Manéhna teu pisan boga alesan, naon nu jadi pangjurung saban peuting cindekul sorangan di tempat nu kacida tirisna, handapeun tangkal akasia nu ngarunggunuk tur pikakeueungeun. Komo mun halimun geus turun. Poék mongkléng buta rajin. Aéh, henteu kétang, da aya kénéh cahaya nu nyorot tina lampu konéng nu anggangna sababaraha méter ti lebah éta tangkal. Lampu nu célétré jiga panon nu keur katarajang kasakit. Euweuh mangpaatna. Komo deuih da unggal sapuluh menit sok ces wé pareum, terus hurung deui, pareum deui. Kitu jeung kitu saparat peuting. Jadi di éta tempat téh mimindengna mah meredong.
Nu lian mah tangtu geus talibra, pikirna. Manéhna terus mikiran jalma-jalma nu garawé kantoran. Wayah kieu téh kudu geus héés, sangkan bisa hudang subuh. Kitu deui nu sok dagang di pasar, atawa pagawé lianna nu tangtuna gé perlu saré sangkan teu nundutan isukna. Meureun, pikirna. Manéhna teu hayang nyangka nu lain-lain, teu hayang suudon. Pangpangna mah manéhna teu nyaho naon deui nu kudu dipikiran ngeunaan maranéhna saterusna. Da asana moal aya paédahna mun téa mah aing nyangka yén di ieu komplék téh réa koruptor, atawa bangsat jadug, nu keur gulinggasahan bari meusmeus ngimpi katinggang palu hakim nu gedéna sarua jeung angkot. Heuheu. Manéhna seuri. Ngadadak asa boga pigawéeun, nyaéta nyambungkeun kanyataan nu sakapeung kapikiran ku manéhna yén imah-imah di ieu komplék téh éstuning saligrong pisan. Asa nyambung mun ayeuna manéhna nyangka éta kabéh hasil tina korupsi. Tah siah. Da moal enya ladang ngabangsat leuleutikan mah.
Aéh…
Manéhna ngusap beungeut, tuluy ngéprétkeun leungeunna jiga nu keur miceun kokotor. Ngadadak hayang ngagorowok ménta dihampura ka pangeusi komplék nu keur diupat. Najan maranéhna teu wawuh jeung aing, tur aing sorangan teu hayang wawuh jeung maranéhna, teu hadé ari nyangka goréng mah, pikirna.
Tapi teu tulus ngagorowokna téh. Dadana ngemplong mantén. Sanggeus menerkeun silana, kelepus-kelepus ngenyot udud. Lebah dieu mah karasa mangpaatna ngaroko téh, pokna ka dirina sorangan. Ras inget deui ka anak pamajikanana nu keur talibra di kamar. Sakapeung mah sok hayang manéhna gé milu ngagéléhé na kasur, terus tibra babarengan. Atawa ngahudangkeun pamajikanana, ménta diusapan lebah pingping. Tapi manéhna sok teu téga, mun geus nénjo anak pamajikanana ngararéngkol pules téh. Malah sok kalah ngarasa jadi jalma pangbagjana sadunya, lantaran geus bisa masrahkeun katibrana ka maranéhna. Manéhna yakin, yén katunduh ilang tina panonna téh lantaran geus ngarasa cukup ku nénjo maranéhna tibra. Mun geus kitu, manéhna sok jéjéngkéan kaluar ti imah, muru ieu tempat.
Rinéh pisan manéhna ngenyot udud. Laluasa nyeuseup hawa. Asa jadi hiji-hijina jalma nu masih kénéh bisa mibanda peuting nu tingtrim.
Peuting na palipis kuring, lain simpé nu hianat na tungtung jamparing. Najan aya tatu nahun, sanggeus kasibat ku seuseukeut halis anjeun…
***
KORÉK api hurung. Roko panungtung. Manéhna ngarasa cikénéh aya beurit sagedé pigeulang leungeun ngagilisir kana sukuna. Mahluk leutik nu dina kanyataanana mah éstuning pikageuleuheun pisan. Tapi kabagjana nambahan, alatan geus méré rasa aman ka éta sato tepi ka teu ngalaman digunasika, bésa jeung mun si beurit ngagilisir kana suku batur. Manéhna ngagerendeng. Haténa nganuhunkeun ka para pamuda nu geus nyieun éta tempat pikeun manéhna bagadang, tur di tempat ieu pisan sakapeung manéhna bisa nyieun kahadéan.
Kuduna mah aya hitar, gerentesna. Kacipta betahna mun téa mah aya hitar, terus manéhna bisa ngamaénkeunana. Tapi kétang, leuwih hadé euweuh sora nanaon. Jeung deuih saha nu kungsi nyaksian tur bisa ngajelaskeun ka manéhna yén ieu korsi téh bener-bener dijieun ku para pamuda? Saha nu nyaho ieu korsi téh mucunghul sorangan tina jero taneuh, minangka hiji kaahéngan?
Kajeun teuing ah ari kitu mah, pokna nyoara. Halimun ipis nu can lila turun, teu kanyahoan ujug-ujug geus ngandelan. Manéhna menerkeun seléting jékét. Kaayaan éstuning pikabetaheun, lantaran taya deui jalma lian nu kiwari bisa layeut jeung katingtrim peuting. Manéhna ras inget kana puisi nu ditulis méméh kaluar ti imah. Kétang, lain puisi, tapi catetan pondok nu sabréhan mah jiga puisi. Atawa mémang puisi nu kitu téh? Sabenerna mah euweuh bédana, naha puisi atawa lain kalimah nu dikotrétkeun dina salambar keretas nu terus dipiceun ka susukan nu aya di luareun jandéla imahna téh. Nu puguh mah pagawéan rutin cutat-catet méméh kaluar ti imah téh temahna matak genah kana rasa. Heueuh. Aya wé tuliskeuneun téh. Tapi manéhna teu ngarasa capé najan kudu ngadekul tepi ka pundukna bengkung gé. Malah mun ayeuna mawa keretas jeung pulpénna mah manéhna gé hayang nulis: halimun lir jubah Ambu Parancah, nu rék nyihir beurit leutik sangkan jadi sobat simpéna. Gegedoh nu namper tina cahaya bulan, jadi batu nu marakbak dina imah simpanganeun. Jeung saterusna. Atawa mémang kalimahna ngan sakitu. Atawa bisa waé ditambahan deui saeutik: kuburan nu saéstu, pikeun sakabéh hariring nu geus disatru.
Manéhna sok nyangka kalimah-kalimah nu sarupa kitu, nu mamaksa ménta dikotrétkeun, nu sok ngalantarankeun sirahna ngadadak jangar teu pupuguh téh. Kalimah nu sakapeung mah jiga cai ngaburial tina huluwotan kaguligahna. Tapi nya kulantaran éta pisan manéhna sok ngarasa hirupna téh masih kénéh mibanda kaéndahan.
Sakapeung mah méméh dipiceun ka susukan téh tulisanana sok dibacakeun heula gigireun pamajikanana nu keur tibra. Miharep yén nu aya dina impian pamajikanana téh ukur manéhna. Réngsé maca, manéhna tara terus cengkat. Nu keur tibra téh diteuteup anteb. Manéhna bisa waé ngahudangkeun éta wanoja, ku cara ngaharéwos kana ceulina atawa ngarampa dadana. Terus babarengan mulaskeun warnaning peuting tina pacampurna késang dua awak sataranjang. Mulas langit mulas jagat mulas sakapat duriat. Sanggeus réngsé saré deui, tur teu kudu silih takon ngeunaan naon nu cikénéh dipilampah. Aya kénéh impian nu geus jadi hancengan séwang-séwangan. Impian sorangeun di dua tempat nu nenggang, di mana kereteg séwang-séwangan teu bisa silih anjangan.
Tapi mimindengna mah manéhna teu wani ngaganggu. Dibarung kaasih nu hamo bisa kataker, manéhna ukur wasa neuteup, terus menerkeun simbut sangkan nutupan hariguna. Manéhna micinta éta wanoja. Kacinta nu leuwih anteb karasana mun keur ditataran ti tempat nu tingtrim jiga di dieu. Handapeun akasia. Tempat nu muklis dipimilik ku manéhna. Nu laluasa waktuna pikeun manéhna mitineung jeung ngarasakeun deui sagalarupa kaéndahan nu kungsi kalakon. Geus réa puisi nu ditulis keur éta wanoja téh. Puisi-puisi—atawa naon waé ngaranna—nu kiwari sumebar di tiap tempat nu kungsi kaliwatan ku léngkahna.
Kalan-kalan osok ogé manéhna mikiran wanoja lian. Boh nu wawuh atawa nu teu kungsi diwanohan. Nu kungsi raket atawa nu ukur tepung saliwatan. Nu kungsi nyosok jero atawa nu ngan ukur sarindatan. Wanoja-wanoja nu sakapeung jiga keretas warna-warni, nu mun seug ditulisan téh teu sakabéhna bisa jadi alas pikeun aksara nu pertéla.
Ras inget ka salah saurang wanoja nu ku alatan réa teuing ngaranna, jadi hiji gé euweuh nu bener-bener bisa napel na ingetanana. Manéhna tepung jeung éta wanoja di hiji tempat nu teu penting na hiji peuting nu teuing iraha waktuna. Tepung ukur kabeneran, pikeun hiji carita nu gancang pisan lekasan. Basa panggih jeung manéhna éta wanoja téh keur neuteup béntang baranang, nya ku lantaran éta, manéhna dingaranan si béntang dina sababaraha puisina. Manéhna nulis: béntang nu kumelip na jangjang peteng, lebah soca salira satemenna baris nyanding, kasono jeung karaha tina seuseukeutna takdir kuring…
Éta puisi terus digalantangkeun ku manéhna na luhur jambatan simpé. Si wanoja seuri terus ngarangkul bari ngaharéwos; geus lila kuring nungguan ajal, naha bet kalah anjeun nu datang téh?
Ka losmén murah nu hawana bangun geus mangabad-abad ngagibleg, walungan tina dadana ngamalirkeun caah rongkah. Isukna maranéhna pisah, tur teu kungsi tepung deui. Manéhna kungsi néangan éta wanoja, tapi lebeng teu kapanggih. Pikeun ngahibur diri manéhna nyieun kacindekan sorangan, yén éta wanoja téh geus maéhan manéh di hiji tempat duka iraha jeung di mana.
Tapi kalan-kalan si wanoja éta pisan nu sok katémbong tibra na ranjangna, nu dicium lalaunan saacan manéhna rerencepan kaluar ti imah terus diuk di ieu tempat. Kalan-kalan deuih awéwé lian nu béda pisan keureutna nu ngaréngkol ngeukeupan budak di kamarna téh. Manéhna geus biasa boga téténjoan nu anéh, nu ahirna teu paduli naha saha nu sok tibra na ranjangna téh, jeung naha éta budak téh anakna atawa lain. Duanana gé sok dicium deudeuh pisan méméh manéhna kaluar téh.
***
HANDAPEUN akasia halimun geus neureuy sakabéh cahya. Sakapeung beurit nu tadi datang deui, ngagilisir kana sukuna. Reungit wéh nu napuk kana sirahna, nu ngalantarankeun di ieu tempat masih kénéh aya sora lian ti ketug jajantungna.
Éta gé kungsi aya nu ngaliwat, tur ku manéhna ditanya, “Manawi sadérék meryogikeun péso raut atanapi balati?”Tapi nu ngalalar téh hiji gé euweuh nu ngajawab. Malah saterusna mah manéhna sadar, yén sabenerna euweuh jalma nu ngaliwat ka hareupeunana sok komo deui jalma nu butuheun péso balati. Pésona gé malah duka di mana, geus dialungkeun ka tempat nu hara-haraeun. Tapi kalan-kalan sok karasa yén éta péso téh nyelap kénéh na beubeurna.
Manéhna kungsi nulis puisi husus keur éta péso, tapi teu kungsi trét. Nya ku lantaran éta puisina gé teu pernah aya.
Rét kana pigeulang leungeun. Manéhna teu pernah maké arloji. Geus lila malah manéhna teu maliré kana itungan waktu. Di imahna mémang aya jam dingding, tapi éta gé ukur dirérét pikeun mastikeun naha jarumna masih kénéh muter atawa henteu. Jam nu teu pernah nyambungkeun ingetanana kana nanaon. Najan sakapeung mémang sok katémbong jiga tatu nu gudawang. Atawa beungeut hiji indung, duka saha, hiji awéwé nu kungsi miceun anakna nu teu bisa dipastikeun deui naha éta orok téh bener-bener manéhna atawa lain. Tapi mémang kungsi aya nu nyarita ka manéhna yén waktu manéhna kapanggih na wadah runtah basa keur orok téh beungeutna teu béda ti béker nu hayang ngancurkeun waktu.
Kalan-kalan jam dingding di kamarna pisan nu bener-bener dianggap batur hirupna. Sabot manéhna nuliskeun puisi nu teu kungsi bisa dijorowokkeun deui ka sasaha. Mindeng pisan manéhna hayang ngakurkeun ketug jajantungna jeung tiktek jarum jam, tapi hésé. Jajantungna teu pernah bisa nyaluyukeun diri jeung waktu. Kalan-kalan jamna gé kalah katémbong pikasieuneun, tapi manéhna teu boga kakuatan pikeun nelasanana. Jiga harita, poéan manéhna dipecat tina pagawéanana di hiji pabrik. Atawa basa manéhna geus ngarasa bener-bener jadi runtah sanggeus jalma nu sok dilayanan birahina, boh awéwé atawa lalaki, hiji-hiji nolak kadatanganana. Jam dingding sakapeung sok baranahan minuhan tembok kamar, raranggéténg ku sihung, lir nu ngahaja diutus ku takdir pikeun nyangkalak dirina.
Kuring nu disupata purnama, dihukum ku kabagjaan nu taya jirimna. Abringan lalay geus minuhan langit, nakleuk tina 1000 tangara. Na saha nu geus leungiteun kasedihna, nu geus minuhan ieu dada ku kalakay sareupna?
Manéhna mulang. Di sapanjang gang katémbong tapak sapatu harurung. Tangtu lain tapak dampal sukuna. Sakapeung manéhna nénjo awéwé nu keur kakandungan ngagantung manéh di hiji buruan, tapi sok ilang mun disampeurkeun. Sakapeung sok kaambeu hangru getih, terus nyelengseng seungit kembang.
Manéhna ngahariring pikeun sakabéh kaahéngan nu kadéngé jeung katémbong. Pikeun sakabéh rasa nu sumélékét kana sesela simpéna. Tepi ka imahna nu ukur sarohangan, manéhna diuk na hiji-hijina korsi. Rét kana ranjang nu kosong. Kakosong nu témbong hurung na sésa peuting nu bangun rék jadi peuting panungtung.
Lembur, 1 Oktober 2006
Tidak ada komentar:
Posting Komentar