura-pura pasrah, pura-pura sadrah. enya da lamun kudu ngalawan ku kakuatan fisik mah asa pamohalan. éléh gedé éléh tanaga. rék lumpat, karuh éta mah pang teu bisana. ayeuna mah kari pakuat-kuat otak wé.
teu lila néangan lapang. da puguh leuweung kari tegalan. kai gedéna ukur ngari. tinggal rungkun kiara, palingan.
ditengah tegalan maung nyieun lombang. geus réngsé. aing dititah cicing ditengahna. manéhna ngabugbrugan ku kai. nu kabeneran pasoléngkrah loba, sésa dahan tangkal panuaran. kacida garingna. usum kapat keur meumeujeuhna panas. abong lamun teu lila sanggeus sut di sundut, langsung ngagedur jadi seuneu nguntab-nguntab. rada gimir ogé mun mikir kabeulah dinya mah. reugreug sotéh pedah boga trik nu cék rarasaan mah, sampurna.
suluh beuki numpuk. ngagunung jigana mah, da karasa beuki beurat nindihan awak. nya ayeuna yeuh trik kudu dilaksanakeun. bisi leuir teuing.
***
seuneu ngagulidag (hihihi jiga banjir nya?) silalatu rabeng nambahan panas panonpoé. langit teu riuk-riuk, ningalikeun kalakuan sakadang maung nandasa sakadang kuya. rada lila seuneu ngagayeum suluh, najan enya gé garing kacida, sanget pisan malah, tapi ari ku loba mah keukeuh wé kudu lila. komo ieu najan maung cangcaya kana élmu kuya, tetep jaga-jaga bisi enya. kuya dibeuleum nepi ka ruhak panungtungan jadi lebu. keun wé cénah rada génghék gé tinimbang kuya hirup kénéh.
seuneu geus pareum pisan. tinggal angin nu rabul, milu cucurak. ngadahar lebu nu numpuk. biur arindit deui. ningalkeun maung nu olohok ningali aya nu kukurumuyan kaluar tina jero lombang. kagét ningali awak kuya masih beleger. teu cécél teu bocél teu lécét-lécét acan.
***
"hébat kuy, bener geuningan silaing boga élmu rohaka. élmu meruhkeun panasna seuneu", cék maung. ayeuna dangongna teu songong. semu-semu ajrih ka sakadang kuya. cék pamikirna kuya ieu sakti yeuh. jigana teu seuneu waé jagona téh. sihung gé moal metu kana awak kuya.
"ah biasa wé éta mah. diajarna gé gampang kacida", cekéng mimiti ngirabkeun kecrik keur ditebar.
"ah maenya, jigana lila nu kitu mah, perlu tirakat nu lila, matigenina gé meureun leuwih ti opat puluh poé opat puluh peuting", maung mimiti asup kana bubu.
"teu, teu hese teusing, tinggal apalkeun jangjawokan wungkul".
"maenya? cing atuh kuy, béjaan déwék bag-baganna?", panon maung katingali meredih. kecrik geus ngarungkup.
"ah embung, maenya kudu méré jangjawokan sakti ka mahluk nu tadi rék ngahakan", api-api. supaya kecrik leuwih ngajiret. lauk geus moal bisa hojah deui.
"plis kuy, hampura wé kalakuan déwék nu tadi. éta mah bawaning ku lapar pisan. teu nempo nu dihareupan mahluk manggulang mangguling sakti euweuh tanding", heu heu heu ngolo siah. bisaan.
"hmmmmm…", leungeun sidakep. jiga nu mikir. padahal haté mah geus surak titatadi. lakadalah jadi yeuh males dendam.
"plis….", maung beuki meredih.
"heug atuh ari kitu mah, apalkeun yeuh jangjawokanna:
trang-trang koléntrang,
si londok paéh nundutan,
tikusruk kana durukan,
mesat gobang kabuyutan
", (lagu sakainget wé nya).
"ukur sakitu kuy?".
"enya sakitu gampang pan?".
"his ieu mah lain gampang deui, gampil pisan. tapi bener sakitu? jadi cangcaya".
"ih ari didinya! pan geus neuleu buktina tadi! kudu dibuktikeun kumaha deui atuh!", cekéng pura-pura kasigeung.
"tong ngambek atuh kuy. déwék percaya ayeuna mah. mun jangjawokan ukur sakitu, ayeuna déwék geus apal. ngan asa hayang ngabuktikeun sorangan euy. kumaha?"
"nya sok atuh ari geus wani mah"
***
awak maung geus nyangkorah, ngaringkuk jero lombang. lombang meunang nyieun manéhna sorangan. da aing embung kudu mangnyieunkeun mah. alesanna téh cekéng maenya awak sagedé kieu kudu nyieun lombang keur awak manéhna nu sakitu halughugna.
teu poho awakna dibebed ditalian. hasil ogé, ngolo manéhna sangkan daék. dibohongan. sangkan mun karasa panas saeutik teu kabur. cekéng téh lamun nu mimiti sok rada ngahéab kénéh.
suluhna ge geus numpuk di sisi lombang. mun dibandingkeun jeung tumpukan runtah di bandung jigana mah sababad. géséh gedé saeutik. ogé meunang ngumpulkeun manéhna.
saeutik-saetik suluh diasupkeun ka jero lombang. geus bérés. gur dihurungkeun.
"ung, geura baca jangjangwokanna", cekéng.
"siap kuy", cénah. kadenge manehna norolang maca jangjawokan ti aing tadi. enya apal. seuneu beuki ngabebela. gedé jauh leuwih ti nu tadi jigana mah.
"sakadang maung kumaha?".
"enya euy kuy rada panas geuning".
"biasa éta mah", hate ngagakgak. katipu siah ontohod.
unggal sapaparapat jam ditanya. ngan jawabanna beuki lila beuki laun. nu ahirna jep teu nyoara deui. lila-lila seuneu pareum. tinggal ruhak nu burahay. ditungguan nepi ka kari lebu. geus kitu mah dikoréhan ku rokrak. goréhél sakadang maung tinggal tulang.
teu riuk riuk sedih ningali batur saleuweung kari bugang. kari tangkorék bodas. teu, teu pisan pisan ngarasa dosa. nu aya gumbira bisa males hutang!
ningali tulang suku maung jorojoy meunang ideu. ujug-ujug gelik sora saksoponna keni g dina tembang forever in love, ditéma gelikna suling dipirig jentréng kacapi dina mamaos kembang tanjung. hih da atuh enya paporit aing mah sagala nu ditiup. lagu paporit gé pan balonku ada lima.
cék pikir alus jigana mah. antik. boga suling tina tulang maung. ngan barang dicoba ngaliangan teuas kacida.
abong poé ieu keur kaurugan untung. geleber aya bangbara hideung. lakadalah, bisa yeuh jigana mah dipéntaan tulung. nya terus dicalukan.
"sakadang bangbara, kuring bisa ménta tulung teu? kitu gé mun didinya salsé".
geleber bangbara ngadeukeutan. teup eunteup dina tangkal jukut deukeuteun.
"kabeneran kuy, kuring keur salsé. aya naon kitu, sok atuh omongkeun aya kasusah mah. sugan bisa nulung", cénah soméah. sorana ngahiung.
"ieu ra, kuring boga tulang maung. hayang nyieun suling. bisa teu pangliangankeun. hiji liang di dieu. lima deui deui beulah dieu, dieu, dieu, dieu jeung dieu".
bener keur untung jigana mah. teu kudu hésé ménta. nya ngunggg diliangan bangbara, sapaménta. teu lila da geus biasa. keudeung gé réngsé. liang geus jadi sagenep-genep. aing ngan bisa males ku kecap nuhun. bangbara narima. ber deui manéhna hiber.
ngan basa hiberna geus jauh. asa kaingetan tungtung tulang pan pongpet duanana. rek ngagorowok asa moal kadéngéeun. barina ge asana mah liangna nu hiji deui mah teu buleud. dasar keur untung. kadéngé sora toroktok manuk caladi. nya dijugjug. katempo manéhna keur ngaliangan tangkal ki hujan pikeun sayang.
"sakadang caladi meunang ngaganggu sakeudeung?", cekéng ngawanikeun manéh.
caladi reg eureun heula. pokna nanya, "aya naon sakadang kuya?"
"kuring boga tulang maung, hayang nyieun suling. liangna mah geus dijieunkeun ku bangbara, ngan liang paranti niup can dijieun, tungtung tulang nu hiji deui masih pongpét. meunang pangnoktrokeun sangkan liangan?"
sakali deui, dasar keur untung! cék caladi, "hih ari ukur sakitu mah asa moal kaganggu pagawéan kuring, cing kadieukeun tulangna".
teu kungsi lila. suling tulang maung geus jadi. aing nganuhunkeun ka sakadang caladi. gandeuang lempang deui. senang ayeuna mah suling geus jadi. kari nyieun suliwer. gampang tinggal nyiar awi. tuh geunig belah ditu aya awi tali. awi alus keur nyieun suliwer.
geus jadi nyoba dipecakan. pel liang tungtung suling ditapelkeun. puhhh ditiup. gelik soraan, nga didéngé-déngé geuning can ngawirahma. jigana mah kudu disetém heula yeuh. masih sumbang. saha deui nya nu bisa dipenta tulung.
(kusabab kuring-dh- teu nyaho dirupa sireupeun jeung teu apal cangkem naon ari dipasieup, urang kira-kira wé kieu.)
deui-deui sakali deui, dasar keur untung. panggih jeung sakadang sireupeun. nu jago nyetém sarupaning waditra musik. manéhna ogé jiga nu séjén teu hésé nedunan paménta. suling geus dipasieup (disetém). dicobaan. suling geus teu silung deui. sajajalan hahariringan nyiptakeun lagu. sok, diasupkeun kana sora suling kieu laguna téh:
trét trot trét trot
suling aing tulang maung
diliangan ku bangbara
ditoktrokan ku caladi
dipasieup ku sireupeun
torotot torotot héooongggggggg…

sajajalan mawakeun lagu éta terus. euweuh kabosen. jiga budak nu karék dibéré momobilan ku bapana. can rusak mah moal waka eureun. keur anteng. ari gurayang, ari kadéngé cekrah cekroh. euh ki sobat yeuh….. batur gelut. (dh)

Tidak ada komentar: