MUN inget ka anak, geuwat interlokal, mun inget ka pamajikan mah, lokal wé.”
Ti mangkukna ieu kalimah napel na ceuli, ngélég, ngégélan haté. Komo
deui peuting ieu, tara-tara ti sasari, bet hayang siduru dina seuneu
asmara nu ruhay, bari diharudum ku simbut nyawaan.
Beuki peuting, panon kalah beuki curaling. Silih teuteup jeung Salma Hayek dina poster
nu napel na tembok kamar kontrakan. Bet ujug-ujug ngalamun nu teu
pararuguh, nyipta-nyipta manéh jadi Antonio Banderas, ngalalakon dina
film Once Upon A Time In Mexico nu kungsi dilalajoan dina dividi bajakan.
Haté kalah pakojot jeung pikiran nu pabaliut. Kuring tuluy luncat tina
dipan, ngajéwang jekét jeung konci skuter, rék liar peuting,
ngabangbalérkeun kahayang nu kasimbeuhan ti dua poé katukang.
Peuting tinggal rarawingna, teu ilahar keur nu hayang ulin atawa
leuwih ti ulin. Aya gerentes ngangajak kuring ka kuloneun Pasar Induk
Cibitung. Skuter maju lalaunan, aya sabil dina haté, najan dipeper
ngarah teu kapaliré.
Anjog ka nu dijugjug. Warung kopi nu dikubeng ku spanduk urut iklanobat kuat jeung mie instan. Ti jero warung ngagembréng sora musik tina radio dua band, awor jeung sora awéwé nu hahaleuangan, dibarung ku sora nu tingcikikik.
Kalakuan Si Ucing Garong
Gawéna ulin di kolong
Pependak sareng pocong
Papelong-pelong
Kuring nyéréngéh, ngadéngé nu hahaleuangan, asa rada ngised tina
lagu aslina, tarling Cirebonan nukeur diputer dina radio. Sup ka
warung, tuluy mesen cikopi bari ngarérét nu tingcikikik. Nu saurang
ngaranna Conny, paningkahna rada jalingkak. Ngaran sabenerna mah
Maskanah, ngan ganti ngaran ti saprak ngumbara ka Cibitung nuturkeun ka
Bi Jumsih tukang warung, ti Cilimus, Kuningan. Demi awéwé nu saurang
deui mah, kuring teu wawuh.
“Nyalira Kang? Mani ngampleng tara ka dieu.” ceuk Maskanah bari
diukna ngised ngadeukeutan. Kuring mésem bari ngised ngajauhan, asa teu
purun ngajawab da geus puguh datang sorangan. Maskanah rada baeud.
Awéwé nu saurang deui turun tina bangku, tuluy muter ka tukangeun
warung, clé diuk kéncaeun kuring. Bujurna diadekkeun siga nu ngahaja.
“Susi!” pokna bari ngasongkeun leungeun. Kuring neuteup bengeutna,
manéhna kalah ngadilak, bet asa rada siga aktris Ladya Cherryl.
Dibabadé umurna dua puluhan.
“Nono!” jawab kuring bari mapag leungeunna. Kep sasalaman. Getih
tingseleser bareng karasa leungeun hésé dilésotkeun. Ditahan ku
manéhna bari ngahaja ngulinkeun heula ramona. Ngélékéték bari
mépédkeun awakna kana taktak kuring.
“Ieu kopina, Jang!…, éta-éta manéh Suwarsih! Ulah mépéd teuing
diukna! Jang Nono heurineun.” Bi Jumsih ngagebah, rada nyorongot ka
awéwé gigireun, nu cikénéh ngakukeun ngaran Susi. Manéhna ngised
saeutik bari camberut. Kuring ngan ukur balem bari ngésérkeun cikopi.
Ngan haté ujug-ujug teu panuju kana caritaan Bi Jumsih.
Cikopi diregot. Gap kana roko, tuluy diseungeut. Kuring teu loba
cacarita, ngan ngadéngékeun Bi Jumsih nu silih témpas jeung Maskanah,
ngadongéngkeun ka Suwarsih, sagala kalakuan kuring nu katelah Si Nono
Anting.
Lima taun katukang, kuring datang ka Cibitung. Gilig rék digawé di
pabrik. Ngan meunang salapan bulan, kaburu kaluar alatan paséa jeung Si
Sartimin batur sapagawéan urang Banyumas. Pasualanana mah, pédah kuring
ngahéroan awéwé nu cenah geus jodokeun ku bapana jeung Si Sartimin.
Ngaranna Marni, anak Mas Tarno tukang pecel lélé urang Banjarnagara,
Purwokerto. Der téh aya pitenah ti nu séjén. Antukna Si Sartimin
nangtang ngadu wawanén. Kuring teu keueung, lain ku bogoh-bogoh teuing
ka Marni, ngan sakalian hayang mecak bebekelan ti lembur, ti tutugan
Galunggung. Piraku ti bubudak wawuh jeung maénpo, kudu mopo méméh
nanggung. Diladénan, najan tepi ka ngadu pakarang.
Tepi ka derna tarung. Diriung. Teu kungsi ngaliwatan opat jurus gé
Si Sartimin nambru. Isukna éar sa-Cibitung. Béja pabéja-béja, antukna
pasualan jadi saliru. Najan Cibitung wewengkon Bekasi, balad-balad Si
Sartimin teu saeutik. Réwuan pagawé ti sawatara pabrik lolobana urang
Jawa. Kagok asong kapalang ngarongkong, rék diladénan.
Tengah peuting di daérah Cibuntu, di hiji lapang saratus méter ti
Jalan Raya Setu, bedog patingbelentrang. Kuring tarung diriung ku
lobaan. Musuh lain bantrak-bantrakkeun. Dasar kudu meunang, pareng
ngolépatna bedog musuh muru beuheung, kuring ngagiwar bari muihkeun
kuda-kuda saarah jarum jam, awak kabawa dongko ka beulah kénca marengan
leungeun nu rikat nyabetkeun bedog. Beletrak! Bedog nyasar bincurang.
Musuh ngajengkang tuluy nambru bari awong-awongan. Orokaya, rob téh
balad-baladna ka harareup. Kuring dikepung. Digulung ku lobaan. Tepi
ka teu inget di bumi alam.
Genep poé di rumah sakit. Kuring mulang, bari awak pinuh ku perban.
Sanggeus mérésan kontrakan, tuluy ka warung Mas Tarno, ngahaja ménta
hampura. Teu panggih jeung Marni, ngan kuring mihapé surat keur
manéhna. Kuring balik ka Tasik, ninggalkeun carita nu beuki lila beuki
loba kembangna.
Tilu taun di lembur, kungsi kuliah heula di salah sahiji paguron
luhur di Tasik. Ngan kuat dua seméster, teu diteruskeun kaburu meunang
pamajikan. Teu kosong heula, nuluy boga budak, lalaki. Lantaran teu
boga pacabakan matuh, ari hirup diudag ku kabutuh, hiji mangsa kuring
mutuskeun rék ka Cibitung deui. Kabeneran aya pausahaan kontraktor
intérior nu butuh ku tanaga kuring.
Kiwari geus ampir sataun di Cibitung. Kajadian sawatara waktu
katukang aya hikmahna. Kuring jadi loba kawawuhan. Boh urang Jawa boh
urang Sunda. Loba kénéh kuli-kuli pabrik di sapanjang Tambun, Cibitung,
tepi ka Cikarang, nu apal ka ngaran Nono Anting. Ngan teu kungsi
panggih jeung Si Sartimin. Aya béjana sanggeus kajadian harita, Si
Sartimin kawin jeung Marni, tuluy netep di Banyumas. Mun Mas Tarno,
bapana Marni, cenah pindah ka Jakarta Utara, dagang pecel lélé di
Sunter Podomoro.
Nu remen panggih mah jeung jelema nu kungsi disabet bincurangna
ku bedog kuring di Cibuntu. Ngaranna Samsu. Kasebut jéger nu
dipikasérab, di sabudeureun Pasar Induk Cibitung mah. Singhoréng
manéhna téh lain balad salembur Si Sartimin, kawas panyangka kuring.
Aslina mah urang Péréng, Ciparay, Kabupatén Bandung. Pareng panggih
deui téh di warung Bi Jumsih, kuring miheulaan hahampuraan. Ti harita
kuring nyobat jeung manéhna. Singhoréng, diaduna kuring jeung Si Samsu
taya patula-patalina jeung Si Sartimin. Si Samsu kahasud ku béja nu
saliru, cenah kuring rek ngalindih wewengkon kakawasaanana.
“Roko sabungkus Bi Jumsih…, aéh aya Nono geuning!” lamunan buyar,
kagebah ku sora jalma nu asup ka warung. Barang dilieuk singhoréng Si
Samsu, panjang umur.
“Puguh kararesel di imah” kuring ngajawab, bari néma roko tina leungeun Bi Jumsih dibikeun ka Si Samsu.
“Aaay…, ijid aing mah, paribasa téh kesel di imah. Di dinya mah
inget ka lembur meureun. Sok siah, inget ka anak? Inget ka pamajikan?”
Si Samsu ngélég, ngahaja maké lentong jeung kekecapan has Péréng,
Ciparay. Napel kénéh si éta mah najan geus lila di Cibitung gé.
“Heueuh, mahal kénéh mayar lokal, euy, ti batan interlokal mah!” ceuk kuring, surti kana maksud saterusna caritaan Si Samsu.
“Cingcay sajah, tinggal milih, mau ditemenin Conny atow Susi?” Si Samsu kalah ngahajakeun, sorana dihéos-héos bari ngiceupan ka Maskanah jeung Suwarsih. Kuring ukur nyéréngéh.
“Ditemenin Susi ajah ya, Kang! biar lebih ehm..ehm.. gitu lho!”
ceuk Suwarsih milu ngindonésia bari imut ogo, imut has awéwé bangor.
Imut nu gelenyuna pinuh ku kapanasaran, siga nu hayang leuwih
naranjangan rusiah Nono Anting, nu dicaritakeun ku Bi Jumsih jeung
Maskanah. Kuring ujug-ujug tagiwur.
“Ulah diarélég waé, Ibi ge apal Jang Nono baheula, ulah
disaruakeun atuh. Jang Nono nu ayeuna mah bageur, satia ka
pamajikan, geus tara kikituan.” Bi Jumsih mairan bari ngaleutikan
sora radio.
“Sakali-kali mah atuh teu nanaon Bi Jumsih, bisi… bisi naon téh, No, nu ceuk Si Ucok téa mah, oh heueuh, bisi… kanker prostat!” ceuk Si Samsu nyutat istilah ti Si Ucok, batur sapagawéan kuring.
“Conny rék ka mana?” Kuring ngésérkeun obrolan, pareng nempo Maskanah cengkat.
“Ka kalér!”
“Bisi rék dianteur?”
“Moal, pira ka warung Mas Tayo.” Pokna teugeug bari ngabalieur,
tuluy ngajéngkat kaluar ninggalkeun warung Bi Jumsih. Kuring ngahuleng.
“Keun wé, Kang, teu aya Téh Conny gé, aya Susi.” ceuk Suwarsih
ujug-ujug daria, bari ngised ngadeukeutan. Pagégéyé. Haté ngaguruh teu
puguh. Si Samsu nyéréngéh, ngiceupan bari nyawél gado Suwarsih, tuluy
ngaléos ninggalkeun warung.
Peuting beuki nyérélék maju ka subuh. Ciibun geus tatahar na
dangdaunan. Angin peuting tingselesep kana sela-sela spanduk. Nu
datang ka warung beuki lila beuki carang. Radio disada kénéh, laun,
mirig Bi Jumsih nu keur nundutan. Tinggal kuring jeung Suwarsih.
Pagégéyé. Karasa haneut. Haneutna mebes kana haté. Haneut wanoja nu
keur meumeujeuhna. Mimitina mah kararagok, lila-lila kalah betah,
ngimeutan biwir Suwarsih nu capétang nyaritakeun lalampahan hirupna
salila dua taun katukang. Ti mimiti kabur ti kulawargana di Kalijati,
Subang, aprak-aprakan di sawatara tempat di Karawang, tug nepi ka
nyangsang di Cibitung ti sabulan kalarung.
Rét kana arloji, geus ampir jam opat. Kuring cengkat. Tuluy
ngahudangkeun Bi Jumsih. Sanggeus babayar kuring ninggalkeun warung
dituturkeun ku Suwarsih.
Clak kana Skuter, diselah sababaraha kali, rada hésé hurung bubuhan
motor kolot, kaluaran taun 1975. Leuwih kolot batan umur nu numpakna.
Sanggeus hurung kuring nyeletingkeun jékét. Gibeg, motor rada
ngagibeg. Barang dilieuk, Suwarsih geus nyégclé dina jok tukang bari
leungeunna ngarayap kana cangkéng, tuluy nangkeup pageuh siga nu sieun
lésot. Kuring kawas nu kasirep. Skuter dipajukeun lalaunan ninggalkeun
warung, mawa Suwarsih nu napel tukangeun. Sajajalan jémpé, nu kadéngé
iwal ti sora skuter nu dodorotdotan. Aya nu nyeleser haneut kana
tonggong. Haneutna rembes kana haté. Haneut wanoja nu keur meumeujeuhna.
Tepi ka hareupeun kontrakan, Suwarsih turun. Sanggeus muka konci
panto. Kuring nungtun skuter ka jero. Suwarsih nuturkeun milu asup,
bareng jeung asupna waktu subuh, nu tinghaleuang tina spiker toa di
saban masjid.
š{›
Poé Ahad nu hareudang. Kuring hudang jam sabelas beurang. Pikiran
ngalayang, inget kana lalampahan peuting tadi. Inget ka Suwarsih.
Kuring ngoréjat, turun tina korsi panjang, tuluy ngeteyep ka kamar.
Hordéng disingkabkeun saeutik, katoong Suwarsih masih keneh tibra.
Kuring teu wani ngagareuwahan. Gap kana anduk, tuluy ka cai.
Réngsé kuring mandi, kasampak Suwarsih geus diuk na korsi hareupeun kamar.
“Mun rék ka cai, andukna nu itu tuh, nu beresih. Ngan taya salin,
aya ogé kaos jeung calana panjang.” ceuk kuring bari nuduhkeun anduk.
Suwarsih ukur unggeuk. Teu lila tuluy cengkat muru jamban. Kadéngé
gegejeburan, Suwarsih mandi bari hahariringan. Hariring plésétan nu
tadi peuting, Si ucing garong nu papelong-pelong jeung pocong.
Teu dinyana, kuring ujug-ujug kahébos ku seuneu birahi, bareng nempo
Suwarsih kaluar ti jamban, awakna dibulen ku anduk. Awak nu keur sedeng
pepel, mani sampulur dibungkus kulitna nu konéng umyang. Buukna nu
galing muntang dirumbaykeun ka hareup nutupan dadana tepi ka wates
bulenan anduk. Kuring neuteup renghap ranjug, parat tepi ka wates
anduk belah handap. Aya nu ngagurilap ti satengah pingping tepi ka
bitis Suwarsih nu baseuh. Dumadakan lini rongkah jeroeun dada.
Awak ngagedur teu puguh rasa. Suwarsih nu teu maké pupulasan
katempo leuwih geulis tilu tikelna ti batan manéhna dangdan.
Pabebeurang. Bet aya nu ngaheab leuwih ti panasna hawa Cibitung. Hawa
birahi nu ngagedur dipirig ku kerepna ketug jajantung.
“Mana kaos sareng lancingan teh, Kang?” Suwarsih nyarita bari ngadeukeutan.
“Leuwih geulis teu di make up.” Kuring lain ngajawab,
ngadon neuteup leuwih leleb ka Suwarsih. Suwarsih beuki ngadeukeutan,
kaangseu seungit sabun tina awakna.
“Ih, Si Akang mah, ngarayu lain wayah! Mana atuh anggoan gentos
téh!.” ceuk Suwarsih tuluy camberut. Camberut ogo has wanoja umur dua
puluhan. Kuring kalah ngimeutan biwir ipisna nu baseuh. Bangun amis.
“Ééénggal..!” ceuk Suwarsih bari nyiwit. Kuring ngarénjag. Dumadakan
éra parada. Tuluy ngajéngkat ka kamar mawa salin keur Suwarsih.
Reuwas kénéh. Reuwas kareureuhnakeun. Ampir rék sagabrug-gabrugeun
nempo awak Suwarsih nu baseuh dibulen anduk. Kuring istighfar,
ujug-ujug inget ka anak pamajikan. Teu lila Suwarsih kaluar ti kamar
make calana jeans jeung kaos oblong. Kaos bodas gambar
siluétErnesto Che Guevara, meunang meuli ti outlét di jalan Caladi,
Bandung. Mani mantes napel na awak Suwarsih. Jadi cute abiz ceuk
istilah barudak ayeuna mah. Sanggeus ngobrol sakeudeung, Suwarsih
cengkat bari metot leungeun kuring, manéhna ngajak ulin ka Cikarang.
Sakalian ka Mall, cenah, boga sésa duit rék balanja sawatara kaperluanana, bari sakalian rék neraktir dahar ka kuring.
Ti harita, kuring mahing diri sangkan panon teu curaling. Geus opat
poé saimah jeung Suwarsih. Najan ku kuring dianggap adi sorangan,
angger wé ragab. Kuring ati-ati, bisi aya jurig nyiliwuri kawas kamari.
Lian ti inget ka pamajikan di lembur, ujug-ujug inget kana kasantrian
nu kungsi lila kapopohokeun, dihenteu-henteu gé kuring téh kungsi
kagecek ku Ajengan Anwar Mubarok di pasantrén Sukahérang, Singaparna.
Ti poé ka poé téh Suwarsih kalah beuki betah di imah kuring. Keur
mah eukeur, euweuh pangbalikan. Éra cenah, geus lila teuing numpang di
kontrakan Maskanah. Oge cenah kakara saumur abur-aburan, manéhna
manggih lalaki kawas kuring nu bisa ngajénan awéwé teu uni siga
manéhna. Teu kawas bapa téréna nu téga merkosa, nepi ka manéhna
kapaksa kudu abur-aburan ninggalkeun lembur.
Demi kuring harita, jadi beuki teu wasa mun kudu ngusir Suwarsih.
Tungtungna kuring meuli dipan jeung kasur hiji deui. Ngan kusabab taya
deui tempat, kapaksa dipan anyar téh di sakamarkeun. Suwarsih surti,
manéhna hideng nyieun hohordéngan ku samping keur hahalangna.
Aya hadéna, ti saprak cicing jeung kuring, Suwarsih geus tara liar
peuting, purah maturan lalaki bari ngan dihargaan ku kencring. Kuring
ogé jadi betah, aya nu manguruskeun imah, mangmasakkeun jeung
mangnyeuseuhkeun. Balik gawé aya nu ngabagéakeun, aya batur dahar,
batur heureuy, batur ngobrol, batur ngalamun, batur sakamar maturan
Salma Hayek nu teu weléh imut dina poster nu teu dipiguraan, jeung maturan kuring saré, sakamar, ngan misah dipan.
Dasar atuh, hirup genah téh cenah kudu jeung merenah, sangkan
tumaninah. Béja ngeunaan kuring saimah jeung Suwarsih teh jadi éar
sapausahaan. Tuluy jadi headline di saban warung.
Dihenteu-henteu ogé ngaran Nono Anting téh sohor kénéh di Cibitung mah.
Béja pabéja-béja, tepi ka warung Bi Jumsih, tepi ka Maskanah. Kuring
panas ceuli, ku rupa-rupa saliruna béja.
š{›
Saptu tanggal ngora, anyar gajihan, digawé ngan satengah poé. Méméh
balik ka kontrakan, kuring balanja heula ka toko kuéh. Inget ka
Suwarsih, cenah isuk Ahad téh jejeg umurna dua puluh dua taun. Ti dinya
kuring ka Wanasari, rék nepungan babaturan awéwé nu kabeneran urang
Sagalahérang. Sugan daékeun ditiitipan Suwarsih saheulaanan, pédah ka
papada urang Subang.
Meneran asar kuring mulang ka kontrakan. Tara-tara ti sasari
Suwarsih teu mapagkeun ku imutna nu matak geugeut. Panto teu
ditulakan, kuring asup lalaunan. Tuluy nendeun kérésék babawaan na
korsi hareupeun kamar. Kuring laha-loho ka dapur. Euweuh dahareun. Iwal
sangu garing jeung cucuk lauk sésa deungeunna isuk-isuk. Kadéngé aya nu
ngérécék di jamban, ditempo téh euweuh sasaha, euweuh nanaon, iwal ti
cai nu ngucur sagedé nyéré tina keran.
Ti kamar kadéngé sora dipan ngarekét, Suwarsih sigana keur saré.
Kuring tuluy muru kamar, panasaran. Barang hordéng disingkabkeun,
kuring ngagebeg, gancang ditutupkeun deui. Sakolépat katempo Suwarsih
keur nyuuh na dipan bari buligir. Kuring reuwas. Ngan asa panasaran,
saliwat katempo Suwarsih siga henteu sorangan. Hordéng dibuka deui
lalaunan, bareng rét ka lebah dipan hiji deui, meneran paadu teuteup
jeung awéwé, nu taya lian ti Maskanah nu sarua buligir. Katempo
reuwaseun pisan, manéhna geuwat nutupan awakna ku sepré bari teu puguh
rampa, tuluy ngadeukeutan Suwarsih. Kuring nutupan deui hordéng.
Reuwas, héran, asa teu percaya kana tetempoan sorangan. Palangsiang aya
lesbian affair antara Maskanah jeung Suwarsih.
Kuring ngajanteng hareupan lawang kamar. Kadéngé ti jero sora
Maskanah nyarita tinggerendeng silih témpas jeung Suwarsih. Beuki lila
beuki narikan, tepi ka hog-hag paréa-réa omong. Heuleut sawatara menit
nu paséa jempé. Tuluy kadéngé sora Suwarsih ceurik ngagukguk. Kuring
gogodeg, nu kadéngé matak hareneg. Nyel keuheul ka Maskanah jeung
Suwarsih. Kalakuan maranéhna teu jauh tina sangkaan.
“Kalaluar siah, ungkluk!” kuring nyentak, sora rada ngageter.
Teu lila Maskanah kaluar ti kamar. Sungutna jamedud. Panonna nu
kahuru seuneu timburu, mureleng ka kuring nu keur ngageter nahan ambek.
Tuluy ngaléngkah bari miceun beungeut, ngagedig kaluar ti imah bari
ngageblugkeun panto. Suwarsih ceurik beuki tarik.
“Kaluar manéh, Suwarsih!” kuring rada ngagorowok, ngungkulan
tarikna ceurik Suwarsih. Kadéngé Suwarsih ceurikna ditahan,
inghak-inghakan. Teu lila Suwarsih kaluar ti kamar. Ngeluk. Buukna
kusut, papakéan padu nyangsang.
“Diuk!” Suwarsih nurut. Kuring lajag-léjég.
“Ari manéh, nu asih dipulang tai, dipikanyaah téh kalah ngalunjak!
Wani-wani, ngotoran imah déwék! Mun geus mumul cicing di dieu, indit!
Jung tuturkeun Si Maskanah!” Kuring nyarita heuras. Suwarsih kalah
ceurik bari ngagabrug kana suku. Tuluy nyarita pegat-pegat.
“Hapunten… Abdi… Kang..! Hapunten…!” Suwarsih teu neruskeun
caritaanana, kalah ceurik beuki tarik, nyuuh kana suku kuring. Kaambek
nu kakara naék teh kaburu kacéos ku cipanon. Lila-lila jadi teu wasa.
Tuluy nitah cengkat ka Suwarsih.
Sanggeus rada leler, Suwarsih nyarita dumareuda. Singget ngan
pajuliwet. Aya hutang budi nu teu pikahartieun, nu kudu dibayar ku
Suwarsih ka Maskanah. Kuring ngahuleng. Ngabetem. Najan loba
tanyakeuneun, teu purun rek cacarita. Nu kadéngé ngan sésa inghak
Suwarsih nu beuki carang. Sanggeus kadéngé adan magrib. Kuring ngaléos
ka cai, tuluy wulu, rék salat magrib, ninggalkeun Suwarsih nu alum
nguyung. Réngsé salat kadéngé sora guludug pasusul-susul, teu lila cur
hujan maseuhan suhunan. Kuring ngerem manéh di kamar.
Cibitung malem Ahad, sora hujan ngendag-ngendag pangacian. Sanggeus
salat isa, kuring mopoék di kamar, luhureun sajadah nu remen teu
kasalatan. Ti luareun kamar kadéngé sora nu mandi, awor jeung sora
hujan. Kuring ngadeluk wiridan beuki kerep, ngawuluku sumpeg nu
minuhan saban kereteg. Teu lila kadéngé Suwarsih asup ka kamar. Teu
dipaliré, najan kaambeu seungit awak nu tas mandi ngendagkeun haté.
Kuring peureum, neueulkeun wirid teu eureun-eureun kana mamaras nu
lawas teu diropéa.
Sora hujan ngaleutikan. Ngan guludug beuki kerep pasusul-susul.
Kuring beunta bari tuluy cengkat. Kamar geus caang. Barang rét ka
tukangeun, katempo Suwarsih keur nyuuh. Kuring hareugeueun. Kakara,
nempo Suwarsih dimukena, najan ngan ukur ku samping. Kuring mencrong
rada lila ka Suwarsih nu keur nyuuh luhureun sajadah. Haté bet
ujug-ujug ngaheruk. Teu wasa ngantep wanoja nu hirupna pinuh ku
rupa-rupa cocoba, bari taya batur pakumaha. Tada teuing beuratna hirup
nunutur indung suku. Ras inget kana kaayaan manéhna nu teu indung teu
bapa. Boga gé bapa téré kalah ngadoréksakeun manéhna. Ras ingat kana
kajadian tadi soré. Kuring nyarékan Suwarsih bari satengah ngusir. Asa
dosa. Asa sarua jeung ngagebruskeun manéhna sina leuwih cilaka. Haté
ngarakacak. Aya kanyaah nu nyambuang minuhan kamar.
Suwarsih cengkat, panonna rambisak. Tuluy neuteup ka kuring nu keur ngabetem hareupeunana. Dua panon silih teuteup.***
Bilih kuring mipit teu amit ngala teu bebeja, kalih bilih aya seratan nu teu kawidian pamugi neda widina. Hatur Nuhun
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Pangeran Jamban
Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...
-
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina s...
-
MOHON tidak berburuk sangka dulu, saya tidak berniat menulis seputar pornografi. Sengaja saya tulis dalam bahasa Indonésia, karena kata “mom...
-
Sikep idealis andika menyebabkan dia kesusahan menghindari hal yang bertolak belakang dengan prinsip hidupnya. Sumirah (umi) istrinya menj...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar