Wallohi, Engkang! Irahaeun teuing abdi wantun susumpahan. Kantenan
bari ngababantun asmana Alloh sagala rupi. Sok asa teu wararantun.
Rumaos diri seueur kénéh katuna. Sok sieun hanas abdi susumpahan, ari
hég ninggang di abdi nu lepat. Beu, tada teuing isinna diri di payuneun
Mantenna.
Wantun susumpahan sotéh ka Engkang, kajurung ku hoyong ngayakinkeun,
supados manah Engkang ngaraos reugreug, henteu aya kacangcaya. Abdi
leres-leres kumawula ka pangersa Engkang téh teu pisan-pisan ngarasula,
éstu lillahi Taala.
Engkang! Welas-welas taun Engkang teu damang, ukur tiasa rumingkang
sanyaliraeun. Welas-welas taun abdi ngurus barudak dugi ka sadaya lulus
SLTA. Teu, Engkang, teu pisan-pisan abdi asa gaduh jasa sosoranganan.
Abdi sadar, upami sanés ku pangersa Mantenna, abdi mah kapan henteu
daya teu upaya. Émutan abdi, éta mah mung pangaturan Gusti Alloh, abdi
nu kedah turun makalangan. Abdi mah darma kapapancénan jadi nu gaduh
lalakon. Nanging sagala rupi ogé kapan Nu Maha Ngatur mah anging
Anjeunna. Alloh SWT.
Engkang sing percanten, abdi mah ukur darma wawayangan, kumaha
dalang anu ngamaénkeunana. Peupeujeuh Engkang ulah kagungan manah
cangcaya. Ulah sieun kéna-kéna abdi jagjag, teras wantun campelak ka
Engkang. Kapan Engkang téh pangeran abdi di dunya, sanaos kumaha baé
kaayaanana. Ningal saré’at, Engkang téh teu daya teu upaya. Tapi kapan
Alloh mah Maha Welas. Maha Asih. Moal nanggeuy di bongkokna. Welas asih
ka sakumna mahlukna. Dua sasih saméméh Engkang kaserang stroke nu
kadua kalina, duka ku naon abdi bet teras-terasan ngaraos sedih. Teu
weléh ngembeng cipanon. Ras ka Engkang nu tos sering tiktikbrek, teu
weléh ririwit, bet asa lalewang, asa pinuh ku kamelang. Nanging émut
deui kapan sagala rupi ogé anging Mantenna nu ngatur. Ras ka diri
sorangan, sanaos ayeuna nuju jagjag belejag, umur mah saha nu terang.
Boa abdi nu bakal langkung ti payun mulang. Bet jorojoy hoyong ngado’a,
“Gusti, upami salah saurang di antawis abdi Gusti aya anu dipundut, sim
abdi gaduh panuhun, salian ti neda dihampura dosa, hirup hoyong aya
dina rido Gusti, sareng neda disalametkeun dunya ahérat. Kahiji upami
maot téh ulah matak pikasieuneun batur. Kadua mugi ulah matak
pikagilaeun nu ngalereskeun. Katilu ulah matak pikaisineun barudak anu
dikantun.
Nu pikareuwaseun mah nalika salira babareuhan. Saur dokter Soléh,
Engkang teh kaserang panyawat jantung. Kedah diopnameu. Abdi bingung,
teu puguh laku. Teu kacipta atuda upami Engkang dirawat, pisakumahaeun
teuing riweuhna. Dokter Soléh nu tos biasa marios Engkang, boboléh basa
disuhunkeun landong wungkul, bari teu kedah dirawat. Aya rasa keuheul
ogé, tos aya kana sapuluh wangsulanana marios Engkang ka anjeunna teh,
tapi mani teu aya pisan tinimbanganana. Ngalih we ka dokter sanés.
Angger kedah dirawat. Panasaran dicobian ka Puskesmas, sami kedah
dirawat. Nyéépkeun kapanasaran dibantun ka dokter Mumi. Dokter istri
urang Jawa nu praktékna teu pati tebih ti rorompok urang. Anjeunna teh
tos dua belas taun ngaasisténan dokter ahli panyawat jantung. Rupina
tos terang pisan maparin landong matih kanggo nu kaserang panyawat
jantung tos rada parna.
“Dupi Bapa kumaha tuangna, tiasa seueur?” dokter naros.
“Nu mawi, Dok, tuangna téh mung ukur bubur lemu campur susu, kitu gé
sakedik pisan. Da sok palay luga baé, sanaos tuangna ukur sakedik ogé,”
waler abdi.
“Bapa teh kirang gizi, Bu. Ti ayeuna mah kedah sina seueur tuangna.
Réncangna gé kedah nu ngandung gizi, nanging ulah nu digoréng. Pais
hayam, pais lauk, pais tahu campur sungsum gé tiasa. Hawatos atuh Bu,
dugi ka kieu,” cék dokter. Abdi ukur ngabelehém, isin. Tapi dokter téh
bangun nu surti, da teras ngupahan.
“Teu kedah salempang, tebus wé ieu landong saminggueun, séép landong ka dieu deui. Wilujeng, mugi sing énggal damang.” cenah.
Sapaparat jalan mulang, abdi ngusapan panangan Engkang bari neda
dihapunten. Paralun abdi téh sanés teu nyaah ka Engkang. Abdi kirang
towéksa, dina ngurus tuangeun. Panangan Engkang anu bareuh bukekeng ku
abdi diusapan. Deudeuh teuing. Engkang téh busung lapar panginten.
Hapunten abdi.
Ti harita, sanaos kumaha riweuhna, abdi sok teu weléh mayunkeun
ngurus tuangeun Engkang. Engkang ku abdi sok diwagel angkat-angkatan.
Dihaturanan kopéah sareng sarung anyar kénging mésér abdi. Wawartos ka
Engkang mah ti réréncangan, étang-étang nyanggakeun panglayad ka
Engkang. Engkang imut. Duka leres percanten réréncangan abdi nyaraaheun
ka Engkang, duka Engkang ngartos kana rékayasa abdi bakat ku hoyong
nyenangkeun manah Engkang. Nu penting Engkang tiasa wirid bari nganggo
anggoan nu sagala beresih. Sanaos sanes hartosna kedah sagala anyar,
nanging kapan Engkang bakal bingah upami sagala nu disanggakeun anyar.
Panuhun abdi diturut ku Engkang. Bari sila andekak dina korsi panjang,
Engkang teras-terasan ngucapkeun “Lailahailallah”, da mung éta-étana
kalimah nu tiasa kaluar kalawan lancar tina baham Engkang. Pita suara
Engkang nu reksak, ku kamurahan Gusti Alloh, tiasa kénéh ngucapkeun
“Lailahailallah” kalawan lancar.
Dinten Saptu harita téh. Abdi libur teu ngantor. Kaleresan aya
aturan énggal, unggal Saptu diliburkeun. Jam satengah dalapan
énjing-énjing, Engkang dihuapan bubur. Dumadakan atuh bet asa rarinéh
boh émutan boh kaayaan. Engkang ngalimed tuang, bubur sapiring téh mani
lénang. Ngahaja ku abdi dihuapan téh supados tiasa seueur tuangna.
Leres baé geuning ari bari diajak ngobrol mah, Engkang keresa tuang
bari bangun anu bingah.
“Engké siang urang ngadamel deui pais hayam, nya Engkang,” sanggem
abdi. Duka ku naon raraosan téh mani asa bingah tapi asa aya nu
nyérését kana haté. Mani hoyong téh ngabingahkeun manah Engkang,
nanging teu terang kedah kumaha. Aya rasa deudeuh tan wangenan nu
nyaliara jeroeun dada. Tapi aya rasa lewang nu teu puguh lantaranana.
Asa tingsérédét haté, asa ngaleketey sedih, tapi asa mendak kabungah nu
ogé teu puguh marga lantaranana.
“Nuang landong heula nya, Engkang. Badé nganggo cai amis?” abdi naros.
“He’eh,” Engkang ngawaler bari unggeuk.
Sabot abdi ngabantun gelas, Ahmad ngajerit. Engkang tos ngajoprak
dina korsi, bari salira jegjreg. Abdi ngusap beungeut bari istigfar.
Ningal kaayaan sapertos kitu, abdi apal, Engkang koma. Ciri-ciri
sapertos kitu biasana ‘pecah pembuluh darah’ dina mastaka. Dijajap ku
mobil pun adi, Engkang dibantun ka rumah sakit.
Kaleresan teu aya kelas nu kosong. Aya oge di mung VIP. Kedah sayagi
uang muka lima ratus rébu. Abdi mung gaduh satengahna. Tapi kénging
karinganan, sésana tiasa dibayar dinten Senén. Sabada diparios
sababaraha rupi pamariosan, Engkang lebet ka ruang VIP. Sasadérékan
ngawitan jul-jol ngalayad. Jol suster nu badé masang kateter. Jol deui
nu ngawartosan, “Ibu, ieu rémot kanggo AC, ieu rémot kanggo TV, ieu
konci kulkasna, tiasa dianggo,” pokna. Abdi ngarérét ka Engkang nu nuju
dipasang selang. Bari tungkul nahan cipanon nu murubut, abdi ngagero
nyambat jenengan Mantenna. “Ya Alloh! Kedah kumaha abdi némbongkeun
rasa tumarima? Nuhun Gusti, abdi dipaparin kasempetan kanggo ngurus pun
lanceuk kalayan utami, henteu ngagolér dina samak saheulay, disimbutan
samping butut. Sanaos hirup abdi mung ukur paspasan, sawios welas-welas
taun kedah bajoang kalawan tohtohan. Nanging abdi yakin, abdi henteu
sorangan. Aya panangan Salira anu tetep nungtun, tetep nuyun. Anu
nebihkeun tina sagala rupi wiwirang. Anu kawasa maparinkeun nu
pangsaéna kanggo sing saha anu dipilihna. Engkang bangun kulem tibra.
Abdi reumbay cimata pinuh rasa tumarima. “Nyanggakeun Ya Robbi, naon
baé anu baris tumiba, abdi moal mungpang kana Pangersa Salira. Nanging
mugi salamina aya dina rido Gusti.
Salami Engkang teu damang, teu tiasa pisan palémék. Engkang
ngalempréh, ngantos putusan nu baris tumiba. Abdi ngaheruk, neda
kasalametan dunya aherat kanggo Engkang. Neda dipaparin kakiatan kanggo
nampi naon nu baris tumiba.***
Bilih kuring mipit teu amit ngala teu bebeja, kalih bilih aya seratan nu teu kawidian pamugi neda widina. Hatur Nuhun
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Pangeran Jamban
Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...
-
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina s...
-
MOHON tidak berburuk sangka dulu, saya tidak berniat menulis seputar pornografi. Sengaja saya tulis dalam bahasa Indonésia, karena kata “mom...
-
Sikep idealis andika menyebabkan dia kesusahan menghindari hal yang bertolak belakang dengan prinsip hidupnya. Sumirah (umi) istrinya menj...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar