05 Juni 2010

Lebaran Poe Juma'ah

 Cilamping téh désa gegek tapi sikluk, jauh ka ditu-ka dieu. Pernahna di lamping gunung. Tara pati kasaba ku urang béh tengah, da nya éta jalanna rumpil. Urang dinyana nya kitu tara pati laliar ari lain barudak mah nu ngadugdag ngadon sakola ka désa séjén, da di dinya mah taya sakola. Kitu gé teu loba, ukur hiji-dua.
Imah-imahna kabaheulaan kénéh, hateup injuk julang ngapak, bilikna képang anyam satampah. Masjidna nya kitu deuih, ka cungcung-cungcungna ku injuk. Kawilang gedé sakitu mah, ngan teu pati kapiara, da nu ngeusianana oge Lebé waé jeung nu dareukeut ka dinya. Barudak lembut waéh nu ngadon ngaji tepung magrib. Ka-peutingnakeun pinuh ku barudak bujang nu ngadon marondok.
Tapi dina tanggal lilikuran Puasa mah masjid nu sasarina cakueum tiiseun téh ngadak-ngadak hégar, bilikna dikapur, buruanana dikoréd lening.
Tanggal tujuh likur pasosoré loba jelema ngarariung di balé malang bari gorgar ngawarangkong. Di juru deukeut bedug sa­watara urang ngadareluk ngaroméan terebang pakéeun eng­ké ari nyalawat maleman Lebaran. Lebé andekak nyarandé kana tihang, ngagigirkeun boboko tilu wadah béas jeung blék urut minyak tanah, wadah duit.
“Ség-ség atuh rék saletor pitrah mah, meungpeung beu­rang,” cék Lebé, “sor ka dieu, Arjangi, tong asa-asa …. Sabaraha jiwa nya? Tujuh lain?”
“Tilu, Kiai …. Kuring, budak nu cikal jeung indungna ….”
“Ari nu opatan deui?”
“Har, ari Kiai, pan can manjing puasa éta mah …. Pitrah kuma urusanana, bolon kénéh sasatna!”
“Nya atuh, kuma nyanéh waé ari kitu mah …,” cék Lebé, “tilu kulak nyah rék meuli téh?”
“Tilu,” cék Arjangi bari ngudar cangreud rajut, dicicikeun, borolo bénggol wungkul. Milihan genep, sésana diasupkeun deui, purilit ret dicangreudkeun deui. “Tah, Kiai, kuring seja mésér béas tilu kulak ku duit limalas sén ….”
“Genep bénggol kitu, pan éta duitna gé bénggol wungkul!” cék Lebé bari kerung.
“Seug atuh …, kana duit genep bénggol,” cék Arjangi mindo ijab bari ngéntépkeun bénggol dua-dua, sakulakeun-sakulakeun.
“Kula ngajual béas tilu kulak kana duit genep bénggol …. Tah rawatan, tilu boboko …. Sing percaya, geus meunang ngayon éta téh, jejeg sakulak-sakulak …. Sok ayeuna geura setorkeun deui ka kaula …. Setor pitrah kitu!”
“Kuring setor pitrah tiluaneun …. Ieu kawajiban kuring, ngaran Arjangi …. Nu ieu kawajiban awéwé, Si Narti …., tah nu ieu kawajiban anak nu cikal, Si Awisah …. Lain kawajiban popotonganana kénéh, Kiai…? Dan can lubar idah!” cék Arjangi bari tanggah neuteup beungeut Lebé, “teu datang-datang si selud téh, katempuhan bapana waé tungtungna téh!”
“Tarima kaula pitrah Arjangi jeung Nyi Narti jeug Nyi Awisah …. Sok kadinyah amin urang dungaan,” cék Lebé bari nandékeun dampal leungeun duanana.
“Ké heula, Kiai, tobat sanés nyanyahoanan …. Ulah ku dunga indal-maot, kuring mah sok kukurayeun ….”
“Ari geus …. Dunga naon kahayang téh …?”
“Indal-salamet waé atuh sugan, ambéh salamet panjang umur ….”
Lebé kapaksa ngéléhan. Bérés ngadunga, bénggol nu genep téh dirawatan, goloprak-goloprak diasupkeun kana blék téa.
