29 Desember 2009

BORJU ( Éséy Asép Budi Setiawan )

MUN pirajeunan mikiran pasualan ékonomi kiwari, baris kagambar potrét pajurawet. Boro-boro mikiran ékonomi bangsa atawa dunya kétang, noong ékonomi kulawarga atawa sadirieun ogé ayaka­lana poékeun. Ku kituna urang nyieun rupa-rupa tarékah pikeun néangan solusi.
Ngan masalah perekonomian sék­tor formal mah angger baé ngagejrét. Balukarna, loba warga nu boga inisia­tif mekarkeun séktor informal. Réréa­na tukang dagang dadakan (komo mun rék Agustusan, miéling milang­kalana kabupatén/kota, atawa mun nyanghareupan Lebaran), mahabuna kaki lima, atawa dongdangan asup ka pilemburan.
Éta téh, cenah, balukar tina krisis ékonomi di séktor formal. Nurutkeun sosiolog Dr. Tadjudin Noor Effendi, tumuwuhna séktor informal téh lantaran loba karyawan di séktor formal nu di-PHK. Ku kituna, pasar tanaga kerja di Indonésia jadi keuna panyakit “informalisasi”. Ku kituna séktor informal, nu dijadikeun sélér pangupa jiwa, geus boga brand husus.
Apan urang kacida wanohna kana saté Madura, pecel lélé ti Lamongan, roti bakar Bandung (karesep barudak nu mangkal hareupeun rumah sakit), séga/sangu jamblang (murah maréh), warung angkringan ti Klaten.
“Muncunghulna sektor informal,” ceuk Dr. Irwan Abdullah, staf peneliti Pusat Studi Kependudukan UGM, “ngait pisan jeung lunturna kakawasaan agraris nu aya di padésaan.” Nu disebut kakawasaan agraris mangrupa hiji wangun tata-aturan nu kudu “diagem” ku sakumna warga masarakat, saupama manéhna merenahkeun séktor pertanian jadi sumber pangupa jiwa nu utama. Masih inget waktu taun 2004, kuring kungsi kadatangan lima maha­siswa Universitas Gajah Mada (UGM), Yogyakarta. Maksud­na, maranéhna rék maluruh béja ka Kuningan, sabab di Kota Gudeg euyeub pisan ku tukang bubur kacang héjo (burjo). Maranéhna rék ngayakeun panalungtikan ngeu­naan séktor informal, sabab dumasar kana hasil survéy, ieu widang garapan téh mangrupa séktor alternatif pikeun pangupa jiwa.
Nurutkeun data awal, di Kuningan aya sababaraha désa di Kacamatan Garawangi (ayeuna geus dimekarkeun jadi Kacamatan Sindangagung), loba warga nu usaha kana bubur kacang. Sanajan, dina emprona mah, dipasieup ogé ku rupa-rupa kadaharan jeung inuman sejen kayaning mie instan, kopi sachét, susu sachét, inuman berkarbonasi, inuman berserat, sari buah, inuman suplemén, inuman penyegar, susu, jeung roko. Néng Anna Mariana, minangka pupuhu tim investigasi, nétélakeun yén ampir di unggal jurukota, jlugjleg—najan henteu permanén ogé—ku warung burjo.
Barang ditalék, kabéh ogé nyebutkeun yén maranéhna téh pituin ti Kuningan. Mémang bener, dina hiji lomba désa—kuring kaasup anggota tim panitén—kungsi nyodorkeun patanyaan ka Mang Éro, “Naon wangun usaha nu jadi andelan warga?” Jawabna téh, simpel pisan, “Seuseurna didamel di BRI”.
Wah, wah, hébat pisan, pikir téh. Sanajan urang désa, geuning, loba nu digawé di bank nu geus teu diragukeun deui krédibilitasna. Hartina, kualitas SDM warga desa
téh geus mapakan. Haté rada ciut, sabab urang kota ogé henteu kitu. Komo deui kiwari, rek gawé téh hésé kacida. Nya ari sakadar gawé mah, loba, di rorompok ogé masih numpuk nu kudu dibebenah, tapi sual upah, jadi sual séjén.
“Teu kedah bingung, Pa,” témbalna deui, surti. “Abdi sakaluwarga ogé, pédah badé lomba, wangsul heula. Seuseueurna mah ngumbara. Arusaha, aya nu di Jakarta, Bandung, atanapi Yogya, nya, di BRI téa alias icalan Bubur (lacang héjo), Roko, jeung Indomie, héhéhé.”
Di Kuningan, aya hiji désa, ngaranna Désa Kertayasa, Kacamatan Sindangagung. Lambang désana, mun teu salah, mangkok bubur. Éta mangrupa ciri, yén usaha warga, lolobana tina bubur. Sanajan mangrupa séktor informal, mirip tukang jamu ti Wonogiri, tapi geus jadi séktor andelan. Nurutkeun data, di Yogya upamana, aya 400-an pangkalan burjo kalayan miboga pagawé antara 1500 tepi ka 2000. Tim survéy ti UGM kungsi nyodorkeun conto—méméh kajadian lini di Kacamatan Dépok,
Sleman, aya kurang-leuwih 75 warung. Nu bogana 134 urang, sedengkeun nu milu gawé aya 160 urangna. Ti 134 pemilik pangkalan, maranéhna boga 111 rubiah (pama­jikan), 162 anak. Sedengkeun ti 160 pagawé, bisa nanggung 39 jiwa. Jadi mun dijumlah-jamléh mah, lumayan, tina éta 75 warung téh bisa “ngahirupan” 700-an jiwa.
Ditilik tina élmu ékonomi, pola bisnis burjo condong nepotisme. Networking-na kuat. Aki, bapa, atawa paman. Dipimilik jeung dikokolakeun, nya, ku kulawarga. Mun teu kitu, rekruitmen pagawé masih deukeut-deukeut kana baraya atawa tatangga. Rundayanna jelas. Sabab, pagawé nyekel kadali. Meuli bahan olahan, mayar rétribusi, terus alokasi pengeluaran ogé dicekel ku inyana. Nu boga modal atawa nu boga warung henteu salilana nungkulan. Apan pangkalanana gé lain ukur hiji. Pagawé boga hak prérogatif pikeun ngokolakeun usaha tur anggaran. Malah, sistem bagi hasil ogé apan lolobana dumasar kana jumlahna jaga. Arus muterna duit lain saeutik.
Mun tempatna strategis, unggal poé bisa ngahasilkeun leuwih ti satengah juta. Malah, paling saeutik, rata-rata 200 tepi ka 300 rébuan. Bisa disawang, pihak pemodal, mun boga warung misalna sapuluh, sabulanna bisa meunang “gaji” sabaraha? Mun geus kapanggih koncina, naon baé ogé matak pikabitaeun.
Tinimbang mikir nu teu puguh, atawa ngumbar lamunan ka alakpaul, komo dina sinétron loba nu hayang beunghar kalawan instan, nya mending usaha di sektor informal pan? Mun rék balaka, dunya “burjo” téh prospéktif, Coy

Tidak ada komentar: