28 Januari 2010

Baleno

AWAHING ku embung ngaligeuh, satamatna ti SMA téh geuwat ngalamar ka pabrik sapatu di daérah Katapang. Ditarima di bagean packing. Dasar boga watek teu betahan, ukur meunang genep bulan digawe téh. Saterusna mah ka dunungan ménta eureun. Najan dunungan teu mikeun, tapi digegejeg unggal poé mah, teu burung ditedunan ogé. Untung dunungan téh bageur, najan eureun paménta sorangan, tapi haat daék ngurusanan susuratan luyu jeung prosedur sakumaha mistina. Lain pedah gajihna teu luyu jeung UMR pangna kuring teu betah digawé di eta pabrik téh, ngan gawéna ée mimindengna mah ti peuting. Ari boga awak teu kaopan, capé saeutik teu ngarareunah. Katiisan saeutik asup angin. Matak teu ieuh hanjelu.
Teu kungsi lila ti harita, babaturan keur SMA ngabéjaan, cenah aya nu butuheun ku supir. Lain supir keur narikan barang ieuh mah, tapi keur nganteur dunungan ka kantor atawa anakna ka kampus. Bakal dibéré sédan Baléno mérek panganyarna hiji, minangka inventaris sapopoé. Kitu babaturan ngabéjaanana téh. Rada kabita ngadenge. Najan ti baheula teu kapikir kudu nyupiran, tapi ari ngadéngé gajih, mobil inventaris, jeung gawéna teu pati beurat mah, teu burung kabongroy. Ongkoh itung-itung nungguan gawé di nu séjén deuih.
Luyu jeung béja ti babaturan téa, kuring ngalamar tur ditarima jadi supir. Ngadunungan ka Pa Ganjar, usahana kana widang percitakan. Ari Bu Ésih, pamajikanana, sarua milu ngokolakeun percitakan. Anakna awéwé. Nunggal. Kuliah di salasahiji universitas di Kota Bandung. Ngaranna Linda. Linda Kartika. Kitu gé ceuk Bi Inah, juru masak nu geus ti heula digawé. Nyahoeun sotéh, duméh Bi Inah mah ngadunungan ka Pa Ganjar téh geus aya kana lima welas taunna. Malah salakina ogé, Mang Suryada, sarua digawé di dinya, jadi tukang ngurus taman. Sapopoé nyéboran kekembangan jeung nyacaran jukut upama aya nu ngajejembrung. Jadi ayeuna mah pagawé di imah Pa Ganjar téh jadi tiluan, katambahaan ku kuring. Boh dunungan boh Bi Inah katut Mang Suryada, kacida bageurna. Bangun mikanyaah pisan ka kuring téh. Karasa sotéh, maranehna kawilang merhatikeun pisan kana sual pakéan, waktu dahar, jeung salawasna sok ngelingan kana waktu solat.
Kawas isuk-isuk harita. Sakumaha biasa Mang Suryada keur jongjon nyeboran kekembangan. Bi Inah keur popolah di dapur, nyadiakeun sarapan dunungan. Ari kuring keur anteng ngelapan kaca mobil; sedan Baleno merek panganyarna.
Keur jongjon ngelapan mobil, kadenge ti tukangeun aya nu leumpang. Dilieuk, horeng Linda anak dunungan. Cara sasari, bari mikeun imut, manehna ngalengkah lalaunan ngadeukeutan panto mobil.
“Dih, anteurkeun Linda ka kampus. Keun we Ibu mah rek bareng jeung Bapa,” kadenge sora Bu Esih nyorowok ti hareupeun panto tepas.
“Mangga, Bu,” tembal téh bari ngalieuk mah ka Linda nu beuki ngadeukeutan.
Rada ogé gegebegan hate téh, bubuhan rek narik nu geulis. Mangkaning harita téh munggaran pisan. Da sasari, ari isuk-isuk mah sok nganteurkeun indung-bapana.
“Hayu, bilih kasiangan,” ceuk Linda sorana halimpu. Sanggeus diuk dina jok tukang.
“Mangga,” cekeng téh pondok.
Gerung, mobil dihurungkeun. Teu lila terus digas, dipajukeun lalaunan. Ngageuleuyeung kaluar ti gerbang buruan. Beuki jauh ti imah, gas rada ditincak. Mobil nyemprung ka kalerkeun.
Sanggeus rada jauh ti imah, cetrek nyetel kaset Cellin Dion: “My Heart Will Go On”, soundtrack tina pilem Titanic. Linda di tukang anggur ngahenen, teu protes hayang diganti. Kuring jongjon nurutan lagu dina kaset bari heheotan lalaunan.
Teu lila pok Linda nyarita, “Aeh geuning tiasaan ngalagu Barat?”
“Ah, sering ngadangu we tina kaset. Ari ngartos mah henteu,” tembal téh bari imut.
Linda ge milu imut. Katempo tina kaca spion jero.
“Aeh, ari jenengan téh saha? Hilap deui, padahal kantos diwartosan ku Papah téh,” ceuk Linda jujur. Bari angger mikeun imut.
“Didih Ahmad Mansyur Komara. Nanging sadidinten mah, cekap we Didih,” cekeng téh sajalantrahna. Sigana mah pangna Linda pohoeun ge, tuda ngaran kuring mah kawilang panjang. Bisa keur opataneun. Bari na hate mah imut, kayungyun ku ngaran sorangan.
“Ih, mani panjang, nya?” pokna bari imut.
Teu ieuh ditembal, anggur ngagiwarkeun setir, da aya beca nyoloyong ka tengah. Huh, di mana-mana ge tukang beca mah sarua, gerentes téh.
Katangen nu cureuleuk téh imut deui wae. Geus kitu pok nyarita, “Sae jenengan téh.”
Lenyap kana hate, disebut “sae” ku Linda téh. Katempo manehna neuteup ka hareup, geuwat dipaling reret tina kaca spion. Banget ku sieun katohyan ngareret manehna, geuwat kuring nincak gas. Mobil beuki nyemprung ka kalerkeun. Muru ka kampusna, di daerah Bandung Kaler.
Nepi ka anjogna ka buruan kampus, teu ieuh kungsi cacarita deui kuring téh. Lian ti jalan beuki heurin ku angkot, ragab deuih mun hayoh ngajak nyarita ka manehna téh. Ongkoh sok bisi manehna ngarasa teu rineh numpak mobilna.
Iwal sanggeus mobil eureun, kadenge Linda nyarita, “Engke jemput jam tilu sonten, nya?” bari neuteup ka kuring.
Ditembal téh ku unggek. Sedeng ari hate mah hayang males neuteup ka manehna. Ngan teu wani, teu wasa ongkoh, kasebutna culangung ka dunungan, teu gableg cedo, mun tea mah nepi ka males neuteup téh. Ongkoh sieun manehna ngarasa teu ngeunaheun, dilunjak ku pangkat supir.
***
Pasosore kuring geus ngabagug jeung mobil di buruan kampus. Maksud téh rek ngajemput manehna. Rada lila nungguan téh, ngaroko ge geus dua batang. Karek ge rek ngahurungkeun roko nu katilu, katempo rentang-rentang Linda leumpang rurusuhan tina tangga kampus. Di tukangeunana aya lalaki nuturkeun, tayohna mah babaturanana. Kawilang kasep lalaki téh. Buukna panjang semet beuheung, ceulina ditindik. Ka handapna make calana jeans, kaluhurna kaos oblong pulas bulao. Kantong nu di gandongna merk salasahiji out door sport nu kasohor. Ari sapatu, ket warna hideung.
Lin, tunggu! Jangan salah paham dulu, dong,” ceuk lalaki tea, bari ngagancangan leumpangna ngudag Linda.
Udah, jangan banyak alasan, lah. Titik!” tembal Linda bari haruhah-harehoh ngadeukeutan mobil.
Sanggeus nepi, gura-giru muka panto mobil. Terus diuk dina jok tukang, geblug, sora panto mobil ditutupkeun deui, “Enggal, jalan!” ceuk manehna bari noel kana taktak kuring.
Lin, Linda! Tunggu dulu. Kamu udah salah paham ame gue,” ceuk Lalaki tea, bari leungeunna didedetkeun kana kaca mobil nu mimiti ngageuleuyeung maju. Nepi ka kaluarna mobil ti buruan kampus, katempo tina spion lalaki téh nyerangkeun. Bangun nu hanjelu ku polah Linda.
Banget ku panasaran, sanggeus rada jauh ti kampus, pok we ditanyakeun:
“Saha tadi téh, Neng?” ceuk kuring halon. Bari hate mah asa-asa, sok sieun dianggap pimilueun kana urusan pribadina.
“Eta rerencangan kuliah. Doni Arifin, putrana Drs. Rustandi, dosen abdi di kampus” tembalna halon tur make basa Sunda lemes saperti biasa. Sakapeung sok ngarasa kayungyun ku manehna téh; lian ti geulis téh bageur deuih, nyarita ka sasaha teu weleh make basa Sunda lemes. Iwal ka babaturan di kampusna we meureun nu nyarita Mamalayuan téh. Atuh ka kolotna, kacirina Linda téh kacida nurutna.
“Rerencangan atanapi rerencangan,” ceuk kuring bari imut.
“Ah, rerencangan!” ceuk Linda bari terus jamedud. Kuraweud haseum. Geus kitu pok deui nyarita, “Tos ah, teu kenging nyabit-nyabit deui kajantenan tadi. Mending ge nyetel kaset Mariah Carrey geura!” ceuk Linda bari maksakeun imut.
Teu talangke, terus pamentana téh digugu. Ongkoh kuring ge resep deuih kana lagu-lagu Mariah Carrey téh. Antukna mah sajajalan ngahariring bari heheotan bareng jeung manehna, jeung Linda, anak dunungan.
Nya ti saprak munggaran nganteurkeun manehna poe harita, kuring beuki simpati ka manehna téh. Lian ti resep kana somehna, ogé teu ngamenak deuih. Teu sugan asa aing anak dunungan atawa jadi anak jalma beunghar. Estu Linda mah sarwa basajan. Ka sasaha teu weleh darehdeh. Malah lila-lila mah, Linda téh sok menta hayang dibaturan balanja ka mall sagala. Majarkeun euweuh batur. Kitu deui ka mana-mana sok menta dianteur wae ku kuring. Sakalina Bapana hayang nganteurkeun ge sok ngahulag. Erana mah nataku ku indung-bapana, ngan dalah dikumaha, manehna nu menta kitu. Untung we Bu Esih sok ngarti, ngahempekeun, asal sing ati-ati we dijalanna, cenah.
Tapi keukeuh keur kuring mah matak teu ngeunah hate ogé. Kana baranggawe sok asa kateug. Malah jadi ragab. Lain ku nanaon, kuring sadar, yen pangkat téh ukur supir. Ukur pagawe indung-bapana, lain lanceuk atawa dulurna. Lain babaturan kuliahna deuih, da sakola ge ukur tamat SMA. Sok sieun indung-bapana neundeun curiga nu lain-lain, nu matak ngabalukarkeun fitnah keur kuring. Bari digawe ge can bubulanan-bubulanan acan. Matak sakapeung mah, sok tara daek sare, mun pareng mikiran Linda téh.
Cara sore harita, saperti biasa kuring téh ngajemput di kampus. Linda ujug-ujug miheulaan diuk di hareup, gigireun korsi nu didiukan ku kuring.
“Naha calik di payun, engke nyeuseulan tuang rama!” ceuk kuring bari reuwas ogé.
“Naha make kedah nyeuseulan. Naon bentenna kitu calik di payun sareng di pengker?” ceuk manehna bari neuteup. Kuring rada malieus, najan kahayang hate mah malik neuteup.
“Kapan aya tatakramana, ari dunungan mah kedah calik di pengker,” ceuk kuring bari imut.
“Ah, teu aya dunungan teu aya bujang di jaman demokrasi mah,” ceuk manehna bari angger mikeun imut.
“Nya wios ari kitu mah, tapi awas upami tuang rama nyeuseulan, tanggel waler Eneng, nya?” ceuk kuring bari nutupkeun panto mobil.
Sip, lah,” ceuk manehna bari ngacungkeun jempol.
“Ayeuna bade teras mulih atanapi ka mana, Neng?” tanya kuring najan rada asa-asa ogé.
“Kahoyong mah bade milarian heula buku,” tembal manehna halimpu naker.
“Ka toko buku?” kuring malik nanya.
“Nya muhun, atuh. Maenya meser buku ka toko beusi,” ceuk manehna bari terus nyikikik bangun nu ngeunaheun naker.
“Mangga, Neng,” cekeng téh bari ngabelenyeh imut. Kagugu ku omongan sorangan. Geus kitu mah terus ngahirupan mobil. Laju digas lalaunan. Gigi dioper kana dua, terusna mah maju ngageuleuyeung lalaunan.
“Baku ari tos nyebat Eneng téh, Linda we,” ceuk manehna sanggeus mobil beuki ngajauhan kampus.
“Ah, kirang sae atuh. Maenya ka Eneng nyebat jenengan?” tembal téh halon.
“Kirang sae kumaha? Abdi mah resep kénéh disebat Linda. Lin-da, cekap,” ceuk manehna bari terus jamedud.
“Enya lah, Eneng, eh, Lin-da,” ceuk kuring. Ampir we kacaletot.
Teu disangka ti anggalna, beres nyarita kitu, jeletot manehna nyiwit kana cangkeng. Teu wudu kuring ngagurinjal reuwas, ongkoh peureus deuih ciwitanana. Rey, rey, beungeut ngadadak sepa. Bari panon mah ti tadi ge manco kana kaca mobil, teu wani neuteup ka nu tas nyiwit. Hate ngadadak tagiwur, baluas, bari pacampur jeung lelenyapan sagala. Jorojoy aya rasa nu beda. Rasa atoh pacampur jeung reueus, dumeh diciwit ku nu geulis. Jorojoy aya rasa sieun. Sieun indung-bapana apaleun, meureun kana dipecatna jadi supir. Dumeh geus kumawani daek diheureuyan ku anakna. Ah, naha da aing mah teu salah barina ge. Manehna ieuh nu ngamimitian, gerentes téh.
“Naha kalah ngahuleng, Kang Didih mah?” sorana ngagareuwahkeun lamunan.
Lenyap deui, hate téh ngalenyap. Irung ngadadak asa kembu. Tuda ti saprak ngadunungan ka indung-bapana, karek manehna nyebut “Kang Didih” sagala ka kuring. Nu sasari mah cukup ku noel atawa nyebut “hey”, mun tutah-titah téh. Ari pek harita, mani “nga-Akang-keun” sagala.
“Euh, euh, ah, henteu,” nembal téh arapap-areupeup.
Sanggeus leler deui pangacian. Geuwat panon manco deui ka hareup. Terus gigi dioper kana lima, mobil beuki nyemprung. Ngadius ka wetankeun.
***
Sore harita, balik ka imah téh geus ngengeng gang. Bubuhan tas kukurilingan heula ka toko buku. Datang ka imah, kasampak aya Bi Inah jeung Mang Suryada wungkul. Kabeneran dunungan mah can baralik ti kantorna.
“Naha geuning datang téh burit pisan, Dih? Tas ti mana heula?” ceuk Mang Suryada bari sok mikeun cai herang dina gelas.
“Nganteur Neng Linda ka toko buku heula, Mang,” tembal téh leuleuy.
“Oh…,” walon Mang Suryada bari ngaregot cai bagean manehna.
Geus kitu mah leos Mang Suryada téh ka dapur deui. Ari kuring mah kalah ngajengjen di tengah imah sorangan. Untung we, teu kungsi lila, torojol Linda nyampeurkeun, bari mawa jus jeruk dua gelas.
“Kang Dih, ngaleueut heula. Bilih cape, mangkaning tos kukurilingan,” sora manehna halon bari mikeun imut leleb cara sasari. Kaciri keur kitu mah kageulisanana téh. Halis nu ngajepat hideung. Pipi nu salawasna semu bareubeu beureum. Jeung renyu biwir, nu pikalucueun. Katurug-turug harita téh make kaos oblong nu rada ngetat, beuki we tembong awak lenjangna. Komo mun dipulas ku kosmetik mah, meureun teu beuki rancunitna. Cacak-cacak teu dipulas ge, manehna mah tetep tembong kageulisanana.
“Aeh, nuhun atuh,” asa-asa ogé teu burung ditampanan.
“Kang Dih, enjing mah urang amengan, yu! Urang ka Musieum Geologi!” ceuk manehna sanggeus ngaregot jus jeruk.
“Moal ka kampus kitu?” cekeng téh malik nanya.
“Apan enjing mah dinten Ahad. Janten kuliah libur,” tembal manehna bari jeletot nyiwit kana pigeulang leungeun. Untung we gelas jus jeruk téh teu ragrag, kaburu kajewang ku leungeun nu kenca.
“Tapi teu kenging nyandak mobil nu sok biasa dianggo. Nyandak Baleno nu beureum we, nu biasa sok dianggo ku Si Papah, da moal dianggo ka kantor ieuh dinten Ahad mah,” ceuk manehna bari neuteup seukeut pinuh ku pangharepan.
“Mangga,” tembal téh halon. Bari hate mah kumalayang ka mana karep. Ras kana nasib diri. Ras kana pilakueun isuk. Ras ka manehna nu harita ngajengjen hareupeun kuring. Ras kana sedan Baleno warna beureum nu sok dipapake ku bapana. Kasawang, diuk dina jok hareup jeung manehna bari sajajalan téh bakal uplek ngobrol. Ngabudalkeun eusi hate sewang-sewangan, bari gogonjakan, lalaguan, heheotan. Silih ciwit, silih teteup, jeung silih delekan.
“Naha kalah ngalamun Kang Didih mah?” sora Linda ngagentak lamunan.
“Euh, aeh, henteu, Neng!” tembal téh aga-eugeu.
“Eneng deui, eneng deui, Linda kituh!” ceuk manehna bari jamedud. Terus ngegel biwir, semu ogoan.
Jeletot nyiwit. Kuring gentak ngagurinjal, bari muringis da karasa peureus. Nempo kuring kitu, manehna kalah imut leleb bari neuteup bangun nu sugemaeun naker. Antukna kuring ge kabawakeun imut, bari hate mah ngalenyap rus-ras ka mana karep. Ras ka poe isukan. Ras kana sedan Baleno warna beureum. Jorojoy aya niat, hayang jadi supir dina kahirupan manehna nepi ka jaga. ***

Tidak ada komentar: