28 Januari 2010

Langlayangan

NGAJENTUL di dieu téh urang mah jadi inget ka manéh, Ci! Keur ujian prakték ayeuna téh, nya! Téréh meunang ijasah manéh mah!
Sukur wé, peupeuriheun urang. Embung urang mah sakola deui téh, géngsi! Tapi enya, karasa ayeuna mah kaluman cicing di imah téh. Nu kabayang mah bakal senang, ari pék téh keueung euweuh batur ngomong-ngomong acan.
Araya éta ogé jelema mah tapi da saribuk nguruskeun dirina wungkul. Si Bapa ari datang isuk-isuk téh guher wé ngadon kérék sapopoé. Capé meureun sapeupeuting kakalayangan. Teuing naon gawéna téh. Ampleng-amplengan di luar, tapi ari balik tara mawa duit siga bapa manéh Uci. Si Bapa mah hayang dahar hayang ngaroko ménta ka si Ema, nini urang nu bageur téa geuning.
Karunya ka Si Tétéh. Sapeupeuting digawé, balik-balik isuk. Ari jol, ku si Bapa geus dipalak. Wayah kieu si Tétéh karék bisa reureuh. Teuing naon si Tétéh téh gawéna. Pakéanana téh aralus geuning si Tétéh mah, nya Ci! Eukeur mah geulis katambah dangdanan parantes baé, puguh wé mani moronyoy. Pédah ka lanceuk kitu, tetempoan téh si Tétéh mah asa geulis waé, geus boga anak hiji ogé.
Matuh urang mah, ari isuk-isuk téh sok ngajentul di dieu nempoan nu lalar liwat. Korsi réyod paragi urang ngobrol di patengahan téa digusur ka dieu. Ngahaja ngarah bari ngadayagdag, bosen di jero téh, sok bété urang mah. Éra ku si Ema deuih. Mantuan henteu. Ayeuna ogé keur ngagusrek wé nyeuseuh satambruan. Mangkaning baju saréréa nu diseuseuhna téh. Muter si Ema mah sapoé-sapoéna téh tara eureun, kukumbah, masak, ngepél, ngalicin. Sok karunya urang ogé, tapi da teu bisa atuh rék mantuan téh. Si Emana ogé tara nitah. Baé ah matak kitu oge ridoeun.
Tah, tah, tah, baku si Mamah mah ari geus nakolan piring téh, lapar meureun.
Ci, manéh mah sieun ku si Mamah téh, nya? Ngaku wé, da nyaho urang ogé. Geuning ari ka dieu mah tara betah lila. Balaka wé, da urang ogé moal nanaon, Ci! Da heueuh atuh si Mamah mah pikasieuneun. Urang ogé sarua sok sieun ku si Mamah téh. Komo lamun keur seuseurian sorangan mah. Éra urang gé boga indung kitu téh. Tapi anéh, si Ema mah nyaaheun pisan ka si Mamah téh. Padahal si Mamah téh ukur minan-tuna.
Hih, ka mana si Ema téh, can asak kitu sanguna? Gandéng! Tah, tah beuki tarik nakolanana, geus mimiti ambek ari kitu téh! Cing geura urang toong tina kaca! Tuh geuning, si Ema geus nanggeuy alas. Uluh-uluh, tempo geura Ci ka dieu! Mani disanto-kan sangu téh! Heug teu jeung nanaon. Ah, teu kuat urang mah nempona ogé!
Ari manéh teu éra ku guru-guru jeung babaturan, hayoh waé sakola? Alus manéh mah kandel kulit beungeut, Ci! Sakitu geus kapanggih kungsi meureupan ka si Bu Tika. Jaba sok malak kelas hiji deuih. Éta da manéh mah sakitu sok dibéré jajan gedé ku indung manéh ogé bet resep kénéh malak. Ari urang mah pantes da boga indung bapa teu baroga gawé. Boro-boro dibéré jajan, ongkos ogé ti si Ema.
Geus sabaraha kali manéh “disaur” ku si Amih Téré téh, Ci? Teu kaitung, nya? Heu heu heu, sok inget ka si Nénéng urang mah ari nyebut si Amih ka Bu Ida téh! Sok ambek si Éta mah! Da murid kadeudeuhna manéhna mah! Emh ehem, sebel urang mah ka si Nénéng téh. So pisan, abong-abong pinter! Carmuk si Éta mah! Ka kantor guru gé pulang anting kawas istrikaan.
Jelema nu so suci mah kudu dika-pulisikeun kawas si Bu Ana harita! Inget kénéh manéh, Ci? Basa si Ila kaperego ku si Bu Ana maok HP si Ayu téa geuning, kapan sakitu jelasna si Ila nu maokna téh. Tapi bet tibalik, kalah si Bu Ana nu dipanggil ku Kapala Sakola téh. Malah dibawa ka kantor pulisi sagala. Hanjakal ukur sapoé dikeremna. Mun sing lila nya, urang gé da keuheul ka si Bu Ana téh. Unggal nu maling, nu ngaroko atawa nu boga poto jorang, kawas urang harita, kapanggih waé ku si Bu Ana mah. Untung nya si Ila mah boga dékéng, da bapana pulisi.
Teu hayang sakola deui urang mah ti saprak utah téa di kelas harita. Béda rarasaan urang ogé yén harita téh lain keur gering. Si Bu Rini mah nyangkana téh pédah urang can sarapan wé meureun. Matak urang buru-buru balik téh sieun kaburu kapanggih yén urang keur nyiram, Ci! Untung harita téh keur euweuh si Bu Ana. Mun aya, pasti urang moal bisa mungkir ka si Bu Ana mah.
Najan teu balaka, manéh ogé pasti apal yén urang keur nyiram. Alus manéh mah api-api teu nyaho. Tah, lebah dieu yeuh nu matak urang leuwih deukeut ka manéh téh. Lebah rusiah gedé mah tara wani tetelepék. TST pisan manéh mah ka urang téh. Lain teu hayang balaka urang ogé, tapi da wirang pisan urang téh. Sieun nanyakeun saha lalakina. Wah, moal percaya manéh ogé mun apal saha nu ngareuneuhan urang téh. Pasti manéh mah nyangka ka Si Yudi kabogoh urang nu anyar téa.
Bari ngajentul di dieu dina korsi réyod, urang keur nyidik-nyidik langlayangan nu rangsak dina anténeu. Asa inget ka diri sorangan. Anéh, tara-tara ti sasari, urang bet ngarasa keueung. Heueuh, kawas langlayangan hirup urang téh, Ci. Langlayangan nu pegat kapakan katiup angin. Tuluy murag, rangsak euweuh nu nangénan. Guru, indung jeung bapa, teu bisa dipaké batur pakumaha. Sakabéhna neumbleuh di urang.
Éh, naha itu bet siga manéh, Ci? Aéh enya manéh geuning. Rék nanahaon los-los ka dieu? Pasti mawa surat panggilan ti sakola nya? Nitah urang sakola deui. Hih, teu kaciri ku angkot! Enya geuning manéh nu turun tina angkot téh. Diseragam kénéh, naha geus anggeus kitu ujianana? Ampun Ci, urang mah rék nyumput ah dina pamoéan. Untung manéhna can melong ka dieu. Tah kabeneran si Ema keur moé.
“Lalaunan atuh Cu, ari naék téh ulah garadag-gurudug. Aya naon mani hah-héh-hoh kitu?”
Bener, si Ema surti pisan kolot téh. Urang ukur nunjuk ka handap, buru-buru tuturubun. Pasti bakal nyebutkeun urang euweuh. Matuh, lamun aya babaturan urang ti sakola, komo guru mah, si Ema nu sok nyanghareupan téh. Is, naha bet jempling, geus tepi acan, Ci? Atawa geus ngaléos deui bari medenghel? Moal percaya manéh mah urang euweuh di imah téh da urang mah tara ka mamana ti baheula ogé. Tah, tah, si Ema geus naék deui. Teu kudu nanya ka si Ema mah. Nempo riukna mah pasti manéh geus balik deui.
Hah, mani ngemplong!
Rék saré urang mah, Ci. Asa tariris kieu ieu téh. Jaba sareueul waé angen, tapi tara utah ayeuna mah. Kamari urang ku si Bapa dipangmeulikeun “tés kehamilan”. Bener Ci, positip urang téh reuneuh.
Enya ogé manéh téh baong tapi urang mah percaya nasib manéh bakal leuwih alus ti urang. Kolot manéh mah beunghar, Ci! Mun reuneuh kawas urang téh bisa digugurkeun ari boga duit mah. Moal nepi ka siga urang ngora-ngora geus rék dikawin-keun, bari lalakina ogé nganggur can boga gawé. Pédah wé éta ogé si Bapa jeung si Ema maksa, baé cenah asal kawin wé. Geus aya lalakina nu daékeun, budak sobatna si Bapa.
Tah kadéngé teu ku manéh, Ci, si Mamah mani kérék kitu.
Cing urang tempo, da panto kamarna ogé méléngé, tara dikonci salilana ogé. Tuh nya mani ngabebengkang kitu, teu disimbut-simbut acan. Karunya si Mamah, ti baheula tara katempo saré bareng jeung si bapa. Si Bapa mah siga nu geuleuheun pisan ka si Mamah téh. Kajeun teuing saré jeung si Tétéh wé atawa jeung urang. Untung wé si Tétéh mah randa, jaba sarua jeung urang teu ragab ari saré jeung si Bapa téh.
Cing geura urang tempo ka kamar si Tétéh, beurang-beurang kieu mah tara ngonci manéh si Tétéh mah. Is, geuning mani rékép. Aéh dikonci geuning. Carapéeun meureun si Bapa jeung si Tétéh téh.
Ci, keur di mana ayeuna manéh?
Pasti keur jalan-jalan jeung si Tono, nya? Ah, manéh mah hirup téh mani énjoy. Euweuh masalah kawasna téh. Enya, merdéka manéh mah teu kawas urang. Rék ka mana-mana ogé manéh mah tara aya nu nyaram. Hayang urang mah kawas manéh. Ngan atuh da hirup kawas manéh mah kudu loba duit. Gampang manéh mah kari namprak! Ari urang? Bisana ngan nyelegon dina kasur butut kawas ayeuna. Lumayan bari barau ogé, haneut, nyangsaya luhureun pakéan anu pabuis dina kasur. Teu bau kumaha da pacampur jeung baju kotor. Horéam ngalicin ah, nitah si Ema teu wasa. Jaba da moal ka mamana ayeuna mah, teu kudu maké baju meunang ngalicin sagala.
Saminggu deui urang kawin téh, Ci.
Karunya ka si Yudi wé, pasti manéhna mah ngalanglayung. Mangka siga nu bogoh pisan ka urang téh. Urangna bogoh deuih. Resep jeung si Yudi mah sok dijajanan waé. Loba duit si Éta mah. Tapi si Bapa teu panujueun. Ulah cenah, si Yudi mah anak jelema beunghar, jaba kolotna ngalarti, bisi urang dihina.
Bener ogé caritaan si Bapa téh. Si Yudi mah polos kénéh. Teu bisaeun nyium-nyium acan, siah. Lamun kanyahoan urang geus reuneuh téh pasti kolotna moal perca-yaeun jeung moal narima deuih. Komo lamun nyaho kaayaan kulawarga urang nu sabe-nerna mah, euh mana teuing.
Baheula mah basa aya kénéh si Bapa Aki, urang téh senang, Ci. Ku si Ema diogo pisan. Asa jadi bungsu wé. Cicing téh di imah si Ema jeung si Bapa Aki, tiluan. Euh, imahna ogé sigrong si Ema mah. Betah wé pokona mah. Ti oorok urang dikukut ku si Ema téh. Da ti saprak ngajuru ku urang si Mamah téh ririwit.
Ti harita si Bapa tara betah di imah, jaba ngadadak nganggur deuih. Ukur ngan-delkeun gajih si Tétéh wé. Nu matak salaki si Tétéh mah kawas nu teu ridoeun si Tétéh dibelesekkeun ku si Bapa téh. Teu kungsi sabulan ti kawin téh, ngan belecet wé teuing ka mana. Cul si Tétéh cul si Déni. Eukeur mah siga euweuh kanyaah ka anakna téh ti mimiti ogé. Sok mindeng paséa éta ogé jeung si Tétéh. Naha cenah kawin kakara sabulan si Tétéh geus ngajuru. Teuing ah teu ngalarti urang mah. Boa enya si Déni téh lain anakna, da rupana ogé jauh pisan teu mirip-mirip acan.
Si Bapa beuki maceuh. Gawéna ngan meulian nomer, bari teu kungsi meunang. Ka imah-imah ludes dijualan. Sanggeus si Bapa Aki maot, imah si Ema ogé dijual. Meuli deui imah leutik ukur tilu kamar. Si Ema mah teu kabagéan kamar. Sakapeung dina korsi wé saréna téh. Atawa sok maturan si Mamah di kamar hareup. Tapi si Ema mah tara ngarasula, sabar pisan. Teuing pédah nyaah pisan atawa pédah sieuneun ku si Bapa.
Harita téh urang keur sakola SD kénéh. Si Mamah jadi mindeng malaweung. Ku si Bapa tara ditanya tara ditakon. Kitu wé kawas ka nu teu wawuh. Ngan anéhna téh ka urang jeung si Tétéh nyaah pisan. Urang sok diparéndé ari rék saré téh, giliran jeung si Tétéh. Padahal si Tétéh mah harita téh geus parawan. Tapi osok diparéndé kénéh ku si Bapa téh.
Hiji mangsa si Mamah jejeritan tuluy pingsan, barang nempo si Tétéh keur diparéndé ku si Bapa. Urang teu ngarti, Ci, harita mah. Naha si Mamah bet kitu. Pira ogé nempo si Tétéh sakamar jeung si Bapa. Ti harita, si Mamah kawas nu owah. Sok cacala-katakan sorangan, atawa ceurik ngadingdiut. Urang ogé sok milu ceurik. Padahal si Mamah téh geulis, ngora kénéh kawas indung manéh, Ci. Tapi ku panyakit kitu mah jadi leungit geulisna téh, kalah ka siga nini-nini.
Ari si Bapa nempo si Mamah kitu téh beuki ceuceubeun wé kawasna téh. Lain diubaran, kalah siga nu atoh aya alesan teu betah cicing di imah. Untung cék urang ogé aya si Ema. Sagala rupa ku si Ema mah disanghareupan. Tara ngomong si Ema mah, ka si Bapa, ka si Tétéh, ka si Mamah, komo ka urang mah. Teu weléh sabar jeung nyaah ka saréréa..
Si Tétéh geus jangji lamun urang geus ngajuru, rék diajakan gawé. Cék si Tétéh dununganana bakal leuwih resepeun ka urang mah, sabab urang ABG kénéh. Jaba leuwih geulis ti si Tétéh cenah. Tapi Si Ema mah kawas teu pati panujueun. Teuing ku naon. Kungsi éta ogé tingharewos duaan siga keur ngaromongkeun urang. Jep wé jarempling barang urang nyampeurkeun téh.
Hayang pisan urang mah digawé téh, Ci!
Hayang mantuan si Tétéh jeung si Ema. Hayang ngubaran si Mamah deuih, nga-rah cageur deui. Sugan wé ari si Mamah cageur mah si Bapa ogé jadi éling, teu ngablu deui.
Lamun nasib urang alus mah boa urang téh jadi modél, nya Ci?
Inget teu, basa kelas hiji urang jadi juara kahiji Lomba Kabaya dina acara Kartinian? Pan cék guru-guru ogé urang mah geulis siga Dian Sastro! Heu heu heu! Ngan hanjakal wé babaturan lalaki mah teu raresepeun. Pan urang mah kasohor jalingkak di kelas ogé. Gawé mawaan poto anu ditaranjang. Da resep atuh. Éta ogé meunang maok tina bupétna si Tétéh. Loba si Tétéh mah gambar nu kitu téh. Lain gambar wungkul kétang, da novél jeung CD-na ogé loba. Sarua deuih jarorang. Ramé siah, Ci! Ngan tara wani mawa ka sakolaan mah. Uh, kuriak teuing!
Ari geus namatkeun maca téh urang mah sok parat sapeuting teu saré. Nu matak sok nundutan waé geuning. Ulangan sok peunteun leutik waé deuih. Komo ulangan Agama mah. Matak untung ayeuna teu ngilu ujian prakték Agama. Lamun milu mah wirang teu bisa jampé solat. Inget kénéh ari prak-prakanana mah saeutik-eutikeun. Da basa keur aya kénéh Bapa Aki mah urang téh sok dikukuprak dititah solat unggal waktu. Ayeuna ogé nu sok solat téh ukur si Ema wé.
Saha éta nu keur mandi nya? Mani sumanget kitu nyiukan caina ogé, gewar-gewurna tarik pisan. Piraku si Ema mandi deui mah da sok nyubuh. Si Tétéh kitu? Atawa si Mamah? Ah, da si Mamah mah sok dimandian ku si Ema. Jaba sok bari jéjéréwetan tiriseun. Oh, si Bapa! Tah, bari hahariringan geuning! Tara-tara si Bapa mandi wayah kieu. Teu tunduheun kitu? Dédéngéan téh kawas nu keur bararungah kitu. Meunang nomer kitu?
Rék ménta duit ah ka si Bapa. Ah, kétang mun bogaeun ogé paling keur biaya kawin urang. Da cenah rék numpeng wungkul cék si Ema mah. Asal salamet wé cenah. Ah, rék menta hadiah ka si Bapa. Da bongan mamaksa waé urang kawin. Boa kumaha lalakina ogé da can apal urang mah. Tapi cék si Bapa mah da kasép cenah.
Tah, geus anggeus meureun si Bapa téh mandina. Rék disampeurkeun, ah.
Rekét panto kamarna dibuka lalaunan. Kasampak si Bapa ukur disamping anduk wungkul. Cetrék panto tuluy dikonci ku manéhna. Urang teu bisa kaluar deui. Si Bapa méré isarah nitah urang ngagolédag kana kasur. Urang tuluy diusapan lalaunan, diparéndé dikeukeupan. ***

Tidak ada komentar: