05 Mei 2010

Mumunggang Gunung

DOR-DAR gelap. Pihujaneun tinggarayot, lir sacur-cureun bedah. Beuki lila beuki ceudeum, haseup maju katiup angin ti kulon. Béh kidul saeutik, katara buntut hujan ngagapuy. Tuluy naék deui ngagulung jeung haseup hideung nu beuki kandel.
Tegalan nu tadina ramé téh ayeuna mah kari urutna. Taya jalma nu ngulampreng. Surak nu ayeuh-ayeuhan, barudak nu arulin di tegal pangangonan, geus kaganti ku kasimpé. Ngan sora angin nu kalah ka beuki ngadudud. Nebak tatangkalan nepi ka tingpelendoy, siga nu rék sabeletok-beletokkeun peunggas. Séahna sora dangdaunan, lir sada nu ceurik midangdam. Nyambat-nyambat angin sangkan ngahiliwir deui cara sasari.
Lebah tanjakan satapak, hiji lalaki keur ngabengkot naék ka tonggohkeun. Persisna ka tegalan, da eta tanjakan satapak téh anjogna ka tegal pangangonan nu pernahna aya dina mumunggang, ngawates jeung lembur.
Na tonggongna ngadaplok rangsel badag, nangkod ngagayot. Késang ngagarajag maseuhan tarangna. Sakapeung kadéngé juh-jih ngutruk semu ngaregéh; “kéhéd téh! Abong jalan lembur, ” cenah, tuluy calawak nadah hawa. Bubuhan tanjakan lebah dinya mah netekna kabina-bina. Teu lila srog ka lebah mumunggang. Reureuh heula sakeudeung bari mencétan cangkéngna.
Waktu manéhna tanggah neuteup langit nu kulawu, kadéngé sora ngaguruh lebah kulon. Rét diirérét, tétéla hujan gedé keur maju ka palebah dinyakeun. Mimiti turun pras-pris, manéhna geuwat-geuwat leumpang gagancangan mum saung nu teu jauh ti dinya. Teu kalis ku digancangkeun, angger kabancuh. Sanggeus tepi ka rangsel diécagkeun, laju ngusapan beungeut nu rancucut ku tonggong leungeunna. Tuluy diuk satengah meubeutkeun manéh, bari ugal-ugil muka jékét. Kaos nu nu dipakéna katara jibrug ku késang.
Di luar hujan ngagebrét gedé pisan, dibarung ku sora gelap ngageleger awor jeung hiukna angin nu geus teu puguh muru ka mana. Langit beuki angkeub. Nu cikénéh awakna hareudang téh ayeuna mah bet karasa nyecep tiris.
Porosot bajuna dilaan, tuluy kadak-kodok kana jero tas. Sok nyokot baju ti jero tas bari satengah didudut, rap dipaké. Teu cukup ku kitu. Jékétna gé ayeuna mah milu mulen awakna. Manéhna capa-cipi kana pésak jékét, néangan roko. Sugan wé teu karasa tiris teuing, pikima. Barang leungeunna ditarik tina jero pésak, pluk aya tilepan kertas murag kana lahunanana. Bet tuluy ngarengkog, ngahuleng sakedapan. Roko nu geus aya dina keupeulanana kalah diteundeun gigireun pingpingna. Leungeunna nu hiji deui mah ngaragamang nyokot keretas, laju dibuka lalaunan. Diteuteup uleng pisan.
Bari diuk nyarandé kana tihang saung, panonna angger teu incah tina keretas. Rahuh manéhna ngarahuh. Ngarénghap jero, tuluy lalaunan dikaluarkeun deui, bangun hayang ngabudalkeun silalatu kamarudah nu lawas ngadingding namper na haténa.
Sanggeus sawatara lila, sirahna cengkat. Bet rada katénjo bareubeu pasemonna ayeuna mah. Na kongkolak panonna nu cikénéh dipaké ngimeutan eusi keretas, katara cimata nyalangkrung. Reup peureum.
Bet kudu ngalaman kieu geuning aing téh, gerentesna. Teu kaerong ti anggalna bakal meunang pibahlaeun. Enya atuh, napsu da nu kitu téa mah. Rumasa harita teu bisa ngadalianana. Sok padahal lamun harita bisa diréngsékeun kalawan asak jeujeuhan mah meureun teu kudu ngalaman hirup kadungsang-dungsang modél kieu.
Ayeuna mah kari kumaha aing nyanghareupan hirup saterusna, da léngkah téh panjang kénéh. Taya gunana nyeungceurikan nu geus kaliwat mah. Najan tuluy-tuluyan ceurik getih gé moal bisa balik deui ka mimiti. Aing kudu pangger. Jeung nu utamana mah aing kudu nyingkur nyingkahan balai. Aing teu sudi kudu sumerah kitu waé mah.
Bray beunta deui. Neuteup ka jauhna. Kana cihujan nu ngaguyur lemah. Tatangkalan nu luak-léok katebak angin lir sabil jeung marudahna haté manéhna harita, teu puguh rasa. Imeut taya nu kaliwat.
Emh, Jat, naha bet jadi kieu tungtungna, gerentesna deui. Geuning risikona bet karasa pait leuwih ti misti. Teu kabayang bakal kacida molélélna. Kapan urang téh sosobatan ti bubudak, tug nepi ka sawawa. Ti mimiti ulin ucing éong nepi ka pada-pada boga bébéné. Ninggang dina keur susah, ihlas rido silitulungan. Sapapait samamanis, babarengan paheuyeuk-heuyeuk leungeun.
Urang runtut raut sosobatan najan dunya nu diambah ku urang satuluyna kacida patukang tonggongna. Tapi geuning ahirna mah bet bisa diuk pahareup-hareup bari silialungan imut, ngabelenyéh, malah seuri nyakakak. Babarengan urang siliuntungkeun. Harita urang pada-pada seubeuh nguyup amisna hirup najan kokocoranana lain tina jalan nu sah. Urang bisa silicekel kapercayaan. Mungguhing urang duaan silipikawanoh téh lain sataun dua taun. Malah kapan urang téh salembur, tur masih katalian dulur najan laér-laér ogé.
Ngarénghap jero. Reup peureum deui. Sirahna disarandékeun kana tihang saung.
Jat, geuning kaayaan téh teu salawasna sarua jeung nu dipikahayang. Aya waktuna po6 cangra taya tédéng aling-aling, aya waktuna hujan angin dor-dar gelap. Kitu deui urang. Aims giung maduna hirup téh aya watesna. Dina tungtungna urang bet ngalaman aduregeng béda pamanggih.
Da éta perkara babagian jatah, pucuk ti girangna mah, Jat. Kabéhanana euweuh nu daék ngéléhan, ngadon parebut alas pada sieun béakeun hancengan. Pamustunganana, katél paranti saréréa dahar nangkub, eusina mancawura ngabayabah teu kapuluk. Birat wé geus kitu mah nyalametkeun dirina séwang-séwangan. Sanggeus pibahlaeun nerekab, nampeu na congo panon. Taya saurang-saurang acan nu inget kana hancengan. —”Ari-anjeun harita bet boro-boro bisa ngejat ngajauhan. Anjeun bet kalah jadi tumbal papaséaan nu dilantarankeun napsu kasarakahan sawatara jelema. Enya, naha bet kudu anjeun, Jat? Lain batur nu geus puguh nyieun pucuk ti girang, puguh dosa-dosana? Da kapan urang mah ukur daging nu kaciwit, da kulitna mah kapan nu bieu disebutan. Urang mah ukur jelema nu disakompét daunkeun ku nu boga niat culika, teu mats teu meuleum. Tuluy dimeureun-meureun diheueuhkeun ku nu lian.
Jat, bongan panginditan urang misah jalan. Bet kudu cunduk kana wancina urang muguhkeun deui antara pamadegan jeung sosobatan. Kuring sorangan beurat katalian ku solidér ka balad. Ari anjeun puguh deui ku tugas.
Jat, Jajat, hampura kuring, Jajat. Kuring kaduhung.
Luk manéhna tungkul ban nangkeup tuur. Tina cekelan leungeunna kertas téh ngoléang murag kana taneuh, tuluy baseuh kahujanan, kabawa palid ku cileuncang. Kabaca sabéréndél aksara gedé dina éta keretas anu tetela mangrupa halaman Surat Kabar: “Polisi Tewas Dibunuh.”
Beledag, sora gelap handaruan dibarug ku tatit ngaburinyay. Langit angger angkeub. Di luar hujan beuki gedé, ngagebrét.***

Tidak ada komentar: