28 Januari 2010

Si Rewok

GUYUR salembur. Najan teu ilahar, tapi méh sakur urang lembur ngarasa kahibur. Rupaning pintonan ditanggap: bajidoran, dangdut, kosidahan, wayang golék, tug nepi ka tablég akbar. Olot Ukar, Ulis Kowi jeung Kulisi Ook, katara bangun sugema. Meunang hésé capé tatahar téh, dina emprona mah geuning lungsur-langsar.
Peuting éta, malem Jumaah kaliwon, buruan balé désa téh ngadadak ngajanggélék jadi pasar malem.
“Para hadirin anu ku simkuring dipihormat, teu karasa geuning, peuting ieu téh geus nincak peuting katilu hajat lembur. Enya, dina raraga ngareuah-reuah maotna Si Réwok…” kitu cék Olot Ukar, basa keur biantara di luhur panggung. Nu surak mani sahéng, matak eundeur salelembur. Malah awahing ku ramé, nu keur biantara mah taya nu ngabandungan. Nyaho-nyaho Lurah Ukar geus mungkas biantarana. Tuluy disambung ku Kuwu Amas, minangka tamu istiméwa.
“Kuring minangka kuwu, milu bungah nu taya papadana, duméh Si Réwok geus nemahan pati. Sugan wé ari Si Réwok maot mah, lembur urang téh jadi aman tur tingtrim…” teu kebat biantarana, da kasilep ku surak nu lalajo mani ayeuh-ayeuhan. Malah nepi ka réngséna biantara, biheung aya nu nyaho naon nu caritaan ku Kuwu Amas. Komo Hansip Baron mah, ti mimiti prung acara ogé, ngan hayoh baé ngalindeukan Néng Lina. Mangpang-meungpeung, sabot Olot Ukar bongoh. Padahal sasarina mah Hansip Baron téh tara kumawani, da puguh ngaragangan Lurah Ukar. Tapi sanggeusna Hansip Baron dilélér pangajén minangka pahlawan lembur, Olot Ukar siga nu méré lolongkrang hadé. Hartina, tinggal Cép Érik nu kudu disanghareupan téh. Duka ku  naon, da Cép Érik mah ti baheula ogé mémang teu panujueun upama adina kudu réréndéngan jeung Hansip Baron.
Tatabeuhan dangdut mimiti ngagembrung. Nu lalajo mimiti motah. Aya awéwé maké baju merecet naék ka panggung. Nu lalajo beuki moyég. Hansip Baron mah kalah ka anteng neuteup beungeut Néng Lina.
“Kang Érik nuju ka mana, Néng?” Hansip Baron nanya. Diukna rada ngised, semu nyedekkeun Néng Lina.
“Duka…” ukur kitu walon Néng Lina téh. Pangpangna mah geus bisa ngabadé yén Hansip Baron téh ukur basa-basi. Da mun seug enya aya Cép Érik, tangtuna ogé moal kumawani diuk di gigireunana.
“Si Érik mah keur nganjang ka imah calon pamajikanana di Rancakatél. Geus ampir saminggu, henteu balikna téh…” kalah Olot Ukar nu némbalan téh, bari panonna mah angger manco kana panggung, lir embung kaliwat nuturkeun nuturkeun nu keur ngagéol luhur panggung.
*
TILU poé katukang, Si Réwok geus jadi mayit. Puguh baé langsung ibur salembur, éar sadésa. Malah mimitina mah loba nu cangcaya. Pangna kitu téh, ngaran Si Réwok geus jadi kacapangan balaréa, dipikasieun ti baréto. Éstuning matak muringkak bulu punduk, mun ngaguar kaganggasan Si Réwok. Lain hiji dua nu nyebut leuwih gangas alah batan sato téh. Kakara ngadéngé ngaranna, nu soak mah tuluy ngocéak.
Sanggeus sumebar béja yén Si Réwok maot, réa nu tumanya, saha nu geus bisa maéhanana? Da puguh salila ieu mah can aya nu metu nyangkalalak éta jalma. Dalah aparat kaamanan ogé méh béak-déngkak. Cék Bah Dinta téa mah, dukun sohor ti urang Ciparabun, majarkeun téh Si Réwok boga ajian meunang ngalap ti Siluman Belut. Leueur, matak hésé ditéwakna. Ngalawan Si Réwok mah, lain sanghareupaneun jalma bolostrong.
Olot Ukar terus ngayakeun saémbara. Sing saha nu bisa nyerek Si Réwok, boh hirupna boh paéhna, baris meunang hadiah, duit sapuluh juta! Kawasna mah Olot Ukur geus liwat ti jangar, duméh kulawargana gé  jadi korban kaganggasan Si Réwok.
Hansip Baron ngadadak jadi bahan catur balaréa. Cenah manéhna pisan nu nyangkalak Si Réwok téh. Saméméhna tarung heula di Pasir Haur. Layon Si Réwok terus dibulen ku boéh, henteu kungsi dimandian heula. Satuluyna dipanggul ku ka buruan balé désa. Urang lembur tumplek ka balé désa, hayang ngayakinkeun éta béja.
“Cik singkabkeun boéhna, hayang neuleu heula beungeutna! Rék diciduhan sakali mah!”  aya nu nyelengkeung semu nu ngenes.
“Meugeus, teu kudu diténjo sagala rupa, beungeutna raca pisan!” cék Hansip Baron rada teugeug.
“Mending mandian baé heula. Terus urang kurebkeun sakumaha mistina…” cék Mama Iking.
“Teu kedah, Mama. Jalma kieu patut mah, mending langsung dikurebkeun wé, da tos puguh bakal dirérab seuneu naraka!” témbal Kulisi Ook.
“His, ari taeun téh, sok nyanyahonan Nu Kagungan. Teu meunang, dosa éta téh…” saur Mama Iking.
“Lah, tong loba catur. Hayu urang rungkup baé! Iringkeun ku kuda rénggong!” Hansip Baron bangun nu teu sabar. Rombongan kuda rénggong geus anjog ka buruan balé désa.
“Nya ari geus kieu mah, sok wé atuh kurebkeun di Cijéngkol! Omat, ulah wani-wani dikubur di Makam Jambu, bisi ngotoran arwah-arwah jalma suci,” kitu cék Olot Ukar.
“Ari Pa Olot, moal milu ngubur?” Ulis Kowi nanya.
“Apan kuring rék nyiapkeun raraméan jeung barudak nonoman…” témbalna.
Hansip Baron gugupay ka lebah rombongan kuda rénggong, tuluy ngagorowok rada harus.
“Hayoh tabeuuh…!”
Der, tatabeuhan kuda rénggong téh dimimitian. Nu nyanyi, nu ngigel, nu sarurak, mutuh matak harénghéng. Layon digotong ku Kulisi Ook, Hansip Baron, jeung Ulis Kowi. Ari Mama Iking mah tuluy baé ngaléos. Pasemonna bangun nu hanjelu.
“Mama, moal ngiring ngurebkeun?” cék Olot Ukar.
“Moal.” témbalna pondok, bari tonggoy ngaléngkah ka kulonkeun.
“Atuda aya ku mararodél Pa Olot mah. Piraku rék ngurebkeun nu maot kalah ka diiringkeun ku kuda rénggong…” aya nu nyarita tukangeun Olot Ukar. Barang dilieuk, mana horéng Ustad Otong.
“Lah, Mang Ustad mah da can kungsi ngalaman jadi korban Si Réwok. Jadi moal ngarasakeun kanyeri urang lembur…”
“His, sanés kitu, Pa Lurah. Tapi kalah kumaha ogé, ari nu maot dikitu-kitu mah, henteu saé. Komo deui ngadangu téh badé tatanggapan sagala?”
“Enya, Mang Ustad. Kuring rék tatanggapan tujuh peuting noron. Bisi Mang Ustad rék lalajo, tangtu bakal disadiakeun korsi husus di jajaran hareup…” teu kebat nyaritana, da Ustad Otong kaburu ngaléos.
*
BEUKI peuting, acara dangdutan mingkin ramé baé. Aparat désa tingcakakak dina korsi jajaran hareup. Kituna téh bari tingserebung haseup udud, tinglaleguk inuman. Duka kumaha téténjoanana, da nu ngigel téh siga nu pikalucueun. Hansip Baron beuki laluasa ngalindeukan Néng Lina.
Teu lila, Hansip Baron cengkat.
“Badé ka pengker  heula sakedap,” pokna ka Néng Lina.
“Mangga, masing lami ogé…” témbal Néng Lina. Rada nyentug kana angen Hansip Baron. Najan kitu, Hansip Baron kalah ka sarangah-séréngéh, api-api teu ngadéngé. Léos muru ka pipir balé désa, rada rurusuhan.
Kakara ogé muka seléting, Hansip Baron ujug-ujug curinghak. Panonna melong ka lebah tangkal kihujan. Najan ukur sakolébat, katénjo aya nu sasalingkeran, maké pakéan sarwa hideung.
“Saha éta?” cék Hansip Baron teuneung. Hanjakalna ukur diwalon ku sora gaang jeung jangkrik.  Éta jirim nguliwed ka kulonkeun. Hansip Baron beuki panasaran, lat poho kana sagala rupa. Harita kénéh ngaberengbeng lumpat, ngudag jirim nu geus leungit dilegleg mongkléngna peuting. Hanjakal, najan diberik bari lumpat satakerna, henteu kaudag. Ditéangan ka ditu ka dieu, teu kapanggih. Antukna Hansip Baron ngalempréh bari rénghap-ranjug, késang ngoprot sakujur awak.
“Nuju naon, Mang Baron?”
Gebeg. Ustad Otong geus nangtung di hareupeunana.
“Bieu téh aya jalma nyurigakeun, lumpat ka lebah dieu. Tapi dasar keur apes, nepi ka henteu kaudag tah Si Ontohod téh. Padahal mun beunang mah, rék dipodaran sakalian, ngarah Si Réwok aya baturna di naraka!” témbalna.
“His, ari nyarita téh…”
“Ké, ké, ké, ari Mang Ustad rék ka mana?”
“Biasa wé, rék menerkeun cai. Tuluy balikna rék nyimpang ka Mama Iking.”
“Kadé atuh, bisi éta mangkeluk ngarogahala.”
“Kuring mah pasrah wé ka Alloh, Mang. Hayu ah, bisi peuting teuing, Assalammu’alaikum…” kituna téh bari ngaléngkah rada rurusuhan. Hansip Baron sakedapan mah ngahuleng ngaragameneng. Siga nu keur mikir. Uleng naker. Teu lila, Hansip Baron cengkat. Tuluy leumpang rurusuhan.
Bras ka buruan imah Mama Iking. Hansip Baron ngarandeg. Kapireng di jero aya nu keur paguneman, semu gegerendengan. Manéhna tuluy ngeteyep ka pipir imah Mama Iking. Satuluyna ngintip tina séla-séla bilik. Gebeg, Hansip Baron ngaranjug, bangun cangcaya kana téténjoanana. Késang badag késang lembut mimiti rarenung maseuhan sakujur awakna. Angenna ratug tutunggulan, basa sora nu paguneman beuki atra kadéngé.
“Alloh mah lautan hampura, Jang. Dosa-dosa Jang Réwok anu bieu dicaritakeun téh, mémang matak muringkak bulu punduk. Kilang kitu, rék sakumaha lobana dosa Jang Réwok, ari geus boga itikad rék tobat jeung rék babalik pikir mah, lawang pangampura masih kénéh muka. Mama ogé ngarasa bungah nu taya papadana…” sora Mama Iking meupeuskeun simpéna peuting. Ti kajauhan, sora tatabeuhan dangdut masih kénéh ngagembrung.
“Nuhun, Mama. Abdi téh leres-leres hoyong ngubur tapak kapungkur, nanging nya kitu téa…” Réwok teu kebat nyaritana, sabab piceurikeun geus nyelek dina tikoro. Antukna kalah nginghak bangun nu nalangsa.
“Geus, teu kudu ceurik, Jang. Ayeuna mah hayu urang abdas. Wayahna sapeuting ieu mah ulah hayang saré. Mending solat tobat, solat hajat, solat istikharoh, masrahkeun awak sakujur kalayan neda pangampura ti Nu Maha Kawasa. Isukan, bada solat subuh, pék masrahkeun diri ka nu berwajib, ngarah urang lembur aréling, saha sabenerna anu geus dikurebkeun téh. Bisi sieun mah, keun ku mama dianteur. Deudeuh teuing ana kitu mah Lurah Ukar téh…” kitu pokna Mama Iking.
Hansip Baron kekerot. Cacak mun di nu caang mah, tangtu bakal katénjo geuneukna beungeut Hansip Baron. Gap kana gagang bedog; Si Waja Karang, nu tara lésot disosorén saban mangsa.
“Dasar sia mah bangkawarah, Réwok! Cidra kana jangji sia sorangan…” Hansip Baron ngagerentes, bari ngojéngkang rék muru ka lebah tampian. Teu kahaja, sukuna nincak ucing kukutan Mama Iking, nu keur depa di tukangeun Hansip Baron.
Méooong…! Sora sakadang ucing bangun nu kanyenyerian.
“Saha di luar?!” cék Mama Iking, rada harus. Puguh baé angen Hansip Baron beuki ratug tutunggulan. Komo barang mireng sora panto ngulutrak mah. Rasa bingbang jeung tagiwur minuhan satungkebing haténa.
“Aéh, geuning Mang Ustad. Sok ka jero! Naha teu uluk salam heula atuh?”
“Punten, Mama, tadi téh nembé ogé badé éngab, tapi reuwas ngadangu sora ucing…”
“Ucing?” Mama Iking naros. Hanjakal pisan Hansip Baron mah teu bisa nyaksian paroman Mama Iking.***
Pondok Mustika, 15 Mulud 1426 H

Tidak ada komentar: