17 April 2010

Koneng Deui Koneng deui

KEUR anteng nyabutan bulu irung, torojol Si Masri bari  nyarita hariweusweus.
“Gancangan, poé dolar, euy!”
Kuring neuteup Si Masri, beungeutna katara caharaan.
“Tah, ténjo beubeungangan déwék!” Si Masri ngodok sakuna nu metet, eusina kabéh dikaluarkeun. Lain waé duit kencring, rébuan ogé loba.
Kuring cengkat. “Bener éta téh, euy?”
“Na ilaing teu percaya ka déwék, sakitu beubeunangan geus ditémbongkeun téh!”
“Anéh nya euy, pan ayeuna téh Kemis?” cék kuring.
“Enya, pan beureum.”
“Oh, heueuh!”
Kuring sarangah-séréngéh. Dunya asa caang deui, rénghap gé asa logor deui. Mun enya kitu tada teuing bagjana. Geus saminggu ieu usaha téh tiis jeung tiis wé. Malahan dua poé katukang mah sajaba ti teu beubeunangan téh, pareng di sué deuih, kasérémpét angkot. Awak ngajongkéng tuluy nambru dina got. Suku tepi ka baréd, puguh deui awak mah karasa remuk. Jajauheun ka méré duit keur uubar, supir téh kalah ka nyarékan laklak-dasar. Atuh minggu ieu mah jajahuheun ka bisa setor ka pamajikan, dalah keur dahar sorangan gé ampir-ampiran. Dahar nu biasana sapoé dua kali téh ayeuna kudu dikurangan deui, jadi sakali. Jatah udud gé kapaksa kudu dikurud, kadang-kadang kudu ngoloan ka Mang Kodir, tukang béca.
Kari-kari  ayeuna meunang béja ti Si Masri yén poé ieu poé dolar. Poé dolar téh istilah tukang jajaluk nu tempat operasina di parapatan kana poé nu ramé. Di parapatan téh aya poé ramé jeung poé tiiseun. Poé ramé biasana mah poé Juma’ah, meureun loba jalma nu inget yén Juma’ah téh poé nu panghadéna. Saptu gé rada leuheung, meureun jalma keur rada barungaheun pédah gawé ngan satengah poé, bari isukna peré. Atawa bisa jadi Saptu mah jalma téh palalesir ka luar kota, di jalan kudu sodakoh heula ambéh salamet tepi ka tujuan. Poé Minggu jalan simpé, beubeunangan gé tara bisa diandelkeun. Ngan sakapeung mah sok aya sénggolan. Sénggolan téh pangasih ti darmawan nu kawilang gedé, biasana ti sapuluh rébu ka luhur, disebutna duit galabag.. Nu rajeun méré duit galabag téh urang pasisian nu keur pelesir ka kota.
Reup Bray, Koneng deui Koneng deui
Ari ti poé Senén tepi ka Kemis mah tong diakukeun wé. Beuteung gé kapaksa kudu ngilu nyenén-Kemis. Saban nu jajaluk geus pada nyaho kana éta jadwal. Tukang jajaluk nu geus profésional mah geus bisa ngimpleng naha poé ieu bakal beubeunangan atawa moal. Di parapatan aya hiji kabiasaan nu sok dipaké patokan, lamun tepi ka tabuh 09.00 can meunang duit, tong miharep poé éta bakal beubeunangan gedé. Tapi mun tepi ka jam 09.00, na pésak geus leuwih ti sabungkuseun nasi rames, alamat poé hadé. Cenah éta unggal poé di parapatan tara suwung ku nu jajaluk, nya ku sabab taya deui cabak, sepi-sepi gé dikeureuyeuh.
“Kumpulkeun nu séjén, euy!” kuring maréntah Si Masri.
“Aya naon kitu, Him?” walon Si Masri bari semu nu héran.
“Meugeus tong tatanya, sok kumpulkeun heula, ké dibéjaan!”
Jung Si Masri nangtung, kituna téh bari ngarérét ka kuring, léos muru parapatan. Ti kajauhan katénjo Si Masri maréntah­keun wadia balad muru base camp.
“Aya naon ieu, téh? Keur ramé yeuh, lebar ditinggalkeun mah,” Si Oon pangheulana nyarita. Sakuna témbong metet. Teu lila jol opatan deui, nu duaan mah awéwé.
“Kieu euy, meungpeung keur poé dolar, kumaha mun urang ngatur stratégi…”
“Stratégi kumaha ari ilaing, Him?” Si Masri motong caritaan kuring.
“Heueuh, silaing mah aya-aya waé, Him. Burukeun euy lebar keur hadé!” Si Bana mairan.
“Nu matak déngékeun heula, montong waka motong caritaan déwék! Keun eureun sakeudeung mah da moal matak sangsara.”
Nu ngariung saregep ngadéngékeun kuring.
“Ngarah kabéh kabagéan gedé, kumaha mun babagi waktu. Saurang sajam séwang, tong abring-abringan bisi nu ngaliwat geuleuheun. Ku cara kitu kabéh kabagéan jatah waktu nu adil. Sual beubeunangan mah urang kumaha milik wé, nu penting saurang sajam. Kumaha ceuk ilaing?”
Nu ngariung tingrarérét.
“Kumaha ceuk ilaing, On?” Si Masri kalah nanya ka Si Oon.
“Alus lah, ngarah teu capé teuing. Ku cara kitu kuring loba waktu jang héés.”
“Nu séjén, panuju teu kana pamanggih déwék?”
“Enya, atuh hadé mending kitu wé,” ceuk nu ngariung.
“Tapi kumaha ngatur saha nu ti heula jeung saha nu pandeuri?”
“Dikocok wé.”
“Enya, panuju. Ilaing lain boga pulpén On,” cék Si Masri. “Keretasna mah tah ku urut bungkus rokok.”
Teu lila, gutrut-gutrut Si Masri nulis genep ngaran dina keretas sagaledé kartu gapléh, tuluy digulung-gulung. “Asa keur arisan nya, euy?” ceuk Si Masri.
“Cing haling ku déwék ngocokna mah, pan déwék nu boga idéna gé!” ceuk kuring.
“Kop tah, tapi montong licik!”
“Na ilaing téh mani cangcaya ka déwék?”
Genep lintingan keretas  téh diasupkeun kana dudukuy, tuluy  dikocok-kocok.
“Tandéan euy, saha tah nu kahiji?”
Si Oon nandéan gulungan keretas kahiji, tuluy dibuka semu dipirit. “Déwék pisan,” pokna bari teu nolih deui ka nu lian, jung wé nangtung. Satuluyna nu kaluar téh ngaran Bi Amih, Jarot, Bana, Néndah, jeung kuring.
“Bedul téh, pangpandeurina, euy! Goréng milik aing mah,” ceuk kuring bari  kukulutus. Nu séjén tingcalakatak. Tapi teu bisa majar kumaha, da éta nu geus jadi kasapukan. Jadi mun kitu kuring kudu ngadagoan lima jam pikeun bisa meunang duit téh. Mangkaning beuteung geus kudu dieusian deui. Alah cilaka!
Sajam ti harita Si Oon ngurumuy, diganti ku Bi Amih. Paro­man Si Oon katara béar marahmay, cicirén beubeunangana muce­kil. Enya wé sugih, malah aya duit galabag sagala rupa. Ku­ring bungangang, enya gé can kabagéan jadwal. Ceuk kuring gé, mun tepi ka jam 9.00 beubeunangan leuwih ti sabungkuseun nasi rame, tepi ka soré tara misleuk.
Sajam ti harita giliran Bi Omih diganti ku Si Masri. Bi Omih gé témbong marahmay. Gék diuk, duit beubeunganana diawurkeun kana lahunanana, tuluy diitung. Bi Omih témbong sura-seuri.
Jam hiji, manjing giliran kuring, sip kagenep. “Dienyakeun siah,” ceuk gerentes haté. “Mayor aing poé ieu mah. Geus saminggu beuteung ukur dieusian sangu jeung bala-bala, paling untung jeung angeun lodéh atawa kurupuk. Laksana sigana perbaikan gizi téh. Mayor aing mah, pingping hayam tah. Irung gé kudu dipuput ku roko ménak.”
Jung nangtung, calana jeung baju dibebener, kop kana baju rangkep.  Beuteung geus karasa lapar. “Tenang da moal lila deui ge dieusian dahareun nu raos.”
Gura-giru muru parapatan, léngkah mani asa hampang, panas poé gé teu karasa. Mun nu séjén meunang duit galabag, lain aku-aku angga, kuring gé bakal meunang. Nyi Néndah mah tepi ka meunang tilu lambar, can nu rébuan, geus teu kaitung duit kencring mah. Leungeun katuhu ieu mani geus  kekedutan.
Reup Bray, Koneng deui Koneng deui
Mobil tingsarebrut sieun kapegat ku lampu beureum. Kuring ngabedega gigireun tihang lampu setopan. Mangpirang-pirang lila ngajanteng, anéh, mobil téh bet taya nu eureun. Tuluy kuring tanggah nénjo lampu, haté asa ngaleketey, awak asa ngoléang. Lampu beureum nu diarep-arep teu jol baé. Reup bray. Konéng deui, konéng deui.***

Tidak ada komentar: