28 Januari 2010

Nalika Engkang teu Damang

Wallohi, Engkang! Irahaeun teuing abdi wantun susumpahan. Kantenan bari ngababantun asmana Alloh sagala rupi. Sok asa teu wararantun. Rumaos diri seueur kénéh katuna. Sok sieun hanas abdi susumpahan, ari hég ninggang di abdi nu lepat. Beu, tada teuing isinna diri di payuneun Mantenna.
Wantun susumpahan sotéh ka Engkang, kajurung ku hoyong ngayakinkeun, supados manah Engkang ngaraos reugreug, henteu aya kacangcaya. Abdi leres-leres kumawula ka pangersa Engkang téh teu pisan-pisan ngarasula, éstu lillahi Taala.
Engkang! Welas-welas taun Engkang teu damang, ukur tiasa rumingkang sanyaliraeun. Welas-welas taun abdi ngurus barudak dugi ka sadaya lulus SLTA. Teu, Engkang, teu pisan-pisan abdi asa gaduh jasa sosoranganan. Abdi sadar, upami sanés ku pangersa Mantenna, abdi mah kapan henteu daya teu upaya. Émutan abdi, éta mah mung pangaturan Gusti Alloh, abdi nu kedah turun makalangan. Abdi mah darma kapapancénan jadi nu gaduh lalakon. Nanging sagala rupi ogé kapan Nu Maha Ngatur mah anging Anjeunna. Alloh SWT.
Engkang sing percanten, abdi mah ukur darma wawayangan, kumaha dalang anu ngamaénkeunana. Peupeujeuh Engkang ulah kagungan manah cangcaya. Ulah sieun kéna-kéna abdi jagjag, teras wantun campelak ka Engkang. Kapan Engkang téh pangeran abdi di dunya, sanaos kumaha baé kaayaanana. Ningal saré’at, Engkang téh teu daya teu upaya. Tapi kapan Alloh mah Maha Welas. Maha Asih. Moal nanggeuy di bongkokna. Welas asih ka sakumna mahlukna. Dua sasih saméméh Engkang kaserang stroke nu kadua kalina, duka ku naon abdi bet teras-terasan ngaraos sedih. Teu weléh ngembeng cipanon. Ras ka Engkang nu tos sering tiktikbrek, teu weléh ririwit, bet asa lalewang, asa pinuh ku kamelang. Nanging émut deui kapan sagala rupi ogé anging Mantenna nu ngatur. Ras ka diri sorangan, sanaos ayeuna nuju jagjag belejag, umur mah saha nu terang. Boa abdi nu bakal langkung ti payun mulang. Bet jorojoy hoyong ngado’a, “Gusti, upami salah saurang di antawis abdi Gusti aya anu dipundut, sim abdi gaduh panuhun, salian ti neda dihampura dosa, hirup hoyong aya dina rido Gusti, sareng neda disalametkeun dunya ahérat. Kahiji upami maot téh ulah matak pikasieuneun batur. Kadua mugi ulah matak pikagilaeun nu ngalereskeun. Katilu ulah matak pikaisineun barudak anu dikantun.
Nu pikareuwaseun mah nalika salira babareuhan. Saur dokter Soléh, Engkang teh kaserang panyawat jantung. Kedah diopnameu. Abdi bingung, teu puguh laku. Teu kacipta atuda upami Engkang dirawat, pisakumahaeun teuing riweuhna. Dokter Soléh nu tos biasa marios Engkang, boboléh basa disuhunkeun landong wungkul, bari teu kedah dirawat. Aya rasa keuheul ogé, tos aya kana sapuluh wangsulanana marios Engkang ka anjeunna teh, tapi mani teu aya pisan tinimbanganana. Ngalih we ka dokter sanés. Angger kedah dirawat. Panasaran dicobian ka Puskesmas, sami kedah dirawat. Nyéépkeun kapanasaran dibantun ka dokter Mumi. Dokter istri urang Jawa nu praktékna teu pati tebih ti rorompok urang. Anjeunna teh tos dua belas taun ngaasisténan dokter ahli panyawat jantung. Rupina tos terang pisan maparin landong matih kanggo nu kaserang panyawat jantung tos rada parna.
“Dupi Bapa kumaha tuangna, tiasa seueur?” dokter naros.
“Nu mawi, Dok, tuangna téh mung ukur bubur lemu campur susu, kitu gé sakedik pisan. Da sok palay luga baé, sanaos tuangna ukur sakedik ogé,” waler abdi.
“Bapa teh kirang gizi, Bu. Ti ayeuna mah kedah sina seueur tuangna. Réncangna gé kedah nu ngandung gizi, nanging ulah nu digoréng. Pais hayam, pais lauk, pais tahu campur sungsum gé tiasa. Hawatos atuh Bu, dugi ka kieu,” cék dokter. Abdi ukur ngabelehém, isin. Tapi dokter téh bangun nu surti, da teras ngupahan.
“Teu kedah salempang, tebus wé ieu landong saminggueun, séép landong ka dieu deui. Wilujeng, mugi sing énggal damang.” cenah.
Sapaparat jalan mulang, abdi ngusapan panangan Engkang bari neda dihapunten. Paralun abdi téh sanés teu nyaah ka Engkang. Abdi kirang towéksa, dina ngurus tuangeun. Panangan Engkang anu bareuh bukekeng ku abdi diusapan. Deudeuh teuing. Engkang téh busung lapar panginten. Hapunten abdi.
Ti harita, sanaos kumaha riweuhna, abdi sok teu weléh mayunkeun ngurus tuangeun Engkang. Engkang ku abdi sok diwagel angkat-angkatan. Dihaturanan kopéah sareng sarung anyar kénging mésér abdi. Wawartos ka Engkang mah ti réréncangan, étang-étang nyanggakeun panglayad ka Engkang. Engkang imut. Duka leres percanten réréncangan abdi nyaraaheun ka Engkang, duka Engkang ngartos kana rékayasa abdi bakat ku hoyong nyenangkeun manah Engkang. Nu penting Engkang tiasa wirid bari nganggo anggoan nu sagala beresih. Sanaos sanes hartosna kedah sagala anyar, nanging kapan Engkang bakal bingah upami sagala nu disanggakeun anyar. Panuhun abdi diturut ku Engkang. Bari sila andekak dina korsi panjang, Engkang teras-terasan ngucapkeun “Lailahailallah”, da mung éta-étana kalimah nu tiasa kaluar kalawan lancar tina baham Engkang. Pita suara Engkang nu reksak, ku kamurahan Gusti Alloh, tiasa kénéh ngucapkeun “Lailahailallah” kalawan lancar.
Dinten Saptu harita téh. Abdi libur teu ngantor. Kaleresan aya aturan énggal, unggal Saptu diliburkeun. Jam satengah dalapan énjing-énjing, Engkang dihuapan bubur. Dumadakan atuh bet asa rarinéh boh émutan boh kaayaan. Engkang ngalimed tuang, bubur sapiring téh mani lénang. Ngahaja ku abdi dihuapan téh supados tiasa seueur tuangna. Leres baé geuning ari bari diajak ngobrol mah, Engkang keresa tuang bari bangun anu bingah.
“Engké siang urang ngadamel deui pais hayam, nya Engkang,” sanggem abdi. Duka ku naon raraosan téh mani asa bingah tapi asa aya nu nyérését kana haté. Mani hoyong téh ngabingahkeun manah Engkang, nanging teu terang kedah kumaha. Aya rasa deudeuh tan wangenan nu nyaliara jeroeun dada. Tapi aya rasa lewang nu teu puguh lantaranana. Asa tingsérédét haté, asa ngaleketey sedih, tapi asa mendak kabungah nu ogé teu puguh marga lantaranana.
“Nuang landong heula nya, Engkang. Badé nganggo cai amis?” abdi naros.
“He’eh,” Engkang ngawaler bari unggeuk.
Sabot abdi ngabantun gelas, Ahmad ngajerit. Engkang tos ngajoprak dina korsi, bari salira jegjreg. Abdi ngusap beungeut bari istigfar. Ningal kaayaan sapertos kitu, abdi apal, Engkang koma. Ciri-ciri sapertos kitu biasana ‘pecah pembuluh darah’ dina mastaka. Dijajap ku mobil pun adi, Engkang dibantun ka rumah sakit.
Kaleresan teu aya kelas nu kosong. Aya oge di mung VIP. Kedah sayagi uang muka lima ratus rébu. Abdi mung gaduh satengahna. Tapi kénging karinganan, sésana tiasa dibayar dinten Senén. Sabada diparios sababaraha rupi pamariosan, Engkang lebet ka ruang VIP. Sasadérékan ngawitan jul-jol ngalayad. Jol suster nu badé masang kateter. Jol deui nu ngawartosan, “Ibu, ieu rémot kanggo AC, ieu rémot kanggo TV, ieu konci kulkasna, tiasa dianggo,” pokna. Abdi ngarérét ka Engkang nu nuju dipasang selang. Bari tungkul nahan cipanon nu murubut, abdi ngagero nyambat jenengan Mantenna. “Ya Alloh! Kedah kumaha abdi némbongkeun rasa tumarima? Nuhun Gusti, abdi dipaparin kasempetan kanggo ngurus pun lanceuk kalayan utami, henteu ngagolér dina samak saheulay, disimbutan samping butut. Sanaos hirup abdi mung ukur paspasan, sawios welas-welas taun kedah bajoang kalawan tohtohan. Nanging abdi yakin, abdi henteu sorangan. Aya panangan Salira anu tetep nungtun, tetep nuyun. Anu nebihkeun tina sagala rupi wiwirang. Anu kawasa maparinkeun nu pangsaéna kanggo sing saha anu dipilihna. Engkang bangun kulem tibra. Abdi reumbay cimata pinuh rasa tumarima. “Nyanggakeun Ya Robbi, naon baé anu baris tumiba, abdi moal mungpang kana Pangersa Salira. Nanging mugi salamina aya dina rido Gusti.
Salami Engkang teu damang, teu tiasa pisan palémék. Engkang ngalempréh, ngantos putusan nu baris tumiba. Abdi ngaheruk, neda kasalametan dunya aherat kanggo Engkang. Neda dipaparin kakiatan kanggo nampi naon nu baris tumiba.***

Tidak ada komentar: