Orok beureum nu keur ngageubra saré, diteuteup salila-lila. Asa
robah-robah beungeutna téh. Mangkukna mah nyeplés pisan siga kuring,
ayeuna mah bet siga mitoha, ninina. Paingan ceuk uyut, orok mah bisa
mamalihan rupa. Ké mun geus panceg opat puluh poé karék angger moal
robah-robah. Enya, meureun nya, ning anak kuring gé kitu.
“Teu ngompol, Kang?” pamajikan asup bari nangkeup istrikaeun. Karék
jajait meureun. Puguh gé ayeuna mah seuseuheun jeung istrikaeun téh
sahunyudan sahunyudan. Popok, tilam ompol, baju orok, ka
samping-samping aya.
“Henteu,” témbal téh heureut.
“Na mani tibra-tibra teuing nya! Tempo akang, napasna. Aya ngarénghap?” omongna semu hariwang. Kuring nyéréngéh.
“Ari taeun téh!”
“Ih, lain melang,” témpasna.
“Ieu dadana turun naék!” ceuk kuring bari nyabak hariguna. Karasa enyutna jantung kana dampal leungeun.
Pamajikan nyéréngéh, bari gancang titilep. Éra tayohna. Sup indung kuring bari nanggeuy bungkusan.
“Naon tatéh, Ema?” tanya téh.
“Tadi Ema tepung jeung si Mimi, deuk mulang ka kota. Ngan mihapé
cenah keur orok. Hampura teu bisa ngalongok da ku dununganana ngan
dibéré libur sapoé,” ceuk Ema bari sok mikeun bungkusan. Geuwat ku
kuring dibuka. Baju orok. Alhamdulillah.
“Na aya ka dieu Ceu Mimi téh?” pamajikan mairan.
“Aya kamari soré. Ngan teu bisa ka dieu. Samaruk ari bubujang mah
moal bébas ku waktu. Kana garudas-garidus wé kitu. Teu bisa sosonoan
jeung urang lembur!” ceuk Ema bari andiprek gigireun orok.
“Ari akang iraha mulang deui?” tanya pamajikan bari ngalieuk.
“Har, na teu sarua kitu peréna jeung Étéh?” Ema mairan. Méméh ngawalon téh kuring jeung pamajikan ngahéhéh seuri.
“Nya henteu atuh, Ema! Abdi mah apan cuti ngajuru, tilu bulan. Ari
akang mah henteu cuti, peré biasa wé, peré nu umum ti Saptu nepi ka
Minggu. Ké Senén subuh mulang deui!” pamajikan nu némbalan téh. Ema
unggut-unggutan ngartieun meureun.
“Nya, enya, anu orokan mah kudu lila reus-na. Da jagjag sotéh di
luar, di jero mah acak-acakan,” ceuk Ema bari nilepan tilam-tilam nu
meunang nyaitan.
“Pausahaan gé aya aturanana keur nu orokan mah. Aturan husus,” ceuk
kuring bari ngaringkelkeun orok. Mani seungit abong tacan boga dosa.
“Deuk Senén subuh nyah mulang téh, Ujang?” ceuk Ema daria.
“Enya, asal muru ka tempat gawé jam dalapan wé!” témbal téh.
“Heueuh, ké ku Ema dipangnimbelkeun sapoéeun mah. Ngala wéh isuk mah
lauk ti balong. Nya bisi embung jeung lauk urang meuncit hayam!” ceuk
Ema kawas ka budak leutik. Biwirna ukur nyéréngéh teu némbal.
Orok uyak-uyek. Ngompol meureun, atawa hayang nyusu kitu? Ku Ema diangkat sukuna, dicabak bujurna.
“Ngompol geuning, Étéh! Ka dieukeun popok jeung bulenna!” ceuk Ema bari ngalaan popok nu baseuh.
“Tacan diléotan, Ma.”
“Keun waé éta nu anyar nyaitan ambéh haneut. Ngan kebutan wéh bisi
aya sireum!” ceuk Ema bari nyodorkeun popok jeung tilam nu baseuh ka
kuring. Sabada ditalekan lebah bujurna, karék dipopokan jeung dibulen,
hih teu sakara-kara, geus diganti mah, guher deui wé saré. Abong orok.
***
Teu karasa, anak kuring geus opat bulan umurna. Rupana geus teu
obah-obah. Tapi siga saha atuh? Teu jiga kuring teu jiga indungna?
Cénah anak kahiji mah sok nyeplés bapa, ning ieu mah henteu? Tapi éta
kahélok téh kajawab basa kuring manggihan Ema keur ngawangkong jeung Bi
Yéyét, adi Ema nu bungsu.
“Bet nyeplés akina nya, Euceu?!” kadéngé sora bi Yéyét, bari nempokeun beungeut budak nu dina aisan Ema.
“Heueuh, puguh gé Euceu téh mani reuwas. Na bet siga si nurustunjung!” ceuk Ema semu keuheul.
“Kakawasaan Gusti, Euceu. Méré nyaho, lamun si Ujang saumur-umur
henteu apal kana beungeut bapana téh, sina nempo anakna! Tah, meureun
bapa manéh téh siga anak manéh!” ceuk Bi Yéyét bari seuri konéng.
Kuring beuki panasaran, beuki hayang nyaho, nepi ka mana neruskeun
obrolan ngeunaan bapa kuring, nu tepi ka kiwari teu nyaho juntrungna.
Teu nyaho rupana. Sabab indung kuring teu hayang nuduhkeun, teu hayang
méré nyaho, di mana ayana bapa teges kuring.
Awak dirapetkeun kana bilik imah, di pipir. Ceuli teu sirikna
rancung-rancung wé, ngadéngékeun obrolan indung jeung Bi Yéyét di tepas.
“Hélok nya, Yét! Padahal minantu téh teu taram-taram ka akina budak.
Heueuh kétah! Boro-boro minantu, apan si Ujang gé anakna, teu apaleun
beungeut bapana. Na ari anakna bet gejlék kawas bapa si Ujang!” sora
Ema rada laun. Tapi jéntré kadéngé, da puguh teu anggang.
“Taya nu mustahil keur Gusti Alloh mah, Euceu! Sora Bi Yéyét
ngayakinkeun. Jep waé jarempé. Teu kadéngé deui sorana. Meureun indung
kuring jeung adina keur ngalumbar lamunan.
Kuring nyarandé kana bilik imah. Awak asa kacida leuleusna. Lain,
lain hanjelu pédah beungeut anak mirip bapa kuring! Kajeun siga naon
ogé, kuring mah bakal tetep nyaah ka anak. Darah daging kuring. Komo
ieu rupa teu goréng-goréng teuing. Kulit nurun ka indung, beresih.
Hanjelu sotéh pédah nepi ka boga anak, kuring teu ditepungkeun jeung
bapa. Éta kahanjelu téh.
Baréto mah keur kuring sakola, bisa ngamuk ka indung jeung ka bapa
téré. Inget wé basa keur kelas hiji és ém pé, kuring mogok embung
sakola, salila dua bulan. Geus guru, kapala sakola, bapa téré, komo
indung mah, ngolo-ngolo sangkan kuring sakola deui. Sangkan kuring jadi
jelema pinter. Tapi kuring tetep mugen. Kalah ka der gaul jeung urang
terminal bayangan. Deukuet kantor kacamatan. Milu nyaloan bari walahwah
weuleuhweuh mabok. Di terminal bayangan kuring gaul jeung calo-calo nu
rupa-rupa pasipatanana. Jam salapan beurang karék hudang. Indit ka
terminal maké ojég bari embung mayar. Balikna nya kitu kénéh, kana ojég
bari embung mayar. Di terminal bayangan kuring wawuh jeung arak. Wawuh
jeung ciméng. Wawuh jeung rupa-rupa pél anu bisa nyababkeun kuring
mabok totolonjongan atawa mabok ceuceuleuweungan, kawas nu gélo. Asa
gaya wé harita mah. Asa modéren, da di lembur mah euweuh nu sok mabok
kawas kuring.
Karunya mah ku indung. Awakna geus kuru, balas tirakat, beurang
puasa, peuting dikir, salat tahajud, salat hajat, tapi saeutik gé haté
teu katoél. Kalakuan beuki euwah-euwah. Mabok unggal poé taya towongna.
Kalakuan geus jiga sétan. Mun ku indung teu dibéré duit, pasti maok
ségon ti goah. Dijual dimurah-maréh ka bandar paré. Ema ukur nyegruk
ceurik nempo goahna geus parongpong. Bapa téré kuring ukur ngusapan
dada.
Tungtungna kolot narima surat ti kapala és ém pé, nu ngabéjaan yén
kuring kaluar ti sakola. Teu sing ambek, teu sing hanjelu. Baé
dikaluarkeun gé. Geus bisa ieuh nulis jeung maca! Nu penting mah ulah
buta hurup teuing wé.
Hirup beuki mangprung. Geus poho ka indung bapa. Poho ka adi, poho
kana agama. Kuring hirup teu béda ti sato. Geus tara balik da milu
cicing di tempat séwaan si Iyan, batur kuring urang peuntas. Sarua
manéhna gé nasibna téh jeung kuring. Tepi ka sawawa teu nyaho rupa
bapa, sabab indungna éta mah bangor keur ngorana. Ku saha waé, nepi ka
reuneuhna. Geus reuneuh taya nu daék ngaku, da puguh ku lobaan. Béda
kasang tukangna jeung indung kuring. Tapi tetep sarua, teu nyaho bapa!
Teuing du’a indung nu diijabah, teuing haté kuring nu dililirkeun,
nincak bulan kalima, sabada mangbulan-bulan kuring teu balik ka lembur,
tepung jeung Amang, adi Ema. Ngahaja, tayohna, Amang téh néangan
kuring, ngabéjaan Ema gering parna teu bisa hudang-hudang acan. Haté
asa leumpeuh. Harita kénéh kuring ngilu ka Amang Yoyo, balik. Di tepas
imah, léngkah téh ngarandeg komo barang bréh nempo kalangkang awak
jeung beungeut dina kaca mah, beu, mani jiga sétan beungeut téh. Jiga
iblis. Enya meureun aing téh sétan. Aing téh iblis. Jauh mela-melu
jeung beungeut Amang Yoyo anu beresih cahayaan, enya gé kolot. Heueuh,
na maké ngabanding-banding beungeut jeung Amang? Amang Yoyo mah ahli
ibadah. Ari aing? Ukur tukang mabok. Hirup kawas sato poho kana salat
kana ibadah. Haté ngaleketey. Aing kudu jadi jelema deui! Aing kudu
getol salat getol ngaji, méh teu jiga sato. Aing kudu sakola kudu
pinter méh jaga mun tepung jeung bapa teges, aya témbongkeuneun. Tada
teuing Ema nyeri haténa, mun hiji mangsa kuring tepung jeung bapa,
saukur jadi pamabokan. Tapi mun tepungna bari kuring jadi jelema,
kaupahan meureun kanyeri Ema puluh-puluh taun téh.
“Hayu, Ujang!” leungeun dikenyang ku Amang Yoyo. Kuring nurut asup
ka imah, terus ka enggon Ema. Di siraheun Ema aya bapa téré kuring keur
ngadeluk ngaji Yasin. Barang rét ka kuring, geuwat Qur’anna ditunda na
anggel. Kuring dirontok ku bapa téré bari diusapan sirah. Saenyana mah
bageur bapa téré téh, nyaah, ngan kuring égois teuing. Kanyaah bapa
téré sok ngahaja dipopohokeun. Sok ngahaja tara diinget-inget. Sabab
ceuk sasaha gé bapa téré atawa indung téré mah racun. Haté téh beunang
ku sugésti. Mana kanyaah jalma nu disebut téré mah sok dileuleungit.
“Cageur, Ujang? Awak mani kuru, mani kucel. Na atuh bet poho ka
balik? Teu karunya-runyaeun ka indung,” sora bapa mani agem kadéngéna
ku ceuli kuring mah.
“Hampura, Bapa! Hampura Ema!” ceuk kuring bari ngarawu leungeun Ema,
diantelkeun kana dada. Tiis leungeun Ema téh. Boa maot? Haté ratug.
Beu, mun maot, kuring doraka, geus maéhan indung. Gusti, mudah-mudahan
Ema sing cageur deui. Cageurkeun Gusti, abdi deuk ménta dihampura. Abdi
deuk tobat. Haté ngajerit maratan langit. Tapi cipanon taya ngeclak.
Kajeun kaayaan kumaha waé cipanon kuring mah tara kaluar.
Ema ngulisik. Nyah beunta. Beu, mani haropak panonna gé. Komo awakna
mah teu béda ti awak budak umur sawelas taun. Nya kuru nya haropak.
Ngaringkel disimbut.
“Ujang!” ukur sakecap. Tapi leungeun Ema nu kari tulang dibungkus
kulit, mani tipepereket nyekel pigeulang kuring kawas nu sieun
ditinggalkeun.
Ti harita Ema igeug-igeug cageur. Kuring tara meunang ingkah jauh.
Sanggeus Ema jagjag pisan, kuring nyarita hayang neruseun sakola. Mani
atoh, Ema jeung Bapa nyanggupan, malah Bapa mah jangji rék
mangmeulikeun sapédah paranti ka sakola, da deuk sakolana gé anggang,
lain di és ém pé nu baréto. Éra.
Taun ajaran anyar, kuring sakola deui. Kuring jadi deui jelema. Awak
ngeusi. Beungeut beresih. Kuring geus poho kana kalakuan nu jiga ajag.
Sakola téh nepi ka és té ém. Ukur sataun nganggur téh, da kaburu aya
nu butuheun ka pagawé lulusan mesin otomotip, di parik mobil. Najan
jauh jeung kolot, najan kudu nyéwa kamar, tapi henteu ripuh da gajihna
gedé, malah sok ngiriman ka kolot gé. Nepi ka kuring manggih jodo di
pabrik mobil. Babaturan sakantor, di stap.
Kabeneran boga pamajikan téh sarua nya’ahna ka Ema jeung Bapa.
Sabulan sakali kuring kudu mulang. Tapi bagilir, mun bulan ieu mulang
téh ka indung kuring, bulan isuk mah ka indung manéhna. Adil.
Mana anak kuring mah, geus kuat ku angin enya gé orok kénéh. Jarang gering.
Puguh gé asa sampurna hirup téh. Pamajikan bageur, anak séhat, lat
wé poho kana kahayang haté mah. Hayang nempo beungeut bapa pan baréto
mah, nepi ka hirup kawas sato, bakat ku ambek kana nasib diri. Ayeuna
mah kaupahan. Ka Ema gé geus tara tunyu-tanya, ngeunaan bapa. Nu
penting mah bapa téré kuring nyaah. Tur karasa nyaahna.
Basa budak jejeg umurna sataun, kuring mulang téh ka Ema, da hayang
numpeng cenah. Pamajikan gé satujueun numpeng di lembur kuring. Lain
pésta tepung taun, ieu mah nyalametkeun saréréa. Budak panceg umurna
sataun, kuring jeung pamajikan ayem tengtrem rumah tangga, Ema jeung
Bapa sararéhat, panénna mucekil, jaba karék anggeus ngarombak imah,
tina imah bilik kana imah permanén.
Rada rogkah ogé salametan téh. Sugan téh moal raraméan kieu, maké
ngondang Mang Hérman pingpinan tarawangsa ti Cikeusik sagala. Atuh
pamajikan gé mani cuh cih, babantu, untung budak mah aya nu ngasuh, da
nu ngasuh téh dibawa, hayang nyaho lembur kuring cenah. Padahal biasana
mah tara dibawa, purah nungguan imah.
Tarawangsa pingpinan Mang Hérman, maén sapeupeuting. Di buruan wé, da loba nu ngabalanjakeunana. Ma’lum di lembur.
Kuring jeung pamajikan sila deukeut tukang rebab. Resep puguh gé.
Tapi jam sawelas taktak aya nu noél. Mang Yoyo méré kodeu, sangkan
kuring nuturkeun manéhna. Beu, aya naon? Budak kitu ngadat? Piraku,
apan tatadi gé saré tibra naker. Atawa Ema gering deui kitu, kacapéan
teuing?
Rurusuhan kuring nuturkeun Mang Yoyo. Kuring diajak nyingkur di
pipir imah nu teu dicaangan ku patromak. Haté beuki tagiwur. Aya naon?
“Ujang entong reuwas, nya!” Mang Yoyo ngomongna rada ngaharéwos, bari luak-lieuk, bangun aya kasieun. Na sieun ku Ema kitu?
“Aya naon, Mang?” tanya téh panasaran.
“Ujang, aya nu hayang tepung jeung Ujang. Ayeuna ngadagoan di imah
Amang. Tapi poma, ulah nyahoeun Ema. Sabab mun nyahoeun, tada teuing
ngamukna!” sora Mang Yoyo angger lalaunan. Méh-méhan teu kadéngé
kasirep ku sora rebab jeung kacapi.
“Saha, Amang?” tanya téh bari kerung. Na mani dirusiahkeun Mang Yoyo
téh. Jeung naha bangun sieun? Apan Mang Yoyo téh adi Ema. Na bet sieun
ku Ema?
Mang Yoyo teu némbal, kalah nyekel leungeun kuring, satengah digusur dibawa ka imahna.
Barang bray muka panto, katempo dina korsi hoé aya lalaki keur
cindeluk tungkul. Bajuna semu kuleuheu bari saroék lebah taktakna. Écés
naker, da puguh kacaangan ku lampu patromak. Buukna gé bangun tara
ngambeu péso cukur, jaba camutmut bodas. Saha?
Kuring ngajentul di lawang panto. Tapi Mang Yoyo nungtun leungeun ngajak ka jero.
“Ieu si Ujang téh, Kang! Baréto mah basa ditinggalkeun téh karék
ngorondang, ayeuna mah geus boga anak pamajikan!” ceuk Mang Yoyo daria.
Sémah nu ngeluk tungkul lalaunan tanggah, nempo beungeut kuring. Haté
ngadak-ngadak tagiwur. Na saha ieu téh? Maké nyahoeun kuring keur masih
ngorondang. Moal kitu… ah, lain! Lain. Bet barina gé teu hayang tepung
jeung bapa, ari saukur deuk nambahan raheut haté Ema mah.
Manéhna nyodorkeun leungeun, ngajak sasalaman. Tapi kuring kalah
mencrong beungeutna nu geus karényos kawas aki-aki. Wah, gagah kénéh
bapa téré kuring, ceuk haté. Bapa téré kuring mah berséka, beungeutna
beresih, papakéanana gé narécis bari aralus, da meunang makéan kuring.
Ari ieu? Panon rut rét, nempo calana panjangna digulung nepi kana
bitis. Jaba lebah tuurna geus disigsag, kawasna soék. Ih, watir teuing!
“Geura tarima, Ujang! Éta téh bapa Ujang!” sora Mang Yoyo téh laun,
tapi kadéngéna ku ceuli mah, lir gelap tengah poé éréng-éréngan.
Subhanalloh! Ieu bapa kuring téh? Ieu bapa nu ninggalkeun kuring ti
keur ngorondang kénéh téh? Ieu nu nyababkeun indung kuring kagegeringan
téh? Anu nyababkeun indung kuring ampir putus asa? Ah, hanjakal,
hanjakal pisan, haté kuring geus teu inget inget acan. Geus teu hayang
tepung. Hayang sotéh tepung baréto keur kuring sakola di és ém pé, éra
ku babaturan pédah sok diparoyokan. Ayeuna mah da geus euweuh kahayang!
Tapi leungeun disodorkeun duanana. Teu lila, geus antel mah geuwat
dilésotkeun, da beunget Ema ngolébat kawas nu nyarék.
Gék deui éta lalaki nu disebut bapa kuring téh diuk. Kuring mah
angger nangtung gigireun Mang Yoyo. Asa geus mati rasa haté téh. Geus
baal. Da geuning taya rasa nanaon. Taya rasa bungah, taya rasa sedih,
taya rasa sono, taya rasa nyaah. Biasa-biasa wé. Asa tepung jeung jalma
manyang munyung, nu anyar pinanggih.
Moal doraka kitu? Apan éta téh bapa teges, nu nyababkeun kuring aya
di alam dunya. Nu nyababkeun kuring kungsi hirup kawas ajag. Nu
nyababkeun indung kuring kanyenyerian taun-taun.
Na ieu haté moal daék ngahampura ka bapa? Kajeun haté indung jeung
haté kuring kungsi ancur alatan kalakuan manéhna, tapi tetep kudu
dihampura. Komo nempo saréat siga kitu, kuring boga kawajiban pikeun
ngurusanan. Ah, teu! Teu! Manéhna gé taya kanyaahna. Deuk nyaah mah ka
bapa téré wé. Éta nu nyaah ka kuring mah. Ti orok nepi ka kuring
disakolakeun, nepi ka kuring digawé, boga pamajikan, boga anak, bapa
téré nu nguruskeun. Bapa téré nu ngabéayaan. Ngeunah waé, ari geus
kuring boga gawé, boga rejeki, kuring katempuhan kudu ngurus, ké
heulaanan. Rido kénéh dibikeun ka bapa téré rejeki téh. Da karasa
nyaahna. Ari manéhna? Kuring orok kénéh gé geus ditinggalkeun. Kajeun
kasang tukangna kumaha waé, tapi tetep salah ninggalkeun anak pamajikan
katalangsara.
Beungeut bapa téré ngolébat bari ngaharéwos.
“Pangmulya-mulyana jalma anu daék ngahampura kasalahan batur,”
jéntré sora Bapa. Suku ngaléngkah, ngadeukeutan lalaki nu keur diuk na
korsi hoé. Bluk, kuring nyuuh na tuurna. Tapi taya cimata nu ngeclak.
Ukur engab saeutik biwir gé: “Bapa!”
Ukur sakitu! Da taya rasa nanaon. Geus baal. Ulah doraka wé ieu mah sabab kuring nyaho kana agama.***
Bilih kuring mipit teu amit ngala teu bebeja, kalih bilih aya seratan nu teu kawidian pamugi neda widina. Hatur Nuhun
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Pangeran Jamban
Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...
-
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina s...
-
MOHON tidak berburuk sangka dulu, saya tidak berniat menulis seputar pornografi. Sengaja saya tulis dalam bahasa Indonésia, karena kata “mom...
-
Sikep idealis andika menyebabkan dia kesusahan menghindari hal yang bertolak belakang dengan prinsip hidupnya. Sumirah (umi) istrinya menj...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar