31 Maret 2011

Kasurupan Jurig

Geus rumah tangga mah, gawé téh kudu getol. Keur léléngohan onaman, nyiar duit téh bisa lungla-lenglé kénéh, bangun nu nyalsé. Dalah geus kawin mah, isuk-isuk gé geus dititah mangkat ku pamajikan. Pajar téh rejeki kaburu dikoréh hayam. Tong mumul, tong kedul pokna téh, bisi éléh ajul. Matuh pamajikan mah, mun geus nyindir ku hayam, teu weléh dituluykeun ku ngagul-ngagul Pa Dadang nu isuk-isuk kénéh geus mangkat nyiar duit. Sakapeung mah sok timburu, panas haté mun pareng didagor-dagor jeung kaayaan Kang Dadang. Padahal Kang Dadang mah gawé ngantor di penerbitan, kuring tukang ojég. Béda saeutik meureun.
Cenah gawé ngantor mah kudu disiplin waktu. Isuk-isuk gé kudu daék susuruduk. Lamun elat sapuluh menit gé bakal disetrap ku dunungan, kawas elat abus kelas mangsa kuring ésdé. Tapi ayeuna mah teu jauh béda kuring jeung Kang Dadang, isuk-isuk geus bareng tuturubun. Bédana mah Kang Dadang sieun disetrap dunungan, kuring sieun disetrap pamajikan. Rebun-rebun kénéh wayahna kudu geus mangkal. Gening bener Nyai, najan tiris gé isuk-isuk mah loba urang lembur nu rék ngadon ka pasar.
Tapi karasa capé mun kudu manteng sapopoé di pangkalan. Sakapeung mah isuk-isuk téh sok tara langsung mangkal. Sok ngahaja muru imah Dasép ngadon ngawangkong ngomongkeun manuk jeung nguseup. Mun teu kitu, kuring sok ngahaja kukurilingan ka pasar néang parab lauk. Eureun-eureun sotéh mun pareng papanggih jeung pamajikan. Lamun teu paamprok jonghok jeung pamajikan mah biheung teuing rék mangkat ngojég. Matuh, mun pareng kapanggih kedul mangkal, unggal balik ka imah sok nyampak pamajikan murukusunu saré nonggongan. Dalah, ieu nu dipikahariwang ku kuring mah.
Hayangna mah nyirekem sapopoé di enggon. Ngamandian manuk atawa morongkol ngadéngékeun radio. Tapi da ayeuna mah sok daék mikir, kabutuhan sapopoé teu ujug-ujug ragrag ti langit. Ditambah renghik Si Dado budak kuring hayang jajan jiga nu teu nyaho wayah. Mangkaning budak lalaki hiji-hijina téh geus gedé, kahayangna beuki loba. Komo ayeuna mah geus nincak kelas tilu, biaya sakola jeung kabutuhanna beuki merul unggal minggu. Leuwih beurat mun pamajikan pipilueun ngarenghik. Hayang baju mah, hayang sapatu mah.
Leuheung pamajikan onaman, mun pareng teu kacumponan paménta téh sok teu lila renghikna. Teu pira jadi baeud jeung sare nonggongan dua peuting. Lah, itung-itung puasa senén-kemis wé. Kadituna mah sok malik ogo deui. Tapi béda jeung budak. Abong leutik kénéh, paméntana teu kacumponan téh sok ngarengik papanjangan, kokoséhan papanjangan. Ari sual kahayang mah, teu nerap ka pamajikan jeung budak waé, kuring gé sakapeung mah sok hareudang bayeungyang karasana dipanggang kahayang. Boh nangkarak, boh nangkuban, boh morongkol, teu weléh wé kahayang téh tingarajol narémbongan. Tingabarasat récét ngagalaksak sakujur awak. Tapi kuring sok pangheulana nyadar ku kaayaan.
Sakapeung budak téh kahayangna alah batan budak pajabat. Unggal minggu paméntana sok gunta-ganti. Sok keuheul mun pareng ngarenghik. Mun lain anak sorangan, tibaheula gé geus dikarungan. Manasina kuring téh jalma beunghar nu teu hariwang ngadéngé kahayang budak merul unggal minggu. Tapi kabéh kahayang budak nepi ka ayeuna can aya nu kacumponan, iwal ti sapatu sakola. Répéh dua minggu mah dipangmeulikeun sapatu téh. Tapi heuleut saminggu tidinya, budak jeung pamajikan ujug-ujug ngarenghik hayang meuli tivi. Gusti, ngadéngéna gé asa kabéntar gelap. Lain saminggu dua minggu, renghik hayang tivi téh kadéngé tuluy mangbulan-bulan. Renghik nu laon, tapi ngahaleuang panjang, matak hareudang.
“Nyai, keur urang mah tivi téh kaasup barang mahal.” Ceuk kuring hiji poé. Pamajikan katempona haré-haré, kalahka jongjon ngakeul. Kuring ngarénghap panjang. Teu kungsi lila pamajikan cengkat, nyapukeun dapur. Kuring ukur bisa ngahuleung. Tetempoan karasa rinyay. Eunteup pajeujeut jeung imah lancah. Haseup rokok ngalangkang muru liang kenténg. Haseup kompor ngulibek teu hurung-hurung.
“Kang, kompor garing…”
***
Sok melang nempo pamajikan mun pareng baeud. Teuteupna teu haneut, tiis tur seukeut alah batan hinis. Sok asa dosa ngajak manéhna hirup sangsara. Tapi mangtaun-taun rumah tangga, kuring can manggihan pamajikan amuk-amukan. Manéhna mah sok milih ngabetem mun aya kaambek téh. Tapi sual tivi mah manéhna gé nyadar. Baeud sotéh cenah hariwang ku budak. Si Dado hayang tivi nepi ka embung dahar. Ngadéngé kitu mah kuring gé ngilu hariwang. Atuh teu loba mikir deui, isuk-isuk kénéh kuring ngawani-wani muru imah Pa Dadang, maksud rék nginjeum duit. Pédah wé ayeuna tanggal ngora.
Gening nginjeum duit mah babari, teu cara mayarna. Pa Dadang nginjeumkeun duit, tapi cenah elat mayarna kudu bulan hareup. Lah, kuring nyanggupan. Sugan wé kabedag. Ayeuna mah teu pira kurang lima puluh rebu deui. Mun seug ngojég jeung bisnis manuk lancar, isuk gé tivi geus bisa kabeuli. Kuring jongjon ngahuleng di pangkalan ojég. Pikiran karasa kakalayangan ka mana mendi. Isuk-isuk kéneh geus nagog nungguan panumpang. Sugan wé leubeut jiga kamari. Ngahaja nagogna sisi jalan gedé, sugan wé aya kardus murag tina mobil élep.
Karék inget, gening ayeuna téh poé minggu. Tangtuna jelema lolobana cicing di imah. Dina ayana gé barudak ABG. Éta gening barudak tatangga hungkul nu rék ngadon alulin. Sakapeung mah sok teu daraék marayar. Abong ka dulur, cukup ku cap nuhun. Sabot keur ngeunah ngahuleng, torojol téh Kiyai Damsik, katempona jiga nu rusuh.
“Badé kamana, Pa Kiyai?” pok téh kuring nanya.
“Cik lah anteurkeun ka imah Ki lurah.”
“Katingalna mani rusuh, Pak Kiyai?”
“Enya, tadi keur jongjon ngeunah nguseup, Ki Lurah nelpon. Cenah sadua-dua anakna kasurupan jurig, ditambah bibina.”
“Euleuh kasurupan jurig…”
Motor kuring parkir di garasi Pa Lurah. Geus katempo urang lembur minuhan imah tengah Pa Lurah. Pamajikan jeung budak kuring gé ngilu nongton. Katempo budak Pa Lurah nu duaan keur dirarejeng. Kokojotan. Hahaok kasurupan. Panonna ngabuncelik. Teu jauh di belah katuhu, bibina molotot jeung kekerot. Awakna gigibrig teu eureun-eureun. Kiyai Damsik jajampéan. Niup cai dina rantang. Teu lila cai téh diusapkeun ka budak duaan, tuluy ka bibina. Lain cageur, kalahka beuki tarik kasurupanna. Gogorowokan. Ngacapruk teu puguh. Ceuk Jang Maman mah, saméméh kasurupan budak duaan téh gegelutan di tengah imah. Kadieunakeun jadi gelut nyaan. Bibina mah jongjon lalajo tivi. Apan Bu Lurah jeung Pa Lurahna mah keur ngariung di Posyandu.
“Sugan tadi ulin kamana?” Pa Lurah nanya.
“Teu kamana-mana, Pa. Budak duaan teh ti énjing-énjing gé pogot lalajo tivi sareng bibina.” Ceuk Jang Maman. Kiyai nu ti tatadi ngabandungan héran naker. Teu kungsi lila Kiyai nyampeurkeun tivi nu masih hurung. Sajongjonan mah manéhna melong. Atuh warga gé milu melong éta tivi. Kabeneran keur merul iklan. Gék warga téh naragog, ngadon lalajo. Poho kanu keur kasurupan mah. Cénel dipindahkeun ku Pa Kiyai. Katempo keur konser musik rock. Cénel dipindahkeun deui, film perang. Dipindahkeun deui, film gelut. Dipindahkeun deui, film nu silih gabrug bobogohan, tuluy merul iklan ti mulai dahareun nepi ka cocooan budak nu kawilang geus canggih.
Sabot anteng lalajo, nu kasurupan beuki kokojotan. Kabéh istighfar. Ngomongna ngacapruk deui. Meusmeus budak nu duaan mah hahaok ngajak gelut. Hahaok ka bapak jeung indungna. Sakapeung mah nyambat ngaran Bétmén jeung Spidermén, tuluy hahaok ménta mobil balap jeung hayang ulin ka Nuyok. Bibina sakapeung nyambat sélébritis, tuluy ngajerit ménta dipangmeulikeun bonéka Sahrukkan. Nu kasurupan geus teu jauh béda jeung nu gélo. Habek budak nu hiji neunggeul Ki Miun nu titatadi ngoprot nyekelan leungeun budak. Beletak suku budak hiji deui ngajejek sirah Mang Dadap nun titatadi nagog sisieunna.
“Geus ayeuna mah kapanggih. Alungkeun wé ka balong hareup.” Ceuk Kiyai.
“Saha?”
“Eta nu kasurupan! Maenya ngalungkeun kuring!” Kiyai molotot. Nu titatadi nyarekelan budak tingparelong. Tuluy lieuk ka Pa Lurah jeung ibuna. Pa Lurah unggeuk. Teu loba lila deui, Mang Dadap jeung nu séjénna manggul budak duaan. Ki Japra ngahaja hayang ngagotong si bibi. Geus tepi ka sisi balong hareupeun imah Pa Lurah, nu tiluan teh dialungkeun. Teu pira balon déét, jerona sataktak budak Pa Lurah. Gejebur nu kasurupan patingkocéak. Budak nyambat Supermén. Si bibi nyambat pangéran berkuda putih. Kiyai nitah kabéh cicing. Nu kasurupan luplep di tengah balong. Teu kungsi lila tuluy ménta tulung. Kiyai nitah Mang Dadap jeung nu séjénna geuwat nulungan.
Geus hanjat di darat, nu kasurupan arutah uger. Budak nu duaan ceurik. Bibina luak-lieuk jiga nu hudang saré di luhur kenténg. “Aya naon ngarariung?” pokna bari gagaro sirah.
“Ilaing kasurupan!” Kiyai nyentak. Pa Lurah jeung ibuna katut warga ngabarakatak seuri. “Alhamdulillah…”
“Kausap jurig naon, Ki, barudak kasurupan?” Pa Lurah nanya atoh baur heran naker.
“Teu salah deui, jurigna tivi!”
“Hah, tivi!!!” kabéh warga reuwas. Kabéh olohok.
“Ayeuna mah jurig teh lain cicing di kuburan atawa leuweung sanget. Tapi geus nyumput dina tivi. Nu kasurupan parah mah, hésé neang ubarna.” ceuk Kiyai. Sakur kabéh urang lembur nu ngadéngé omongan Kiyai ngadadak beungeutna sepa.
Isukna, loba urang lembur nu ngajarual tivi. Kuring gé gura-giru malikeun deui duit ka Kang Dadang. Bedo meuli tivi téh. Peutingna kuring ngahuleng jeung pamajikan, dariuk duaan luhureun kasur.
“Nyi, kabayang nya mun jadi meuli tivi, tangtuna bakal cilaka.”
“Cilaka naon, Kang?”
“Kasurupan jurig, listrik nyedot, hutang numpuk. Meureun wayah kieu téh moal silih réndéng luhur kasur jiga ayeuna, tangtuna masih pogot lalajo tivi poho waktu. ”ceuk kuring. Pamajikan seuri ogo.
“Muhun, Dado ogé ayeuna mah teu ngarengik hoyong tivi deui”
“Ari nyai ngarengik kénéh?”
“Muhun.” Témbalna alon
“Hoyong tivi, lin?”
“Sanés. Hoyong bobo.” Pokna ogoan. Rub kuring duaan disimbut. Silih keukeupan. Sora peuting ngarekét baur jeung sora jangkrik

Tidak ada komentar: