Éséy Cécé Hidayat
“Téng manuk téng, anak merak kukuncungan”
“Uyah mah tara téés ka luhur”
“Melak cabé jadi cabé, melak bonténg jadi bonténg”
nGAHAJA
dina ieu tulisan dibubukaan ku nyutat 3 paribasa Sunda. Maksudna mah
keur tatapakan pamiangan tujuan ieu tulisan. Dina paribasa kahiji jeung
kadua, eusina ngagambarkeun hubungan antara anak jeung nu jadi
kolotna. Lain hubungan génétis wungkul tapi hubungan patalina, adat
kabiasaan, tabéat, watek jeung sifat anak. Hadé goréngna anak
ditangtukeun ku bekel atikan jeung pangajaran ti kolotna. Ari paribasa
katilu, eusina nuduhkeun mun urang melak hadé tangtu jadina gé hadé,
melak goréng jadina goréng. Hadé jeung goréngna budak gumantung kana
pepelakanana ti nu jadi kolotna.
Anak,
sacara kodratna lahir dina kaayaan suci bersih lir kapas nu nyacas
bodas. Rék jadi hideung, rék jadi beureumna téh kapan kumaha kolotna.
Cara dina keretas téa mah budak téh lir keretas bodas tulisaneun. Rék
ditulisan ku nu rocét atawa ku nu rapih, gumantung ka nu nulisanana.
Sakumaha dina ajaran Islam gé aya hadis nu nerangkeun yén orok gubragna
ka alam dunya dina kaayaan suci bersih, rék di-Islamkeun,
di-Nasranikeun, atawa di-Majusikeun téh gumantung indung jeung bapa, nu
jadi kolotna. Kolot boga kawajiban nangtukeun pikaharéupeun anakna.
Rék sina hadé, rék sina goréng, rék Islam, Nasrani, atawa Majusi kumaha
kolot nu ngurus jeung ngatik ngadidikna. Di dieu, pangaruh kolot téh
gedé pisan dina lebah nangtukeun atikan jeung didikan ka nu jadi anak.
Jaman
baheula, para karuhun Sunda tétéla geus boga padika keur nangtukeun
papagon hirup anak incu buyut turunanana. Ajaran atawa papagon hirup nu
kitu téh ceuk istilah populérna mah disebut “Kearifan Tradisi” atawa
aya ogé nu sok nyebut “Kearitan Lokal” téa. Nya éta sarupaning ajaran,
aturan, padika, tetekon, papagon hirup jeung palasipah hirup nu asalna
tina “luang ti papada urang”. Cindekna gumelarna kawijakan hirup nu
turun-tumurun téh biasana ngeunteung tina alam sabudeureun. Contona
mangrupa babasan, paribasa, kapamalian, uga, cacandran, sanget,
rupa-rupa upacara adat, jampé-jampé, paparikan-sisindiran, jeung
sajabana. Eusina leubeut ku rupaning silib, sindir, siloka, simbul,
jeung sasmita.
Dina
ngalarapkeun papagon-papagon hirup téh, budak wajib narima jeung kudu
taat tur tumut kana aturan ti kotot. Naon baé nu diajarkeun ku kolotna,
mangka budak kudu daék nurut, teu meunang mungpang. Mun aya budak anu
wani-wani nambalang atawa mungpang kana naséhat-naséhat, piwejang sarta
wurukan ti nu jadi kolot, éta budak sok disebut sasar pikir, budak
wangkelang, budak bontongor, budak bangkar warah, budak teu nyaho di
kanyaah kolot, jeung sajabana.
Ari
sipating budak, kapan masih polos téa. Adat-adatanana éstuning bawaan
ti kodratna mah eusianeun kénéh. Mun rék ngarobah adat budak sangkan
jadi jelema cageur, bageur, bener, singer, jeung pinter téh nya ku
kolotna. Mun téa mah kolotna geus béak déngkak méré atikan jeung
didikan ka nu jadi anak, tapi éta budak masih kénéh teu bisa robah
adat, nya dalah dikumaha atuh. Antuknya sok lahlahan nyebut “Ah da geus
kitu wé meureun takdirna.”
Konsép
atikan kolot baheula, najan bisa waé can paamprok jeung ajaran Islam,
tapi geuning dina enas-enasna mah geus ngamalkeun ajaran Islam. Contona
lebah konsép “Amar ma’ruf nahiy munkar”, kapan kolot urang, Karuhun
Sunda geus wawuh jeung éta konsép. Aya ajaran panyaram lampah salah
jeung pangjurung atawa papatah pikeun lampah bener, nu nyampak dina
babasan jeung paribasa. Upamana dina lebah nyaram lampah salah, dina
paribasa nyampak mangpirang-pirang conto paribasa anu eusina nyaram.
Saperti: Utah biwir nyiru rombéngeun, ulah gindi pikir belang bayah,
ulah kabawa ku sakaba-kaba, ulah cul dogdog tinggal igel, ulah nangkeup
mawa eunyeuh, jeung sajabana. Kitu deui dina lebah nitah milampah hadé,
kapan réa babasan jeung paribasa nu eusina nitah migawé bener atawa
rupa-rupa kahadéan. Saperti: kudu hadé gogog hadé tagog, kudu leuleus
jeujeur liat tali, kudu ngadék sacékna nilas saplasna, kudu landung
kandungan laer aisan, jeung réa-réa deui.
Ari
nu boga kawajiban nepikeun papagon-papagon hirup jeung rupaning atikan
lian ti kolot téh nyaéta guru jeung ratu (pamaréntah). Lantaran nya
maranéhna pisan nu geus loba luangna dina kahirupan, geus loba
pangalaman hirup, jeung nyaho pait peuheurna hirup. Tapi pikeun budak
mah, peran kolot pisan anu kacida dominan mah, sabab nu di imah ngatik
jeung ngadidik budak sacara langsung téh kolot. Ari nu disebut kolot
téh, bisa indung jeung bapa, bisa nini-aki, atawa buyut urang. Tegesna
mah saha baé anu aya patalina jeung pakuat-pakaitna nasab tur
némbongkeun kanyaahna ka budak téa. Ku lantaran kolot téh jadi sumber
atikan pikeun budak, atuh sagala réngkak jeung paripolahna téh sawadina
jadi conto tuladeun budak. Aturan bebeneran anu ceuk ukuran kolot kudu
kitu, nya budak gé nurutan kudu kitu.
Kolot
urang baheula, saréngkak jeung saparipolahna téh éstuning tarapti jeung
ati-ati. Lebah nerapkeun ajaran atawa atikan ka budak tara ku cara
togmol atawa langsung nerag. Tapi sok dibalibirkeun ku rupaning
dongéng-dongéng pieunteungeun, dongéng-dongéng bangsa jurig jeung
dedemit, atawa ku nyieun aturan-aturan panyaram nu disebut PAMALI.
Kecap
pamali nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda LBSS (1994) mah cenah sagala hal
anu sok aya matakna nurutkeun kapercayaan karuhun, saperti ulah sok
lalangiran, pamali! matak ditinggalkeun maot ku indung; ulah sok diuk
dina lawang panto, pamali! matak nongtot jodo. Ari cék RA Danadibrata
mah nu disebut pamali téh nyaéta larangan sepuh urang anu maksudna teu
meunang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok aya matakna, upamana
lalaki teu meunang nyekel asiwung pamali matak peluh; ngomé béas pamali
bisi dijual ka oa; nu keur reuneuh teu meunang ngadahar intip pamali
bisi bali orok kaluarna hésé; nu keur reuneuh teu meunang ngadabar
tutut pamali bisi tunduh dina waktu keur ngalahirkeun jsb. Sedengkeun
R.Satjadibrata mah nerangkeun harti pamali téh nyaéta larangan karuhun,
upamana ulah nyoo seuneu, ulah nyoo béas, ulah nginjeum jarum tipeuting
jsb.
Cindekna
pamali téh sarupaning pantrangan-pantrangan anu kudu dijauhan, anu teu
meunang dipilampah, sabab lamun dirémpak bakal nimbulkeun mamala. Jadi
mun budak rék milampah hiji pagawéan anu teu parok jeung aturan kolot,
kolot urang baheula cukup nyebut “teu meunang, pamali, bisi matak anu…”
Ku kitu gé, budak téh sok tara loba tatanya deui, éstuning nurut wé da
maksudna kalawan lantip tur surti ku kolotna geus dibéjaan. Basana gé
cukup ku “Ulah kitu sabab bisi kitu”. Eusina siga nu nyingsieunan,
padahal disatukangeun lalangsé éta panyaram téh aya maksud anu nyamuni,
anu kudu disurahan, anu kudu dipikiran deui. Tah bakal kaharti jeung
kabukana rasiah éta silib, sindir atawa siloka dina éta kapamalian téh
lamun budakna geus jadi jelema sawawa, geus mikir déwasa, geus loba
luangna.
Upama
dipikir saliwatan mah asa anéh, naha ari kolot-kolot urang baheula ka
nu jadi anak téh sok loba pisan nyaram atawa mantrang? Jeung mantrang
atawa nyaramna téh ngan wungkul ka barudak deuih, da ka anu geus
sawawa mah tara, komo ka nu geus laki rabi mah tara pisan. Geura wé,
cenah dahar itu teu meunang, pamali; dahar ieu teu meunang, pamali.
Kitu deui ngalakukeun itu pamali, ngalakukeun ieu pamali. Sigana téh
ampuh pisan, cukup ku nyebut pamali gé, ku budak kudu digugu jeung tara
aya nu wani mungpang.
Kaalaman
ku sorangan, baheula, jaman keur budak, boh ku indung bapa, boh ku nini
aki sok remen ditegor pamali téh. Upamana waktu meuncit hayam, biasana
rék lebaran. Budak mah cenah teu meunang dahar cékér hayam, pamali, da
bisi tulisanana goréng siga cékér hayam. Atawa budak mah teu meunang
ngadahar tunggir, pamali sabab bisi engkéna dipangnunggirkeun. Kitu
deui bagian hulu hayam, budak teu meunang ngadahar hulu/ otak hayam,
pamali da bisi huisan. Anu matak keuheul mah lebah bagéan ati hayam, da
puguh ngeungeunahna, budak dicaram, teu meunang ngadahar ati hayam,
sabab cenah bisi jadi matak guranyih atawa bakal loba kasusah.
Conto
séjénna pantrangan kapamalian nu ditibankeun ka barudak téh, utamana nu
patali jeung daharéun. Saperti, teu meunang ngadahar cau sisina, sabab
matak kasingsal; teu meunang dahar jantung, sabab matak jantungeun; teu
meunang ngadahar cau démpét, sabab bisi engkéna matak boga anak démpét;
teu meunang beuki dahar suung, sabab bisi engkéna suungeun; teu meunang
dahar lopang, sabab matak belet; ulah beuki iwung awi gedé, matak édan
awi cawang; ulah ngadahar buah urut sésa kalong, sabab matak
rodék/burung susu.
Aya
deui panyaraman anu patali jeung pagawéan diantarana: ulah meuleum
batok, matak nyeri tuur; ulah meuleum daun cau baseuh, matak bau kélék;
ulah meuleum suluh ti puhuna, matak malarat pakokolot, jst.
Sakabéh
panyaraman-panyaraman di luhur anu kasebut kapamalian téa, lamun
dipikir saliwat mah siga nu teungteuingeun kolot urang téh. Hawek wé
sugan mah, rupaning kadaharan anu cék rarasaan mah ngeunah tur
dipikahayang ku budak, bet sagala dicaram. Padahal lamun disurahan
kalawan lantip tur surti, bréh wé kapanggih maksudna.
Apanan
kolot mah ngatik ka barudak téh ngarah nurut tur nerap, sarta dimana
geus sawawa atawa jadi kolot deui, rupaning ajaran téh diamalkeun.
Tétéla geuning aya maksud di satukangeun lalangsé kecap pamali téh. Di
dinya nyampak ajaran tradisional nu kudu disurahan kalawan wijaksana.
Kolot urang baheula nyaram soténan maksudna sangkan urang ulah boga
sifat hawek, sagala di dahar teu inget ka batur. Kapan pangawakan budak
mah kawatesanan, mangka dimana dahar gé kudu diukuranan ulah sagala
hayang, ulah sagala didahar, nepi ka matak méakkeun batur. Kitu deui
pantrangan-pantrangan nu patali jeung maké tur ngagunakeun tutuwuhan
atawa sasatoan. Sasatna lain teu meunang tapi ngatur sangkan ulah
dibéakeun. Jantung cau upamana, kapan éta téh pibabakaleun buah cau,
lamun jantungna diala terus dipaké kadaharan samemena, meureun moal
jadi buah. Atuh moal aya buah cau. Suung ogé kapan jaman harita mah teu
dipelak, tapi jadi ku sorangan. Mun terus diala sarta dijadikeun
kadaharan kalawan teu maké aturan, meureun gancang béakna. Tah éta téh
hiji gambaran yén kolot urang baheula mah wijaksana jeung nyaah ka alam
sabudeureun. Sagala nu nyampak di alam téh keur manusa, tapi teu
meunang sagawayah maké jeung ngagunakeunana, kudu maké aturan. Ku
aturan nu sifatna teu tinulis saperti pamali téa ge geus cukup, da
masrakat harita kukuh pengkuh, tuhu jeung taat disiplin kana aturan nu
geus dijieunna.
Kecap
pamali ogé tétéla ampuh pikeun ngaraksa jeung ngariksa kalumangsungan
lingkungan alam sabudeureun. Kecap pamali bisa nyegah pagawéan anu
bakal ngabalukarkeun ruksakna lingkungan. Upamana pikeun ngaraksa
jeung ngariksa leuweung, masarakat Sunda buhun, kolot urang baheula,
nyieun aturan mana leuweung anu meunang disaba, jeung mana leuweung anu
teu meunang disaba. Nya aya aturan nu ngabagi babagian leuweung jadi
leuweung larangan jeung leuweung tutupan nu dipahing diganggu, komo
deui diruksak mah. Ngan wungkul leuweung nu teu kaasup leuweung
larangan jeung leuweung tutupan anu meunang disaba sarta dicokot
mangpaatna. Jadi, asup ka leuweung tutupan jeung leuweung larangan mah
pamali pisan, sabab mun dirémpak bakal nimbulkeun mamala. leu téh
éstuning wijaksana jeung cerdas, sabab geuningan karuhun urang, kolot
baheula geus ngalaksanakeun konsép konservasi leuweung anu
ngalestarikeun leuweung katut pangeusina. Kaharti ku akal, kapan nya
leuweung nu jadi sumber nyimpen cai jeung nyegah tina bencana alam
banjir atawa longsor téh. Sabab mun leuweungna ruksak, sumber cai jeung
sumber alam, flora katut fauna nu aya di leuweung bakal ruksak nepi ka
béakna.
Aya
conto séjén anu patali jeung ngatur, ngajaga, ngaraksa jeung ngariksa
tutuwuhan nu nyampak di alam. Upamana dina lebah nuar tatangkalan, boh
kai, boh awi. Karuhun urang pantrang ngalakukeun dina 2 poé nu dianggap
sakral nyaéta poé Salasa jeung poé Jumaah. Naon sababna? Kapan poé
Salasa téh sok dipaké poé pasar, ari poé Jumaah, kapan poé ibadah umat
Islam, ngalaksanakeun sholat Jum’ah. Lamun unggal poé dina saminggu
diwenangkeun kitu waé nuar awi atawa kai, meureun bakal béak sagala
tatangkalan téh, pangpangna ari awi jeung kai mah sok dipaké bahan keur
nyieun imah. Pon kitu deui dina cara nuar awi, teu meunang sagawayah
tapi kudu dipilih tina dapuran awi anu pangjerona, anu umur awina geus
kolot, sabab lamun nu ngorana dituaran atuh bakal tumpur. Dina ngala
kawung ogé, anu méh saban bagian ngabogaan mangpaat, karuhun urang teu
sagawayah ngagasab tangkal kawung, tapi diatur ku tata titi nu rintih
maké upacara adat, ngahoramat kanu dianggap ngageugeuhna. Balukarna
tara aya tangkal kawung nu wani-wani diruksak, malah diraksa jeung
diriksa da ngahasilkeun lahang pigulaeun. Kitu deui cara melak
pepelakan, cara paré di sawah atawa di huma teu sagawayah, tapi diatur
ku papagon-papagon adat tradisi, ku cara maké upacara adat.
Lian
ti kapamalian, pikeun ngaraksa jeung ngariksa lingkungan alam
sabudeureun, pangpangna tempat dimana nyampak sumber huluwotan cai, anu
biasana mah sok dibarung ku ayana tatangkalan kai anu galedé, kolot
urang baheula nyieun aturan atawa papagon ku cara nyebutkeun yén éta
tempat téh SANGET. Ari sanget téh hartina dina éta tempat aya
sabangsaning jurig atawa dedemit anu ngageugeuh. Lamun digunasika atawa
diganggu komo deui diruksak mah, tangtu jurig nu ngageugeuh éta tempat
bakal mawa mamala. Ku cara kitu gé éta tempat téh aman, tara aya nu
wani-wani ngadatangan, sok komo ngaruksak atawa nuar kaina mah. Harita
mah dikitukeun téh percaya wé. Ku aturan ayana jurig nu ngageugeuh nepi
ka meunang sebutan sanget téa, sumber-sumber alam nu nyampak di dinya
jadi aman. Sirah cai atawa huluwotan cai teu diganggu, kitu deui
tatangkalanana ogé aman. Sabalikna lamun éta sumber cai jeung kaina
diruksak ku cara dibabad dituaran, geus tangtu caina bakal orot, malah
nepi ka saatna pisan gé teu mustahil.
Perkara
percaya ka sabangsaning jurig atawa siluman jeung bangsa dedemit téh
memang ampuh pikeun ngajaga, ngaraksa jeung ngariksa lingkungan alam
sabudeureun, lain baé ngariksa tutuwuhan tapi deuih jeung sasatoana
ogé. Contona lauk cai. Di daerah Kuningan, aya sabangsa lauk kancra
purba, anu ngan aya hiji-hijina di Kuningan wungkul. Ti baheula nepi ka
ayeuna tetep langgeng lestari, sabab teu aya nu wani-wani ngala, komo
nepi ka ngadahar laukna mah. Padahal éta téh jenis lauk nu kaasup
langka tur teu nutup kamungkinan saenyana mah mun didahar gé matak
ngeunah. Tapi ku lantaran diterapan aturan buhun ti karuhun Sunda
SANGET téa, éta lauk tetep abadi malah ngalobaan, tur ekosistemna ogé
dipiarajeung dipusti-pusti, henteu diganggu. Kiwari éta lauk tara aya
nu wani ngala, tapi ukur dipaké objék wisata di Taman Pemandian Air
Cigugur Kuningan.
Tétéla
geuningan, karuhun urang, kolot baheula, leuwih wijaksana jeung leuwih
cerdas lebah ngaraksa jeung ngariksa lingkungan téh cukup ku papagon
jeung aturan anu teu tinulis: PAMALI jeung SANGET. Hasilna nyugemakéun
tur ditarurut deuih. Ari ayeuna kumaha? Manusa alam kiwari, anu cenah
sok disebut jaman modéren dina nyangharéupan lingkungan alam
sabudeureun beunang disebut kabalinger, da geuning alam téh diruksak,
diéksploitasi jeung digunasika, nepi ka ruksakna. Atuh wawalesna téh
nya bencana alam jeung bencana kamanusaan. Banjir, longsor, caah
déngdéng, kalaparan, tigerat cai, hawa nyongkab panas, jeung sajabana.
Sigana,
urang nu hirup di alam kiwari kudu ngimpleng mikiran deui
papagon-papagon kolot baheula nu geus puguh benerna jeung puguh hadéna,
lebah miara jeung ngalestarikeun alam mah. Ulah aya basa katinggaleun
jaman, atawa dianggap kuno. Sapanjang aya mangpaatna jeung gedé gunana
keur kahirupan, naon salahna mun éta papagon-papagon kolot baheula téh
ditulad. Paling copelna, dipaké eunteung pikeun mangsa pikaharéupeun,
supaya anak incu generasi sapandeurieun urang salamet.
Mangga nyanggakeun…! Wallahu ‘alam bishawab…
Cag!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar