Muhun, da karaos pisan, Engkang téh bangun nu totomplokan miasih ka
diri abdi. Témbrés deuih, tina sikep sareng rindatna. Kalintang liuhna,
kalintang lindukna. Éta teuteup deuih, da kapan teu anteb sareng leleb
sapertos kitu ari teuteup nu biasa mah. Sanaos Engkang henteu betus gé,
sageuy mun abdi henteu surti onaman.
Mung nu sok janten éwuh téh, naha Engkang bangun nu teu isin mikarep ka diri abdi? Geuning aya rinéka basa:
Engkang mah salak ti hunyur
abdi mah supa ti huma
Engkang mah ménak pinunjul
abdi mah somah nu hina
Tuda leres, sadayana gé uningaeun yén Engkang téh pejabat tinggi.
Jalmi pinter. Jalmi terhormat sareng terpandang disarebatna gé.
Nyangking kalungguhan anu kalintang luhungna di masarakat. Bet abdi mah
kapan tumorojog ti suku gunung pisan, urang dusun meledug. Tuman
leumpang tijajalabud dina galengan atanapi di jajalaneun muru ka huma.
Tetebiheun turun unggah kendaraan sapertos Engkang onaman. Tara. Éstu
tara pisan.
Namung naha Engkang bet pirajeunan miasih bangun nu totomplokan?
“Naha teu kénging kitu upami Engkang leres micinta?” saur Engkang téh.
Lah, ulah kitu Engkang. Masing émut, ieuh, bilih awon balukarna.
Engkang téh tos kagungan garwa sareng putra. Mangkaning sanggem tadi gé
Engkang téh jalmi terpandang. Kagungan pangkat sanés handap-handap. Ku
sadaya pada mihormat, pada misepuh. Sageuy upami éta panghormat ti
sadayana dilalaworakeun sina lééh duméh kagendam ku wanoja pantar abdi.
Ulah, Engkang. Masing asak-asak ngéjo, bisi tutung tambagana. Ulah silo
pédah abdi sok pada nutur-nutur.
Aéh, enya, pada nutur-nutur sotéh da abdi mah sanés pédah jalmi
terpandang sapertos Engkang. Nanging ditutur-tutur ku nu butuheun ku
sora abdi. Pédah enya kana sora abdi sok aya nu nyebat halimpu. Ah,
genah sotéh da mungguh cék nu dadanguanana kareumpeukan ku pepengéng
baé panginten.
Leres, da teu ngabibisani. Cék batur mah sora abdi téh alus. Tumampi
abdi gé lebah dinya mah. Nembrak deuih, batur téh geuning bangun nu
katajieun pisan mun sakalieun abdi ngahaleuang di luhur panggung.
Ngahariring ku kawih panglipur bari mancangkrama.
Sakali deui, ngahaleuang luhur panggung téh da puguh abdi mah butuh,
sanés duméh tamba teu aya damel atanapi ukur sawates kalangenan. Henteu
Engkang. Numawi, Engkang mugi uninga, kanggo abdi mah panggung haleuang
téh éstu mangrupi lahan pakasaban kanggo nyumponan pangabutuh
sadidinten. Sanés, da sanés tamba hatur lumayan. Turta tebih deuih,
Engkang, pangasilan abdi tina ladang sakali ngahaleuang di luhur
panggung, éstu tebih tanah ka langit upami dibandingkeun sareng
pangasilan kagungan Engkang. Nguping wartos, kanggo sakali meeting baé gé Engkang mah geuning mani dugi ka tiasa nampi artos (naon geuning, insentif kitu?) mangratus tikeleun tina ladang mun abdi manggung.
“Pangkat mah da ukur semet sesebutan, Lis,” saur Engkang, “nu
tangtos, kaasih Engkang ka Lilis hamo kateug ku jenggléngan pangkat.
Nampana iwal ti kudu disasar ku rasa papada rasa, sina silipataréma.”
“Nanging Engkang teu acan uninga ka abdi nu sayaktosna.”
“Terang pisan,” saur Engkang deui téh, “numawi Engkang tohtohan gé.”
Emh! Nyaan, Engkang mah da geuning teu acan pisan uninga ka diri
abdi. Boa upami Engkang uninga mah, kana bakal teras miceuceubna. Teras
micua salalamina. Lah, saéna mah Engkang téh tos baé tong nepangan
deui abdi. Isin abdi téh, Engkang!
Nanging minggu kamari Engkang bet ngintun SMS, majar palay tepang
deui. Kapan tepang téh da teu acan lami? Kedah kumaha atuh abdi
ngawalerna? Abdi bet seueur kainggis. Numawi hapunten upami abdi henteu
teras ngawaleran. Tos kabadé ku abdi gé, inggis neras papanjangan.
Neras neleponan. Neras nga-SMS-an. Mangkaning Engkang mah sagala rupi
téh kedah baé disimpen dina handphone. Geuning gambar urang nuju paduduaan harita gé mani kedah diabadikeun dina handphone. Leuh, kumaha mun ibu uningaeun? Atanapi tuang putra mukaan SMS tina handphone kagungan? Panginten engké abdi janten muhara panuduhan.
“Bapa, ku naon nyimpen poto istri sapertos kieu dina handphone?” kitu panginten engké tuang putra mariksa ka Engkang.
Muhun, saéna mah urang lirénan baé. Lalakon urang sina tutug dugi ka
dieu. Atuh ieu sadaya raksukan nu parantos dipaparinkeun ka abdi mani
sakieu saraé sareng seueurna, mangga baé candak deui. Teras ieu giwang
sareng anting mangga baé deuih bilih badé dicandak ku Engkang, teras
dipaparinkeun ka ibu, ka… sumuhun, atanapi boa ka saha deui. Rupining
seuseungitan sareng parabot kanggo abdi dangdan, mangga téh teuing badé
dipundut deui gé. Badé suka baé abdi mah. Da aya di abdina gé geuning
mana sakieu abotna. Pangpangna mah isin, bilih nu sanés langkung ti
payun nyangki istri pangérétan ka diri abdi. Kawuwuh deuih abdi mah
kapan ku nu sanés gé sakapeung sok disebut ronggéng, sindén bekén,
atanapi penyanyi dangdut anu sok dianggap purah ngaruntagkeun rumah
tangga batur. Beu, narah abdi mah, Engkang. Sareng henteu deuih. Palias
teuing. Ngimpi gé diangir mandi!
“Da Akang mah rido, asal Lilisna baé bingah geusan nampina,” kitu geuning Engkang ngawaleran SMS abdi.
Ti dinya kalah teras deuih Engkang téh ngintun sagala rupi. Tas. Kacasoca. Kaméra digital. Handphone modél
anyar. Ngintunna ngahaja nepangan di tempat anu biasa; bari tuang
wengi, bari ngupingkeun lagu, bari silicepeng panangan, bari… ah! Ti
dinya Engkang maparinan deui raksukan weuteuh; lancingan jeans
ogé ieu mah kapan mérek luar negri, tangtos awis pangaosna. Teras
giwang. Ulah atuh Engkang, abdi mah mani kumeleper kieu nampina ogé.
“Tawis deudeuh baé ieu mah ti Engkang. Sanaos Lilis teu keresa
nampina, sawios ulah ditampik. Simpen baé dina lomari, étang-étang
wawakil jirim ti Engkang nu salamina mideudeuh ka Lilis,” kitu pisan
geuning saur Engkang téh.
“Abdi isin. Teu raos deuih bilih ibu uningaeun,” harita abdi maksakeun éngab.
“Henteu. Teu aya nu uningaeun lintang ti urang duaan,” cék Engkang
deui, “sing percanten Lis, Engkang mah micinta téh sanés pupulasan.
Éstu medal tina dasar ati.”
Enya, da éstu karaos pisan ku abdi gé, Engkang téh bangun nu
totomplokan miasih ka diri abdi. Nu teu patos kahartos téh, naha kirang
naon atuh ibu di bumi? Jalmi geulis, lungguh timpuh, soméah, sareng
soléhah, bari taya pisan cawadeunana? Enya, sakapeung mah mani sok tara
pisan kahartos ari adat-adatan pameget.
Ari mangkukna Engkang nga-SMS badé angkat ka Malaysia sareng ka
Singapur. Tugas ti kantor. Saurna badé studi banding perkawis
ngungkulan pasualan runtah sareng peningkatan kinerja pegawai. Bet
kamari Engkang ngintun SMS deui ka abdi, cenah nuju pelesiran di
Singapur. Geuning saur Engkang, Singapur téh Lis, kota sareng nagara nu
kacida éndahna.
“Nanging tangtos bakal langkung éndah upami Lilis aya di gigireun
Akang. Teras tuang wengi. Teras ngupingkeun lagu. Teras urang
silicepeng panangan. Teras… ah, Akang mah sono pisan, Lis!” kitu
terasna SMS ti Engkang téh.
Lah. Kantenan ku abdi gé henteu diwaleran. Inggis manjang janten
angen-angen nu mangprung ka alak paul. Bet temahna, SMS Engkang kalah
tambih rabul areunteup kana handphone abdi. Bosen nga-SMS,
teras Engkang neleponan. SMS-an deui. Teteleponan deui. Saur dina SMS
téh, Engkang tos manggaleuhkeun sapatu. Haturan abdi.
Beu, mani sagala rupi atuh, Engkang? Da tangtos, naon rupi nu
dikintun ku Engkang moal teu barang arahéng. Sapatu gé tangtosna sanés
pangaos nu mirah. Sageuy teu kitu onaman? Saur Engkang kénéh deuih,
mulih ti Singapur téh pajah badé mayunkeun nepangan abdi. Har? Naha bet
henteu teras nepangan ka ibu heula?
“Na teu sono kitu Lilis ka Akang?”
Tuh, kalah kitu Engkang mah ngawalonan téh!
“Ngahaja Akang manggaleuhkeun sapatu buatan Singapur kanggo Lilis,”
pokna, “lucu téh, Lis, modél panganyarna. Di Indonésia mah produkna teu
acan dikaluarkeun.”
Engkang, da abdi mah tara biasa mios kana pésta. Sumawonna kana
acara riungan jalmi-jalmi petingan sapertos Engkang. Naha bet
pirajeunan manggaleuhkeun sapatu sagala rupi?
“Duka kumaha temahna, upami Engkang wangsul, Lilis henteu mapagkeun
atanapi ngabagéakeun ku rangkulan sono bari pinuh ku kabingahan,” saur
Engkang deui panungtungan dina SMS.
Kumaha atuh Engkang? Ieu abdi kalah tambih dosa upami ras kana rupining kasaéan nu dikintun kalawan iklas tina manah Engkang.
Duh!
***
HAPUNTEN abdi, Engkang. Tadi abdi teu kasampak aya panginten nya
waktos Akang sumping ka rorompok? Kacipta, kumaha kuciwana Engkang.
Hapunten pisan abdi. Tuda ieu Pa Gugun Sugriwa, anggota legislatif
réréncangan Engkang téa, mani teu tiasa dipersabenan; keukeuh palay
disarengan ka Palabuan Ratu. Mung dua wengi da. Saurna lebar temenan
upami nyandak cuti henteu disarengan ku abdi. Ngahaja deuih saurna, tos
dijadwalkeun ti sasih-sasih kamari kénéh.
“Mulih ti Palabuan Ratu, ieu Avanza mangga baé teras anggo
ku Lilis. Sadayana gé da tos diuruskeun janten atas nama Lilis,”
nyarios kitu téh Pa Gugun mani sareng kedah ngarangkul geugeut naker.
Emh, kacipta, panginten Engkang nyanggakeun sapatu téh henteu bari
dipapagkeun ku rangkulan sono, sumawonna dibagéakeun ku abdi kalawan
kabingahan. Sareng tangtos, nu di rorompok mah bakal nyaurkeun upami
abdi nuju ngalayad pun bibi anu nuju teu damang di Wonosobo. Kitu kapan
abdi talatahna. Leres, tos kajudi, ku katerangan nu éta mah sageuy
teuing upami Engkang maksakeun anjeun teras nyusul ka Wonosobo!
Tos kacipta deuih, dina mulihna gé, Engkang téh tangtos moal teu
bari nogéncang ngalongkéwang. Turta tos kacipta deuih, kumaha werana
upami Engkang uninga yén nu ngiwat abdi téh satemenna Pa Gugun Sugriwa
pisan, sobat Engkang sagulung-sagalang dina sagala widang.
Duh, hapunten abdi, Engkang…
Enya baé, waktos abdi wangsul, dus sapatu pamaparin Engkang téa tos
nyampak na luhur méja. Kumeleper abdi gé mukana. Katampi Engkang. Aya
ku saé manah atuh Engkang téh, keresa mileuleuheungkeun ka diri abdi,
urang dusun meledug nu batan sakieu.
Tos dibuka dusna ogé ku abdi téh. Beu, mani seungit sareng sakieu
saéna. Tangtos awis pangaosna. Ti Singapur kapan saur Engkang gé.
Leuh, nanging naha geuning Engkang, ieu sapatu téh duanana bet nu palih kiwa wungkul?***
Bilih kuring mipit teu amit ngala teu bebeja, kalih bilih aya seratan nu teu kawidian pamugi neda widina. Hatur Nuhun
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Pangeran Jamban
Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...
-
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina s...
-
MOHON tidak berburuk sangka dulu, saya tidak berniat menulis seputar pornografi. Sengaja saya tulis dalam bahasa Indonésia, karena kata “mom...
-
Sikep idealis andika menyebabkan dia kesusahan menghindari hal yang bertolak belakang dengan prinsip hidupnya. Sumirah (umi) istrinya menj...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar