28 Januari 2010

Caah

NEUTEUP cai kiruh nu umpal-umpalan luareun jandéla,  aya nu nyérését kana haté. Si Bungsu naplok dina tangkeupan, teu kecét-kecét. Tina ketug jajantungna nu kerep, kuring bisa ngarampa rasa sieun nu pohara. Rasa sieun nu sarua nyaliara dina dada sorangan.
Cai ukur satengah méteran deui tina tungtung lisplang imah ku­ring umpak handap. Untung imah téh dua umpak. Da mé­mang di komplék kuring mah, bubuhan kasebutna komplék élit, imah téh méh kabéh dua umpak. Ngan da nyieun dua umpak sotéh lain keur tatahar bisi kacaahan, ieu mah ukur keur kamé­gah­an, keur gengsi, keur prestiseu. Palias, teu nyangka saelas, bakal kakeueum ku caah. Najan caah datang unggal taun, da biasana gé nu kakeueum téh padumukan kumuh jeung kam­pung-kampung masarakat kelas biasa, lain kelas élit modél perumah­an kuring.
Pamajikan ngaringkuk dina sofa bari ngeukeuweuk leungeun Si Cikal. Beungeutna sepa, baluas kénéh jigana. Ti barang beunta, asa can aya nu kungsi nyaoara. Iwal jerit Si Cikal isuk-isuk basa muka hordéng, basa nempo cai geus méh sahibas kenténg. Dituturkeun ku dengékna Si Bungsu, nu reuwas ngadéngé lanceukna ngajerit. Kuring luncat ngarontok Si Bungsu tuluy ditangkeup, ari indungna muru Si Cikal nu keur burial buncelik dina jandéla.
Najan geus nyaho Jakarta keur babanjiran, tapi ari ngabadé imah rék kakeueum mah nya éta teu kungsi. Kamari soré, kuring ditelepon ku pamajikan, kudu geuwat balik, lantaran perumah­an geus kakeueum samumuncangan. Ukur samumuncangan. Ceuk pikir téh moal gé katutuluyan. Tadina mah bubar kantor téh rék tuluy ka kafé, saperti biasa, ngareureuhkeun kacapé balas sapopoé nyanghareupan pagawéan. Sok jangjian jeung babaturan bisnis. Paling soré nepi ka jam sawelas di kafé lang­ganan téh. Lumayan sok loba transaksi, ti mimiti urusan bisnis nepi ka ésék-ésék. Datang ka imah biasana jam dua welas. Pamaji­kan jeung barudak sok geus talibra, nya sok tuluy wé milu tibra.
Isuk-isuk mun hudang, barudak geus ka sarakola, pamajikan geus indit ka kantorna maké mobil sorangan. Nu aya téh Bi Isah, réncang bawa ti lembur pamajikan, jeung Si Udin, alona Bi Isah. Ari pagawéanana mah supir Si Udin téh, supir barudak. Da kuring jeung pamajikan mah resep nyetir sorangan. Ngan selang-selang tina nganteur barudak manéhna sok ngurus taman di pakarangan jeung pipir imah, nu lumayan lega keur ukuran Jakarta mah. Atuh jeung anak pamajikan téh kuring mah langka te­pung keur nyaring, sok komo ngobrol mah, iwal dina telepon. Éta gé poé minggu pamajikan sok di imah. Ngan kuringna nu lang­ka aya. Mindeng dines ka luar kota, dines nu ditétéangan téa.
Ari kamari soré, pamajikan mani kring deui kring deui nelepon. Ulah balik peuting cenah, keueung di imah. Bi Isah jeung Si Udin tadi isuk mulang heula ka lembur. Teuing naon alesanana. Keueung sugan nempo berita caah nu terus-terusan ngalegaan ngeueum Jakarta.
Kapaksa mulang. Bari jeung rada jéngkél ka pamajikan basa nempo cai ukur ngérélék. Cai ngaliwat pantesna mah, lain caah. Piraku perumahan élit di wewengkon élit bisa kacaahan? Asa teu ararasup akal.
Kilang kitu, basa pamajikan mindahkeun kompor gas, kulkas nu pinuh ku dahareun meunang manéhna beurang balanja, jeung sawaréh parabot dapur ka umpak dua, kuring gé milu mantuan. Si Cikal nu geus kelas 6 SD, sina bébérés pangsaréan, da saré gé urang pindah waé ka kamar luhur cenah. Ari kamar si Cikal onaman da tadina gé geus di luhur. Parabot éléktronik gé dipindah-pindahkeun. Capéna nataku. Nepi ka kuring kutuk gendeng, malah pamajikan gé dipoyokan dasar phobia, cekéng téh. Jéngkél tuda. Jéngkél ka pamajikan nu ngadadak teu rasional jeung jéngkél ka Si Udin nu mulang. Da mun seug aya manéhna mah piraku kuring kudu bobolokot késang ngunjalan barang.
Dur magrib, lain solat, dug sek saré. Poho teu mandi-mandi acan. Tengah peuting lilir, kadéngé hujan ngagebrét. Pamajikan ngaréngkol gigireun, ngaréngkolan si Bungsu nu biasana sok saré jeung Bi Isah. Si Cikal gé milu saré di kamar kuring, nga­réngkol dina sofa di juru kamar. Kuring ukur gogodeg. Beu! Bener-bener kasieunanana téh.
Ari isuk-isuk nyaring, kahudangkeun ku jerit si cikal jeung dengék si bungsu. Geus kieu kaayaanana. Can aya nu wani ingkah ti kamar. Kabayang, kumaha kaayaan imah di umpak handap, pasti geus kakeueum ku cai!
Aya kana satengah jamna ngahuleng paheneng-heneng. Taya nu lémék. Sora dulugdugdagna jajantung gé asa atra, mirig gumuruhna sora cai luareun jandéla.
“Mah, lapar…!” sora si bungsu meupeuskeun kasimpé kamar. Manéhna ngulisik dina tangkeupan.
Indungna ngarérét, tapi jiga nu linglung. Kalah melong kosong ka kuring duaan.
“Mah, Si Adé lapareun,” cekéng téh alon, neger-neger haté.
“Kah? Oh, enya, lapar. Kumaha atuh nya?” cenah kalah malik nanya.
“Har… nya ngadamel emameun atuh…?” kuring rada keuheul.
“Ari Papah jiga nu linglung, pan dapurna gé kakeueum cai, kumaha…”
“Pan kompor sareng kulkas tos dialihkeun ka luhur….” kuring ngingetan.
“Astagfirulloh, na aya poho…. Ké nya Cu, Mamah badé ngadamel heula emameun…” pamajikan nguniang cengkat. Si Cikal masih pageuh muntangan. “Sot heula atuh, Mamah badé ngadamel sarapan…” cenah bari ngusapan sirah Si Cikal.
Bari jeung teu ngomong sakemék, Si Cikal milu cengkat. Tuluy ngingintil bujur indungna ka luar ti kamar. Ditinggalkeun duaan jeung si Bungsu nu ngarenghik waé, asa teu puguh. Tungtungna kuring gé nuturkeun ka luar.
Lulurung  antara kamar kuring jeung si cikal, geus disulap jadi dapur. Mani darukdek pinuh ku parabot. Untung ‘tengah imahna’ mah rada lega, jadi teu  darukdek teuing najan pinuh ku paparabotan meunang mindahkeun kamari gé. Bari angger nanangkeup si bungsu, kuring diuk dina korsi panjang nu nyanghareup ka palebah “dapur” téa. Sidik pisan pamajikan, cakah-cikih nyieun sarapan. Si Cikal nu geus rada leler baluasna dibéré tugas pulang anting nyokotan bahan pasakeun tina kulkas.
Teu kungsi lila, dahareun geus ngajagrag dina méja pendék hareupeun. Roti bakar, dieusian ceplok endog, maké sayuran jeung mayonés. Mani seungit ngahudang lapar. Nginumna cai jeruk panas. Ditambahan wéh ku goréng sosis sapiring leutik. Teu loba carita, opatan ngariung ngosongkeun eusi piring. Barudak geus pulih deui tina kareuwasna, da dalaharna téh kaciri rewog. Ari kuring jeung pamajikan mah sarua caman-céménna, meusmeus silihpelong, silihsimbeuhkeun kabingung.
Bérés dahar si bungsu ngarenghik hayang nongton télévisi. Boro-boro bisa nyetél télévisi, puguh listrik pareum. Tungtungna dibawa ulin rorobotan ku lanceukna. Pamajikan sabada ngumbahan wadah, tuluy ngahintul dina korsi hareupeun.
“Kira-kirana cai cukup kitu?” kuring ngamimitian muka carita.
“Duka, cukup sugan dan urang mah torenna ageung,” témbalna siga teu purun.
“Lilin, sénter, aya? Éh, urang mah da gaduh lampu darurat téa, nya? Pinuh kénéh teu batuna?”
“Lilin seueur aya dua pak. Sénter batuna weuteuh. Lampu darurat sigana pinuh da can kantos dianggo. Ngan, sabaraha lami urang bakal kieu?” sorana rada ngarahuh.
Teu ieuh ditémbal, puguh kuring gé sarua tagiwur, sieun caah saendeng-endeng. Meureun kuring sakulawarga paéh langlayeuseun, taya nu geusan nulungan. Mikir ka dinya, teu karasa ngabirigidig. Ras ka Rani, sekertaris kuring, nu pasti ayeuna téh keur di kantor. Sugan bisa nulungan. Geuwat cengkat.
“Ka mana?” pamajikan siga nu sieun ditinggalkeun.
“Nyandak HP di kamar. Urang ngontak Rani, sugan bisa nulungan.”
“Keun ku abdi,” manéhna miheulaan cengkat, gidig ka kamar. Barudak nu keur anteng ngalalieuk, tuluy tingjarerit mamah-mamahan.
Kuring luncat muru budak, kitu deui pamajikan. Reuwas bisi kumaha onam.
“Ulah ditinggalkeun…” Si bungsu eueuriheun.
“Moal, Cu, moal ditinggalkeun. Hayu sareng Mamah,” indungna nangkeup budak bari diusapan sirahna. Sanggeus ditangkeup mah budak téh répéh.
Tungtungna mah leut saréréa ka kamar, da kabéh embung aya nu tinggaleun. Ceg kana HP. Ditempo téh batréna sagurat deui. Leuh, poho kamari soré  teu dicas. Tadina mah rék nelepon, ngan nempo batréna, rada ngarempod. Rét ka pamajikan, singhoréng manéhna keur sibuk nelepon maké HP-na.
“Mah, kadé batréna tong diolok-olok,” kuring ngingetan. Pamajikan katémbong unggeuk, tapi angger wé bari nyorocos kana telepon. Bari ngabeubeutkeun bujur kana kasur, kuring mimiti nulis SMS ka Rani. Heuleut samenit, Rani langsung nelepon ti kantor. Hariweusweus nanyakeun kumaha kaayaan kuring nu sabenerna, di kantor kudu kumaha, jeung réa-réa deui. Dasar nu céréwéd, nanya téh teu maké titik koma. Hésé rék motongna.
“Heup! Heup! Ieu batréna saeutik deui. Heup!… halow… halow…” ditempo HP téh geus pareum. Wassalam, batréna béak. Dirérét pamajikan masih kénéh ngabuih dina telepon. Geuwat disampeurkeun.
“Mah, tos atuh….”
“Kin sakedap, Fika naroskeun hanca damel kamari, badé diteraskeun ku…..halow…halow….”
Kuring langsung lungsé basa nempo HP pamajikan gé pareum. Jigana sarua kamari teu dicas. Sarua poho, bakating ku riweuh.
“Aduh, na aya hilap, ti kamari can dicas,” cenah bari kokoréh kana laci méja néangan casan. Teu ieuh diharu-haru, dipelong wé bakat ku jéngkél. Manéhna nyecebkeun casan kana saklar.
“Geuning teu hurung?” cenah bari kerung. “Astagfirulloh, ari banjir mah meureun listrik pareum? Ya Alloh, kumaha…” manéhna neuteup ka kuring. Barang disampakkeun ulat teu riuk-riuk, manéhna gé meubeutkeun bujur kana korsi hiasna. Ngarahuh semu kaduhung. Atuh huleng deui saréréa mikiran kabingung. Di luar séahna cai asa beuki tarik baé. Tapi taya saurang gé nu wani nyampeurkeun jandéla.
Si bungsu mimiti ngarenghik deui. Biasa wayah kieu téh geus anteng di play grup, ayeuna mococo kénéh di kamar. Puguh ku kuring gé karasana matak kaluman. Rét kana tas kantor. Inget aya laptop. Geuwat dikaluarkeun. Lumayan keur ngabébénjo­keun si bungsu bisa maén game. Tiluan ngariung laptop. Pama­jikan mah ngahuleng kénéh bari nangkeup tuur luhur kasur. Asa watir nempona. Tadi mah basa ngobrolkeun pagawéan jeung babaturanana, romanna rada cahayaan. Jalma tukang ga­wé, teu resep cicing, kari-kari ayeuna dunyana diwatesanan ku témbok heureut. Teu ieuh diganggu, keun sina pulih heula pangacianana, sina sadar sapinuhna kana kaayaan nu keur karandapan.
“Téh, mending bantuan Mamah masak yu,” teu kanyahoan manéhna geus ngajengjen gigireun.
“Masak naon?” si cikal jiga nu wegah. Atuda iraha teuing si cikal diajar masak, sagala kumaha pembantu. Tapi maksud pamajikan kaharti, néangan kagiatan keur ngeusian waktu.
“Naon wé, kanggo emam siang. Urang ngalodéh, ngagoréng témpé, naon wé nu aya na kulkas. Da sayuran mah jigana moal kiat lami. Yu, baturan Mamah, resep geura,” manéhna imut manis, tapi karasa dipaksakeunana.
Bari jeung semu wegah nakeran, si cikal cengkat nuturkeun indungna ka ‘dapur.’ Teu lila kadéngé uplek duaan. Sora si cikal nu galécok sagala ditanyakeun ka indungna atra pisan ka jero kamar. Sora indungna mah ukur sakapeung-kapeungeun.
Basa nempo batré laptop dua garis deui, kuring mimiti keueung deui. Mun batréna béak, geus kacipta hiburan nu ngan hiji-hijina deui téh bakal musna pisan.
“Dé, urang ngiring masak yu sareng Mamah sareng Tétéh…”
Untung budak mani haget ngahayukeunana téh. Tungtung­na récok saréréa di dapur. Lila-lila saréréa jiga nu poho kana kaayaan sabenerna. Ribut heureuy gogonjakan. Kuring jeung pamajikan mani cirambay nyeungseurikeun polah si bungsu. Teu sangka budak téh geus loba pisan kamonésanana, padahal can jejeg tilu taun. Saumur boga si bungsu, asa kakara ayeuna kuring bisa nanggap paripolahna bareng jeung pamajikan. Aya nu nodél kana mamaras rasa. Duka rasa naon. Ngan nu sidik kuring ujug-ujug ngarasa ahéng kabina-bina; nempo budak némbongkeun momonésna, nempo si cikal ngaheureuyan adina, nempo pamajikan cakah-cikih masak, kuring asa aya di alam mana boa. Alam nu salila ieu leungit tina kahirupan kuring, ayeu­na ngadadak narémbongan deui.
Nempo pamajikan jongjon ngeureutan sayur lodéheun, sayur karesep kuring, asa inget deui ka usum papangantén. Baheula manéhna can boga gawé, can jadi désainer sohor jiga ayeuna nu sapopoéna gulet jeung artis atawa istri pajabat. Atuh kuring can jadi ménéjer di pausahaan gedé deuih. Can loba gaul jeung kalangan pangusaha, can kakolomkeun kana éksekutip muda. Can wawuh kana kafé, bar, diskotik, atawa vila-vila di puncak nu dieusian ku mojang-mojang rancunit. Hirup basajan dina talaga kabagjaan, nganyam sagala impian babarengan. Enya baheula, teuing jaman mana, mun isuk-isuk manéhna riweuh di dapur nyadiakeun sarapan méméh kuring indit gawé. Tuluy ngeluk nyemir sapatu bari ngadagoan  kuring rérés mandi. Pasosoré balik gawé, manéhna geus siap mapag ku imut bari mukakeun turub méja nu pinuh ku asakan beunangna. Manéhna cakah-cikih nyokot cai hérang, tuluy ngeusian alas kuring ku sangu haneut anu pulen, beunangna. Tuluy diuk maturan kuring ngahuap, bari ngabandungan sakur omongan nu kaluar tina sungut kuring. Paromanna teu weléh manis kareueut, panonna teu weléh hurung cahayaan. Mun poé minggu, kuring sok ngahaja mantuan manéhna cakah-cikih di dapur. Masak dibarung ku otél. Karasa pisan nimatna ngahuap babarengan ladang bobolokot duaan. Beurang peuting haté kuring teu weléh kebek kabagja. Nepi ka si cikal lahir, nepi ka pangabutuh hirup tuluy undak teu kaladangan. Nepi ka manéhna mutuskeun mantuan néangan duit, nepi ka karir kuring jeung manéhna nérékél ngaluhuran. Nepi ka antukna sagala robah; pangasilan, tempat dumuk, gaya hirup, jeung cara mikir kuring duaan.
Enya, geus lila éta usum ngaliwatna. Anéhna, salila ieu kuring teu ngarasa kaleungitan. Teu sadar, kuring geus ngaliwat­keun hiji usum nu pinuh ku madu pikeun hiji kahirup­an nu pinuh ku samar-samar. Jeung jigana nepi ka iraha gé kuring moal sadar mun seug teu nempo manéhna ayeuna, dikongko­yang celemék, cakah-cikih nyayur lodéh bari riweuh ngajawab pananya si cikal. Gustiiiii…. lila temen haté kuring jauh ti maranéhna! Karék ayeuna kuring sadar, ngan maranéhna banda kuring nu saéstuna téh.
Rérés dahar beurang nu pinuh ku kanimatan, barudak talibra. Kuring pahuleng-huleng duaan. Najan beuteung seubeuh, anéh pitunduheun téh asa ngajauhan. Teluh kéjo téh teu matih keur kieu mah. Teuing saha nu ngamimitian, ujug-ujug kuring duaan uplek ngobrol. Mimitina ngeunaan musibah nu karandapan, apesna pamaréntahan ayeuna nu ti mimiti jeneng teu weléh dikukuntit ku musibah galedé, bras kana urusan kantor, nu kakara téa silidongéngkeun kaayaan pagawéan séwang-séwangan téh. Bras deui kana lalakon nu geus kaliwat. Tuluy mundur kana mangsa-mangsa éndah nu kungsi karandapan. Asa jongjon, taya telepon nu krang-kring, taya sémah nu datang, taya jangji lunch nu kudu dilakonan. Poé ieu, dunya asa nu kuring duaan. Haté kuring mimiti deui ngarasakeun geter-geter kanimatan nu lawas kapopohokeun.
Pasosoré, barudak nyaring. Kuring jeung pamajikan paheula-heula muru Si Bungsu. Manéhna ngamandian, kuring nungguan dina lawang kamar mandi bari nyenyekel anduk. Tuluy duaan ngadangdanan budak nu hantem ngélég teterejelan. Si Cikal nu tos mandi di kamarna, nyampeurkeun milu ngélég Si Bungsu. Atuh nu rék dibajuan téh beuki leueur baé. Antukna saréréa ager-ageran seuseurian.
Kabungah kuring saréréa, kapegat ku sora nu gogorowokan ti luar. Atuh paheula-heula tingberetek muru jandéla. Ningali ka luar, geuning cai téh geus rada ngorotan, teu léb-léban teuing jiga isuk-isuk. Ti palebah ‘buruan’, aya parahu karét nu dieusian ku tentara duaan. Gogorowokan maké megaphone ngabéjaan yén manéhna rék nulungan. Kabéh dititah némbongan tina jandéla. Ti jandéla imah hareupeun nu sarua diloténg katémbong ronghok, tinggorowok, tinggarupay. Tentara téa ngabéjaan rék ngaévakuasi masarakat ka tempat anyar. Kadéngé nu tingcorowok ti unggal jandéla loténg, marénta diheulakeun.
Kuring silihpelong jeung pamajikan. Rét kana parahu karét tentara, rét ka imah-imah tatangga.
“Keun sina batur heula, urang mah persediaan seueur kénéh, pan?” cekéng téh ka pamajikan.
“Muhun, keun nu sanés heula. Urang mah teu darurat teuing,” pamajikan nyatujuan.
Nepi ka Magrib, parahu karét tentara paciweuh ngakutan korban caah. Kuring jeung pamajikan ngahurung-hurungkeun lilin téh di luar paciweuh kénéh. Kulawarga kuring mah geus dijangjian ku tentara rék diakut isukan.
Peuting dina remeng-remengna cahaya lilin jeung séahna cai caah, asa karasa romantisna. Geus lila tara babarengan jeung pamajikan dina kaayaan nu sakieu salséna. Kuring asa dibawa napak tilas ka mangsa lawas. Nataran deui geter-geter rasa nu lawas katunda dina gumuruhna Kota Jakarta. Poé ieu peuting ieu, poé jeung peuting nu pinuh ku kaajaiban. Kuring teu ngarasa keur meunang musibah gedé nu bisa waé ngancam pati. Kuring teu ngarasa hiji ménéjer di pausahaan gedé nu boga pamajikan ka désainer sohor. Tapi kuring, pamuda Cianjur nu boga pamajikan ka urang Sukabumi, nu keur ngararasakeun éndahna rumah tangga. Raga kuring rasa kuring, karasa deukeutna jeung maranéhna, banda kuring nu salila ieu dimomorékeun. Ras ka Rani, sékertaris geulis nu daék dikumaha baé, ras ka waiters-waiters geulis nu sok léléndéan di bar jeung diskotik, ras ka mojang-mojang lenjang nu sok maturan di vila-vila, asa taya nu sabanding jeung nu ayeuna nyanding gigireun. Najan itu leuwih ngora leuwih geulis, tapi haté kuring tara milu bahé ka maranéhna. Aya rasa kaduhung nu ngagugunung, naha panon batin téh bet telat beuntana.
Keur ukuran nu meunang musibah, saré téh asa tibra teuing. Mun pamajikan teu ngaguyah-guyah mah biheung jam sabaraha hudang téh.
“Urang subuh berjamaah,” cenah haréwosna kana ceuli.
Subuh berjamaah? Geus sabaraha taun éta kabiasaan katunda dina hirup kuring? Basa ngoréjat hudang, kuring asa lahir deui dina haréwos asihna Mimih nu sok ngahudangkeun unggal subuh. Baheula basa di lembur, basa Apa sok ngadagoan dina panto ngajak bareng ka masigit. Naha kuring bet ngalaman poho ka Mimih ka Apa nu teu weléh amanat sangkan kuring teu ninggalkeun solat? Naha kuring bet ngalaman poho kana nimatna solat Subuh berjamaah?
Basa isukna kuring sakulawarga diangkut kana parahu karét, haté bet asa tinggaleun. Lain melang lain lebar ku imah méwah, tapi ngait kana kaajaiban nu karandapan salila sapoé sapeuting di jerona. Asa wegah ka luar ti dinya, balik deui ka alam mangkukna nu pinuh ku galura kota Jakarta. Naha bisa kuring balik deui jadi ménéjer pausahaan gedé nu boga pamajikan ka desainer sohor langganan paraartis? Basa neuteup roman pamajikan nu pinuh ku sorot bungah pédah rék leupas tina kepungan caah, haté bet rada ngareunteut. Naha bisa manéhna salawasna ukur jadi mojang Sukabumi nu boga salaki ka pamuda Cianjur?

Tidak ada komentar: