29 Desember 2009

Masagi ( essay Mang Jamal )

Alam dunya nu éndah téh ciptaan Pangéran. Ku sabab nu nyiptakeunana Pangéran, tangtu rupa atawa wangunna hadé jeung sampur­na. Ari kasampurnaan alam sok di­jieun siloka, kaasup dina babasan jeung paribasa.
Karancagé kolot baheula, enggo­ning ngarumuskeun jurus pikeun nyanghareupan kahirupan, salah sahi­jina winangun babasan jeung paribasa, sawaréh dijieun ku cara siloka nu ngin­jeum ti kaayaan alam téa.
Modél atawa rupa suhunan imah vernakular di Tatar Sunda gé nyonto ka alam. Upamana, aya nu nyonto ka manuk, aya deuih nu nyonto ka sasatoan lianna. Antarana baé, aya nu disebut “ranggon” (tina manuk ranggon), “julang ngapak”, “badak heuay”, “tagog” atawa “jogo anjing”, jeung “galudra ngupuk”.
Pon kitu deui dina ngagambarkeun kageulisan: ngindung ka rupa nu aya di alam bari ditambahan sangkan jéntré: “angkeut endog sapotong”, “ramo pucuk eurihan”, “lambey jeruk sapasi”, “halis ngejelér paéh”, “cangkéng lenggik nanding papanting”, “taar téja mentrangan”, “damis kuwung-kuwungan”, “bitis héjo carulang”, jsté. Jadi, kageulisan atawa kaéndahan dirupakeun tina kombinasi rupa nu aya di alam.
Malah, simbol tina rupa alam téh dijéntrékeun jeung kaayaanana pikeun mastikeun nu dimaksud kalayan gembleng. Dina ngagambarkeun gado, upamana, nu geulis mah disebutna gé “angkeut”, nu hadé tur diibaratkeun kana rupa endog tapi kudu sapotong. Halis istri nu geulis kudu siga jelér paéh, da mun jelérna hirup mah duka kumaha rupa halis téh. Jadi, sangkan ngajepatna hadé, teu usik teu malik luhureun panon, nya dipaéhan heula tah si jelér teh!
Eusi babasan jeung paribasa di antarana mangrupa ajaran moral atawa étika nu bisa deuih disebut falsafah pikeun ngalakonan hirup. Ilaharna, mangrupa siloka atawa perlambang nu ngandung harti jero bari diungkarakeun ku basa nu ringkes, tepi ka gampang nginget-ngingetna. Karasana pantes kénéh dipaké ayeuna jeung jaga, teu kalis ku waktu atau kadaluwarsa, ongkoh da teu maké bahan tambahan siga formalin.
Mun urang bingung kudu kumaha gaul, boh jeung papada manusa boh jeung mahluk lianna, aya jurusna: di antarana kudu “hadé gogog hadé tagog”–siloka deui baé, nu maké sipat kaayaan sato nu aya di alam. Pihartieunana, hirup kudu hadé dina nyarita tur dina paripolah, omongan jeung kalakuan kudu sarua alusna.
Sababaraha babasan atawa paribasa maké kecap injeuman tina rupa atawa wangun, nyaéta pasagi, buleud jeung segitilu. Kecap pasagi aya dina babasan “hirup mah kudu masagi”. Naon sababna prak-prakan hirup nu hadé diibaratkeun kana rupa pasagi?
Masagi téh kecap pagawéan nu asalna tina kecap kaayaan atawa sipat pasagi. Nu disebut pasagi nyaéta rupa kotak–rupa nu dijieun ku opat sisi nu sarua ratana atawa lempengna, tur ukuranana sarua. Pasagi nunjuk ka rupa nu sampurna. Biasana, ieu babasan dilarapkeun kana perkara ngalakonan urusan dunya jeung ahérat atawa agama jeung darigama téa.
Sipat pasagi ngandung harti yén hirup téh boga sisi atawa widang nu teu ngan hiji atawa sarupa. Sagala widang kahirupan kudu dilakonan kalayan saimbang. Cara urang hirup ayeuna di dunya, lian ti kudu mikiran kaperluan hirup di dunya téh kudu kukumpul amal-ibadah pikeun bekel jaga di ahérat deuih. Urang gé kudu sagala bisa atawa mahér dina rupaning widang, sabab hirup téh teu gampang jeung loba pisan unak-anikna nu kudu kacekel sangkan urang hirup teu kadungsang-dungsang sangsara alatan euweuh kabisa. Ringkesna, pasagi dijieun conto hirup kawas kumaha nu kudu dilakonan téh. Sipatna tindakan atawa kalakuan.
Duka kumaha sasakalana, pasagi téh dina basa Indonésia mah maké mamawa bujur sagala, enya, bujur sangkar téa. Sigana, sangkar téh asalna tina basa Minang nu saharti jeung pasagi, da di Sumatera Kulon mah aya lembur ngarana Batusangkar. Pangna kitu gé, di dinya aya batu nu rupana ngaharib-harib ka rupa pasagi. Kecap sangkar tuluy dipaké deuih pikeun rorompok manuk dina basa nasional, najan rupana geus teu pasagi deui.
Rupa pasagi teu pati jéntré ayana di alam. Dina ayana gé sigana ukur ngaharib-harib, teu saklek pasagi. Ongkoh rupa pasagi mah dijieun tina opat sisi nu tiap juruna kudu masékon (tina parabot tukang bas, pasékon) nu hartina opat juruna mun diukur persis 90 darajat téa.
Rupa pasagi loba dipaké pikeun wangun parabot sapopoé nu dijieun tina awi, di antarana bésék, pipiti, suku boboko, hihid jsté.  Rupa pasagi kawentar ka mana mendi, utamana pikeun muslim. Nu dijarugjug ku nu marunggah haji téh apan Ka’bah di Mekah. Ceuk si cenah, harti ka’bah atawa kufah téh pasagi. Kaligrafi nu tulisanana ngaharib-harib kana rupa kotak disebut kufah atawa kufik.
Lian ti rupa pasagi, rupa atawa wangun nu dipaké dina babasan téh buleud. Kapan aya kalimah, “Niat téh kudu buleud”. Rupa buleud téh dijieun tina garis nu patepung tungtung, bari jarak ti tengah ka unggal sisina sarua. Dina Matématika mah istilahna jari-jari atawa “r” (tina radian atawa radius téa). Niat urusanana jeung sikep nu yakin, tur patali deuih jeung sikep méntal. Pikiran jeung tindakan ngahiji, siga garis nu buleud.
Rupa atawa wangun buleud aya jeung loba di alam. An­tara­na baé aya panonpoé, bulan, katumbiri, ombak leutik di­na balong mun urang nyemplungkeun batu, daun taraté, jsté. Dina parabot vernakular nu tina awi, rupa buleud dipaké pikeun tampir, nyiru, telebug, téténong, ayakan, jsté.
Rupa buleud sok dipaké perlambang kasampurnaan nu sipatna idéologis, kaasup tauhid atawa kaimanan. Bulan atawa panonpoé nu rupa dasarna buleud dipaké pikeun lambang nu islami. Ngan sangkan teu pahili jeung surabi, bulan digambarna sapasi, ongkoh sangkan masih aya tempat pikeun béntang. Panonpoé dijadikan lambang salah sahiji ormas Islam (sangkan teu pahili jeung rupa buleud séjénna, ditambahan ku garis nu nyebar ti sisi buleudan nu hartina cahaya).
Lambang bandéra Jepang buleud beureum, nyimbol­keun panonpoé isuk-isuk. Pikeun ngagambarkeun manusa suci, dina seni lukis Nasrani, sirah manusa sok dibéré buleudan bodas nu disebut halo. Dina pulitik (nipu rahayat leutik?) sok kadéngé istilah kebulatan tekad hiji partéy atawa rombongan manusa dina raraga ngadukung hiji calon (calon naon wé).
Rupa séjénna nyaéta nyungcung. Aya kecap “ka balé nyungcung”, siloka pikeun dirapalan atawa akad nikah. Balé nyungcung téh babasan pikeun tempat suci atawa sakral, utamana masigit. Sigana, baheula mah akad nikah téh umumna dilakukeun di masjid supaya leuwih afdol sabab tempat suci, jeung ari nikah téh apan upacara suci deuih. Suhunan masigit baheula umumna maké suhunan modél tropis nu numpuk siga gunung. Pangluhurna biasa­na segitilu, lobana opat tur dipasangkeunana condong paha­reup-hareup, ngawangun rupa limas.
Suhunan modél kitu biasana disebut limasan, tapi ditilik ti hiji sisi mah segitilu. Jadi, istilah nyungcung téh pikeun rupa limas nu dijieun tina opat segitilu. Dina suhunan, ieu segitilu téh dua sisina nu nangtung sarua panjangna jeung sarua darajat condong atawa miringna.  Béh dieu, suhunan masjid téh aya nu meunang impor ti tanah Arab, nya kubah téa nu rupana belenong–najan sabenerna mah rupa kubah gé dijieun suhunan katédral cara di Italia atawa Rusia .
Rupa nu ngaharib-harib ka segitilu aya di alam, contona Gunung Guntur di Garut, nyeplés segitilu: dua sisi condong, patepung di puncak, ari nu hiji mah ngadapang dina taneuh. Éta dua sisi nu condong téh nyiptakeun rupa nyung­cung nu nunjuk ka langit–dihartikeun nuju ka Pangéran.
Jadi, kaharti mun ku karuhun gunung téh sok dianggap suci atawa sakral, lian ti jadi tempat bijilna cai pikeun ka­hirup­an, tur dipaké tempat muja, tempat atawa makam ka­ra­mat atawa astana, nu ayeuna sok disebut situs purbakala atawa sajarah téa. Ku sabab di Mesir mah euweuh gunung cara di urang, nya Fir’aun nyieun gugunungan ba­dag nu disebut piramid téa nu umumna dipaké nyimpen jasadna.
Rupa atawa wangun nu aya di alam dunya loba pisan jeung moal kaitung. Ku manusa modéren, kaayaan kitu disederhanakeun atawa diringkes kana tilu rupa dasar, nyaéta pasagi, segitilu jeung buleud. Éta tilu rupa dasar téh dipaké dina élmu Matématika utamana Géometri jeung dina éstetika Seni Rupa.
Duka kumaha sasakalana, éta rupa dasar téh aya dina babasan atawa paribasa di urang cara nu ditataan di luhur. Bisa jadi aya pancakakina. Paling copélna, bisa jadi sarua panginditanana: nyokot conto rupa dasar nu aya di alam, dumasar kana kasampurnaan alam ciptaan Pangéran.
Nu sidik, masing-masing rupa téh, najan wandana béda-béda, sarua ngandung harti kaayaan nu sampurna atawa suci. Pasagi dipaké ngagambarkeun kalakuan nu sam­purna, buleud pikeun tékad atawa kayakinan nu sampurna, segitilu pikeun tempat nu sampurna –dina harti suci atawa sakral.

Tidak ada komentar:

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...