05 Mei 2010

Dasmin


HANJAKAL pisan teu ti mimiti nyaho saha saenyana Dasmin téh. Kitu tah sipat manusa mah: hanjakal téh sok pandeuri.
Dasmin téh tangtu lain jelema samanéa. Moal salah deui, manéhna tangtu jelema suci, sabangsaning wali, nu ngahaja dilungsurkeun ku Gusti Nu Maha Suci ka ieu dunya. Hususna ka lembur kuring. Mun lain jelema suci, jang naon manéhna bisa aya di ieu lembur kalawan teu percumah?
Sakabéh urang lembur pada nyaho saha Dasmin téh: lalaki ngora nu boga kabiasaan leumpang ngagedig bulak-balik ti tung­tung kulon tepi ka tungtung wétan lembur. Sapoéna teuing bisa sabaraha kali pulang-anting téh. Méh sapanjang jalan leungeun kéncana nulak cangkéng, leungeun katuhuna diayun-ayunkeun ka tukang ka hareup, bari sungutna nurutan sora kendang.
“Jing tang tong! Jing tang tong!” cenah.
Ceuk béja mah, Dasmin téh pada ngusir ku urang lemburna, kira-kira lima kilométer ti lembur kuring mah, ka beulah kidul. Kitu meureun nya sipat urang mah, nu sok ngarasa pangberesih­na. Asa aing uyah kidul. Naon waé nu bakal ngotoran diri urang kudu geuwat dipiceun. Jelema modél Dasmin gé meureun pada nganggap bakal jadi kokotor lembur, nu matak kudu buru-buru diusir. Ngan teu kacaritakeun naha manéhna boga kénéh dulur di lemburna.
Anéhna, urang lembur kuring mah bet raresepeun ka Dasmin téh, najan teu leuwih pikeun hiburan. Pabeubeurang usum halodo téh panas éréng-éréngan, atuh lumayan bisa seuri ningali kalakuan Dasmin.
Ku barudak mah sakapeung pada malédogan ku karikil bari nurutan sora kendang téa. Ma’lum, apan di mana-mana gé nu ngaran barudak mah tara ngarasa salah, najan malédogan jele­ma téh kawas malédogan hayam. “Seuah, seuah, ka ditu!” ce­nah ceuk barudak téh. Dasmin ukur ngahéhéh pada malédogan téh. Katingali gugusina nu beureum kawas tomat asak. Paling gé manéhna api-api nyokot batu jiga nu rék malédog.
Atuh teu antaparah deui barudak téh paburiak lalumpatan. Ngan tara enyaan malédog Dasmin mah.
Sot deui batu téh, tuluy leungeun kéncana kana cangkéng, leungeun katuhu diayun-ayunkeun ka tukang ka hareup, bari sungutna nurutan sora kendang, “Jing tang tong! Jing tang tong!”
“Gatotgaca gélo!” ceuk barudak.
Dasmin ukur ngagerem dikitukeun téh.
“Mmm… jék nong!” cenah, minangka sora kecrék jeung kenong.
Enya, nurutan ngageremna Gatotgaca téa.
Teuing kumaha mimitina, kuring bet resep ka Dasmin. Pédah éta meureun, da Dasmin mah tara malédogan ka barudak. Bisa jadi pédah manéhna mah ukur seuri mun pada ngahina ku batur téh. Atawa ieu meureun: Dasmin téh saenyana lalaki ka­sép tur tara poho meresihan awakna di kamar mandi masigit. Mun seuri gé katénjo huntuna beresih tur bodas. Kitu deui ba­juna, sok katingali beresih. Teuing saha nu sok méré baju ka manéhna.
Atawa pédah kaayaan ékonomi kitu? Kieu maksudna. Ka­ayaan ékonomi téh bet asa beuki matak nyekék. Harga béas, mi­nyak goréng, minyak tanah, listrik, naon ku hanteu, beuki ngajul waé. Teu kahontal ku gajih nu tara pipilueun naék.
Kuring ukur setap di kantor kacamatan. Boga budak dua, nu hiji rék asup SMP, nu hiji deui rék asup SD. Geus papada nyaho apan, anggaran nu kudu disadiakeun pikeun asup sakola naon waé gé di urang mah beuki ngaratus rébu, malah mah ngajuta. Leuwih nyekék batan anggaran lebaran. Baju saragam, kaos olahraga, buku-buku, tas, sapatu, naon ku hanteu, can ditambah uang gedung nanahaon. Wajib kabéh éta téh. Geus kitu, pamajikan bet hayoh wé kukulutus ngomentaran harga nu naék téa. Atuh kudu kumaha deui? Da urang mah teu bisa na­naon. “Nya atuh néangan panghasilan tambahan tina naon waé. Tingali batur mah bisa,” kitu pokna téh.
Tah, dina kahirupan modél kitu, teuing ku naon, karasa Dasmin téh jadi salah sahiji hiburan pikeun kuring. Sok resep ningali beungeutna nu teu weléh seuri najan pada ngaheu­reuyan kaleuleuwihi ku barudak. Leungeun kénca dina cang­kéng, leungeun katuhu diayun-ayunkeun, bari sungutna nurut­an sora kendang, “Jing tang tong! Jing tang tong!” kitu sapan­jang jalan, bulak-balik ti tungtung kulon tepi ka tungtung wétan lembur. Bangun euweuh kacapé.
Mun ningali kuring, ti kajauhan gé geus gugupay, tuluy nga­cungkeun curuk jeung jajangkung bari diantelkeun kana biwirna nu dimanyunkeun.
Kuring malik gugupay, tuluy ngodok saku baju, nyokot roko sabatang, sok dibikeun ka manéhna. Sakapeung mah ku kuring nu sok dipangnyeungeutkeun sakalian.
Sok bari peureum-beunta mun manéhna ngaroko téh, bangun nu ni’mat pisan. Sakapeung mah mun nyeuseup haseup téh jiga nu moal kaluar deui. Sanggeus dibekem dina sungutna, ka­ka­ra haseup téh dikaluarkeun saeutik-saeutik tina irung jeung biwirna.
Geus kitu mah, ngobrol téh ka mana-mendi. Sakali mangsa mah nanya boga nomer alus atawa henteu.
“Boga nomer alus mah mending pasangan wé ku sorangan,” kitu jawabna téh, bari ngahéhéh.
Kalan-kalan nanya soal maénbal. “Kumaha yeuh, Chelsea lawan Liverpool engké peuting?”
“Tah, ieu karesep uing téh. Ramé pisan. Hiji-hiji jigana mah. Hanjakal Pérsib teu jiga kitu maénna. Cacakan mun boga pamaén kawas Gatotgaca, meureun bisa jawara Maung Ban­dung téh. Ku ajian Brajamusti téa, tangtu sépakanana bisa ngajebol gawang musuh.”
Kuring ngabarakatak.
Mun kuring jeung Dasmin keur uplek ngobrol duaan, eu­weuh barudak nu wani ngaganggu.
Sok resep ngabandungan caritaan Dasmin nu sakapeung mah teu katepi ku akal. Imajinasina ngapung ka mana-mendi. Cenah mah, jelema modél Dasmin téh sok ngadéngé sora tanpa rupa teuing ti mana asalna. Jejer caritana ka ditu ka dieu sangeunahna. Keur nyarita sual maénbal, ujug-ujug méngkol kana sual langit bulao. “Hayang hiber, euy,” cenah. Geus kitu, ngadadak ngomong sual kadaharan.
“Lapar, nya?” ceuk kuring.
Manéhna ukur ngabelengéh.
Sok wéh sarébu mah. “Cik geura ka warung, meuli kuéh atawa naon.”
Hiji waktu, Dasmin nyarita hayang luncat tina sasak.
“Entong atuh!” ceuk kuring rada hariwang.
“Moal nanaon. Pan teu pati luhur…”
Di beulah wétan lembur téh aya sasak anu handapeunana ngamalir walungan kira-kira sapuluh méter rubakna. Tina sasak kana walungan téh aya kana lima méterna. Moal pikahariwang­eun kumaha, walungan téh keur saat, nu aya téh ukur batu-batu wungkul sagedé-gedé munding.
Na éta mah, Dasmin teu beunang diulah-ulah. Kuring gé teu nyaho kajadianana, ngan ukur ngadéngé caritaan batur.
“Dasmin rék maéhan manéh!” urang lembur ibur.
Nurutkeun caritaan nu naringali, harita Dasmin naék kana pager sasak beusi, tuluy nangtung. Dua leungeunna dipanteng­keun ka sisi, jiga Nabi Isa basa disalib dina tihang kai. Beu­ngeutna tanggah, panonna peureum, kawas jelema nu keur nga­dunga. Geus kitu, lalaunan awakna doyong ka hareup. Teu lila, awak Dasmin ngalayang ragrag ka walungan. Nu ningali pating jarerit. Sawaréh mah ngabalieur atawa peureum. Kacipta atuh mun awak Dasmin ninggang kana batu-batu walungan. Ngan sabaraha detik, kadéngé sora ngagedebug.
Éta ku ajaib, Dasmin ragrag meneran pisan kana keusik. Padahal di sakurilingna batu-batu wungkul. Teu tatu saeutik gé. Ukur lécét gé henteu. Ngan beungeut jeung bajuna lamokot ku keusik.
Basa panggih jeung manéhna di sisi jalan hareupeun imah kuring, handapeun tangkal mahoni, kuring nanya naon tujuan­ana ngaragragkeun manéh tina sasak.
“Hayang ngabuktikeun yén urang bisa ngalayang kawas dang­daunan,” kitu jawabna.
Kuring olohok. “Nyatana henteu, pan?”
Dasmin balaham-béléhém.
“Jék nong!” cenah.
Hiji poé, kalakuan Dasmin béda ti sasari. Ngagedigna mah angger jiga Gatotgaca. Leungeun kénca nulak cangkéng, leu­ngeun katuhu lempeng bari diayun-ayunkeun ka hareup ka tukang. Biasana mah beungeutna téh marahmay. Tapi harita jiga langit ceudeum. Tarangna kerung, halisna méh ngahiji.
“Mmmnun…” pokna, angger nurutan sora Gatotgaca.
“Jék nong!” témbal kuring.
Ngan manéhna harita mah teu seuri teu imut.
“Dumasar kana aji Sapta Pangrungu kaula, aya béja yén ieu nagara téh teu lila deui bakal kiamat. Ku kituna, hé sakabéh rahayat Pringgandani, geuwat arandika tatan-tatan pikeun ma­pag datangna musibah. Geuwat laksanakeun upacara bebe­re­sih sarta sumerah diri ka Hyang Murbéng Dumadi.”
Kuring olohok ngadéngé omonganana.
“Manéh téh boga bakat jadi dalang geuning!” ceuk kuring heureuy.
Dasmin cengkat. Leungeun duanana nulak cangkéng ayeu­na mah. Panonna bolotot.
“Éh, déngékeun nya, éta téh wahyuning Sang Hyang We­nang Gusti Alloh!”
Kuring beuki olohok.
Jigana ka batur gé manéhna ngomong kitu. Da buktina, teu lila gé pada ngaromongkeun. Aya nu nganggap daria. Tapi leuwih loba nu ukur nyeungseurikeun.
“Nu gélo dipercaya!”
Teu lila, omongan Dasmin téh geus pada mopohokeun. Jigana urusan beuteung leuwih penting batan mikiran omongan nu teu puguh alang-ujurna. Komo deui panas halodo asa beuki éréng-éréngan.
Hiji waktu kuring panggih deui jeung manéhna. Cara sasari, ngobrol téh teu puguh jejerna.
Ngan teu lila, kadéngé sora adan di masigit. Jep jempé Dasmin téh.
“Buru geura ka masigit, geus cunduk kana waktu, geus ninggang kana mangsa,” pokna, sanggeus adan réngsé.
“Ké lah, sakeudeung deui,” témbal kuring.
“Ngadagoan naon deui?”
“Apan kakara adan. Jeung deui, bisa sorangan di imah. Kagok, can mandi.”
“Astagfirullah. Urang téh saha nu nyaho naon nu bakal tumiba, apan? Jing-tang-tong! Ulah sok nunda-nunda sagala hal anu bisa dilakukeun ayeuna!”
Kuring kasima harita mah.
“Tuh tingali, masigit nu sakitu agréngna, nu daratang téh ukur sababaraha urang. Teu cukup jang nyieun hiji jajaran gé.”
“Euh, apan can baralik, Min. Loba anu masih kénéh di kantor, di sawah, di tempat gawé. Loba barudak nu can baralik ti sakola di kota.”
“Ha-ha-ha!”
Enyaan, musibah mah teu bisa diramal. Euweuh nu nyangka dina usum halodo éréng-éréngan kitu hujan bisa ngagebrét tarik pisan. Hujan angin. Tengah peuting harita téh. Sakabéh urang lem­­bur tangtu keur talibra. Tatangkalan loba nu rarungkad, ning­gang opat imah nepi ka ampir rata jeung taneuh. Walungan di palebah wétan lembur caah galura, ngaléakkeun mangpuluh imah.
Nu maot aya lima.
Basa isukna hujan raat, kanyahoan yén salah sahiji nu maot téh Dasmin. Innalillahi. Manéhna kapanggih katinggang tangkal mahoni hareupeun imah kuring pisan. Ningali posisi layonna basa kapanggih, kuring boga kacindekan yén manéhna nahan tangkal mahoni ngarah teu ninggang imah kuring. Subhanalloh.
Hiji hal nu moal kapopohokeun, basa kapanggih, beungeut Dasmin téh beresih tur biwirna imut.
Layonna dimandian, disolatan, tuluy dikubur bareng jeung korban maot séjénna di kuburan lembur.
Sanggeus Dasmin euweuh di kieuna, kuring ngarasa leungiteun nu taya papadana. Resep ngerem sorangan. Tur sok kadéngé sora tanpa rupa nu teu nyaho ti mana asalna.***

Tidak ada komentar: