Bedug asar geus titadi, tapi jelema di tampian pagegelek kénéh baé.
Nu mandi, nu ngamandian budak, nu gégéroh, nu ngarala cai mani ngantay.
Léos saurang, torojol saurang, teu kaur lowong. Cacakan pancuran aya
limana.
Sora turaés séah dina tangkal mindri ti mumunggang tonggoheunana.
Angin mangkat katiga nebak ti kidul-wétan, angin garing ngandung
kasakit,matak keusrak kana kulit.
Mu’in cinutrung kénéh dina batu gedé tonggoheun tampian, ngadago
lowong. Panon melong kosong semu jauh panineungan. Lemburna nu baréto
mah tara kurang cai, ayeuna mah katiga karék sabulan ge, cai geus
susah. Balong gararing, sumur taluhur, susukan ngolétrak, sawah
bareulah tarelaan.
Puncengis Samsu. Dikokolor, dikakaos sangsang, dikongkoyang anduk,
ngajingjing émbér leutik wadah sabun-odol. Nénjo jelema réa kénéh,
koloyong nyampeurkeun nu keur cinutrung.
“Ngagelek kénéh baé wayah kieu.” Pokna bari ngalieuk ka lebak.
“Heueuh, emang gé geus lila.” walon Mu’in, “Keur gawé di mana Cu?”
“Di mantri Ojon, nyieun dapur…Beuki réa waé nu ngaradon ngala cai téh.” ceuk Samsu.
“Cikénéh gé Haji Dadi, sakol buntung, dreum pelastik galedé wungkul.”
“Sakitu boga sumur kompa, éta haji Dadi?” ceuk Samsu.
“Yéh, teu jero-jero pisan mah sumur kompa gé ayaan ti mana, da puguh jero taneuhna geus taya cai.”
“Padahal can babangetna katiga téh, nya?”
“Babangetna naon, dang-dang-rat kénéh sasatna, karék Juli lin ayeuna téh?”
“Enya, tanggal dua”
“Béak ku sumur tarésis meureun cai di jero taneuh téh”
“Artésis meureun Mang, lain tarésis!” témpas Samsu bari nyéréngéh
“Heueuh meureun…..mangkaning lain hiji-dua pabrik nu nyieun sumur
kitu téh. Jaba mani patinggelenggeng cenah, sagedé-gedé bedug kaluarna
téh.”
“Wah sagedé bedug onam piraku Mang, kaeléb meureun pabrikna gé!”
“Heueuh ceuk nu nyararita! Jaba cenah sapabrik téh teu ngan hiji séwang.”
“Acan golf, acan perguruan tinggi, hotél, pangindekosan, supermarkét…..” Samsu ngahaminan.
“Tuh, cekéng gé! Mana lapur balaréa mah kabagéan sarakahna wé! Tuh
sumur Pa Bahim…apal manéh Acu, sumur Pa Bahim? Iraha teuing saat
baheula mah, kapan ayeuna mah…..”
“Naon, da geus disaeur!”
“Hah, disaeur….?”
“Abdi, duaan jeung Si Dasmo nu nyaeurna gé, minggu itu. Barangkal,
keusik pangayakan, bangsa belang-beling, bres-bres wé ka dinya. Geus
kari dua metér, rup wéh ku beton, dijieun cubluk ngarah teu mubah
teuing.”
“Disaeur mah, kumaha atuh Pa Bahim ka caina?”
“Nyieun sumur bor, jero, sabaraha lénte mah.”
“Beu……nepi ka hanteuna éta sumur. Gedé riwayatna sumur éta téh, Acu.
Nu nyieunna téh nyao uyut, nyao baona Pa Bahim, emang gé teu pati
teges, angot manéh, di mana kénéh mah! Ngan kacipta sarusaheunana urang
dinya, kapan salelewek éta mah ka caraina téh ka sumur éta, bubuhan
diopenbarkeun.”
“Nya bur-ber wé meureun. Nu ka Cisiuk, nu ka Cilanggeng, nu ka
Cipaséh, nu ka dieu waé atuh réa, tuh geuning Kang Tamim, Bi Anah, Si
Uhi…..” Samsu mapaykeun paneuteupna ka nu ngagimbung di lebak.
“Deuh éta nu ka Cipaséh, kacipta ngempladna! Indit nurugtug, balik
ngarekéh. Ngarah saémbér-dua émbér téh kudu ngoprot heula késang”
“Dikumaha deui meureun Mang, da butuh!”
“Leuheung nu jaragjag, Acu, kumaha temen bangsa nini-nini – aki-aki?”
“Pan enya…….….Nini Murni gé kamari nangkarak-bengkang, tiseureuleu
cenah, turta ditungtun ku incuna éta téh, teu disina kakarayapan
sorangan.”
“Tuh cekéng gé….heueuh kumaha waé atuh lembur urang téh. Ray
usum-ray usum téh cai beuki werit, taneuh beuki tuhur, sawah beuki
angar.”
“Pantes atuh Mang, jiwa nu makéna ngarekahan, ari paneundeunan cai
laleungitan. Da leuweung, kebon, dibarukbak, sirahcai disalaeur,
diparaké adegan, buruan ditarémbok.”
“Béh ditu-béh ditu mah teu sangka lembur urang baris kieu.”
“Mecak ramé, nya Mang.”
“Heueuh ramé, harénghéng!”
“Pabrik jeung perguruan tinggi nu mawa ramé téh.”
“Lain Acu……tadi ngadéngé téh duaan jeung Si Dasmo - duaan jeung Si
Dasmo kitu nyaeur sumur Pa Bahim téh? Na si éta maké nyagap gawé
abragan? Ari kiosna saha nu tunggu……Pamajikanana? Ngalagu kitu jelema
kemba ngaladénan nu barangbeuli?”
“Naon emang téh, da geus teu ngios ayeuna mah Si Dasmo téh, aya meureun sabulan. Geus dijual kiosna gé.”
“Naaaha……rék pindah mangkal?”
“Teu pindah, eureun wé, teu dagang deui”
“Itu geura Si Dasmo, dilelebar……..”
“Lebar sotéh mun kaharti meureun Mang, da kadieunakeun mah ukur
ngalelengkur wé cenah sapoé-sapoéna téh. Ladangna nungtut kacéot ku
resiko. Atuh eusi kios téh batan ngabeukahan mah kalah ngariut. Antukna
nangkub. Kiosna dijual, dagangna eureun. Ari tiheula panggih jeung abdi
di Nangkod, bawa euy déwék digawé cenah. Gawé naon ari silaing, ceuk
abdi téh. Heueuh ngaladén-ngaladén atuh, cenah. Ari kios kumaha, ceuk
abdi. Nya carita-carita, ari taeun nyakitu téa cenah lalakonna téh.”
Samsu ngajéntrékeun bubukanana.
“Kagét. Sakanyaho emang mah meujeuhna wé najan teu kasebut kajojo gé kiosna téh”
“Enya tiheula-tiheula mah, tapi saprak aya supermarkét gigireunana
nu bararangbeuli téh maruru ka dinya waé. Bangsa kios jeung warung
laleutik mah dilaliwat wé. Ngenes, nyeri haté, cenah sajaba ti teu
meunang duit téh. Keun ku nu teu warawuh mah, éta nu biasa ngalalanggan
gé kalalar-kalalar wé ka supermarkét!”
“Supermarket nu deukeut Pondok Gadis téa?”
“Tah éta, kaléreun jajaran kios jeung warung laleutik téa wé geuning!”
“Kungsi ti heula dibawa ka nu kitu téh di Bandung, ku Pa Jaya. Mecak
geuning maké tétécéan nu maju sorangan téa, lip nahaon ngaranna téh”
“Ngajaran nyah emang?”
“Nya ngajaran,lewang-lewang gé,tamba kawaranan teuing wé atuh, Acu!”
“Tuh geuning, emang gé resep!” Samsu ngéyéhkeun.
“Hih, da aya nu mawa emang mah. Sosoranganan mah, ambuing, asupna gé cumaripcip. Jeung deuk meuli nanahaon ka toko kitu!”
“Naha da rék roko, rék bako gé aya, panékér naon! Susu, gula, kopi,
ka uyah-uyah aya. Indung si Kardan gé paparahna téh hayang ka dinya wé,
pilakadar meuli kopi sabungkus gé”
“Resep gegeleseran dina tétécéanana, moal salah”
“Sugan……”
“Karunya wé nya padagang leutik pantar Si Dasmo mah!”
“Narangkub kabéh gé, Mang, nu asal sakitu ngajajarna téh!” ceuk Samsu.
“Deuh……”
“Ngalanto geura emang soré-soré, ngagelek di supermarkét wé jelema téh, marukankeun!”
“Padahal marahal meureun nya di toko agréng kitu mah?”
“Hih, malah murah emang téh! Roko Beureum gé di warung Amin mah lima dua lima pan, di dinya mah ngan opat tujuh lima!”
“Geuning étah?”
“Pan harga isét, da langsung ti pabrikna, teu paciwit-ciwit jeung agén!”
“Meujeuhna atuh kitu mah!”
“Enya, ngan orokoya padagang leutik……” Ceuk Samsu, sorana ngalakay.
“Lain seug arusul atuh, tong caricing waé!”
“Éta gé pan ku mahasiswa didémo basa deuk degna téh!”
“Geuning atuh jadi waé?”
“Yéh, anjing ngagogogan kalong! Anjing haben gagaikan, kalong anteng gagayabagan, harideung!”
“Heueuh nyakitu, nu leutik mah purah tarima nasib wé, teu meunang
ngasupkeun omong! Nam ah Acu, geus rada lowong tuh!” ceuk Mu’in bari
ngajurungkunung. Terus tuturubun ka tampian patutur-tutur jeung
Samsu.***
Bumi Kinanti, Désémber 2005
Bilih kuring mipit teu amit ngala teu bebeja, kalih bilih aya seratan nu teu kawidian pamugi neda widina. Hatur Nuhun
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Pangeran Jamban
Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...
-
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina s...
-
MOHON tidak berburuk sangka dulu, saya tidak berniat menulis seputar pornografi. Sengaja saya tulis dalam bahasa Indonésia, karena kata “mom...
-
Sikep idealis andika menyebabkan dia kesusahan menghindari hal yang bertolak belakang dengan prinsip hidupnya. Sumirah (umi) istrinya menj...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar