16 April 2011

NINI-NINI MALARAT JEUNG DELEG KASAATAN

Jaman baheula aya nini-nini malarat teu kinten-kinten. Papakéanana geus butut sarta laip, disampingna ogé ngan ukur bisa nutupan orat.  Kitu deui dahar leueutna salawasna ngan sapoé sakali baé, malah-malah sakapeung mah datang ka pot pisan sapoé dua poé henteu manggih-manggih sangu, ngan ukur nginum cai wungkul.  Ari buburuh dederep henteu kaduga jeung geus henteu laku, wantu-wantu enggeus kolot kurang tanagana.  Jadi kahirupanana taya deui ngan tina ngaroroték baé dina tegal-tegal atawa kebon awi, ari beubeunanganana dipaké nukeuran béas atawa cangkaruk ka tatanggana.
Pandéning imahna ngan sempil baé, ditangkodkeun kana pongpok imah baturna, kitu ogé hateupna bilikna geus balocor, wantu-wantu henteu aya pisan anu daék nulung mangngoméankeun, ku tina henteu boga sanak baraya, sumawona anak incu, éstuning nunggul pinang.
Ari éta nini-nini téh sakitu nya kokolotanana henteu pisan nyaho ka Gusti Allah, ulah bon ngalampahkeun téa kana paréntahna, jenenganana ogé henteu apal, pangrasana ieu bumi jeung langit téh jadi sorangan baé, euweuh anu midamel.
Dina hiji mangsa éta nini-nini geus dua poé henteu manggih-manggih dadaharan, sosoroh nukeuran sangu ka tatanggana taya nu méré. Ti dinya manéhna tuluy ngajentul di imahna bari humandeuar pokna, “Aduh, cilaka teuing diri aing ieu, nya ayeuna paéh langlayeuseun téh”.
Sanggeus ngomong kitu téh, tulcel, boga niat rék ngaroroték deui ka tegal, bari sugan manggih dangdaunan atawa bongborosan nu ngeunah dihakan, keur tamba ulah langlayeuseun teuing.  Geus kitu bral leumpang ngajugjug ka tegal kaso urut nyundutan, anu deukeut kana talaga, sarta di sabeulahna deui nyandingkeun walungan gedé.

Barang datang ka dinya, éta nini-nini téh manggih lauk deleg pirang-pirang, rék pindah ti walungan ka talaga.  Sanggeus nepi kana tengah-tengah éta tegal deleg teh kabeurangan, panon poé geus kacida teuing panasna, jadi deleg kabéh awakna taluhur kukumurna, ku tina seuseut datang ka henteu bisa maju leumpangna.  Kusabab kitu éta deleg kabéh pada nyandang susah tanwandé manggih bilahi paéh kasaatan.
Di dinya éta nini-nini téh bungah kacida, pikirna geus tangtu manggih untung meunang lauk pirang-pirang boga keur nukeuran sangu.  Tapi manéhna héran neuleu aya hiji deleg, anu panggedéna ti sakabéh baturna, jeung deui leumpangna ogé pangheulana, kawas-kawas nu jadi ratuna sarta bisaeun ngomong, pokna, “Samiun Allah kuring neda hujan!  Samiun Allah kuring neda hujan!”  Kitu baé omongna bari tatanggahan ka luhur.

Ari ku nini-nini  saomong-omongna éta deleg téh didengekweun wae, hayang nyaho kumaha kajadianana.  Barang geus kira-kira satengah jam lilana, datang hujan gedé naker mani cileungcangan. Ti dinya éta deleg barisaeun deui leumpang, tuluy kebat lumakuna. Ari nini-nini téh datang ka ngadégdég awakna tina bawaning tiris kahujanan sarta léngoh balikna teu barang bawa.

Kacaritakeun éta nini-nini téh sanggeus datang ka imahna tuluy mikir bari ngomong di jero haténa, “Ih boa lamun aing ogé neda widi ka nu ngaran Allah téh, meureun dipaparin, ari piomongeunana mah nya cara deleg téa baé, ngan bédana aing  mah rék neda uwang.
Ti dinya éta nini-nini ség baé tapakur di imahna, bari ngomong tatanggahan ka luhur nurutan sakumaha kalakuan deleg téa. “Samiun Allah kuring neda uwang! Samiun Allah kuring neda uwang!” Kitu baé omongna teu eureun jeung pikirna anték kacida panedana ka gusti Allah, datang ka geus teu aya pikiran deui ka nu séjén.
Ari jalma anu imahna di tangkodan ku imah nininini téh, banget ngéwaeunana, ku sabab gandéng jeung bosen, unggal poé unggal peuting ngadéngékeun omongna éta nini-nini, ngan kitu baé, taya pisan répéhna. Tuluy baé nyentak ka nininini téh pokna, “Nini! Répéh aing gandéng, ngan kitu baé euweuh deui kasab, moal enya Allah téh sumping ka dieu, seba duit ka manéh. Jeung kitu baé mah anggur ngala suluh, ngala daun ka leuweung, meureun aya hasilna. Jeung deui, lamun manéh henteu beunang dicarék, geura undur baé imah manéh ulah ditangkodkeun ka imah aing.”
Panyentakna éta nu boga imah ku nininini henteu digugu, tonggoy baé ngomong nyuhunkeun duit ka Allah anggur beuki tambah maksudna.
Barang geus nepi ka lima poéna, anu boga imah téh beuki kacida garétékeunana, henteu beunang dicarék, sarta dititah undur henteu los. Ti dinya éta jalma tuluy nyokot karung goni beunang ngeusian ku beling datang ka pinuh sarta dipékprékan, supaya jejel ambeh beurat. Niatna rék dipaké ngabobodo ka nini-nini téa, sina dinyanaan duit paparin Allah ragrag ti luhur, jeung sugan nyeurieun ditinggang tonggongna ku éta karung ambeh kapok moal ngomong kitu-kitu deui.
Kira-kira geus wanci sareupna ku éta jalma karung téh dibawa naék ka para, tuluy diponcorkeun tina sipandak ditindihkeun ka handap mener kana tonggongna. Nini-nini téh kalenger tina bawaning nyeri. Ana geus inget, nénjo aya karung ngadungkuk teh kacida atoheunnana, panyanana nya éta karung duit, paparin ti Allah.
Anu boga imah téh suka seuri nénjo kalakuan nini dug-dug deg-deg, semu banget atohna. Geus kataksir piengkéeunana bakal meunang éra kabobodo, karana nu dikarungan téh tétéla pisan yén beling.
Geus kitu karung téh disembah ku nini-nini téh bari ngomong kieu, “Nuhun Allah! Nuhun! Naha loba-loba teuing maparin duit téh, mana ari keur Ajengan, aya kénéh nun?” Ti dinya tuluy geuwat dibuka. Geus kitu kersana Nu Agung, dumadakan éta beling kabéh jadi duit, aya uwang emas, aya uwang pérak, jeung deui kumaha gedéna baé, aya nu jadi ringgit, aya nu jadi ukon.
Ari isukna tatangga kabéh daratang ngadeugdeug, yén éta nini-nini meunang bagja boga duit pirang-pirang. Malah Kapala Distrik ge sumping ka dinya ngalayad, sarta tuluy dilaporkeun ka nagara, jeung ditétélakeun asal purwana. Ari timbalan ti nagara, éta nini-nini henteu kaidinan cicing di kampung, bisi aya nu nganiaya dipaling duitna, jeung diurus dipangmeulikeun imah, katut eusina.
Ti wates harita éta nini-nini téh jadi sugih teu kinten-kinten. Kitu deui dipikanyaah ku menak-menak tina saregep kumawulana jeung tambah alus budina, kalulutan ku jalma réa jeung loba  sobatna, tina suka tutulung ka jalma-jalma nu miskin, sumawonna ka nu keur kasusahan, margi ngaraskeun ka dirina basa keur malarat kénéh.
Kacaritakeun éta jalma anu méré karung beling téa, kabitaeun naker neuleu éta nini-nini téa jadi beunghar lantaran dibobodo karung beling ku manéhna.  Geus kitu boga niat hayang nurutan.
Ti dinya tuluy nganjang, sejana rék badami, supaya dibales ku éta nini-nini téa sina nindih ku karung beling ka manéhna, pokna, “Nini saterangna éta duit téh asalna beling beunang kula ngarungan, dipaké ngabobodo ka sampéan, kusabab satadina kaula giruk ngadéngékeun anjeun ngomong baé nyuhunkeun duit ka Allah, tatapi ahir-ahir éta beling dumadakan wet jadi duit kabéh.  Ku prakara éta ayeuna kaula rék neda dibales ku sampéan, hayang ditinggang ku karung beling, karana tanwandé jadi duit ogé cara nu geus kalampahan, tatapi kaula mah hayang ditinggang ku dua karung, nu galedé, ambeh kaula leuwih beunghar manan nini.”
Wangsul nini téh, “Hadé, heug baé geura tapakur, cara kaula baréto”.
Ti dinya éta jalma téh tuluy balik. Sadatang ka imahna heug baé tapakur nurutan sakumaha polahna nini-nini téa, sarta ngomong, pokna, “Samiun Allah kuring neda uwang! Samiun Allah kuring neda uwang!”  Kitu baé omongna, jeung pikirna ujub kacida nangtukeun yén bakal meunang duit ti Allah dua karung goni parinuh.

Barang blug ninggang, sek baé kapaéhan, malah-malah tulang tonggongna datang kapotong. Arina inget geuwat ménta parukuyan ka pamajikanana, heug karung téh dikukusan, ari mentas dikukusan tuluy disembah, bari ngomong nurutan cara omong nini-nini téa, pokna, “Nuhun Allah! Nuhun! Naha maparin duit réa-réa teuing, mana ari keur Ajengan? Aya deui?”
Barang geus tamat ngomong karungna dibuka, béh beling kénéh baé henteu daékeun jadi duit. Ti dinya kacida hanjakaleunana datang ka ngalembah rék ceurik tina bawaning aral, ség baé bijil omongna suaban ngahina ka Gusti Allah, pokna, “Ih naha Allah téh wét pilih kasih, dipangnyieunkeun duit sawaréh! Ari kaula henteu! Jeung deui kumaha naha atawa Allah téh geus diganti deui tayohna, da nu baréto mah bisa nyieun duit ku beling, ari Allah nu jeneng ayeuna tayoh-tayoh henteu bisaeun?

Ti wates harita éta jalma gering heubeul pisan nyeri cangkéng, tatamba kapirang-pirang dukun. Tina aya kénéh berkah Allah bisa cageur ogé, tatapi tanpadaksa, jadi bongkok tonggongna, datang ka henteu kuat nyiar kahirupan rosa-rosa. Lawas-lawas manéhna jadi malarat cara nininini téa, kawas-kawas jadi tépa malaratna éta nini ka éta jalma téa. ***
Nyutat ti Majalah Walanda,  TIJDSCHRIFT voor INDISCHE  TAAL, LAND EN VOLKENKUNDE, wedalan taun 1872.  Dongeng Sunda Buhun ieu dikukumpul ku J.A. UILKENS, mangrupa  carita ra’yat urang Ciamis. [Dicutat tina blog ”Kumpulan Carita jeung Dongeng”]

Tidak ada komentar:

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...