Geus dimimitian ku Ki Arjangi mah sungsong paheula-heula, rata ukuran sakulak lima sén. Nu ngurung budak waé aya, nu geus rada enyay-enyay ngarti mah, nu nurutan Ki Arja­ngi waé loba.
“Punten, ah, kuring mah ti dieu waé ti luar, sangeuk siba­nyo,” cék lalaki tengah tuwuh bari melenyun udud. Leungeun­na ngarongkong nyodorkeun duit lima sén ka nu diuk pang­deukeutna, ménta ditepikeun ka Lebé.
“Geuning sia geus udud, Adma? Kakara gé asar ahir, deulu!” cék Lebé.
“Har, ari Kiai, lalay geus rabeng ti tadi tukangeun imah kuring mah …,” cék Adma bari ngenyot rokona.
“Baruk lalay …? Lain gugueun, deuleu, nu kitu mah! Da kudu geus reup-reupan …. Malah cék sakaol mah kudu geus teu kadeuleu bulu bitis …!”
“Ari kitu …, matak batal deuih udud téh?” cék Adma bengong.
“Puguh waé, deuleu!” cék Lebé nyereng.
“Ké … ké … ké … Kiai, da cék nu nyarios mah sami sareng nyusur cénah …. Éta duit kuring ulah dipésakan, Harip, bisi kapopohokeun,” cék Adma bari ngarérét ka nu mang­nam­panan­keun duitna tadi.
“Dipesakan sotéh lain rék diarah, bisi Kiai kaliru kaasup­keun kana kaléng, pajar geus diijabkeun,” cék Sanharip moro­ngos, teu ngeunah disangka boga niat goréng.
“Euh …, heug … heug … atuh …. Bisi waé kuring mah, bisi poho,” cék Adma ngélémés éra.
“Sarua jeung nyusur kumaha tadi téh, Adma?” cék Lebé panasaran.
“Sumuhun … sami … bako-bako kénéh …. Bédana téh dikemil jeung diseuneuan ….”
“Ari kitu … teu batal ari nyisig?”
“Pédah waé Pa Mukasan nyisig waé sapopoé bari puasa téh ….”
“Paingan atuh ari nyanghulu ka dinya mah …. Pan si éta mah manggih gaang gé sok didéang dina cempor, ditambul harita kénéh …. Sia beuki nya, gaang?”
“Yéy … palias nagir, keuyeup gé loba kénéh, teu kudu nam­bulan gaang …. Diturutan sotéh pédah waé tukang bilal tukang ngunggahkeun, sahenteuna meureun aya taram-taram kana ajian ….”
“Sok dititah nunggahkeun sotéh tamba wudu, pédah taya deui nu daékeun,” cék Lebé, “baliju-baliju gé lumayan ku sona­garna.”
“Mun nyana batal mah, nyatu waé sakalian tadi téh,” cék Adma bari miceun rokona.
“Unggal poé nya sia sok udud téh?”
Teu némbal, anggur malik ka Sanharip. “Sok, Harip, seren­keun duit kuring ka Kiai …. Ijabkeun sakalian, kawajiban Si Anisah kituh!”
“Ari kawajiban sia mana, Adma?” cék Lebé.
“Moal tulus kuring mah, Kiai …. Pan cék Kiai gé baréto, pitrah téh nyampurnakeun puasa, sanés? Ari kapalang batal balas udud, nyampurnakeun naon atuh …? Péngkolkeun waé ka Si Anisah …. Tadina mah manéhna nu moal, da cék mitoha gé rubiah mah karawu kapangku ku salakina …. Ari geus kieu mah jadi teu bisa mangku kuring téh. Nu matak manéhna ayeuna mah nu ka hareup ….”
“Deulu ituh, Juragan Kuwu ka dieu!” cék nu diuk tukang­eun Lebé. Saréréa tinglalieuk ka jalan. Lebé ngésod rada mun­dur, nu séjén-séjén nyedek ngumpul di juru. Sup Juragan Kuwu ka masjid, jémprak sila nyarandé kana sarigsig.
“Geuning sisinarieun Juragan angkat ku anjeun?” cék Lebé, “pan sasarina gé sok ditéang ku abdi ka bumi.”
“Ah, entong, da rék ditajongkeun …. Dipikir-pikir asa réncéd. Ayeuna kami setor ka Lebé, engké bulan Hapit, usum dibagikeun, kami narima pancén ti Lebé. Kadang-kadang duit kami kénéh pulang deui ka kami …. Tajongkeun waé ayeuna mah. Kawajiban kami jeung Nyi Kuwu potong engké tina pancén ….”
“Dupi ijabna kumaha atuh ayeuna?” cék Lebé sanggeus ngahuleng sajongjongan.
“Geuning belet Lebé mah …. Ayeuna mah kami béré nganjuk béas dua kulak, bayarna engké nyontang pancén kami kénéh …!”
“Euh … leres …, mangga!” cék Lebé bari ngésérkeun boboko dua ka hareupeun Kuwu.
Dirongkong, dirampa béasna dipuruluk-puruluk kawas nu hayang naksir béar-béarna, pok nyarita, “Tarima kami nganjuk béas dua kulak, bayareun engké nyontang tina pancén kami nu sok katarima dina bulan Hapit ….”
Dijawab ku Lebé, “Tarima abdi nganjukkeun béas dua kulak kana harga dua kali lima bénggol ….”
“Lain dua kali lima sén …? Pan ka batur gé sakitu, lain?” cék Kuwu nyelang.
“Ka Juragan mah ngabantun pangaos pasar, margi … margi ….”
“Pédah nganjuk …? Seug atuh, kuma dinya waé, da bayar­na ogé ti dinya-dinya kénéh ….”
“Ngeunah kadéngéna ari kieu mah …. Mun ka urang dirag­ragkeun sarega pasar, kana luput meureun moal setor, nya Harip!” cék Adma ceuleungeung ti luareun bilik cabol.
“Ka somah mah diragragkeun lima sén sakulak sotéh sarat wungkul. Wajibna pitrah téh sakulak, ari saletor lima sén waé ti baheula. Diijabkeun waéh kana sakitu ….”
“Tuda enya kudu kitu, kudu heman ari ka somah,” cék Adhani ti juru, “malah mun nuluy mah unggal poé Kiai dagang béas murah, saréréa gé moal ngaléok ka nu séjén, nya Harip …. Malaur jauh ka pasar ari di dieu aya nu murah mah.”
Lebé ngalieuk ka lebah nu ngomong bari seuri konéng. “Dibéré sajeungkal hayang sasiku, dirugal-rigel diéénténgan sataun sakali hayang mayeng unggal poé …. Ku salebaran sakali gé sabaraha pirugieunana. Kurang-kurang bisa ngatur laporan mah, rugi tilu bénggol tina sajiwa, jaba barudak nu can manjing puasa loba nu teu dipitrahan, malah Si Adma mah angkohna rubiahna gé moal disetoran ….”
“Tuda cék mitoha kitu …, geus karawu kapangku ku kuring …. Ayeuna onaman da enggeus, lain?”
“Heueuh, meunang méngkolkeun …! Pan salakina bélaan henteu!”
“Ari kitu sia teu setor, Adma?” cék Kuwu bari ngarérét ka nu nyangheuy dina bilik cabol.
“Ah juragan, da abdi mah puasana gé lapur …. Sugan ari udud téh cara nyisig teu matak batal ….”
Ger pada nyeungseurikeun, kayungyun ku beletna.
“Aéh-aéh …, na ieu béas dikukucel waé …. Reungeukeun, Lebé, kami setor kawajiban kami jeung kawajiban Nyi Kuwu, sakulak séwang,” cék Kuwu bari nyodor-nyodorkeun boboko béas.
“Nampi …,” cék Lebé bari nampanan. Gorolang, nga­dunga, diaminan ku saréréa.
“Horeng babari ari ménak mah, teu maké duit gé hadé ditujang-tajong,” cék Si Adma teu kireum-kireum kawas nu euweuh waé kaserab ku dunungan téh.
“Babari sotéh lebah dieuna, pédah boga pancén sampeur­eun, kituna gé pan regana sabaraha tikeleun ka batur. Kadéngé lain tadi?”
“Kakuping …,” cék Si Adma, “ngan leuheung waé sotéh, Juragan mah teu kudu ngodok saku ….”
“Heueuh, lebah dinyana meureun pikabitaeun sia téh, Adma. Tapi lebah gawéna mah paralun ampun, aing téh nepi ka kuru cileuh kentel peujit balas mikiran somah sadésa …. Nepi ka teu kaduga … aéh, teu meunang puasa-puasa acan Kuwu mah, da éta cénah matak panas héabna ka somah ….”
“Tah geuning, Kiai,” cék Si Adma bangun giak, “hadéna atuh puasa kuring teu kaci, mangkaning pamajikan keur bulan alaeun. Mun seug téh cara batur, mana teuing héabna ka si utuh ka si inji ….”
“Hih, sia onaman teu ngurung batur, da anak-pamajikan sia gé dina seuhseuhanana mah angger tanggungan aing, pupuhu sadésa ieu …!”
“Rugi atuh nya abdi mah, Juragan. Hanas lentah-lentéh, teu nyatu teu nginum, puasa teu jadi, da kagoda ku udud …,” cék Si Adma kerung bangun sedih, “cék abdi gé tadi …, sugan kawas nyisig pédah sarua bako …, kacek diseuneuan wungkul. Duka upami seuneuna nu matak batal téh, nya Juragan!”
“Nyao ah, hésé ngomong jeung sia mah!” cék Kuwu bari ngalieuk ka Lebé, “ngadéngé guyur-guyur di balé désa pajar Lebaran ninggang kana poé Jumaah?”
“Leres …,” cék Lebé.
“Angsrodkeun kana Saptu, ulah sina ninggang poé Juma­ah, pamali!”
“Atuh langkung panginten puasana jadi tilupuluh hiji din­ten. Teu kénging ongkoh puasa poéan Lebaran ….”
“Kana Kemiskeun atuh, kajeun ngurangan sapoé …. Matak naon?”
“Panginten moal jejeg sasasih …. Hanas kental-kentél salapan likur dinten …. Abot ongkoh ka abdina, margi seu­seueurna nu setor pitrah téh dintenan ka tilupuluhna paso­son­ten. Ninggang dinten Kemis panginten taun ieu mah. Upa­mi dilebarankeun dinten éta téh, mana teuing hapana moal aya setorkeuneun ka ditu ….”
“Enya … tapi kami teu idin Lebaran poé Jumaah,” cék Kuwu kereng, “meureun kudu hutbah dua kali. Hutbah raya ongkoh, hutbah Jumaah ongkoh. Pantang di désa urang mah, matak dilongokan maung …. Pan aya maung ngamuk gajah meta mah Kuwu bagianana. Mangkaning kami geus kolot, teu cara baheula keur ngora, diganda léngoh ngudag maung sasiki mah ….”
“Kitu waé atuh, Kiai, sered kana Kemis, ti batan kaanjangan urang leuweung mah. Hampang ongkoh ka somah …,” cék Adtari.
“Ngomong naon tatéh, Tari?” cék Lebé bari malik ka nu ngomong di juru.
“Muhun kitu, Kiai, sakumaha kasauran Juragan Kuwu …. Saé diséréd kana Kemis …. Hampang ongkoh ka somah, moal harénghéng ongkoh, da sahanteuna kaanjangan ku urang leuweung mah pisakumahaeun, ari cadu mah di urang sapoé hutbah dua kali …. Leres kitu éta téh, Juragan?” cék Adtari bari neuteup ka Kuwu.
“teu percaya sia ka aing?” cék Kuwu rada kereng. Adtari tungkul, sérab ku nu siga nyeuneu.
“Kieu atuh,” cék Arjangi bari ngésod meueusan, “urang sina éléd waé salasahiji. Hutbah raya atuh entong ari rék ngarah sakali waé mah, boh Jumaahan nu entong teuing, remen ieuh ….”
“Ari Jumaahan ka mana ngeunteupkeunana …? Lumrah ti mana Jumaahan poé Kemis atawa Saptu …! Talung Lebaran, bisa dikasar-késér, da baheula gé tara angger,” cék Lebé.
“Tah geuning énténg ari Lebaran bisa poé naon waé mah …. Geus waé lah poé Kemis, kurang sapoé mah itung-itung nyombo waé ka anu tas kental-kentél sakitu lilana …,” cék Arjangi.
“Bisa kasar-késér sotéh teu kudu matok poéna, deuleu, lain hadé dikabiri. Lumrah ti mana puasa teu jejeg tilu puluh …. Pan cék kitab gé, rumadon salasin …, eu … kuma geuning, poho deui ….. Salasin atawa salasun …?” cék Lebé rada ram­pang-reumpeung bari neuteup nu dariuk di juru saurang-sa­urang.
“Kuring mah angot atuh nyaho ti mendi …. Boro-boro maca, sakieu kakolotan kangaranan kitab mah neuleu gé can kawénéhan …,” cék Anjangi.
“Heueu …, kitu waé …. Kami manggih dalil dina kitab, romadon salasin … nyao … salasun … atawa salasatun kitu …? Aya poho-poho teuing …. Ngan kitu waéh maksudna mah ….” Cék Lebé.
“Ah sanés Salasa ieuh,” cék Adtari bari ceuleungeung, “inget pisan kuring mah, poé Rebo ngamimitian puasa téh, da basa munggah téh kuring muru saur ka warung Si Iboh, sa­kalian ka pasar ….”
“Lain poé Salasa, deuleu, ari salatun téh. Mun rék basa urang mah hartina tilu puluh. Jadi bulan puasa téh umurna jejeg tilu puluh …. Geura urang itung … Rebo-Rebo Kemis Jumaah …. Sapuluh tah …. Saptu-Saptu Ahad Senén …, sa­puluh deui, jadi dua puluh jeung nu tadi …. Salasa-Salasa Rebo Kemis …, sapuluh deui, jadi tilu puluh …. Jejeg waéh dina poé Kemis téh, nu matak Lebaranana ninggang poé Jumaah …. Tah, dalilna aya réngkolna, diitung teu géséh ning­gang poé éta … rék kumaha deui …?”
“Jadi keukeuh waé nyah kudu poé Jumaah?” cék Kuwu kereng.
“Sumuhun, upami numutkeun dalil éta mah,” cék Lebé.
“Tapi kami teu idin ari kudu hutbah dua kali mah …. Pamali di désa urang mah, pamali, matak dilongokan maung …. Talung ari semet lolongok wungkul, da cék pacaduanana ogé tara daékeun balik léngoh.”
“Perkawis hutbah dua kali mah teu jadi pambengan. Jura­gan, da cék jenatna pun bapa gé pantang sotéh upami dihéng­goy ku sorangan. Ambéh teu ngarempak pacaduan, hutbah lebaranana kedah ku pupuhu lembur …. Kapungkur gé sang­gem jenatna pun bapa téh … aéh baheula kétah, jaman tuang éyang ngeuyeuk désa ieu kantos lebaran dinten Jumaah. Hut­bah teu dikirangan, hutbah raya hutbah Jumaah gé taya nu di­langkung, salamet waé teu sakara-kara, da hutbah Leba­ranana ku tuang éyang téa …. Ayeuna gé mangga waé nyang­gakeun hutbah lebaranana mah …,” cék Lebé bari ceuleu­ngeung.
“Baruk kami kudu maca hutbah ..? Teu … kami mah teu sararanggup teuing …. Enya waé aki mah jenatna pinter béjana, da kungsi masantrén ka Demak ka Jombang naon ku hanteu cénah …. Ari kami apal ti mana aksara Arab, da teu ngaji teu masantrén? Teu … kami mah teu sanggup, kajeun ngurangan puasa sapoé kana poé-Kemiskeun, dunya-ahératna tanggungan kami!” cék Kuwu, beungeutna euceuy.
“Hih ari Juragan, perkawis padamelan mah tiasa diwakil­keun ieuh. Keur naon seueur ponggawa? Pan séba distrik gé ari aya pambengan mah sok ngawakilkeun ka Jurutulis. Nu matak naon ieu ogé digenténan ku nu sanés nu sakira sang­gemeun, asal ponggawa désa waé nu merenah ngawakilan Kuwu,” cék Lebé ngabongbolongan.
“Meunang kitu disulurkeun ka batur …?” cék Kuwu, beungeutna marahmay, “kuma cik carana sangkan punah ka­wajiban kami …! Boa kudu méré panajir kawas ari sulur séba?”
“Kieu sanggem jenatna pun bapa mah,” cék Lebé bari ngésod maju, “ponggawa nu badé ngawakilan téa kedah didangdanan, sina nyeplés anggoan Juragan ari nuju dines kanagaraan. Udengna, raksukan hideungna katut solémpang emasna, kebat naon ku hanteu. Kitu deui tudung polét teu kénging lésot …. Turun ti rorompokna, muru ka masigit téh dipapag pajeng kamantrén, digondeng ku ponggawa-pong­gawa nu sanés. Kapaksa Juragan gé harita mah kedah ngiring ngagondéng, ngagenténan gawé itu …. Méméh bring, ikrarkeun heula sing asak … dijenengkeun cindékna mah …. Kitu sanggem pun bapa mah jenatna.”
“Saha atuh ponggawa di urang nu bisaeun hutbah?” cék Kuwu, tarangna kerung, “asa euweuh deui ari lain Lebé mah ….”
“Hih, abdi onaman pan siangna dina Jumaahan kedah hutbah deui.”
“Heueuh pan harita mah geus jadi Lebé deui …! Turun imbar gé gawé Kuwu mah geus bubar, lain?”
“Aéh muhun nya …. Kitu saé atuh …,” cék Lebé éléh déét.
“Heueuh, kitu waé, pek émbarkeun ka sadésa, Lebaran engké mah Kuwu kitu nu rék hutbah téh, nyingkahan paca­duan, pédah lebaran ninggang poé Jumaah,” cék Kuwu bari cengkat, léos balik.
“Sihoréng loba pisan unak-anikna nya ari agama téh,” cék Adtari ka batur-baturna.
“Rumasa balilu puguh gé kami mah, da teu ngaji, teu nyaho alip bingkeng-alip bingkeng acan …, témbal Arjangi.
“Tapi kawilang pinter nya Lebé téh …. Juragan Kuwu mah siga nu geus poékeun kacida tadi téh …, ieu mah hih kawas nu babarieun pisan mesék mas’alah téh …,” cék Sanharip.
“Tuda teu samanea, ti buyutna kénéh turun-tumurun jadi Lebé. Piraku waé mun teu kakocoran komara téh,” cék Adtari.
Lebé jongjon waé mulungan béas nu marurag kana palu­puh. Api-api tu ngadéngé pada muji téh. Tapi kaciri irungna mah beukah.
***
Malem Jumaah, maleman lebaran. Lembur Cilamping nu sasarina combrék tiiseun téh ngadak-ngadak haneuteun. Di unggal buruan raang palita dina duwegan sabeulah, malah nu werat meuli minyak lantung mah aya nu nyieun damar séwu naon ku hanteu. Kolot-budak pada bungah. Nu puasana belang-betong atawa nu teu pisan ogé, nu ngalap cukup ku setor pitrah lima sén ka Lebé, peuting éta mah kawas nu dikariaankeun. Geus lir nu kasebut leket mah, najan loba nu bari udud atawa nyisig ogé.
Di masjid caang mabra diseungeutan lampu gambréng sadua-dua. Barudak lembut ngagonyo di hareup, ciweuh naréwakan siraru, jorojos-jorojos dirérab dina damar, belewek ditambul bari cingeus néangan deui téwakeun.
Barudak bujang maturan kolot di tengah masjid, takbiran ditabeuhan ku terebang. Luluguna Ki Mukasan, biwirna nga­jendol ngemil sisig. Nu nerebang kawas bari narundutan, awak lénjong ngénca-ngatuhu nuturkeun lagu. Béda jeung nu na­beuh dogdog, jaringas pisan éta mah. Dogdog dihompét ku suku kénca, leungeun pakupis duanana, awakna reureun­deukan kawas nu ngigel.
Ka-peutingnakeun takbiran ditunda, diganti ku lagu-lagu tandak buhun nu ilahar dina gembyungan. Tamba tunduh cénah. Lagu Dongdonghéjo, Rincik Manik, Karembong Lokcan jeung réa deui. Naék kana lagu Kéwér-kéwér
Juljol nu nganteuran dahareun, aya lalawuh aya sangu katut tumas-tumisna, paalus-alus pangeunah-ngeunah, da niatna gé hayang katuang ku nu ibadah di masigit.
Brak dalahar balakécrakan. Nu geus seubeuh mundur ngadon nyarandé kana bilik. Rék malikan deui, nerebang kaburu ku tunduh, tinggolédag saurang-saurang, tungtungna gempar samasigit. Nu pandeuri kabagéan bébérés, sésa dahareun dikumpulkeun, diwadahan ku dogdog.
Tengah peuting loba nu lilir kagebah, ngadéngé nu ribut-ribut. Rék hudang horéam ku tunduh, reup waéh tibra deui, parat nepi ka subuh.
Lebaran gedé taun éta mah cék saréréa ogé. Ti jaman akina Kuwu nu ayeuna, kakara harita pareng deui ninggang poé Ju­ma­ah. Nu sasarina tara mantra-mantra ka masigit ogé harita mah merlukeun indit, panasaran hayang ngadéngé Kuwu hutbah.
Ti janari kénéh masigit geus pinuh, barudak bujang kabagian di tukang, ditéma ku nu lembut ngadeukeutan be­dug. Nu talakbir loba nu geus peura balas ti peuting kénéh. Perbawa poé Lebaran, sora kitu, laguna kitu, ngagalindeng wanci kitu, tingsariak waas pabaur jeung ketir, rusras inget ka nu geus taya di kieuna. Loba nu teu kawawa ku cipanon.
Wanci carangcang tihang rombongan nu didadago téh da­tang, srog ka lawang. Pangheulana Kuwu digondeng kénca-katuhu, maké papakéan dines. Raksukan takwa kamhar hi­deung, kancing welem duawelas, solémpang érmas, sinjang kebat lépé satampah. Dibendo ongkoh, didudukuy ongkoh, dudukuy dines polét érmas, jaba dipayungan deuih.
Sup ka masigit, nu asa rék kaliwatan hideng méléd méréan jalan. Jelema-jelema tingkecewis tingharéwos pada baturna. Srog ka hareupeun paimbaran, ngajanteng heula ngadagoan anu komat.
Na atuh ari pok téh aya nu ngomong kalepasan, “Geuning siga kiai Lebé …? Lain Juragan Kuwu nu rék hutbah téh?”
Ditémbalan ku baturna ti juru, “Puguh heueuh deudeu­leuan téh siga Kiai Lebé …. Nanahaonan cénah maké dang­danan Kuwu?”
Ari porongos téh nu ngagondéng beulah kénca nyenghor ka nu ngomong pandeui, “Ngomong naon? Baruk Kia Lebé …? Deuleu tah kadinesanana! Nu maké dangdanan kitu Kuwu ngaranna …!”
“Ké … ké … ké …,” cék nu panasaran ngaludeung-ludeung manéh, “sanés éta Juragan Kuwu mah nu sasauran …?”
“Lain …! Kami mah keur teu jadi nanaon …! Tah ieu Kuwu mah nu disolémpang …!”
“Naha da rarasaan mah awas kénéh amta téh,” cék nu keukeuh panasaran awahing ku handeueul asa dibobodo, tepung jeung Lebé unggal poé, piraku maké kalinglap.”
“Heueuh ieu gé Lebé … Lebé …! Tapi geus dijenengkeun Kuwu kamari, disaksian ku kokolot-kokolot …!”
“Euh …, duka atuh ari kitu mah …. Teu kawartosan ti tadina.”
“Tuda lalawora pisan ngajenengkeun jelema téh, ting­haréwos maranéhanana waé. Mun di dieu mah hareupeun sa­réréa, moal cékcok,” cék nu di gigireunana kukulutus lalaunan.
Rérés salat sunat, imam ngalieuk ka tukang nitah ngung­gahkeun.
Srog Ki Mukasan ka paimbaran, tumpa-tempo, katatang-kotéténg ….
“Lain geuwat …! Néangan naon?” cék nu diuk pang­hareupna.
“Ecis …! Ecisna euweuh!” témbal Ki Mukasan.
“Beu édas, gogoda téh aya-aya waé …! Gara-gara Lebaran poé Jumaah!” cék tukang gondeng, “ka manakeun ecis, baru­dak?”
Taya nu némbal. Barudak tingkecewis bari nunjuk buni ka Si Ékom.
“Aya naon …, aya naon?” cék nu panasaran ngaharéwos.
“Ku Si Ékom peuting dipaké ngarojok anjing. Bongan tuda ngadon ungas-ingus ka masigit. Digebah, nyelap kana sarigsig, rojok waéh!”
“Ari ecisna ka manakeun?”
“Dipiceun …! Geuleuh tuda mani lamokot, da kitu saka­dang asuna kabeuratan …. Kasima meureun!”
“Kumaha ari geus kieu?” cék tukang gondeng téh.
“Kumaha upami diganti waé heula ku itu …? Siga aya halu meujeuhna di saung lisung Madsahri,” cék Ki Mukasan bari nunjuk ka saung lisung tukangeun paimbaran.
Tukang gondeng nu nyeplés Kuwu tulén téh gogodeg bari camberut. “Gogoda Lebaran poé Jumaah …! Hadé kitu diganti­an ku halu?”
“Tibatan luput mah atuh …. Hutbahna gé teu kaci teu maké ecis mah, sanés?” cék saurang ti jajaran panghareupna.
Ki Mukasan kalur ti lawang gigireun paimbaran, milihan halu di saung lisung, néangan nu hampang.
“Rék dikamanakeun éta halu kuring?” cék pamajikan Mad­sahri norojol ti pawon.
“Nginjeum sakeudeung rék dipaké ecis!”
“Ulah nu éta, rék dipaké nutuan kopi ayeuna …. Tah nu éta, halu panguguran, nganggur éta mah.”
Ki Mukasan balik deui ka masigit, manggul halu pangu­guran, nya badag nya panjang. Telenjeng ka paimbaran rék ngunggahkeun.
“Ké heula ulah satorojogna teuing ti saung lisung …. Urang ijabkeun heula ambéh rengrem kana haté,” cék nu nyeplés Kuwu tulén téh bari ngaréwak halu tina leungeun Ki Mukasan. Ned … rempod awakna doyong ka hareup, teu nyangka halu sakitu beuratna. “Kaula neda panyaksén,” cénah bari tipe­pereket ngacungkeun halu, ku lantaran ecis leungit, kapaksa diganti ku ieu …. Saayeuna ieu ecis ngaranna!”
“Nyakséniiii …!!!”
“Sebut ku saréréa, ulah kurang ti opat puluh urang ambéh sah …. Ieu naon ngaranna …?”
“Eciiiiissss …!!!”
“Kurang loba nu nyebutna …! Sakali deui …!”
“Eciiiiiiissssss …!!!”
“Héy … tah barudak nu deukeut bedug! Sia hareureuy waé teu milu ngomong …! Deuleu ka dieu …! Ieu naon …?”
Nu ditanya tingraringeuh.
“Naon ieu …?”
“Haluuuuu !!!”
“Cungur sia! Lain halu, deuleu! Sakali deui sing bener …. Naon?”
“Paranti nutuuuu …!”
“Bangus sia …! Kitu tah ari teu ngajedingkeun téh …! Ecis …. Ecisss cekéng gé egis …! Pok sebut deui ku saréréa …!”
“Eciiiiissss ….!” Cék samasigit mani ngegeder.
“Tah kituh …. Pok geura ngunggahkeun, Mukasan! Yeuh haluna … … éh … ecisna!” cénah bari ngélémés, éra tisolédat létah.
“Annutuuu bilhaluuuu walbakaaaatul …!” cék Si Sukri di tukang ditompokeun kana ceuli baturna.
“Cungur sia …!” cék kolot nu diuk gigireunana, “doraka siah!”
Batur-batur Si Sukri narungkup sungut.
Rérés hutbah brak dalahar, da ti tadi gé nu nganteuran da­hareun geus ngarédés di luar nyaruhun baki. Samasigit récok parewog-rewog. Sidekah Lebaran cénah.
Désa Cilamping salamet teu kungsi kaanjangan maung.

Tidak ada komentar:

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...