LOBA nu nyebutkeun yén budaya Sunda ayeuna aya dina mangsa nanjeur (rénaisans).
Anu jadi ciri-cirina di antarana tetep terbitna buku jeung koran dina
basa Sunda, nya kitu deui tumuwuhna sumanget kasundaan dina raraga
otonomi daérah. Upama dibandingkeun jeung kaayaan budaya lian—budaya
étnik di Indonesia—budaya Sunda mémang aya punjulna. Tapi soheh
henteuna disebut manjing rénaisans, masih merlukeun
bukti-bukti anu leuwih daria. Sabab bisa jadi ciri-ciri anu kasebut
tadi teu acan kauji ku waktu puguh lajuning lakuna.
Hiji
perkara utama anu masih henteu kapaliré dina saniskara wawangkongan
ngeunaan Sunda, nyaéta ngeunaan manusa Sunda minangka anu ngahasilkeun
(produsén) kabudayaan. Sawala kabudayaan lolobana leuwih mentingkeun
kana hasil (produk) kabudayaan anu geus aya. Memang produk budaya ogé
hiji perkara anu kacida pentingna pikeun diropéa. Tapi didasaran ku
cita-cita nanjeurkeun budaya Sunda leuwih ti anu kahontal ayeuna,
perhatian éta tacan nyukupan. Tacan nyumponan kana sarat unggulna
budaya Sunda; nyaéta méré ‘nyawa’ ka manusa Sunda pikeun ngahirup-hurip
budayana. Hiji perkara anu henteu énténg sabab urang Sunda ngaliwatan
mangsa anu lila, geus leungiteun ‘prinsip’ pikeun tukuh kana budayana,
alatan kudu kompromi jeung rupa-rupa budaya anyar/séjén anu teu bisa
dibendung pangaruhna.
Sajatina pasualan manusa minangka produsén kebudayaan, jadi masalah universil
pikeun masarakat dunya wétan (Asia-Afrika), anu tepi ka danget kiwari
aya dina kalangkang budaya kulon (Eropa-Amerika Serikat). Masarakat
kulon jadi ‘pangawasa’ anu nangtukeun ajen hiji budaya, anu
ngalantarankeun masarakat wétan ngan saukur bisa tuturut munding.
Contona, budaya Sunda kakara boga ajén luhur lamun panalungtik kulon
mupakat méré ajén anu luhur.
Dina
mangsa kiwari, urang Sunda mémang moal bisa nyorangan dina nanjeurkeun
budayana. Tapi sahenteuna, kudu aya alesan anu kaharti, keur naon urang
Sunda bet kudu tukuh dina budayana. Alesan anu lain politis atawa ngan
saukurékol ngakalan turunna dana ti Pémda. Alesan anu bisa
ngahudangkeun sumanget sakumna urang Sunda pikeun ngamumulé budayana.
Ku kituna kudu aya hiji tetekon (paradigma) kabudayaan anu
bisa ngawéngku —henteu ngawilah-wilah— sakur urang Sunda. Pikeun
ngawujudkeun hal éta, kudu aya mangsa anu dijadikeun pamiangan. Urang
Eropa dina neja rénaisans-na, museurkeun perhatian ku jalan
neuleuman kabeungharan filsafat Yunani. Maranéhna ngamangpaatkeun
keleukeunan parasarjana muslim anu geus ngaabadikeun filsafat Yunani
dina mangrébu-rébu buku. Atawa urang Timur Tengah anu kiwari mimiti
museurkeun paniten kana kamajuan dina mangsa Baghdad, sabadana sadar
yén teu bisa namplokkeun eunteung kahirupan sagemblengna kana mangsa
Madinah.
Tumerapna
urang Sunda, kudu museur ka mangsa anu mana? Simkuring ngusulkeun
mangsana Prabu Wastu Kancana anu lungguh di Galuh ibukota Karajaan
Sunda. Mangsa ieu leuwih écés mungguh paraahli sajarah. Hartina, mangsa
ieu teu gaib-gaib teuing keur urang Sunda cara mangsa anu séjénna. Hiji
mangsa anu puguh laratanana; boh ku sababaraha prasasti Kawali, boh ku
makam di Nusalarang, boh ku sajarah Dyah Pitaloka (Citraresmi) anu moal
kapopoheukeun ku sakumna urang Sunda. Dina mangsa ieu aya Siksa Kanda
ng Karesian (1518) anu jadi patokan hirup kumbuh balaréa. Dina kitab
ieu pisan ditegeskeun pancén prepantun (juru pantun) minangka
transformer ajaran agama/kapercayaan ngaliwatan carita pantun. Ayana
carita-carita pantun, miturut Jakob Sumardjo, jadi hiji fakta sajarah
anu teu bisa dibantah anu nuduhkeun ayana kahirupan intéléktual dina
masarakat Sunda. Sabab hamo bisa aya carita pantun lamun lain
diciptakeun ku intéléktual anu masagi. Juru pantun mah saukur anu
nepikeun ka balaréa, tapi ari carita pantunna mah dianggit ku
‘parakréator’ anu tabah tur paripurna. Mangsa ieu meneran pisan pikeun
ngajawab panyangka salah (prejudice) yen urang Sunda teu ngabogaan tradisi intéléktual (mikir daria).
Tidak ada komentar:
Posting Komentar