14 Januari 2011

Paribasa

Adam lali tapel, poho ka baraya.
Adat kakurung ku iga, tabe’at mah hese dipiceunna (dirobahna).
Adean ku kuda beureum, ginding ku barang beunang nginjeum.
Titirah ngadon kanceuh, neangan kasenangan, tapi malah meunang kasusah.
Ngadu-ngadu rajawisuna, ngahudang amarah dua jelema sina bengkah.
Agul ku payung butut, tumerap ka jalma taya kaboga, tapi mindeng nyaritakeun yen manehna turunan menak baheula.
Ulah ieu aing uyah kidul, asa jadi pangpunjulna.
Landung kandungan laer aisan, gede timbangan.
Elmu ajug, tumerap ka jalma nu bisa mapatahan kahadean ka batur, tapi manehna sorangan teu ngajalankeun papatahna.
Ngajul bentang ku asiwung, hal anu pamohalan bisa kalaksanakeun.
Tikoro andon peso, nyampeurkeun nu rek ngahukum atawa nu rek nangkep.
Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed, ari umur geus kolot, kahayang cara nu ngora.
Ngeunah angen ngeunah angeun, pamajikan satia, ngeunah pasakanana, cukup dahareun tur taya kasusah.
Diangeun careuhkeun, diantep henteu didahar.
Neukteuk mere anggeus, mutuskeun hubungan.
Ngimpi ge diangir mandi, bararaid teuing.
Anu burung diangklungan, anu gelo didogdogan, anu edan dikendangan, anu gedebul dihaminan supaya tambah maceuh.
Ngadu angklung, parebut omong, hayang paunggul-unggul.
Elmu angklung, joledar, nukang nonggong ka kolot.
Anjing ngagogogan kalong, mikahayang nu pamohalan.
Kawas anjing tutung buntut, berebet ka ditu berebet ka dieu kawas nu samar rasa.
Nulungan anjing kadempet, nu asih dipulang sengit.
Anjing nyampeurkeun paneunggeul, nyampeurkeun nu rek mahala.
Paanteur-anteur julang, nu tas nganteurkeun dianteurkeun deui ku nu dianteurkeun.
Sapi anut ka banteng, awewe ngawula ka salaki.
Ngaliarkeun taleus ateul, nyebarkeun kagorengan batur.
Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam, berehan ka deungeun-deungeun, ari ka baraya kakad-keked.
Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban, ditambang, ditalak henteu, dinapkahan henteu.
Kawas badak Cihea, dilarapkeun ka jelema nu leumpang noyod kawas nu degig.
Balung kulit kolot meuting, henteu beresih pisan hatena, masih keneh ngunek-ngunek.
Marebutkeun balung tanpa eusi, madukeun perkara nu teu aya hasilna.
Banda tatalang raga, leuwih hade ngorbankeun banda, batan cilaka awak.
Banda sasampiran, nyawa gagaduhan, boh banda boh nyawa Pangeran nu kagungan.
Batok bulu eusi madu, goreng rupa atawa euweuh tagog, tapi pinter jeung bageur.
Saherang-herangna cibeas, saberesih-beresihna hate nu dinyenyeri, moal beresih pisan.
Bebek ngoyor di sagara, rek nginum neangan cai, lubak-libuk tapi teu bisa make, da lain hakna.
Meber-meber totopong heureut, ngajeujeuhkeun rejeki saeutik supaya mahi.
Ngijing sila bengkok sembah, teu satia ka dunungan.
Ngadagoan belut sisitan, oray jangjangan, moal kaalaman, mustahil kajadian.
Bengkung ngariung, bongkok ngaronyok, kajeun hirup ripuh, asal tetep teu pajauh jeung anak incu.
Bentik curuk balas nunjuk, capetang balas miwarang, ngan bisa marentah atawa nitah wungkul, henteu prak digawe ku sorangan.
Nyanggakeun beuheung teukteukeun, suku genteng belokeun, masrahkeun diri lantaran rumasa salah.
Mindingan beungeut ku saweuy, api-api teu nenjo kasalahan bawahan atawa rayat lantaran teu mampuh ngayakeun tindakan saperluna.
Ati mungkir beungeut nyanghareup, henteu terus jeung hate.
Bilatung ninggang dage, dilarapkeun ka jalma teu jujur nu kabeneran meunang kedudukan atawa kasempetan anu nguntungkeun pikeun manehna.
Sabobot sapihanean, sabata sarimbagan, lulus runtut sakasuka sakaduka.
Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan, nu keur susah dipupuas, atawa ditambahan kasusahanana.
Legeg lebe, budi santri, ari lampah euwah-euwah, jalma jahat nu bisa nipu ku tindak-tanduk anu sopan.
Nimu luang tina burang, meunang luang lantaran kungsi cilaka.
Lauk buruk milu mijah, piritan milu endogan, pipilueun nyarita atawa ilubiung kana sarupaning urusan, padahal lain ahlina.
Seuneu hurung cai caah ulah disorang, jelema nu keur napsu atawa amarah ulah diheureuyan.
Gede cahak manan cohok, gede keneh kahayang manna panghasilan.
Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak, layeut, runtut raut silih ayunkeun.
Kawas cai dina daun taleus, euweuh tapakna (nasehat atawa papatah).
Alak-alak cumampaka, niru-niru atawa mapadani saluhureun.
Tunggul dirarud catang dirumpak, ngalajur napsu taya nu dihiding.
Cecendet mande kiara, jalma leutik hayang mapadani nu beunghar atawa nu gede pangaruhna.
Ngadek sacekna, nilas saplasna, satarabasna, henteu direka.
Maut nyere ka congona, asal beunghar (lubak-libuk), beuki kolot beuki kokoro.
Congo-congo ku amis, mun rek amis oge puhuna. Anak-anakna ku bageur, bapana oge henteu.
Cukup belengur baraganaya, resep mere kabatur bari teu ngingetkeun kaperluan sorangan.
Cul dogdog tinggal igel, ninggalkeun gawe baku, ngalampahkeun pagawean nu taya hasilna.
Dogong-dogong tulak cau geus gede dituar batur, ngamumule lanjang pipamajikaneun, ari geus meujeuhna kawin kop ku batur.
Ngeundeuk-ngeundeuk geusan eunteup, neangan akal pikeun nyilakakeun dunungan.
Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir, mikahayang anu teu layak pikeun dirina.
Nangkeup mawa eunyeuh, mawa susah atawa mawa cilaka ka nu dipentaan tulung.
Batok bulu eusi madu, jalma nu teu boga rupa teu boga tagog, tapi sihoreng loba elmuna sarta alus budina.

Tidak ada komentar: