31 Maret 2011

Balik Deui Kana Beuteung Indung

Isuk-isuk keneh geus hudang, muru jam genep rek ka sawah. Balik ba'da Lohor. Datang ka imah, kedewek dahar, reureuh, sholat. Reup peuting sare....................., Isuk-isuk hudang . Kitu jeung kitu bulak balik, unggal poe, unggal bulan, unggal taun. Kudu hudang isuk-isuk, kudu kasawah ngawaskeun pagawe, kudu dahar, kudu sare jeung sajabana ti kudu. Lalakon hirup duapuluh opat jam saban poe ngan kitu jeung kitu wae. Hirup tungkul kana kudu, disengker ku waktu.
Leng hahuleng. Manehna teh anak ngan hiji-hijina ti kaluarga Juragan Sardi bandar beas anu geus kakoncara di sa desa Paneungteung. Ari indungna ku tatangga nelah Nden Rahayu, sedeng ngaran manehna Ardi, nyutat tungtungna ngaran bapana "di". Sok sanajan anak ngan hiji-hijina tapi can pernah kolotna mere leuwih mikanyaah ka manehna. Salilana natrat dina didikan anu basajan. Kudu nyaah kanu leutik, kudu rikrik, kudu gemi,kudu kandel iman , kudu getol digawe jeung saabreg "kudu". Beda jeung akina nyaah dulang, sagala kahayang dibaekeun nu penting salamet dunya aherat.
Hatena banget ku hayang ngabuktikeun carita akina almarhum lima taun katukang, yen kaluaran ti Pasantren Lemah Luhur kabeh bisa ngalakonan Rukun Islam kalima. Lian ti pinuh ku elmu panemu jampe pamake oge pinuh ku elmu lakuning dunya jeung aherat. Ngan nyakitu cenah, Pasantren Lemah Luhur teh ayana di kiduleun leuweung Pasarean anu diwisesa ku para dedengkot rampok. Lain ngan harta, tapi nyawa sok diala. Mun di saba bari wani ngaliwatan leuweung bakal meakeun waktu dua poe, sedengkeun mun nguriling bakal meakeun waktu saminggu bari leumpang ngaliwatan leuwi Maung jeung reuma anu jarang kasaba ku manusa lantaran pinuh ku sasatoan garalak.Tapi hatena geus gilig rek wakca ka kolotna, kahayang mo bisa dipungpang rek ngawani-wani maneh ngabejakeun maksud jeung tujuan anu geus dicita-cita ti baheula.
Gorowok sora azan ti masjid kalereun imah. Geus isya, gerentesna. Leos ka kodong rek abdas, beres abdas gidig ka masjid. Beres solat terus wirid, munajat ka Mantenna kahayang bisa laksana. Balik ti masjid, sup ka imah nyampak kolotna keur ngariung di tengah imah. Bapana ngelepus udud padudan,sedeng indungna keur kakaput. Solongkrong kahareupeun indungna, gek diuk.
"Geus ti masjid Di ?" indungna nanya.
"Muhun" jawabna bari gek sila. Manehna mimiti ngomong bari tungkul "Aya kaperyogian ka Bapa sareng ka ema." Ngomongna semu dareuda.
"Asa ku pararenting Di. Hayang kawin, hayang diajar dagang atawa hayang naon ? kadada kaduga mah moal burung teu di tedunan asal bener." Cek bapana.
"Sanes Pa, abdi teh aya anu bade dibadantenkeuneun ngeunaan pamaksadan anu ti kapungkur tos diimpleng." Jawabna.
"Pamaksudan naon, cing pek caritakeun." Indungna nimbrung.
"Abdi teh tos dewasa, tos meujeuhna panginten upami abdi hoyong milari elmu panemu boh kanggo di dunya atanapi di aherat. Tah,upami bapa sareng ema ngawidian, pageto abdi seja boboleh bade masantren."
"Rek masantren ? alus cita-cita hidep teh. Pasti ku bapa jeung indung hidep disatujuan. Tuh pasantren anu alus mah di kiduleun desa urang. Tong jauh-jauh nu deukeut we, malar urang luar mah kadarinya da alus cenah kaluaran ti dinya mah." Cek Bapana bari unggeuk-unggeukkan tanda satuju.
"Sanes pa, abdi teh hoyong masantren di Lemah Luhur."
"Baruk di Lemah Luhur? Bet jauh pisan anaking." Indungna hariwang.
"Di, pasantren Lemah Luhur teh bener pasantren anu geus kakoncara. Tapi kade sing inget, nyorangna ka eta pasantren kudu ngaliwatan leuweung Pasarean anu pinuh ku badog jeung rampog. Ngan hiji-hijina manusa anu bisa ngaliwatan eta leuweung iwal ti aki maneh almarhum." Bapana negeskeun.
"Tos janten katangtosan hate abdi, moal tiasa dirobih deui." Manehna ngayakinkeun.
Gabrug indungna ngagabrug bari ceurik. " Duh ujang, sing karunya ka ema. Ema teh ngan hiji-hijina boga anak teh ngan hidep sorangan. Saha deui anu bakal neruskeun kolot iwal ti hidep."
"Sing percanten ka nu Kawasa Ma." Cek Ardi.
Bapana teu ngomong kalahka gogodeg. Dina hatena manghanjakalkeun pamaksudan anakna. Tapi dalah dikumahakeun, lamun aya kahayang sarua jeung manehna. Neugtreug teu beunang di bebenjokeun, kitu meureun anakna oge nurun ka manehna. Ahirna Bapana ngomong :
"Nya ari kahayang hidep geus gilig mah nu jadi kolot ukur nyatujuan. Ngan kudu hade-hade di jalan bisi nyorang bancang pakewuh"
"Nuhun Bapa, Ema abdi nyuhunkeun pido'ana." Bari gep nyekel dampal suku bapana terus di cium, oge dampal suku indungna.
Bari pamitan, manehna leos ka kamar. Gek diuk dina luhureun ranjang bari hatena kebek ku kapanasaran hayang nyaho naon anu bakal kasorang. Goledag nangkarak ,paneuteup nanceb kana langit-langit kamar. Dina hatena tetep teu percaya masih keneh aya nu rarampog. " Eta mah carita lima taun katukang," gerentesna.
Halimun subuh ngadingding, pepedut megat balebat. Ibun bajra nu ting kariceup awor jeung datangna srengenge nyaangan sa alam dunya. Mangsa poe harita manehna rek ngalaksanakan pamaksudan, rek disaba sagala kapanasaran ngajugjug pasantren Lemah Luhur.
Di tuturkeun kupaneuteup, dibarengan ku pangdoa dibekelan kucarita. Teteg hate leupas sagala kahariwang, bijil kateuneung kaludeung rek disorang sagala pancabaya nu ngahalangan pamaksudanana.
Ardi leumpangna ngungkug teu nolih kasisi kagigir manteng pikiranana kanu dituju. Mipir pasir nyorang jungkrang, mapay-mapay jalan satapak nu tarihul kubatu-batu koral. Teu karasa leumpangna geus aya kana genep jamna. Manehna ngarandeg sakeudeung, luak lieuk kenca katuhu, breh ti kajauhan katempo tajug maksud rek sholat lohor. Geus kitu, nuluykeun pamaksudanana.
Sapoe, dua poe katiluna anjog ka sisi leuweung Pasarean. Harita panon poe geus tomper kabeulah kulon, geus waktuna sholat asar. Teu hese neangan tempat sholat teh da kabeneran manehna nempo batu nemprak handapeun tangkal waru. Atuh cai keur wudlu kari ka lebak aya pancuran anu dijieun tina awi tali. Sigana ngahaja dijieun keur muslim anu rek sarolat. 
Beres awesalam, manehna rumpa rampa kana saku bajuna, gorehel saputangan beureum pamere indungna dikaluarkeun. Eusina dibuka, horeng duit sakitu lobana. Manehna luak-lieuk, taya jalma ngulampreng. Duit dina saputangan di bawa sawareh, sawareh deui dibungkus teu disaupkeun kana saku tapi manehna kalahka nyungkadkeun batu paranti sholat. Saputangan disesepkeun handapeun batu, geus kitu buntelan sarung disorendangkeun. Memeh indit ngaradeg heula neuteup batu, terus kana tangkal waru geus kitu leos indit nuju ngidul rek asup ka leuweung Pasarean.
Anjog kaleuweung geus meh reupreupan waktuna solat magrib. Tikajauhan katempo aya obor kalucas-kalices katebak angin. Sigana Tajug, gerentesna. Tapi ari disungsi geuning warung anu rek tutup. Nubogana awewe tengah tuwuh melong semu heran.
"Nu kasep teh rek kamana?" awewe kolot nanya bari teu leupas ku kaheran ,wayah kieu aya pamuda kumelendang keneh. Pasti ieu pamuda rek kaleuweung, lantaran taya jalan deui iwal ti kadieu.
"Bade ngiring sholat magrib Ma." Jawabna.
"Pek atuh, caina di pipir." Pokna bari nuduhkeun cai keur abdas
Beres solat manehna gek dieuk dina bangku.
"Rek kamana ujang teh wayah kieu masih keneh aya didieu."
"Bade ka pasantren Lemah Luhur Ma. Jalanna rek norobos we kadieu."
"Astagfirullah alazim, balik deui kadituh. Tinimang diteruskeun mah mending balik deui !!."
"Naha aya naon Ma?" manehna nanya, padahal geus nyaho yen di leuweung Pasarean di wisesa ku para rampog jeung begal.
"Ujang deudeuh teuing keur kasep teh, kabeh jelema anu asup ka leuweung Pasarean bakal dicegat ku begal, dipenta barangna diala nyawana."
"Ah nyawa mah kagungan Allah Ma."
"Lain kitu, da ieu mah kanyataan. Mending balik deui ka dituh, ema ge rek buru-buru beberes rek tutup."
"Ari Ema dimana linggih ?"
"Tuh dilebak" bari nuduhkeun ka hiji imah ditengah sawah. Sigana rea imah anu ngadon ngababakan.
"Ma abdi pamit.Assalamualaikum" bari leos indit.
"Alaikumsalam "jawabna bari gogodeg.
Sora cihcir mani reang maturan anu rek miang. Waktu beuki burit, beuki poek tapi manehna teu mirosea kapoek, teu nolih kasieun. Leumpang aya kana tiluparapat jamna geus nepi ka leuweung anu beuki jero beuki rumet ku tatangkalan. Untungna bulan keur mabra, atuh jalan teu poek-poek teuing da kacaangan cahaya bulan. Nepi kana tangkal anu ngajunggiring manehna ngarandeg, nempo kaluhur, jangkungna mapakan mega. Teu kungsi lila ganjleng, gajleng aya tilu manusa make teregos hideung megat jajalaneun.
"Rek kamana andika !! kumawani nyorang tempat kula." Sorana handaruan.
"Punten, sim kuring teh bade ka Pasantren Lemah Luhur. Taya deui jalan iwal ti kadieu. Kukituna hapunten sim kuring campelak." Jawabna teuneung.
Karek ayeuna aya pamuda wani nincak leuweung peuting-peuting, sigana budak teh teu samanea. "Suiiiit" nyuitan babaturanana. Teu kungsi lila rajleng aya kana limaanna. Ardi mundur, mimiti sayaga.
"Kadieukeun eta babawaan andika !"
"Babawaan ngan ukur baju , taya banda anu hargaan. Mun perlu pek tah !." bari ngalungkeun buntelan ka hareupeun badog. Kabeh badog matana molotot siga ambekeun.
"Campelak siah !." nu ti tukang mesat bedog. Belesat ditigaskeun kana sirah Ardi. Ardi mundur salengkah, sakilat bareng jeung kolebatna bedog leungeun katuhu ngahantem punduk badog, akibatna badog nolonjong ka hareup kabawa ku tanaga sorangan,tepung jeung tangkal mahoni.
"Tobaaaat !!" ngan sakitu, si badog ngarumpuyuk teu hudang deui.
Arokaya nempo babaturanna kaseeh, anu tujuhan bareng ngepung Ardi. Tigigir digitik , ti tukang ditajong, kabeh pada kateter.
Sihoreng badog teh lain dalapan urang tapi aya kana puluhna nyamuni dina rungkun sadagori. Bareng jeung kateterna nu dalapan, hiji badog nu nyumput di beulah kenca mentangkeun panah nuju kana tonggong Ardi. Sieeet ...blesssss !! parat tina tongong kana dada. Ardi ngajengkang, ka tukang ,badog nu saurang deui ngajleng bari bedogna di sabetkeun kana beuheung Ardi. Preng !! sirah Ardi ngacleng papisah jeung badan. Geleger sora ngageleger siga gunung mungguh urug, gelap ngampar ngadak-ngadak. Genjlong nonggong turun laun, jajap napas nu rek leupas, ngembat-ngembat bulan mayat, mapag nyawa sang pamuda.
Ardi luak lieuk siga nu tas hudang sare. Heran bet aya didieu, pan tadi mah di leuweung Pasarean keur tarung jeung puluhan badog. Manehna ngarasa keneh waktu panah nanceb kana tonggongna, karasa beuheungna disabet ku bedog,tapi na bet teu nanaon. Nyabak beuheungna masih utuh, kitu deui dadana teu kerel-kerel. Boa aing geus aya dilain dunya, gerentesna.
Ardi leumpang dina tegalan anu ngaplak hejo kujukut. Inget can sholat isya, tuluy luak lieuk neangan masjid, kabeneran aya Tajug, cai keur wudluna oge aya dihareupeun Tajug. Barang rek abdas, manehna mundur lantaran teu kuat ku bauna. Teu tulus. Panasaran rek asup ka tajug. Tapi barang sup manehna ngagajleng, naha bet asup kana beuteung bagong. Buru-buru ngajauhan, bari nuluykeun deui lalampahan. Tapi rek kamana ? dimana ieu teh ? weleh teukaharti ku pikir teu kahontal ku akal. Karek sapanyeupahan, nempo aya tajug, gedena saruya jeung nu tadi, bedana wujud bangunananan. Ieu meureun anu bener mah, gerentesna. Balong paranti abdas caina pinuh soksanajan rada kiruh tapi teu bau saperti tadi. Beres abdas manehna mukakeun panto tajug. Tapi nyakitu, bet rek sholat dina beuteung munding. Atuh gajleng deui manehna luncat. Kitu jeung kitu ngalaman aya kana lima kalina. Ngan kagenep kalina manehna manggih masjid gede, katempona siga aya cahaya anu kaluar ti jero masjid. "Mereun ieu pisolaten aing teh". Cek manehna.
Balong anu aya di sisi masjid caina herang ngagenclang. Manehna nyiuk cai ku leungeun bari diambuan. Seungit Kananga. Terus abdas, beres abdas nuju ka panto masjid "Assalamualaikum." "Alaikumsalam" cek nu ti jero. Tapi taya jalma saurang-urang acan, teuing saha nu ngajawabna.
Barang asup ka jero, bet karasa betahna. Jorojol aya maksud rek terus samedi di ieu masjid moal neruskeun lalampahan ka pasantren Lemah Luhur, lantaran ti barang padungdung jeung badog nepi ka tempat nu ayeuna, geus teu nyaho kamana jalanna jeung dimana ayeuna manehna.
Beres sholat isa, terus wirid lila pisan. Geus kitu mimiti sidakep sinuku tunggal, kabeh pancadria ditutup, meleng ngan kahiji panutan Allah swt. 
Di lembur Paneungteung Nden Rahayu, indungna Ardi keur maturan salakina di tepas imah. Nden teh keur kakandungan tujuh bulan, atuh ku salakina dinangna-dinengne sagala ulah sagala kade. Kukituna mah kaharti lantaran anak anu ngan hiji-hijina, Ardi nepi ka danget ayeuna teu beja teu carita.
"Emh, tara teuing bungahna mun si Ujang nyaho boga adi deui." Cek indungna.
"Nya kumaha atuh ma, da geus kitu jalanna meureun ti nu Maha Kawasa. Urang mah teu weleh ngado'akeun muga budak sing salamet aya di lembur batur." Bapana bari nyokot bubuy sampeu, belewek dihuapkeun geus kitu nyokot cikopi regot diinum.
"Muga-muga we geura buru-buru balik. " Indungna nempas.
"Enya harepan bapa oge kitu." Bapana ngadeukeutan indungna, gap kana beuteung anu geus benteyang terus diusapan.
Ardi anu keur tapa di masjid, ngagebeg sora nongtoreng kadenge obrolan kolotna. Manehna beunta bari ngomong " Ma, Pa ieu abdi didideu !." sorana ditarikeun.
"Tuh ma siutun inji teh siga nu nguliat. ." cek bapana katempo dijero beuteung bayi usik.
"Enya budak teh mani motah kieu." Jawab indungna.
Ardi terus gogorowokan, tapi taya nu malire da puguh manehna geus balik jadi orok. Sihoreng betah di masjid teh geuning dina beuteung indungna. Waktu nyawana paragat alatan ditigas beuheungna ku badog, lelembutanana mah teu paeh malah masih keneh inget yen manehna can solat isya. Matak neangan masjid, ngan untungna manggih beuteung indungna, da upama asup kana beteung sato mah, manehna moal henteu bakal jadi sato.
Sabulan ti harita Nden Rahayu geus ngarasa budak anu dikandung sigana geus hayang kaluar. Atuh bapana buru-buru neang indungbeurang. Barang datang, indung beurang mariksa beuteung Nden Rahayu.
"Ayeuna sigana bakal kaluar budak teh. Sok geura naheur cai kadituh !. Samping jeung baju orok jagragkeun didieu"
Atuh bapana kacida bungahna, bari leos kadapur, geus ngahurungkeun seuneu terus ka kamar mawa sababaraha samping kebat jeung baju orok.
Cai geus saheng, diwadahan kana baskom di bikeun ka indung berang, geus kitu manehna kaluar. Hatena teu genah, ngan cilingcingcat siga hayam rek endogan.
Teu mangkuk lima belas menit, goar sora orok, gebeb bapana ngagebeg. Bet sora lalaki, sigana lalaki deui, pikirna.
"Kadieu jang, ieu budak teh jalu geuning. Buru pangku terus adanan.! " Cek indung beurang. Bapana nampa orok anu masih keneh beureum, malik ngiblat bari ngong azan , geus kitu orok dibikeun di teundeun di gigireun indungna.
Ardi anu keur mujasmedi, siga aya nu ngusap, leng teuinget bumi alam. Sadar teh geus aya di hareupeun bapana, tapi naha manehna teh bet keur dipangku.
"Ieu abdi, Ardi !!" tapi lain sora manehna anu nepi, ngan ukur sora "oa,oa, oa"
"Tuh geuning geus bisa ceurik budak teh," cek indung beurang bari ditepakan bujurna.
"Saha nganaan ieu budak teh ?." indung beurang nanya.
"Muhammad Kosasih we, nenehna Engkos." Jawab bapana.
"Tah alus ngaran teh nyutat ngaran Nabi urang."
Budak geus beresih, atuh balina dibawa ku indung beurang rek disamaraan cenah anu satuluyna rek dikubur di gigireun kamarna bari di pelakan daun jarak.
Sabulan nincak ka dua bulan, sataun teu karasa geus lima taun. Budak teh bahono persis teudipiceun sasieur siga lanceukna keur leutik.
"Tuh pa, siga pisan lanceukna. Sagala tidak tandukna basa si Ujangkeur leutik." Cek indungna anu keur ngawaskeun anakna lulumpatan di buruan. Bapana ngan ukur seuri. 
Nincak umur tujuh welas taun, Ardi anu kakara sadar yen manehna ayeuna balik deui jadi anak indung bapana anu disangka adi manehna.
Saperti bareto keur mimiti rek miang ngucapkeun maksud rek masantren, harita oge manehna nyolongkrong , gek diuk di hareupeun indung bapana. "Ma, pa, abdi aya picarioseun anu penting pisan. Mung omat wargi sareng tatanggi ulah aya anu terangeun."
"Eeh siga aya rasiah anu di samunikeun. Aya naon Kos," cek indungna.
"Ma, Pa abdi teh saleresna sanes Kosasih, tapi abdi Ardi tea.
"Bapana seuri, kitu deui indugna bet teu percaya sacongo buuk yen anu dihareupeunana teh ngaku Ardi anu ayeuna keur masantren di Lemah Luhur.
"Sok kamana wae nyarita teh Kos. Lanceuk maneh mah keur masantren, ngan hanjakal geus aya puluhan taun teu balik-balik. Teuing kunaon lanceuk maneh teh." Indungna nyarita bari curucud cai socana maseuhan pipina. Segruk cerik bari nyambat-nyambat anakna.
"Tos ma, pan ieu putra ema teh. Ieu Ardi tea ma, sing percanten ka abdi. Abdi tiasa ngabuktoskeun yen abdi leres Ardi putra Ema sareng Bapa anu kapungkur bade masantren di Lemah Luhur."
Bapana kerung, terus ngadeukeutan bari pok ngomong : " Nu bener nyarita teh, ulah jadi kapanasaran anu jadi kolot kucaritaan hidep anu teu asup akal." Bapana rada keuheul.
"Duh ampun paralun teuing abdi kedah ngabohong kasepuh."
Indung bapana papelong-pelong.Heran, panasaran, teu asup akal, mustahil ngajadi hiji.
"Cik, mun hidep anak bapa anu cikal geura terangkeun kajadian waktu rek indit ka Pasantren."
Barabat manehna muka carita, mimiti pamitan hayang masantren terus dibejakeun basa rek miang dibekelan duit anu dibungkus ku saputangan beureum. Manehna oge nyaritakeun waktu di kepung ku begal nepi ka bobor karahayuan beuheung papisah jeung awak.
"Beu, bener pisan. Tapi bapa jeung indung maneh hayang ngabuktikeun anu sabenerna."
"Tiasa pa, saputangan beureum sareng artos sapalih kuabdi di simpen dina handapeun batu sisi tangkal waru." Jawab Ardi.
"Isuk urang paruluh naha aya keneh atawa geus euweuh."
"Mangga pa, atuh sakantenan sareng Ema supados tiasa buktos yen abdi teh Ardi putra cikal Bapa sareng Ema."
Isukna, kulawarga juragan Sardi nuju ka tempat anu dituduhkeun ku anakna. Lain indungna wae anu ngilu teh, pamanna, ua-na oge ngilu hayang bareng ngabuktikeun yen Muhamad Kosasih teh sabenerna Ardi anu bareto rek masantren ka Lemah Luhur.
Jalan anu disorang teu robah tetep saperti baheula waktu Ardi indit mapay jalan nu sarua. Tajug tempat solat Lohor oge masih keneh aya. Ancog ka tempat Ardi solat Asar ardi ngarandeg, naliti bari luak-lieuk ka kenca ka katuhu. Batu nemprak tempat solat manehna teu robah, ngan tangkal waru ayeuna katempona geus muguran.
"Tah Bapa, Ema, ieu tempat abdi solat asar, mangga ku bapa angkat eta batu. Di handapna ku abdi disimpen saputangan pamasihan ema sareng artos." Cek Ardi bari ngareret ka Bapana.
Bapana teu loba ngomong, leumpang ngadeukeutan batu nemprak. Teu lila ngageroan pamanna Ardi menta bantuan keur ngangkat batu. Ku dudaan batu diangkat, katempo ngan taneuh jeung rupa-rupa sato leutik. Taneuh dikoreh-koreh ku bapana, gorehel aya lamak anu geus pinuh ku taneuh. Lamak di cokot diteundeun di luhureun batu. Barang diberesihan jelas warnana beureum, terus dibuka, aya duitan. Indungna olohok, gauk ceurik bari ngagabrug ka Ardi kitu deui bapana. Tiluan paungku-ungku disaksian ku paman jeung ua-na.
"Geus ayeuna mah geus jelas, budak teh geuning balik deui kana beuteung indungna. Ieu mangrupa rakhmat ti nu Maha Suci. Sigana kakarek anak urang anu dipasihan kieu teh, anggursi urang sukuran ka gusti urang nganuhunkeun kanu kawasa. Mung Anjeuna anu ngusik malikeun makhlukna, serahkeun wae ka Anjeunna" Cek Ua-na.
"Amin," pamanna ngahaminan.
Limaan ngabring baralik nuju ka kampung Paneungteung bari pinuh ku kabungah, kaheran ngabaur jadi hiji. Ua-na teu eureun gogodeg bari cukcrek nandakeun ka hemeng ku kajadian anu dialaman ku anak adina. Budak bisa balik deui kana beuteung indungna. ***Cag

Tidak ada komentar: