28 Januari 2010

Rusiah

Orok beureum nu keur ngageubra saré, diteuteup salila-lila. Asa robah-robah beungeutna téh. Mangkukna mah nyeplés pisan siga kuring, ayeuna mah bet siga mitoha, ninina. Paingan ceuk uyut, orok mah bisa mamalihan rupa. Ké mun geus panceg opat puluh poé karék angger moal robah-robah. Enya, meureun nya, ning anak kuring gé kitu.
“Teu ngompol, Kang?” pamajikan asup bari nangkeup istrikaeun. Karék jajait meureun. Puguh gé ayeuna mah seuseuheun jeung istrikaeun téh sahunyudan sahunyudan. Popok, tilam ompol, baju orok, ka samping-samping aya.
“Henteu,” témbal téh heureut.
“Na mani tibra-tibra teuing nya! Tempo akang, napasna. Aya ngarénghap?” omongna semu hariwang. Kuring nyéréngéh.
“Ari taeun téh!”
“Ih, lain melang,” témpasna.
“Ieu dadana turun naék!” ceuk kuring bari nyabak hariguna. Karasa enyutna jantung kana dampal leungeun.
Pamajikan nyéréngéh, bari gancang titilep. Éra tayohna. Sup indung kuring bari nanggeuy bungkusan.
“Naon tatéh, Ema?” tanya téh.
“Tadi Ema tepung jeung si Mimi, deuk mulang ka kota. Ngan mihapé cenah keur orok. Hampura teu bisa ngalongok da ku dununganana ngan dibéré libur sapoé,” ceuk Ema bari sok mikeun bungkusan. Geuwat ku kuring dibuka. Baju orok. Alhamdulillah.
“Na aya ka dieu Ceu Mimi téh?” pamajikan mairan.
“Aya kamari soré. Ngan teu bisa ka dieu. Samaruk ari bubujang mah moal bébas ku waktu. Kana garudas-garidus wé kitu. Teu bisa sosonoan jeung urang lembur!” ceuk Ema bari andiprek gigireun orok.
“Ari akang iraha mulang deui?” tanya pamajikan bari ngalieuk.
“Har, na teu sarua kitu peréna jeung Étéh?” Ema mairan. Méméh ngawalon téh kuring jeung pamajikan ngahéhéh seuri.
“Nya henteu atuh, Ema! Abdi mah apan cuti ngajuru, tilu bulan. Ari akang mah henteu cuti, peré biasa wé, peré nu umum ti Saptu nepi ka Minggu. Ké Senén subuh mulang deui!” pamajikan nu némbalan téh. Ema unggut-unggutan ngartieun meureun.
“Nya, enya, anu orokan mah kudu lila reus-na. Da jagjag sotéh di luar, di jero mah acak-acakan,” ceuk Ema bari nilepan tilam-tilam nu meunang nyaitan.
“Pausahaan gé aya aturanana keur nu orokan mah. Aturan husus,” ceuk kuring bari ngaringkelkeun orok. Mani seungit abong tacan boga dosa.
“Deuk Senén subuh nyah mulang téh, Ujang?” ceuk Ema daria.
“Enya, asal muru ka tempat gawé jam dalapan wé!” témbal téh.
“Heueuh, ké ku Ema dipangnimbelkeun sapoéeun mah. Ngala wéh isuk mah lauk ti balong. Nya bisi embung jeung lauk urang meuncit hayam!” ceuk Ema kawas ka budak leutik. Biwirna ukur nyéréngéh teu némbal.
Orok uyak-uyek. Ngompol meureun, atawa hayang nyusu kitu? Ku Ema diangkat sukuna, dicabak bujurna.
“Ngompol geuning, Étéh! Ka dieukeun popok jeung bulenna!” ceuk Ema bari ngalaan popok nu baseuh.
“Tacan diléotan, Ma.”
“Keun waé éta nu anyar nyaitan ambéh haneut. Ngan kebutan wéh bisi aya sireum!” ceuk Ema bari nyodorkeun popok jeung tilam nu baseuh ka kuring. Sabada ditalekan lebah bujurna, karék dipopokan jeung dibulen, hih teu sakara-kara, geus diganti mah, guher deui wé saré. Abong orok.
***
Teu karasa, anak kuring geus opat bulan umurna. Rupana geus teu obah-obah. Tapi siga saha atuh? Teu jiga kuring teu jiga indungna? Cénah anak kahiji mah sok nyeplés bapa, ning ieu mah henteu? Tapi éta kahélok téh kajawab basa kuring manggihan Ema keur ngawangkong jeung Bi Yéyét, adi Ema nu bungsu.
“Bet nyeplés akina nya, Euceu?!” kadéngé sora bi Yéyét, bari nempokeun beungeut budak nu dina aisan Ema.
“Heueuh, puguh gé Euceu téh mani reuwas. Na bet siga si nurustunjung!” ceuk Ema semu keuheul.
“Kakawasaan Gusti, Euceu. Méré nyaho, lamun si Ujang saumur-umur henteu apal kana beungeut bapana téh, sina nempo anakna! Tah, meureun bapa manéh téh siga anak manéh!” ceuk Bi Yéyét bari seuri konéng. Kuring beuki panasaran, beuki hayang nyaho, nepi ka mana neruskeun obrolan ngeunaan bapa kuring, nu tepi ka kiwari teu nyaho juntrungna. Teu nyaho rupana. Sabab indung kuring teu hayang nuduhkeun, teu hayang méré nyaho, di mana ayana bapa teges kuring.
Awak dirapetkeun kana bilik imah, di pipir. Ceuli teu sirikna rancung-rancung wé, ngadéngékeun obrolan indung jeung Bi Yéyét di tepas.
“Hélok nya, Yét! Padahal minantu téh teu taram-taram ka akina budak. Heueuh kétah! Boro-boro minantu, apan si Ujang gé anakna, teu apaleun beungeut bapana. Na ari anakna bet gejlék kawas bapa si Ujang!” sora Ema rada laun. Tapi jéntré kadéngé, da puguh teu anggang.
“Taya nu mustahil keur Gusti Alloh mah, Euceu! Sora Bi Yéyét ngayakinkeun. Jep waé jarempé. Teu kadéngé deui sorana. Meureun indung kuring jeung adina keur ngalumbar lamunan.
Kuring nyarandé kana bilik imah. Awak asa kacida leuleusna. Lain, lain hanjelu pédah beungeut anak mirip bapa kuring! Kajeun siga naon ogé, kuring mah bakal tetep nyaah ka anak. Darah daging kuring. Komo ieu rupa teu goréng-goréng teuing. Kulit nurun ka indung, beresih. Hanjelu sotéh pédah nepi ka boga anak, kuring teu ditepungkeun jeung bapa. Éta kahanjelu téh.
Baréto mah keur kuring sakola, bisa ngamuk ka indung jeung ka bapa téré. Inget wé basa keur kelas hiji és ém pé, kuring mogok embung sakola, salila dua bulan. Geus guru, kapala sakola, bapa téré, komo indung mah, ngolo-ngolo sangkan kuring sakola deui. Sangkan kuring jadi jelema pinter. Tapi kuring tetep mugen. Kalah ka der gaul jeung urang terminal bayangan. Deukuet kantor kacamatan. Milu nyaloan bari walahwah weuleuhweuh mabok. Di terminal bayangan kuring gaul jeung calo-calo nu rupa-rupa pasipatanana. Jam salapan beurang karék hudang. Indit ka terminal maké ojég bari embung mayar. Balikna nya kitu kénéh, kana ojég bari embung mayar. Di terminal bayangan kuring wawuh jeung arak. Wawuh jeung ciméng. Wawuh jeung rupa-rupa pél anu bisa nyababkeun kuring mabok totolonjongan atawa mabok ceuceuleuweungan, kawas nu gélo. Asa gaya wé harita mah. Asa modéren, da di lembur mah euweuh nu sok mabok kawas kuring.
Karunya mah ku indung. Awakna geus kuru, balas tirakat, beurang puasa, peuting dikir, salat tahajud, salat hajat, tapi saeutik gé haté teu katoél. Kalakuan beuki euwah-euwah. Mabok unggal poé taya towongna. Kalakuan geus jiga sétan. Mun ku indung teu dibéré duit, pasti maok ségon ti goah. Dijual dimurah-maréh ka bandar paré. Ema ukur nyegruk ceurik nempo goahna geus parongpong. Bapa téré kuring ukur ngusapan dada.
Tungtungna kolot narima surat ti kapala és ém pé, nu ngabéjaan yén kuring kaluar ti sakola. Teu sing ambek, teu sing hanjelu. Baé dikaluarkeun gé. Geus bisa ieuh nulis jeung maca! Nu penting mah ulah buta hurup teuing wé.
Hirup beuki mangprung. Geus poho ka indung bapa. Poho ka adi, poho kana agama. Kuring hirup teu béda ti sato. Geus tara balik da milu cicing di tempat séwaan si Iyan, batur kuring urang peuntas. Sarua manéhna gé nasibna téh jeung kuring. Tepi ka sawawa teu nyaho rupa bapa, sabab indungna éta mah bangor keur ngorana. Ku saha waé, nepi ka reuneuhna. Geus reuneuh taya nu daék ngaku, da puguh ku lobaan. Béda kasang tukangna jeung indung kuring. Tapi tetep sarua, teu nyaho bapa!
Teuing du’a indung nu diijabah, teuing haté kuring nu dililirkeun, nincak bulan kalima, sabada mangbulan-bulan kuring teu balik ka lembur, tepung jeung Amang, adi Ema. Ngahaja, tayohna, Amang téh néangan kuring, ngabéjaan Ema gering parna teu bisa hudang-hudang acan. Haté asa leumpeuh. Harita kénéh kuring ngilu ka Amang Yoyo, balik. Di tepas imah, léngkah téh ngarandeg komo barang bréh nempo kalangkang awak jeung beungeut dina kaca mah, beu, mani jiga sétan beungeut téh. Jiga iblis. Enya meureun aing téh sétan. Aing téh iblis. Jauh mela-melu jeung beungeut Amang Yoyo anu beresih cahayaan, enya gé kolot. Heueuh, na maké ngabanding-banding beungeut jeung Amang? Amang Yoyo mah ahli ibadah. Ari aing? Ukur tukang mabok. Hirup kawas sato poho kana salat kana ibadah. Haté ngaleketey. Aing kudu jadi jelema deui! Aing kudu getol salat getol ngaji, méh teu jiga sato. Aing kudu sakola kudu pinter méh jaga mun tepung jeung bapa teges, aya témbongkeuneun. Tada teuing Ema nyeri haténa, mun hiji mangsa kuring tepung jeung bapa, saukur jadi pamabokan. Tapi mun tepungna bari kuring jadi jelema, kaupahan meureun kanyeri Ema puluh-puluh taun téh.
“Hayu, Ujang!” leungeun dikenyang ku Amang Yoyo. Kuring nurut asup ka imah, terus ka enggon Ema. Di siraheun Ema aya bapa téré kuring keur ngadeluk ngaji Yasin. Barang rét ka kuring, geuwat Qur’anna ditunda na anggel. Kuring dirontok ku bapa téré bari diusapan sirah. Saenyana mah bageur bapa téré téh, nyaah, ngan kuring égois teuing. Kanyaah bapa téré sok ngahaja dipopohokeun. Sok ngahaja tara diinget-inget. Sabab ceuk sasaha gé bapa téré atawa indung téré mah racun. Haté téh beunang ku sugésti. Mana kanyaah jalma nu disebut téré mah sok dileuleungit.
“Cageur, Ujang? Awak mani kuru, mani kucel. Na atuh bet poho ka balik? Teu karunya-runyaeun ka indung,” sora bapa mani agem kadéngéna ku ceuli kuring mah.
“Hampura, Bapa! Hampura Ema!” ceuk kuring bari ngarawu leungeun Ema, diantelkeun kana dada. Tiis leungeun Ema téh. Boa maot? Haté ratug. Beu, mun maot, kuring doraka, geus maéhan indung. Gusti, mudah-mudahan Ema sing cageur deui. Cageurkeun Gusti, abdi deuk ménta dihampura. Abdi deuk tobat. Haté ngajerit maratan langit. Tapi cipanon taya ngeclak. Kajeun kaayaan kumaha waé cipanon kuring mah tara kaluar.
Ema ngulisik. Nyah beunta. Beu, mani haropak panonna gé. Komo awakna mah teu béda ti awak budak umur sawelas taun. Nya kuru nya haropak. Ngaringkel disimbut.
“Ujang!” ukur sakecap. Tapi leungeun Ema nu kari tulang dibungkus kulit, mani tipepereket nyekel pigeulang kuring kawas nu sieun ditinggalkeun.
Ti harita Ema igeug-igeug cageur. Kuring tara meunang ingkah jauh. Sanggeus Ema jagjag pisan, kuring nyarita hayang neruseun sakola. Mani atoh, Ema jeung Bapa nyanggupan, malah Bapa mah jangji rék mangmeulikeun sapédah paranti ka sakola, da deuk sakolana gé anggang, lain di és ém pé nu baréto. Éra.
Taun ajaran anyar, kuring sakola deui. Kuring jadi deui jelema. Awak ngeusi. Beungeut beresih. Kuring geus poho kana kalakuan nu jiga ajag.
Sakola téh nepi ka és té ém. Ukur sataun nganggur téh, da kaburu aya nu butuheun ka pagawé lulusan mesin otomotip, di parik mobil. Najan jauh jeung kolot, najan kudu nyéwa kamar, tapi henteu ripuh da gajihna gedé, malah sok ngiriman ka kolot gé. Nepi ka kuring manggih jodo di pabrik mobil. Babaturan sakantor, di stap.
Kabeneran boga pamajikan téh sarua nya’ahna ka Ema jeung Bapa. Sabulan sakali kuring kudu mulang. Tapi bagilir, mun bulan ieu mulang téh ka indung kuring, bulan isuk mah ka indung manéhna. Adil.
Mana anak kuring mah, geus kuat ku angin enya gé orok kénéh. Jarang gering.
Puguh gé asa sampurna hirup téh. Pamajikan bageur, anak séhat, lat wé poho kana kahayang haté mah. Hayang nempo beungeut bapa pan baréto mah, nepi ka hirup kawas sato, bakat ku ambek kana nasib diri. Ayeuna mah kaupahan. Ka Ema gé geus tara tunyu-tanya, ngeunaan bapa. Nu penting mah bapa téré kuring nyaah. Tur karasa nyaahna.
Basa budak jejeg umurna sataun, kuring mulang téh ka Ema, da hayang numpeng cenah. Pamajikan gé satujueun numpeng di lembur kuring. Lain pésta tepung taun, ieu mah nyalametkeun saréréa. Budak panceg umurna sataun, kuring jeung pamajikan ayem tengtrem rumah tangga, Ema jeung Bapa sararéhat, panénna mucekil, jaba karék anggeus ngarombak imah, tina imah bilik kana imah permanén.
Rada rogkah ogé salametan téh. Sugan téh moal raraméan kieu, maké ngondang Mang Hérman pingpinan tarawangsa ti Cikeusik sagala. Atuh pamajikan gé mani cuh cih, babantu, untung budak mah aya nu ngasuh, da nu ngasuh téh dibawa, hayang nyaho lembur kuring cenah. Padahal biasana mah tara dibawa, purah nungguan imah.
Tarawangsa pingpinan Mang Hérman, maén sapeupeuting. Di buruan wé, da loba nu ngabalanjakeunana. Ma’lum di lembur.
Kuring jeung pamajikan sila deukeut tukang rebab. Resep puguh gé. Tapi jam sawelas taktak aya nu noél. Mang Yoyo méré kodeu, sangkan kuring nuturkeun manéhna. Beu, aya naon? Budak kitu ngadat? Piraku, apan tatadi gé saré tibra naker. Atawa Ema gering deui kitu, kacapéan teuing?
Rurusuhan kuring nuturkeun Mang Yoyo. Kuring diajak nyingkur di pipir imah nu teu dicaangan ku patromak. Haté beuki tagiwur. Aya naon?
“Ujang entong reuwas, nya!” Mang Yoyo ngomongna rada ngaharéwos, bari luak-lieuk, bangun aya kasieun. Na sieun ku Ema kitu?
“Aya naon, Mang?” tanya téh panasaran.
“Ujang, aya nu hayang tepung jeung Ujang. Ayeuna ngadagoan di imah Amang. Tapi poma, ulah nyahoeun Ema. Sabab mun nyahoeun, tada teuing ngamukna!” sora Mang Yoyo angger lalaunan. Méh-méhan teu kadéngé kasirep ku sora rebab jeung kacapi.
“Saha, Amang?” tanya téh bari kerung. Na mani dirusiahkeun Mang Yoyo téh. Jeung naha bangun sieun? Apan Mang Yoyo téh adi Ema. Na bet sieun ku Ema?
Mang Yoyo teu némbal, kalah nyekel leungeun kuring, satengah digusur dibawa ka imahna.
Barang bray muka panto, katempo dina korsi hoé aya lalaki keur cindeluk tungkul. Bajuna semu kuleuheu bari saroék lebah taktakna. Écés naker, da puguh kacaangan ku lampu patromak. Buukna gé bangun tara ngambeu péso cukur, jaba camutmut bodas. Saha?
Kuring ngajentul di lawang panto. Tapi Mang Yoyo nungtun leungeun ngajak ka jero.
“Ieu si Ujang téh, Kang! Baréto mah basa ditinggalkeun téh karék ngorondang, ayeuna mah geus boga anak pamajikan!” ceuk Mang Yoyo daria. Sémah nu ngeluk tungkul lalaunan tanggah, nempo beungeut kuring. Haté ngadak-ngadak tagiwur. Na saha ieu téh? Maké nyahoeun kuring keur masih ngorondang. Moal kitu… ah, lain! Lain. Bet barina gé teu hayang tepung jeung bapa, ari saukur deuk nambahan raheut haté Ema mah.
Manéhna nyodorkeun leungeun, ngajak sasalaman. Tapi kuring kalah mencrong beungeutna nu geus karényos kawas aki-aki. Wah, gagah kénéh bapa téré kuring, ceuk haté. Bapa téré kuring mah berséka, beungeutna beresih, papakéanana gé narécis bari aralus, da meunang makéan kuring. Ari ieu? Panon rut rét, nempo calana panjangna digulung nepi kana bitis. Jaba lebah tuurna geus disigsag, kawasna soék. Ih, watir teuing!
“Geura tarima, Ujang! Éta téh bapa Ujang!” sora Mang Yoyo téh laun, tapi kadéngéna ku ceuli mah, lir gelap tengah poé éréng-éréngan. Subhanalloh! Ieu bapa kuring téh? Ieu bapa nu ninggalkeun kuring ti keur ngorondang kénéh téh? Ieu nu nyababkeun indung kuring kagegeringan téh? Anu nyababkeun indung kuring ampir putus asa? Ah, hanjakal, hanjakal pisan, haté kuring geus teu inget inget acan. Geus teu hayang tepung. Hayang sotéh tepung baréto keur kuring sakola di és ém pé, éra ku babaturan pédah sok diparoyokan. Ayeuna mah da geus euweuh kahayang! Tapi leungeun disodorkeun duanana. Teu lila, geus antel mah geuwat dilésotkeun, da beunget Ema ngolébat kawas nu nyarék.
Gék deui éta lalaki nu disebut bapa kuring téh diuk. Kuring mah angger nangtung gigireun Mang Yoyo. Asa geus mati rasa haté téh. Geus baal. Da geuning taya rasa nanaon. Taya rasa bungah, taya rasa sedih, taya rasa sono, taya rasa nyaah. Biasa-biasa wé. Asa tepung jeung jalma manyang munyung, nu anyar pinanggih.
Moal doraka kitu? Apan éta téh bapa teges, nu nyababkeun kuring aya di alam dunya. Nu nyababkeun kuring kungsi hirup kawas ajag. Nu nyababkeun indung kuring kanyenyerian taun-taun.
Na ieu haté moal daék ngahampura ka bapa? Kajeun haté indung jeung haté kuring kungsi ancur alatan kalakuan manéhna, tapi tetep kudu dihampura. Komo nempo saréat siga kitu, kuring boga kawajiban pikeun ngurusanan. Ah, teu! Teu! Manéhna gé taya kanyaahna. Deuk nyaah mah ka bapa téré wé. Éta nu nyaah ka kuring mah. Ti orok nepi ka kuring disakolakeun, nepi ka kuring digawé, boga pamajikan, boga anak, bapa téré nu nguruskeun. Bapa téré nu ngabéayaan. Ngeunah waé, ari geus kuring boga gawé, boga rejeki, kuring katempuhan kudu ngurus, ké heulaanan. Rido kénéh dibikeun ka bapa téré rejeki téh. Da karasa nyaahna. Ari manéhna? Kuring orok kénéh gé geus ditinggalkeun. Kajeun kasang tukangna kumaha waé, tapi tetep salah ninggalkeun anak pamajikan katalangsara.
Beungeut bapa téré ngolébat bari ngaharéwos.
“Pangmulya-mulyana jalma anu daék ngahampura kasalahan batur,” jéntré sora Bapa. Suku ngaléngkah, ngadeukeutan lalaki nu keur diuk na korsi hoé. Bluk, kuring nyuuh na tuurna. Tapi taya cimata nu ngeclak. Ukur engab saeutik biwir gé: “Bapa!”
Ukur sakitu! Da taya rasa nanaon. Geus baal. Ulah doraka wé ieu mah sabab kuring nyaho kana agama.***

Tidak ada komentar:

Pangeran Jamban

Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad ...