Kuniang kuring hudang. Kongkolak mata
muka lalaunan. Horéng mongkléng naker, teu kaciri curuk-curuk acan.
“Jam sabaraha ayeuna nya? Geus peuting kitu?” Jam béker nu biasa
nyampak di kéncaeun risbang, bet teu kapireng tuk-tek – tuk-tekna acan.
Nu kapireng téh ukur alonna wirahma ketug jajantung sorangan, sora nu
minuhan kamar.
Kuring rumpu-rampa, lir jalma lolong nu kasarung,
néangan sugan aya panékér urut tadi. “Deuh dimana deuih nya, da tadi
mah yakin di dieu” ngarampaan deui sugan aya ti béh kulon “Yakin uing
mah, tadi di dieu, deukeut pahpir urut ngalinting.”
“Tiris, asa ku
tariris, padahal taya angin nu ngusapan. Pédah poék kitu? Leuh, teu
kuat kuring mah. Ari keur kieu téh sok hayang narik , biasana mah aya
waé barang téh.” Késang mimiti ngagarajag tina tarang. Bayeungyang,
tapi tiris kacida. Jero dada ngaguruh lir situ budah. Uteuk geus
ngagolak saab hayang maké. Lieuk deungeun, lieuk euweuh. Implengan teu
inget kana nanaon. “Uing ngan butuh barang! Tapi dimana ayeuna? Jadah
Roni, kalah balik deuih ilaing mah. Uing butuh manéh. Ieu deuih bet
poék sagala. Keueung…kuring mah keueung.”
“Heueuh….HP! Mana HP? Rék
ditelepon waé Si Ronina, rék dititah ka dieu. Ngan dianjuk nu ayeuna
mah, engké dihijikeun mayarna mah jeung nu kamari. Alah jeung dimana
deuih HP téh nya?” Kuring gagaro teu ateul, laju rarampaan bari
kokorondangan. Susuganan, sugan aya, da tadi mah diteundeun na tumpukan
baju béh kalér. Ari keur teu butuh sok nyampak, na ari keur
butuh-butuhna, bet ngadak-ngadak euweuh deuih. “Aduh Gusti!!
Tengteuingeun teuing ka uing téh.”
Deg..sora jajantung nu tadi
marengan téh ngarandeg lir fade out pamungkas lagu. Wanci lir ngamalir
dua wiletan, jeung gerak awak asa beuki lalaunan, basa ngaran Gusti teu
kahaja kakedalkeun. Ti dinya kuring ngabigeu ngabatu arca. Gusti. Enya
Gusti. nu salila ieu ditéangan – jiga ayeuna, popoékan néangan panékér
jeung HP – boa kapanggih.
Teu bisa ngomong nanaon, bet teu karasa
pipi ngahéab aya nu saab, cipanon budah teu katahan. “Allah..tulungan.”
Lain Roni ayeuna mah nu bisa nulungan kuring, lain morphin, lain ganja,
lain Mamah, lain Apih deuih. “Gusti, hampura kuring, rumasa kadar kieu
nyatana..”
Ti dinya aya sumirat cahya nojo mata tina liang leutik,
cahyana ngagurat ringkang, ku kuring dideukeutan, lalaunan, beuki
deukeut, beuki gegebegan. Laju ditoong téh, samar-samar katingali Apih
jeung Mamih di rohang tamu. Duanana padu tungkul baé.
“Lepat Apih ieu mah!” Sora Bass Apih kapireng handaruan meupeus simpé.
“Atos
Pih, lepat Mamih ogé janten kieu téh.” Ti dinya duanana silih keukeup.
Si Mamih mah bari cecegrukan. Duanana laju ngalieuk ka kuring.
Sieun
katohyan, kuring ngalies deui ka jero. Jantung beuki gegebegan, jiga
saminggu ka tukang, basa maké ganja. Harita aya nu ngetrokan panto
kamar, Mamih. Ngan teu lemék teu carék, bangun nu surti. Meureun urusan
budak keur meumeujeuhna badung mah ngama’lum, katurug-turug loba kénéh
nu kudu dipikiran ku Mamih.
Tapi naha ayeuna mah teu cara sasari
Apih jeung Mamih téh, bet kaciri tingtrim, teu paraséa jiga baheula.
Apih dadak sakala bet kaciri lébér wiwaha, jeung mamih deuih, dareudana
bangun pinuh kahéman jeung kadeudeuh. Atawa kuring nu salila ieu salah
sangka. Kuring teu sadar, ukur maranéhna boa, nu nyaaheun ka kuring.
Rét
kuring ngarérét deui, tina liang konci téh bet teu kasampak deui Mamih
jeung Apih, rohang tengah gé jadi poék mongkléng, jigana Mamih jeung
Apih tuluy pindah ka kamar hareup.
“Hampura, Apih…Mamih.” Hayang ngajorowok kuring téh ka Mamih jeung Apih, ngan asa aya nu malang lebah genggerong.
Jep
simpé deui. Mamih jeung Apih duka ka mana, tuk-tek jam béker teu
marengan deui cara sasari. Nu kapireng ukur alonna wirahma ketug
jajantung. “Kuring embung simpé! Hayang ramé, hayang Apih jeung Mamih
paraséa deui, hayang dipinuhan deui ku sora-sora ahéng nu holna teuing
ti mana, hayang cara sasari. Da geuning simpé mah kalah kasiksa.”
Kuring
ngarahuh, implengan mancawura, patulayah, laju dipulungan hiji-hiji.
Inget lalakon hirup nu geus lawas, awor jeung kahanjakal nu taya
limitna, nu salawasna ngukuntit, najan kuring cumegruk, najan citangis
geus garing, najan tapak silét minuhan pigeulang, sanajan kuring
nyeuleukeuteuk dikulibeng haseup ciméng , najan aditif lawas ngamalir
na urat-urat sarap, najan di luar hujan geus raat, horéng peteng
salawasna ngarungkupan lulurung sukma.
Geuning kieu karasana, hirup
jeung paéh naon bédana? Simpé taya papadana. Kuring ukur bisa nangkeup
tuur bari tungkul, miharep hiji sora datang, salian ti sora ketug
jajantung sorangan.
Teu lila ti dinya, bet kapireng sora nu méh
les-lesan, sakapeung narikan, sakapeung ngalonan. Kuring cengkat, luak
lieuk néangan sumber sora, tayohna nu ngaji;
“Fasubhanalladzi biyadzihi malakuutukulli syai’in wailaihi turja’un.”
Tuluy simpé deui.
Teu lila kapireng deui sora, sarupa ketug jajantung kuring sorangan, sora léngkah nu ngadeukeutan.
“Roni kitu?” Ceuk pikir.
“Ma
Robbuka?” Kapireng sora agem ti nu ngadeukeutan. Kuring bati ngabigeu,
sakabéh runtuyan kajadian ayeuna kaliwat ahéng keur kuring.
***
Bilih kuring mipit teu amit ngala teu bebeja, kalih bilih aya seratan nu teu kawidian pamugi neda widina. Hatur Nuhun
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Pangeran Jamban
Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...
-
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina s...
-
MOHON tidak berburuk sangka dulu, saya tidak berniat menulis seputar pornografi. Sengaja saya tulis dalam bahasa Indonésia, karena kata “mom...
-
Sikep idealis andika menyebabkan dia kesusahan menghindari hal yang bertolak belakang dengan prinsip hidupnya. Sumirah (umi) istrinya menj...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar