31 Maret 2011

Parebut Tuti

Dano jeung Dacep rèk galungan, teu sirikna jiga nu rèk silih rebut pati. Elit politik mah di luhur silih dudut parebut korsi, oalah nu duaan malah rèk slih jenggut parebut Tuti. Enya Tuti pisan, Tuti Suryanti binti Ahmad Arjaki, èstuning wanoja geulis ting-ting nu jadi inceran ampir kabèh lalaki di lembur Cipati. Teu ukur barudak pamuda kamari, dalah aki-aki tujuh mulud gè najan teu nyirikeun teu welèh wè ulubiung milu kompetisi miharep ati Tuti.

Najan loba nu mikahayang ka Tuti, tapi nu meusmeus ranteng urat beuheung teu sirikna unggal poè agul diri kabungbulengan ku Tuti mah nu kadèngè téh ukur Dano jeung Dacep, dua pamuda lembur nu silih sigeung pada hayang meunangkeun cinta Tuti. Kapengpeongan. Kompetisi dimimitian ku paginding-ginding hareupeun Tuti. Dano ngabèlaan nginjeum duit meuli baju alus najan hasilna teu pisan-pisan ukur ginding kakampis. Pon kitu deui Dacep nu embung èlèh ginding najan adèan ku kuda beureum. Tahap kadua kompetisi jadi èkstrim: Gelut! Dano nangtang. Dacep embung disebut leutik burih.
Peuting ayeuna pisan, di kebon awi, dua pamuda tèh geus panas hatè. Salah sahiji kudu meunang tarung. Nu èlèh kudu ngajauhan Tuti. Pikeun Dano jeung Dacep, teu paduli teuing lalaki lian mah, da puguh teu ngagokan iwal jelema nu ngajanteng hareupeunnana. Dua pamuda tèh geus titatadi silih haok, ngawakwak tipopolotot, bet ngahaja silih bales pantun heula. Dano geus nembongkeun sihung. Dacep geus buringas. Dano nembongkeun potrèt Tuti ukuran poskar. Dacep gè embung eleh, manehna nembongkeun potrèt Tuti ukuran 10 R. Hate Dano ngagedur ngabebela kapanasan. Duanana ngahaja can darahar ti imah mula, puguhing kolot can nyangu. Duanana gè geus taki-taki, geus siap nadah serangan nu jadi musuh.
Serenteng dua pamuda téh buk-bek silih dudut bulu suku heula. Beletak Dano miheulaan neunggeulkeun peureup kana sirah Dacep. Solontod Dacep mundur gubay-gèboy, gedebut nambru luhureun ti munding. Tapi manèhna rikat nangtung deui. Serenteng narajang Dano. Buk sukuna nojos angen Dano. Goak Dano ngagoak, ngacleng nangkuban. Amarahna mingkin ngagugudag. Dano nyambat ngaran Tuti. Dano takbir. Gajleng muru Dacep, peletak ngèprèt ceuli katuhuna. Ngung karasa panas. Dacep ngocèak nyambat nini na.
Teu kungsi lila Dano ngajenggut. Dacep pungak-pingek puguh Dano sirahna botak. Antukna ngoèt. Teu poho nojos liang irung Dano ku cingir; haneut. Ahirna silih suntrungkeun. Gubrag dua pamuda tèh nangkarak. Dano rikat nangtung, pon kitu deui Dacep nangtung ku dua leungeunna. Dano taki-taki. Dacep masang kuda-kuda. Ngahègak.
Set Dano nyokot pèso tina sakuna. Pèso kater. Dacep teu riuk-riuk gimir diasongan peso tèh. Set manehna ge nyokot panakol bedug. Gajleng Dano ngasongkeun pèso, buk leungeunna di takol ku Dacep. Dano kèkèrèpèngan nyambat ucingna. Sabot kitu Dacep nèngkas suku lawanna. Duk! Dano jungkir balik, labuh bujur tiheula nenggar akar. Goak bisul Dano bucat. Gap Dacep nyekel leungeun Dano. Dacep marieuskeun leungenna. Puguh wè atuh leungeun Dano asa rengat. Pupuringisan. Embung èlèh, leungeun kèncana nyokot kai sapotong deukeut sukuna. Peletak Dacep ditakol. Leng dunya asa muter. Serenteng deui duaan silih tarajang. Buk peureup Dano meupeuh beungeut Dacep. Beletak siku Dacep nyiku tarang Dano. Bruk duaannana kapiuhan silih tangkeup. Euweuh nu èlèh. Euweuh nu meunang…
Saminggu tiharita, kompetisi pindah kana mistik. Ber Dacep neang pèlèt ka kulon. Pon kitu deui Dano nyiar pèlèt ka wètan. Lain pèlèt keur lauk. Tapi keur mèlèt Tuti. Dano guguru ka Abah Ebah. Dacep hiber ka Abah Omon. Dua bulan guguru asihan. Dano yakin pèlètna matih. Dacep ogè optimis. Dano makè jurus kiceup sakti. Dacep makè rumus seuri sakti. Duanana kudu makè jurus jeung rumus èta maksimal dua lengkah ti beungeut Tuti. Geus rèngsè guguru, duanana panggih deui. Silih agul pèlèt. Hayu wang buktikeun ka jinisna! Pakuat-kuat ajian. Saha nu matih bakal meunang asih Tuti.
Poè minggu jam salapan kompetisi dilaksanakeun. Dua pamuda tèh geus ti isuk-isuk naragog hareupeun imah Tuti. Jam satengah sapuluh targèt kaluar ti imahna. Ngajanteng sisi jalan jiga nu rèk megat mobil. Dano nyampeurkeun ti belah kulon. Dacep ti belah wètan. Dua lèngkah ti Tuti, dua pamuda tèh ngaluarkeun jurus. Biwir Dano katangen kunyam-kunyem:
nelengnengkung-nelengnengkung
sima mamah sima papah
kiceup aing kiceup giring
seblok seblak seblok seblak
pot nyepot pot nyepot
wawawaw wawawaw
ajrih asih hyap ampih
Puuh! Dano niup leungeunna, tuluy diusapkeun kana panonna. “Hyap, kadieu Tuti…” Dano ngagupayan bari keukeureuceuman. Dacep embung èlèh ajian. Biwirna katèmbong runyah-renyoh:
balatuktak balatungteng
godeg oma turalean
seuri nyari imut nurut
gurilap-gurilap mantap
tah sima jimat tumarima
tah tuma jimat nu marema
wak wek wok wak wek wok
Puah! Dacep miceun ciduh kana leungeunna. Lèdot diusapkeun kana biwirna. “Hyap kadieu Tuti…” Dacep ngagupayan bari sura-seuri. Kaciri aya rèmèh nyelap dina huntuna. Angin mingkin ngagelebug. Lieuk Tuti melong Dano. Lieuk Tuti melong Dacep. Lila teu ngomong. Sabot kitu. Tid! Tid! Tidid! Aya motor gede tur alus eureun hareupeun Tuti .
“Tuti nya?” pamuda nu luhureun motor nanya.
“Muhun.”
“Ameng Yu!”
Tuti unggeuk, tuluy nyampeurkeun. Gèk diuk luhureun motor. Geuleuyeung motor ngabiur ninggalkeun Dano jeung Dacep. Langit ceudeum. Dano jeung Dacep kapiuhan. Pingsan. Pèlèt Abah Ebah jeung Abah Omon èlèh ku pèlèt Jepang…

Tidak ada komentar: