Panonpoé lir nu sungkan nyuaykeun indung
peuting. Cahyana teu gumebyar kawas hibarna isuk-isuk nu unggal poé
dilakonan. Alum. Wuyung. Malah semu-semu kingkin poé téh. Tatangkalan
kawas nu tarungkul. Daun-daunna mararungkut teu matak ngirut. Héjona
teu ningtrimkeun ati, tapi matak marudah jeung sumoréang.
Reup sakeudeung. Gerahna isuk-isuk leungit. Méga hideung nu
ngadingding bet ngepriskeun cipanon. Hujan. Cahya pajar timbul deui,
tapi hujan angger kerep. Hujan poyan. Asa keueung, nempo pajar bet siga
layung. Isuk-isuk. Lamun hujan poyan atawa layung rada katutupan méga
téh kuring mah sok keueung, lain deui ketir. Asa-asa rék kiamat. Komo
pareng nempo kelewungna langit; asa rék bru baé nindihan jalma-jalma nu
teu walakaya dina suasana nu matak ketir.
Duh Gusti, abdi ogé kiamat. Dada dulugdugdag. Napas ngahanju. Ser
getih asa tinggeleser. Siak, puriding bulu punduk carengkat. Kuring
rarat-rérét ka sakuriling. Gebeg. Geuning kuring téh ngagolér, tuluy
maksakeun cengkat…Astagfirullahaladim. Gusti… tulang asa rék lalocotan,
leuleus taya tangan pangawasa.
Panon panas tikoro garing. Berebey cipanon bijil. Maju lalaunan
mapay palipis, puyar dina buuk nu kumusut. Buuk kuring. Teu karasa
leungeun nyasaran buuk nyagapan sirah. Tah Beulah dieu…aduuuh.
Enyut-enyutan. Peuting mah asa rék coplok buuk téh tina sirah. Gusti!
Téténjoan burem, tapi maksakeun manéh. Nelek-nelek sakuriling bari
ngagolér. Teu wawuh. Kuring ogé aya dina luhur ranggon. Di mana boa?
Tiwu paselang jeung sulanjana. Tiwu? Gula? Di Jawa kitu? Ah lain. Di
mana atuh? Na kuring téh rék ka mana karah?
Gebeg deui. Kuring téh rék ka ondangan ka Subang. Inget kamari téh
ti Garut maké erok beureum kembang-kembang. Ka luhurna blus katun warna
bodas. Leungeun kuring hideng nyasaran baju. Cipanon beuki murubut waé.
Lebah pinareup, taktak, jeung beuteung…rangsak. Ngarampa erok lebah
pingping sigana soék. Pingping? Paingan asa nyecep ti tatadi. Pingping
kuring ngaliglag. Erokna nyéngléd nepi ka puhu.
Celetit aya nu nyeri. Kuring nyagap palebah dinya. Gustiiiiiii!!!!! Kuring ngajerit sataker kebek. Les poék-mongkléng.
*
Geuning Nia mani geulis kitu. Hurung-hérang matak sérab nu ningal.
Komo ningal rarayna nu moncorong cahayaan. Budak tara dangdan. Tara
dilipen-lipen acan. Ari ayeuna? Meni geulis, meni manis, meni nyari,
meni moncorong matak kalinglap. Enya geuning ceuk nini, lamun raray
tara diropéa dina harti teu ngageulis kaleuleuwihi, cukup baé damis
diwedakan, engké di mana panganténan bakal moncorong cahayaan. Ah,
tahyul ceuk Si Éla mah… tapi asup logika da, Éla. Geura wé lantaran
tara dangdan, nya sakalina dangdan matak kalinglap batur. Matak tong
dicoo teuing tah damis, lambey, jeung kongkolak soca téh, Séla. Matak
moal moncorong lamun manéh engké kawin. Tapi kétang da biwir Si Éla mah
geuneuk balas sering digemol ku Si Adin ku Si Danton. Matak pantes
dilipensetipan baé, nya?
Aéh, naha bet kuring jadi nalingakeun Nia? Ti mimiti didangdanan
isuk-isuk nepi ka ucul-ucul kekembangan cucuk gelung jeung gelungna di
jero kamar. Jam sabaraha ieu? Geus lekasan kitu hajatan téh? Itu Létda
Agus—enya gedé milik Nia mah, kaluar ti SMIK (Sekolah Menengah Industri
Kerajinan) di Tasik téh tuluy dicangcang ku perwira. Sataun ti harita
réndéngan—nu ayeuna jadi salakina, horéng sarua aya di kamar. Tuh
nyampeurkeun ka Nia sanggeus nutup jeung ngonci pantona. Nia nu éraan
alangah-éléngéh baé bari tuluy tungkul.
Enya, bener sepi. Abong di lembur. Meureun hayang rinéh Létda Agus téh ari kawin di lembur mah. Jam leutik Hello Kitty nunjuk
angka salapan. Paingan. Éta cihcir jeung caricangkas mani begér. Naha
henteu aya kariaan kitu? Ooh, inget ayeuna mah, kapan aya pangajian
peuting kamarina, kitu unggelna dina ondangan ogé. Kuring
unggeuk-unggeukan.
Getih kuring milu ngagolak. Aduh, naha kuring milu nyaksian nu keur
ngumbar kaasih meuntas jambatan kacinta tuluy kukucuprakan dina cai
katresna? Aahh. Kuring nguliat, kabawakeun adegan nu buligir,
taranjang, nyolok mata buncelik, hi..hi.. jadi inget ka Ineu. Kitu apan
ceuk manéhna gé.
Tapi ieu seuneu naha milu hurung, bareng jeung peureumna Nia tuluy
ngégél biwir handapna. Muringis. Ah Nia… padahal tadi katingal enjoy pisan waktu dirungrum ku salakina. Ku naon Nia téh? Nyeri atawa nimat? Nyeri nya? Maenya maké nyeri sagala? Pan cenah honeymoon,
amis, kareueut, nimat. Tapi geuning Nia siga nahan rasa kitu. Sedeng
Létda Agus tuluy negarkeun kudana. Lumpat tuluy, naék, naék… Hayoh sing
kuat Nia…sing nepi. Tong éléh ku lalaki. Kuring nyumangetan dina haté.
Waktu Létda Agus nyorosod tina awak Nia. Katingal Nia nangis. Bet
ceurik Nia mah. Létda Agus lalaunan nyium tarang Nia, tuluy … Ééh siga
teu kaget teu sing. Malah siga geus pangalaman. Meureun kétang. Éta wé
teu katémbong riweuh, antaré jeung tenang baé. Atawa meureun manéhna
mah militér? Geus biasa dina latihan nyanghareupan sagala nu
pikareuwaseun nepi ka panganténan ogé dianggap latihan perang? Duka
kétang…
*
Ari ceuk Si Éla mah. “Resep, Ti. Boro-boro nyeri, resep puguh gé. Da urang mah bari nongton kituna gé.”
Na ari Si Séla, rasiah sorangan mani teu didingding kelir. Manéh
mani teu percaya ka urang. “Da Siti nyantri. Alim. Jadi kuring percaya,” cenah. Ih, Si Éta lain éra ku kuring téh. “Atuda Siti mah tara barang geureuh jaba carang takol, nyarita sabedug sakali.”
Puguh sok ngarasa dosa mun Si Éla nyaritakeun pangalaman éta téh.
Dosa. Teu bisa ngélingan teu bisa nyaram jeung ngomongan. Lain kitu
wungkul kétang, waktu disodoran buku teu uyahan ogé, enya mimitina mah
kuring téh éra jeung kumaha mah. Tapi sanggeus dipaksa, kuring jadi
maca. Dina haté kuring tuluy baé nyangkaruk dosa nu beuki kandel. Dosa
bet ngarasa resep jeung nimat. Nepi ka sok tuluy ka cai…
Komo waktu ngadéngé Si Éla nyaritakeun pangalaman tea. Kuring jadi
resep bari degdegan. Munapék meureun kuring téh. Hayang nyaram tapi teu
mampuh. Jeung kumaha atuh. Si Éla pinter pisan ngadongéngkeunana…
“Siah, Ti. Enya mimitina mah tina maca, Éla téh dibéré nginjeum ku
Si Danton. Tuluy diajakan nongton pilem. Sakali, dua kali, tilu kali…
nu kaopatna Éla teu kuat. Getih sur-ser naék kana sirah. Sabulu-bulu
milu cengkat. Éla asa ngalayang. Waktu Si Danton nguculan bajuna, Ela
mah geus sabeuleugeunjeur. Nya éta meureun langit katujuh téh, Ti.
Tuluyna mah…”
*
Ela!!! Nia!!! Kuring ngajerit ngageroan maranéhna. Tapi taya sora nu
kaluar, ukur angin nu ngusapan, niup ngeprisna hujan nepi kana beungeut
kuring. Nyah kuring beunta. Masih kénéh di ranggon kebon tiwu.
Ti Garut téh jam 10, muru soré ka Subang, da rék ngéndong ieuh. Kitu
jangji kuring ka Nia. Ari kuring kakara harita ka Subang téh. Clak
tumpak kana élep ti Lédeng. Diuk dina jok pangtukangna, nu awéwéna ngan
kuring sorangan, lalaki tiluan. Aya ku kayungyun para pamuda, keur
kasép téh balageur deuih. Nyaritana oge lalemes. Cenah mah rék ka Patok
Beusi, sarua jeung kuring. Asa boga batur. Jadi wéh tuluy ngobrol.
Duka palebah mana éta para pamuda téh ngajakan turun. Dina pikiran
bakal bareng ieuh, kuring nurut. Tuluy naék angkot dua kali. Dalahar
heula di warung leutik, da lapar kuring gé. Sanggeus dahar kuring bet
jadi lieur, leumpang gé sosolontodan, rék labuh. Ku nu tiluan
diréréyang, dicarekelan. Dibawa, tuluy dibawa. Leumpang, tuluy
leumpang. Ngasruk, tuluy ngasruk. Antara inget jeung henteu kuring
narah dibawa leumpang, da atuh bet jadi ka nu paroék. Keur mah eukeur
wanci maju ka magrib.
Kuring kalah ka tuluy digusur. Digusur. Maranéhna kawas nu kaédanan.
Awak kuring dicagapan, baju dirangsadan, buuk ge dijarenggutan, kawas
nu gemes naker. Kuring ngalawan. Tapi aya ku lungsé-lungsé teuing,
leungeun gé ngulapés deui-ngulapés deui.
***
“Euy, aya awewe di ranggon!”
“Mana?”
“Tuh ngagolér.”
“Hayu urang sampeurkeun!”
Kuring ngulisik. Maksakeun beunta. Hayang nyalukan tapi euweuh
soraan. Haroshos. Leungeun kuring gupuy-gapay. Ménta tulung. Lalaki
duaan nyampeurkeun. Nu saurang ngagolérkeun topi samakna nu baseuh
deukeut kuring. Nu saurang deui ngarengkog bari neuteup kosong.
“Kang?!” aya isarat na panonna.
“Deudeuh teuing?!” ceuk nu disebut Akang bari ngaragamang.
Kuring gigideug. Hujan beuki ngerepan. Taya beurang ieu poé. Taya caang dina haté.
“Ampun, ampun….” sora kuring siga harewos.
“Cicing geulis, cicing nya, moal nanaon da…”
“Kang?!” isarah panonna deui-deui ulin.
“Alim, alim. Umii, Ya Alloh Ya Robbi….” sora kuring beuki les-lesan.
“Cicing Nyai, cicing geulis…” beungeutna beuki deukeut kana beungeut
kuring. Panonna lir maung rek ngamangsa. Pel biwirna napel kana ceuli
kuring.
“Bapa hayang … nga-sa-an… he..he..he…”
Nia!!!
Éla!!!
Nia nu nangis tapi imut, Éla nu mesem bari marahmay. Gugupay ti
kajauhan. Nia! Mana sugema téh? Éla! Mana nimat téh? Mana? Nu gugupay
beuki jauh… beuki jauh… beuki jauh. Les duanana ngaleungit. Meredong
sakuriling. Hujan lir nu dibahékeun ti langit.***
Parongpong, 25 April 2004
Bilih kuring mipit teu amit ngala teu bebeja, kalih bilih aya seratan nu teu kawidian pamugi neda widina. Hatur Nuhun
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Pangeran Jamban
Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...
-
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina s...
-
MOHON tidak berburuk sangka dulu, saya tidak berniat menulis seputar pornografi. Sengaja saya tulis dalam bahasa Indonésia, karena kata “mom...
-
Sikep idealis andika menyebabkan dia kesusahan menghindari hal yang bertolak belakang dengan prinsip hidupnya. Sumirah (umi) istrinya menj...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar