27 Mei 2010

Bulan jeung Halimun

Manéhna nyorangan na korsi taman. Handapeun lampu nu nebarkeun sinar konéng kana buukna nu galing muntang. Beungeutna geulis, najan basa cipanonna ngembeng deui, kageulisanana jadi katémbong layu. Duka naon nu jadi marga lantaran, nepi ka manéhna kudu terus nyusutan cipanon, sabot peuting meuntaskeun manéhna kana poé nu anyar, sabot taya jalma lian nu sadar yén di taman nu perenahna di tengah kota éta, aya wanoja keur nyorangan.
Bulan ngaguliweng seukeut jiga arit. Pikeun leuwihna langit némbongkeun sababaraha béntang tingkaretip.
Si wanoja miceun tisu nu geus cipruk, terus nyabut deui salambar nu pangahirna. Deukeuteunana kembang keretas geus ibunan. Manéhna ngarénghap tur sama sakali teu boga karep pikeun ngarérét arloji nu meulit na leungeun kéncana. Naha waktu téh geus jadi hiji hal nu ku manéhna hayang dipopohokeun? Naha naon nu geus disogrogkeun ku waktu saméméh manéhna jadi hiji-hijina pangeusi taman tur dibarung ku kasedih nu bangun taya hinggana?
Kuduna mah manéhna aya di hiji tempat nu merenah wayah kieu téh. Dibulen simbut haneut tur disenangkeun ku impian-impian éndah. Atawa kuduna mah manéhna aya dina tangkeupan hiji lalaki nu teu pernah boga ungkara séjén pikeun haréwoskeuneun, lian ti kecap tresna jeung kangen. Heueuh. Dunya téh geuning pinuh ku kecap ‘kuduna mah’, lantaran nyakitu téa, bet aranglangka saluyu jeung kahayang urang.
Jalan nu perenahna kiduleun taman éstuning simpé. Teu lila katémbong aya béca ngaliwat. Manéhna hayang pisan ngageroan si tukang béca sangkan bisa nganteurkeun manéhna ka hiji tempat méméh peuting lekasan. Tapi manéhna ukur melong éta béca nu terus ilang lebah tikungan, kahalangan ku wangunan-wangunan toko nu katémbong ngungun.
Hawa kacida tirisna. Calana jins jeung kaos nu saraket awakna karasana leuwih ipis tibatan kulit bawang. Manéhna masih kénéh melong jalan. Katémbong aya deui béca nu ngaliwat sanggeus hiji sédan ngadius ka kulonkeun. Manéhna engab rék ngageroan tukang béca, tapi teu tulus. Najan kitu, katémbong éta béca téh eureun, sanggeus sababaraha detik terus méngkol, asup ka jalan leutik tina papingblok nu meulah taman, terus méngkol ngaliwatan amparan jukut.
Béca eureun. Si tukang béca melong éta wanoja tina sadel bécana, lir keur melong hiji kaahéngan nu ngabalukarkeun manéhna ngadadak jadi patung.
“Néng…” pokna sanggeus sababaraha lila.
Si wanoja melong lalaki nu lalaunan ngoléséd tina sadel bécana, terus nyuplak topi. Manéhna teu ngomong sakemék ogé basa si tukang béca terus nangtung hareupeunana.
“Nuju naon tengah wengi aya di dieu?” tukang béca nanya ku sora nu halon pisan.
Si wanoja ukur gideug meueusan jiga nu teu maksud méré jawaban. Manéhna ukur melong sakeudeung ka éta lalaki, terus menerkeun buuk nu ngaroyom kana beungeutna.
“Emang ngantosan tadi, tapi saur Satpam, Enéng tos mulih…”
Simpé.
“Kunaon sapertos nu nangis?” tukang béca ngasupkeun topi kana saku jékétna nu mun ti beurang mah baris katémbong pisan belélna. Sanggeus rarat-rérét ka sabudeureun, manéhna lalaunan cingogo hareupeun si wanoja tepi ka manéhna bisa leuwih jelas melong sapasang panon nu bareubeu.
“Upami Enéng kersa, emang tiasa jajap Enéng mulih ayeuna. Yu…” cenah, ngaemangkeun manéh, sakumaha kabiasaan jalma lian ka tiap tukang béca. Padahal mah umurna téh ngora kénéh. Malah teu pati géséh jeung umur si wanoja gé. Saluhureun saeutik.
Si wanoja gideug. Anggur melong deui ka lebah jalan.
“Enéng moal sawewengi di dieu pan? Sok ku emang diantosan…” tukang béca téh jung nangtung, leumpang sababaraha léngkah, terus ngajanteng deui.
“Teu kudu nungguan…”
“…naha?”
“Teu kudu nanya…”
“Tapi…”
Éta lalaki teu indit. Manéhna masih kénéh hayang cumarita, atawa ngalakukeun naon wé nu bisa ngarobah sikep éta wanoja tepi ka daék mulang dianteurkeun ku manéhna sakumaha biasa. Geus remen pisan manéhna nganteurkeun éta wanoja téh, geus teu inget puluh-ratusna.
Nu pangahirna tadi burit. Manéhna nganteurkeun éta wanoja ka hiji hotél, tur nénjo si wanoja ngaléngkah bangun hampang naker, asup ka hotél sanggeus mayar ongkos nu terus ditunda ku manéhna dina kotak handapeun jok bécana. Manéhna teu boga alesan nanaon, ngan ukur hayang neundeun sakabéh duit nu kungsi katarima ti éta wanoja.
Duit nu sakapeung dirawatan dibébérés, bari ngimpleng keureutan nu méréna. Wanoja nu ceuk angkeuhanana, éstuning pangéndahna najan dibandingkeun jeung ratusan awéwé nu kungsi diuk dina bécana.
Mindeng pisan manéhna ngimpleng si wanoja sabot manéhna ngaringkuk dina bécana bari nungguan panumpang di Parapatan Lima. Ngadadak manéhna robah jadi mahluk nu misterius pikeun tukang béca lianna. Sakapeung sok teu pupuguh ngoréjat jiga nu kagebah, terus tanggah ka langit, clak kana sadel, ngadius indit. Nu ditujuna taya lian iwal ti hotél tempat si wanoja sababaraha jam saméméhna turun tina bécana. Mun geus katémbong si wanoja kaluar tina panto hotél, gancang disampeurkeun kalayan jiga nu yakin pisan yén si wanoja téh bakal merlukeun dirina.
Nganteurkeun si wanoja mulang ka imahna nu teuing lebah mana –manéhna sok ngan ukur dititah eureun hareupeun hiji gang—éstu geus jadi hiburan nu kacida gedé hargana pikeun gairah hirupna nu hamo bisa ditukeuran najan ku ratusan kajadian nu pikasenangeun. Manéhna kadangkala teu mikiran naha nu dipaké mayar ku si wanoja téh duit atawa lambaran daun. Karidoan éta wanoja tepi ka daék dianteurkeun ku bécana, geus jadi hiji bayaran nu kacida mundelna pikeun manéhna.
Tapi kajadian nu kiwari keur disanghareupan, éstuning matak hareugeueun. Naha naon atuh nu geus kajadian nu ngalantarankeun éta wanoja sumegruk sorangan di ieu taman? Naha saban lalaki nu sok biasa ditepungan ku manéhna geus nganyenyeri haténa ku nyarita nu lain-lain? Atawa naha lalaki tengah tuwuh nu sok ditepungan ku manéhna di sababaraha hotél nu béda, nyarita yén manéhna téh geus boga wanoja lian nu leuwih geulis tibatan manéhna? Mémangna aya kitu wanoja nu leuwih geulis tibatan manéhna?
Si tukang béca geus hayang pok nanya, tapi si wanoja nu keur diteuteupna masih kénéh katémbong keur nataran kasedihna sangkan cimata teu terus nyangkrung na panonna. Saha nu geus sakitu tégana, nu geus nimbulkeun kasedih nu bangun taya hinggana dina haté wanoja nu pangéndahna di ieu dunya?
Jeung deui, saha atuh manéhna téh? Ti saprak manéhna aya di ieu kota, can kungsi ngarasa deukeut jeung hiji jalma lian ti jeung éta wanoja. Rasa nu ngan ukur bisa raket jeung haté hiji lalaki nu teu pernah boga kakuatan nu rosa pikeun ngedalkeunana. Naha bener éta wanoja téh sakumaha nu aya dina sangkaanana? Naha ku naon manéhna boga rasa nu teu bisa disieuhkeun najan apal yén éta wanoja saban peuting aya di hotél nu béda-béda? Heueuh. Asa ruwet atuh hirup téh, tapi tangtuna gé bakal kacida teu raména mun dina hirup euweuh karuwet.
Bulan leungit. Langit pinuh ku reueuk. Cahaya konéng lampu taman mimiti diteureuy halimun.
Taya kakuatan séjén nu geus ngalantarankeun éta lalaki diuk di gigireun si wanoja, lian ti geter haténa nu hayang leuwih deukeut ka manéhna. Malah mun kongang mah hayang pisan ngusapan buukna nu galing muntang, mun téa mah manéhna léah sangkan kasedihna gancang lekasan.
“Tos janari,” pokna, angger halon.
Si wanoja ukur nyengkatkeun beungeutna, pelongna lempeng kana patung awéwé nu anggangna ukur sababaraha méter tina korsina. Patung awéwé nu ngaranggahkeun leungeunna jiga nu hayang néwak naon waé nu rék murag ti langit.
“Akang rék tetep ngantosan, sakumaha biasa. Akang rék ngantosan sangkan tiasa jajap Enéng sakumaha biasana,” pokna deui. Najan sorana ngageter, tapi kakuatan nu sarua, nu geus méré tanaga tepi ka manéhna bisa diuk di gigireun éta wanoja, nu méré kawani sangkan manéhna ngaengkangkeun manéh, teu nyebut deui emang jiga saméméhna.
“Naha kudu ngadagoan kuring?” si wanoja nanya, bari angger melong ka lebah patung.
“Lantaran hal éta nu ngalantarankeun haté akang ngarasa bagja…” témbalna bangun nu lahlahan.
“Naon maksudna?”
“Leres, duka naon maksadna. Mung ukur hoyong ngajajapkeun Enéng sakumaha biasa…”
Si wanoja terus inget, kumaha pasemon éta lalaki mun geus ningali manéhna kaluar ti hotél atawa kaluar ti gang tempat biasana manéhna megat béca. Manéhna gé sok ngarasa, yén éta lalaki téh sok melongkeun heula manéhna tepi ka bener-bener ilang tina tetempoanana, saméméh éta lalaki naék deui kana sadel bécana. Manéhna tara réa nyarita, boh keur di jalan, boh mun manéhna turun hareupeun gang atawa di buruan hotél di mana manéhna bakal nyanghareupan pasemon jalma-jalma nu pinuh ku kapalsuan.
“Kunaon di dinya sok hayang nganteur kuring?”
Si lalaki teu nembalan. Manéhna teu bisa ngajelaskeun nanaon. Réa teuing atuda nu kudu dijelaskeunana. Waktu sakumaha panjangna gé bakal tetep samporét pikeun manéhna ngajelaskeun naon nu geus jadi sumber kabagja sakaligus kaguligah haténa.
“Ti mimiti ayeuna di dinya geus teu kudu nungguan deui kuring. Hirup kuring geus lekasan.” Sora si wanoja lir keur ngaharéwos.
Sanggeus ngahuleng bari tungkul, pok si lalaki téh nyarita, “Pikeun akang, tetep bakal aya nu kedah diantos, Néng. Najan tepi ka iraha waé ogé. Ku akang mah moal sina lekasan, lantaran hal éta nu ngalantarankeun hirup akang aya hargana…”
“Naha maké kuring nu sok ditungguan ku didinya téh atuh? Jeung naha maké di dinya nu sok nungguan kuring téh?”
“Akang gé teu terang, Néng. Nu akang apal mah akang téh kedah jajap Enéng boh  miang atawa mulang…”
“Mulang…” ceuk si wanoja bangun nu keur ngunikeun kecap nu teu ngandung harti nanaon. Manéhna ngarahuh. Dina katunggara haténa alatan hiji hal nu ukur manéhna nu apal, si wanoja nangtung, terus ngusap cipanon ku ramona tepi ka garing pisan. Manéhna tanggah ka langit jiga aya nu ditéangan. Tapi nu témbong ukur mongkléng.
Si lalaki melong bangun héran. Jung manéhna gé milu nangtung. Basa si wanoja ngaléngkah nembus halimun, manéhna gancang nyurung bécana. Tepi ka sisi jalan, saurang gé taya nu nyarita.
“Kuring geus kacida capéna pikeun terus-terusan miang,” ceuk si wanoja bari melong kelemeng péngkolan, “Anteurkeun kuring mulang, ka mana wé kumaha anjeun…”
Sanggeus ngahuleng sakeudeung, si lalaki gancang ngelap jok béca nu geus rada kaibunan ku topina, jiga nu geus taya waktu deui pikeun nyokot elap tina handapeun jok. Terus leungeunna nu gumeter muka jékétna, kalayan rintih éta jékét téh dipakékeun ka si wanoja. Manéhna terus nitah si wanoja naék kana bécana, ku sikep nu némbongkeun yén pikeun manéhna mah éta wanoja téh éstuning hiji jalma nu kacida mulyana.***

Tidak ada komentar: