31 Maret 2011

Kawin ka Maung Leuweung Sancang

Basa asup ka leuweung Sancang ku Kuncen teh dititah kawin heula, ngarah salamet jeung barokah. Kusabab ngarasa panasaran, hayang nyobaan, Ny.Atikah ngambat maung Sancang, hayang nyobaan tumpak sepedah ka pasar. Na ari telereng teh sapedah saperti aya anu nyurung. Ny.Atikah medarkeun pangalamanana ka SALAKA. Carman aslina mah urang Cirebon, nganjrek di Subang sanggeus kawin ka Ny. Atikah urang Subang. Ari sapopoena, teu boga gawe nu matuh. Ngan kitu bae, unggal poe sok neangan barang-barang antik, saperti batu Merah Dalima, samurey, duit Brazil jrrd. Ngarah sakali hasil, bisa mucekil cenah!
“Kantos abdi oge milarian batu Merah Delima aprak-aprakan ka unggal daerah, tapi dugi ka kiwari tacan mendakan bae,” ceuk Carman ngajentrekeun pangalamanana ka Salaka basa tepung di imahna Kampung Parigi RT 23/08 Desa Balendung Kacamatan Subang, Kabupaten Subang.
Lantaran neangan batu Merah Delima teu hasil, dating deui tamu ti Jakarta pangneangankeun pedang Samurey nu asli, kusabab cenah mah bareto kungsi aya samurey ti Jepang di urang. Lantaran haying boga duit gede tea, Carman kapaksa aprak-aprakan deui, neangan samurey, tapi tetep teu manggihan. Loba oge pedang samurey, tapoi lain nu aslil, pokna bari mesem.

Kitu oge basa obyag, loba jalma nu nareangan duit Brazil, Carman pipilueun neangan, sabab aya nu mesen lobana ratusan juta rupiah. Pokona mah aya sababaraha ratus jutaeun oge moal burung dibeuli , cenah. Tapi sanggeus duit Brazil ngaleuya di imahna, eta nu rek meuli teh teu dating-datang. Mangkaning eta duit Braazil teh geus aya kana Rp.28 jutana. Duka teuing kamana, ari nu boga duit mah meh unggal usik nananyakeun bae,menta dibayar kontan, cenah..Atuh ahirna Carman jujualan pikeun mayar duit Brazil, lanataran ari nubogana mah teu nyaho nanaon.

“Harita abdi teh dugi ka ngical bumi sagala,’ pokna.

Lantaran hirupna remen ditipuan batur, ahirna badami jeung pamajikanana, haying neangan elmu keur pibekeleun hirup jeung bisa tutulung kabatur. Sabab ari teu boga gawe matuh mah , geuningan remen ditipuan ku batur.
Kabeneran harita ny.ikah Atikah oge haying milu. Carman jeung ny.ikah teh tuluy arindit ka daerah kulon, ngajugjug ka daerah Menes Propinsi Banten, guguru ka Kiayi nu geus luhung elmuna.

“Ngawitan pisan aprak-aprakan teh taun 1989,’ cewuk Carman bari ngareret ka pamajikanana.

Sanggeus guguru ka kiayi di daerah Menes ayakana tilu bulanna. Ku Kiayi dititah ka makam Sunan Gunung Jati di Cirebon. Beres ti Cirebon guguru deui ka daerah Brebes. Tuluy ka Banjarpatroman Kabupaten Ciamis, panungtungna ka leuweung Sancang di Kabupaten Garut.

Basa keur aya di leuweung Sancang, duka kunaon, salaki jeung pamajikan bet papisahan. Kusabab Ny.Ikah Atikah teu bisa babarengan jeung salakina, kapaksa nyorangan dileuweung geledegan. Sabab cape leuleumpangan bae , tuluy ngadatangan kuncen H. Nasikin.

“Niat Nyai teh geus buleud rek neruskeun lalampahan ?” cek kuncen nanya ka Ny.Atikah.
“ Sumuhun , Abah,”tembal Ny.Atikah gilig.
“Tah, samemeh neruskeun lalampahan, supaya salamet dijalana, ku Abah nyai teh rek dikawinkeun heula. Daek atawa henteu ?”
“Maksad Abah bade dikawinkeun ka saha ?” Nyi Ikah rada bingung.
“Nyai teh rek dikawinkeun kanu ngageugeuh leuweung Sancang,” cek kuncen deui.

Hah? Dikawinkeun kanu ngageugeuh leuweung Sancang ? Saha kitu sabenerna nu ngageugeuh ieu leuweung Sancang teh?
Tadina mah ny.Ikah Atikah rada hemar hemir, sieun . Piraku kudu kawin ka maung sagala. Kumaha jadina engke , lamun kudu kawin ka maung, moal bisa babarengan deui jeung salakina.
Ku kuncen teh dibere nyaho, kawin ka Maung ngan saukur batinna wungkuil, da ari lahirna mah tetep bae kawin ka salakina. Ngan upama engke dina hiji waktu hayang nyaho jirim salakina anu dikawinkeun ku kuncen, bisa dikembat, pasti manehna bakal dating, cenah. Ku kuncen teh Ny.Ikah tuluy dibere kai Kaboa (tangkal Kaboa) panjangna sajeungkal, gunana cenah pikeun ngembat salakina nu ngageugeuh leuweung Sancang sangkan bisa dating.

Kawin ka Maung leuweung Sancang teh ceuk Ny.Atikah mah ngan saukur saheulaanan, kusabab lamun urangna geus bosen, geus teu daek kamanehna deui , bisa pipisahan. Nu penting mah , kawin teh ngarah salamet di tengah leuweung, ulah aya picilakaeun.

Kawinna oge teu kudu di walilan , lantaran ngan saukur dikawinkeun batin wungkul, ari wujud kieuna mah pisalakieun teh teu daek nembongan. Ari nurutkeun kuncen H.Nasikin nu geus ngawinkeun Ny.Ikah mah , ngaran salakina teh dibejakeun nyaeta Raden Ariya Lalana Kusumah nu sakti di Pajajaran.

Sanggeus dikawinkeun mah, kasieun ngadadak leungit, malah timbul wawanen. Ny.Ikah Atikah teh geus teuneung ludeung nyorang leuweung geledegan bari pangawakan awewe. Ti leuweung Sancang tahap ka opat, geus teu kuat leumpang. Ny.Ikah kapaksa reureuh heula di sisi gawir nu lungkawing.
Basa keur reureuh teh ujug-ujug aya ucing gede pisan, gedena sarua jeung ibit munding kawas rek ngerewkeub manehna. Disadana teh “Oe”, cenah. Duka ucing beneran , duka ucing ajajaden. Tapi pikeun Ny.Ikah nu patekadanana geus buleud teungarasa sieun saeutik-eutik acan, malah make jeung nantang sagala.
“Lamun rek ngadahar kuring mah , ulah disesakeun saeutik-eutik acan. Teureuy buleud bae,” pokna teh.
Duka teuing kunaon, pokna deui, ucing gede teh ngadak-ngadak mundur, terus ngaleos duka kamana. Da tuluy ngaleungit.

Sanggeus ucing ngaleungit, dating deui lampu mani antay-antayan, kawas caang ku lampu neon ka hareupeun Ny.Ikah.
“Lamun beunang mah hayang newak harita teh. Tapi arokaya, lamun teu katewak pasti abdi bakal tikusruk ka jurang, margi diuk teh biwir jurang pisan.”
Sanggeus lampu neon leungit, duka teuing timana jolna, dihareupeunana teh ujug-ujug aya budak awewe ditaranjang, umurna kira-kira dua taun. Ny.Ikah kaget, naha budak urang mana tengah peuting wani ulin sorangan, pan ieu teh di tengah leuweung geledegan.
“Kunaon nyai bet aya didieu , naha nyai teh sabenerna urang mana ?” ceuk Ny.Ikah nanya ka budak awewe nu bubulucunan ditaranjang.

“Abdimah urang Jagat Srana, putra kangjeng nabi rosul.” Pokna teh.

Teu kungsi lila budak awewe teh leungit duka kamana. Ny.Ikah oge teu nyaho kamana ngilesna. Nu sidik mah manehna masih aya keneh diuk di sisi jurang.

Isukna Ny.Ikah balik ngaliwatan muara, kabeneran di tengah muaa aya kembang bungur, kawas kembang loa. Tuluy nyokot rokrak, maksudna mah rek dikoer, da katingalina teu pati jauh pisan. Tapi masing di koer-koer oge susah, teu beunang. Ret ngareret ka Beulah wetan, torojol teh aya buaya gede pisan, rek ngadahar.

“Pek ari rek ngadahar kuring mah , ngan aya pamenta, lamun rek ngadahar kuring ulah disesakeun. Barina oge kuring mah teungaganggu kla anjeun.” Ceuk Ny.Ikah noroweco sorangan.

Kawas nusurti bae, sanggeus Ny.Ikah ngomong kitu teh lalaunan tuluy mundur ngaleos teunyaho kamana inditna. Tepi ka balik ka imah, ceuk Ny.Ikah , Alhamdullilah salamet.

Kasep Leuwih ti Bentang Filem.

Kusabab panasaran hanyang nyaho bener henteuna geus kawin kanu ngageugeuh leuweung Sancang, ngahaja ny.ikah teh ngambat. Diusampakeun susuguh ganas, apel, cau jeung endog hayam kampong. Geus kitu tuluy mapatkeun jampe pangambat sangkan nu ngageugeuh dileuweung Sancang dating nepungan.

“Kumargi abdi alim kasumpingan nu jirimna mangrupa maung, abdi teh nyuhunkeun sangkan sumping ngajirim saperti manusa.” Pokna teh.
Teu kungsi lila, benar bae, cenah, dihareupeun Ny.ikah nngabelegedeg teh aya jalma jangkung badag, ngabedega kasepna kabina-bina. Euweuh tandingna. Ari ningali kana tangtunganana mah , bogoh kacida , cenah.Nfgan nyaeta.nu sabenerna mah nu gagah teh maung.

“Upama ngajirim maungh, hade tagog jeung lempay.” Pokna deui.

Tapi nyaeta, ceuk ny.Atikah mah, basa dina malem Jumaah nu kuduna sare di kamar sorangan lantaran rek kadatangan tamu ti leuweung Sancang tea, salakina ngadak-ngadak bet dating hayang sare bareng. Antukna , nu rek datang bolay.

Basa Ny.Ikah rek balanja tengah peuting ka pasar, ngarasa hemar-hemir, sieun kusabab numpak sapedah teh kudu ngaliwatan leuweung sagala. Manehna inget kana bobogaanana, tuluy dipentes, dipentaan tulung. Lamun enya masih ngaku pamajikananan, sapedah pang nyurungkeun , ngarah teu cape, pokna.

“Leres bae, basa tos ngemat teh kasieun ngadadak leungit, numpak sapedah teu kudu diboseh, sabab ditukang kawas aya nu nyurungeun.” Ceuk Ny.Ikah deui.

Gelut Jeung Kunti

Ny.Ikah kungsi kaserang panyakit panas, tepi ka lumpuh teu bisa leumpang sagala. Ka dokter mah unggal usik diubaran, tapi teu daek cegeur wae.Araraneh pisan panyakit teh, sabab basa dipariksa ku dokter mah , cenah teu boga kasakit nanaon.

Ngan basa tatamba kanu bisa, cenah mah Ikah teh aya nu ngaheureuyan, datangna ti daerah wetan.
Kusabab Ny.Ikah bisa ngubaran sorangan, teu ngandelkeun deui ka batur. Dumadakan , cenah , basa aya dijero imah teh make jeung hayang kaluar sagala bari jeung leumpangna asrod-asrodan oge. Waktu aya di haeupeun imah, katinggali dina tangkal cau aya awewe tengah tuwuh ucang angge, buukna ngaringkiwik. Kawasna kunti.

Lantaran kunti teh kawas nu nangtang, kungsi diajakan galungan sagala. Dumadakan deuih, sukuna nu tadina teu bisa leumpang, jadi bisa leumpang. Ny.Ikah tuluy galungan jeung kunti tea, tepi ka kunti teh kasoran, ampun-ampunan. Manehna teh, enah dititah ku batur, sangkan ngaheureuyan ny.ikah .Ari nu ngaheureuyan teh taya lian nu bogoheun ka salakina, urang Cirebon, cenah mah. Sanggeus kunti ngaleungit, Ny.Ikah cageur sabihara-bihari deui.

Tepi ka kiwari boh Ny.Ikah boh salakina, bisa tutulung ka batur, bisa ngubaran, utamana mah nu boga kasakit batin. Malah tiap malem jumaah kaliwon mah, diimahna sok pinuh ku tamu.

Tidak ada komentar:

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...