03 Oktober 2010

Poyok Ungkal

Ungkal téh lembur di wewengkon Conggéang, Sumedang. Mun Maronggé sohor ku pélétna. Ungkal mah kaceluk ku poyokna. Kapan aya nu disebut poyok Ungkal. Paribasa, tukang cegékan urang Ungkal mah.
Naha bener kitu éta téh? Sigana, puyak-poyok mah saréréa gé osok. Naha urang Ungkal naha urang Tagogapu, sahanteuna kungsi moyok. Ngan, poyokna kawas kumaha?
Rada nenggang ti nu séjén. Urang Ungkal miboga tradisi anu mandiri tumali jeung carana ngedalkeun pamoyokna kalawan simbolis. Ari eusi pamoyokna biasana tara leupas tina kekecapan anu lega rambat kamaléna. Ana pok moyok, bet teu jiga-jiga.
Demi sababna, maksud pamoyokna umumna nyamuni di satukangeun kekecapan téa. Malah mun dilelekan mah asa ngaharib-harib tatarucingan.
Ninggang di nu teu surti mah ari dipoyok téh hih ‘damang’ wé. Taya aya riuk-riuk katoél mamaras rasana. Mun digambarkeun kana laku leumpang mah nya “noyod” tea. Ngan sabada dilenyepan atawa dipapaykeun ka warga séjénna, biasana nu dipoyok téh kakara engeuh. Ma’na poyokanana ogé teu kurang-kurang matak éra parada, matak nyelekit kana ati, nyentug kana jajantung.
Keur urang Ungkal mah, poyok téh béda deui jeung moyokan. Cék anggapanana, poyok téh hiji kabinangkitan budaya modél sisindiran atawa wawangsalan. Béda, béda pisan cenah jeung moyokan. Ari moyokan mah leuwih nyindekel kana ngahina, atawa ngagoréngkeun batur ku cara torojogan nyebut langsung si lestreng, si demés, si rancung, si jangkorang jsté.
Naha bet sok disarebut poyok Ungkal? Numutkeun kamus mah, kecap poyok téh hartina ngagogoréng. Ngan hanjakal, dina kamus basa Sunda, taya katerangan tina perkara kecap ungkal. Aya ogé ngan kecap sungkal, hartina dijungkatkeun ku alat (upamana linggis). Boa-boa….éta nu matak urang Ungkal sok dipatalikeun jeung poyok téh. Apan moyok ogé dina enas-enasna mah nyokélan atawa nyungkalan kagoréngan batur.
Bakat ku panasaran jeung hantem ditaléngténg, bari tetelepék ka sawatara jalma. Goréhél baé kapanggih. Kecap ungkal téh kapanggih tina basa Jawa, nu hartina asahan. Tah ieu mah bet asa leuwih deukeut, asa ngaharib-harib ka nu dimaksud. Munasabah, mun nu moyok téh jigana mah hayang ngasah kapinter atawa kasurti nu dipoyokna.
Ari gelarna poyok umumna muncul kitu baé, tara dirarancang heula. Spontan, cék légégna mah. Sok munculna téh mun aya nu ngahagalkeun nanya, biasana semah. Tah nu ngahagalkeun nanya mah pasti bakal ‘dibekelan’ (dipoyok).

Upamana baé, jol aya sémah nganjang ka Ungkal. Pakulitanana hideung. Geus remen manéhna ngadéngé pajar urang Ungkal resep moyok.
“Wartosna urang Ungkal téh palinter moyok! Naha leres éta téh?” manéhna nanya ka salah saurang pangeusi lembur Ungkal.

“Ah bujeng-bujeng tiasa moyok Cep, kana puyak-poyok téh Bapa mah éstuning poékkeun pisan!” walon nu ditanya.
Ku sabéngbatan mah éta jawaban téh asa wajar tur sahinasna. Teu semu-semu moyok atawa ngahina. Meureun maksudna mah teu bisa moyok atawa teu nyaho kana perkara moyok. Tapi sanggeusna dilenyepan, éta nu ditanya téh saéstuna geus nyelapkeun poyokan ku cara ngagunakeun analogi dina kecap poékkeun. Demi kecap poékkeun téh apan kecap dasarna poék nu hartina ngabelegbeg atawa peteng. Nu moyok geus nyelapkeun analogi dina kecap poékkeun kana kulit nu dipoyok. Cindekna, moyok anu kulitna hideung.
Ilaharna, ngan sakilta timbulna poyok téh. Komo mun patali jeung kakurang atawa kahéngkér di nu nanya mah, pangpangna lebah pangawakan atawa dangdanan. Poyokna lir siloka dibungkus kalawan lantip pisan. Jeung tara béakeun bahan deuih, aya wé poyokeunana téh. Tara pipilih, teu ka nu goréng patut teu ka nu kasép, teu ka lalaki teu ka awéwé, teu ka cacah teu ka ménak. Walatra.
Munculna poyok Ungkal téh tétéla ngait jeung kaayaan lingkungan masarakatna anu pirang-pirang unak-anikna. Poyokanana biasana nyantél kana barang atawa sipat barang nu nyampak di éta lingkungan. Demi lingkungan pakumbuhan Ungkal téh cék légégna mah kasebut agraris-tradisional. Pangeusina réa nu hirup tina tatanén. Nu matak kekecapanana téh deukeut kana alam pertanian, kayaning: galengan, pihumaeun, bongsang, mumunggang jsté.
Sabada dijujut, tétéla dina poyok aya sababaraha pola nu maneuh. Kahiji, pola analogi cék gayana mah. Maksudna ngaitkeun atawa ngibaratkeun pangawakan, kaasup dangdanan hiji jalma kana barang atawa sifat barang nu direngkolkeun dina guneman. Contona, “Ah teu tiasa sareng teu wararantun teuing kedah moyok mah Bapa/Ibu/Cép! Da ngarumaoskeun pisan Bapa mah jauh ka bedug anggang ka dulag.”
Ari ninggali ngaguluyurna éta omongan asa jajauheun kana moyok. Jujur tur polos pisan éta jawaban téh ngébréhkeun jeung ngarumasakeun kana kalaipan jeung kabododan dirina. Padahal koncina téh nyelap dina dikecap ‘bedug/dulag’. Maksudna, moyok ka nu gembru atawa andihi awakna. Ari pangna nu gembru maké dianalogikeun jeung dulag/bedug téh lantaran ari bedug atawa dulag mah hartina dogdog gedé.
Pola nu kadua, cék légégna kasebut pola asosiasi sora. Maksudna moyok ku kecap nu padeukeut sorana jeung maksud poyokan. Upamana: “Ah sararieun teuing! Kapungkur ogé aya kajantenan nu puyak-poyok téh dugi ka diatak-atakkeun!” Kecap konci éta omongan nyaéta kecap ‘diatak-atakkeun’. Dina basa wewengkon Sumedang, éta kecap téh ngabogaan harti diancam. Dina éta kontéks nyelap poyokan dina kecap diatak-atakkeun anu sorana padeukeut jeung kecap botak. Cindekna ieu omongan téh dipaké moyok ka nu sirahna botak.
Kumaha ari urang Ungkalna osok silih poyok? Nya tangtu baé osok mah. Hal ieu téh patali jeung ayana anggapan yén poyok téh salah sahiji kabinangkitan budaya. Ari munculna biasana dina suasana rinéh, saperti dina riungan informal. Anu pinter mah biasana pada naranggap. Geura urang bandungan kumaha maceuhna silih poyok antar urang Ungkal. Duanana ogé geus loma tepung dina eta riungan, harita Si B kakara datang kana éta riungan.
“Lah kuring mah mani aral ku bangbara, da enya teu sirikna ngaliang dina unggal usuk! Cik atuh béjaan kumaha cara ngalana?” cék si A.

“Jéh, gampang atuh, ngala ngala bangbara kitu patut mah! Engké geura lebah barabay panon poé dialana téh!” walon si B.
Lebah mana silih poyokanan? Tah lamun dilenyepan mah tétéla silih poyokan lebah aspék fisik (tangtungan) antara A jeung B papada urang Ungkal. Barang ningali bulu irung si B mani nyeseg, Si A langsung ‘nembak’ ku éta poyokan. Bangbara téh dianalogikeun kana kaayaan irung nu nyeseg ku bulu. Demi Si A sacara teu sadar panonna téh beureum deuih, ma’lum keur nyeri panon. Respon Si B sanggeus ningali panonna beureum, teu béakeun akal ngan sakilat pisan langsung ngabintih deui ku poyokan. Cindekna panon nu beureum téh dianalogikeun jeung barabay panon poé, lantaran panon poé nu kakara meleték mah warnana téh ilaharna beureum.
Conto séjénna:

“Beu untung silaing mah, Odo! Mani geus panen deui baé,” cék Si UA.

“Muhun, Ua, Alhamdulilah.” Walon Si Odo.

“Heueuh, nya sukur baé, ngarah seubeuh-seubeuh nyatu atuh! Ngan kacipta ku kami nu loba béas mah meureun kop deui-kop deui baé nyatu!

“Wah Si Ua mah! Nya lumayan baé Ua, éta wé paré uing mah geus pada ngocal-ngocal ku titahan bandar ti Ujungjaya. Da teu sirikna mani rob deui-rob deui bari rék narimpahan. Cékéng téh moal waka!

“Waduk siah, moyok ka uing!”
Ieu poyokan téh ngagunakeun asosiasi sora antara Si Ua jeung Si Odo papada urang Ungkal. Kecap koncina nyaéta kop deui-kop deui jeung rob deui-rob deui. Ari kecap kop deukeut jeung sora kokop. Sedengkeun kecap rob deukeut jeung sora corob. Dina éta guneman kop deui-kop deui ngandung maksud moyok ka nu bahamna kokop. Ari kokop téh ngagambarkeun baham nu rada monyong akibat keuna ku panyakit sampar (kasakit kulit). Sedengkeun kecap rob maksudna males moyok ka nu corob. Demi corob hartina téh urut borok lantaran kaléob atawa kasundut seuneu, tapakna sok jadi bodas belang lantaran leungitna pigmen kulit.
Geuning urang Ungkal téh bet jiga nu marinculak?
Duka ti iraha urang Ungkal kitu kabiasanana. Nilik sajarahna, hésé maluruhna. Malah diaku ku para sesepuh éta lembur kaasup ku kepala désana, pareumeun obor cenah. Teu manggih raratan ditanya lebah sarilsilah jeung sajarah éta lembur mah. Basa diseleksek sugan atuh aya titinggal carita ngeunaan legenda atawa mitologi éta lembur, rata-rata gideug. Komo mun ditanya kasang tukang tradisi poyok, ti iraha jeung naon sababna bet aya éta kabiasaan, kabéh ngarirung teu bisa ngajéntrékeun. Cukup duka jeung teuing wé jawabna téh. Paling copel jawabanana téh, geus kitu ti dituna jeung tos aya ti kapungkurna.
Ieu mah babalédogan baé, rék nyoba-nyoba nyurahan sawatara kamungkinan. Saperkara, nilik kecap ungkal nu asalna tina basa Jawa, gedé kamungkinan bibit buit urang Ungkal (Conggéang) téh asalna ti Tatar Jawa. Naha? Di tengah lembur téh nu pernahna di antara dusun Sukahaji jeung dusun Sukaluyu, kasampak makam karamat anu gedé tur geueuman. Éta makam téh pada ngadareugdeug ti suklakna ti siklukna, utamana dina peristiwa-peristiwa penting saperti dina bulan Mulud, Rajab jlté. Ngan henteu baé obyagna jiga ka makam Sunan Gunung Jati.
Cék kuncen, nu dipendem atawa nu ngageugeuh éta makam téh karuhun atawa ‘cikal bakal’ éta lembur. Ti antarana nu dipendem di éta makam téh cenah: Mbah Jerad, Mbah Nayapatra, Mbah Lengo, Mbah Baraja, jeung Mbah Rangit.
Nilik kana jenenganana mah bet ngaharib-harib kana ngaran Jawa lantaran maké ngaran Mbah. Lain Embah meureun tapi Mbah. Boa-boa para abdi dalem atawa punggawa karajaan Mataram. Anu ngalolos ti karaton alatan naon boa. Indit sakaparan-paran nya jog baé ka éta lembur, terus baé aranjeunna ngababakan sarta bumén-bumén di ieu lembur. Kitu lah meureun cara ramana Yogaswara dina carita “Mantri Jero” kenging Méméd Sastrahadiprawira téa geuning.
Teu mustahil deuih ieu para abdi dalem téh kawasna nu ditugaskeun ku Sultan Agung pikeun ngarurug Jayakarta téa. Ngan dina émprona para abdi dalem téh loba nu belot, teu kersaeun mulih deui ka Mataram lantaran wirang, da gagal ngarebut Jayakarta téa, cara kajadian dina jaman Dipati Ukur.
Kadua perkara, nilik sistem tatanénna. Kapan sistim tatanén sawah nu munggaran di Tatar Sunda téh béjana tempatna téh di Conggéang, Sumedang. Nurutkeun katerangan Saléh Danasasmita dina buku “Pakuan Pajajaran”, ari daérah nu pangheulana disawahkeun téh nya Conggéang. Boa-boa, nya Mbah Jerad spk. Anu mokalan jeung nyikalan muka sawah di kampung Cacaban lelewek Conggéang kénéh, nu paeunteung-eunteung jeung Désa Ungkal. Nilik kana kecap cacaban, patalina jeung toponimi, asa deukeut kana kecap ceceb. Ari kecap ceceb téh hartina nancebkeun atawa ngabebeskeun binih. Lamun dina polah nyawah mah pantes pisan ieu téh laku nu keur tandur atawa melak paré téa. Munasabah cacaban téh hartina sarua jeung panyeceban binih paré, cindekna mah tempat melak paré.
Kumaha patalina antara para abdi dalem jeung poyok? Ari moyok téh enas-enasna mah pan raket pisan patalina jeung kaseukeut pikiran. Moyok téh merlukeun kasurti anu luhung. Lamun teu pinter atawa teu calakan mah asa pamohalan bisa moyok. Tah, teu pamohalan, baheula mah para inohong tilas abdi dalem Mataram anu teras nyingkur bari ngababakan téh bari molah sawah téh ngarasa perelu nyamunikeun manéh ku cara ngandelkeun komunikasi anu euyeub ku silib, sindir reujeung siloka, alias nu simbolis téa, sangkan teu kapanggih ku tentara Mataram nu ngadon naréangan. Walahualam!
Tina Cupumanik No.20

Tidak ada komentar: