05 Mei 2010

Cimata Nyakclak di Lapang Bubat

BOGOH pisan ka Dyah Pitaloka téh. Ku kituna, euweuh deui jalan lian ti maténi Prabu Hayam Wuruk. Naon hakna maké hayang ka putri kakasih urang Sunda bari teu boga pisan tata karma laki-rabi? Sakitu raja nagara nu cenah pangdigjayana.
Tuh tingali, cipanonna merebey.
Duh, kalahka beuki nambahan éndah.
Jadi inget basa Ki Patih Madu datang ka Nagri Sunda, minangka utusan Majapahit ngadeuheus Prabu Linggabuana. Kungsi Ki Patih madu olohok basa kakara ningali Dyah Pitaloka. Komo basa samping Dyah Pitaloka nyingkab saeutik katebak angin ti panto hareup. Katénjo bitis Dyah Pitaloka cahayaan, moncorong konéng matak sérab. Ki Patih Madu bingung, ti mana asalna cahaya téh? Da cahaya panon poé mah teu nepi ka paséban. Enya kitu tina bitis Dyah Pitaloka sorangan?
Enya, ti mana deui, gerentes Ki Patih Madu.
Ngadadak manéhna inget kana hiji kajadian dina sajarah, nu geus jadi legenda, tur kawentar ka mana-mana. Harita, panon Kén Arok sérab ningali cahaya konéng emas nu ngagurilap tina bitis Kén Dédés, pamajikan Akuwu Tumapel Tunggul Ametung. Bitis Kén Dédés katingali basa sampingna tikait kana karéta. Bitis nu cahayaan téh jadi cicirén yén Kén Dédés téh hiji nareswari, istri utama, calon praméswari raja agung.
Teu salah deui, gerentes Ki Patih Madu, Dyah Pitaloka gé enya adimukyaning istri, wanoja utama, pijadieun praméswari maharaja Majapahit Wilwatikta.
Dyah Pitaloka éstuning sarua éndahna jeung bulan purnama tanggal tujuh Suklapaksa.
Salila ieu mah Ki Patih Madu ngan nyaho aya dua wanoja panggeulisna di tatar Nusantara, nya éta Kén Dédés, nu tuluy katelah Pradnyaparamitha, jeung Sri Pramodawardhani, putri Raja Samarattungga di Mataram.
Ayeuna, Ki Patih Madu moal bisa mungkir, aya deui hiji wanoja anu geulisna saimbang jeung Pramodawardhani atawa Pradnyamaramitha.
Wanoja ti tatar Sunda, Dyah Pitaloka Ratna Citraresmi.
Tapi, duh, piraku wanoja utama bet datang ka Majapahit ukur jadi upeti?
Teu rido.
Hayam Wuruk kudu perlaya. Atawa Gajah Mada heula kitu? Apan Ki Mahapatih ieu pisan anu saenyana boga pokal mah.
Tuh geura tingali, masih kénéh dibaju pangantén, Dyah Pitaloka ukur diuk ngeluk di pasanggrahan Bubat. Dikabaya sutra bodas ti Nagri Hindu, sampingna soklat ngora ti Nagara Gedé Sarumban. Jamang emasna masih kénéh dipasang dina rambutna. Mutiara susun tilu can dileupas tina beuheungna. Roncéan kembang malati ngagantung kénéh tina gelungna.
Deudeuh, geulis, kakasih para pohaci, sakitu tebihna angkat ti Kawali, turun gunung unggah gunung, meuntas Laut Jawa anu sakitu legana, sumping ukur jadi upeti, teu cios ngaréndéng sareng raja agung Nusantara.
Cipanon hérang ngamalir hiji-hiji, meuntas pipina. Clak, clak, kana kabaya bodas.
Para pangasuh tingsalegruk teu bisa nahan kasedih. Teu ngarti kajadian naon anu saenyana tumiba ka dununganana. Naha langit méncrang nu pinuh ku rasa gumbira bet ujug-ujug ceudeum ku cimata?
“Leres Eulis téh teu janten nikah?” Ambu Pangasuh nanya. Asa aya nu ngaganjel dina tikorona.
Dyah Pitaloka unggeuk. Teuteupna lempeng, bangun nu hayang mubus dingding kayu pasanggrahan.
“Naha?”
“Enya, naha? Ieu mah sakadar papastén ti Hyang Tunggal,” jawab Dyah Pitaloka lalaunan. Sarua karasa aya nu ngaganjel dina tikorona.
Haté Dyah Pitaloka asa disiksikan ku tungtung keris.
Enya kitu manéhna sedih ku lantaran teu jadi kawin?
Boa enya.
Tapi aya deui nu matak leuwih pikasediheun.
Dyah Pitaloka ngarasa sedih duméh teu bisa jadi simpay anu ngaraketkeun sagala harepan ngajadi hiji. Lir tali anu ngabeungkeut nyéré jadi sapu. Manéhna teu bisa ngawujudkeun harepan nu jadi indung, Nay Ratna Lara Lisning, nu hayang sang putri ngasaan kabagjaan minangka wanoja sajati, wanoja anu satia ka salaki jiga Déwi Satyawati. Dyah Pitaloka gé ngarasa teu bisa ngawujudkeun kahayang nu jadi bapa, Prabu Maharaja Linggabuana, sangkan jadi tihang utama nu bisa mawa Nagri Sunda mingkin méncrang cahayana. Enya, manéhna ngarasa teu bisa jadi tali anu ngabeungkeut dua nagri anu salila ieu pajauh, padahal saenyana mah padudulur kénéh, nya Nagri Sunda jeung Wilwatikta.
Atuh manéhna gé sedih ku lantaran teu bisa ngawujudkeun harepan diri sangkan jadi wanoja mandiri, bisa nangtukeun takdir sorangan, teu jiga Dayang Sumbi nu embung turun sakadar nyokot taropong, atawa Purbasari nu pasrah dikitu-kieu ku Purbararang.
Enya kitu sagala impianana bakal jadi kanyataan?
Panon poé beulah, jaladri beureum ku getih. Impian nu sababaraha kali datang basa manéhna rék indit ti Kawali.
Enya kitu éta téh jadi pertanda bakal aya mamala nu bakal tumiba ka nagri Sunda? Enya kitu bakal aya lautan getih?
Emh, bagja jeung cilaka mah ukur dipisahkeun ku waktu anu ngan sakiceupan.
Ngadadak Dyah Pitaloka inget kana kecap-kecap karuhun dina naskah Patikrama Galunggung nu kungsi dibaca.
Hana nguni hana mangké
Tan hana nguni tan hana mangké
Aya ma beuheula aya tu ayeuna
Hanteu ma beuheula hanteu tu ayeuna
Hana tunggak hana watang
Tan hana tunggak tan hana watang
Hana ma tunggulna aya tu cakangna
Enya kitu salila ieu manéhna geus teu ngagugu cecekelan hirup karuhun nu ditepikeun ku Prabu Darmasiksa nyalira? Enya kita manéhna geus poho kana poé kamari basa ngalengkah asup ka poe isukan? Naha enya manéhna teu kungsi ngeunteung kana waktu nu geus kaliwat ngarah boga teuteup nu seukeut tur haté nu teger pikeun nyanghareupan waktu nu rék datang?
Ramo Dyah Pitaloka ngusapan samping nu masih kénéh seungit malati. Ngadadak dina gambar turih wajit téh kacipta beungeut indungna, Lara Lisning, nu ditinggal di Nagri Sunda demi ngasuh si adi, Anggalarang alias Prabu Anom Wastukancana.
Beungeut ampir tengah tuwuh nu masih kénéh geulis téh angger imut, bangun anu keur méré harepan pikeun jalan ka hareup. Duh, Ibu, saleresna mah abdi gé hoyong tiasa sapertos Ibu nu teu kantos séépeun harepan. Hoyong saleresna mah abdi tiasa imut sapertos imut Ibu. Imut anu salamina nimbulkeun harepan.
Lalaunan leungeun Dyah Pitaloka ngaragamang kana pucuk gelung. Gap kana gagang patrem anu masih keneh nyeceb dina gelung. Lalaunan, patrem dilésotkeun.
Ayeuna patrem geus aya dina dampal leungeun.
Kacida éndahna patrem téh.
Panjangna teu leuwih ti sajeungkal ramo lencop Dyah Pitaloka. Lempeng, lancip, hérang. Pulasna konéng semu perak. Tangtu dijieunna tina campuran bahan pilihan. Campuran antara wesi kuning, waja, jeung nikelna tangtu geus beunang ngitung. Nu matak hasilna ge tingali. Pamorna éndah kabina-bina. Aya titik-titik di sababaraha tempat nu katingali leuwih herang.
Gagangna dijieun tina gading gajah. Pulasna meh sarua jeung kulit Dyah Pitaloka. Aya ukiran-ukiran garis lengkung jeung buleudan. Dina unggal buleudan ditémpélan batu permata héjo semu bulao.
Ningali patrem dina dampal leungeunna, ras Dyah Pitaloka inget ka nu jadi paman, Mangkubumi Bunisora Suradipati. Tangtu moal tanpa alesan Paman Bunisora mekelan patrem minangka hadiah basa memeh papisah. Paman Bunisora mah apan geus kaceluk minangka jelema anu boga kakuatan batin anu linuwih, lain jelema samanéa, bisa ngarasakeun hal anu bakal tumiba di Wilwatikta. Paman Bunisora mah teu méré perhiasan nanaon, komo anu saukur éndah wungkul. Nu dibikeun téh kaéndahan anu ngandung kayakinan. Kayakinan pikeun ngabéla kahormatan.
Ras Dyah Pitaloka inget kana piwuruk Paman Bunisora, sapoé saméméh manéhna miang ka Wilwatikta. “Wanoja Sunda téh kudu kawas patrem. Lain ngan sakadar éndah, atawa ukur jadi papaés lalaki. Wanoja Sunda kudu seukeut pikir tur bisa ngajaga kahormatan diri.”
Ceg dampal Dyah Pitaloka nyekel pageuh patrem. Tapi teu lila dileupaskeun deui. Ceg deui, leupas deui. Kitu wé sababaraha kali mah.
Asa-asa. Cangcaya. Kawas panggal leupas tina tali. Muter nguriling. Teu nyaho di mana bakal eureunna. Bisa jadi di jero kurilingan kénéh. Bisa ogé di luareunana. Naha enya mun patrem geus lugas, geus kacanggeum ku leungeun, manéhna geus kaluar tina wates anu ngurilingan?
Ayeuna gelung geus leupas. Buuk ditalian saayana. Sésana mah diantepkeun wé ngarumbay nepi kana tonggong.
Tuh pan, éndah pisan, kawas curug walungan Cikawali.
“Eulis badé gentos raksukan?” Ambu Pangasuh nanya deui.
“Moal,” jawab Dyah Pitaloka, laun, tapi karasa aya kakuatan anu teger lir batu cadas.
Ambu Pangasuh neuteup dununganana sajongjongan. Para pangasuh tiluan masih kénéh dibaju kabaya. Kabaya pangalusna. Duh Gusti, para pangasuh téh maturan Dyah Pitaloka kalawan haté pinuh ku rasa gumbira. Lain gumbira pédah datang ka nagri pang digjayana sa-Nusantara. Tapi gumbira kulantaran bisa ngiringkeun sang putri minangka simbul Nagri Sunda.
Duh, saenyana mah hayang Dyah Pitaloka gé ganti baju. Ngalaan baju pangantén anu sakitu éndahna, ku baju biasa anu ringkes tur basajan.
Ngan anéhna, dina kaayaan kitu, ras manéhna inget kana dongéng basa Déwi Drupadi dipaksa ngaleupaskeun sampingna ku si durjana Dursasana, ngarah meunang kaéra di hareupeun dulur-dulur Korawa jeung Pandawa. Dyah Pitaloka gé ayeuna sarua dipaksa ku kaayaan, kudu ngaleupaskeun baju panganténna. Ngan Dyah Pitaloka mah embung meunang kaera jiga Drupadi.
Di luar pasanggrahan, geus éak-éakan para satria Nagri Sunda. Piraku manéhna ngan bisa nyakclak cimata.
Dyah Pitaloka hayang tetep bisa ngabuktikeun yén manéhna datang ka Majaphit téh lain rék nimbulkeun mamala, tapi geus ti dituna boga niat anu mulya. Ku kituna, najan dina dada mah ngagolak hayang ngajanggélék jadi Srikandi, manéhna tetep keukeuh mending jadi Drupadi. Paling copélna, tandang mah kudu kawas Srikandi najan dibaju jiga Drupadi.
Basa Dyah Pitaloka mukakeun panto pasanggarahan, kabéh panon neuteup manéhna.
Jep jempé kabéh.
Panon poé gé lir nu kasima ku Dyah Pitaloka, neuteup sang putri nu masih kénéh dibaju pangantén tapi buuk ngarumbay, sarta leungeun nyekel pageuh patrem pusaka.
Dyah Pitaloka dongko hareupeun Prabu Maharaja.
“Upami kénging widi, abdi hoyong ngiringan, Rama,” pokna.
Prabu Linggabuana neuteup Dyah Pitaloka. Haté pinuh ku rasa reueus. Tapi teu lila, teuteupna kahalangan ku cimata. Clak, murag kana jukut. Clak deui, kaseuseup ku taneuh batur, taneuh Majapahit.
Bari angger cipanon ngarakacak, Prabu Linggabuana ngeukeupan Dyah Pitaloka. “Réstu ti Rama, Eulis. Sok bajuang, demi kahormatan nagri.”
Ger deui para satria Sunda sarurak.
Bedog, kujang, panah, jeung pedang tingaracung ka langit.
*
DUH, Citraresmi, putri jungjunan, kadeudeuh kuring, saenyana gampang pisan maténi Gajah Mada, Hayam Wuruk, atawa sakabéh prajurit Majapahit. Minangka juru pantun, naon héséna maténi salasahiji tokoh, kaasup raja agung. Tapi aya nu nyangkaruk dina haté kuring. Naha kuring kudu ngarobah takdir?
Ku kituna, prung geura tarung para satria. Urang geus boga takdir séwang-séwangan, boh Prabu Linggabuana, Gajah Mada, Hayam Wuruk, Dyah Pitaloka, Nagri Sunda sakumna, kitu deui kuring sorangan, salaku juru pantun.
Teundeun di handeuleum hieum, tunda di hanjuang siang.
Cag!***

Tidak ada komentar: