05 Mei 2010

Samida

Rada ahéng katénjona. Aya makam nyengceling di tengah masjid. Makam aki, Ki Samida, anu jadi sababiah ayana ieu lembur.
“Caah! Caah!”
“Ngungsi, geuwat ngungsi!”
Kuring ngarénjag teu pupuguh. Ginggiapeun. Asa nongtoréng baé sora jalma nu tinggorowok, ngaguruh lalumpat muru ka lebah mumunggang.
Di dinya di makam aki, soré harita kuring menekung. Hujan ngagebrét kénéh, can raat ti isuk-isuk. Nu matak réngsé solat asar téh henteu tuluy balik cara sasari, tapi ngadon sila tumungkul nyanghareupan tutunggul makam. Réngse ngaji yasin jeung ngadu’a, kuring angger ngaheneng. Harita asa kebek pisan rarasaan. Kebek ku rasa tunggara. Asa noron pisan musibat nu karandapan téh. Bulan katukang anak nu kadua maot sakulawarga. Imahna nu némbér di lamping ujug-ujug ngagulusur kabawa urug, sanggeus hujan ngagebrét sapeupeuting.
Mangkukna incu satilu-tilu maraot kabawa caah. Layonna kapanggih geus ngarambang sisi walungan. Bari juuh cimata, kuring mangkuan incu saurang-saurang kana liang kuburan. Walungan nu salila-lila garing téh ujug-ujug pisan ngaburialna. Hujan nu lawas dianti-anti ku urang lembur, dina waktuna cur téh bet jadi mamala. Lembur kakeukeum, caah umpal-umpalan. Sapangeusi lembur pakéwuh. Imah, ingon-ingon, malah incu kacéot kabawa palid.
Ayeuna sanggeus caah ngorotan, sanggeus kuring jeung urang lembur pada-pada ngarasa keueung, bet jorojoy asa hayang ‘ngawangkong’. Hayang ngedalkeun katunggara ka aki nu keur tibra nyangsaya di jero kubur.
Asa nongtoréng kénéh dina dédéngéan. Basa bapa hirup kénéh, kungsi ngadongéngkeun Aki Samida jeung sasakala ieu lembur. Ayeuna éta dongéng téh hirup deui dina ingetan. Bari tungkul nyanghareupan tutunggul téh ingetan mah nyoréang ka hiji mangsa, basa bapa ngadongéng, di dinya di gigireun makam Aki Samida.
“Caah! Caah!”
“Lembur kacaahaan!”
Kuring curinghak deui. Asa kadédéngékeun baé sora jalma nu tinggorowok, pakéwuh pada-pada nyalametkeun manéh tina caah nu datang umpal-umpalan.
**
Layon bapa ngajepat kénéh di patengahan.
Tatangga nu deukeutna nu jauhna geus ngagimbung di buruan. Kaasup kokolot lembur atuda bapa téh, loba pisan jalma nu ngadon ngalayad. Sawaréh dok-dak digarawé, ngaragajian kai pipadungeun jeung nyadiakeun gebog cau keur ngamandian mayit. Nu katénjo tambuh laku téh nu marawa pacul. Ngarajentul kénéh. Rék ngeduk liang kuburan téh can jung, da puguh nungguan putusan kuring. Rék di lebah mana bapa dikuburna can putus. Nya perkara ieu pisan anu matak baluweng saréréa téh.
Tadi sanggeus badami katilu adi, bet manggih kareuwas. Horéng bapa téh wasiatna béda-béda ka anakna nu tilu téh. Ka kuring minangka anak nu cikal, bapa téh kungsi amanat, mun aing paéh cenah hayang dikurebkeun di tengah leuweung. Kitu pokna sabulan katukang basa kuring ngalayad ka dieu. Puguh baé reuwas ngadéngéna, asa teu ilahar. Tapi bapa teu mertélakeun kumaha-kumahana basa ditanyakeun téh. Nya kuring nu jadi anak teu bisa majar kumaha, kasebutna amanat kolot, piraku teu dicumponan. Sanajan bari hémeng, harita kénéh disang-gupan.
Sugan téh kitu sarua amanatna ka adi nu duaan ogé. Ari hég béda-béda. Ka Badar adi kuring nu kadua, pokna téh cenah lamun paéh hayang dikurebkeun di tengah lembur. Ari ka Suma nu bungsu, hayang dikurebkeun di tengah masjid cenah. Tadi adi nu dua téh kakara buka rusiahna, basa kuring nitah indit ka nu rék nyieun liang kuburan di tengah leuweung.
Puguh baé kuring katilu adi reuwas kabina-bina. Lila patingcolohok. Kadituna pada baluweng. Ahéng pisan karasana éta amanat bapa téh. Kudu kumaha nyumponanana, asa pamo-halan.
Hayang dikurebkeun di tengah leuweung. Naon maksudna?
Bray baé dina ingetan. Saban waktu bapa mah getol kana gawé jeung resep pisan barang pelak. Cacakan geus kolot, melak tatangkalan téh teu eureun. Keun jang sampeureun anak-incu majarkeun téh. Kitu pokna lamun sakalieun aya nu ngageunggeureuhkeun. Lain bangsa bung-buahan baé anu dipelakna téh. Kai anu teu kaala buahna ogé dipelak. Keurna kai anu jadi ku manéh, bangsa mahoni, angrit, kihiang, atawa kacapi, tara dicacar-dituar teu pupuguh. Ulah dituar, keur tempat pangiuhan, pokna. Ki Samida mah pohara nyaahna kana tatangkalan téh, kitu ceuk saréréa. Tah, pangna hayang dikurebkeun di tengah leuweung ogé, meureun awahing ku nyaah kana tatangkalan. Geus paéh ogé hayang deukeut jeung tatangkalan. Makamna, tulang-talengna, meureun leuwih tingtrim lamun diriung dilingkung, dipayungan ku tatangkalan. Nu matak kaharti lamun manéhna hayang dikurebkeun di tengah leuweung téh. Naha enya kitu, biheung. Ieu mah ukur babadéan kuring baé.
Nu matak teu kaharti, naha atuh ka adi mah bet hayang dikurebkeun di tengah lembur?
Disasar deui dilenyepan. Ieu ogé meureun hayang tuluy ngariung jeung urang lembur, sanajan geus aya di kubur. Nyaahna kana tatangkalan jeung ka papada manusa sarua gedéna. Béngras kénéh dina ingtean. Urang dieu mah salelembur kudu milu ngasaan lamun bapa panén bungbuahan. Usum kadu, usum kawéni, usum dukuh, urang dieu saréréa walatra kabagéan milu ngadahar. Lebah tutulungna, bapa mah pohara ngutamakeun nu lian tibatan dirina sorangan.
Keur kitu, kuring asa ujug-ujug kagagas, inget kana kalakuan bapa.
Moal aya deui ayeuna mah nu sok ngelak baé wanci subuh. Asa kelar ku sorana, ari geus ngahariringkeun pupujian. Saméméh gering ripuh mah bapa sok nikreuh baé ka masjid, kundang iteuk bari ngajingjing lantéra. Manéhna baheula cenah anu keukeuh hayang nyieun masjid ogé, sarta manéhna deuih anu tuluy tulatén miarana. Asa katéténjokeun kénéh, saban poé Jumaah isuk-isuk, bapa sok ngadekul baé nyaangan buruan masjid. Sirahna nu salilana lénang téh sok gugurilapan katojo cahya panonpoé. Muga sing kapanggih baé éta cahya nu gugurilapan téh, di ditu di alam kubur. Inget ka dinya aya nu nyelek deui dina tikoro. Teu kuat, panon baseuh deui cimataan.
Kaharti sanggeus dilenyepan mah, naon pangna bapa tepi ka méré wasiat kitu. Meureun lantaran kanyaahna pohara gedéna ka éta tilu patempatan. Tapi kumaha atuh ayeuna. Pimanaeun ari kudu dikubur di tilu tempat mah?
Lila kuring ngahuleng. Pahuleng-huleng katilu adi. Saréréa milu éwuh, milu bingung.
“Kudu geuwat diputuskeun, bisi kaburitan ké ngurebkeunana!” ceuk Mang Sudin nu ti tatadi geus mamanggul pacul.
“Enya, kumaha atuh, Ka? Urang kudu geuwat nyieun putusan. Piraku ieu mayit rék diantep baé?” ceuk Suma nu bungsu.
“Heueuh, kudu kumaha atuh? Kaka baluweng kénéh,” témbal kuring.
“Kumaha lamun wasiat nu ditepikeun ka Kaka baé nu dilaksanakeun. Bapa urang kureb-keun di tengah leuweung,” ceuk Suma deui.
“Teu bisa kitu! Beurat ieu wasiat téh. Jeung anéhna naha ari sual tanah jeung kebon mah teu diwasiatkeun ku bapa téh? Perkara dikubur mah saenyana teu kudu dijieun wasiat. Nu puguh mah urang saréréa jadi baluweng ku ieu amanat téh,” témbal Badar tandes.
“Enya, ari geus kieu kudu kumaha? Urang undi wé atuh ngarah gampang mah. Kumaha lamun kitu?” Suma mére bongbolongan.
“Teu lumbrah, Suma! Piraku ngalaksanakeun amanat bapa maké kudu diundi. Teu, aing mah teu satuju!” omong Badar semu nyereng.
“Ari geus? Cing ceuk Kaka Badar kudu kumaha? Atawa urang kudu motong mayit bapa jadi tilu bagian?” Suma malik morongos.
“Ceuk aing mah dijieun-jieun teuing ieu wasiat téh. Bapa geus méré wasiat nu ngabalu-karkeun urang pacéngkadan.”
“Heup, jep jarempling heula!” ceuk kuring meper adi. Duanana katénjona bangun katerap ku napsu amarah.
“Badar! Manéh ulah kitu,” pok téh leuleuy. “Urang teu kaci nyalahkeun almarhum. Deuleu, mayitna ngajepat kénéh nungguan kaputusan urang. Kaka mah yakin, bapa teu salah, jeung moal sagawayah méré wasiat lamun euweuh mangpaatna.”
“Euweuh mangpaatna, salian ti ngahudang papaséaan! Pék wé rék dikubur di mana-mana ogé!” omong Badar bari ngajéngkat rék indit.
“Badar! Diuk heula siah!” ceuk kuring bari ngarawél leungeunna. “Teu pantes sia boga kalakuan kitu! Urang téh keur musawarah hareupeun mayit. Cing atuh sing sabar, ulah nurutkeun napsu kitu. Kumaha rék longsongna lamun urang papaséaan? Perkara warisan mah engké oge sia moal burung kabagéan!”
Badar ngeluk disentak kitu mah. Kuring luak-lieuk. Horéng beuki loba jelema nu ngadon ngalayad téh. Gék Aki Rudah diuk gigireun kuring. Kokolot lembur manéhna téh, geus ti tatadi pantesna milu nyaksian kuring saadi-adi padungdengan.
“Tah kabeneran aya Aki Rudah. Cing tulungan, Ki, kudu kumaha ieu téh?” ceuk kuring bari ngised rada mundur.
“Kurebkeun baé di tengah leuweung,” tembal Aki Rudah leuleuy. Kuring silih rérét jeung adi nu duaan.
“Kumaha pangna kitu, Ki?”
“Laksanakeun baé amanat nu ditepikeun ka manéh, anakna nu cikal,” ceuk Aki bari nunjuk ka kuring. “Siga-siga ngandung rusiah ieu amanat téh. Engké sugan hiji waktu kabuka ku anak-incuna. Geuwat kurebkeun di leuweung. Lamun maranéh tuluy dung-deng baé pasini, moal aya anggeusna. Karunya ka mayit,” pokna deui.
Enya bener Aki Rudah. Moal aya tungtungna lamun terus baé pasini mah. Sanggeus badami deui katilu adi, tuluy sapuk, bapa rék dikurebkeun di tengah leuweung. Kuloneun lembur kabeneran aya tanah bapa nu lega, tara digarap. Mang Sudin sabatur-batur tuluy dijurungan sina gancang nyieun kuburan.
Réngsé dimandian jeung disolatkeun, harita kénéh layon bapa digarotong dibawa ka tengah leuweung. Bring layonna pada ngiringkeun, pada nganteurkeun ku jalma salembur.
………..
Bapa ayeuna geus reureuh nyangsaya di tengah leuweung. Makamna simpé, lalinduk kaiuhan tatangkalan. Lila-lila ti lebah sukuna jeung sirahna aya petét kiara nu renung jaradi laun-laun. Jasadna, daging jeung tulang-taléngna, geus nyerep jadi acining bumi, nyuwuk nyuburkeun tutuwuhan.
Kira sapuluh taun ti harita, biheung kajurung ku naon, kuring bet hayang pindah. Nyieun imah teu jauh ti makam bapa. Lembur beuki ngarekahan. Imah beuki gegek. Éta kawasna pangna hayang nyingkur pindah ka leuweung téh. Bisa-bisa barang pelak ari di leuweung mah, teu kaluman tambuh laku. Teu lila adi nu duaan ogé milu nuturkeun, nyarieun imah di dinya, nga-lingkung sadululur-dulur.
Teu karasa ngagilirna waktu. Teu karasa reuayna anak jeung incu. Tepi ka hiji mangsa, boa sabaraha puluh taun ti harita, di dinya di hiji lahan nu tadina leuweung tegal kakayon ngaginggeung, ngarunggunuk hiji lembur nu tuluy kasebut Lembur Samida. Bari kawas geus kitu kuduna, makam bapa téh ayeuna perenahna bet persis aya di tengah-tengah lembur, diriung dilingkung ku imah anak-incu tuturunan. Atuh dina hiji waktu, adi kuring nu bungsu – nu katitipan amanat sangkan bapa dikurebkeun di tengah masjid – tuluy mokalan ngadegkeun masjid lebah dinya, ngurung kuburan.
Kakara caang haté ayeuna, kolot mah horéng awas deuleu. Leuweung téh hirup urang poé isuk. Saban lembur padumukan nu dicaricingan, tadina mah leuweung luwang-liwung. Urang nu jadi anak-incu, hiji waktu bakal reuay baranahan. Bakal ngababakan nyarieun lembur anyar. Kitu meureun nu kapikir ku bapa harita. Tapi ari dilenyepan deui, asa aya nu patukang tonggong. Naha henteu kasawang ku bapa, yén leuweung bakal ruksak upama dibukbak dijieun lembur ku anak-incu?
Lembur Samida, lembur singkur nu liuh ku tatangkalan. Kitu tadina mah. Tangkal kiara, mahoni, jeung naon baé anu jadi iuh-iuh lembur, henteu dituar. Kuring nu jadi anakna, asa katitipan amanat lebah ngariksa tatangkalan téh. Sirung naon baé, petét naon baé nu jadi, ceuk bapa mah poma ulah diganggu digunasika. Sina hirup babarengan, ngalagena kawas manusa.
Ayeuna dina umur tunggang gunung, kuring teu bisa tukuh nyekel amanat bapa. Ngan ukur dina implengan ayana lembur nu liuh ku tatangalan téh….
**
Nyah kuring nyaring tina panglamunan. Kakara inget, horeng keur ngadekul kénéh nyanghareupan tutunggul makam. Di luar hujan kawas beuki ngagedéan, nyéor semu ngaguruh kana kenténg masjid. Abong keur usumna, hujan bangun rék ngagebrét baé tuluy-tuluyan.
Kuring cengkat. Koloyong ka deukeut paimbaran. Gek deui diuk, neuteup lalangit bari nyangsaya kana témbok. Bréh deui waruga aki, ngalangkang deui dina ingetana – jalma anu pohara nyaahna kana tatangkalan, ceuk bapa. Ayeuna kasaksén pisan, anak-incu saban waktu, geus puluhan taun, teu reureuh-reureuh nuaran tatangkalan. Leuweung bungbang, kosong jeung haroong. Padahal kasebutna urang lembur, anak-incu, meujeuhna lamun maranéhna resep barang pelak téh. Langka kadieunakeun mah nu kitu téh. Langka anu daék ceb melak tatangkalan. Inget ka dinya kuring ngarahuh. Asa ujug-ujug ngarasa keueung biheung ku naon.
Kuring cengkat. Rét kana jam dina témbok, geus waktuna magrib. Ngong adan. Keur kitu, di luar ujug-ujug kadéngé sora nu tinggorowok.
“Caah deui!”
“Caah déngdéng!”
“Gancang ngungsi ka pasir!”
“Tulung! Anak aing palid!”
Rég kuring eureun heula keur adan téh. Sabil rék nuluykeun da di luar kadéngé sakitu haliwuna. Rét nénjo kaluar tina jandéla. Allohu Akbar! Awak ngadégdég. Di béh kalér, landeuheun masjid, katénjo jalma-jalma pakéwuh deui, tingkocéak deui kawas mangkukna, pada-pada nyalamétkeun manéh. Bari ngadégdég kuring maksakeun manéh, nuluykeun adan. Sora ngageter, kebek kakeueung.
Réngsé adan gura-giru kaluar. Jalma-jalma séah paburisat nyingkahan caah nu datang deui ngajelegur. Leuwih gedé ieu mah, leuwih rongkah ti nu enggeus-enggeus. Saréréa geumpeur tagiwur. Nu ngagémbol buntelan, nu manggul kasur, ngais budak, nungtun embé, ngaguruh lalumpat muru pasir. Cai beuki léb-léban, ngeueum naon baé nu katarajang.
Peuting harita, Lembur Samida carem diteureuy caah umpalan. ***

Tidak ada komentar: