BOGOH pisan ka Dyah Pitaloka téh. Ku kituna, euweuh deui jalan lian
ti maténi Prabu Hayam Wuruk. Naon hakna maké hayang ka putri kakasih
urang Sunda bari teu boga pisan tata karma laki-rabi? Sakitu raja
nagara nu cenah pangdigjayana.
Tuh tingali, cipanonna merebey.
Duh, kalahka beuki nambahan éndah.
Jadi inget basa Ki Patih Madu datang ka Nagri Sunda, minangka utusan
Majapahit ngadeuheus Prabu Linggabuana. Kungsi Ki Patih madu olohok
basa kakara ningali Dyah Pitaloka. Komo basa samping Dyah Pitaloka
nyingkab saeutik katebak angin ti panto hareup. Katénjo bitis Dyah
Pitaloka cahayaan, moncorong konéng matak sérab. Ki Patih Madu bingung,
ti mana asalna cahaya téh? Da cahaya panon poé mah teu nepi ka paséban.
Enya kitu tina bitis Dyah Pitaloka sorangan?
Enya, ti mana deui, gerentes Ki Patih Madu.
Ngadadak manéhna inget kana hiji kajadian dina sajarah, nu geus jadi
legenda, tur kawentar ka mana-mana. Harita, panon Kén Arok sérab
ningali cahaya konéng emas nu ngagurilap tina bitis Kén Dédés,
pamajikan Akuwu Tumapel Tunggul Ametung. Bitis Kén Dédés katingali basa
sampingna tikait kana karéta. Bitis nu cahayaan téh jadi cicirén yén
Kén Dédés téh hiji nareswari, istri utama, calon praméswari raja agung.
Teu salah deui, gerentes Ki Patih Madu, Dyah Pitaloka gé enya adimukyaning istri, wanoja utama, pijadieun praméswari maharaja Majapahit Wilwatikta.
Dyah Pitaloka éstuning sarua éndahna jeung bulan purnama tanggal tujuh Suklapaksa.
Salila ieu mah Ki Patih Madu ngan nyaho aya dua wanoja panggeulisna
di tatar Nusantara, nya éta Kén Dédés, nu tuluy katelah
Pradnyaparamitha, jeung Sri Pramodawardhani, putri Raja Samarattungga
di Mataram.
Ayeuna, Ki Patih Madu moal bisa mungkir, aya deui hiji wanoja anu
geulisna saimbang jeung Pramodawardhani atawa Pradnyamaramitha.
Wanoja ti tatar Sunda, Dyah Pitaloka Ratna Citraresmi.
Tapi, duh, piraku wanoja utama bet datang ka Majapahit ukur jadi upeti?
Teu rido.
Hayam Wuruk kudu perlaya. Atawa Gajah Mada heula kitu? Apan Ki Mahapatih ieu pisan anu saenyana boga pokal mah.
Tuh geura tingali, masih kénéh dibaju pangantén, Dyah Pitaloka ukur
diuk ngeluk di pasanggrahan Bubat. Dikabaya sutra bodas ti Nagri Hindu,
sampingna soklat ngora ti Nagara Gedé Sarumban. Jamang emasna masih
kénéh dipasang dina rambutna. Mutiara susun tilu can dileupas tina
beuheungna. Roncéan kembang malati ngagantung kénéh tina gelungna.
Deudeuh, geulis, kakasih para pohaci, sakitu tebihna angkat ti
Kawali, turun gunung unggah gunung, meuntas Laut Jawa anu sakitu
legana, sumping ukur jadi upeti, teu cios ngaréndéng sareng raja agung
Nusantara.
Cipanon hérang ngamalir hiji-hiji, meuntas pipina. Clak, clak, kana kabaya bodas.
Para pangasuh tingsalegruk teu bisa nahan kasedih. Teu ngarti
kajadian naon anu saenyana tumiba ka dununganana. Naha langit méncrang
nu pinuh ku rasa gumbira bet ujug-ujug ceudeum ku cimata?
“Leres Eulis téh teu janten nikah?” Ambu Pangasuh nanya. Asa aya nu ngaganjel dina tikorona.
Dyah Pitaloka unggeuk. Teuteupna lempeng, bangun nu hayang mubus dingding kayu pasanggrahan.
“Naha?”
“Enya, naha? Ieu mah sakadar papastén ti Hyang Tunggal,” jawab Dyah
Pitaloka lalaunan. Sarua karasa aya nu ngaganjel dina tikorona.
Haté Dyah Pitaloka asa disiksikan ku tungtung keris.
Enya kitu manéhna sedih ku lantaran teu jadi kawin?
Boa enya.
Tapi aya deui nu matak leuwih pikasediheun.
Dyah Pitaloka ngarasa sedih duméh teu bisa jadi simpay anu
ngaraketkeun sagala harepan ngajadi hiji. Lir tali anu ngabeungkeut
nyéré jadi sapu. Manéhna teu bisa ngawujudkeun harepan nu jadi indung,
Nay Ratna Lara Lisning, nu hayang sang putri ngasaan kabagjaan minangka
wanoja sajati, wanoja anu satia ka salaki jiga Déwi Satyawati. Dyah
Pitaloka gé ngarasa teu bisa ngawujudkeun kahayang nu jadi bapa, Prabu
Maharaja Linggabuana, sangkan jadi tihang utama nu bisa mawa Nagri
Sunda mingkin méncrang cahayana. Enya, manéhna ngarasa teu bisa jadi
tali anu ngabeungkeut dua nagri anu salila ieu pajauh, padahal saenyana
mah padudulur kénéh, nya Nagri Sunda jeung Wilwatikta.
Atuh manéhna gé sedih ku lantaran teu bisa ngawujudkeun harepan diri
sangkan jadi wanoja mandiri, bisa nangtukeun takdir sorangan, teu jiga
Dayang Sumbi nu embung turun sakadar nyokot taropong, atawa Purbasari
nu pasrah dikitu-kieu ku Purbararang.
Enya kitu sagala impianana bakal jadi kanyataan?
Panon poé beulah, jaladri beureum ku getih. Impian nu sababaraha kali datang basa manéhna rék indit ti Kawali.
Enya kitu éta téh jadi pertanda bakal aya mamala nu bakal tumiba ka nagri Sunda? Enya kitu bakal aya lautan getih?
Emh, bagja jeung cilaka mah ukur dipisahkeun ku waktu anu ngan sakiceupan.
Ngadadak Dyah Pitaloka inget kana kecap-kecap karuhun dina naskah Patikrama Galunggung nu kungsi dibaca.
Hana nguni hana mangké
Tan hana nguni tan hana mangké
Aya ma beuheula aya tu ayeuna
Hanteu ma beuheula hanteu tu ayeuna
Hana tunggak hana watang
Tan hana tunggak tan hana watang
Hana ma tunggulna aya tu cakangna
Enya kitu salila ieu manéhna geus teu ngagugu cecekelan hirup
karuhun nu ditepikeun ku Prabu Darmasiksa nyalira? Enya kita manéhna
geus poho kana poé kamari basa ngalengkah asup ka poe isukan? Naha enya
manéhna teu kungsi ngeunteung kana waktu nu geus kaliwat ngarah boga
teuteup nu seukeut tur haté nu teger pikeun nyanghareupan waktu nu rék
datang?
Ramo Dyah Pitaloka ngusapan samping nu masih kénéh seungit malati. Ngadadak dina gambar turih wajit
téh kacipta beungeut indungna, Lara Lisning, nu ditinggal di Nagri
Sunda demi ngasuh si adi, Anggalarang alias Prabu Anom Wastukancana.
Beungeut ampir tengah tuwuh nu masih kénéh geulis téh angger imut,
bangun anu keur méré harepan pikeun jalan ka hareup. Duh, Ibu,
saleresna mah abdi gé hoyong tiasa sapertos Ibu nu teu kantos séépeun
harepan. Hoyong saleresna mah abdi tiasa imut sapertos imut Ibu. Imut
anu salamina nimbulkeun harepan.
Lalaunan leungeun Dyah Pitaloka ngaragamang kana pucuk gelung. Gap
kana gagang patrem anu masih keneh nyeceb dina gelung. Lalaunan, patrem
dilésotkeun.
Ayeuna patrem geus aya dina dampal leungeun.
Kacida éndahna patrem téh.
Panjangna teu leuwih ti sajeungkal ramo lencop Dyah Pitaloka.
Lempeng, lancip, hérang. Pulasna konéng semu perak. Tangtu dijieunna
tina campuran bahan pilihan. Campuran antara wesi kuning, waja, jeung
nikelna tangtu geus beunang ngitung. Nu matak hasilna ge tingali.
Pamorna éndah kabina-bina. Aya titik-titik di sababaraha tempat nu
katingali leuwih herang.
Gagangna dijieun tina gading gajah. Pulasna meh sarua jeung kulit
Dyah Pitaloka. Aya ukiran-ukiran garis lengkung jeung buleudan. Dina
unggal buleudan ditémpélan batu permata héjo semu bulao.
Ningali patrem dina dampal leungeunna, ras Dyah Pitaloka inget ka nu
jadi paman, Mangkubumi Bunisora Suradipati. Tangtu moal tanpa alesan
Paman Bunisora mekelan patrem minangka hadiah basa memeh papisah. Paman
Bunisora mah apan geus kaceluk minangka jelema anu boga kakuatan batin
anu linuwih, lain jelema samanéa, bisa ngarasakeun hal anu
bakal tumiba di Wilwatikta. Paman Bunisora mah teu méré perhiasan
nanaon, komo anu saukur éndah wungkul. Nu dibikeun téh kaéndahan anu
ngandung kayakinan. Kayakinan pikeun ngabéla kahormatan.
Ras Dyah Pitaloka inget kana piwuruk Paman Bunisora, sapoé saméméh
manéhna miang ka Wilwatikta. “Wanoja Sunda téh kudu kawas patrem. Lain
ngan sakadar éndah, atawa ukur jadi papaés lalaki. Wanoja Sunda kudu
seukeut pikir tur bisa ngajaga kahormatan diri.”
Ceg dampal Dyah Pitaloka nyekel pageuh patrem. Tapi teu lila
dileupaskeun deui. Ceg deui, leupas deui. Kitu wé sababaraha kali mah.
Asa-asa. Cangcaya. Kawas panggal leupas tina tali. Muter nguriling.
Teu nyaho di mana bakal eureunna. Bisa jadi di jero kurilingan kénéh.
Bisa ogé di luareunana. Naha enya mun patrem geus lugas, geus
kacanggeum ku leungeun, manéhna geus kaluar tina wates anu ngurilingan?
Ayeuna gelung geus leupas. Buuk ditalian saayana. Sésana mah diantepkeun wé ngarumbay nepi kana tonggong.
Tuh pan, éndah pisan, kawas curug walungan Cikawali.
“Eulis badé gentos raksukan?” Ambu Pangasuh nanya deui.
“Moal,” jawab Dyah Pitaloka, laun, tapi karasa aya kakuatan anu teger lir batu cadas.
Ambu Pangasuh neuteup dununganana sajongjongan. Para pangasuh tiluan
masih kénéh dibaju kabaya. Kabaya pangalusna. Duh Gusti, para pangasuh
téh maturan Dyah Pitaloka kalawan haté pinuh ku rasa gumbira. Lain
gumbira pédah datang ka nagri pang digjayana sa-Nusantara. Tapi gumbira
kulantaran bisa ngiringkeun sang putri minangka simbul Nagri Sunda.
Duh, saenyana mah hayang Dyah Pitaloka gé ganti baju. Ngalaan baju
pangantén anu sakitu éndahna, ku baju biasa anu ringkes tur basajan.
Ngan anéhna, dina kaayaan kitu, ras manéhna inget kana dongéng basa
Déwi Drupadi dipaksa ngaleupaskeun sampingna ku si durjana Dursasana,
ngarah meunang kaéra di hareupeun dulur-dulur Korawa jeung Pandawa.
Dyah Pitaloka gé ayeuna sarua dipaksa ku kaayaan, kudu ngaleupaskeun
baju panganténna. Ngan Dyah Pitaloka mah embung meunang kaera jiga
Drupadi.
Di luar pasanggrahan, geus éak-éakan para satria Nagri Sunda. Piraku manéhna ngan bisa nyakclak cimata.
Dyah Pitaloka hayang tetep bisa ngabuktikeun yén manéhna datang ka
Majaphit téh lain rék nimbulkeun mamala, tapi geus ti dituna boga niat
anu mulya. Ku kituna, najan dina dada mah ngagolak hayang ngajanggélék
jadi Srikandi, manéhna tetep keukeuh mending jadi Drupadi. Paling
copélna, tandang mah kudu kawas Srikandi najan dibaju jiga Drupadi.
Basa Dyah Pitaloka mukakeun panto pasanggarahan, kabéh panon neuteup manéhna.
Jep jempé kabéh.
Panon poé gé lir nu kasima ku Dyah Pitaloka, neuteup sang putri nu
masih kénéh dibaju pangantén tapi buuk ngarumbay, sarta leungeun nyekel
pageuh patrem pusaka.
Dyah Pitaloka dongko hareupeun Prabu Maharaja.
“Upami kénging widi, abdi hoyong ngiringan, Rama,” pokna.
Prabu Linggabuana neuteup Dyah Pitaloka. Haté pinuh ku rasa reueus.
Tapi teu lila, teuteupna kahalangan ku cimata. Clak, murag kana jukut.
Clak deui, kaseuseup ku taneuh batur, taneuh Majapahit.
Bari angger cipanon ngarakacak, Prabu Linggabuana ngeukeupan Dyah
Pitaloka. “Réstu ti Rama, Eulis. Sok bajuang, demi kahormatan nagri.”
Ger deui para satria Sunda sarurak.
Bedog, kujang, panah, jeung pedang tingaracung ka langit.
*
DUH, Citraresmi, putri jungjunan, kadeudeuh kuring, saenyana gampang
pisan maténi Gajah Mada, Hayam Wuruk, atawa sakabéh prajurit Majapahit.
Minangka juru pantun, naon héséna maténi salasahiji tokoh, kaasup raja
agung. Tapi aya nu nyangkaruk dina haté kuring. Naha kuring kudu
ngarobah takdir?
Ku kituna, prung geura tarung para satria. Urang geus boga takdir
séwang-séwangan, boh Prabu Linggabuana, Gajah Mada, Hayam Wuruk, Dyah
Pitaloka, Nagri Sunda sakumna, kitu deui kuring sorangan, salaku juru
pantun.
Teundeun di handeuleum hieum, tunda di hanjuang siang.
Cag!***
Bilih kuring mipit teu amit ngala teu bebeja, kalih bilih aya seratan nu teu kawidian pamugi neda widina. Hatur Nuhun
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Pangeran Jamban
Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...
-
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina s...
-
MOHON tidak berburuk sangka dulu, saya tidak berniat menulis seputar pornografi. Sengaja saya tulis dalam bahasa Indonésia, karena kata “mom...
-
Sikep idealis andika menyebabkan dia kesusahan menghindari hal yang bertolak belakang dengan prinsip hidupnya. Sumirah (umi) istrinya menj...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar