Taya sasaha. Simpé. Stasion karasa nyenyep.
Bangku-bangku péron ngabagug. Towong ku nu ngadongdon. Hareupeun
lokét, teuing ku lénglang. Ti tatadi, ti kamari, ti mangkukna, ti
minggu kamari, taya patugas nu mancén gawé. Pulisi jeung intél teu deui
ngulampreng deuih. Di dieu, di stasion ukur kuring sorangan.
Tapi karéta nu didago can baé datang. Kesel. Mun teu diuk na péron,
nyarandé kana tihang. Atawa neuteup deui jam dingding nu jarum-jarumna
ngabigeu teu daék laju. Kitu jeung kitu.
Rét deui kana jam nu ngadaplok. Sakapeung sok banget miharep,
jarumna ngadadak usik. Meureun lipur, aya batur keueung. Tapi henteu.
Jarum jam ngajeten baé. Angin deuih, bangun nu tara nyaba ka lebah
dieu. Taya kalakay nu marurag. Tatangkalan lir taya kasukaan
ngusik-ngendagkeun daunna. Betah baé, ngabigeu saendeng-endeng.
“Aya korék?”
Gebeg! Pulisi kitu? Teu apal ti mana holna, manéhna ujug-ujug geus
aya di dinya. Lalaki sapantar kuring. Beungeutna teu pati sidik. Intél
boa?
Kuring uyup-ayap kana saku. Da puguh geus lila teu udud. Nu nanyakeun korék téh ukur wasa dipersabenan.
Ku sarérétan gé karasa teu soméah. Teugeug, teu rengkuh-rengkuh acan. Boa enya intél. Lah.
“Dagoan baé, moal teu datang geura,” pokna bangun nu engeuheun mun
kuring geus lila ngadago karéta, “Ti beulah ditu biasana mah
ngurunyungna téh.”
Wani sumpah, nanyakeun gé henteu! Tapi manéhna miheulaan ngawalonan
kana kahémeng nu nyangkaruk jero dada. Saha? Boa enya intél?!
Padahal teu poék-poék teuing, tapi beungeutna can kénéh baé sidik.
Dudukuyna méh nutupan kana beungeutna. Jubah hideungna deuih,
ngarungkupan saaawak. Sambléhna baé salaput beuheung.
Enya. Saha téa manéhna téh?
“Kuring gé baheula kitu, lila ngadago cara di dinya,” pokna deui
bari gék rada anggang ti kuring, “Geus manjing kana waktuna mah, moal
burung ngurunyung.”
Tina lentongna mah asa lain intél. Tapi saha? Bet manéhna kalah miheulaan deui nyarita.
“Sakapeung sok hayang mulang ka alam baheula,” tuluyna téh, “hayang
meuseuh diri. Migawé kahadéan. Kasiksana mah ayeuna boga kalakuan nu
kulawu téh. Bayeungyang tangka nyongkab. Boa enya seuneu naraka, héabna
geus ngaléntaban tepi ka lebah dieu…”
Seuneu naraka? Kasiksa?! Kop kana dudukuyna. Lalaunan tuluy dibuka.
Katémbong lebah tarangna aya tapak tatu, hideung sakuku jempol. Lebah
palipisna deuih, aya nu ngageleng siga tapak ngadék. Kuring gé boga
céda tapak bedog lebah palipis, sésa tarung jeung si Rokiman, jéger
pasar. Tah ieu, karasa ngageleng kénéh. Untung teu keuna kana panon gé.
Bedog si Rokiman basa diheumbatkeun téh bisa katéwak. Geus kacekel mah,
asa laluasa ngahanca lebah dadana. Kecrék baé kana beuheungna.
Ngajurahroh kana susukan. Si Rokiman teu mangga pulia.
Kalakuan kuring gé kulawu! Pamajikan kungsi ngélingan sangkan
ngeureunan kalakuan nu kurang hadé. Sing éra atuh ku batur, pajar téh.
Ah!
“Teu betah saenyana mah hirup jumago téh,” rét manéhna ka kuring.
Tatu hideung lebah tarangna nu sakuku jempol rada ébréh. Geus kitu mah,
bat deui paneuteupna teuing ka mendi, “Saban poé asa diuudag ku musuh
jeung kabaluas. Éra deuih ku pamajikan.”
Pamajikan?! Teu nyangka bet siga kuring baé, manéhna cenah ngarasa éra ku pamajikan! Duméh hirupna kulawu?
Ah. Inget baheula keur jadi supir. Kungsi boga dunungan
pikasebeleun. Keuheul, teu cara ngala tanagana. Témpo mayar gajih,
rudet kabina-bina. Jaba sok sentak-sengor. Samarukna aing teu wani.
Maenya nitah nyokot émbér keur ngumbah mobilna, tutunjukna ku cokor
onaman. Nasteung nyaanna gé. Untung bisa kénéh nyabar-nyabarkeun manéh.
Teu ukur dikitu-kitu. Mun kuring elat meueusan barang gawé, tara
sakali dua kali ngadegungkeun. Mun henteu dunungan, nya badégana nu
hahaok téh. Cuih! Asa ngaleuwihan dununganana baé, lian ti nunjuk ku
cokor jeung dugang-degung téh, sok bari jeung poporongos sagala
badégana mah.
Dagoan siah koplok, sageuy aing gé teu wani onaman?
“Kuring mah kungsi ngagadabah dunungan awéwé,” tuluyna téh.
Gebeg! Asa kagebah. Kakara sadar, lalaki nu diuk gigireun can
reureuh natar lalakonna. Dirérét téh kalah ka anteng neuteup teuing ka
mendi. Tuluyna téh deuih, “Can sugema nénjo manéhna jejeritan, gaplok
ditampiling. Jerit deui, gaplok deui ditampiling. Kuring kalah resep
nénjo nu roroésan kitu. Habek deui kana irungna tepi ka getihan. Tuman.
Keuheul tuda ka salakina…”
Kuring ngabigeu. Reuwas gegedéna mah. Kitu kapan kuring gé. Boa
kalakuan kuring leuwih parna? Ka dunungan awéwé téh kuring mah kolu
jeung maragatkeun nyawana. Tah, waktu dunungan awéwé keur roroésan
kitu, ku kuring téh terus dirungkup ku bantal. Nu roroésan beuki
pakupis. Lila-lila témbong beuki leuseuh. Eungapeun pastina gé. Paduli
teuing. Lila-lila mah geuning teu deui roroésan. Ngulahék, tuluy
ngalempréh teu walakaya. Diragap, dunungan awéwé téh geus taya nyawaan.
Geus kitu mah, layonna geuwat diréndéngkeun jeung layon salakina nu
leuwih tiheula dicacag lebah dadana. Enya, ti dinya kuring laluasa
ngagalaksak kana perhiasan. Jam tangan. Handphone. Duit mangjuta-juta
milu karingkid.
“Apes baé meureun kuring téh,” omong manéhna. Kuring asa kagebah
deui. Tuluyna téh, “Basa luncat tina jandéla, sanggeus ngarampid
sagalana, anjingna ngagogog. Badégana nyaring. Tuluy milu moro bari
ngabar-ngabar bedog. Kuring lumpat kana bénténg. Gajleng luncat. Ti
dinya kabur mapay-mapay kebon. Ari sugan pulisi moal gancang datang.
Kuring diobrot ka tengah kebon. Beledag-beledag, sora péstol
tinghariung kerep pisan. Bebelasatan kuring norobos kebon. Beledag,
pélor péstol nenggel kana bitis. Karasa linu saawak. Bru, kuring rubuh.
Teu bisa kukumaha. Kuring dicerek, diakut ka kantor pulisi. Tah bisi
teu percaya…” cék manéhna deui bari némbongkeun bitisna nu aya tapak
tatuna.
Moal ditémbong-témbong kuring mah. Rumasa, kuring gé boga tapak
pélor na bitis. Caritana méh sarua. Ngan baé dina lalakon kuring mah,
sajeroning kuring kudu dibérok téh, majar pamajikan kuring béak
digalaksak ku badéga nu kurang ajar téa. Rangsak digadabah jeung
direrejét tepi ka hanteuna. Dasar badéga bangsat. Bangkarwarah!
“Kuduna mah lima belas taun di jero pangbérokan téh.” tuluyna téh
bangun laluasa duméh taya nu nyelang caritana, “Taun katujuh kuring
minggat. Luncat tina sarigsig. Kakaburan. Nyamar jadi jelema biasa. Na
implengan ukur aya hiji angen-angen: males kanyeri ka sibadéga nu geus
ngageugeuleuh ka pamajikan kuring. Bedul! Si koplok téh, kalah aya nu
miheulaan nyacag. Bati kekerot kuring gé! Handeueul duméh nyacagna lain
ku leungeun kuring!”
Tétéla, caritana réa nu sarua. Kateuing, naon maksudna manéhna cacarita siga kitu? Duméh intél téa boa!
“Panasaran baé caduna gé ka si badéga mah. Da mun hirup kénéh mah,
hayang pisan nyacag ngawalang-walang,” tuluyna téh deuih, “Ateul
tungtungna mah mun nénjo nu jumago téh, peureup sok hayang geura-geura
nonjok. Lila-lila mah kalah kuringna nu ngajago. Ateul cekéng gé.
Ngagalaksak. Kudak-kadék deui. Milu babadog deui. Ngagadabah deui.
Enya. Tah, pamungkas, kuring ngagadabah pamajikan babaturan pisan …”
Teu laju neruskeun caritaanana. Manéhna neuteup ka jauhnakeun,
bangun aya nu keur diumbar. Stasion kalah karasa beuki ngabigeu. Taya
angin humiliwir. Sumawonna kalakay nu marurag. Bet panumpang bangun teu
rék jebul-jebul. Simpé beuki ngabakutet baé.
“Kétang, lain kuring nu ngagadabah, awéwéna baé gélényéh bari
tumamprak,” tuluyna téh neruskeun caritaanana, “Kabeneran kuring keur
mabok arak….”
Kuring bati ngabigeu. Caritaanana téh bet bangun nu keur nataan
lalakon sorangan baé. Kitu pisan lalampahan kuring gé. Édah, kumaha
nyanéh béjana? Hampura, salaki nyanéh, kapaksa ditelasan. Enya, tadina
mah moal dilayanan. Ngan baé salaki nyanéh témbong buringas.
Nguwak-ngawikkeun balati gé siga nu kaeunteupan sétan baé. Puguh
gampang pisan meruhkeunana. Cukup ku guwar-giwar. Geus capéeun mah
geuning teu burung nyolontod diketig sakali gé. Hampura Édah, da tadina
gé inggis malik narajang, salaki nyanéh kapaksa dicacag. Emh, teu
sangka, méméh ngaleupaskeun nyawana, salaki nyanéh téh maké jeung
kungsi neuteup heula. Na panonna témbong mangyuta dengdem. Hampura
Édah….
Tapi moal, najan enya sarua gé carita nu ieu mah ku kuring moal
dicaritakeun ka manéhna. Nu matak kuring milih jempé. Rék dituturkeun
baé tepi ka mana leunjeuran kalakuan manéhna nu cenah kulawu téh?
“Da puguh pada-pada lalaki, si Surnawan, babaturan kuring téa téh ngajak ijén,” pokna deui.
Surnawan?!
“Kaharti, manéhna nandonkeun harga dirina duméh pamajikanana aya nu
ngageugeuleuh,” tuluyna deui, “Enya kuring nu salah cekéng gé. Tapi
lebah ditangtang tarung mah, piraku kudu medal sila. Der bukbek silih
arah ku seuseukeut balati.”
Manéhna teu laju cacaritana. Kalah ngarahuh, tuluy ngeluk deui siga
nu handeueuleun. Tuluyna téh, “Manéhna téh babaturan kuring. Tapi
kuring teu mikeun mun kudu paragat na leungeun manéhna. Nu matak kuring
nu miheulaan, niruk beuheungna. Méméh ngaleupaskeun nyawana, maké jeung
kungsi neuteup heula sakeudeung. Karasa, mun dipokkeun téa mah boa
manéhna téh ngancam, teu ayeuna sugan jaga, meureun. Kuring gé sebér
nangénan panonna nu ruhay ku dengdem. Tadina mah mun kaumuran kénéh,
Édah, pamajikanana téa rék dikawin baé…”
Jempé lebah dinya. Kungsi ngarérét deui ka kuring. Tuluy neuteup deui ka jauhna.
“Ti dinya terus kakaburan. Mangbulan-bulan,” omongna, “Tah, nya di
stasion ieu pisan kuring kakepung ku pulisi téh. Tadina mah rék terus
kabur kana karéta. Ngan pulisi leuwih gasik. Beledag-beledag
ngabekaskeun péstolna. Kuring cungcat-cingcet. Hanjakal bet ngarérét
heula ka pulisi. Enya da ti dinya pisan kapan ieu tarang téh ditembus
ku pélorna. Tah geuning tapakna, bolong sakuku jempol, nya? Ngajurahroh
kuring téh. Tiwas sapada harita…”
Tiwas sapada harita?
“Tamat tepi ka lebah dinya lalakon kuring kumelendang di alam dunya téh euy. .…”
Tétéla, naon rupa caritaanana nyeplés jeung lalakon kuring.
Ngagadabah pamajikan babaturan. Abur-aburan. Ditémbak ku pulisi.
Dorr!!! Pamungkas, kuring gé abur-aburan tepi ka stasion ieu.
Tapi saha manéhna téh. Moal kitu intél nu ngudag-ngudag kuring?
Kateuing! Anteng ditelek-telek. Kakara sidik, leungeunna buntung. Hag
siah, sarua deuih jeung kuring. Leungeun kuring gé bunting urut ijén
jeung si Rokiman téa di pasar.
Jung baé manéhna nangtung semu jumarigjeug. Pok waéh, “Dagoan baé,
moal lila gé karéta nu didago téh pasti ngurunyung. Hampura, kuring mah
geus kudu indit. Enya, seuneu naraka téh karasa beuki nyongkab. Héabna
puguh geus ngaléntaban tepi ka lebah dieu….”
Nyongkab?! Koloyong ninggalkeun kuring. Gebeg! Geuning sukuna gé pinced. Cara kuring baé. Beuki panasaran ka manéhna. Saha?
“Ké-ké-ké… urang can kungsi wawanohan!”
Reg manéhna ngarandeg. Ngalieuk ka kuring. Beuki ébréh, lebah
tarangna aya tatu hideung, bolong sakuku jempol. Méméh kebat
ninggalkeun, anteb pisan manéhna ngawalonan, “Sarpun. Ngaran kuring….
Sarpun!!”
Sarpun?! Éta mah atuh ngaran kuring!
Basa diudag, teu ku hanteu manéhna ngiles mantén teuing ka mendi. Sarpun?!
Ah. Simpé. Taya sasaha. Jam dingding nu ngadaplok jarumna geus lila
ngarandeg. Taya angin humiliwir. Taya kalakay nu marurag. Taya dahan nu
ngusik-ngendagkeun daun. Simpé. Stasion téh beuki lila beuki nyenyep.
Bet ayeuna karasa aya nu merebey lebah tarang. Dicabak, horéng getih
lalambaran. Leng…, getih ti mana? Basa dicabak deui, bet aya nu bolong
sakuku jempol. Beu!! Kakara inget, enya, basa tadi rék luncat kana
karéta téa, pulisi ngabekaskeun péstolna, némbak kuring. Pélorna
nenggel pisan kana tarang. Kuring tuluy ngajurahroh. Kapan tiwas sapada
harita! Sapada harita!
“Dagoan baé, karéta nu didago moal lila deui bakal ngurunyung…” kadéngé deui sora manéhna lapat-lapat.
Ah. Karéta nu didago, moal lila deui majar bakal ngurunyung.***
Bandung, Séptémber 2005
Bilih kuring mipit teu amit ngala teu bebeja, kalih bilih aya seratan nu teu kawidian pamugi neda widina. Hatur Nuhun
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Pangeran Jamban
Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...
-
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina s...
-
MOHON tidak berburuk sangka dulu, saya tidak berniat menulis seputar pornografi. Sengaja saya tulis dalam bahasa Indonésia, karena kata “mom...
-
Sikep idealis andika menyebabkan dia kesusahan menghindari hal yang bertolak belakang dengan prinsip hidupnya. Sumirah (umi) istrinya menj...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar