30 Desember 2009

PLTU jeung PLTA

KRISIS listrik, nepi ka di Jakarta waé kapaksa kudu giliran dipareuman. Kumaha ari di Cigorowék? Geus aya kana samingguna di Cigorowék mah harénghéng. Peuting mangkukna, basa Aki Juhron datang ka imahna, bet tuluy ngelepek kapiuhan. Tapi kadé, ieu mah lain pédah Si Buruy anu nyeungeut pepetasan di kolong imah Aki Juhron, atawa Si Mélon anu sok pangangguran meuleum céngék dina tapas. Éstuning taya anu apaleun pisan. Malah Nini Uhém ogé, pamajikanana, mani langsung nyusulan Bah Dinta, dukun lepus anu kakoncara téa. Demi ngabéla salaki, Nini Uhém teu maliré kana poékna peuting. Ngingkig baé bari mamawa oncor, bubuhan harita di Cigorowék keur kabagéan pareum listrik. Aki Juhron kakara éling wanci subuh. Éta ogé lain pédah jangjawokan Bah Dinta anu matih, sabab Aki Juhron mah élingna ogé ukur nyelang ngalaksanakeun solat Subuh. Geus bérés solat mah kapiuhanna dituluykeun deui. Éling-élingna téh basa waktu adan lohor kari lima menit deui. Atuh harita mah langsung baé ditalék ku Nini Uhém. Aki Juhron ogé teu hésé, tuluy nyaritakeun anu jadi cukang lantaran manéhna kapiuhan. Ari masalahna téh nyaéta: Aki Juhron ngarasa reuwas tur antukna prustasi, ku lantaran ucing kadeudeuhna leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. “Ucing-ucing baé dipikiran Si Aki mah! Kajeun teuing sing modar ogé atuh, ngarah rada aman lamun nyimpen lauk dina méja,” Nini Uhém jejebris. “Na iraha Si Méla maling asin, ninina? Sangkilang bageur pisan Si Méla mah, béda pisan jeung ucing-ucing séjén. Komo jeung ucing garong anu Si Kowi mah,” “Enyaaa, ari geus leungit rék kumaha? Rék laporan ka pulisi? Atawa rék tahlil?” “Tuh, da didinya mah teu ngarasakeun pisan kana haté didieu téh. Puguh didieu mah nineung pisan ka Si Méla téh. Unggal peuting ogé apan sok dikeukeupan lamun sare téh. Nikmaaat pisan saré jeung Si Méla mah, teu cara jeung…” “Teu cara jeung saha siah? Hayoh jawab? Didieu dibandingkeun jeung ucing? Teu sopan pisan siah! Punten, lain lépel!” Nini Uhém rada nyentak. “Geus atuh ninina, ulah ngajak paséa baé. Moal enya timburuan ka ucing atuh. Mun ka ucing gering mah pararuguh…” Keur hog-hag kitu, hawar-hawar aya sora tina spéker masigit. Jep, duanana jarempling bari ceulina mani rancung-rancung baé ngadédéngékeun spéker. “Sodarah-sodarah warga Cigorowék dan sekitarnya… Dina waktos ayeuna, Néng Arin nuju sedih kingkin prihatin, kumargi…” “Buru atuh umumkeun! Sacara umum atuh, ulah subyéktif!” kadéngé aya anu nyarita rada tarik. Kawasna mah teu pati anggang ti nu keur nyarita kana mik. “Aéh enya. Ampir baé poho, euy. Para wargi, warga Cigorowék dan sekitarnyah, aya sekilas impo dan kabar terkini anu kacida pentingna. Telah hilang seékor kucing milik Pa Kadus Ukar yang bernama Joni, dan kucing milik Néng Arin yang bernama Isud. Ciri-cirina, rupa hideung pulas bodas totol-totol. Disadana ngéooong. Karesepna ngahakan lauk jeung guramé. Tara ngégél ka jalmi, kajaba ka nu geulis…” “Geus gandéng, ulah diémbohan ku heureuy sagala rupa. Apan ieu téh masigit, nyaho!” Kitu anu kadéngé tina spéker téh. Aki Juhron ngahuleng. Kawasna mah ngarasa hémeng alatan Kadus Ukar jeung Néng Arin ogé saruana kaleungitan ucing. Mangkaning ucing manéhna téh dalit pisan jeung ucingna Néng Arin. Kabogohna cenah mah. Nepi ka unggal malem minggu ogé, Aki Juhron mah sok nganteur ulin ucingna ka imah Néng Arin. “Moal kitu kawin lari mah? Aéh, na kawas jalma baé atuh.” Aki Juhron norowéco sorangan. Tarangna mani kerung-kerung baé mikiran ucingna anu leungit. Perkara leungit ucing téh horeng matak ngageunjleungkeun lembur. Sabab anu kaleungitanana lain Aki Juhron, Kadus Ukar, atawa Néng Arin wungkul. Kaasup ucingna Béh Sarmud, Nini Uti, Juragan Jékong, Mang Éon nepi ka ucingna Bah Dinta anu kakara lahir ogé, sarua leungit tanpa laratan. Geus puguh deui ari sabangsaning ucing anu sok liliaran di luareun imah mah, geus teu katingali ringkang-ringkangna acan. Sasarina mah ucing garong anu buluna hideung meles, sok nangkring di hareupeun imah Néng Arin, siga-siga bogoheun ka Néng Arin tah ucing éta mah. Tapi ayeuna ucing-ucing ngadadak ngariles, teuing kamana. Budal solat Isya di Masjid Al-Mukhtar, mani langsung réang nyaritakeun perkara ucing anu laleungit. Malah RT Tohél jeung Hansip Baron mah geus bur-ber kaditu-kadieu. Hanjakal pisan Bah Dinta teu walakaya, sabab ucingna ogé sarua leungit. “Ieu téh raja ucing di Cisaat keur ngarayakeun ulang taun. Numatak ucing-ucing milu ngaramékeun ulang taun raja ucing…” Kitu ceuk Bah Dinta, dukun légéndaris, basa ditanya ku Kadus Ukar. Tapi teu pati didéngé, sabab omonganana teu asup akal. “Moal kitu aya réinkarnasi…” Aki Juhron rék nyarita, tapi teu kebat, kaburu ditémpas ku Aki Amanta. “Meunggeus gandéng, reinkarnasi nanahaon. Sidik aya anu maling!” kitu pokna Ki Amanta. Sabot kabéhanana keur tagiwur kitu, Mang Suéb lulumpatan ka imah Kadus Ukar semu anu rarusuh naker. Mani titarajong sagala rupa, bubuhan sénterna ogé geus méh béak batré. Gok, paamprok di buruan imah Pa Kadus Ukar. Bareng pisan jeung batu batréna anu béak. Atuh sénterna ogé pareum. “Saha éta?” tanya Mang Suéb. “Éta saha?” Kadus Ukar malik nanya. “Aéh, Pa Kadus geuningan. Kabeneran pisan atuh. Kuring téh rék ngabéjakeun perkara ucing,” “Enya, kumaha, kumaha?” Kadus Ukar mani tibuburanjat. “Rék percaya, rék henteu, Pa Kadus. Ucing téh ngagunduk di imahna Si Étom anu ngaku-ngaku profésor téa. Kabeneran baé kuring ngaliwat ka imahna. Da éta mah sora ucing mani sahéng. Teuing rék dikumahakeun éta téh,” “Hayu atuh urang jorag ayeuna kénéh!” Kadus Ukar nyarita bari tuluy ngingkig. Saméméhna nyimpang heula ka pos ronda, rék ngajakan Hansip Baron. Kabeneran pisan di pos ronda téh jalma keur ngagimbung. Bring baé atuh kabéhanana marilu. Leungeunna nyarekel obor jeung rupaning pakarang. Komo Aki Juhron mah mani panghareupna bari jeung ngabar-ngabar pedang pusaka titinggal karuhun. Hanjakal pisan Aki Juhron, kakara nepi ka lebah tanjakan ogé geus kudu dipayang. Teu kuat ku eungap sigana mah, da geus aya kana opat taun katarajang bengék. Kawantu imahna Mang Étom mah rada nenggang ti lembur. Katambah jalanna nanjak deuih. Anjog ka buruan imah Mang Étom, kabehanana mani ngahégak carapéeun. Bray, panto imahna disorot ku sénter Kadus Ukar. Breh, aya tulisan ngajeblag kalayan atra tur bisa dibaca ku saréréa. ‘ JANGAN DIGANGGU, SEDANG ADA PROYÉK PLTU!’ kitu unina éta tulisan téh. Saréréa ogé tacan aya anu ngartieun. “Étom, ka luar siah!” Aki Juhron nyorowok bari rénghap ranjug. Ditéma ku nu séjénna mani paheuras-heuras genggerong. Atuh puguh Mang Étom mani tibuburanjat mukakeun panto. Blak, panto dibuka. Gebeg, Mang Étom semu anu reuwas naker. “Aya naon ieu téh?” Mang Étom ngajanteng dina lawang panto. Panonna ngulincer ka sakur anu keur ngagimbung di buruan imahna. “Leupaskeun ucing aing! Lamun henteu, dijieun beurit manéh téh siah, Étom!” témbal Mang Suéb. Jadi pangwanianna ari loba batur mah. “Sabar kélanan…” teu wudu, Mang Étom ogé beuki soak dina kaayaan kitu mah. “Étom, ari manéh enyaan maling ucing?” Kadus Ukar tumanya rada leuleuy. “Sanés maling, Pa Kadus. Abdi mah nambut heula sakedap,” témbalna bari neger-neger manéh. “Ari nginjeum teu bebéja téh, sarua jeung maling, Étom. Heug barina ogé, na keur nanahaon maké jeung ngumpulkeun ucing sagala rupa? Rék dijul atawa rék dikawin?” “His, sanés pisan, Pa Kadus. Abdi mah teu pati bogoh ka ucing. Apan abdi mah bogohna ogé ka Néng Arin,” “Ari enggeus, jang naon atuh?” “Kieu Pa Kadus. Apan di nagara urang téh kakurangan énérgi listrik. Unggal poé kagiliran pareum sapoé jeput, malah aya kalana kabagéan pareum téh sapoé-sapeuting…” “Tuluy?” Pa Kadus panasaran. “Muhun, ari ras kana caritaan pajabat PLN, ukur ngawaradul Ongkoh nyebutkeun tanaga listrik nepi ka 2010 aman. Ari kabuktianana? Lembur urang anu pangmindengna kabagéan pareum listrik téh. Ari mangsana urang telat mayar listrik, mani taya ampun pisan, langsung didudut kabelna…” “Ari hubunganana jeung ucing, naon éta téh?” “Pa Kadus, ogé ka sakabéh warga Cigorowék. Sakalian baé ku kuring baris dijéntrékeun sajalantrahna. Kuring ngalakukeun ieu téh sabenerna mah pikeun kapentingan saréréa…” Mang Étom nyelang heula ngaluarkeun roko tina tina jero pésakna. Cekrés, diseungeut. Serebung, serebung… haseupna kaluar tina biwir jeung liang irungna, teu kaliwat diselangan ku batuk rada ngéhkéh. “Nurutkeun para sarjana fisika, ucing téh mengandung aliran listrik anu kacida rongkahna. Lamun buluna digosok ku beusi sapuluh juta kali, pinasti éta beusi téh bakal ngandung daya listrik anu rongkah. Lamun 10 juta kali ngagésék bulu ucing, éta téh bisa nyaangkeun bohlam 75 watt. Matak, kuring téh ngumpulkeun ucing saloba-lobana, ngarah saréréa bisa kabagian listrik. Minimalna saimah bisa meunang 100 watt,” Mang Étom ngarénghap heula rada panjang. Atuh anu ngabandungan ogé jadi panasaran, hayang leuwih écés kana maksud pagawéan Mang Étom. “Étom, ari singketan PLTU téh naon?” Si Among nyelengkeung. “Silaing mah, ongkoh sakola, tapi teu nyaho anu kitu-kitu acan. PLTU téh singketan tina ‘Pembangkit Listrik Tenaga Ucing’,” témbalna kalem pisan. Ditéma ku sora ucing ti jero imahna. Ngadéngé caritaan Mang Étom, saréréa ogé jadi léah. Anu tadina napsu ngagugudug ogé jadi malik muji kana paniatan Mang Étom. Malah Kadus Ukar ogé langsung imut ngagelenyu, némbongkeun paroman anu hégar marahmay. Kaasup, Aki Juhron anu langsung ngasupkeun deui pedang kana jero sarangkana. “Lamun enya kitu, paniatan Mang Étom kacida mulyana. Kuring, salaku Kadus di ieu lembur, ngarojong pisan kana kagiatan Mang Étom. Malah lamun perelu bantuan tanaga mah, sigana barudak ogé bisa ngabantuan ngagosokan bulu ucing.” Kitu ceuk Pa Kadus, ditéma ku surak, méh sakur anu keur ngagimbung. Mang Dasim nepi ka susuitan sagala rupa. “Heug atuh, paké baé heula ucing anu kuring. Tapi omat, kudu dianteurkeun deui urutna.” Aki Juhron mairan. “Tenang, Ki,” “Emang ogé rido, ucing emang dipaké proyek PLTU. Malah isukan rék manginjeumkeun deui ucing anu minantu. Tapi Emang mah hayang kabagéan opat ratus watt, ngarah bisa nyetél tivi jeung maén PS.” Béh Sarmud embung tinggaleun. “Enya atuh, sok baé sing jongjon digawé. Keun, keur sarapan mah engké dianteuran ku Néng Arin. Bari…iraha atuh Mang Étom rék ngalamar budak kuring téh?” ceuk bapana Néng Arin. “Engké baé panginten, saatosna réngsé proyek PLTU.” Témbal Mang Étom semu anu bungaheun. Biwirna mani runya-renyu. Malah mun euweuh sasaha mah kawasna geus ajrag-ajragan. Padahal saméméhna mah, bapana Néng Arin téh sok ngusir manéhna lamun pareng apél ka Néng Arin. Si Among ngabalieur bari tuluy ngaléos rada rurusuhan. Lamun caang mah, beungeutna bakal katingali mani nyéak beureum lir beusi atah beuleum. Puguh baé, sabab Néng Arin téh sasatna jadi kembang panyileukanna beurang jeung peuting. Kari-kari ayeuna, bapana mani togmol nitah ngalamar ka Mang Étom. Timburuan pisan Si Among téh. Peuting isukna, kakara ogé rerep perkara Ucing. Lembur Cigorowék geus kariweuhan deui alatan loba anu kaleungitan hayam. Anu matak ngenes mah nasib Mang Bahro, hayam téh mani diangkut jeung kandang-kandangna. Teuing saha jeung teuing naon maksud anu maling hayam téh. Nu eces mah dina poé ahad ogé, di Cigorowék geus euweuh hayam anu ngulampreng hiji-hiji acan. Leungitna sakabéh hayam di Cigorowék téh mareng pisan jeung ngilesna Si Among. Opat poé ti harita, Néng Arin nampa surat ti Si Among. Ari eusina suratna: “Néng Arin anu dipicinta kalayan nyata… hapunten akang tos ngageunjleungkeun lembur. Saleresna, akang pisan anu nambut hayam ti urang Cigorowék. Sumpah, teu gaduh niat maling. Ari tujuanna, akang téh hoyong nyobian ngayakeun percobaan PLTA (Pembangkit Listrik Tenaga Ayam). Hanjakalna ékspérimén akang téh gagal total. Basa bulu hayam digosok ku jidar, tétéla henteu ngadatangkeun daya listrik. Akang bingung. Mangkaning hayam teu kaparaban, seueur diantarana anu teu raraoseun. Ahirna, hayam téh ditungtutan wé dipeuncit hiji-hiji tug dugi ka séépna. Ayeuna jadi seueur daging hayam. Akang bingung, ieu daging hayam téh kedah disaté atanapi didamel opor? Upami teu kaabotan mah, bada magrib diantos di caket sasak Ciméndong. Wayahna bantuan akang mangmasakeun ieu daging hayam. Keun engké akang nu ngicalanna mah. Urang nabung kanggo engké nyorang hirup rumah tangga…” Kitu cenah eusi surat téh. Teu diréngsékeun macana. Néng Arin unggut-unggutan bari ngagegerentes… “Mangga… Kang Among…” Bada Magrib, Néng Arin rerencepan muru ka sasak Ciméndong. Tapi henteu sorangan, da dianteur ku Hansip Baron anu ngajingjing borgol.***

Tidak ada komentar:

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...