03 Oktober 2010

LALAB

Dalam budaya dan kehidupan masyarakat Sunda, lalab sudah merupakan bagian yang tidak dapat dipisahkan sejak dahulu. Kalau dahulu lalab memiliki arti tersendiri dalam kehidupan tradisi di pedesaan, sekarang sudah merupakan bagian dari lingkungan kehidupan modern masyarakat kota. Lalab yang terdiri dari daun, pucuk, buah muda atau biji tanaman segar, sudah merupakan bagian dari program WHO “back to nature” atau makanan kaya serat, mineral dan vitamin untuk kesehatan dan kebugaran.
Lalab atau sayuran merupakan makanan berserat. Karenanya memakan lalab dan sayuran mentah akan banyak manfaatnya untuk kesehatan dan kebugaran tubuh serta kehalusan dan keindahan kulit, terutama untuk kulit muka wanita. Kalau masyarakat Barat (khususnya Eropa dan Amerika) bangga terhadap makanan segar asal tanaman yang disebut salads, maka masyarakat Indonesia juga bangga dengan “lalab” khususnya bagi kalangan masyarakat Sunda.
Obat peningkat “gairah”, tidak selamanya harus berasal dari obat hasil pabrikan yang mengandung banyak unsur kimia. Dalam hal ini kalau terus menerus dikonsumsi akan mempunyai efek samping. Obat-obatan yang berasal dari bahan-bahan alami seperti tanaman khususnya bagian dari tertentu yang berkhasiat sebagai obat dapat meningkatkan gairah.

Lalab “Tempo Doeloe”
Dari catatan lama tentang adat, kebiasaan dan tradisi orang Sunda, yang disebut lalab “tempo doeloe” umumnya berbentuk daun muda atau pucuk tanaman dari tumbuh-tumbuhan liar, baik yang ditemukan di hutan, sawah, kebun serta tempat-tempat lainnya. Jenis-jenis dari tanaman lalab tempo doeloe yang sekarang masih ada bahkan masih bisa dibeli atau didapatkan, serta jenis tanaman yang hanya tinggal kenangan merupakan masalah yang belum banyak dibicarakan. Misalnya saja antanan, gelang, gewor, godobos, jotang, jonge, sintrong dan senggang, saat ini masih bisa didapatkan di pedesaan. Walau dalam keadaan sudah langka, lalab tempo doeloe seperti bunut, jambu mede, jambu bol, koang, kosambi, kemang, kihapit, lampeni, mareme, putat dan sebagainya, kadang-kadang masih bisa ditemukan juga.

Lalab di Tempat Kondangan
Kehadiran lalab - sambal pada acara kondangan di Jawa Barat, sudah merupakan hal yang umum dan biasa. Misalnya untuk mengurangi peningkatan kadar kolesterol dalam darah yang diakibatkan makanan berlemak, dengan memakan lalab akan banyak menolong dalam menurunkan kadar lemak dalam darah. Tercatat lebih dari 10 jenis lalab yang umumnya ditemukan pada acara kondangan seperti kubis, buncis, ketimun, labu muda, paria, kacang panjang, imba (kedondong cina), daun ketela, terung, tespong dan surawung.

Lalab di Rumah Makan Sunda
Keberadaan rumah makan ke-Sunda-an ternyata bukan hanya di daerah Jawa Barat saja, tetapi sudah merambah ke daerah di luar Jawa Barat. Lalab sambal merupakan daya tarik yang khas pada rumah makan Sunda disamping pepes ikan, cobek ikan, ikan bakar dan sebagainya. Rasanya makanan kurang nikmat kalau didalam menunya tidak terhidang lalab dengan sambalnya. Beberapa jenis lalab yang sudah biasa dihidangkan adalah daun ketela pohon, jaat, jengkol, leunca, petai, seladah air, serawung, terung dan tespong.

Lalab dan Penyakit Masa Kini
Tanaman sejak pucuk, daun, bunga, buah, batang dan umbi mengandung zat gizi yang baik untuk pertumbuhan dan kesehatan tubuh. Beberapa lalab yang berkhasiat untuk pencegahan dan penyakit adalah sebagai berikut:

  • Kencing manis/diabetes mellitus: bisa diobati dengan 3 jenis makanan/lalab, yaitu koneng gede, temulawak, jengkol dan petai.
  • Penyakit Maag: bisa diobati dengan kunyit (kunir atau koneng), caranya adalah dengan memarut kunyit, tambahkan air matang, disaring tambahkan sebutir kuning telur, dan diminum setiap hari setelah sarapan pagi.
  • Obat lemah syahwat dan awet muda: Dengan mencampur 5 buah kembang sirih kering ditambah sedikit merica dan ragi kue, digerus hingga hancur menjadi tepung.
  • Obat peningkat “gairah”: Kalau rutin memakan biji wijen, biji waluh/labu besar, ginseng, dikeringkan dan dibuat serbuk serta diseduh air akan bisa meningkatkan gairah.
  • Bau mulut dan badan: Dengan sering makan lalab daun beluntas atau meminum rebusan daun sirih.

Tujuh Welas Pupuh

Kanggo nyusun rumpaka pupuh, kedah ditarekahan supados luyu sareng jiwa pupuh nu tujuh welas nya eta:

  1. Asmarandana, ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah.
  2. Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
  3. Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumnbiraan.
  4. Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gede hate, atawa sumanget.
  5. Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.
  6. Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
  7. Juru Demung, ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.
  8. Kinanti, ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah.
  9. Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.
  10. Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.
  11. Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.
  12. Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari genes hate.
  13. Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari gede harepan.
  14. Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
  15. Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju hate.
  16. Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, era ku polah sorangan.
  17. Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.

  1. PUPUH ASMARANDANA

    (Ngagambarkeun rasa deudeuh, asih, nyaah, birahi) PIWURUK SEPUH

    Ngariung di tengah bumi,

    pun biang sareng pun bapa,

    jisim abdi diuk mando,

    husu ngupingkeun pituah,

    piwejang ti anjeunna,

    pituduh laku rahayu,

    piwejang sangkan waluya.
  2. PUPUH BALAKBAK

    (Ngagambarkeun heureuy atawa banyol) DAYEUH BANDUNG

    Dayeuh Bandung kiwari teuing ku rame-araheng,

    gedong-gedong pajangkung-jangkung wangunna-alagreng,

    tutumpakan-tutumpakan balawiri lalar liwat-garandeng.
  3. PUPUH DANGDANGGULA

    (Ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, kagumbiraan) MILANG KALA

    Dinten ieu estu bingah ati,

    ku jalaran panceg milang kala,

    kenging kurnia ti Alloh,

    rehing nambahan taun,

    tepung taun umur sim abdi,

    henteu weleh neneda,

    ka Gusti Nu Agung,

    malar umur teh mangpaat,

    tebih bahla turta pinarinan rijki,

    sumujud ka Pangeran.
  4. PUPUH DURMA

    (Ngagambarkeun rasa ambek, gede hate, sumanget) LEMAH CAI

    Nagri urang katelah Indonesia,

    diriksa tur dijaring,

    sumirat komarana,

    berkahna Pancasila,

    ageman eusining nagri,

    yu sauyunan,

    ngawangun lemah cai.
  5. PUPUH GAMBUH

    (Ngagambarkeun kasedih, kasusah, kanyeri) KADUHUNG

    Kaduhung sagede gunung,

    kuring sakola teu jucung,

    lalawora resep ulin,

    hanjakal tara ti heula,

    ayeuna kari peurihna.
  6. PUPUH GURISA

    (Ngagambarkeun nu ngalamun atawa malaweung) SI KABAYAN

    Si Kabayan lalamunan,

    pangrasa bisa nyetiran,

    motor atawana sedan,

    poho keur eundeuk-eundeukan,

    na dahan emplad-empladan,

    gujubar kana susukan.
  7. PUPUH JURU DEMUNG

    (Ngagambarkeun nu bingung ku kalakuan sorangan) ADIGUNG

    Lolobana mungguh jalma,

    embung hina hayang agung,

    hayang hirup mukti,

    tapina embung tarekah,

    tinangtu mo bakal nanjung.
  8. PUPUH KINANTI

    (Ngagambarkeun nu nungguan, deudeupeun atawa kanyaah) KANYAAH INDUNG

    Kanyaah indung mo suwung,

    lir jaladri tanpa tepi,

    lir gunung tanpa tutugan,

    asihna teuing ku wening,

    putra teh didama-dama,

    dianggo pupunden ati.
  9. PUPUH LAMBANG

    (Ngagambarkeun anu lohong banyol, tapi pikiraneun) WAWANGSALAN

    Dialajar wawangsalan,

    saperti tatarucingan,

    cik naon atuh maksudna,

    teangan naon wangsalna,

    gedong ngambang di sagara,

    ulah kapalang diajar,

    keuyeup gede di lautan,

    kapitineung salawasna.
  10. PUPUH LADRANG

    (Ngagambarkeun anu banyol tapi bari nyindiran) MOKAHAAN

    Aya hiji anak bangkong leutik,

    mokahaan,

    maksudna ngelehkeun sapi,

    nahan napas antukna bitu beuteungna.
  11. PUPUH MAGATRU

    (Ngagambarkeun nu sedih, bingung, handeueul atawa mapatahan) KASAR - LEMES

    Dupi irung lemesna teh nya pangambung,

    pipi mah disebat damis,

    upami buuk mah rambut,

    ceuli sok disebat cepil,

    kasarna angkeut mah gado.
  12. PUPUH MASKUMAMBANG

    (Ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes hate) BUDAK JAIL

    Anak manuk dikatepel budak jail,

    jangjangna getihan,

    rek hiber teu bisa usik,

    duh manusa kaniaya.
  13. PUPUH MIJIL

    (Ngagambartkeun kasedih tapi gede harepan) NUNGTUT ELMU

    Najan cicing nya di tepiswiring,

    kade ulah bodo,

    kudu tetep nungtut elmu bae,

    sabab jalma nu loba pangarti,

    hirup tangtu hurip,

    mulus tur rahayu.
  14. PUPUH PANGKUR

    (Ngagambarkeun nu gede ambek atawa nyanghareupan tugas beurat) KA SAKOLA

    Seja miang ka sakola,

    rek diajar nambahan elmu pangarti,

    pigeusaneun bekel hirup,

    sabab mungguhing manusa,

    kudu pinter beunghar ku elmu panemu,

    komo jaman pangwangunan,

    urang kudu singkil bakti.
  15. PUPUH PUCUNG

    (Ngagambarkeun nu ambek ka diri sorangan atawa keuheul kulantaran teu panuju hate) TATAKRAMA

    Mangka inget tatakrama sopan santun,

    tanda jalma iman,

    nyarita jeung amis budi,

    da basa mah lain barang anu mahal.
  16. PUPUH WIRANGRONG

    (Ngagambarkeun anu kawiwirangan, era ku polah sorangan) SIEUN DORAKA

    Kuring moal deui-deui,

    gaduh panata nu awon,

    ngabantah nu jadi indung,

    sieun dibendon ku Gusti,

    kawas Dalem Boncel tea,

    doraka ti ibu-rama.
  17. PUPUH SINOM

    (Ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh) TATAR SUNDA

    Tatar Sunda estu endah,

    lemah cai awit jadi,

    sarakan asal gumelar,

    amanat Ilahi Robbi,

    titipan nini aki,

    wajib dijaga dijungjung,

    basa katut budayana,

    padumukna luhung budi,

    insya-Allah tatar Sunda karta harja.
Gapuraning Gusti, 1992.
Rumpaka Pupuh Asmarandana, Dangdanggula, Kinanti, Sinom Tina Buku Wulang Krama karya Drs. R.H. Hidayat Suryalaga.

ARSITEKTUR IMAH SUNDA

BUBUKA
Upama urang miang ka Bali, Toraja, Minangkabau, Batak atawa Irian, kalawan gampang urang bisa ningal imah atawa wangunan anu has daerahna. Malah hal ieu jadi ciri mandiri (trade mark) pikeun daerahna masing-masing. Bangsa asing nu datang ka Indonesia, kacida katajina ku rupa-rupana arsitektur imah nu aya di Indonesia.

Naha ari Tatar Sunda mibanda arsitektur imah?
Tangtu aya jeung miboga wangun imah anu ngabogaan ciri khas Tatar Sunda, saupamana wae ti mimiti imah anu pangsaderhanana tepi ka anu cukup rumit nyieunna. Conto wangunan moderen anu dasar arsitekturna ngagunakeun arsitektur Sunda pangpangna wangun suhunanana, di antarana suhunan Kampus ITB jeun sabagian suhunan Gedong Sate. Wangunan Pendopo Kabupaten Bandung jeung sababaraha Wangunan Pendopo anu aya di Tatar Sunda mah ilaharna ngagunakeun suhunan anu ngajadi ciri Wangunan Arsitektur Imah Sunda.

SAWATARA TEMPAT ANU MASIH KENEH AYA IMAH ARSITEKTUR SUNDA
Upama dipapay leuwih jauh conto arsitektur nu asli Sunda tur dina wangunan nu masih keneh saderhana, nya eta wangunan imah di:

- Baduy (Banten Kidul)

- Kampung Naga (Tasikmalaya)

- Kampung Pulo (Garut)

- Kampung Genereh (Sumedang)

- Kampung Palasah (Majalengka)

- Kampung Gabus (Cirebon)
Di Baduy, Kampung Naga jeung Kampung Pulo, beunang disebutkeun wangunan imah-imahna masih keneh asli tradisional. Tapi di Kampung Genereh, Palasah jeung Gabus mah, ngan kari hiji-dua bae, kitu oge kaayanana geus loba anu ruksakna.

CIRI-CIRI JEUNG FUNGSI ARSITEKTUR IMAH SUNDA TRADISIONAL
Nurutkeun panalungtikan tim ahli anu dijejeran ku Prof. Dr. Kusnaka Adimiharja, Spk, gawe bareng jeung Kanwil Pariwisata Propinsi Jawa Barat, ciri-ciri jeung fungsi imah Sunda teh bisa disawang tina:

- Aspek Sosial Budaya jeung Arsitektur
- Ciri Wangunan anu Has

Kateranganana upama dipedar leuwih jelas mah kieu:

Aspek Sosial Budaya jeung Arsitektur
Keur urang Sunda, imah teh lain ngan ukur pikeun tempat cicing, atawa tempat istirahat wungkul, tapi oge boga harti anu leuwih lega, nyakup sosial, ekonomis jeung jadi puseur atikan budaya kaasup pendidikan moral, sarta dianggap suci (sakral). Nya di jero imah pisan tumuwuhna hubungan sosial (sosialisasi) anggota kulawarga. Di imah pisan tempat migawe hal-hal nu sipatna ekonomis (home industri). Di imah pisan hal-hal nu tumali jeung atikan kabudayaan ku indung-bapa diajarkeunana ka anak-anakna. Kitu deui imah teh dianggap suci (sakral), disaruakeun jeung alam mikro (bumi sok disebut imah), nu dianggap miniaturna tina makro (dunya = anu oge disebut bumi). Jadi bumi (imah) teh dianggap sarua jeung bumi (dunya).
Eta sababna upama hiji imah dipake hal-hal nu teu hade atawa dipake hal-hal anu kotor, bakal dianggap ngaruksak kasakralan imah, imahna jadi “sial”. Ceuk urang Sunda mah imah teh mangrupa tempat anu suci nu kudu dijaga kasucianana.

Ciri Wangunan anu Has
Ciri has imah Sunda nyaeta panggung (aya kolongna). Bedana jeung imah panggung seler bangsa sejen (Batak, Dayak, Minangkabau), nyaeta luhurna kolong imah Sunda mah henteu pati luhur (40-60cm), siga kolong imah urang Jepang. Upama aya imah di Tatar Sunda anu lain panggung, tapi ngupuk saperti di daerah Tatar Kaler eta mah pangaruh Budaya Jawa. Hateupna (suhunan) imah di Tatar Sunda rupa-rupa aya Julang Ngapak, Jogo Anjing, Heuay Badak, Jure Limasan jeung Leang-Leang. Di antara nu disebutan bieu anu has Sunda mah nyaeta nu disebut suhunan Julang Ngapak (Sulah Nyanda, Julang Wirangga), ari nu sejenna mah kapangaruhan ku kabudayaan batur (suhunan Leang-Leang kapangaruhan ku Arsitektur Cina, Limasan pangaruh Jawa).
Ciri sejenna nya eta ayana capit hurang (cagak gunting), nyaeta babagian tungtung hateup (suhunan) anu dirupakeun cagak atawa bisa oge saperti tanduk munding, malah aya anu dibuleudkeun (lingkaran), biasana tina kai, atawa awi anu dibulen ku injuk. Gunana cagak gunting diantarana pikeun nyegah cai hujan bocor ka jero imah, jadi saperti fungsina talang. Jaba ti eta cagak gunting teh dianggap oge ngandung tanaga gaib pikeun nyegah pangaruh negatip.
Ari wangun (bentuk) imah, biasana pasagi panjang. Latena make palupuh awi, bilikna tina awi dianyam atawa ku sasag. Rangkay imah dijieunna tina kai. Make tatapakan tina batu. Rohangan imah dibagi nurutkeun babagian anu husus. Nyaeta bagian hareup tepas (emper) pikeun ngumpulna semah lalaki. Enggon (kamar sare) jeung bagean dapur (hawu jeung padaringan gudang tempat neundeun beas = pabeasan), bagean tukang ieu mah pikeun awewe. Pangpangna padaringan (goah, pabeasan) kacida dilarangna lalaki asup ka daerah eta.

PANUTUP
Konsep Arsitektur imah Sunda nu mibanda konsep dasar nu filosofis, kacida hadena upama bisa ditransformasikeun kana arsitektur imah nu moderen, nu luyu jeung kapribadian bangsa. Tangtu bae kudu diluyukeun jeung kamajuan teknologi bari henteu lesot tina pandangan hirup jeung filsafah kabudayaan Sunda. Saenyana henteu ngan dina arsitektur bae ayana falsafah Sunda teh tapi oge dina aspek-aspek budaya sejenna, upamana bae dina seni Cianjuran, Tari, Penca, Tata Boga (kadaharan), Tata Busana, jeung dina rupa rupa seni budaya sejenna. Urang sarerea, pangpangna para nonoman kudu leukeun neangan pribadi falsafah karuhun urang, sangkan bisa katransformasikeun dina kahirupan moderen. Muga bae pareng kawujudkeun.
(LISDA - sumber diambil dari berbagai literature)

RONGGENG, DI ATAS DAN DI BELAKANG PANGGUNG

Wacana kajian esoteris, menyelam ke kedalaman makna RONGGENG, dengan harapan bisa mengenal nilai-nilai spiritual yang terkandung dalam Seni Pertunjukan Rakyat Sunda ini khususnya lagi dalam sosok Penari Ronggeng.
Mengapa harus Folklore > Folklorik Sunda?
Folklore adalah cerita rakyat yang merupakan bagian dari endapan kebudayaan suatu bangsa, diwariskan melalui media lisan, tulisan, perbuatan dan bentuk budaya fisik/norma lainnya.
Dengan demikian Folklorik Sunda — dalam hal ini kesenian Ronggeng — merupakan endapan dari kebudayaan Sunda dalam bentuk fisikal (bisa diindra dan ditonton). Lalu endapan “nilai idea” apa yang dikandung didalamnya? Untuk mencari nilai-nilai idea mari kita telaah bersama melalui beberapa kajian berikut ini:
  1. Heurmanetika Filosfi sebagai Batu Uji Nilai Untuk mencoba mencari nilai-nilai idea yang bersifat abstrak memerlukan pisau bedah dan batu uji untuk menakar kekentalan nilai-nilai yang dikandungnya (Esoteris), maka digunakanlah kajian Heurmanetika, yaitu ilmu untuk membantu menemukan kebenaran yang hakiki dari satu masalah.
    Kajian Heurmanetika akan berkaitan erat dengan kajian Semiotika (ilmu tentang tanda dan simbol — The Meaning of Meaning, Ogden & Richards 1923). Makna (nilai-nilai) akan diinformasikan melalui tanda/simbol, dan simbol-simbol itu akan diwujudkan dalam karya budaya yang bisa diindera, antara lain dalam bahasa (cerita, sajak, peribahasa), lukisan, arsitektur, lagu, musik, tari dan sebagainya (Djuretna & Wagiyo, 1983:3).
    Adapun Dick Hartoko mengatakan bahwa simbol/lambang adalah suatu pola arti, sehingga apa yang dikatakan (pen: dieskpresikan) dengan apa yang dimaksud terjadi hubungan asosiasi (1986:190).
  2. Ronggeng di atas Panggung (yang kasat mata) & Ronggeng di belakang Panggung (Nilai Esoteris) Ronggeng ialah penari wanita dalam Seni Pertunjukan Rakyat. seperti penari Ronggeng Gunung, Ronggeng Bajidor, Ronggeng Ketuk Tilu, Ronggeng Belentuk Ngapung, dan sebagainya.
    Jumlah Ronggeng dalam satu pagelaran tidak tetap, antara seorang sampai beberapa orang. Hal ini sangat tergantung dari ketenaran kelompok keseniannya.
    Menurut konsep tradisional pertunjukan akan dibuka dengan tatalu (overture awal) setelah itu dilanjutkan dengan wawayangan, yaitu seluruh ronggeng yang ada akan tampil ke pentas. Mereka berdiri berjajar dengan diselingi gerakan-gerakan tari yang sederhana sebagai respon terhadap irama karawitan. Tidak menyuguhkan gerakan tari secara utuh. Tujuannnya memperkenalkan diri. Ini pun tidak diperkenalkan secara lisan, hanya untuk dikenal oleh penonton. Maksud lainnya untuk memudahkan penonton pria yang nanti ingin menari dengan Ronggeng yang dipilihnya.
    Singkatnya kata RONGGENG hanya ditujukan kepada penari Wanita yang siap menari berpasangan dengan penonton pria yang tertarik olehnya. Di beberapa daerah di Indonesua kata lain yang searti dengan ronggeng yaitu: tandak, tledek, inang, ni/nini.
    Tidak didapatkan istilah Ronggeng Pria di daerah Sunda
    Dalam naskah cerita lisan Sunda antara lain dalam bentuk cerita Pantun, ada cerita Ronggeng Tujuh Kala Sirna (RTKS), berasal dari daerah Bogor. Konon kabarnya karya cipta Muhtar Kala (almarhum), salah seorang Budayawan Sunda.
    Alur cerita Ronggeng Tujuh Kala Sirna, sama dengan cerita-cerita lama lainnya yang tokoh utamanya seorang satria yang bertapa untuk mencapai keinginannya, lalu digoda para bidadari — dalam hal ini diperankan Ronggeng. Ada dua kemungkinan yang akan terjadi, Sang Satria tergoda Ronggeng sehingga batal bertapa, atau Sang Satria mampu mengatasi godaan Ronggeng, sehingga berhasil tapanya. Temanya selalu jelas warna hitam dan putih. Berhasi atau gagal. menang atau kalah. Dalam cerita RTKS sang Satria berhasil tapanya, berarti mampu menahan godaan para Ronggeng.
    Menyimak alur sederhana di atas, kita sudah bisa menyimak makna fungsi semiotika dari peran RONGGENG, yaitu sebagai batu penguji, untuk men-tes keuletan sang Satria.
    Dalam kajian heurmanetika folklor Sunda, “Sang Satria” tidak selalu identik dengan laki-laki/pria secara genus, tetapi dimaknai dengan Daya Hidup/elan vital, semangat, etos juang.
    Sang Ronggeng dimaknai sebagai faktor penguji bagi keuletan sifat Kesatriaan yang ada di diri tiap insan, baik laki-laki maupun perempuan.
    Ronggeng yang tujuh adalah simbolisasi dari kelima indra yang tampak ditambah dengan dua indra yang tak tampak. Maka simbol dari ke-7 ronggeng tersebut adalah:

    1. Menguji daya tarik mata/penglihatan.

      Nini Paraji suka berkata (parancah) kepada bayi yang baru lahir: “Ulah sok tenjo-tenjona, ari lain tenjoeunana” (jangan kau lihat kalau bukan untuk kau lihat).
    2. Menguji daya tarik telinga/pendengaran.

      Parancahna: “Ulah sok sadenge-dengena, ari lain dengekeuneunana” (jangan kau dengar, kalau bukan yang harus kau dengar).
    3. Menguji daya tarik hidung/penciuman.

      Parancahna: “Ulah sok saambeu-ambeuna, ari lain ambeuaneunana” (jangan kau cium/hirup kalau bukan yang pantas kau cium/hirup).
    4. Menguji daya tarik mulut, fungsi mulut: berucap, makan/rasa lidah.

      Parancahna: “Ulah saomong-omong, ari lain omongkeuneunana, ulah sahuap-huapna ari lain huapkeuneunana (jangan bicara kalau bukan untuk kau bicara, jangan kau makan kalau bukan untuk kau makan).
    5. Menguji daya tarik tangan/kulit, rasa meraba/perabaan.

      Parancahna: “Ulah sok sacabak-cabakna ari lain cabakeunana” (jangan sembarang raba/pegang, kalau bukan yang pantas/hak kau raba/pegang).
    6. Menguji daya naluri (intuisi).

      Parancahna: “Ulah ceuk rarasaan tapi kudu ceuk rasa surasa” (jangan menurutkan perasaan tapi turutkanlah rasa yang sejati).
    7. Menguji daya semangat hidup.

      Parancahna: “Ulah sok luas-luis leos, tapi kudu cageur, bageur, bener, pinter, pangger, teger, wanter, singer, cangker” (jangan hanya berhias diri lalu pergi tanpa tujuan, tapi harus cageur, bageur, bener, pinter, pangger teger, wanter, singer dan cangker)
Itulah makna/tugas dari Ronggeng dalam kajian semiotika filsafat Sunda. Ternyata mulia sekali tugas SANG RONGGENG di BELAKANG PANGGUNG.
Yargon yang dikemukakan untuk Sang Ronggeng adalah:
tanpa sang ronggeng, tak akan ada sang kesatria.

kesatria yang gagah perkasa adalah yang mampu menghadapi dan mengatasi tantangan diri dan jamannya.

karena itu manusia harus mampu “ngigelan jeung ngigelkeun jaman”.
Jadi hakekat RONGGENG adalah TANTANGAN DIRI DAN JAMAN.
* Drs.R.H. Hidayat Suryalaga

Ngaruat di Ciburuy

Mun tas aya nu cilaka di Situ Ciburuy kudu ngaruat bari nanggap ketuk tilu. Ngan ku sabab kasenian ketuk tilu kiwari geus langka, atuh ngaruat teh cukup nyetel kasetna we wungkul.
Sigana pikeun urang Sunda mah pada apal kana lagu “Bubuy Bulan” anu rumpakana : Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang, panon poe, panon poe disasate, unggal bulan, unggal bulan abdi teang, unggal poe, unggal poe oge hade. Situ Ciburuy laukna hese dipancing.. jeung saterusna.
Kalimah nu panungtung nyabit-nyabit soal Situ Ciburuy, hiji situ nu perenahna di daerah Ciburuy, Kacamatan Padalarang, Kabupaten Bandung, nu cenah laukna hese dipancing atawa diuseup. Nu ngarang eta lagu kawasna samemeh nyanggi kungsi tetelepek ka kokolot nu apal kana Situ Ciburuy, da memang lauk nu aya di Situ Ciburuy hese dipancingna. Kitu teh pikeun jalma nu teu apal kana itungan wanci jeung kana karesep karuhun nu ngageugeuh eta tempat. Kabuktian waktu Pamarentah Kabupaten Bandung ngayakeun konkur nguseup, loba nu ngabulasin, padahal eta situ samemehna dipelak rewuan kintal.
Pikeun nu sok sering ka Jakarta kalawan rutena ngaliwatan Cianjur, atawa nu sok nyaba ka Cianjur jeung Sukabumi pasti sering ningali Situ Ciburuy, anu lokasina sisi jalan raya Padalarang, mun ti gerbang tol Padaleunyi aya kana 4 km-na. Kiwari di hareupeun tempat karcis dipake mangkal beus Damri jurusan Ciburuy-Alun-alun Bandung.
Nurutkeun katerangan patugas nu ngokolakeun kawasan wisata Situ Ciburuy, legana situ aya kana 50 hektarna, cenah nepi ka taun 1970-an legana teh aya kana 80 hektarna, ngan ku sabab caina beuki orot, tur lahan nu geus jadi daratan dipake tatanen ku masarakat, situ jadi ngaheureutan.
Nepi ka taun 1970-an Situ Ciburuy masih keneh sok diruat ku kasenian “Ketuk tilu” salasahiji kasenian rayat nu ngaranna nyoko kana waditra pamirigna anu poko, nyaeta ketuk atawa penclon tilu siki, diwuwuh ku kendang, kulanter, rebab, kecrek, kempul jeung goong. Eta kasenian mintonkeun ronggeng, pikeun ngahibur nu lalajo, pangpangna pamogoran.
Cenah mah teu meunang diganti ku kasenian naon bae,saperti ku wayang golek, degung, komo ku dangdut mah. Mun teu dilakonan kahayang karuhunna, sok aya balukarna pangpangna ka masarakat nu aya di sabudeureun situ, atawa ka tatamu nu ngadongdon ka eta tempat. Loba kabejakeun nu keur lalayaran ngadadak parahuna tikelebuh, atawa nu ngojay tikerelep, bari jeung teu muncunghul deui.
Lamun aya kajadian jalma anu titeuleum, sering nepika palastrana, malah mah bugangna oge leungit siga dilegleg ku jurig cai. Eta jalma nu titeuleum bakal kapanggih deui, boh dina kaayaan hirup atawa geus jadi bugang lamun nanggap heula kasenian ketuk tilu. Malah kiwari oge mun pareng aya kajadian saperti kitu sok nanggap ketuk tilu, sanajan ngan ukur ku kaset, sabab dina pajamanan kiwari rombongan kasenian ketuk tilu nu sok biasa dipake ngaruat geus tumpur. Papadaning kitu, mun eta sarat dicumponan (sanajan ku kaset), cai teh siga nu digurat, garisna lempeng kana tempat jalma nu titeuleum tea, terus ngaburial, dina ulekan caai ujug-ujug mumbul jalma nu kacilakaan tea.
Kitu deui lamun aya konkur nguseup salawasna kudu nanggap heula ketuk tilu, paling copel nyetel kaset ketuk tilu, kilang kitu ulah wawayagon, dina harti ulah ngan ukur nyetel kaset, laguna kudu lagu buhun saperti kembang beureum jeung buah kawung, sarta sorana kudu kadenge ka sakuriling situ. Biasana sangkan aweuhanana rada lega sok diakalan make toa.Tangtu bae samemehna kudu diayakeun do;a salamet, sarta diwuwuh ku rupa-rupa sasajen.
Ceuk kokolot urang dinya, mun teu make sora ketuk tilu, salian nguseupna moal beubeunangan, oge nu nguseupna sok katarajang kasakit atawa bakal aya kajadian nu teu dipiharep.Sabalikna mun kahayang karuhun ditedunan, sanajan jalma nu teu biasa nguseup, hasil nguseupna sok mucekil. Ceuk paribasana mah clom guriwil.
Salian ti eta, nurutkeun Abah Ence kokolot di eta lembur, mun nguseup di Ciburuy kudu apal kana wanci tatanen. Urang Ciburuy mah geus pada apal, mun usum derep, gacong, atawa pare keur dietem, oge mun keur raeng sora empet-empetan tina jarami pare, cindekna keur usum panen, tara pirajeuneun nguseup, da tangtu, sanajan eupana hade, atawa nu nguseupna geus maher kana moal beubeunangan. Dina usum saperti kitu, moal aya lauk anu nyanggut.
Sabalikna mun keur usum macul, tandur, ngangler, atawa malik jarami, pikeun urang Ciburuy, Situ Ciburuy bias diandelkeun, eta teh nepi ka kiwari. Mun di imah pabeasan geus koredas, tinggal mawa sair, useup atawa sirib, tangtu korang atawa koja bakal pinuh ku lauk. Tapi kituna teh ngan pikeun urang Ciburuy, da kanu lain warga ti dinya mah, kadang-kadang ngabulasin.
Sagigireun ti eta, aya pantrangan nu teu meunang dipilampah, nyaeta teu meunang ngomong sompral. Saperti nu kaalaman ku sobatna Abah Ence sebut bae ngarana Jang Lele, “manehna teu percaya kana pamali, waktu keur nguseup nyarita saengabna “mana karuhun Ciburuy teh, aing hayang neuleu” ngomongna bari awong-awongan. Sakitu geus dielingan eh.. lain nurut kalah ngahajakeun, na atuh teu kanyahoan puncungul teh lauk gede, mumbul ka luhur sahibas cai, cenah mun geus ditembongan dedemit lauk Ciburuy, bakal aya mamala. Enya bae, saminggu ti harita manehna unggah bale watangan, kalibet kana raja pati, diberok aya kana dua taunna,” ceuk Bah Ence nu ti mimiti lahir nepi ka ayeuna teu incah balilahan di kampung Ciburuy.
Kajadian lianna, aya budak pamuda ngadon curak-curak sisi situ, bari nginum alkohol, ngomongna sompral bari jeung ngabaribinan, kabejakeun balikna cilaka, motor nu ditumpakana katabrak treuk nepi kahanteuna.
Mun tea mah karuhun Situ Ciburuy, nepi ka danget ayeuna kudu wae diruat ku “ketuk tilu” sarta teu bisa diganti ku kaset, sigana, dangiangna moal ngarangrangan kawas kiwari. Ku kasenian ketuk tilu sigana bakal nambah pangirut wisatawan. ***

Pantrang Nanggap Wayang

Ku sabab bareto panganten awewe diiwat ku dalang wayang, atuh ti harita karuhun Kampung Kuta ragrag ucap, cadu di lembur nanggap wayang.

Kampung Kuta sacara administratif kaasup ka Desa Pasir angin, Kacamatan Tambaksari, Kabupaten Ciamis. Lemburna teu pati lega, kitu deui jumlah pendudukna. Kahirupan wargana tina tatanen jeung nyadap kawung. Nu ngatur kahirupan warga, keur kapentingan pamarentahan diatur ku RT, RW jeung Kepala Dusun, sedengkeun urusan adat dipupuhuan ku Kuncen jeung kepala adat.
Sanajan Kampung Kuta teu pati anggang jeung lembur sejenna nu aya di wewengkon Desa Pasir Angin, tapi boh wangunan imah atawa tradisi kahirupan masarakatna nenggang ti nu lian. Nurutkeun Pupuhu adat Kampung Kuta, unggal lengkah urang Kuta kudu anut kana tatali karuhun, saperti ngadegkeun imah, tatanggapan, asup ka leuweung tutupan, jeung ngurebkeun mayit.

Wangunan Imah
Dina ngawangun imah teu meunang make bata, jeung semen, rahabna kudu ngagunakeun kai, jeung awi. itu deui hateup imah kudu make kiray atawa injuk kawung. Oge teu meunang dipaseuk ku paku nu dijieun tina beusi, atawa waja. Ku kituna sangkan bahan keur piimaheun tetep nyampak, unggal warga mun ngabogaan anak, sapoe sanggeusna eta orok gubrag ka alam dunya, bapana kudu melak tutuwuhan pangpangna kai jeung kiray. Mun eta amanat karuhun dirempak bakal ngadatangkeun mamala ka pangeusi lembur. Kanu basangkal, hukumana daek teu daek kudu pindah ti eta lembur.
Nu aheng nyaeta waktu ngadegkeun imah, sakumna warga nu aya di eta lembur, sabilulungan ngilu aub ngawangun, sarta teu kaci meunang buruhan. Ngan tangtu bae nu boga imah kudu nyayagikeun kadaharan. Nu dibayar teh ngan ukur tukang. Naon pangna teu meunang make semen jeung bata, cenah baheula, karuhunna waktu munggaran ngabaladah atawa ngadegkeun lembur, kungsi ngadegkeun wangunan make bahan tina bata jeung semen. Sangkilang make tanaga ahli, eta wangunan teu ngadeg-ngadeg, malah ujug-ujug dor-dar gelap, padahal harita teh keur usum halodo. Kitu deui mun ngawangun jalan, pantrang make bahan tina semen jeung aspal.
Sedengkeun alesan hateup imah teu meunang make kenteng, sabab kenteng mun geus peupeus teu bisa balik deui jadi taneuh, hartina bakal ngotoran eta lembur.
Salian ti eta arsitek imah kudu make suhunan panjang, cindekna teu meunang make pola wangunan leter l atawa leter U, sarta teu meunang nyanghareup ka beulah wetan.

Tatanggapan
Dina hal tatanggapan, boh nyunatan, boh ngawinkeun, atawa hajat sejenna, teu meunang nganggap wayang golek atawa wayang kulit. Nurutkeun Karman, nu jadi sababna patali jeung kajadian nu tumiba karuhunna. Baheula waktu buyutna nanggap wayang, aya kajadian nu ngageunjleungkeun, acara hajat ngadadak kiruh, alatan panganten awewe diiwat ku dalang. Eta kajadian mangrupa wiwirang di kolong catang, nya gede nya panjang. Tah ku ayana kajadian sarupa kitu, ragrag pacaduan, sakumna urang Kuta teu meunang nanggap wayang. Kasenian nu sok biasa dijadikeun media upacara hajatan nyaeta tayuban, reog jeung seni terebang.

Leuweung Tutupan
Umumna kaayaan leuweung nu aya di wewengkon tatar Sunda geus burindil, tutuwuhana corengcang alatan loba dijarah ku leungeun-leungeun jalma nu teu boga tanggungjawab. Padahal unggal leuweung geus ditangtayungan ku undang-undang.
Tapi anehna teh mun leuweung dijaga ku pamali sok walagri, saperti leuweung tutupan atawa leuweung larangan nu aya di Kampung Kuta. Eta leuweung nu perenahna aya di tapel wates Jawa Barat jeung Jawa Tengah tara kagunasika ku leungeun-leungeun manusa. Unggal warga Kuta atawa warga nu aya di sabudeureun eta leuweung teu wani ngaganggu eta leuweung, cenah sieun kabadi.
Ti mimiti asup ka eta leuwuung tartib pisan, kahiji teu meunang make dadampar suku (sapatu, sendal jeung sajabana), sabisa-bisa kudu nyeker, sarta samemehna kudu ngumbah suku heula. Salila aya di jero leuweung teu diwenangkeun ngaheot, nyiduh, kiih sok komo bubuang kokotor mah, oge teu meunang miceun runtah sambarangan,kakadekan katut ngadurukan.
Mun ngarempak eta aturan, bakal aya mahluk leuweung nu bakal ngerewed jalma nu teu tuhu kana pamali tea. Leupas tina aya euweuhna mamala, ku ayana pamali saperti kitu kaayaan leuweung kajaga kabersihanana, moal aya kajadian leuweung kahuruan saperti nu kaalaman leuweung di tempat lian, jeung salawasna tutuwuhan nu aya di eta leuweung bakal tetep walagri.

Ngurebkeun Mayit
Mun urang laha-loho ka Kampung Kuta moal manggihan astana atawa kuburan. Ti baheula mula, urang Kuta tara pirajeuneun ngurebkeun mayit di lemburna. Mun pareng aya nu kakapatenan katembong kacida riweuhna, sabab kudu ngurebkeun layon ka tempat nu rada jauh, nyaeta tonggoheun lembur, jaya meureun tilu kilo mah. Malah aya nu dikurebkeun peuntaseun Walungan Cigalontang. Atuh waktu ngagotong pasaran teh kudu ngaraas heula walungan.
Ceuk Karman, lemburna ngan keur jalma hirup, ulah ngubur bugang naon bae, kaasup mayit, cenah sangkan eta lembur beresih, anggang tina panyakit, pangpangna aya amanat ti karuhun nu ngaharamkeun aya astana di lemburna. Mun dirempak, cenah mah sapangeusi kampung bakal katarajang panyakit nu hese piubareunana.

Ngaruat Lembur
Dina sataun sakali, sabada panen atawa saencanna mitembeyan warga Kampung Kuta sok ngayakeun upacara ruat bumi, eta hajat lembur mangrupa sukuran ka Gusti Nu Murbeng Alam, nu geus mere kanikmatan ku mangrupa hasil tatanen nu mucekil. Saencanna prung hajat, kuncen lembur jarah heula ka leuweung tutupan, sarta ngiriman ka karuhun, sangkan ditarima iman Islamna. Dina prungna acara dibuka ku tutunggulan, ngiriman, jeung dipungkas ku pintonan seni tayuban.*** (Nana Munajat)

Poyok Ungkal

Ungkal téh lembur di wewengkon Conggéang, Sumedang. Mun Maronggé sohor ku pélétna. Ungkal mah kaceluk ku poyokna. Kapan aya nu disebut poyok Ungkal. Paribasa, tukang cegékan urang Ungkal mah.
Naha bener kitu éta téh? Sigana, puyak-poyok mah saréréa gé osok. Naha urang Ungkal naha urang Tagogapu, sahanteuna kungsi moyok. Ngan, poyokna kawas kumaha?
Rada nenggang ti nu séjén. Urang Ungkal miboga tradisi anu mandiri tumali jeung carana ngedalkeun pamoyokna kalawan simbolis. Ari eusi pamoyokna biasana tara leupas tina kekecapan anu lega rambat kamaléna. Ana pok moyok, bet teu jiga-jiga.
Demi sababna, maksud pamoyokna umumna nyamuni di satukangeun kekecapan téa. Malah mun dilelekan mah asa ngaharib-harib tatarucingan.
Ninggang di nu teu surti mah ari dipoyok téh hih ‘damang’ wé. Taya aya riuk-riuk katoél mamaras rasana. Mun digambarkeun kana laku leumpang mah nya “noyod” tea. Ngan sabada dilenyepan atawa dipapaykeun ka warga séjénna, biasana nu dipoyok téh kakara engeuh. Ma’na poyokanana ogé teu kurang-kurang matak éra parada, matak nyelekit kana ati, nyentug kana jajantung.
Keur urang Ungkal mah, poyok téh béda deui jeung moyokan. Cék anggapanana, poyok téh hiji kabinangkitan budaya modél sisindiran atawa wawangsalan. Béda, béda pisan cenah jeung moyokan. Ari moyokan mah leuwih nyindekel kana ngahina, atawa ngagoréngkeun batur ku cara torojogan nyebut langsung si lestreng, si demés, si rancung, si jangkorang jsté.
Naha bet sok disarebut poyok Ungkal? Numutkeun kamus mah, kecap poyok téh hartina ngagogoréng. Ngan hanjakal, dina kamus basa Sunda, taya katerangan tina perkara kecap ungkal. Aya ogé ngan kecap sungkal, hartina dijungkatkeun ku alat (upamana linggis). Boa-boa….éta nu matak urang Ungkal sok dipatalikeun jeung poyok téh. Apan moyok ogé dina enas-enasna mah nyokélan atawa nyungkalan kagoréngan batur.
Bakat ku panasaran jeung hantem ditaléngténg, bari tetelepék ka sawatara jalma. Goréhél baé kapanggih. Kecap ungkal téh kapanggih tina basa Jawa, nu hartina asahan. Tah ieu mah bet asa leuwih deukeut, asa ngaharib-harib ka nu dimaksud. Munasabah, mun nu moyok téh jigana mah hayang ngasah kapinter atawa kasurti nu dipoyokna.
Ari gelarna poyok umumna muncul kitu baé, tara dirarancang heula. Spontan, cék légégna mah. Sok munculna téh mun aya nu ngahagalkeun nanya, biasana semah. Tah nu ngahagalkeun nanya mah pasti bakal ‘dibekelan’ (dipoyok).

Upamana baé, jol aya sémah nganjang ka Ungkal. Pakulitanana hideung. Geus remen manéhna ngadéngé pajar urang Ungkal resep moyok.
“Wartosna urang Ungkal téh palinter moyok! Naha leres éta téh?” manéhna nanya ka salah saurang pangeusi lembur Ungkal.

“Ah bujeng-bujeng tiasa moyok Cep, kana puyak-poyok téh Bapa mah éstuning poékkeun pisan!” walon nu ditanya.
Ku sabéngbatan mah éta jawaban téh asa wajar tur sahinasna. Teu semu-semu moyok atawa ngahina. Meureun maksudna mah teu bisa moyok atawa teu nyaho kana perkara moyok. Tapi sanggeusna dilenyepan, éta nu ditanya téh saéstuna geus nyelapkeun poyokan ku cara ngagunakeun analogi dina kecap poékkeun. Demi kecap poékkeun téh apan kecap dasarna poék nu hartina ngabelegbeg atawa peteng. Nu moyok geus nyelapkeun analogi dina kecap poékkeun kana kulit nu dipoyok. Cindekna, moyok anu kulitna hideung.
Ilaharna, ngan sakilta timbulna poyok téh. Komo mun patali jeung kakurang atawa kahéngkér di nu nanya mah, pangpangna lebah pangawakan atawa dangdanan. Poyokna lir siloka dibungkus kalawan lantip pisan. Jeung tara béakeun bahan deuih, aya wé poyokeunana téh. Tara pipilih, teu ka nu goréng patut teu ka nu kasép, teu ka lalaki teu ka awéwé, teu ka cacah teu ka ménak. Walatra.
Munculna poyok Ungkal téh tétéla ngait jeung kaayaan lingkungan masarakatna anu pirang-pirang unak-anikna. Poyokanana biasana nyantél kana barang atawa sipat barang nu nyampak di éta lingkungan. Demi lingkungan pakumbuhan Ungkal téh cék légégna mah kasebut agraris-tradisional. Pangeusina réa nu hirup tina tatanén. Nu matak kekecapanana téh deukeut kana alam pertanian, kayaning: galengan, pihumaeun, bongsang, mumunggang jsté.
Sabada dijujut, tétéla dina poyok aya sababaraha pola nu maneuh. Kahiji, pola analogi cék gayana mah. Maksudna ngaitkeun atawa ngibaratkeun pangawakan, kaasup dangdanan hiji jalma kana barang atawa sifat barang nu direngkolkeun dina guneman. Contona, “Ah teu tiasa sareng teu wararantun teuing kedah moyok mah Bapa/Ibu/Cép! Da ngarumaoskeun pisan Bapa mah jauh ka bedug anggang ka dulag.”
Ari ninggali ngaguluyurna éta omongan asa jajauheun kana moyok. Jujur tur polos pisan éta jawaban téh ngébréhkeun jeung ngarumasakeun kana kalaipan jeung kabododan dirina. Padahal koncina téh nyelap dina dikecap ‘bedug/dulag’. Maksudna, moyok ka nu gembru atawa andihi awakna. Ari pangna nu gembru maké dianalogikeun jeung dulag/bedug téh lantaran ari bedug atawa dulag mah hartina dogdog gedé.
Pola nu kadua, cék légégna kasebut pola asosiasi sora. Maksudna moyok ku kecap nu padeukeut sorana jeung maksud poyokan. Upamana: “Ah sararieun teuing! Kapungkur ogé aya kajantenan nu puyak-poyok téh dugi ka diatak-atakkeun!” Kecap konci éta omongan nyaéta kecap ‘diatak-atakkeun’. Dina basa wewengkon Sumedang, éta kecap téh ngabogaan harti diancam. Dina éta kontéks nyelap poyokan dina kecap diatak-atakkeun anu sorana padeukeut jeung kecap botak. Cindekna ieu omongan téh dipaké moyok ka nu sirahna botak.
Kumaha ari urang Ungkalna osok silih poyok? Nya tangtu baé osok mah. Hal ieu téh patali jeung ayana anggapan yén poyok téh salah sahiji kabinangkitan budaya. Ari munculna biasana dina suasana rinéh, saperti dina riungan informal. Anu pinter mah biasana pada naranggap. Geura urang bandungan kumaha maceuhna silih poyok antar urang Ungkal. Duanana ogé geus loma tepung dina eta riungan, harita Si B kakara datang kana éta riungan.
“Lah kuring mah mani aral ku bangbara, da enya teu sirikna ngaliang dina unggal usuk! Cik atuh béjaan kumaha cara ngalana?” cék si A.

“Jéh, gampang atuh, ngala ngala bangbara kitu patut mah! Engké geura lebah barabay panon poé dialana téh!” walon si B.
Lebah mana silih poyokanan? Tah lamun dilenyepan mah tétéla silih poyokan lebah aspék fisik (tangtungan) antara A jeung B papada urang Ungkal. Barang ningali bulu irung si B mani nyeseg, Si A langsung ‘nembak’ ku éta poyokan. Bangbara téh dianalogikeun kana kaayaan irung nu nyeseg ku bulu. Demi Si A sacara teu sadar panonna téh beureum deuih, ma’lum keur nyeri panon. Respon Si B sanggeus ningali panonna beureum, teu béakeun akal ngan sakilat pisan langsung ngabintih deui ku poyokan. Cindekna panon nu beureum téh dianalogikeun jeung barabay panon poé, lantaran panon poé nu kakara meleték mah warnana téh ilaharna beureum.
Conto séjénna:

“Beu untung silaing mah, Odo! Mani geus panen deui baé,” cék Si UA.

“Muhun, Ua, Alhamdulilah.” Walon Si Odo.

“Heueuh, nya sukur baé, ngarah seubeuh-seubeuh nyatu atuh! Ngan kacipta ku kami nu loba béas mah meureun kop deui-kop deui baé nyatu!

“Wah Si Ua mah! Nya lumayan baé Ua, éta wé paré uing mah geus pada ngocal-ngocal ku titahan bandar ti Ujungjaya. Da teu sirikna mani rob deui-rob deui bari rék narimpahan. Cékéng téh moal waka!

“Waduk siah, moyok ka uing!”
Ieu poyokan téh ngagunakeun asosiasi sora antara Si Ua jeung Si Odo papada urang Ungkal. Kecap koncina nyaéta kop deui-kop deui jeung rob deui-rob deui. Ari kecap kop deukeut jeung sora kokop. Sedengkeun kecap rob deukeut jeung sora corob. Dina éta guneman kop deui-kop deui ngandung maksud moyok ka nu bahamna kokop. Ari kokop téh ngagambarkeun baham nu rada monyong akibat keuna ku panyakit sampar (kasakit kulit). Sedengkeun kecap rob maksudna males moyok ka nu corob. Demi corob hartina téh urut borok lantaran kaléob atawa kasundut seuneu, tapakna sok jadi bodas belang lantaran leungitna pigmen kulit.
Geuning urang Ungkal téh bet jiga nu marinculak?
Duka ti iraha urang Ungkal kitu kabiasanana. Nilik sajarahna, hésé maluruhna. Malah diaku ku para sesepuh éta lembur kaasup ku kepala désana, pareumeun obor cenah. Teu manggih raratan ditanya lebah sarilsilah jeung sajarah éta lembur mah. Basa diseleksek sugan atuh aya titinggal carita ngeunaan legenda atawa mitologi éta lembur, rata-rata gideug. Komo mun ditanya kasang tukang tradisi poyok, ti iraha jeung naon sababna bet aya éta kabiasaan, kabéh ngarirung teu bisa ngajéntrékeun. Cukup duka jeung teuing wé jawabna téh. Paling copel jawabanana téh, geus kitu ti dituna jeung tos aya ti kapungkurna.
Ieu mah babalédogan baé, rék nyoba-nyoba nyurahan sawatara kamungkinan. Saperkara, nilik kecap ungkal nu asalna tina basa Jawa, gedé kamungkinan bibit buit urang Ungkal (Conggéang) téh asalna ti Tatar Jawa. Naha? Di tengah lembur téh nu pernahna di antara dusun Sukahaji jeung dusun Sukaluyu, kasampak makam karamat anu gedé tur geueuman. Éta makam téh pada ngadareugdeug ti suklakna ti siklukna, utamana dina peristiwa-peristiwa penting saperti dina bulan Mulud, Rajab jlté. Ngan henteu baé obyagna jiga ka makam Sunan Gunung Jati.
Cék kuncen, nu dipendem atawa nu ngageugeuh éta makam téh karuhun atawa ‘cikal bakal’ éta lembur. Ti antarana nu dipendem di éta makam téh cenah: Mbah Jerad, Mbah Nayapatra, Mbah Lengo, Mbah Baraja, jeung Mbah Rangit.
Nilik kana jenenganana mah bet ngaharib-harib kana ngaran Jawa lantaran maké ngaran Mbah. Lain Embah meureun tapi Mbah. Boa-boa para abdi dalem atawa punggawa karajaan Mataram. Anu ngalolos ti karaton alatan naon boa. Indit sakaparan-paran nya jog baé ka éta lembur, terus baé aranjeunna ngababakan sarta bumén-bumén di ieu lembur. Kitu lah meureun cara ramana Yogaswara dina carita “Mantri Jero” kenging Méméd Sastrahadiprawira téa geuning.
Teu mustahil deuih ieu para abdi dalem téh kawasna nu ditugaskeun ku Sultan Agung pikeun ngarurug Jayakarta téa. Ngan dina émprona para abdi dalem téh loba nu belot, teu kersaeun mulih deui ka Mataram lantaran wirang, da gagal ngarebut Jayakarta téa, cara kajadian dina jaman Dipati Ukur.
Kadua perkara, nilik sistem tatanénna. Kapan sistim tatanén sawah nu munggaran di Tatar Sunda téh béjana tempatna téh di Conggéang, Sumedang. Nurutkeun katerangan Saléh Danasasmita dina buku “Pakuan Pajajaran”, ari daérah nu pangheulana disawahkeun téh nya Conggéang. Boa-boa, nya Mbah Jerad spk. Anu mokalan jeung nyikalan muka sawah di kampung Cacaban lelewek Conggéang kénéh, nu paeunteung-eunteung jeung Désa Ungkal. Nilik kana kecap cacaban, patalina jeung toponimi, asa deukeut kana kecap ceceb. Ari kecap ceceb téh hartina nancebkeun atawa ngabebeskeun binih. Lamun dina polah nyawah mah pantes pisan ieu téh laku nu keur tandur atawa melak paré téa. Munasabah cacaban téh hartina sarua jeung panyeceban binih paré, cindekna mah tempat melak paré.
Kumaha patalina antara para abdi dalem jeung poyok? Ari moyok téh enas-enasna mah pan raket pisan patalina jeung kaseukeut pikiran. Moyok téh merlukeun kasurti anu luhung. Lamun teu pinter atawa teu calakan mah asa pamohalan bisa moyok. Tah, teu pamohalan, baheula mah para inohong tilas abdi dalem Mataram anu teras nyingkur bari ngababakan téh bari molah sawah téh ngarasa perelu nyamunikeun manéh ku cara ngandelkeun komunikasi anu euyeub ku silib, sindir reujeung siloka, alias nu simbolis téa, sangkan teu kapanggih ku tentara Mataram nu ngadon naréangan. Walahualam!
Tina Cupumanik No.20

Geus nepi kana Ugana

Hiji peristiwa ‘monuméntal’ geus diguratkeun ku mangsi emas dina leunjeuran sajarah bangsa Indonésia, nyaéta ku lumangsungna pilprés kalayan suksés, aman, langsung tur démokratis. Hasilna, pada-pada kasaksén yén SB. Yudhoyono resmi jadi papayung agung bangsa Indonésia 2004-2009, tuluy nyambung deui 2009-2014. Nya ieu meureun geus nepi kana ugana téh. Mungguh cék Bah Usin téa mah geus jadi guratan nasib jeung takdir hiji mahluk luyu jeung tutulisan ti Loh Mahpudna.
Geus nepi kana ugana. Ieu ungkara téh bet jadi ngahudang tineung. Jol ras baé inget kana kapercayaan kolot urang baheula, ngeunaan uga. Ari uga dina konsépsi masarakat Sunda raket patalina jeung sistim kapercayaan minangka tujuman (ramalan) parakaruhun baheula utamana kana parobahan sosial politik nagara nu bakal datang. Sakumaha nu kaunggel dina: uga Bandung, uga Galunggung, uga Banten jeung uga Kawasén. Upamana, cék uga Galunggung, cenah: Sunda bakal nanjung mun pulung geus turun ti Galunggung.
Patali jeung sual tujum-pertujuman téh geuning tétéla lain ngan monopoli urang (Sunda) baé, sabab méh di masarakat séjénna ogé aya. Di Jawa kawentar ku ramalan Jayabaya. Pon kitu deui di kalangan masarakat seler bangsa Kapulowan Mélanésia (kaasup Papua), kaceluk ku sesebutan cargo Cults. Malah kasebut bangsa (Eropa) nu geus maju tur modérn ogé nepi ka ayeuna masih muhit tur mercaya kana ramalan Nostradamus. Ari sistim kapercayaan model kitu téh ilaharna sok disebut mitos.
Ngan mun ninggang ka nu sok maruhit rasionalitas mitos téh dianggapna ukur ilusi atawa hayalan. Sedengkeun ari cék ahli filsafat Historiko-fenomenologis, Mircéa Eliade, yén anggapan modél kitu téh sabenerna kacida kaliruna. Sabab cenah ari mitos téh enas-enasna mah dadasar kahirupan sosial budaya manusa nu religius-arkhaik. Mitos téh abstraksi jeung réfléksi nu gelar tina hasil pangalaman réligiositas nu inténsif antara manusa jeung pangéranana, jeung papadana atawa jeung alam sabudeureunana. Ku kituna, teu anéh mun mitos téh loba napak dina totondén, panayogéan, kila-kila, jeung tangara jsté. Upamana, lamun dina hiji waktu manusia pareng mireng atawa mireungeuh hiji objék atawa peristiwa nu kaalamanana, ku nalurina sok tuluy matalikeun jeung naon nu pernah kadéngé atawa kajadian saméméhna. Mun cék sawangan futurolog mah boh ayeuna boh jaga seuhseuhanana mah mangrupa hiji jaringan peristiwa (network of event).
Nya ku jenengna SB. Yudhoyono, bari nelek-nelek jenengan pengkerna bet nyangkaruk hiji kapanasaran. Pikiran téh bet ujug-ujug ngabelesur tuluy ngacacang ka alam mana boa, brasna eunteup kana mitos Notonagoro. Naha enya, kitu? Pikiran téh teu weléh kebek ku kaboa, samutut ku kasugan. Nya meureun geus jadi kudrat manusa boga rasa panasaran téh. Tuluy baé kapanasaran téh ditalengteng bari teu leupas “dilelebah”.
Paralun lain rék kokolot begog hususna kana “pulatak-politik” (nambut istilah Aa Gym), komo rék nyeta-nyeta malasipah mah. Da teu sing ngarasa “jumhur”, malah jajauheun mun ngarasa geus weruh di semuna mah. Cék ujaring carita, ari Notonagoro téh cenah salah saurang bujangga jumhur (sosial politik) Jawa baheula nu kungsi ngasongkeun konsép tumali jeung tata cara ngolah nagara (natanagara, baca: notonogoro) dina sistem pemerintahan Indonésia. Ngan dina émprona éta konsép téh bet ngagilek mindah rupa jadi hiji ramalan piprésideneun nu baris ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara bangsa Indonésia ba’da kemerdékaan. Cenah unggal engang tina kecap natanagara téh seuhseuhanana mah minangka tangara atawa totondén ngaran pipamingpineun bangsa Indonésia, ku cara unggal ngaran dicokot engang tungtungna. Upamana, No cenah nyindekelna kana ngaran Soekarno, ari To tuluy dicantelkeun kana ngaran Soeharto. Ngan waktu Soeharto léngsér taun 1998, éta patron (mitos) nu kuduna nyantol kana engang No. Ih naha geuning bet nyalahan lantaran gagantina téh lain Try Sutrisno, ieu mah bet ngait kana ngaran Habibie???
Cékéng cacad tah ramalan téh. Ngan kagelo ku tarekahna “nu palinter”, utamana ku nu sok resep mapandékeun, mapantes atawa masieup. Hih, da tara kacaturkeun béakeun hojah dina urusan ngalelebah mah. Ku karancagéan tukang mapantes téa, cenah ari Habibie (bs. Arab) téh mun seug dikias nurutkeun hartina mah sarua wé jeung sutresno (Jawa). Rada asup akal, tah!
Ngan lebah jenengan Abdurrahman Wahid (Gusdur) jeung Mégawati kaselir jadi presidén, euleuh ieu mah asa teu bau-bau sinduk acan. Ambuing, éta patron téh mélését, ganjor kabina-bina.
Ah, Busrit cékéng téh! Eit, ulah waka bingung! Aya kénéh babon anu bisa dijadikeun sisindekelan, cék tukang ngalelebah ngupahan. Eta babon téh cenah ayana dina salahsahiji bagéan ramalan Jayabaya téa nyaéta Jangka Jayabaya, anu unina: Kawastanan Jaman “Kala Sinela”. Tegesipun jaman kaselan, awit ing Tanah Jawi, inggih punika Ratu Sabrang ing Nuswa Srenggi utawi saking Ngatas Angin. Wekasan dadosaken susahing tiyang alit, Tanah Jawi umur 2000 taun. Nu pihartieunana: (Kacaritakeun) baris aya hiji jaman nu disebut ‘Kala Sinela’, tegesna jaman transisi (sinela), yén tanah Jawi (Jawa) baris dipingpin ku Ratu Sabrang nu asalna ti Nuswa Srenggi atawa Ngatas Angin, nya nu ahirna nimbulkeun kasangsaraan ka rayat leutik. Waktu harita Tanah Jawa dina taun 2000.
Tina patron di luhur, urang tangtu bisa ngararampa, ka mana léokna jeung ka mana brasna. Geura urang sawang maké paradigma “dilelebah”, pan écés pisan. Ngan ari nyabit Gusdur jeung Mega mah asa teu kacaturkeun. Kateranganana téh ngan ukur nuduhkeun waktu éta kajadian nu ngurung dina taun 2000. Da nu atra mah lebah nyabit-nyabit nu aya patalina jeung Habibie. Naha bet yakin kitu? Mangga wé, upama nilik ungkara awit ing tanah Jawi, inggih punika Ratu Sabrang ing Nuswa Srenggi utawi saking Ngatas Angin, asa rada béngras.
Bawirasa mun seug dicukcruk galurna, sélér jeung sarakanana téh pan Habibie téh tétéla asalna ti luar Jawa (Sabrang) nyaéta ti pulo Celebes atawa pulo Sulawesi. Ari Nuswa Srenggi? Tah ieu mah rada lebeng, tapi….boa-boa hartina luar negri? Cék sakaol, aya nu nyebutkeun yén Habibie saméméh ‘diala’ ku Pa Harto pikeun dijenengkeun mentri Risték harita, anjeunna mah geus lila mukim tur jadi warga nagara Jérman sagala. Nya..boa-boa luar nagri atawa nagara Jérman anu dimaksud Nuswa Srenggi téh!
Ngan nu leuwih deukeut mah nya lebah nyabit Ngatas Angin. Keur barudak sakola nu sok dialajar lagu-lagu daérah mah, paling copélna pasti bakal wanoh kana lagu “Angin Mamiri”. Ari éta lagu téh asalna nya ti pulo Sulawesi. Malah nepi ka ayeuna Sulawesi Selatan téh sok dijaruluk ku sesebutan nagri Angin Mamiri. Tah, sesebutan Ngatas Angin téh gedé kamungkinan nunjuk kana lembur matuh banjar karang pamidanganana Habibie.
Ari wekasan dadosaken susahing tiyang alit, tanah Jawi umur 2000 taun. Maksudna ieu kajadian téh ngurung dina taun 2000 (sabada Gusdur tuluy ditéma ku Méga) nu dianggap puncakna kasangsaraan atawa kasusah pikeun rayat leutik. Cindekna boh Habibie, Gusdur, boh Megawati bisa disebutkeun ukur jadi présidén sinela (transisi), mungguh kitu cék éta tujuman. Disebut “presiden Sinela” (seselan, sisipan, “sementara” atawa transisi) lantaran dina dangka genep taun (1998-2004) méh dijabat ku tilu présidén.
Nya boa-boa… deuih, ku kapilihna SB.Yudhoyono maké paradigma “dilelebah” geus nepi kana ugana téh lantaran uga geus ngagiclek deui kana lilinggeran notonogoro téa. Ngan meureun anu jadi “misteri” téh naha ieu mitos téh bisa dianggap valid? Naha ieu patron Notonagorto bisa dianggap sohéh? Mungguh da jalma mah moal aya nu bisa nganjang ka pagéto. Ngan lamun ninggang di bener atawa sohéh, meureun éta mah ngan ukur kabeneran atawa bener “dilelebah” baé. Cék nu resep heureuy, mun enya téa mah sohéh cenah aya kénéh kasempetan keur dua présidéneun deui. Utamana ka nu boga ngaran tungtung ga atawa go, geura tatan-tatan wé ti ayeuna sugan kaselir jadi gaganti Yudhoyono. Atawa boa-boa….lamun engang go dihijikeun jeung ro ngajanggélék jadi kecap goro atawa goro-goro? Nu hartina mun réngsé (eureun) Yudhoyono jadi présidén, pamustunganana timbul goro-goro alias riributan (kakacauan). Ih, amit-amit, palias teuing. Ngimpi gé diangir mandi. Wallahu alam! ***

KAMPUNG NAGA


KAMPUNG NAGA

Kampung Naga merupakan suatu perkampungan yang dihuni oleh sekolompok masyarakat yang sangat kuat dalam memegang adat istiadat peninggalan leleuhurnya. Hal ini akan terlihat jelas perbedaannya bila dibandingkan dengan masyarakat lain di luar Kampung Naga. Masyarakat Kampung Naga hidup pada suatu tatanan yang dikondisikan dalam suasana kesahajaan dan lingkungan kearifan tradisional yang lekat.


Kampung Naga secara administratif berada di wilayah Desa Neglasari, Kecamatan Salawu, Kabupaten Tasikmalaya, Propinsi Jawa Barat. Lokasi Kampung Naga tidak jauh dari jalan raya yang menghubungkan kota Garut dengan kota Tasikmalaya. Kampung ini berada di lembah yang subur, dengan batas wilayah, di sebelah Barat Kampung Naga dibatasi oleh hutan keramat karena di dalam hutan tersebut terdapat makam leluhur masyarakat Kampung Naga. Di sebelah selatan dibatasi oleh sawah-sawah penduduk, dan disebelah utara dan timur dibatasi oleh sungai Ciwulan yang sumber iarnya berasal dari Gunung Cikuray di daerah Garut. Jarak tempuh dari kota Tasikmalaya ke Kampung Naga kurang lebih 30 kilometer, sedangkan dari kota Garut jaraknya 26 kilometer. Untuk menuju Kampung Naga dari arah jalan raya Garut-Tasikmalaya harus menuruni tangga yang sudah di tembok (Sunda sengked) sampai ketepi sungai Ciwulan dengan kemiringan sekitar 45 derajat dengan jarak kira-kira 500 meter. Kemudian melaluai jalan setapak menyusuri sungai Ciwulan sampai kedalam Kampung Naga.
Menurut data dari Desa Neglasari, bentuk permukaan tanah di Kampung Naga berupa perbukitan dengan produktivitas tanah bisa dikatakan subur. Luas tanah Kampung Naga yang ada seluas satu hektar setengah, sebagian besar digunakan untuk perumahan, pekarangan, kolam, dan selebihnya digunakan untuk pertanian sawah yang dipanen satu tahun dua kali.
RELIGI DAN SISTEM PENGETAHUAN
Penduduk Kampung Naga sumuanya mengaku beragama Islam, akan tetapi sebagaimana masyarakat adat lainnya mereka juga sangat taat memegang adat istiadat dan kepercayaan nenek moyangnya. Artinya walaupun mereka menyatakan memeluk agama Islam, namun syariat Islam yang mereka jalankan agak berbeda dengan pemeluk agama Islam lainnya. Bagi masyarakat Kampung Naga dalam menjalankan agamanya sangat patuh pada warisan nenek moyang. Umpanya sembahyang lima waktu; Subuh, Duhur, Asyar, Mahrib, dan solat Isa, hanya dilakukan pada hari jumat. Sedangkan pada hari-hari lain mereka tidak melaksanakan sembahyang lima waktu. Pengajaran mengaji bagi anak-anak dikampung Naga dilaksanakan pada malam senin dan malam kamis, sedangkan pengajian bagi orang tua dilaksanakan pada malam jumat. Dalam menunaikan rukun Islam yang kelima atau ibadah Haji, menurut anggapan mereka tidak perlu jauh-jauh pergi keTanah Suci Mekah, cukup dengan menjalankan upacara Hajat Sasih yang waktunya bertepatan dengan hari raya haji yaitu setiap tanggal 10 Rayagung. Upacara Hajat Sasih ini menurut kepercayaan masyarakat Kampung Naga sama dengan Hari Raya Idul Adha dan Hari Raya Idul Fitri.
Menurut kepercayaan masyarakat Kampung Naga, dengan menjalankan adat-istiadat warisan nenek moyang berarti menghormati para leluhur atau karuhun. Segala sesuatu yang datangnya bukan dari ajaran karuhun Kampung Naga, dan sesuatu yang tidak dilakukan karuhunnya dianggap sesuatu yang tabu. Apabila hal-hal tersebut dilakukan oleh masyarakat Kampung Naga berarti melanggar adat, tidak menghormati karuhun, hal ini pasti akan menimbulkan malapetaka.
Kepercayaan masyarakat Kampung Naga kepada mahluk halus masih dipegang kuat. Percaya adanya jurig cai, yaitu mahluk halus yang menempati air atau sungai terutama bagian sungai yang dalam “leuwi”. Kemudian “ririwa” yaitu mahluk halus yang senang menganggu atau menakut-nakuti manusia pada malam hari, ada pula yang disebut “kunti anak” yaitu mahluk halus yang berasal dari perempuan hamil yang meninggal dunia, ia suka mengganggu wanita yang sedang atau akan melahirkan. Sedangkan tempat-tempat yang dijadikan tempat tinggal mahluk halus tersebut oleh masyarakat Kampung Naga disebut sebagai tempat yang angker atau sanget. Demikian juga tempat-tempat seperti makam Sembah Eyang Singaparna, Bumi agueng dan mesjid merupakan tempat yang dipandang suci bagi masyarakat Kampung Naga.
Tabu, pantangan atau pamali bagi masyarakat Kampung Naga masih dilaksanakan dengan patuh khususnya dalam kehidupan sehari-hari, terutama yang berkenaan dengan aktivitas kehidupannya.pantangan atau pamali merupakan ketentuan hukum yang tidak tertulis yang mereka junjung tinggi dan dipatuhi oleh setiap orang. Misalnya tata cara membangun dan bentuk rumah, letak, arah rumah,pakaian upacara, kesenian, dan sebagainya.
Bentuk rumah masyarakat Kampung Naga harus panggung, bahan rumah dari bambu dan kayu. Atap rumah harus dari daun nipah, ijuk, atau alang-alang, lantai rumah harus terbuat dari bambu atau papan kayu. Rumah harus menghadap kesebelah utara atau ke sebelah selatan dengan memanjang kearah Barat-Timur. Dinding rumah dari bilik atau anyaman bambu dengan anyaman sasag. Rumah tidak boleh dicat, kecuali dikapur atau dimeni. Bahan rumah tidak boleh menggunakan tembok, walaupun mampu membuat rumah tembok atau gedong.
Rumah tidak boleh dilengkapi dengan perabotan, misalnya kursi, meja, dan tempat tidur. Rumah tidak boleh mempunyai daun pintu di dua arah berlawanan. Karena menurut anggapan masyarakat Kampung Naga, rizki yang masuk kedalam rumah melaui pintu depan tidak akan keluar melalui pintu belakang. Untuk itu dalam memasang daun pintu, mereka selalu menghindari memasang daun pintu yang sejajar dalam satu garis lurus.
Di bidang kesenian masyarakat Kampung Naga mempunyai pantangan atau tabu mengadakan pertunjukan jenis kesenian dari luar Kampung Naga seperti wayang golek, dangdut, pencak silat, dan kesenian yang lain yang mempergunakan waditra goong. Sedangkan kesenian yang merupakan warisan leluhur masyarakat Kampung Naga adalah terbangan, angklung, beluk, dan rengkong. Kesenian beluk kini sudah jarang dilakukan, sedangkan kesenian rengkong sudah tidak dikenal lagi terutama oleh kalangan generasi muda. Namun bagi masyarakat Kampung Naga yang hendak menonton kesenian wayang, pencak silat, dan sebagainya diperbolehkan kesenian tersebut dipertunjukan di luar wilayah Kampung Naga.
Adapu pantangan atau tabu yang lainnya yaitu pada hari selasa, rabu, dan sabtu. Masyarakat kampung Naga dilarang membicarakan soal adat-istiadat dan asal-usul kampung Naga. Masyarakat Kampung Naga sangat menghormati Eyang Sembah Singaparna yang merupakan cikal bakal masyarakat Kampung Naga. Sementara itu, di tasikmalaya ada sebuah tempat yang bernama Singaparna, Masyarakat Kampung Naga menyebutnya nama tersebut Galunggung, karena kata Singaparna berdekatan dengan Singaparna nama leluhur masyarakat Kampung Naga.
Sistem kepercayaan masyarakat Kampung Naga terhadap ruang terwujud pada kepercayaan bahwa ruang atau tempat-tempat yang memiliki batas-batas tertentu dikuasai oleh kekuatan-kekuatan tertentu pula. Tempat atau daerah yang mempunyai batas dengan post_category yang berbeda seperti batas sungai, batas antara pekarangan rumah bagian depan dengan jalan, tempat antara pesawahan dengan selokan, tempat air mulai masuk atau disebut dengan huluwotan, tempat-tempat lereng bukit, tempat antara perkampungan dengan hutan, dan sebagainya, merupakan tempat-tempat yang didiami oleh kekuatan-kekuatan tertentu. Daerah yang memiliki batas-batas tertentu tersebut didiami mahluk-mahluk halus dan dianggap angker atau sanget. Itulah sebabnya di daerah itu masyarakat Kampung Naga suka menyimpan “sasajen” (sesaji).
Kepercayaan masyarakat Kampung Naga terhadap waktu terwujud pada kepercayaan mereka akan apa yang disebut palintangan. Pada saat-saat tertentu ada bulan atau waktu yang dianggap buruk, pantangan atau tabu untuk melaksanakan pekerjaan-pekerjaan yang amat penting seperti membangun rumah, perkawinan, hitanan, dan upacara adat. Waktu yang dianggap tabu tersebut disebut larangan bulan. Larangan bulan jatuhnya pada bulan sapar dan bulan Rhamadhan. Pada bulan-bulan tersebut dilarang atau tabu mengadakan upacara karena hal itu bertepatan dengan upacara menyepi. Selain itu perhitungan menentukan hari baik didasarkan kepada hari-hari naas yang ada dalam setiap bulannya, seperti yang tercantum dibawah ini:

BULAN

Muharam

Sapar

Maulud

Silih Mulud

Jumalid Awal

Jumalid Akhir

Rajab

Rewah

Puasa/Ramadhan

Syawal

Hapit

Rayagung
HARI

Sabtu-Minggu

Sabtu-Minggu

Sabtu-Minggu

Senin-Selasa

Senin-Selasa

Senin-Selasa

Rabu-Kamis

Rabu-Kamis

Rabu-Kamis

Jum’at

Jum’at

Jum’at
TANGGAL

11,14

1,20

1,15

10,14

10,20

10,14

12,13

19,20

9,11

10,11

2,12

6,20

Pada hari-hari dan tanggal-tanggal tersebut tabu menyelenggarakan pesta atau upacara-upacara perkawinan, atau khitanan. Upacara perkawinan boleh dilaksanakan bertepatan dengan hari-hari dilaksanakannya upacara menyepi. Selain perhitungan untuk menentukan hari baik untuk memulai suatu pekerjaan seperti upacara perkawinan, khitanan, mendirikan rumah, dan lain-lain, didasarkan kepada hari-hari naas yang terdapat pada setiap bulannya. Wallohu alam .

Imtihan di Tasikmalaya

Ada pagelaran seni tradisional. Ada sentuhan spiritual. Kelucuan dan keharuan melebur jadi satu.

Ki Lengser memimpin prosesi "mapag panganten".
Mengenakan baju lurik dan ikat kepala batik, seorang lelaki tua berdiri memunggungi hadirin. Kaki kanan dia tekuk sedikit, dengan telapak kaki tidak menyentuh tanah. Dia ayunkan tangannya seperti pesilat yang hendak mematahkan leher lawannya. Lalu dengan tiba-tiba dia sodorkan pantat, menggoyangnya maju mundur, dan tawa hadirin pun pecah.
Ki Lengser, demikian lelaki berkumis dan berjenggot putih itu dipanggil. Bersama para penari dan pengusung umbul-umbul, dia bertugas menyambut pengantin dalam prosesi “mapag panganten”. Kali ini yang disambut bukan pengantin beneran dalam resepsi pernikahan, melainkan pengantin siswa dalam acara imtihan.
Imtihan adalah istilah orang daerah Priangan untuk menyebut acara wisuda atau kenaikan kelas. Saya menyaksikannya akhir Juni lalu, di SMK Asy-Syakirin, Rajadatu, Cineam, Tasikmalaya.

Pengantin siswa duduk di 'pelaminannya', dinaungi payung, dan dikawal pengusung umbul-umbul.                                                                                                   
Setelah Ki Lengser menampilkan aksi kocaknya, empat pengusung umbul-umbul berjalan ke arah dua pengantin siswa yang duduk di bawah tarub, di antara hadirin. Empat penari, seluruhnya perempuan, lantas meliuk-liukkan tubuhnya, diiringi tetabuhan gamelan. Ki Lengser tidak tinggal diam. Dia ikut menari, tentu dengan gaya bodornya, sembari memandu para penari melangkah ke arah pengantin.
Di hadapan mereka, pengantin siswa duduk di bawah naungan payung besar. Ki Lengser memberi kode agar pengantin bangkit dari duduknya. Diiringi pembawa payung, penari dan pembawa umbul-umbul, pengantin pun melangkah. Para penari, yang berada di barisan terdepan, melakukan saweran, yaitu menabur-taburkan beras kuning hingga pengantin tiba di tujuannya.

Prosesi sungkem yang penuh linangan air mata.
Yang dituju adalah Bapak kepala sekolah yang duduk di depan panggung. Begitu tiba, dengan arahan Ki Lengser, kedua pengantin langsung bersimpuh. Pengantin laki-laki menjabat tangan kanan Kepala Sekolah, pengantin perempuan menjabat tangan yang sebelah. Mereka mencium tangan pahlawan tanda jasa itu. Mereka melakukan sungkem.
Saat prosesi sungkem berlangsung, suasana lucu langsung berganti menjadi haru biru. Diiringi suara gamelan dan monolog pembawa acara dalam bahasa Sunda, pengantin dan Kepala Sekolah seakan-akan sedang berdialog dengan hatinya yang terdalam.
“Kami mohon maaf sebesar-besarnya atas segala kesalahan kami sewaktu menuntut ilmu kepada Bapak-Ibu guru di sekolah,” ucap pembawa acara. Kedua pengantin tampak sesenggukan. MC juga mengucapkan terima kasih yang tulus kepada para guru dan meminta didoakan supaya ilmunya bermanfaat di dunia dan akhirat.
Bapak kepala sekolah, dengan punggung membungkuk dan air mata berlinang, juga meminta maaf apabila terdapat kehilafan saat mengajar. “Kami para guru juga mengucapkan selamat kepada kalian. Ingatlah selalu nasihat Bapak-Ibu guru meskipun kalian sudah lulus dari sekolah ini. Jangan pernah meningalkan shalat dan jadilah anak-anak yang sholeh,” ucap pembawa acara, mewakili suara para guru.
Para hadirin, dewan guru dan calon wisudawan larut dalam suasana haru itu. Banyak yang tak kuasa menahan tangis. Buru-buru mereka keluarkan tisu atau sapu tangan untuk menyeka air mata agar tidak merembes ke pipi. Ki Lengser, para penari, pengusung umbul-umbul dan pembawa payung berdiri dengan muka tertunduk. Mata mereka berkaca-kaca. Para penabuh gamelan juga tak luput dari suasana haru itu. Kelopak mata mereka ikut basah.

Menerima ijazah dan dikalungi medali alumni, pengantin siswa tak kuasa membendung air matanya.
Usai prosesi sungkem, ketika air mata belum sepenuhnya kering, kepala sekolah menyerahkan ijazah dan mengalungkan medali alumni. Pengantin siswa, dengan mata lembab, membalasnya dengan mencium tangan kepala sekolah. Khusus kepada pengatin laki-laki, kepala sekolah memeluknya, seakan-akan mereka akan berpisah untuk selama-lamanya.
Kepala sekolah kemudian menyerahkan laporan hasil belajar siswa tahun ajaran 2009/2010 kepada ketua komite sekolah. Keduanya bersalaman dan berangkulan. Ketua komite sekolah menyampaikan terimakasih atas jerih payah kepala sekolah dan seluruh guru. Pengabdian dan kerja keras mereka bukan hanya berhasil membawa seluruh siswa lulus ujian nasional, tetapi juga mengantarkan seorang siswa di sekolah ini meraih nilai ujian nasional tertinggi se-Kecamatan Cineam.

Satu per satu wisudawan menerima ijazah dan medali alumni

Dipandu Ki Lengser, pengantin dan Ketua Komite Sekolah kembali ke tempat duduknya. Setelah itu, para wisudawan bergegas ke depan untuk menerima medali alumni dari Ketua Yayasan. Para guru mendampingi Ketua Yayasan, bersama Kapolsek dan Komandan Koramil yang hadir dalam acara ini. Orang tua para siswa kemudian ikut bergerak ke depan. Mereka menjabat tangan kepala sekolah dan para guru satu per satu.
Sekitar jam sebelas siang, acara ini ditutup dengan doa, setelah sebelumnya dibuka dengan pembacaan ayat suci al-Quran, menyanyikan lagu “Indonesia Raya”, beberapa sambutan, prosesi mapag panganten dan sungkeman.

Ingat vs lupa
Bagi saya yang sekarang bermukim di Jakarta, imtihan ala Tasikmalaya ini memberikan kesan yang luar biasa. Saya jadi mengerti dan turut merasakan betapa di sebuah daerah yang jauh dari hiruk-pikuk kota, acara wisuda ternyata penuh warna dan sarat makna. Guru dan murid, juga pengurus yayasan dan wali murid, tak hanya terikat hubungan administratif, tetapi juga punya hubungan batin yang begitu dalam. Mereka menggambarkan keluarga besar yang sebenar-benarnya.
Saya betul-betul menyesal karena baru membikin tulisan ini beberapa bulan setelah imtihan itu berlalu. Saya lupa menaruh memory card yang menyimpan data berisi foto-foto acara tersebut dan baru menemukannya beberapa hari yang lalu.
Sejarah manusia adalah sejarah perjuangan ingat melawan lupa. Mungkin kelupaan saya tadi masih bisa dimaklumi. Sangat berbeda halnya bila kita lupa akan kekayaan tradisi kita, seperti tradisi imtihan di Tasikmalaya yang saya tulis di sini.
Alangkah berdosanya kita bila yang kita ingat dari acara wisuda hanyalah hura-hura dan konvoi di jalan raya. Betapa celakanya bangsa besar bernama Indonesia bila masyarakatnya tercerabut dari akar budayanya.

Menteng, 26 September 2010

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...