DINA riungan di bumi ajengan, hiji santri gawéna ngan hulang-huleng
sajeroning ngabandungan katerangan ti guruna. Cék ajengan, “Mun hayang
meunang kabagjaan, urang kudu terang kana alamat Alloh. Ngajugjug alamat
Alloh mah aya dina rarakatan solat. Sok geura urang tataan, isa 4,
subuh 2, lohor 4, asar 4, magrib 3.”
Geuning babari nginget-ngingetna, cék éta santri gegerendengan
sorangan. Barang nepi ka imah, gutrut wé éta santri téh nulis surat.
Kahatur Gusti Alloh
di 42443
Nun Gusti, ieu abdi seja dumeuheus ka Salira. Nepangkeun, abdi
téh hamba Salira nu teu kinten leketkeun dina ngalaksanakeun ibadah.
Siang wengi teu weléh sumujud, babakti masrahkeun raga sakujur. Abdi mah
tos teu ngémutan haliah dunya. Éstuning madepkeun diri sagemblengna ka
Salira.
Nanging, dina waktos ieu mah, rumaos abdi téh nuju gaduh
karerepet. Eta, patali sareng hahargaan nu nérékél. Katambih pun anak
nu cikal, ayeuna tos sakola. Saur guruna kedah énggal-énggal méréskeun
bayaran sakola.
Tah, ku kituna, ngalangkungan ieu serat, abdi seja mundut sih
piwelas ti Gusti. Teu ageung, mung 100 rébu.
Hatur nuhun sareng diantos waleranana.
Baktosna,
Santri nu teu weléh babakti.
Sup wéh éta surat téh kana amplop. Gidig ka kantor pos, nikreuh ti
imahna kénéh. Tapi kantor pos geus tutup, nya sup wé kana kotak pos.
Ngan lantaran neundeunna rusuh, surat téh dapon néwél, atuh pluk wéh
murag ka jalan.
Teu kungsi lila gurudug pulisi duaan kana motor. Reg lebah kotak pos.
“Bieu mah siga mubus ka kantor pos,” cék nu saurang.
“Lain, ngabiur ka ditu!” walon baturna.
“Ka kantor pos. Déwék inget kénéh jelemana, maké jékét beureum. Éta
tuda ngajalankeun motor téh mani laun pisan, nepi ka teu bisa nyusul.”
“Keun baé atuh, pira gé ngalanggar teu maké hélem. Sigana urang dieu.
Ké, ari éta naon?” cék nu hiji bari nunjuk kana surat.
“Surat euy, sigana murag tina kotak pos, teu bener ngasupkeunana. Cik
urang asupkeun deui…” cék baturna. Kop kana surat, méméh diasupkeun téh
dibaca heula. Nyéh seuri sorangan. “Anéh ieu jelema. Nyuratan ka Gusti
Alloh. Cik urang buka…” bari gereyem dibaca. Baturna milu maca.
“Jelema setrés sigana mah. Geus poékeun. Cik béré atuh…”
“Béré naon?”
“Asupan duit… pira saratus rébu.”
“Teu boga… ngan boga 75 rébu….”
“Enya saayana wé… jajapkeun ka imahna bari balik…”
Pabuburit éta dua pulisi téh nganteurkeun amplop ka imah santri.
“Yeuh, aya surat?”
“Ti Gusti Alloh?”
“Enya.”
“Alhamdulillah, tos diwaleran. Nuhun…”
Bus ka imah. Gancang surat dibuka. Terus kerung. Teu ngengkékeun,
gutrut wé nulis deui surat.
Gusti, hatur nuhun kintunanana parantos katampi. Mung pamundut,
ka payunna mah teu kénging dititipkeun ka pulisi. Geuning dipotong 25
rébu.
Bilih kuring mipit teu amit ngala teu bebeja, kalih bilih aya seratan nu teu kawidian pamugi neda widina. Hatur Nuhun
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Pangeran Jamban
Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...
-
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina s...
-
MOHON tidak berburuk sangka dulu, saya tidak berniat menulis seputar pornografi. Sengaja saya tulis dalam bahasa Indonésia, karena kata “mom...
-
Sikep idealis andika menyebabkan dia kesusahan menghindari hal yang bertolak belakang dengan prinsip hidupnya. Sumirah (umi) istrinya menj...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar