05 Mei 2010

Apes

GEUS lila teu mulang ka lembur. Lain teu sono ka nu jadi kolot, tapi teu boga keur ongkosna. Tong boro keur ongkos balik, dalah keur dahar sapopoé gé nganjuk heula ka warung Bi Otih, da geus biasa ieuh, engké di mana aya kiriman kakara dibayar. Ongkoh mahasiswa anu indekos di dinya mah kabéh gé taya nu tara nganjuk.
Diitung-itung geus telat dua minggu teu narima kiriman. Hilapeun kitu Ea téh? Ah, piraku, da biasa gé unggal Apa tas narima pangsiun tanggal opat ti kantor pos, sok langsung ngirim wésel. Weléh teu kapikir, naon sababna.
Éra ku Bi Otih pangpangna mah. Hutang tacan kabayar. Henteu ari nagih mah, ngan éra wé atuh. Jaba Yusi geus pok deui pok deui ngajak lalajo jeung ménta dianteur krimbat ka salon. Ari rék nyebut teu boga duit, rada géngsi puguh gé. Ongkoh kakara bubulanan jadi beubeureuhna téh.
Méh-méhan kawiwirangan basa Yusi ngajak jajan stik di kafétaria. Asa-asa rék pesen téh da rumasa dompét kosong ukur dieusi ku kartu mahasiswa jeung katépé. Bébéja ka Yusi mah warareg. Tapi manéhna maksa. Haté ratug gé, kapaksa pesen. Jero pikir, kumaha engké mayarna mah. Ngahaja milih nu pangmurahna, sosis jeung kentang goréng. Tapi ku Yusi dinaha-naha, majar teu pantes lalaki mah dahar saeutik.
“Stik dua piring. Sakantenan jus alpuketna sareng puding dua gelas,” cenah.
Seblak haté téh. Nya reuwas, nya baluas. “Mani royal, Yus, da Akang mah teu lapar teusing,” cékéng dumareuda.
“Wios atuh, Kang. Pan abdi kamari kénging kintunan. Keun wé abdi nu mayar ayeuna mah. Ulah ti Akang waé,” pokna. Plong wé, alam caang narawangan.
“Nuhun atuh,” cékéng bungah pisan. Nuhun. Gusti. Emh, nyaho kitu mah, pesen stik téh meureun dua piring wé, da kapan ti isuk mula can sasarap.
Mulang ti kafétaria nu geulis ménta dianteur ka toko buku. Gusti Nu Agung! Paling copélna gé, ongkos-ongkos baé mah piraku ti manéhna. Ari rék balaka, nyéta teu kaduga. Palias kalah ngolémbar, pajar boga beubeureuh téh kéré atawa cap jahé. Teu bisa majar kumaha, ngahaminan wé bari teu loba nyarita. Barang ampir tepi ka nu dituju, rumpu rampa kana pésak calana. Kénca-katuhu.
“Ku naon, Kang?” cék Yusi bari kerung.
“Aduh, Yus, dompét Akang kakantun,” cékéng api-api.
“Kakantun di mana? Kadé bilih di kafé. Seueur artosan?”
“Sigana mah kakantun di rorompok, da tadi rurusuhan sieun kasiangan kuliah.”
“Mudah-mudahan atuh, Kang, aya di bumi,” pokna bari ngodok duit tina saku bajuna. Créng dibayarkeun ka kenék. Plong deui. Tapi haté nu pangjerona mah nyeri. Kutan kieu ari tuna harta Bapa ukur pangsiunan guru, gajihna teu sabaraha. Kitu gé kudu dijejewét keur kaperluan kuring jeung adi awéwé nu sakola di SMP, tacan keur risiko sapopoé.
Batan kieu mah, asa leuwih hadé terus néangan gawé wé basa basa lulus ti SMA téh cara nu geus diniatan. Orokaya Apa keukeuh ngajujurung kuliah. Sanajan bari ripuh gé, Apa teu weléh ngahatéan sangkan kuring neruskeun sakola. Paribasa, bisa kénéh nginjeum, tur mun geus lunas cicilannana bisa ngéclok deui. Kitu jeung kitu wé.
Ari ayeuna, kumaha atuh. Piraku kudu balik deui ka kamari. Ongkoh ka Yusi geus kapalang bogoh deuih. Wawanohan geus aya opat bulanna. Leuwih saminggu, persisna mah. Natrat kalénderna gé, dibuleudan ku mangsi beureum. Yusi téh adina Si Ahmad, sobat jaman ospék. Ah, kitu wé ari paamprokna mah, sasat dijalanan ku lanceukna basa kuring ulin ka tempat indekosna. Nu sidik, bébéné nu munggaran pisan, nu minuhan haté ku pirang-pirang kabagjaan, najan bari jeung remen seseblakan kareureuwasan.
Awahing ku kesel nungguan duit kiriman, ngumaha ka Héri batur sakontrakan. Nginjeum saongkoseun keur balik. Kabeneran, manéhna mah kakara meunang kiriman. Teu hararésé. Biasa ongkoh kuring gé ari keur boga mah sok diinjeuman ku manéhna. Ti dinya, terus baé amitan ka Yusi.
“Tong lami teuing, nya Kang,” pokna bari mumuntang pageuh pisan.
“Piraku wé atuh,” cékéng bari ngusapan buukna. “Tilu dinten wios nya?”
“Ih, mani lami-lami teuing. Sawengi kituh,” cenah bari jamedud. Geuwat leungeunna dijéwang, terus ditangkeup deudeuh.
“Tapi jangji nya urang pesen heula komputer téa. Cing karunya atuh ka abdi, ngadeluk waé ngetik di réntal dugi ka wengi. Akang pan tos jangji, sasih ieu badé mangmésérkeun komputer,” cenah malik nangkeup.
“Muhun, mangga,” cékéng bari nyumputkeun kareuwas. Rarasaan mah asa teu jangji rék mangmeulikeun komputer. Ari mangkarunyakeun ngetik tepi ka peuting di réntal mah enya. Tapi dalah dikumaha, nya ngaheugkeun deui wé. Palias gering nangtung ngalanglayung ditinggalkeun ku nu kapirangrung.
Untung wé wawuh ka Si Andri, nu sok ngajual komputer rakitan. Pék badami rerencepan, sangkan dibéré nganjuk heula. Dibéré témpo tilu poé jang ngalunasanana, bari jeung teu kudu maké uang muka. Komputer rék dianteurkeun isukna ka tempat indekos Yusi. Plong deui.
Basa rek amitan pisan, Yusi ngajak ngabaso heula. Najan geus maju ka soré, kapaksa nyimpang heula ka tukang baso. Rérés ngabaso, ditéma ku nyuruput jus alpuket. Mesenna sadua-dua. Hideng ti dituna mah. Enya, dina dompét téh ukur aya duit keur ongkos. Tapi kuring rada tenang harita mah, da geus yakin Yusi boga duit lantaran kamari ménta dianteur ka ATM. Na atuh dina waktuna mayar, manehna bet jongjon mukaan majalah.
“Yus, nyandak artos?” cékéng asa-asa. Tapi manéhna gogodeg. Cenah mah ngan mawa saongkoseun balik.
“Manawi téh Akang nyandak artos,” cenah bari teu riuk-riuk reuwas. Teng mikir rada uleng. Geus pakojot deui baé. Wiwirang di kolong catang ieu mah. Lamun duit dibayarkeun ka tukang baso geus pasti moal tulus balik ka lembur. Kapaksa nyandiwara deui, akon-akon tinggaleun dompét ka tukang baso, bari Yusina mah teu nyahoeun. Kartu mahasiswa ditandonkeun, kalawan jangji rék nepungan deui.
“Insya Allah, pami teu capé énjing Akang uih deui,” cék kuring bari celengok nyium tarangna basa papisah di terminal. Manéhna nganteur ku paneuteup.
Nepi ka lembur can peuting teuing. Ojég ogé aya kénéh. Jog ka imah geuwat munjungan ka Éma sareng ka Apa anu nuju caralik nongton tipi. Karasa aya kasono anu gedé. Tapi Ema jeung Apa katingalina semu alum. Kuring teu wani tunyu-tanya harita mah.
Isuk-isuk basa Ema keur mirun seuneu, kuring lahaola nanya ka Ema, “Ku naon Ma siga anu sararedih?” cék kuring asa-asa.
“Hampura Ujang Ema can bisa ngirim duit ka manéh. Puguh gé duit pangsiun Apa kabeh leungit aya nu nyopét. Bapa manéh méh-méhan kapiuhan awahing kareureuwasan,” pokna dareuda.
Séak awak ngadadak panas nahan amarah ka si copét anu geus wani-wani ngagunasika duit Apa. Hajat meleg siah, sok siah lebok duit bapa aing, didu’akeun manéh sing bareuh beuteung, bisul ati, terus kagéléng setum. Bray narembongan piligenti beungeut si Andri, si Héri, jeung tukang baso. Kuring gulinggasahan di jero kamar. Wirang… wirang… siah. Éra geus jangji ka maranéhna isukan rék mayar hutang. Kuring adug lajer. Teu nyaho kudu kumaha nya peta.
Ari sabenerna mah ti anggalna geus direncanakeun rék ngabohong ka Ema yén kudu mawa duit gedé ka kota lantaran geus waktuna mayar kuliah. Éta duit rék dipaké mayaran hutang jeung ngogo Yusi. Ari ieu, boro-boro duit gedé, bet saongkoseun balik ka kota gé teu aya.
Haté marojéngja. Pikiran acak-acakan jiga runtah diawut-awut ku anjing. Bréh Yusi na kongkolak panon, mencrong semu nganaha-naha. Haté ngadadak peurih asa diturihan ku hinis anu seukeut kabina-bina.***

Tidak ada komentar: