DOR-DAR gelap. Pihujaneun tinggarayot, lir sacur-cureun bedah. Beuki
lila beuki ceudeum, haseup maju katiup angin ti kulon. Béh kidul
saeutik, katara buntut hujan ngagapuy. Tuluy naék deui ngagulung jeung
haseup hideung nu beuki kandel.
Tegalan nu tadina ramé téh ayeuna mah kari urutna. Taya jalma nu
ngulampreng. Surak nu ayeuh-ayeuhan, barudak nu arulin di tegal
pangangonan, geus kaganti ku kasimpé. Ngan sora angin nu kalah ka beuki
ngadudud. Nebak tatangkalan nepi ka tingpelendoy, siga nu rék
sabeletok-beletokkeun peunggas. Séahna sora dangdaunan, lir sada nu
ceurik midangdam. Nyambat-nyambat angin sangkan ngahiliwir deui cara
sasari.
Lebah tanjakan satapak, hiji lalaki keur ngabengkot naék ka
tonggohkeun. Persisna ka tegalan, da eta tanjakan satapak téh anjogna
ka tegal pangangonan nu pernahna aya dina mumunggang, ngawates jeung
lembur.
Na tonggongna ngadaplok rangsel badag, nangkod ngagayot. Késang
ngagarajag maseuhan tarangna. Sakapeung kadéngé juh-jih ngutruk semu
ngaregéh; “kéhéd téh! Abong jalan lembur, ” cenah, tuluy calawak nadah
hawa. Bubuhan tanjakan lebah dinya mah netekna kabina-bina. Teu lila
srog ka lebah mumunggang. Reureuh heula sakeudeung bari mencétan
cangkéngna.
Waktu manéhna tanggah neuteup langit nu kulawu, kadéngé sora
ngaguruh lebah kulon. Rét diirérét, tétéla hujan gedé keur maju ka
palebah dinyakeun. Mimiti turun pras-pris, manéhna geuwat-geuwat
leumpang gagancangan mum saung nu teu jauh ti dinya. Teu kalis ku
digancangkeun, angger kabancuh. Sanggeus tepi ka rangsel diécagkeun,
laju ngusapan beungeut nu rancucut ku tonggong leungeunna. Tuluy diuk
satengah meubeutkeun manéh, bari ugal-ugil muka jékét. Kaos nu nu
dipakéna katara jibrug ku késang.
Di luar hujan ngagebrét gedé pisan, dibarung ku sora gelap
ngageleger awor jeung hiukna angin nu geus teu puguh muru ka mana.
Langit beuki angkeub. Nu cikénéh awakna hareudang téh ayeuna mah bet
karasa nyecep tiris.
Porosot bajuna dilaan, tuluy kadak-kodok kana jero tas. Sok nyokot
baju ti jero tas bari satengah didudut, rap dipaké. Teu cukup ku kitu.
Jékétna gé ayeuna mah milu mulen awakna. Manéhna capa-cipi kana pésak
jékét, néangan roko. Sugan wé teu karasa tiris teuing, pikima. Barang
leungeunna ditarik tina jero pésak, pluk aya tilepan kertas murag kana
lahunanana. Bet tuluy ngarengkog, ngahuleng sakedapan. Roko nu geus aya
dina keupeulanana kalah diteundeun gigireun pingpingna. Leungeunna nu
hiji deui mah ngaragamang nyokot keretas, laju dibuka lalaunan.
Diteuteup uleng pisan.
Bari diuk nyarandé kana tihang saung, panonna angger teu incah tina
keretas. Rahuh manéhna ngarahuh. Ngarénghap jero, tuluy lalaunan
dikaluarkeun deui, bangun hayang ngabudalkeun silalatu kamarudah nu
lawas ngadingding namper na haténa.
Sanggeus sawatara lila, sirahna cengkat. Bet rada katénjo bareubeu
pasemonna ayeuna mah. Na kongkolak panonna nu cikénéh dipaké ngimeutan
eusi keretas, katara cimata nyalangkrung. Reup peureum.
Bet kudu ngalaman kieu geuning aing téh, gerentesna. Teu kaerong ti
anggalna bakal meunang pibahlaeun. Enya atuh, napsu da nu kitu téa mah.
Rumasa harita teu bisa ngadalianana. Sok padahal lamun harita bisa
diréngsékeun kalawan asak jeujeuhan mah meureun teu kudu ngalaman hirup
kadungsang-dungsang modél kieu.
Ayeuna mah kari kumaha aing nyanghareupan hirup saterusna, da
léngkah téh panjang kénéh. Taya gunana nyeungceurikan nu geus kaliwat
mah. Najan tuluy-tuluyan ceurik getih gé moal bisa balik deui ka
mimiti. Aing kudu pangger. Jeung nu utamana mah aing kudu nyingkur
nyingkahan balai. Aing teu sudi kudu sumerah kitu waé mah.
Bray beunta deui. Neuteup ka jauhna. Kana cihujan nu ngaguyur lemah.
Tatangkalan nu luak-léok katebak angin lir sabil jeung marudahna haté
manéhna harita, teu puguh rasa. Imeut taya nu kaliwat.
Emh, Jat, naha bet jadi kieu tungtungna, gerentesna deui. Geuning
risikona bet karasa pait leuwih ti misti. Teu kabayang bakal kacida
molélélna. Kapan urang téh sosobatan ti bubudak, tug nepi ka sawawa. Ti
mimiti ulin ucing éong nepi ka pada-pada boga bébéné. Ninggang dina
keur susah, ihlas rido silitulungan. Sapapait samamanis, babarengan
paheuyeuk-heuyeuk leungeun.
Urang runtut raut sosobatan najan dunya nu diambah ku urang
satuluyna kacida patukang tonggongna. Tapi geuning ahirna mah bet bisa
diuk pahareup-hareup bari silialungan imut, ngabelenyéh, malah seuri
nyakakak. Babarengan urang siliuntungkeun. Harita urang pada-pada
seubeuh nguyup amisna hirup najan kokocoranana lain tina jalan nu sah.
Urang bisa silicekel kapercayaan. Mungguhing urang duaan silipikawanoh
téh lain sataun dua taun. Malah kapan urang téh salembur, tur masih
katalian dulur najan laér-laér ogé.
Ngarénghap jero. Reup peureum deui. Sirahna disarandékeun kana tihang saung.
Jat, geuning kaayaan téh teu salawasna sarua jeung nu dipikahayang.
Aya waktuna po6 cangra taya tédéng aling-aling, aya waktuna hujan angin
dor-dar gelap. Kitu deui urang. Aims giung maduna hirup téh aya
watesna. Dina tungtungna urang bet ngalaman aduregeng béda pamanggih.
Da éta perkara babagian jatah, pucuk ti girangna mah, Jat.
Kabéhanana euweuh nu daék ngéléhan, ngadon parebut alas pada sieun
béakeun hancengan. Pamustunganana, katél paranti saréréa dahar nangkub,
eusina mancawura ngabayabah teu kapuluk. Birat wé geus kitu mah
nyalametkeun dirina séwang-séwangan. Sanggeus pibahlaeun nerekab,
nampeu na congo panon. Taya saurang-saurang acan nu inget kana
hancengan. —”Ari-anjeun harita bet boro-boro bisa ngejat ngajauhan.
Anjeun bet kalah jadi tumbal papaséaan nu dilantarankeun napsu
kasarakahan sawatara jelema. Enya, naha bet kudu anjeun, Jat? Lain
batur nu geus puguh nyieun pucuk ti girang, puguh dosa-dosana? Da kapan
urang mah ukur daging nu kaciwit, da kulitna mah kapan nu bieu
disebutan. Urang mah ukur jelema nu disakompét daunkeun ku nu boga niat
culika, teu mats teu meuleum. Tuluy dimeureun-meureun diheueuhkeun ku
nu lian.
Jat, bongan panginditan urang misah jalan. Bet kudu cunduk kana
wancina urang muguhkeun deui antara pamadegan jeung sosobatan. Kuring
sorangan beurat katalian ku solidér ka balad. Ari anjeun puguh deui ku
tugas.
Jat, Jajat, hampura kuring, Jajat. Kuring kaduhung.
Luk manéhna tungkul ban nangkeup tuur. Tina cekelan leungeunna
kertas téh ngoléang murag kana taneuh, tuluy baseuh kahujanan, kabawa
palid ku cileuncang. Kabaca sabéréndél aksara gedé dina éta keretas anu
tetela mangrupa halaman Surat Kabar: “Polisi Tewas Dibunuh.”
Beledag, sora gelap handaruan dibarug ku tatit ngaburinyay. Langit angger angkeub. Di luar hujan beuki gedé, ngagebrét.***
Bilih kuring mipit teu amit ngala teu bebeja, kalih bilih aya seratan nu teu kawidian pamugi neda widina. Hatur Nuhun
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Pangeran Jamban
Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...
-
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina s...
-
MOHON tidak berburuk sangka dulu, saya tidak berniat menulis seputar pornografi. Sengaja saya tulis dalam bahasa Indonésia, karena kata “mom...
-
Sikep idealis andika menyebabkan dia kesusahan menghindari hal yang bertolak belakang dengan prinsip hidupnya. Sumirah (umi) istrinya menj...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar