28 Januari 2010

Angling Asih

ASIH tos pupus!”
“Asih geus maot!”
“Asih tilar dunya!”
“Asih modar!”
“Asih jengker!”
“Asih kojor!”
Mani rupa-rupa. Gogorowokan jeung paharus-harus. Padahal ku sakecap ogé piraku teu matak kaharti. Malah najan ukur digerenteskeun jero haté, da bakal pada-pada surti ieuh. Pileuleuyan Asih, nu paturay jeung puseur dayeuh. Geus euweuh! Nu maneuh nyeuseup galeuh dayeuh binarung kebek kadeudeuh. Euleuh-euleuh éta kohkol kuat teu reureuh ditara­beuh. Nu karuleuheu ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, bari leungeun ngagisikan cileuh. Henteu diteureuy, tapi keukeuh geu­leuh. Aya deuih nu reuneuh, rumanggieung bari nyekel iteuk pageuh. Nu weureu, nu keur kanceuh teu-teu bureuteu, paadu teu­teup. Weuh… éstuning matak sareukseuk deuleu.
Kandaraan tingserebeng tingsalebrut cadu patanya, da kalah silih ségag ku klakson nu éstuning matak rawing ceuli. Di satengahing pabuisna patalimarga, masih kénéh pagaliwota nu baramaén, tukang ngamén, tukang peremén, jeung anu caman-cémén. Lebah parapatan Jalan Gardujati-Kebonjati, lalaki opat­an keur ngagugulung pasaran. Teu jauh ti dinya, di terminal St. Hall, opat wanoja geulis keur aduregeng manggul pasaran. Tétéla, di mamana nyayagikeun pasaran. Tangtu baé ngahu­dang kapanasaran. Malah tadina rék ngahajakeun nanya ka éta wanoja, ngarah laluasa tur rada betah ngajak ngawangkong ka nu gareulis mah. Tapi éstuning matak ngajenghok, da geu­ning kalah maranéhna nu nyampeurkeun bangun rurusuhan.
“Sumangga, geura tumpak!” cék wanoja anu pangjang­kungna.
“Tumpak naon?” puguh ngaranjugna mah. Barang jonghok, ujug-ujug nitah tumpak. Leuheung mun nitah tumpak mobil, motor, atawa komo tumpak manéhna mah.
“Heueuh tumpak pasaran! Ari hég tumpak naon deui atuh?” nu buukna galing nyorongot. Ih, ari rupa tanding widadari, tapi sorana tanding babi.
“His, teu kénging kitu, Geulis. Kieu-kieu gé abdi téh hirup kénéh. Sawios badé mapah baé, da kiat kénéh…” témbal téh kalayan satékah-polah nyabar-nyabar karep.
“Bedegong pisan mayit téh!” nu pangpendékna nyeleng­keung. Aéh, aéh, naha bet ngaréken mayit? Sugan teu bisa dileu­leuyan mangkeluk téh? Cacak lamun teu gareulis, geus tatadi mula ditalapungan hiji-hiji. Tapi kakara ogé rék nyarita, ana rob téh puluhan wanoja nu leuwih camperenik, nyalampeur­keun bari neuteup seukeut, jajauheun kana geugeut. Teuing ti lebah mana jolna. Nu puguh mah kabéhanana gé manggul ru­paning barang nu matak muringkak bulu punduk.
“Sok, geura tumpak kana pasaran!”
“Hayu, mending kénéh numpak cikrak!”
“Mending numpak dongdang!”
“Bisi hayang kana ambulan, geus disiapkeun di Rumah Sakit Iyén!”
Diriung ku puluhan wanoja nu geulisna tanding sélébritis, kalah araringgis. Komo basa nu pangjangkungna ngusapan pipi ku… cokorna.
“Bangkawarah pisan siah, Geulis! Wani-wani nyurilam ka aing! Aing téh masih kénéh walagri!” amarah ngagulidag, méh baé teu katadah.
“Nu matak, sok geura tumpak!”
“Piraku aing kudu tumpak kana paranti mawa mayit!”
“Aéh, aéh, naha bet ngambek? Apan manéh téh mayit!” kitu­na téh bari srog ngaléngkah leuwih ngadeukeutan, éstuning ba­ngun taya kasieun.
“Aing mah hirup kénéh!”
“Meunggeus lah, tong ngaborongkeun sagala. Kabéh gé geus nyarahoeun, manéh téh mayit!” pokna, kalayan dihaminan ku tingcikikik bari unggeuk kabéhanana. Taya hiji ogé anu gideug.
Basa maranéhna tingcikikik tur arunggeuk, bet ras inget ka sawatara diskotik kelas kakap. Enya, asa beuki natrat narém­bong­an. Maranéhna pisan ungkluk nu sok marangkal di wangun­an agréng kalayan taya nu wani nyisikudi, komo ngabuburak. Ungkluk diskotik! Wah… tangtuna ogé kiwari maranéhna beuki mucekil. Boa-boa maranéhna nu ngadongsok sangkan pacabakan Asih dibuburak, ngarah bisa mulut bati leuwih medah-meduh. Tapi mémang lain lawaneun nu kararieu mah. Walikota ogé pasti mikir sarébu kali lamun kudu ngalawan nu kararieu, da puguh setoranana gé puluhan, boa ratusan tikel ti tempat Asih.
Sakolébat, aya pasang panon nu néwak juringkang Si Malik jeung Si Darno. Duanana alémprak semu nu atoh. Héab, ama­rah muncak kana embun-embunan.
“Déngékeun ku saréréa! Aing téh hirup kénéh! Naha perelu némbongkeun surat katerangan hirup?!”
“Euweuh gunanana. Sakali mayit, tetep wé mayit! Meunggeus, leuwih hadé ngaku wé!”
“Moal! Nepi ka iraha ogé tetep moal ngaku, da teu rumasa! Bisi hayang nyaho, nu maot mah Asih! Asih! Lain aing! Jung tanyakeun ka urang Saritem atawa ka PKL nu saumur-umur dibuburak!” kapaksa nyentak deui, bonganna mani kamalinaan pisan, teu bisa ngabédakeun nu hirup jeung nu paéh. Padahal asa euweuh nu anéh tina papakéan gé. Calana lévis belél anu keur ngetrén tur ka luhurna maké kaos biru anu tulisanana: Demi Persib Aku Réla Mati! Baju kaos paméré ti babaturan kuliah.
“Hayoh geura naék!” pokna nu galing téa.
“Cék aing gé, aing mah lain mayit! Nu maot mah Asih! Asih! Na teu kadéngé ku jejebir sia? Sok paké ceuli téh!” kabina-bina teuing atuda nuduh téh. Nu jojorowokan patémbalan kénéh hawar-hawar.
“Asih maooot! Asih paéééh! Asih modaaar!” tah, sidik éta mah sora Mang Sarkim, tukang dagang cangcut jeung kutang, nu dituding boga suku lima. Najan Mang Sarkim némbongkeun sukuna nu ukur dua, tapi angger baé disebutna lima. Jelema jaman ayeuna, sok kérok utang-itung.
“Sakali deui, nu maot mah Asih! Kadéngé pan ku maranéh?!” ngahaja ditandeskeun deui, bari rada undur-unduran.
“Tah kitu, mayit jaman ayeuna mah. Geus puguh mayit, kalah nuduh ka batur. Urang rejengan wé ku saréréa!” cék nu pangbegangna bari ngarérét ka puluhan wanoja séjénna.
Aduh, cilaka anjir! Najan awéwé ogé, ari puluhan mah bi­heung kuat ngayonanana. Hiji-hijina jalan: ngaberetek! Lum­pat satakerna, sakulampat-lampét, teu nolih titincakeun, és­tuning pager dirurug, lampu beureum dirumpak. Enyaan, di­udag-udag ku nu gareulis ogé kalah sepor jantung, ari diajak tumpak paranti mawa mayit mah.
“Ulah kabur siah, mayit!”
“Eureun euuuy! Pamali mayit lulumpatan mah!”
Nu ngudag teu eureun ceuceuleuweungan. Untung wé lumpat ogé ngadadak tanding ucing ari dibarung kasieun mah. Sakolébat karérét aya gang nu rada heureut. Dina lawang gang aya plang kaké tulisan “Gang Buntu”. Teu loba mikir, blus baé asup ka jero gang. Jep, nu hahaok bari ngudag-ngudag téh nga­da­dak jempé. Kitu deui nu tingceuleuweung méré tangara Asih maot. Simpé. Panasaran, ngarandeg heula bari ngalieuk. Bréh, puluhan wanoja tingjaranteng lebah lawang gang. Taya nu wa­ni ngudag ka jero gang. Puguh baé haté rada ngemplong. Kakara nyaho, horéng gang buntu téh sorangeun sing saha baé nu geus buntu laku.
Tina gang buntu, bras ka jalan satapak sisi sawah. Ah, teu singna buntu geuningan. Malah asa gancang naker anjog ka lembur. Padahal ilaharna mah ti péuseur dayeuh téh kudu numpak beus, disambung ku angkutan padésaan, pleus sésana numpak ojég. Lalampahan nu kuduna opat jam téh ukur memenitan ari ngaliwat ka gang buntu mah. Kira wanci tung­gang gunung, angin tingtrim pilemburan geus mimiti karasa ngusapan sakujur awak.
Ké, ari di lembur geus nyarahoeun kitu yén Asih maot? Boa can nyarahoeun. Kabeneran lebah pertelon aya pos ronda. Nu pangpentingna, di hareupeun pos ronda ngagantung kohkol. Kop kana panakol, kohkol ditakol, kentrong tilu. Urang lembur mah tangtu bakal surti, kentrong tilu téh hartina tangara aya nu maot. Tapi anéh, mani jempling. Biasana Mang Ahro, Bi Iroh, atawa Bi Nasih, sok tuluy nyorowok nanya: Saha nu maooot? Tapi boa maranéhna geus leuwih ti heula nyarahoeun. Ana kitu mah kentrong tilu téh ukur ngabéjaan bulu tuur.
“Héy, Cép Darma, geuning di dieu kénéh? Itu geus ngadaragoan di imah! Hayoh geura mulang!” teuing ti lebah mana jolna, Hansip Baron geus ngajega hareupeun.
“Éh, Mang Baron. Kumaha damang, Mang?” pok téh bari nyolongkrong ngajak sasalaman.
“Pangésto. Enya, heug, dihampura pisan. Sok ayeuna mah geura mulang! Karunya nu ngadaragoan…” témbal Hansip Baron bari leungeun katuhuna nampanan dampal leungeun. Sasalaman téh asa béda. Naon maksudna leungeun kénca Hansip Baron ngusapan sirah? Jeung deui, tadina mah réa nu rék ditanyakeun ka Hansip Baron. Boh kaayaan nu ngadarago­an di imah, atawa lembur opat taun ditinggalkeun ngumbara. Hanjakal Hansip Baron bangun ngarurusuh nitah balik. Antukna léos baé ninggalkeun Hansip Baron, muru jalan ka imah anu geus réa robahna.
Teu karasa, dampal suku geus ngagaléntoran lemah pakarangan imah. Ké, naha batur bet ngarumpul di imah? Naha? Jalma mani ngagimbung tur ngantay lebah lawang panto. Mang Amanta leumpang semu rurusuhan ka sisi jalan bari mawa bandéra hideung anu ditalikeun kana suluh. Ceb, ditancebkeun sisi jalan, teu pati jauh ti pakarangan imah. RT Lili nuturkeun bari mawa bandéra warna konéng. Srog, ka hareupeun Mang Amanta.
“Ulah ku warna hideung atuh! Tangara nu maot mah warnana kudu konéng!” pokna RT Lili, rada muncereng.
“His, di mamana ogé tangara nu maot mah kudu hideung. Bisi teu percaya, hayu urang lalajo sinétron. Lamun adegan ngalayad anu maot, pasti maké baju hideung!” témbal Mang Amanta.
“Lain! Salah kabéh ogé! Anu bener mah maké bandéra bodas! Bodas téh apan lambang kasucian. Sok wé cirikeun, nu maot mah pasti dibungkus boéh. Ari nu ngaranna boéh, tara aya nu rupana konéng di lembur urang mah!” teuing ti lebah mana jolna, Kadus Ukar ujug-ujug ngaronghéap bari mekel bandéra bodas.
“Pa Kadus, di mamana ogé pami aya nu pupus mah sok nan­cebkeun bandéra konéng…” RT Lili keukeuh kana pama­deganana.
Panasaran. Anu keur hog-hag téh disampeurkeun.
“Pa Kadus, Mang RT, Mang Amanta, kumaha daramang? Punten badé tumaros, dupi anu maot téh saha?” tanya téh bari nyolongkrong ngajak sasalaman.
“Enya, heug, dihampura pisan. Geus ulah loba tatanya. Tuh, anu ngalayad geus narungguan ti isuk-isuk. Sok, ayeuna mah buru geura ngajepat di tengah imah!” témbal Kadus Ukar.
“Kumaha maksad Pa Kadus téh? Asa kirang ngartos abdi mah…”
“Ilaing pan geus maot, naha masih kénéh kulayaban?” pokna RT Lili bari mencrong seukeut naker.
“Maot? Abdi mah teu acan maot, Mang RT! Nu maot mah Asih! Sanés abdi…” témbal téh bari kerung. Teu di kota, teu di lembur, bet nyebut maot ka nu masih kénéh hirup.
“Enyaan, nu maot jaman ayeuna mah sok loba nyarita…” Mang Amanta ngagerendeng bari ngusap beungeut.
Rét ka lawang panto. Beuki teu hayang baé ngadeukeutan imah. Padahal tadina mah geus diniatan rék munjungan ka kolot, ménta dihampura tina sagala rupa dosa. Tapi naha saréréa bet ngaduduh maot? Fitnah éta téh! Fitnah!
Asa leuwih hadé nyalingker ka pipir, rék noong kaayaan di jero imah. Tapi di pipir imah éstu matak ngagebeg deui baé. Pangna kitu, aya sawatara ahli ngaweredonan keur ngabadami­keun téknis ngamandian mayit.
“Urang kudu nyiapkeun gayung jeung dreum anu badag…” ceuk Mang Sarkowi.
“Henteu perelu, cukup jambangan jeung cérét wé!” témbal RW Uloh.
“Ké, ké, ari sabunna geus disiapkeun?” Mang Dasmin nyelengkeung.
“Teu perelu maké sabun sagala. Malah hadéna mah dimandian ku salapan sumber cai jeung diawuran tujuh rupa kembang!” pokna Mas Tono.
“Ké, punten, dupi anu maotna saha?” antukna ngawani-wani karep tumanya ka nu keur meujeuhna guntreng.
“Apan ilaing! Meunggeus, nu maot mah ulah loba tatanya, kumaha anu hirup wé! Jig, geura asup ka imah!” témbal RW Uloh. Enya, ti baheula ogé mémang RW Uloh mah kakoncara arogan, otoritér, hayang meunang sorangan. Moal aya benerna ngadebat ogé. Leuwih hadé indit.
Ras inget ka Makam Jambu. Panasaran deui baé, hayang ngalongok kaayaan di makam. Léos indit, muru jalan satapak anu brasna ka Makam Jambu. Saparat jalan, kabandungan loba anu keur guntreng nyaritakeun nu maot. Angger nyarangka maot ka nu hirup. Sanajan geus diécéskeun sababaraha kali, anu maot mah Asih. Anéh, saréréa tetep cangcaya. Matak, isuk jaganing géto, leuwih hadé ieu jalan téh dingaranan Jalan Cangcaya.
Bras, ka Makam Jambu. Jang Among jeung sababaraha pamuda geus mimiti ngali kuburan. Malah nu séjénna ogé aya nu keur nyieun tutunggul jeung paésan. Aya ogé nu natahar­keun padung, dalika, keteb, tataban tug nepi ka anu nataharkeun gegelu jeung gandu. Teu lila, torojol Jang Ook jeung Si Aték kalayan langsung nyampeurkeun ka nu keur digarawé.
“Ulah dikubur euy! Mending urang palidkeun wé ka walungan!” pokna Jang Ook.
“His, naha kalah dipalidkeun? Di mamana ogé, nu maot mah kudu dikubur!” témbal Jang Among.
“Tapi ceuk sayah mah asa alus kénéh disimpen di guha!” ceuk Si Aték bari nyerebungkeun haseup udud.
“His, ari taeun téh lalawora pisan!”
“Ti jaman pendékar ogé, mayit mah alusna dimumikeun, laju disimpen jero guha…” Si Aték keukeuh kana pamanggihna.
“Ayeuna geus lain jamanna atuh euy!” Jang Among muncereng.
“Ké, ké, saha sabenerna anu maot téh? Aing mah bingung tatadi mula. Cik atuh béjaan aing lah…” bubuhan ka babaturan saentragan, nanya téh henteu asa-asa.
“Aya wé… moal dibéja-béja!” témbal Jang Among bari ngiceupan ka Si Ook. Tétéla, Jang Among ogé saruana pisan jeung nu séjén, pasti nuduh maot. Padahal manéhna téh sobat dalit ti jaman keur budak.
Teu hayang lila di Makam Jambu. Komo bari teu diwaro ku babaturan. Nyeri pisan ieu haté. Rék kumaha deui lalakon hirup, lamun babaturan baé geus henteu daék ngawaro! Kajeun teuing kétang, kari néangan deui nu sakira-kirana daék ngawaro. Cik, susuganan di warung Ceu Enung mah aya kénéh nu bisa diajak nyarita. Sasarina wanci pasosoré pisan warung Ceu Enung keur meujeuhna haneuteun.
Teu salah tina ijiran, barang srog ka buruan warung Ceu Enung, loba pamuda ngagimbung. Malah lain pamuda wungkul, da pakolot ogé siga nu embung éléh. Cikopi jeung lalawuh buatan Ceu Enung mémang dipikalandep ku urang lembur. Teuing pédah rasana anu ngeunah, atawa bisa jadi alatan Ceu Enung anu gamuleng tur saumur-umur rarandaan, saprak diserahkeun ku Aom Kusmin. Kuwu Amas ogé sok ngersakeun ngopi di warung Ceu Enung. Tuh, kabeneran ayeuna Kuwu Amas keur anteng ngaregot cikopi bari sakapeung maling rérét kana imbit démplon Ceu Enung.
“Asih geus maot! Asih geus maot!” ngahaja nyelengkeung, ngarah saréréa langsung ngadéngé.
“Naon? Saha nu ngomong Asih geus maot? Jaga létah manéh siah! Aing teu narima lamun Asih dituduh maot! Asih masih kénéh hirup!” Kuwu Amas tibuburanjat nangtung bari tuluy nulak cangkéng.
“Ku naon abdi teu kénging nyebat maot? Padahal tos jelas, Asih parantos maot…”
“Jaga omongan manéh! Manéh kudu buru-buru tobat! Manéh kudu nyaho yén Asih moal maot, saméméh aya perang campuh antara dua golongan rongkah anu kayakinanana sarua!” pokna Kuwu Amas.
“Abdi satuju, Pa Kuwu. Margi, perang téh ayeuna nuju lumangsung. Kiwari urang keur ngayonan perang budaya, perang komunikasi, perang ékonomi, jeung perang-perang séjénna! Asih tos maot. Tapi Asih teu perelu dikubur! Malah lamun bisa mah Asih kudu dihirupkeun deui. Asih pasti bisa hirup deui!”
“Meunggeus, ulah loba ngabacot siah! Budak kamari soré manéh téh! Sangkilang geus jadi mayit, masih kénéh loba nyarita. Hayu urang rarejeng ku saréréa!” Kuwu Amas nyerenteng bari hahaok.
“Hayu! Sok urang téwak mayit kulayaban téh!” nu séjénna ma­ni raéng. Taya kasempetan keur lumpat. Kabéhanana mani napuk ngarejengan. Awak pasiksak mani hésé usik, mangkaning aya nu marieuskeun leungeun sagala. Kocéak dengék geus taya nu miroséa.
“Ampuuun! Aing mah hirup kénéh! Aing mah lain mayit! Hirupkeun deui Asih! Asiiih…!”
Kaayaan ngadadak simpé. Nu ngarejengan mimiti laleupas. Nyah, beunta lalaunan. Panon ngulincer ka sabudeureun, ne­nget­an hiji-hijina anu keur ngariung. Méh kabéhanana ngadadak cengkat bangun nu kagét. Anu narangtung di lawang panto tingburiak ka luar bari semu nu soak. Ka mana Kuwu Amas? Ka mana Jang Among? Ka mana Ceu Enung? Nu dariuk ngariung téh geuningan ema jeung bapa, katut duduluran anu panonna beueus kénéh ku cimata. Rét ka nu keur sarila di kéncaeun, aya Ustad Otong, Mama Iking, Lebé Doya, Kadus Ukar, jeung RT Lili. Anu leuwih hémeng, naha awak téh ujug-ujug nangkarak di tengah imah bari disimbutan kaén bodas. Awak karasa pasiksak, teu puguh rasakeuneunana.
“Bapa-bapa, ibu-ibu, ogé para hadirin sadaya. Omat, sanés jurig ieu téh Numutkeun pamendak simkuring mah, rupina Cép Darma téh ngalaman anu disebat mati suri téa. Jadi, Cép Darma mémang teu acan pupus,” kitu pokna Ustad Otong.
Mati suri? Boa enya nu diomongkeun Ustad Otong téh? Ras inget basa keur galungan jeung puluhan anggota Satpol PP (Satuan Polisi Pamong Praja). Mimitina teu niat riributan. Tapi amarah ngahéab basa nyaksian Asih keur direjengan ku sababaraha urang anggota Satpol PP. Euweuh kaéra pisan lalaki téh, wanina ukur ngahurup awéwé. Anu keuheul pisan mah ka Si Darno. Sababaraha poé saméméh lokalisasi Saritem ditutup, Si Purunyus téh kungsi nyaréan Asih. Jaba hayang meunang diskon minangka layanan husus keur anggota Satpol PP. Kari-kari Si Kéhéd milu nyégel Saritem. Bener omongan Ceu Rokayah, tukang kios di Alun-alun. Si Darno mah pagawéanana méntaan udud, dahareun, duit, pajarkeun téh ngarah henteu dibuburak mangsa rajia PKL. Kanyataanana mah tai pedut. Kios Ceu Rokayah diringkid jeung eusi-eusina, ditaékkeun kana treuk anu dibeuli jeung dibéngsinan ku duit rayat. Hanjakal maké jeung cangcaya kana pangéling Ceu Rokayah. Hanjakal Si Darno henteu digampleng, basa ménta diskon nyaréan Asih. Hanjakal jeung hanjakal anu mémang datangna tara ti awal.
Deudeuh teuing, Asih. Di mana anjeun ayeuna, Asih? Mangkaning bapa anjeun keur gering parna. Disalametkeun ku Si Malik kitu anjeun téh? Ah, pamohalan teuing. Geus sababara poé ogé Si Malik mah teu katingali irung-irungna acan. Padahal saméméhna mah teu sirikna pulang-anting ka Saritem, ngamar jeung Asih bari gratis. Enya, gratis, da manéhna ngaku pulisi. Angkanan Asih, susuganan lamun mangsa karerepet bisa dipuntangan tulung. Tapi tétéla, hésé dicepengna geuning omongan jelema terhormat mah. Boa Si Malik ogé kalah milu jeung pasukan anu ngabubarkeun Saritem. Lamun kitu, hartina salawasna Saritem bakal jadi saksi kamunapékan Si Darno jeung Si Malik.
“Duh, Asih. Mayang Asih. Camperenik pisan ngaran anjeun téh. Rupa anjeun, sikep anjeun, sagalana anjeun sing sarwa camperenik. Asih, ulang cangcaya lamun ieu haté teu weléh micangcam anjeun. Aya cinta dina ieu sagara rasa. Salaku lalaki, tangtu boga hak micinta wanoja nu kumaha baé satungtung luyu jeung kereteg ciptaning ati. Sabalikna, anjeun ogé, salaku wanoja anu sarua manusa, tangtu boga hak dipikacinta. Nepi ka iraha baé, ukur ngaran anjeun anu rék dipiara dina ieu dada…” aya gerentes jeroning dada anu henteu diréka-réka.
“Cép… Cép Darma! Sok geura istighfar, sanés molohok baé…” Ustad Otong ngabuyarkeun rupaning sawangan.

Tidak ada komentar: